Soal Us Bahasa Sunda 2022 A [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

DOKUMEN NEGARA



DOKUMEN NEGARA



1



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



SANGAT RAHASIA



KEMENTERIAN PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN



UJIAN SEKOLAH TAHUN PELAJARAN 2021/2022



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA



Paket Utama



DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2022



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA/MA



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



2



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



Mata Pelajaran Jenjang Program



Hari/Tanggal Jam



MATA PELAJARAN : BAHASA DAN SASTRA SUNDA : SMA : MIPA/IPS WAKTU PELAKSANAAN : Sabtu / 26 Maret 2022 : 90 Menit PETUNJUK UMUM



1.



2.



3.



4. 5. 6. 7. 8.



Periksalah naskah soal yang anda terima sebelum mengerjakan soal yang meliputi : a. Kelengkapan jumlah halaman atau urutannya. b. Kelengkapan dan urutan nomor soal. c. Kesesuaian nama mata uji dan progran studi/peminatan yang tertera pada kanan atas naskah soal dengan Lembar Jawaban Ujian Sekolah Berstandar Nasional (LJUSBN). Laporkan kepada pengawasruang ujian apabila terdapat lembar soal, nomor soal yang tidak lengkap atau tidak urut, serta LJUSBN yang rusak atau robek untuk mendapat gantinya. Isilah pada LJUSBN Anda dengan : a. Nama peserta pada kotak yang disediakan, lalu hitamkan bulatan di bawahnya sesuai dengan huruf di atasnya. b. Nomor peserta dan tanggal lahir pada kolom yang disediakan, lalu hitamkan bulatan di bawahnya sesuai dengan huruf/angka di atasnya. c. Nama sekolah, tanggal ujian, dan bubuhkan tanda tangan Anda pada kotak yang disediakan Tersedia waktu 90 menit untuk mengerjakan naskah soal tersebut. Jumlah soal pilihan ganda (PG) sebanyak 30 butir dan soal uraian (essay) sebanyak 3 butir. Tidak diizinkan menggunakan kalkulator, HP, tabel matematika atau alat bantu hitung lainnya. Periksalah pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ruang ujian. Lembar soal dan halaman kosong boleh dicoret-coret, sedangkan LJUSBN tidak boleh dicoret-coret.



SELAMAT MENGERJAKAN Kerjakan dengan jujur, karena kejujuran adalah cermin kepribadian



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



3



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



I.



PILIHAN GANDA



1. Tengetan ieu kalimah! “Teu kagambar rurupaan jeung adeg pangadeg sémah nu datang tumorojong tanpa larapan téh” Tuduhkeun mana tarjamahan nu pangbenerna! A. B. C. D. E.



Tak mampu ku gambarkan, bagaimana rupa tamu yang datang tiba-tiba itu Tak mampu ku utarakan, bagaimana rupa tamu yang datang tiba-tiba itu Tak bisa ku gambarkan, bagaimana rupa tamu yang datang tiba-tiba itu Tak mampu ku gambarkan, bagaimana tamu yang datang tiba-tiba itu Tak m ampu ku gambarkan, bagaimana rupa tamu yang datang itu



2. Baca teks kalawan saregep! Lamun kitu, hasil teknologi teh boh satelit boh naon bae, henteu salilana nguntungkeun kahirupan manusa. Malah sabalikna, upama salah ngalarapkeunana bisa ngancurkeun umat manusa. Geus puluhan rebu manusa anu jadi korban di Bosnia, Afganistan jeung Irak. Diancurleun ku peluru kendali anu nga-belesatna di pandu make satelit. Kecap teknologi nu aya dina teks mangrupa gabungan dua kecap nyaeta echne jeung logos nyaeta anu asalna tina kecap serepan tina basa .... A. Yunani B. Inggris C. Perancis D. Belanda E. Sangsekerta 3. Titénan sempalan-sempalan dongéng sing gemet! (1) Si Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih. (2) Waktu Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wétan jeung Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot. (3) Baheula Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma sepuh ti Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang Bagus Pangéling. (4) Dina hiji dinten putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh gantawang waé nyeuseulan séséépan. Inten berlian pamasihan ramana diawurawur payuneun ramana. (5) Kacaritakeun sakadang monyét ngajak ngala cabé ka sakadang kuya, ngalana teh di kebon patani, waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani sakadang monyét mah bisaeun kabur ari sakadang kuya mah katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat. Dumasar kana sempalan dongéng éta, nu kagolong kana wangun parabel nyaéta…. a. 1 b. 2 c. 3 US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



4



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



d. 4 e. 5 4. Titénan sempalan dongéng sing gemet! Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna. “Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka. Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana. “Kabayan, meunang ngala nangka téh?” “Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan. “Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya. “Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh. “Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan. “Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos. Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, si Kabayan miboga watek …. A. Taat B. Rajin C. Bageur D. Boloho E. Béréhan 5. Baca teks wawancara masing gemet! Siswa : “Upami dina magelarkeun wayang, aya sabaraha tahapan?” Narasumber : “Dina magelarkeun wayang téh teu bisa sagawayah wae, tapi kudu ngaruntuy pakem kana aturan, nu kahiji nya éta kakawén, kadua murwa, katilu nyandra, ka opat anta-wacana, jeung tutup lawing sigotaka”. Ragam basa nu digunakeun ku siswa dina wawancara éta téh nyaéta .... A. lemes B. sedeng C. loma D. kasar E. cohag



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



5



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



6.



Baca sing gemet téks wawancara ieu téh! Racan : “ Assalamualaikum, pa damang? ” Pa Adi : “Waalaikumussalam, pangestu alhamdulillah” Racan : “ Nepangkeun pa, wasta pun Akmal, punten pami jenengan sareng saha?” Pa Adi : “ Mangga, abdi sareng Pa Adi” Racan : “ …………………..” Pa Adi : “Seueur aturan lalu lintas mah, contona wae upami Ujang berkendara motor, Éta kedah ngaggé hélem, gaduh Surat Izin Mengemudi (SIM), kedah taat kana rambu-rambu lalu lintas, jrrd. Racan : “Aya sanksi anu tangtu henteu upami urang ngarempak éta aturan?” Pa Adi : “Tangtu waé aya, misal kanggo pengendara motor kena tilang teras henteu Gaduh SIM, éta dipidana ku pidana kurungan panglamina 4 bulan atawa denda pangseueurna sajuta rupiah”. Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nyaéta …. A. “Bapa, abdi badé tumaros perkara aturan lalu lintas di jalan raya. Naon nu dimaksud lalu lintas téh?” B. “Bapa, abdi badé tumaros perkara aturan lalu lintas di jalan raya. Conto aturan lalu lintas téh naon waé?” C. “Naon fungsina aturan lalu lintas?” D. “Sabaraha denda upami aturan lalu lintas di rempak?” E. “Sabaraha lami bapak janten pulisi?”



7.



Pék titénan sajak ieu masing gemet ! Mojang lenjang nu hideung santen Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten Upami wengi dipépéndé bulan ngempur Jungjunan Upami digi ka puput umur Kurebkeun kuring dina pangkonan Sajak Priyangan éta téh témana ngeunaan .... A. Mojang priangan B. Kabogoh ti priangan C. Kayaan hirup manusa D. Amanat jalma nu maot E. Kaayaan alam priangan



8. Pék tengetan sajak karya Esah ieu !



KAHAYANG Tengah peuting nu simpé Kuring hudang sorangan Niténan kahirupan jeung nasib Niténan kaayaan indung bapa Walurat nu aya



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



6



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



Kuring hayang boga buku Buku nu bakal nyaangan élmu Élmu nu bkal ngaronjatkeun kahirupan Hirup bagja jeung aya guna Loba harta loba harti Loba dulur loba sobat Loba kahayang salilana Kahayang nu mawa sumanget Kalimah “Buku nu bakal nyaangan élmu” ngandung makna …. A. B. C. D. E. 9.



Konotatif Denotatif Sinonim Aktif Pasif



“Hadirin anu sami hadir, sawala ieu téh upami disimpulkeun mah, kieu unina urang salaku urang Sunda kedah tiasa ngamumulé basa sareng budaya Sunda ... Wacana di luhur mangrupa . . . A. salam pamuka sawala B. salam panutup sawala C. bubuka sawala D. eusi sawala E. panutup sawala



10. Dina hiji lawungan Deni kapeto pikeun nepikeun biantara. Basa maju ka podium Deni teu mawa téks. Dina émprona mah sanggeus nepikeun bubuka biantara, manéhna katingali ngaluarkeun kerts salembar anu eusina gurat badag nu rék ditepikeun. Tina kasus di luhur, cara biantara nu paké ku Deni OSIS nya éta .... A. impromtu B. memoriter C. ekstemporer D. manuskrip E. campuran 11. Baca teks ieu kalawan saregep! “Penyaji aya tiluan nyaéta 1) sadérék Dana, 2) sadérék Dani, 3) sadérék Dina. Anu kabagéan pancén janten notulén Sadérék Dina. Kecap anu digurat handap sakuduna . . . A. pamilon, girang serat B. pangjejer, girang serat. C. pamilon, girang pangajen D. pemateri, girang pangajén E. panyatur, girang pangajén



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



7



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



12. Pék titénan teks panumbu catur ieu masing gemet ! Tepangkeun wastapun Nazwa simkuring ngagem pancen janten panumbu catur teu hilap ngahaturkeun rewu nuhun kapara pangjejer sarta pamilon anu parantos kersa hadir dina ieu kempulan kanggo medar sareng ngadiskusikeun ngeunaan e-learning. Ku kituna supados henteu nyangkolong kana waktos, hayu urang sadaya buka ieu sawala ku aosan Bamallah  sasarengan. Ragam basa nu digunakeun dina panumbu catur éta téh nyaéta .... A. loma B. kasar C. cohag D. lemes E. sedeng 13. Pék titénan carpon ieu masing gemet ! Nu ngariung uncal hélokeun. “Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?” Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.” Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wébari ngusapan tuurna nu barared. Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan. Cag …. Dumasar kana sempalan téks carpon “Si Kabayan Moro Uncal”, éta téh kaasup kana bagian struktur …. A. Koda B. Abstarak C. Resolusi D. Orientasi E. komplikasi 14. Pék baca sempalan carita pondok ieu! Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib téh, Rudi ngapalkeun. Ngawitan ti ngaréngsékeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi badé sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal Rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakitu seueurna moal réngsé mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka sakola. Dumasar kaca cutatan di luhur watek Rudi téh nyaéta .... A. Males B. Getol C. Mumul D. Daékan E. Calakan



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



8



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



15. Baca teks biografi ieu kalawan saregep! Raden Dewi Sartika ngadegkeun sakola kautamaan istri, nyusun buku ngeunaan kalungguhan wanoja Sunda, ngasongkeun pamadegan yén adat-istiadat féodal téh bisa di robah, ngabéla hak jeung kalungguhan wanoja Sunda Bahasan tina sempalan di luhur téh nyaeta nyaritakeun .... A. Panggalaman jeung cita-cita B. Prestasi nu kungsi kacangking C. Panggalaman gawe jeung organisasi D. Cita-cita jeung panggalaman atikan E. Jasa keur urang Sunda jeung bangsa Indonesia 16. Pék titénan biografi ieu masing gemet ! Pa Otto geus kataji ku kaom pergerakan. Anjeuna tuluy asup organisasi Budi Utomo. Ti saprak matuh di  bandung anjeuna oge jadi anggota paguyuban pasundan. Ti harita pa Otto mimiti dipikawanoh ku masyarakat Indonesia. Dina taun 1929, pa Otto kapilih jadi pangurus besar paguyuban pasundan. Dina jaman kapangurusan anjeuna, eta organisasi teh maju pisan, babakuna dina widang pulitik,ekonomi, pasuratkabaran, jeung atika nyusun UUD 1945 jeung pancasila, tuluy dina cabinet munggarang anjeuna dijungjung lungguh jadi Menteri Negara. Dina jaman kamerdekaan, pa Otto kaasup anggota PPKI anu ngabogaan pancen ngaronjatkeun kahirupan rahayatna. Dumasar kana sempalan biografi éta, kaasup kana bagian struktur …. A. Bubuka B. Orientasi C. Peristiwa D. Reorientasi E. Bagian panutup 17. Pék baca sempalan biografi ieu! Muhammad Toha atawa Mohammad Toha (Bandung, 1927 – Bandung, 24 Maret 1946) nyaéta saurang komandan Barisan Rakjat Indonésia, manéhna milisi pajoang anu aktip dina mangsa Perang Kamerdikaan Indonésia. Manéhna dipikawanoh minangka inohong pahlawan dina kajadian Bandung Lautan Api di Dayeuh Bandung, Indonésia tanggal 24 Maret 1946. Toha gugur dina kahuruan dina misi penghancuran gudang amunisi milik Soldadu Sekutu babarengan baturna, Ramdan, sanggeus ngaledakkeun dinamit dina éta gudang amunisi. Dumasar kana sempalan téks biografi, kaasuf kana wangun struktur .... A. Bubuka B. Orientasi C. Peristiwa D. Reorientasi E. Bagian panutup US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



9



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



18. Bahasan atawa pedaran téh tulisan nu medar hiji pasualan, dumasar kana pakta-pakta nu kapanggih. Boh tina hasil panalungtikan, boh tina panggalam sorangan. Tangtu aya pangaweruh anyar anu gedé mangpaatna keur pamaca. Tulisan bahasan mah ilaharna sok maké wangun tulisan .... A. narasi B. eksposisi C. deskripsi D. campuran E. argumentasi 19. Adat kabiasaan nu biasana di lakukeun di bulan hijriyah, tanggal anu aya angka tujuhan, saperti tanggal 7, tanggal 17, tanggal 27 nyaéta sok dilakukeuna upacara …. A. Tahlilan B. siraman C. tingkeban D. seren Taun E.puput Puser 20. Bahasan ngeunaan tradisi Sunda, tangtu waé medar ngeunaan unak-anik tradisi di hiji masyarakat Sunda kayaning kagiatan adat istiadat, ritual budaya, atikan, pakasaban,tatanén, jeung réa-réa deui. Minangka bagian panutup nu mangrupa pungkasan tulisan bahasan biasana mangrupa .... A. idé B. hayalan C. sawangan D. pamadegan E. kacindekan 21. Nu ahéng nyaéta waktu ngadegkeun imah, sakumna warga nu aya di éta lembur, sabilulungan ngilu aub ngawangun, sarta teu kaci meunang buruhan (1). Nu dibayar téh ngan ukur tukang (2). Ngan tangtu baé nu boga imah kudu nyayagikeun kadaharan (3). Naon pangna kunaon teu meunang maké semén jeung bata, cenah baheula, karuhunna waktu munggaran ngabaladah atawa ngadegkeun lembur, kungsi ngadegkeun wangunan maké bahan tina bata jeung semén (4). Susunkeun rarancang nu merenah kalimah di luhur .... A. 1, 3, 2, 4 B. 1, 2, 3, 4 C. 2, 4, 3, 1 D. 3, 4, 1, 2 E. 1, 3, 2, 4



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



10



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



22. Titénan sempalan carita wayang ieu masing gemet ! Mungguh timbangan Prabu Baladéwa, hiji- hijina manusa nu nyegah peperangan, raina nyalira nyaéta Batara Kresna. Saéstuna anjeuna henteu niat nolak gurat – kodrat Hyang Déwata. Ngan gara – gara Pandawa jeung Kurawa bebengkahan, kayaan alam dunya sagemblengna milu harénghéng. Papaséaan henteu aya eureunna. Panyakit sarakah narekab ka mana – mana. Tungtungna silih caplok, silih goréngkeun, jeung silih kakalakeun. Demi korbanna saha deui upama lain kaom lemah mah, rahayat leutik cacah kuricakan. Ceuk ungkara eta alam dunya harénghéng ku sabab …. A. raja nu dolim ka Pandawa B. hukuman ti Hyang Déwata C. papaséaan nu taya eureunna D. peperangan nu geus teu bisa dicegah deui E. bebengkahan antara Pandawa jeung Kurawa 23. Sabada dalang réngsé magelarkeun carita wayang biasana aya kekecapan pamungkas nu dipaké dina waktu nganggeuskeun pagelaran wayang, nyaéta .... A. sakitu heula B. sampurasun C. amit mundur D. lawang siloka E. bagea anaking 24. Tengetan ieu resensi! Kacida telekna pangarang nyaritakeun carita anu pikasediheun jeung ngagambarkeun kaayaan jaman baheula masyarakat pilemburan di tatar Sunda anu pikawatireun. Méré pelajaran jang budak ngora anu ayeuna hirup di tatar Sunda yén kahirupan baheula téh bener-bener pikadesiheun jeung pinuh ku dodoja, teu siga jaman ayeuna. Jeung éta kajadian téh mangrupa kajian anu bisa waé nini aki urang ngalaman kana kaayaan éta. Masalah anu kasorot dina penggalan resensi novel di diluhur nyaeta …. A. Carita pikaseudiheun hiji jalma B. Pangalaman aki jeung nini jaman baheula C. Ngagambarkeun karipuan jaman baheula D. Kahirupan masyarakat baheula di tatar Sunda E. kaleuwihan pangarang dina menggambarkan suasana. 25. Baca sinopsis tina novel “Nu ngageugeuh Legok Kiara” ieu ! Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun, nu disebutna Legok Kiara. Réa dongéngna yen nu lewat ka dinya Legok Kiara téh cenah mah balikna sok terus gering Tapi si Emod jeung Si Sadun panasaran hayang ngabuktikeun mitos yen mun ngadeukeutan legok Kiara teh anjeuna bakal gering.



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



11



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



Sabab ceunah di legok Kiara teh aya tangkal kai nu hirupna geus ratusan taun. Barudak teh jadi inget ka legok Kiara gara-gara maranehana meunang pancen ti sakola titah melak tangkal kai di deukeut sakola meh sakola jadi leuwih iuh jeung alus sarta jang ngajaga alam, sabab zaman ayeuna alam teh geus beuki ruksak gara-gara ku ulah manusa. Ceuk Bapana Si Emod, di Legok Kiara teh loba jurig jeung dedemit, tempatna sanget jeung geueuman. Da puguh aya tangkal Kiara anu jangkungna kabina-bina. Areuyna ngagangseur kana taneuh. Tapi Emod henteu percaya teuing kana eta beja teh. Manehna angger panasaran. Malah hayang ngabuktikeun naha enya di dinya teh aya jurigan. Ragam basa nu digunakeun dina sinopsis éta téh nyaéta .... A. loma B. kasar C. cohag D. lemes E. sedeng 26. Pék titénan sempalan drama ieu masing gemet ! Hadirin, nembѐ dipintonkeun drama anu ngagambarkeun hiji lalakon kahirupan manusa. Di mana jalma tawekal ahirna meunang kabagjaan, sedeng jalma hiri dengki jail kaniaya ka batur ahirna katalangsara. Hapunten anu kasuhun bilih aya anu kasebit nami, kasebat asma kasindir lakuning lampah neda pangapuntenna. Kalimah di luhur, mangrupa bagian ... drama. A. Epilog B. Prolog C. Dialog D. Adegan E. Monolog 27. Titénan teks drama di handap! TUKANG ASAHAN Nu maranggung : Mahasiswa Tukang Asahan Sudagar Nyonya Sudagar Badega Sudagar ... (Disempal tina ”Naskah Drama Tukang Asahan” dina Lir Cahaya Nyorot Eunteung) Bagian di luhur ka asup kana struktur drama ... A. Bagian prolog B. Bagian epilog C. Bagian bubuka D. pertelaan palaku E. perekenalan palaku US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



12



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



28. Sempalan drama (Di pakarangan imah, Dѐdi keur ngobrol jeung Usman) Dedi : “Man, kuring mah teu ngarti.” Usman : “Teu ngarti naon Ded?” Dedi : “Enya, ka si manѐhna. Bet asa ku tѐga ngagogorѐng kuring.’ Usman : “Nya ,,, cing sabar wѐ Dѐd! Engkѐ gѐ bakal kapanggih bebeneranana.” Dedi : “heueuh. Muga-muga wѐ kuring tetep dibѐrѐ kasabaran ku Nu Kawasa!” Suasana anu kagambar dina cutatan drama di luhur nyaѐta.... A. Sieun B. Ramѐ C. Sedih D. Bungah E. Gumbira 29. Titénan teks drama di handap! Kacaritakeun aya barudak anu resep, basa gaul na mah ngefans ka artis korea,eta artis teh arek konser di indonesia ,manehna hayang naonton eta konser tapi teu boga duit jeung manehna arek ngahareupan ujian.. Cutatan éta téh dina naskah drama kaasup kana bagéan .... A. babak B. prolog C. épilog D. adegan E. pertélaan palaku 30. Kaayaan jiwa si palaku dina carita, naha si tokoh dina kaayaan sedih, gumbira atawa nu séjénna, mangrupa wangenan tina ... A. Téma B. Rasa C. Galur D. Latar E. Suasana II. Uraian 31. Upama nilik kana eusina artikel teh dibagi jadi 5, nyaeta artikel narasi, artikel deskripsi, artikel argumentasi, artikel eksposisi jeung artikel persuasi. Pék ku hidep jéntrékeun naon nu dimaksud artikel eksposisi ! 32. Lengkah-lengkah dina nulis artikel diantarana, tangtukeun tema, ngumpulkeun bahan (sumberna bisa tina hasil wawancara, buku-buku, surat kabar, majalah, atawa internet) sarta nyieun rangkay karangan. Pèk ku hidep ayeuna susun rangkay karangan! US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



13



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



33. Pèk hidep robah sempalan carita pantun ieu di handap kana wangun drama!



Kacaturkeun aya hiji nagara, Nagara Pasir Batang Anu Girang. Rajana Prabu Ageung Tapa, praméswarina anu geulis Nitisuari. Kangjeng Raja kagungan putra tujuh, putrana téh istri sadayana. Anu cikal jenenganana Purbararang, anu kadua Purbaéndah, anu katilu Purbadéwata. anu kaopat Purbakancana anu kalima Purbamanik. Nu pangais bungsu Purbaleuwih. Ari bungsuna, Purbasari Ayu Wangi. Énjingna Kangjeng Raja ngayakeun kempelan. Patih, paramantri, paraponggawa sami hadir. Hémpak sadayana pangagung di Paséban Agung. Rahayat karumpul ngariung di alun-alun. Pok Kangjeng Raja sasauran, nyarioskeun niatna, seja masrahkeun kaprabon lajeng ngabagawan. Ari anu ditunjuk janten gegentosna, nyaéta putri bungsu Purbasari Ayu Wangi. Kangjeng Raja teras jengkar ti karaton.



Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakanca, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari.



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat



DOKUMEN NEGARA



14



BAHASA DAN SASTRA SUNDA SMA MIPA/IPS



SANGAT RAHASIA



Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun badé tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh Purbasari lain Purbararang, putra cikalna. Prabu Tapa Ageung : Anaking, Bapa téh geus ngarasa kolot, kulantaran kitu Bapa rék tatapa di leuweung. Tuluy gaganti Bapa téh anu ngolah ieu nagara nyaéta Purbasari. Purbararang : Tapi Pa? Naha lain abdi anu ngagentos Bapa téh? Lain abdi téh budak anu pangkolotna? Prabu Tapa Ageung : Bapa milih Purbasari kusabab Purbasari téh bangun pisabareun, pibageureun, leuwih ti nu séjén. Kusabab kitu Bapa leuwih percaya ka Purbasari dina ngolah ieu nagara. Pokona mah ieu kaputusan geus mutlak jeung teu bisa dirobah deui



US 2021/2022



©



Hak Cipta pada Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat