Jajaten Arjuna [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Carita Jajaten Arjuna Kacaturkeun hiji peuting, Pandawa keur ngariung dahar. Heug téh damarna katebak angin, nepi ka pareumna. Atuh puguh baé kaayaan jadi poék meredong. Sabot damar tacan dihurungkeun deui, nu dalahar mah terus baé ngahuap. Arjuna ngagerentes dina jero haténa, cacakan poék, tapi ari dahar mah geuning henteu salah ngahuap. Boa-boa mentangkeun gondéwa ogé kitu. Rék caang, rék poék, ari bari dibarengan ku rasa mah jamparing anu dipentangkeun téh moal nyalahan kana tujuanana. Tina éta pangalaman, Arjuna beuki soson-soson baé diajar manah. Di nu poék, di nu caang, jamparingna tara nyalahan. Sakali mentang gondéwa, taya hiji ogé jamparingna anu nyasab. Malah lila kalilaan mah geus teu ngawagu deui di nu poék ogé. Éta kabéh katingali ku Resi Dorna, maha guru nu tara towong unggal poé ngawuruk Pandawa. Éta bagawan téh bungah kacida ningali kumaha keyengna Arjuna diajar. Pokna bari ngaléng Arjuna, “Kasép, mugi sing percaya ka Ama. Kabisa hidep dina mentangkeun gondéwa téh punjul ti batur. Moal aya saurang ogé nu bisa mapakan.” Kocapkeun Maha Resi Dorna tuluy ngadeuheus ka Raja Astina, Prabu Déstarata. Maksudna unjukan hayang némbongkeun kabisa murid-muridna, nyatana Pandawa jeung Kurawa, di payuneun balaréa, sarta hayang kauninga ku pangeusi karaton. Raja Déstarata sasauran, “Kaula nganuhunkeun pisan kana jasa Maha Resi, nu geus ngatik ngadidik anak-anak kaula, para satria Astinapura. Hanjakal kaula teu bisa nyaksian ku panon sorangan, kumaha parigelna barudak.” Cunduk kana waktuna, Pandawa jeung Kurawa, para satria Astina, asup ka alun-alun karajaan. Asupna tarunggang kuda. Papakéanana hurung-hérang, bari mawa pakarang andelanana séwang-séwangan. Para pangagung karajaan ogé tos lalinggih, sarta ngaraos suka ku kagagahan para satria. Nu lalajo mungguh ngaguruh kaleprok éak-éakan. Teu jauh ti papanggungan para pangagung, calik Begawan Dorna. Raksukanana singsarwa bodas. Sieup jeung dedeganana, matak ajrih nu ningali. Rambutna geus ngeplak bodas, ngarumbay patingselewir, katebak ku angin leutik. Janggot mayutmut lir kapuk.