Bahan Ajar Basa Sunda Kelas 5 [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

BAHAN AJAR BASA SUNDA KELAS 5 PANGAJARAN 5 1. NGAREGEUPKEUN KAWIH



Ieu dihandap aya rumpaka kawih. Geura pek baca heula dina jero hate, tuluy tulis jeung kawihkeun! CINTA NUSA Indonesia gemah ripah loh jinawi Alam endah hejo ngemblok sugih mukti Subur tutuwuhan Beunghar pepelakan Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai Kakayon tumuwuh Subur pajangkung-jangkung Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung Piraku rek rela Piraku rek tega Alam anu ngemploh hejo pinareng Ngarangrangan teu kariksa Tutuwuhan nutup alas bandawasa Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma Peryoga dijaga Diraksa diriksa Kakayon mangfaat sumber kahirupan bangsa Mamala tangah ngeblak nuntun gimir ketir Bahaya gunung urug padataran banjir Rampah pada dokoh Samakta sosoroh Ngagarap tanah ngeblak dipelakan Tatangkalan hejo ngemploh Pencipta : Mang Koko Koswara Link kawih Cinta Nusa : https://www.youtube.com/watch?v=evDAS2PoTz0



Kamus Alit 1. alas bandawasa



= hutan belantara



2. dokoh



= bersemangat akan pekerjaan



3. gemah



= raharja, makmur



4. gimir



= takut



5. kakayon



= pepohonan



6. kariksa



= terpelihara



7. ketir



= segan/takut



8. lemah cai



= tanah air



9. mamala



= mara bahaya



10. ngambah



= mengarungi



11. ngarangrangan



= berguguran



12. ngeblak



= terbuka



13. padataran



= tempat yang datar



14. rampak



= bersama-sama



15. samakta



= bersenjata lengkap



16. tumuwuh



= tumbuh dengan subur



17. tutuwuhan



= tumbuh-tumbuhan



18. urug



= longsor



2. Eusi Kawih Pek eusian pananya dihandap ieu ! 1. Kumaha kaayaan alam Indonesia teh ? 2. Kumaha kaayaan pepelakan jeung tutuwuhan di Indonesia ? 3. Naon nu ngawujudn sirung pagulung-gulung the ? 4. Alas bandawasa the katutupan kunaon ? 5. kudu kumaha urang dina ngarap tanah Indonesia ?



6. naon mangpaat kakayon keur kahirupan bangsa ? 7. Bakal kumaha mun tatangkalan teu diriksa ?