Materi Carpon Kelas Xi Pertemuan Ke 2 PDF [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

PEMERINTAH DAERAH PROVINSI JAWA BARAT DINAS PENDIDIKAN CABANG DINAS PENDIDIKAN WILAYAH XII



SMA NEGERI 2 TASIKMALAYA Jalan R.E. Martadinata No.261 Telp/Fax (0265) 331331 Kode Pos 46411 Website: www.smandatas.sch.id E-mail: [email protected]



Mata Pelajaran Kelas/Semester Materi Alokasi Waktu



: Bahasa Sunda : XI/Ganjil : Carpon : 3 Pertemuan (6x45 menit)



Kompetensi Dasar 3.4 Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan carita pondok. 4.4 Menulis carita pondok sederhana dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan. Tujuan Pembelajaran Setelah selesai mempelajari materi carita pondok, peserta didik diharapkan dapat menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan carita pondok dan menulis carita pondok sederhana dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan. Kegiatan Pembelajaran 2 (2x45 menit) Aspék Kabahasaan Kalimah Tanya Baca ieu sempalan wacana di handap! "leu budak téh, Din? Mani geus jelug kieu ning!" ceuk Mang Wahyu bari nepakan taktak kuring. "Naha atuh karék ayeuna dibawa?" "Ah, éra mamawana gé, Kang." témbal Bapa. Ehhh, Si Bapa mah. "Éra ku naon? Kudu ceuk Akang mah. Barudak ngora kudu mimiti deui diwanoh-wanohkeun kana seni tembang." Dina sempalan wacana di luhur diwangun ku tilu kalimah tanya, nyaeta: 1. "leu budak téh, Din?" 2. "Naha atuh karék ayeuna dibawa?" 3. "Éra ku naon?" Ari kalimah tanya nyaéta kalimah anu pungsina pikeun nanyakeun. Kalimah tanya biasana dipungkas ku tanda tanya (?). Kalimah tanya biasana dibarengan kecap tanya. Aya ogé kalimah tanya nu teu dimimitian ku kalimah tanya, ukur dipungkas ku tanda tanya.



Pancén 2 Pilih salah sahiji kecap pananya nu aya dina jero kurung pikeun ngalengkepan kalimah di handap! 1. (ka saha, nu saha, joung saha) Budi indit ka sakolana? 2. Kudu dianteurkeun (ka mana, di mana, i mana) ieu barang? 3. Paméré (keur saha, ti saha, nu saha) éta sampeu meuni sakitu lobana? 4. Rék nganjrek (di saha, ka mana, di mana) lamun geus datang ka Bandung? 5. Budak téh nepi ka ceurik kanyenyerian kitu, naha (nanaonan, naonana ku naon) cenah? 6. Angkat ka Yogja téh badé (di saha, sareng saha, nu saha) ciosna énjing téh? 7. Saha nu rék (dikukumaha, dikumahaan, dikumahakeun) ku hidep mun geus nepi ka Bandung? 8. Cing tanya sing bener, rék (di mana, ku mana, ti mana) matuhna éta budak téh di Bandungna? 9. Na ari manéh tara-tara ti sasari, (ti iraha, iraha, nepi ka iraha) gawé téh ngan huleng jentul kitu? 10. (sabaraha, sakumaha, nu kumaha) modél baju nu dipikahayang teh? Pancén 3 Tuliskeun pananyana nu merenah dumasar jawaban nu aya dina unggal nomer ieu di handap! Kalimah Tanya Jawaban 1. …………………………………. Indra mah incuna Aki Mahmud. Basa mulang sakola, Ating nyimpang heula ka imah 2. …………………………………. akina. Nu dibawa ku manéhna mah ngan ukur baju nu 3. …………………………………. dipaké harita. Nono teu bébéja heula ka indungna téh lantaran 4. …………………………………. rusuh. Indra sakolana di Jalan Babakan Tarogong, teu jauh 5. …………………………………. ti imahna. 6. …………………………………. Dicangcang dina tangkal kai beulah kulon. Dianteurkeun ku lanceukna sotéh lantaran teu 7. …………………………………. ludeungeun. Budi, Tati, jeung Lina anu jadi arindit ka Jakarta 8. …………………………………. mah. 9. …………………………………. Ti kamari ogé kuring mah geus bérés. 10. …………………………………. Di Jalan Bojongsoang.