Susunan Acara Akad Nikah Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Assalamualaikum wr wb Bapa-bapa, ibu-ibu miwah wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring Sakumaha ka uninga ku urang sadaya, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang. Ka pihak calon panganten istri Sumangga geura hiyap calon panganten pameget miwah rombongan, salajeungna mangga geura kalungkunkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah, ku Ibu atanapi wawakil ti phak calon panganten istri Salajeungna dihaturan linggih calon panganten pameget miwah rombongan, ditempat anu tos disayogikeun...mangga BISMILLAHHIRRAHMANIRROHIM



Alhamdulillah puji sareng syukur urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat, kalayan aya dina kasehatan, bingah ka giri-giri, bagja kumbayangan, dina dinten ahad kaping 16, dua insan parantos jangji pasini pikeun nyucruk galur sunah rosul, baris ngahiji ngajatukrami, ngadahupna neng Azmi Fadhila sari putrina bapa Yana Suryana kalih Ibu yuyun fatimah ka Cep Dede Irawan putrana bapa didi tohidie kalih ibu dedeh kurniasih Namung sateuacanna sim kuring salaku pambawa acara, baris ngadugikeun rundayan acara nu baris di pedar, diantawisna : 1. Bubuka 2. Lantunan Kalam Ilahi Ku 3. Seren Sumeren ti 2 Pihak Calon panganten a. Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku : b. Panampian ti pihak calon panganten istri ku: 4. Simbolisasi seserahan 5. Walimatul Urusy/akad nikah ku petugas KUA 6. Sungkeman



Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring, sumangga pikeun muka ieu acara, urang sasarengan maos basmallah. Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajeungna urang sami dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris dilantunkeun ku pangersa..................waktos sareng tempatna mangga nyanggakeun. Ngahaturkeun nuhun ka kersana................nu parantos ngalantunkeun kalam ilahi, malah mandar janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan urang sadayana...aaminn. Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, pamali mun dilami-lami komo di lila-lila, nu diantianti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga. Teu cekap ku surti..ku kituna, sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturan kapayun kanggo ngadugikeun pamaksadan nana : Ka bapa Daman Darmawan.S.E mangga dihaturan ka payun Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan Lain lantung tambuh laku, sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu dimaksad, seja ngaitkeun janji pasini, manjangkeun tali babarayaan. Sabungkus bareng jeng bungkusna, rupina bade masrahkeun calon pameget sareng cacandakanna.. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna baris langsung didugikeun ku sesepuh ti pihak calon panganten istri, kanggo pangersa bapa Dadang karnawan waktos sareng tempat nyanggakeun. Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana, jalan gede sasapuan, batu turun keusik naek, ieu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan nana Salajeungna simbolis seren sumeren......mangga ka ibu calon panganten pameget kanggo ngadugikeun nana di tampi ku ibu calon panganten istri. (cacandakan nu sanesna tiasa dipapaykeun ka lebeut) Para wargi sadayana Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih, ngadahupna neng azmi fadhila sari sareng cep dede irawan Acara salajeungna nyaeta khutbah Nikah anu bade di sanggakeun ku Bapa Ustd Tatan Ahmad Santana....waktos sareng tempat mangga nyanggakeun Ngahaturkeun nuhun ka bapa Ustd Tatan Ahmad santana au atos masihan wejangan kanggo ieu dua calon panganten



Saterasna mangga urang lajeungkeun ka acara inti nyaeta Upacara Akad nikah Sumangga ka para saksi dihaturan ka payun “ka bapa DR. Wahyu. M.HUM, sareng bapa DR.Aep Kusnawan M.Ag Sareng ka pangersa bapa petugas ti Kantor urusan agama, nyanggakeun waktosna Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas tur maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar, mugia dua insan nu nembe resmi nagjadi tiasa sarendeuk saigel, sabobot sapihanean, ka cai jadi salewi, ka darat jadi salogak, dina ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warahmah. Aminn Acara salajeungna diteraskeun kana sungkeman, ka dua panganten sumangga sungkeman ka sepuhna, nyuhunkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga anu baris di bina Bapa-bapa, ibu-ibu miwah para wargi horamteun simkiring, rupina rundayan acara ti munggaran dugi ka akhir parantos rengse dipedar kalayan aya dina kalancaran. Mugia urang sadaya aya dina panangtayungan gusti anu maha suci...ku kituna kanggo panganter kahoyong urang sadaya dilajeungkeun kana do’a Kangge mimpin doa mangga ka pangersa ...........................dihaturan Kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas ku maos hamdallah Hatur nuhun, wassalam mualiakum wr wb Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga dihaturanan



Acara resepsi 1. Foto keluarga