Teks Pembawa Acara Bahasa Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Teks pembawa acara bahasa sunda BISMILLAHIRROHMANIRROHIM Assalamua’laikum Warohmatullohi Wabarokatuh Allhamdu lillahi robbil ‘aalamin wabihi nasta’iin ‘alaa umuriddunyaa waddiin washsholaatu wasalaamu ‘alaa asyrofil ambiyaa i wal mursaliin wa ‘alaa aalihia wasohbihii ajmaiin amma ba’du. Anu ku simkuring dipihormat Almukarom Al-Ustadz Bapak Aep Saefulloh, Anu ku simkuring dipihormat Bapa Kepala Desa Sindangpanon sinareng perangkatna, Bapa Ketua RW 14 kampung Ciparingga miwah jajarannana, Para Tokoh Agama, Alim Ulama, para sesepuh, pamuda pamudi oge para Bapa para Ibu, hadirin anu sami-sami ku simkuring dipihormat. Langkung ti payun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT, anu mana kalayan rahmat sareng karuniana urang sadaya tiasa ngariung mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga “Mieling hari kemerdekaan Republik Indonesia anu ka – 71 Dina kaayaan sehat walafiat. Sholawat miwah salam mugia salamina ngalimpah ruah ka junjunan urang sadaya Habibana Wanabiyana Muhammad SAW”, ka para kulawargina, ka para Sahabatna, ka para tabiin tabiatna oge teu ka kantun ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat sareng tumut kana ajarana. Amin ya Allah Yarobbal a’lamin. Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat. Hapunten sateuacana simkuring kumawantun ngadeg di payuneun bapak/kalih ibu sadaya jalaran kapancen ku panitia kanggo mingpin acara dina wengi ieu. Kumargi sakitu boh bilih dina mingpin ieu acara seueur kalepatan sareng kakirangannana simkuring neda hapunten anu saageung-ageungna, jalaran simkuring masing dina tahap diajar, oge simkuring nuhunkeun widi, salaku pangjajap acara atanapi panganteur carita. Bade maoskeun sababaraha mata acara anu baris di pidangekun dina wengi ieu. Dupi susunan acara anu baris kapidangkeun dina wengi ieu teh, anu ka hiji nyaeta Bubuka, anu kadua galindengna bacaan ayat suci Al-Quran sareng shalawat, anu katilu Laporan ti atas nami panitia, anu kaopat sambutan ti Pamarentahan Desa Sindangpanon, anu ka lima Acara inti nyaeta “Uraian Hikmah” , anu kagenep sakaligus acara pamungkas nyaeta Do’a sinareng panutup. Hadirin sadaya anu sami dipihormat, supados teu nyangkolong kana waktos mangga urang buka acara anu kahiji nyaeta bubuka, mangga urang sami-sami buka ieu acara ku maoskeun Basmallah kalayan sasarengan, Bismillahirrohmanirrohim bismillaahi tawakkaltu ‘alalloohi laa haula walaa quwwata illa billaahil ‘aliyyil adziim. Alhamdulillah ieu acara, parantos resmi di buka ku urang sadayana. Mugia ku diaoskeun basmalah, ieu acara ti kawit dugi ka akhir sing aya dina kalancaran tur kagampilan, oge mugia dilingkupan ku rohmat sareng barokah ti allah SWT. amiin.



Mangga urang lajengkeun kana acara anu salajengna nyaeta galindengna aosan kalam Ilahi sareng shalawat, anu bade di aoskeun ku al-mukarrom al-ustadz bapak Dadan Buldani Al-ghifari imam besar mesjid besar Kec. Banjaran. Ka kersana bapa ustadz dadan sumangga dihaturanan. Hatur nuhun ka Ka kersana bapa ustadz dadan anu parantos maoskeun kalam ilahi sareng shalawatna, mudah-mudahan khusus kanggo anu maosna, umumna kanggo urang sadaya sing kenging barokah tina aosan ayat suci al-quranna, amiin YRA. Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu kadua, mangga urang teraskeun kana acara anu katilu nyaeta laporan ti atas nami ketua panitia, kumargi sakitu ka kersana Saderek “_________________” dihaturanan kanggo ngadugikeun laporannana. Hatur nuhun ka saderek __________________ anu parantos masihan laporana anu sakitu jelasna, pamudah-mudahan urang sadaya kenging manfaat tina laporan anu nembe parantos diaoskeun ku mantenna, Amin! Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu katilu mangga urang teraskeun kana acara anu kaopat nyaeta sambutan ti atas nami pamarentahan Desa Sindangpanon, ka kersana Bapa Muhammad Yusuf, S.Pd, S.Sos (atanapi anu ngawakilannana) sumangga dihaturanan, hatur nuhun ka Bapa kepala desa sindangpanon (atanapi anu ngawakilannana) anu parantos masihan sambutannana, pamudah-mudahan urang sadaya kenging mangfaat tin sambutan anu parantos didugikeun ku mantenna. Amin! Para Bapa Ibu hadirin anu sami linggih, rengse acara anu ka opat mangga urang teraskeun kana acara anu ka lima nyaeta acara anu di antos-antos kurang sadaya nyaeta acara “Uraian Hikmah” anu bade didugikeun ku kersana guru urang sadaya Al-Mukarrom, Al-Ustadz Bapak Aep Saefulloh, nanging sateuacanna simkuring umajak ka hadirin sadaya ka kersana Bapa Almukarom sumangga dihaturanan. Hatur nuhun ka Bapa Almukarom anu parantos masihan uraian hikmahna pamudah-mudahan urang sadaya kenging syafaat, ti mantenna, Amin! Ya Allah Ya Robbal a’lamin. Hadirin sadaya anu sami berbahagia, rengse acara anu ka genep, mangga urang teraskeun kana acara anu pamungkas nyaeta do’a atanapi panutup, kangge nutup ieu acara mangga urang sasarengan maos Hamdalah. Allhamdulillahirobbila’lamin. Para Bapa Ibu hadirin sadaya anu sami dipihormat. Allhamdulilah acara katut acara parantos ku urang sadaya dilaksanakeun, kalayan teu aya halang harungan naon-naon. Ka sadaya anu sami darongkap hatur nuhun pamudah-mudahan dina dongkapna hadirin sadaya ngahijikeun salah sahiji amal soleh kangge hadirin sadaya, Pribados salaku pangjajap acara nuhunkeun dihapunten tina samudaya kakiranganana, hatur nuhun tina sagala perhatosanana. Akhirul kalam Wabillahitaufik Walhidayah Wassalamua’laikum Warohmatullahi Wabarokatuh.