Biantara Pernikahan Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh Bismillaahirrohmaanirrohiim. Alhamdulillaahilladzii ja’alnaa minan naashihiina, Wa-afhamanaa min’uluumil’ulamaa-ir roosikhiina, Wash sholaatu wassalaamu’alaa man nasakho diinuhu adyaanal kafaroti wath thoolihiina, Wa’alaa aalihi wa-ash-haabihil ladziina kaanuu bi tamassuki syarii’atihi shoolihiina, Ammaa ba’du.



Saba’da na Puji sinareng syukur disanggakeun kanu kagungan urang sadayana Alloh SWT, tamada éstuning ku kersaning mantena urang tiasa kumpul ngariung bongkok ngaronyok di ieu wewengkon, mugia pareng rohmat sareng barokahNa, Amin ya robbal ‘alamin.



Salam sinareng sholawat mugia salawasna langgeng ngocor ka jungjunan urang sadaya Nabiyana Muhammad SAW, kasadayana kulawargana, para sahabat, kasadayana umatna tug dugika ka urang salaku umatna anu sami tumut manut kana ajaran mantena, mugia urang sadayana kenging syafaatna engké diyaumil akhir, Amin ya robbal ‘alamin.



Bapak bapak, Ibu ibu, adi-adi sadayana hormateun simkuring, kasadayana warga masyarakat wewengkon (Sebutkan nama tempat/Jika di gedung tidak perlu dipergunakan) ka para sepuh, ulama, ustadz sinareng ustadzah, Bapak RW katut réngréngana, hususna ka shohibul bait kulawarga Bapak/Ibu (Sebutkan nama orang tua calon pengantin wanita).



Simkuring asmana kulawarga Bapak/Ibu (Sebutkan nama orang tua calon mempelai pria) ti Bandung ngahaturkeun wilujeng tepang, patepung lawung paamprok jonghok, hapunten anu kasuhun boh bilih dongkapna simkuring saparakanca kirang tata titi duduga sareng peryogana, mugia kersa ngahapunten kana sagala rupi kakirangan sinareng kalepatana. Sababaraha minggon kapengker simkuring kasumpingan sepuhna calon pangantén pameget, disarengan sasauran “Wayahna pangjajapkeun anu wastana (sebutkan nama calon mempelai pria), anjeuna badé ngarambah sagara rumah tangga ka urang Cipatat, sakantenan pang nyérénkeun”, manah bingah amar wata suta bingah kagiri-giri kitu panginten sasauran ki Dalang.



Naha bingah? kumargi kahiji mugia seja niat ibadahna Cép (Sebutkan nama calon mempelai pria) ngadahup ka Néng (Sebutkan nama calon mempelai wanita), sing kalebet kawajiban kumargi Insyaalloh urang du’a keun kusadayana, mugia Cép (Sebutkan calon mempelai pria) sing kalebet pameget anu mampuh dina nyumponan syarat sareng rukun nikahna, sing tiasa ngawangun kulawarga anu sakinah, mawadah tur warohmah, Amin ya robbal ‘alamin.



Anu kadua bingah nambihan deui kulawargi urang Cipatat, mugia sing pareng kabeungkeut ku tali silaturahim, anu katilu bingah tiasa sakantenan amengan, kaleresan simkuring saparakanca kalebet Group OKP, maksadna “Orang Kurang Piknik”, janten sakantenan amengan.



Mung aya hanjakalna nyaéta sepuhna miwarangna nganggo basa "Wayahna", janten naha teu aya deui ahlina anu kersa dipiwarang nyérénkeun?, margi hapunten simkuring sanés pujangga anu biasa ngaréka basa, mung sakieu buktosna hapunten anu kasuhun. Kumargi mandat amanah parantos aya ti sepuhna calon pangantén pameget, ayeuna simkuring badé ngaguar hal anu utami nyaéta, badé ngadugikeun pamaksadna nyérénkeun ku cara 5M :



M kahiji, mangga nyanggakeun calon pangantén pameget anu wastana Cép (Sebutkan nama calon mempelai pria) kanggo ngalakasanakeun Ijab khobul/Akad nikah, diluhur sausap rambut dihandap sahibas dampal, éstuning sabeuleugeunjeurna.



M kadua, mangga nyanggakeun cacandakanana, sanaos mung saukur barang sapira, mugia sing janten bukti pamatri ati, nyampurnakeun deudeul du’a ti sepuh ogé ti sadayana wargina, mugia janten panambih kabingah ogé hatur lumayan.



M katilu, mung sakitu anu kapihatur, hapunten anu diseja mugia tikawit dugika ahir simkuring cumarios, urang sami waspaos sareng sapagodos ngarah énggal permios.



M kaopat, mangga simkuring badé nyanggakeun ieu microphone ka panata acara.



M kalima, mangga atuh urang taruang...éh lepat maksad téh mangga simkuring badé calik deui, sigana engké taruang mah saréngséna panampian nya :D ? Sakitu anu kapihatur, hapunten anu kasuhun bilih aya basa kirang merenah, bilih kasiku catur , katajong omong, karumpak carita, tawakuf anu diseja.



Baarakallaahu laka, wa baaraka 'alaika, wa jama'a baynakumaa fii khair.



Rabbana atina fid-dunya hasanatan wa fil 'akhirati hasanatan waqina 'adhaban-nar Wallahul muwaafiq ilaa aqwamit thariq. Wassalamu'alaikum Warrohmatuloh Wabarokatuh