Portofolio Bahasa Sunda Carolina Nabila XII-IPS [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

PORTOFOLIO BAHASA SUNDA SAJAK DIJAMAN MILENIAL



DISUSUN OLEH : CAROLINA NABILA PUTRI XII-IPS



GURU MAPEL :



Sumitra, S.Ag., M.Ag SMA PGRI 41 SALAWU TAHUN 2020/2021



PANGANTEUR Puji sinareung syukur urang panjatkeun kahadirat Allah SWT, anu mana parantos masihan rahmat sareng karuniana, sangkan simkuring tiasa ngabereskeun ieu portofolio kanggo nuntaskeun kelulusan sakola. Sholawat sinareung salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. Rengsena portofolio ieu teh lain kusorangan tapi lonba bantosan ti rekan-rekan, sangkan kitu ngahaturkeun nuhun kasadayana pihak anu tos ngabantosan dina ngarengsekeun portofolio ieu. Kritik sareng saran anu sipatna ngabangun nyampurnakeun tugas portofolio dina pelajaran bahasa sunda ieu, nu dihareupkeun sangkan leuwih alus dina pamikiran keur nyampurnakeun tugas kahareupna deui. Pamungkas, mugia portofolio ieu aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Tangtos wae dina ieu portofolio masih seeur kakiranganana.



Salawu, 12 maret 2021



Carolina Nabila



DAFTAR ISI JUDUL............................................................................................ PANGANTER................................................................................. DAFTAR ISI................................................................................... 1. 2. 3. 4.



KASANG TUKANG................................................................ MAKSUD JEUNG TUJUAN................................................... EUSI MATERI.......................................................................... KACINDEUKAN.....................................................................



DAFTAR PUSTAKA.....................................................................



SAJAK DIJAMAN MILENIAL 1. KASANG TUKANG Sajak mangrupikeun karya anu tiasa diulik tina sababaraha aspek. Sajak tiasa ditalungtik tina strukturna sareng unsur-unsurna, nunjukeun yen sajak mangrupikeun struktur anu diwangun kusababaraha unsur atanapi vareiasi. Sajak oge tiasa diulik tina sudut pandang sajarah, ngemutan yen sapanjang sajarahna, ti jaman ka jaman sajak sok ngalaman parobihan sareng kamekaran. Sajak mangrupikeun salah sahiji jenis pustaka anu dipikaresep ku masyarakat. Kusabab kamajuan masyarakat tijaman ka jaman terus ningkat, gaya, sifat, sareng bentuk sajak oge parantos robih, nuturkeun kamajuan jaman. Bareng sareng kamekaran sajak salaku produk sastra, oge ngembangkeun sajak jawa nudiciptakeun sareng dikembangkeun ti jaman karajaan. Sajak jawa dibungkus nganggo basa jawa sareng gaduh sejarah perkembangan anu panjang dugi ka ayeuna. Hal ieu ditingalikeun ku munculna panyair sajak jawa anu ti taun ka taun ngeusi kamekaran sajarah sastra jawa sahingga puisi jawa ngagaduhan jaman pangembangan, khususna puisi jawa modern.



2. MAKSUD JEUNG TUJUAN MAKSUD 1. Pikeun minuhan tugas akhir mata pelajaran Bahasa Sunda 2. Pikeun minuhan salah sahiji syarat kalulusan



TUJUAN 1. Tiasa ngadamel tugas akhir anu leres 2. Tiasa ngaapresiasi tugas anu dipasihkeun ku guru mata pelajaran 3. Tiasa ngartos salah sahiji materi mata pelajaran 4. Tiasa refleksi diri kana tugas anu dipasihkeun tina unggal mata pelajaran



3. EUSI MATERI SAJAK DIJAMAN MILENIAL A. SAJAK Sajak teh nyaeta karya sastra atawa karangan wangun ugeran anu ngebrehkeun pangalaman batin panyajakna jeung teu pati kauger ku patokanpatokan. Disebut karangan ugeran teh sabab dina sajak mah aya hal-hal anu kudu diperhatikeun, diantarana diksi atawa pilihan kecap jeung wirahma. Salain ti eta, disebut oge sajak bebas. Bebas didinya tangtuna oge relatife. Upama dibandingkeun



jeung guguritan, anu ditulis dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bebas. Sajak heunteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan. Dina kamekarana, tetela sajak teh bisa nyilihkeun guguritan. Kiwari sajak bisa disebut wangun puisi pangpopulerna dina pajemuhan sastra sunda. Dimuat dina majalah jeung surat kabar sunda. Ti dinya sastra kakara dibukukeun. Emang umumna buku kumpulan puisi sunda mah mangrupa kumpulan sajak anu samemehna bisa dimuat dina surat kabar atawa majalah. Milenial sorangan hartina nyaeta anu berkaitan jeung generasi anu lahir di tahun 1980-2000-an.



B. UNSUR-UNSUR SAJAK Dina maca sajak aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta lafal, intonasi/lentong, jeung cara ngajiwaan eusi sajak. Unsur-unsur sajak teh nyaeta:  Pikiran Nyaeta pikiran pangarang nu nyangkaruk dina jiwana, kedalkeun ngaliwatan karangana  Rasa Nyaeta rasa panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa rasa waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub  Gaya Nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa humoris, realistis, kritis, romantis, atawa mikacinta ka lemah cai.  Maksud Sok disebut oge amanat nyaeta maksud anu hayang ditepikeun ku panyajak.



C. CONTOH SALAH SAHIJI SAJAK BONGAN KITU Bongan kitu disebutna, puguh mega Dipapay di awang-awang: cek aing angin Bongan kitu karasana, nyerina raheut Tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi Bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina Ditepungan unggal wayah: cek aing werejit Bongan kitu pandena, nyarita sorangan Ditataan di rs jiwa: cek aing eling Bongan kitu ayana, beda jeung nu lian Diguliksek dina kamus: cek aing ibadah Bongan kitu itunganana: Gusti (Juniarso Ridwan, 1992)



KACINDEUKAN Sajak mangrupikeun karya anu tiasa diulik tina sababaraha aspek. Sajak tiasa ditalungtik tina strukturna sareng unsur-unsurna, nunjukeun yen sajak mangrupikeun struktur anu diwangun kusababaraha unsur atanapi vareiasi. Milenial sorangan hartina nyaeta anu berkaitan jeung generasi anu lahir di tahun 1980-2000-an. Unsur sajak nyaeta pikiran, rasa, gaya, maksud



DAFTAR PUSTAKA http://dokumen.tips