Paparikan [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up

Paparikan [PDF]

Paparikan asal kecap “parek” hartina deukeut anu dimaksud deukeut teh nyaeta sorana atawa sadana dina bagian cangkang je

6 0 110 KB

Report DMCA / Copyright

DOWNLOAD FILE


File loading please wait...
Citation preview

Paparikan asal kecap “parek” hartina deukeut anu dimaksud deukeut teh nyaeta sorana atawa sadana dina bagian cangkang jeung bagian eusi (sora vokal). Paparikan aya dua, aya paparikan lanjaran jeung paparikan dangding. Paparikan lanjaran diwangun ku opat padalisan, dua cangkang dua eusi, paparikan dangding mah diwangun ku dua pada, sapada cangkang sapada eusi. 1. Paparikan lanjaran Ciri-ciri paparikan lanjaran nyaeta: a. Diwangun ku opat padalisan b. Aya cangkang, aya eusi, nyaeta padalisan kahiji jeung kadua, padalisan katilu jeung kaopat eusi. c. Sajakna ab ab d. Mibanda sifat silih asih, piwuruk, lulucon/sesebred Conto paparikan silih asih Rincikrincang-rincikrincang Cabe beureum dikantongan Sidik pisan - sidik pisan Da meuereun kapopotongan Conto paparikan piwuruk Kakulah nyair kapiting Ngocok lobak bobodasna Ulah sok liar tipeuting Osok loba gogodana Conto paparikan lulucon/sesebred Poe saptu poe kemis Salasa heuleut-heuleutan Saha anu muril kumis Leumpangna uget-ugetan



2. Paparikan Dangding a. Paparikan dangding asmara Kinanti Kukupu tilu kulawu Harimumu hideung deui Cet mancat ka bale pulang Ngait mayang ku karebi Badoang manuk badoang Eunteup dina paku haji Lucu kunu bodas huntu Mun imut sok tuluy seuri Hanjakal ku tereh mulang Pikir ngait tipandeuri Dagoan engkang dagoan Dagoan engkang rek janji. b. Paparikan dangding piwulang Asmarandana Bungbulang dina kelewih Pacar sereh kaanginan Suuk melentung di kebon Akar pandang diruasan Kendang di pakauman Bendungan di sisi situ Peusing saha dipanjara. Dunungan gera jung mulih Bilih tereh kaunina Sok matak buntu lalakon Lamun agan luluasan Emut kana hukuman Jungjunan ulah rek kit Masing emut kasalira. c. Paparikan danding lulucon Asmarandana Hayang opat dina piring



Hayang borondong raginang Awi haur congo koneng Anak ciung macok bawang Hangasa dina ganas Melak bako dina batu Eurihna kamana-mana. Hayang ngajoprak ngaguling Da bongan bae teu beunang Lapur kanu donto koneng Matak giung matak lewang Karasana paranas Kabogoh direbut batur Peurihna kabina-bina.