Pidato Perluna Ngamumule Basa Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

PERLUNA NGAMUMULE BASA SUNDA



Assalamu’alaikum wr.wb. Ibu Bapa girang pangajѐn nu ku sim kuring dipihormat, ibu bapa guru nu sami-sami ku sim kuring dipihormat,ogѐ teu hilap rѐrѐncangan miwah hadirin nu sami rawuh di ieu tempat. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami munajat ka Alloh SWT anu parantos ngusik malikkeun urang saban waktos, siang kalawan wengi. Oge kalintang saѐna urang muji ka Gusti, anu parantos maparin jatah yuswa ka urang sadaya ti kawit gubrag ka alam dunya dugi ka jajapna engkѐ ka yaumiljaza. Solawat miwah salam mugi langgeng ngocor ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, Nabi tuladan utama, pamungkas utusan, mugi waѐ urang kabagѐan lѐbѐranana. Aamiin ya rabbal’alamiin Para wargi sadaya hormateun sim kuring. Sateuacanna sim kuring neraskeun ieu biantara ti payun neda tawakuf anu kasuhun, boh bilih sim kuring kirang tata-titi, duduga peryoga, rumaos sim kuring mah sanѐs ahlina nu mahѐr ngararangken carita, sareng sanѐs jalmi nu pinter ngalarapkeunana. Para wargi sadaya, dina ieu kasempatan sim kuring bade nyobian medar perkawis “Perluna Ngamumule Basa Sunda”. Basa tѐh mangrupa jandѐla dunya. Ciri tina jati diri manusa anu ngancik di hiji nagri. Kitu deui basa Sunda, nu mangrupa salah sahiji bagѐan tina budaya di Indonesia. Basa nu mibanda kaѐndahan nu sampurna. Sanѐs mung sakadar kanggo gunem catur wungkul, nanging oge mangrupa basa batin nu tiasa mangaruhan ka unggal jalmi nu nganggona, matak tengtrem kana ati sanubari kanggo anu ngaregepkeunana. Tos janten pasipatan urang Pasundan nu handap asor, somѐah hadѐ ka sѐmah, tur darѐhdѐh, ku margi kenging pangaruh ti basa Sunda anu tos sakedahna dianggѐ sadidintenna. Namung hanjakal pisan, jaman kiwari sawatara nonoman Sunda seuseueurna tos hilap kana basa warisan para karuhunna. Teu sadar upama laun-laun mah, basa nu kapungkur dipikareueus sarta diagul-agul tѐh, bakal ilang tampa karana tina kahirupan urang nu aya di tatar Sunda. Seueur pisan nonoman Sunda nu kirang ngajen kana basa sorangan, kitu ogѐ teu tiasa dina ngalarapkeunana. Saupami urang nengetan kana paripolah bangsa urang ayeuna, kalebet nonoman Sundana, boh dina sasauran atanapi dina paripolah sadidinten, sok matak ngahariwangkeun. Muhun, Asana tѐh parantos tebih tina ajѐn inajѐn bangsa urang, komo upami ditilik tina ajѐn-inajѐn karuhun mah. Katambih ku jaman kiwari mah sok aya paribasa ‘teu gaul’ saupama cacariosan ngangge basa Sunda tѐh, pajar mah ‘kampungan’ cenah. Padahal upami di tengetan mah basa Sunda tѐh beunghar pisan undak usuk basa na. Naon cenah ari undak usuk basa tѐh?, undak usuk basa tѐh nyaѐta aturan atawa tatakrama nyarita basa Sunda supaya merenah jeung ngeunah kanu ngadéngé. Contona basa loma tina kecap ‘Dahar’ umpama kanggo ka saluhureun janten ‘Tuang’ , kaditu na tiasa kanggo diri urang sorangan nyaѐta janten ‘Nѐda’, aya deui saumpama jang ka sahandapeun nyaѐta ‘Emam’, sareng ka sato ogѐ bѐnten deui, cik aya nu teurang? tah ai kanggo ka sato mah di hususkeun nyaѐta ‘nyatu’ atanapi lian na nyaѐta ‘lolodok’. Tah janten teu kenging lepat pami engkѐ naros ka saluhureun tѐh, teu kenging dugi ka kieu “dupi bapa parantos nyatu?”. Tah pami naros na kitu insyaa Allah pasti bakal, muhun bakal ditimbul ku bedog-bedog waѐ mah.



Parawargi sadaya hal nu sarupa kitu, sigana arang langka nu malirѐ. Mangga urang ѐmutan, seueur keneh nonoman Sunda, sѐlѐr suku Sunda, anu dumuk di tatar Sunda, namung masih teu tiasa nganggo basa nu bener tur merenah. Dina danget ieu pisan, sim kuring umajak ka sakumna dulur-dulur nu aya di tatar Sunda, hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, sasarengan miara tur ngamumulѐ basa Sunda. Margi badѐ ku saha deui atuh dipiara sareng dimumulѐna, upami sanѐs ku urang sorangan. Mangga geura arѐmutan. Hadirin hormateun sim kuring. Tos cunduk kana waktuna ninggang kana mangsana, sakitu anu kapihatur, naon rupi hal nu dikedalkeun tadi tѐh mangrupi bangbaluh nu nyangkaruk dina ati salami ieu. Hapunten anu kasuhun, boh bilih dina cumarios na pondok nyogok, panjang nyugak, mugi ageung paralun, neda jembar pangampura. Haturnuhun kana sagala rupi perhatosanana. Cag ah! Wassalamu’alaikum wr.wb.