Makalah Bahasa Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Makalah Bahasa sunda



“ kasenian “



Nama kelompok : KELOMPOK II 1 .Erni 2 . Nadawah Nur kholilah



SMP BINA INSANUL FIKRI Tahun Ajaran 2017\ 2018



KECAP PENGANTEUR Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-na simkuring saparakanca tiasa ngaberesken ieu makalah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa// ibu guru. Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjurungan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap kulawargina saraeng ka sahabatna sareng mudah- mudahan dugi ka urang sadayana amin….. Makalah ieu dijieun kanggo ngalakonan tugas palajaran Bahasa sunda di SMP BINA INSANUL FIKRI. Tungtung pisan, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa guru anu parantos ngabimbing simkuring saparancana kana nyusun makalah ieu.



DAFTAR EUSI PANGJAJAP DAFTAR EUSI BAB I BUBUKA A . Kasang tukang masaah…………… B . Tujuan……………. BAB II PEDARAN A . Kuda Renggong……….. B . Lengser…………… C . Terbang………. BAB III PANUTUP A . Kacindekan……… B . Saran ………. DAFTAR PUSTAKA



BAB I BUBUKA A . Kasang Tukang Sairing kalawan kamajuan jaman, tradisi sarta kabudayaan wewengkon anu timimiti na di cepeng teguh, di pulasara sarta dijaga di pulasaran ku saban suku, kiwari atos ampir punah. Umumna balarea rumaos Rumaos gengsi sarta isin lamun ngabela keneneh sarta ngagunakeun budaya local atawa budaya wewengkon lolobana balerea milih kanggo mintonkeun sarta ngagunakeun kasenian sarta budaya modern batan budaya anu asalna ti daerahna sorangan, anu saestuna malahan budaya wewengkon atawa budaya lokal anu luyu pisan kalawan kaparibadian bangsa na. maranehna lankung milih sarta pindah ka budaya sesejen anu tacan tangtos layu kaparibadian bangsa sumawona blarea langsung ruamaos reueus ka budaya sejen batan budaya anu asalna ti daerahna sorangan. Tina permasalahan eta, penulis bade ngabahas dina makalah ieu nyaeta “ngalestarikeun kabudayaan jawa barat” .



B. Tujuan Tujuan ngadamel makalah ieu nyaeta pikeun ngalaksanakeun tugas pelajaran basa sunda, salian ti eta pikeun nganyahokeun naon ari kasenian kuda renggong, lengser, jeung terbang.