Biografi Dewi Sartika Basa Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

BIOGRAFI DEWI SARTIKA



Ngaran Dewi Sartika teh keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui. Anjeunna salah saurang pahlawan pendidikan pituin urang Sunda. Dina kaayaan anu walurat jaman penjajahan Walanda, Ibu Dewi sartika ngadidik kaom istri Sunda anu harita harayang maju.



Ibu Dewi dibabarkeun di Bandung, tanggal 22 Desember 1884. ramana Raden Rangga Somanagara, Patih Bandung harita. Ari ibuna Raden Ajeng Rajapermas, putra istri Bupati Bandung anu kakoncara Dalem Bintang.



Pa Somanagara kaasup menak anu maju pikiranana. Ibu Dewi disakolakeun ka sakola Kelas Hiji. Hanjakal henteu lila, kudu eureun di kelas 2B. pangna kitu lantaran harita ramana Pa Somanagara sareng ibuna Bu Rajapermas dihukum buang ka Ternate.



Anjeunna dianggap nanduk ka Pamarentah Walanda. Bu Dewi dipihapekeun ka uana Raden Demang Suria Kartahadiningrat anu katelah Aria Patih Cicalengka.



Dina kaayaan kitu Bu Dewi tetep sabar bari migawe pancen sapopoe. Diajar rupa-rupa kaparigelan jeung kabinangkitan awewe, kayaning masak, nyulam, ngabordel, jsb.



Anlehna kana ngaguruan geus katembong ti bubudak. Bu Dewi sok sasakolaan di tukangeun imahna. Sabakna ku kenteng. Ari geripna ku areng atawa apu. Batur-baturna sina dialajar maca, nulis jeung ngitung.



Bu Dewi sartika sok dibelekesekkeun kana gawe ku uana, darajatna dianggap handap lantaran anak jalma buangan. Bu Dewi sok dititah nganteur kapilanceukna kursus basa Walanda, maca jeung nulis ka hiji nyonya Walanda.



Lantaran karepna gede hayang diajar bari uteukna encer, Bu Dewi bisa nangkep naon-naon nu diajarkeun ti satukangeun panto. Ieu teh jadi modal anu pohara pentingna pikeun kahirupan Bu Dewi dina mangsa nu bakal datang.



Nu kasaksen ku Bu Dewi harita, kaom wanita wuwuh ngeuyeumbeu, ulukutek di dapur, bodo, sarta darajatna sahandapeun kaom lalaki. Ieu pikiran teh ngahudang kasadaran Bu Dewi pikeun ngamajukeun kaom wanita.



Taya deui jalanna iwal ti kudu ngaliwatan pendidikan. Hartina kudu aya sakola anu husus pikeun kaom wanita, sangkan satata jeung kaom lalaki.



Bu Dewi pindah ti Cicalengka sarta ngadeuheus ka uana nu sejen nu jadi Bupati Bandung, nyaeta R.A.A. Martanaga. Bu Dewi nepikeun pamaksudanana hayang ngadegkeun sakola pikeun kaom wanita. Pamentana ditedunan.



Bu Dewi ngadegkeun sakola anu tempatna di pendopo kabupaten sarta dingaranan Sakola Istri. Ieu teh minangkan sakola munggaran di Indonesia pikeun kaom istri. Beuki lila muridna beuki nambahan. Ngan sakola tuluy diganti jadi Sakola Kautamaan Istri.



Kitu riwayat singget perjoangan Bu Dewi dina widang pendidikan. Anjeunna pupus di Cineam Tasikmalaya, ping 11 September 1947 nalika nuju ngungsi lantaran aya agresi militer Walanda ka-1.



Lantaran jasana, tepi ka ayeuna jenengan Raden Dewi Sartika terus seungit ngadalingding. Meh di unggal kota di Jawa Barat jenenganana diabadikeun jadi ngaran jalan-jalan utama. Bahkeun, Di kota Bogor oge apan aya ngaran Jalan Dewi Sartika teh.