Undangan Walimatus Safar Haji [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Senen, 1 Juli 2019 Kahatur Bapak/Ibu/Saderek :



___________________________ Di Tempat Hapunten bilih aya kalepatan dina nyerat nami atanapi gelar



Puji sinareng syukur kasanggakeun ka dzat Allah Subhanahuwata’ala, shalawat sinareng salam mugia tetep dilimpahcurahkeun ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad SAW ka kulawargina, para shohabatna, tabi’in tabi’it dugi ka urang sadayana anu salamina turut kana ajaran mantenna dugi ka yaumil akhir.. Aamiin Nitih wanci nu mustari, nincak mangsa nu waluya, bingah nu taya hinggana kalawan miharep ridho Allah SWT, Alhamdulillah simkuring kasinugrahaan ni’mat nu teu kinten ageungna, kenging pangulem manten-Na dina musim haji taun ayeuna, Insya Allah bade nyumponan Rukun Islam nu ka lima (Ibadah Haji) Kumargi kitu, Paralun sanés maksad ria-ria, sateuacana mios, simkuring ngangkir linggih kadang wargi, ngondang léngkah kadang warga maksad hoyong riung mungpulung sillaturahmi dina raraga Tasyakur Bini’mah Walimatussafar, Anu Insya Allah waktosna bade dilaksanakeun dina :



Dinten : Senen Kaping : 1 Juli 2019 (27 Syawwal 1440 H) Tabuh : 08.00 WIB dugi ka rengse Tempat : Kampung Giriharja Desa Cinagara Teuaya sanes nu dipiharep kalayan kairing kabingah manah tan wates wangenna saupami Bapak/Ibu/Saderek kersa rurumpaheun sumping dina waktosna Timpah sewu nuhun tianggalna kana pangwuwuh du’a ti sadayana Baktosna IBU EMIR