BORANGAN [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Assalamualaikum Sampurasun… Kumaha daramang para wargi? aduuuh iyeung degdegan kiyeu. Nepangkeun simkuring Gina sicantik campernik awak sampaian tea gening leres teu leres teu?. Asal kuring ti lembur Bunisari ,Bunisari teh hartina nyumput tapi nyari sapertos sim kuring na sakiyeu geulisna tapi da teuaya nu apaleun da nyumput. Imah kuring dekeut jeung Mang Oleh , terang teu ka mang oleh? tukang odading tea gening. Matak kuring dek teu pasagi siga odading kumaha atuh da isuk-isuk jajan odading, beurang odading kapeuting-peuting jajan odading untung we teu jeding loba dahar odading. Teurang teu bapa ibu waktu kamari caah dengdeng batur mah kabawa palid ari kuring mah moal mengpetan da gede. Cik atuh da kuring ge teu beda jauh jeung Farel nu Kamari 17 Agustus diondang nyanyi ka istana presiden kuring ge sarua boga lagu. mangga dangukeun lagu sim kuring Balonku ada genep 12345 kagenepna kuring rupa-rupa warnanya hijau kuning kelabu merah muda dan biru meletus balon hijau brrooot eta teh laguna lamun kuring keur senang,mun keur sedih laguna kumaha meletus balon hijau puuuus, mun keur ditagih PR ku guru beda deui laguna kiyeu laguna meletus balon hijau aduh hapunten pa hilap wengi kaboboan. Unggal taun ajaran anyar si ema jeung si bapa sok bingung, cik coba teguh kunaon bingungna? bingungna teh lantaran neangan baju sakola jang kuring eweuh nu mahi. nu antukna kuring meuli baju ukuran SMP. Ari cita-cita mah hayang jangkung leutik kuring teh tapi dalah kumah naek wake kawas harga BBM. Bae lah nya BBM ge mahal-mahal payu komo kuring bakal payu pisan. Atuh da lain kahayang boga awak gede teh. tapi da kuring mah bangga we boga awak gede kiyeu ceuk si bapa mah moal katempo sangsara, Bae di sebut gendut ge.Hidup gendut!



assalamualaikum sampurasun Kumaha palawargi daramang? Saleresna dinten iyeu sim kuring kedah aya di Jakarta mung kumargi teu aya nu ngondang jeung euweuh kaperluan nanaonan ka Jakarta kudu meuli tiket kana kareta can kudu divaksin booster sedeng abdi karek vaksin 2 mending ka cibatu ngilu pasanggiri borangan. sim kuring seja ngadugikeun yen tina basa sunda aya paribasa mun teu wanoh moal bogoh nepangkeun wasta simkuring Sheyna Putri Apika si cantik nu campernik jangkung alit tea. Sim kuring kantos ngadoni ka pun biang. ma abdi teh urang sunda kunaon abdi diaranan basa spayol hese nulisna naha teu Euis, Cucu,Icih, Eungkus atawa Nonong. Saur pun biang, neng, urang sunda mah bebas mere ngaran mah naon we asal ulah opat. Janten urang sunda gaduh pantrangan ulah masihan nami teh opat kahiji urang sunda ulah masihan nami Ina, 2 Toto, 3 Budi sareng 4 Asep hapunten pami di diyeu aya nya nu namina eta,iyeu ilmiah kade naon margina urang sunda ulah dinamian Ina sareng Toto apan merk kloset naha rido kitu anakna dikiihan batur?. Nu katilu ulah dinamian Budi sabab Budi mah tara mayar hutang aya paribasa utang nyawa dibayar nyawa utang budi dibawa mati, tuh nya kalah dibawa mati lain di bayar deui ku Budi . Nu ka 4 urang sunda ulah dinamian nami Asep margi asep mah sok nyebabkeun kahuruan tidak mungkin ada asep kalau tidak ada api, haseup ibu. abdi kapapancenan ku pun guru kanggo ngiring pasanggiri borangan, ceuk abdi teh naon bu borangan teh saur ibu guru teh ngabodor sorangan. saleresna sim kuring teh isin sieun deuih,sieun teu di sengserikeun ning paling saeutik kudu 12 kali seuri aduuuh kumaha iyeu the ambuing tulung tulung. Simkuring bade ngabahas medsos , medsos teh naon cing? urag pedar heula medsos teh media sareng social. hartosna media teh alat atanapi sarana. Ari social nyaeta anu patalina jeung interaksi sareng komunikasi. janten media social teh alat atanapi sarana kangge interaksi komunikasi. Ku jaman kiwari media social teh malah jadi media anti social margi nuju ngariung teh sanes ngaroblol tapi kalah aranteng we jeung HP na masing masingna aya nu muka FB, aya nu muka Tiktok aya nu muka youtobe jeung sajabana. Kujaman kiwari mah sagala rupi kagiatan di upluoad di mensos ti hudang sare nepi ka dek sare deui, malih mah ku jaman ayeuna mah mun manggihan nu cilaka teh lain gura giru ditulungan kalahka update selfie jeung korban kacilakaan, euwuh we P3K (pertolongan pertama pada kecelakaan) kalah jadi pertolongan pertama padahal ke dua da nu tadi mah nu diupdatekeun tea tadi.dasar adat kakurung ku IG intina mah urang teh kudu wijak dina media social. Iyeu sing apalnya sabenerna mah HP teh bisa ngahasilkeun duit.hayang apal carana ?jual HP na! wasalamualaikum Wr Wb.



assalamualaikum sampurasun Kumaha palawargi daramang? Saleresna dinten iyeu sim kuring kedah aya di Jakarta mung kumargi teu aya nu ngondang jeung euweuh kaperluan nanaonan ka Jakarta kudu meuli tiket kana kareta can kudu divaksin booster sedeng abdi karek vaksin 2 mending ka cibatu ngilu pasanggiri borangan. sim kuring seja ngadugikeun yen tina basa sunda aya paribasa mun teu wanoh moal bogoh nepangkeun wasta simkuring Muhammad Arifin Yusuf sikasep nu janggung ageung sabalikna. Sim kuring kantos ngadoni ka pun bapa. ma abdi teh urang sunda kunaon abdi diaranan ka arab-araban naha teu Jaja, Cecep, Aceng, Eungkus,Wawan . Saur pun bapa, jang, urang sunda mah bebas mere ngaran mah naon we asal ulah opat. Janten urang sunda gaduh pantrangan ulah masihan nami teh opat kahiji urang sunda ulah masihan nami Ina, 2 Toto, 3 Budi sareng 4 Asep hapunten pami di diyeu aya nya nu namina eta,iyeu ilmiah kade naon margina urang sunda ulah dinamian Ina sareng Toto apan merk kloset! naha rido kitu anakna dikiihan batur?. Nu katilu ulah dinamian Budi sabab Budi mah tara mayar hutang aya paribasa utang nyawa dibayar nyawa utang budi dibawa mati, tuh nya kalah dibawa mati lain di bayar deui ku Budi . Nu ka 4 urang sunda ulah dinamian nami Asep margi asep mah sok nyebabkeun kahuruan tidak mungkin ada asep kalau tidak ada api, haseup ibu.Alah ning lobanya di diyeu nu ngarana asep sieun diarah eung. Simkuring kapapancenan ku pun guru kanggo ngiring pasanggiri borangan, ceuk kuring teh naon bu borangan teh saur ibu guru teh ngabodor sorangan. saleresna sim kuring teh isin sieun deuih,sieun teu di sengserikeun ning paling saeutik kudu 12 kali seuri aduuuh kumaha iyeu teh ambuing tulung tulung. Ngabahas naon nya atuh iyeu teh oh enya iyeu we lah nu babari ngenaan medsos we nya, medsos teh naon cing? Yu ah urag pedar heula medsos teh media sareng social. hartosna media teh alat atanapi sarana. Ari social nyaeta anu patalina jeung interaksi sareng komunikasi. janten media social teh alat atanapi sarana kangge interaksi komunikasi. Ku jaman kiwari media social teh malah jadi media anti social margi nuju ngariung teh sanes ngaroblol tapi kalah aranteng we jeung HP na masing masingna aya nu muka FB, aya nu muka Tiktok aya nu muka youtobe jeung sajabana. Kujaman kiwari mah sagala rupi kagiatan di upluoad di mensos ti hudang sare nepi ka dek sare deui, eta the kalakuan babaturan kuring si Dendi pasti di diyeu mah henteu mereun nya, teu beda jauh kitu. Malih mah ku jaman ayeuna mah mun manggihan nu cilaka teh lain gura giru ditulungan kalahka update selfie jeung korban kacilakaan, euwuh we P3K (pertolongan pertama pada kecelakaan) kalah jadi pertolongan pertama padahal ke dua da nu tadi mah nu diupdatekeun tea tadi.dasar adat kakurung ku IG intina mah urang teh kudu wijak dina media social. Iyeu sing apalnya sabenerna mah HP teh bisa ngahasilkeun duit.hayang apal carana ?jual HP na! wasalamualaikum Wr Wb.