Bahasa Sunda Sawer [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Bahasa sunda Sawer sunat Bismilah damel wiwitan Mugi gusti nangtayungan ka asep nu disepitan mugia kasalametan Salamat asep ayeuna Ayeuna tas laksana Ngumpun kana jangjina Jangjina kaagama ana Anu ngabagaan ciri Cirina tara pahili Umat ulah bade lali Parentah anu digusti Gusti mere tuduh jalan Dina alam pawengan Pama ulah kajongjonan Ku asep goncang teanga Teangan eusi dunyana Lamu asep geus sawawa #yang tau tolong artiin ya jawab 2. Contoh Teks Sawer pengantin Sunat 2 : 1. Baeu kasep nu kuatan hidep atos disepitan teu aya kamadorotan Bapa teh lain teu watir asep raheut nyeri nyengir ku asep meureun kapikir 2. Lain ukur kagaliban tapi misti kawajiban ka Islaman nu ngauban ujang teh keur cacarakan korban getih nu nyakclakan ridona sing bebeakan 3. Nya rido ka nu Agung poma pikir ulah bingung boh bilih temahna linglung baring supagina gering kawas ayeuna anaking bet henteu sapira geuning



4. Ujang teh tos korban getih jaga mah bet leuwih-leuwih dimana manggih kasedih hate teh masing beresih tinangtu loba nu asih repeh-rapih silih asih 5. Korban getih enggeusna jaga mah korban ku harta ulah sok dipepenta pakir miskin bagi rata mangkade dibeda-beda bisina jadi gogoda 6. Ti ayeuna kudu wekel nyiar kaweruh sing kekel sagala cabak parigih ilmu agama darigama pangjurungna ibu rama pacuan salah tarima 7. Kahade kagembang goda temahna ngabarobeda si goreng minuhan dada maparinan dua jalan kahadean kasauran 8. Mun mapay jalan nu salah pinanggih jeung lanat Allah nu matak ulah balangah mun mapay jalan nu bener pikiran tinangtu teger hasilna salamet seger 9. Seger pikir mawa janglar keker henteu gampang udar gumelarna manusa anu jembar sing saha nu maha suci ati kakasih nu maha suci diasih bae ku Gusti 9. Pangna ujang disepitan hartina teh dituduhan tuduhan hiji jalan Rama teh nuduhkeun Islam



ku Ujang kudu kapaham sarta kudu dilampahan 10. Geuning disunatan nyeri henteu ngeunah henteu nyari napsu mah teu pati beuki kapaksa bakti ka Gusti da kitu tungtunan Nabi ibadah masing gumati 11. Tah kitu kapalay sepuh sakabeh oge pituduh lain jalan-jalan henteu puguh tong was-was tong asa-asa nya nyembah ka Nu Kawasa lakonan sabisa-bisa 12. Cangkurileung 3x eunteup dina dahan cabe apa melang ka si encep teh apa melang nineung soteh nyawer teh sakitu bae 13. Nyieun panggung nutup sumur asupna tina gapura neda agung cukup lumur neda jembar pangampura 14. Gapura di Malangnengah ngaliwat bade ka imah hampura ka nu lalenggah mugia rarido manah 3. Conto Teks Sawér Pengantin sunat 3 : Kasép ieu téh piwejang, Poma tengetkeun ku Ujang Masing éling sapapanjang, Awon ulah katarajang. Sing émut waktu dikandung, Di guha garba nyalindung, Salapan bukan dikandung Dirajah ku lagu kidung.



Sabulan eukeur ngahérang, Tilu bulan geus sampurna, Genep bulan geus mangrupa, Tujuh bulan hidep usik. Nitih bali nincak jadi, Nepi ka salapan bulan, Nya gubrag hidep ka dunya, Sang Ratu Guyubud Putih. Ibu anu kahéséan, Sabab boga kalakuan, Jadi ibu katempuhan, Malah rajeun kasusahan. Peuting Ibu loba nyaring, Sabab Ujang sok ngarungsing, Duh poma teuing anaking, Kanyaah ka Ibu cangking. Mun Ujang kulem tibeurang, Ibu tara betah nganjang, Ku sabab ka ujang melang, Ujang ka Ibu sing nalang. Demikian Kumpulan beberapa contoh saweran sunatan sunda lengkap yang bisa saya bagikan, semoga bisa bermanfaaat