Biantara Dinten Kemerdekaan - Azhara Paramita [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Dirgahayu Republik Indonesia



Bismillahirrahmanirrahim, Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.



Hadirin anu ku simkuring dipikahormat, sateuacanna hayu urang sanggakeun puji sareng syukur ka gusti Allah SWT, nu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa kumpul di tempat ieu dina kaayaan sehat wal aafiat, sanajan dina situasi pandemi ieu, urang masih tiasa nyambut dinten kemerdekaan Indonesia anu ka 76 ieu. Henteu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka junjungan urang sarerea kanjeng Nabi Muhammad SAW, kulawargana, sahabatna, sareng umatna nepi ka akhir jaman. Langkung ti payun, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina acara ieu, nyiapkeun sagala protokol kesehatan sangkan ieu acara tiasa dilakonan. Sim kuring ngahaturkeun nuhun ka bapak sareng ibu-ibu, rerencangan sarerea nu atos masihan waktosna kumpul di tempat ieu. Hadirin anu salinggih, dina dinten ieu urang nyambut kemerdekaan Indonesia atanapi dina situasi anu beda, geus kawajiban urang sarerea anu jadi rakyat kudu numutkeun kana sagala anjuran pemerintah, ngajagi kasehatan sangkan ieu pandemi moal lila deui. Urang sadaya kudu inget ka para pejuang anu parantos mempertaruhkeun jiwa ragana kanggo negara urang. Dina jaman kiwari, tanaga medis ngalawan ieu pandemi oge pajuang, urang kudu inget ka jasa-jasana. Ku kituna, hayu urang sarerea merangan ieu corona sangkan Indonesia bisa bebas tur merdeka. Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu. Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh buruk, taat kana protokol kasehatan, ngajagi kana imunitas, milu program vaksinasi sarta seueur anu sanesna. Perjuangan urang-urang ayeuna pasti beda sareng para pahlawan baheula. Dina ieu situasi, kabeh jalmi berjuang, aya nu berjuang sangkan teu lapar, aya nu berjuang sangkan bisa ngarasakeun deui nikmat sehat, aya nu berjuang ngabantos jalmi nu lain, sakabeh ti urang keur berjuang. Rupina, pandemi ieu teu tiasa jadi rintangan sangkan urang teu nyambut ieu bulan kemerdekaan dengan khidmat. Kusabab eta,



hayu urang sasarengan berjuang, nekadkeun dina hiji tujuan sangkan ieu lemah cai tiasa merdeka deui. Hadirin anu salinggih, rupina cekap sakitu baé biantara ti nu tiasa di dugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya saur nh teu kaukur, basa nu teu karéka atanapi ucap anu kirang merenah dina larapna.



Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.