Analisis Novel Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Nama : Tantri Hermawati Kelas : X MIA ! ANALISIS NOVEL SUNDA



Judul



: Payung Butut



Pangarang : Ahmad Bakri Pamedal



: T 1968 Jupumarik



Citakan



: 1, 2009



Kandel



: 48 Kaca



Analisis Unsur Intrinsik 1. 2. 3. 4.



Tema : Kanyataan hidup sapopoe hiji jalma anu agul tuluy nyadar Galur : Maju Sudut Pandang : Urang kahiji Setting atawa latar :



– latar tempat : Imah si Naib, kantor kapala desa, rumah sakit – latar waktos : Beurang – latar suasana : Rasa di pikageleuh ku batur Conto :    



Sikep Naib nu agul jeung milih-milih mantu nu benghar (Bungah) Pas Siti Habibah papanggih jeung Suganda duduana ngaganduhan hate. (Milih-milh) Siti Habibah teu meunang kawin jeung Suganda sabab manehna lain ka turunan ningrat jeung teu pantes kawin jeung katurunan ningrat. (Haru) Aya cimata ngeclak dina panon Siti Habibah (Sedih)



5. Panokohan Utama  Pak Naib geus jadi bahan omongan batur sa Desa Naib nu di pandang darajatna kusabab katurunan ningrat, tapi sifatna nu sombong jeung mandang darajat. Tapi lila kalilaan manehna sadar.  Siti Habibah atawa Neng Ebah anakna Pak Naib manehna nurut ka kolot , misalkeun manehna nyeri hate lantaran teu direstui manehna tetep weh patuh  Suganda anak kapala desa, manehna lain katurunan ningrat ngan boga hate nu bageur jeung tulus  R Wiraatmaja pasrah pas teu direstuan ku Pak Naib manehna narimakeun  Barudak pasantren barageur lantaran ngadonorkeun getihna keur Neng Ebah



6. Amanat  Jadi jelema teh ulah ngabeda-bedakeun da kabeh jelema mah sarua boga kelebihan sareng kakurangan masing-masin.  Dina ngajalankeun hirup kudu sabar , lantaran aya hikmah dina sagala kajadian 7. Sinopsis Kadatangan Naib anyar geus jadi bahan omongan batur sa Desa. Naib nu di pandang darajatna kusabab katurunan ningrat, tapi sifatna teu sombong sareng teu mandang darajat.Tapi naib anyar ieu beda, Naib ieu sombong kusabab katurunan ningrat jeung sok mandang darajat. Naib anyar ngagaduhan istri sareng anak nu bageur, sifat sombong Naib teu diturunkeun ka anak sareng istrina. Naib anyar ieu gaduh putri nunamina Siti Habibah nu sok dipanggil Ebah, 17 taun. Di hiji poe siti habibah papendak sareng Suganda, salasahiji anak kuwu atawa kapala desa. Siti habibah sareng Suganda duanana tos ngagaduhan hate. Duanana ngagaduhan niat keur kawin, Suganda nyobaan dek ngalamar. Basa bapana Suganda ngalamar hanjakal ditolak ku pa Naib kusabab Suganda lain katurunan ningrat jeung teu pantes kawin jeung katurunan ningrat. Di hiji poe Desa eta kadatangan saorang juru nulis kawedanaan, namina R. Wiraatmaja. Sanggeus babaraha poe di desa, Wiraatmaja papendak Siti Habibah. Wiraatmaja bogoh ka Siti habibah tuluy Wiraatmaja ngalamar Siti habibah. Dibarengan ku hate bungah pa Naib narima lamaran Wiraatmaja sabab Pa Naib tos ninggal tinamina nu aya R na, marukankeun raden nu katurunan ningrat. Tapi pas dicaritakeun asal usul Wiraatmaja apekteh Wiraatmaja sanes katurunan ningrat tuluy di tolak lamaran eta. Neng ebah geuring teu katulungan. Cenah geuring usus buntu, geus dioperasi tapi kurang darah. Pa Naib miwarang ka barudak pasantren titah ngadonorkeun getih kanggo neng Ebah. Tapi barudak aya nu satuju aya nu henteu, nu satuju ngan Suganda sareng nu lainna nu satuju. Ngadonorkeun getih kanggo neng ebah janten, Suganda sareng nu lain di ngadonorkeun getihna kanggo neng Ebah. Neng ebah sehat deui tuluy, Suganda jadi deukeut deui sareng neng ebah sakaligus kulawargina. Eta kasempatan moal disia-siakeun ku Suganda kusabab aya peluang keur Suganda kawin sareng neng ebah. Lila kalilaan Pa Naib sadar tuluy nyatujuan lamaran suganda. Akhirna Neng ebah sareng Suganda kawin tuluy bahagia salamina.