Materi Jeung Tugas Unsur Intrinsik Kawih 2 [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

MATERI UNSUR INTRINSIK KAWIH Unsur kawih diantarana nya eta: •



Tema nya eta galeuh poko nu nyaritakeun eusi kawih, contona sosial, religi, nasionalisme, perjuangan jeung sajabana.







Rasa nya eta sikep nu ngawih kana pasualan anu aya dina kawih (kaayaan nu digambarkeun dina kawih)







Nada nya eta sikep nu nulis kawih kana pasualan nu aya dina kawih (eusi tina kawih)







Amanat nya eta pesen moral nu aya dina eta kawih.



MANUK DADALI Mesat ngapung luhur Jauh diawang awang Meberkeun jangjangna bangun tgaya karingrang Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk



Saha anu bisa nyusul kana tandangna Gandang jeun g patentang taya bandinganana Dipikagimir dipikaserab ku sasama Taya karempan kasieun leber wawanenna



Reff : manuk dadali Manuk panggagahna Perlambang sakti indonesia jaya Manuk dadali pangkakoncarana Resep ngahiji rukun sakabehna Hirup sauyunan taya pahiri hiri Silih pikanyaah teu inggis bela pati



Manuk dadali ngandung siloka sinatria Keur sakumna bangsa dinagara Indonesia



Conto hasil analisis unsur intrisnik tina kawih Manuk Dadali 1. Tema : nasionalisme sabab ngagambarkeun kareueus jeung pangajen rakyat ka nagara indonesia nu kaayanna rukun. 2. Rasa (kaayaan) : Reueus jadi bangsa Indonesia anu miboga kawani 3. Nada (lirik/eusi) : Manuk dadali salaku perlambang nagara indonesia 4. Amanat : salaku bangsa indonesia kudu luhung kawani jeung mikacinta ka lemah cai.



TUGAS SISWA! 1. Pek baca materi ngeunaan unsur intrinsik kawih! 2. Analisis kawih nu judulna Mawar Bodas! Kerjakeun 5 soal dihandapna ! MAWAR BODAS Mapay jalan satapak Ngajugjug ka hiji lembur Henteu karasa capena Sabab aya nu diteang Hujan angin dor dar gelap Hunteu aya keur ngiuhan Sanajan awak rancucut Teu paduli kajeun teuing Nu penting mah asal nepi Ka tempat anu di tuju Rek ngalongok mawar bodas Nu moal lila ka ala



Sugan tea moal gagal Kembang geus aya nu boga Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang Teu kasawang ti anggalna Teu kapikir ti tadina Lamun bakal nyeri hate Hoream teu sudi teuing Mikiran pipanyakiteun Mikiran pipanyakiteun



SOAL! 1. 2. 3. 4. 5.



Naon tema kawih Mawar Bodas? Naon nada nu kagambar dina eta kawih? Naon rasa nu kagambar dina eta kawih? Naon amanat tina eta kawih? Naon nu dimaksud “Mawar Bodas” dina eta kawih, jentrekeun alesanana!



CATETAN : 1. Tugas dicatet eusina hungkul 2. Dikintun kana spi nganggo format jpg/foto upami tiasa sangkan teu korup 3. Dikempelkeun dinten ayeuna saluyu sareng jadwa 4. Tugas = absen