Pancén Basa Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

PANCÉN BASA SUNDA Analisis Unsur Intrinsik Novel “Si Lamsijan Kaédanan”



Disusun ku: Riza Nur Khadijah Salampessy XI MIPA 2



SMAN 1 KARAWANG 2020



A. Identitas Novel Judul



: Si Lamsijan Kaédanan



Pangarang



: Ki Umbara



Pamedal



: Pusaka Dasentra



Taun Medal



: 1983



Kandel



: 68



B. Rangkuman Novel “Si Lamsijan Kaédanan” Si Lamsijan Kaédanan Carita novel Si Lamsijan Kaedanan ieu teh disaruakeun jeung si kabayan dina dongeng-dogeng urang sunda, atawa jeung si cepot nu aya dina wayang golek. Si Lamsijan manehna asa pangpiterna tapi bodo katotoloyoh. Hiji waktu manehna hayang kawin ka budak anu ngaranna Si Amoy, tapi ema na teu satuju. Tapi Si Lamsijan terus ngomong ka indungna piraku ema teu genah bogah minantu geulis, teras engke mah mun uing galongging panas tiris ogo deui hayang dikerok ku ema, apanan engke mah bakalan boga si Amoy kuring teh ema. Lamsijan hayang ngabenangkeun Si Amoy make menta asihan ka dukun sagala, tapi eta asihan teh benangna lain ka Si Amoy kalahkah ka Si cepleu. Ku sabab dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka mama yai, kiai anu daekeun nulungan, Si Lamsijan manehna lain ku lantaran bogoh ku kageulisan si Amoy hungkul tapi hayang Si Amoy teh asup muslimah. Tapi Si Lamsijan kalah kawin ka Si Cepleu eta lantaran salah sasaran nu sarua goreng patutna.Indungna Si amsijan hatena kabeuli lantaran Si Cepleu rajin mantuan gawe sapopoe. Saprak kawin jeung Si Cepleu ahirna Si Lamsijan jadi juragan peda di kampungna padahal sarerea terangeun modalna ngan kongkorong emas genep gram ti Si Cepleu. Terus manehna papendak jeung “Babah Tan A Sien” nu jadi bapana neng Amoy, da bapana Neng Amoy boga hutang budi ka Si Lamsijan lantaran geus nulungan neng Amoy dina pangancam para pamuda, tapi neng amoy dibawa ku Si Opsir (walanda) anu geus mere imah jeung modal ka bapana Neng Amoy.



C. Unsur Intrinsik Novel “Si Lamsijan Kaédanan” 1. Tema



: Usaha jalmi dina meunangkeun tresna na



2. Palaku



:



a. Si Lamsijan: Gigih nanging sepertos keneh murangkali, bodo katoloyoh b. Neng Amoy: Bageur c. Si Cepleu: Bageur d. Indungna Si Lamsijan: Bageur e. Bapana Neng Amoy: Bageur 3. Galur



: Galur dina carita ieu nyaeta anu marélé (maju)



4. Puser sawangan



: Puseur sawangan jalma katilu



5. Latar



: Revolusi Kamerdekaan



6. Amanat



:



a. Upami hoyong kéngingkeun hal kedah nganggo jalan anu saé. b. Ngalakukeun alus bari teu ngareup-ngarep aya nu bakal mulang nalika kami bakal meunang anu hadé.