Artikel Sunda Tentang Jaipongan [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Artikel sunda tentang Jaipongan



- Jaipongan nya éta hiji wanda seni tari nu lahir tina kréativitas seniman asal Bandung, Gugum Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nya éta ketuk tilu nyababkeun anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-pola gerak tari tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipaké keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan, utamana di daérah Subang jeung Karawang. Sajarah Saméméh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggéng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu ngondang simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat, kasenian ieu ukur dirojong ku unsurunsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang, dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan. Marengan mudarna jenis kasenian di luhur, urut pamogoran (panongton nu aktif aktif dina seni pintonan Ketuk Tilu/Dogér/Tayub) pindah perhatiannana kana seni pintonan Kiliningan, nu aya di daerah basisir kaler Jawa Barat (Karawang, Bekasi, Purwakarta, Indramayu, jeung Subang) katelah Kiliningan Bajidoran nu pola tarina jeung pintonannana mibanda sasaruaan jeung kasenian samemehna (Ketuk Tilu/Dogér/Tayub). Ayana tarian dina Topeng Banjet cukup dipikaresep, hususna di Karawang, nu sababaraha pola gerak bajidoran dicokot tina tarian dina Topeng Banjet ieu. Sacara koreografis tarian ieu masih mintonkeun pola-pola tradisi (Ketuk Tilu) nu ngandung unsur gerak-gerak bukaan, pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid nu jadi dasar ciptana tari Jaipongan. Sababaraha gerakgerak dasar tari Jaipongan lian ti Ketuk Tilu, Ibing Bajidor sarta Topeng Banjet nyaeta Tayuban jeung Pencak Silat. Mucunghulna tarian karya Gugum Gumbira awalna disebut Ketuk Tilu kamekaran, nu memang sabab dasar tarian eta mangrupakeun kamekaran tina Ketuk Tilu. Karya munggaran



Gugum Gumbira kacida kentelna keneh ku kelir ibing Ketuk Tilu, boh tina segi koreografi atawa iringannana, nu satuluyna tarian ieu jadi populer kalayan sebutan Jaipongan. Kamekaran Karya jaipongan munggaran Jaipongan Mojang Priangan nu dipikawanoh ku masarakat nyaeta tari "Daun Pulus Késér Bojong" jeung "Réndéng Bojong" nu duanana mangrupakeun jenis tari awewe jeung tari papasangan (lalaki jeung awewe). Tina tarian ieu mucunghul sababaraha ngaran penari jaipongan nu parigel saperti Tati Saleh, Yeti Mamat, Eli Somali, jeung Pepen Dedi Kurniadi. Awal mucunghulna ibing ieu kungsi jadi wangkongan, nu isu sentralna nyaeta gerakan nu erotis tur vulgar. Tapi ku ayana ekspos sababaraha media citak, ngaran Gugum Gumbira mulai dipikawanoh ku masarakat, komo deui sanggeus tari Jaipongan dina taun 1980 dipintonkeun dina TVRI stasion puseur Jakarta. Balukar tina kasohoran ieu nyaeta beuki ningkatna, boh di media televisi, hajatan atawa kariaan nu diayakeun ku swasta jeung pamarentah. Hadirna Jaipongan mikeun kontribusi anu cukup badag ka para seniman tari pikeun leuwih aktip deui ngadongkar jenis tarian rahayat anu saméméhna kurang perhatian. Tari Jaipongan dimangpaatkeun ku para seniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan, dimangpaatkeun ogé ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah, di mana perkembangan kasempetan usaha sarupa kieu dijieun ku para seniman tari minangka usaha pemberdayaan ékonomi ngaliwatan ngaran Sanggar Tari atawa grup-grup di sawatara wewengkon di Jawa Kulon, contona di Subang jeung Jaipongan gaya "kaléran" (kalér). Ciri Jaipongan gaya kaléran, nyaéta marahmay, érotis, humoris, pinuh sumanget, spontan, sarta basajan (alami, naon ayana). Hal éta kaeunteung dina pola tari dina pintonanana, aya anu dibéré pola (Ibing Pola) kawas dina seni Jaipongan anu aya di Bandung, ogé aya ogé tarian anu henteu dipola (Ibing Saka), contona dina seni Jaipongan Subang sarta Karawang. Istilah ieu bisa dipanggihan dina Jaipongan gaya kaléran, utamana di wewengkon Subang. Dina pintonanana, Jaipongan gaya kaléran ieu nyaéta: 1) Tatalu; 2) Kembang Gadung; 3) Buah Kawung Gopar; 4) Tari Bubuka (Ibing Pola), biasana dipintonkeun ku penari tunggal atawa Sinden Tatandakan (saurang sinden tapi henteu bisa ngawih nanging ngalagu sinden/juru kawih); 5) Jeblokan sarta Jabanan, mangrupa bagian pintonan sabot para panongton (bajidor) sawér duit (jabanan) bari salam témpél. Istilah jeblokan diartikeun minangka pasangan anu tumetep antara sinden sarta panongton (bajidor). Perkembangan saterusna tari Jaipongan lumangsung dina taun 1980-1990-an, nalika Gugum Gumbira nyiptakeun tari séjénna kawas Toka-toka, Sétra Sari, Sonteng, Pencug, Kuntul Mangut, Iring-iring Daun Puring, Rawayan sarta tari Kawung Anten. Tina tarian-tarian kasebut mecenghul sawatara penari Jaipongan anu jago contona Iceu Effendi, Yumiati Teuneung, Miming Mintarsih, Nani, Erna, Mira Tejaningrum, Ine Dinar, Ega, Nuni, Cepy, Agah, Aa Suryabrata sarta Asep.



Artikel sunda tentang Angklung



Angklung Bahasa Sunda



Angklung nyaeta alat musik tradisional sunda nu dijieun tina awi, di manenkeun kucara di eundukkeun (awak buku awi na neunggar sarigsig) sahingga ngahasilekun sora anu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranna, boh nu badang atawa nu leutik. Kalas (nada) nu dipake angklung tradisional sunda biasana salendro jeung pelog. Sejarah angklung Dina kasenian sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung, awi nu sok di pake alat musik biasana tina awi wulung (awi anu kelirna hideung) jeung awi temen (klir bodas). Sada na kalur tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaeta tina solobong awi nu ngalentrung lamun di tabeuh (diadu). Angklung di pikawanoh ku masyarakat sunda ti jaman kerajaan sunda. Diantarana pikeun ngagedur keun sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudangkeun sumangeut ieu jadi sebab ieu dicaramana ku pamarentah jajahan Hindia Walanda. Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsure ibing laju jeung kapentingannana, misalna dina upacara ngerak parekan leuit (ngampih pare, Nginabkeun) jeung dina mangsa mitembeyen melak pare (ngaseuk) pan kitu dui dina mangsa panen jeung jeung seren taun, nu ilaharna aya acara arak-arakan nu kadang di bareungan oge ku rengkong jeung dong dang Rupa-ripa ngklung salah sahijina : 1. Angklung Konekes 2. 3.



Angklung Dogdog Lojor Angklung Gobrag



Hayu atuh urang mumule budaya Sunda urang mumule kasenian Sunda nyaeta angklung ieu, Naha bet kudu di mumule? 1. Satria bangsa Ceuk simkuringmah dan Ari nu namina kasenian atanapi budaya Sunda kawas angklung ieuteh nyaeta satria bangsa, kusabab Ayana kasenian ieu pikeun nyirikeun Yen etateh identitas hiji bangsa, kawas keiu pan upami bangsa NU katelah ku matador nyaeta spanyol, tah kumargi kitu upami tiasamah pas Batur ngadanguge angklung nyaeta kasenian alat musik Sunda NU katelah nateh Kedah Indonesia upami bangsa deungeun ngadanguge angklung teh. Tah ieu salah sahijina Naha bet disebut satria bangsa. Upami disebar kesatria mah atuh gagah jagoan Jeung tenar, angklungge bisa leuwih ti kitu, gagah NU nyandakna tenar angklungkna Jeung jagoan make angklungna. Ceuk abdimah tos teu aya deui alesan kanggo mopihokeun angklung dan baheula mah cenah nadanateh mung da mi na ti la da, pan ayeunamah tos tiasa di re mi fa sol la si do. Jadi Bade diajar oge atau ngamumule tiasa ku lagu-lagu jaman Kiwari atanapi lagu barat ku angklung tapi leuwih saemail ngangge lagu daerah we. 2. Warisan Karuhun Urang masyarakat sunda, getih urang getih Sunda. Piraku urang teu boga rasa nyaah Jeung cinta kana angklung dan angklungge apan warisan Karuhun urang, warisan aki Jeung Nini urang salarea, tah hayu KA wanoja Jeung dulur salarea kudu mikanyaah Kana budaya urang ieu, nyaeta angklung. Tinggali oge pami urang KA saung Udjo tuh bat orang deungeun oge Loba NU dialajar hayang bisa Kana angklung, piraku we Ari orang pribumi mumule diajar angklung. Tah nukitumah berarti kudu di sadarkeun heula meh manehna boga rasa peduli Kana kasenian lokal bawa karuhuna baheula. 3. Geus tenar ongkoh Geus teu aya alesan diajar angklung, baheula bisa meureun miboga alesan di ajar angklungteh gengsi Jeung sajabina, tapi pan ayeunamah ku sadunya oge geus arapaleun angklungteh kumaha, lain apalkeun hungkul bae tapi loba ningan NU dialajar angklungnage, tah kusabab geus tenar pan piraku miboga rasa era keneh diajar angklung, sakalian mumule angklung urang salarea meh tuluy jadi satria bangsa urang. Inget tong eleh ku orang bangsa deungeun NU hayang di ajar angklung nepika dieu, pan Ari urangmah kari diajar da bisa di sebat di ajar angklungnage Dina tepas sorangan.