Artikel Pakakas Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Pakakas Sunda Tradisional: Parabot dapur Ditulis ku: Étis Ramdan | BSA-3B | UIN Sunan Gunung Djati Bandung



Pakakas Sunda seueur rupana, salah sahijina nyaéta pakakas pawon atanapi parabot dapur, mangrupikeun parabot rumah tangga anu sering dianggo di dapur. Tapi ayeuna kusabab ayana kamajuan teknologi, pakakas dapur tradisional atos ditaringgalkeun, sanaos di daérah padésaanmah seueur anu masih kénéh nganggo pakakas pawon sunda tradisional. Dina kasempetan ieu penulis ngadamel artikel ngeunaan alat dapur nu ditujukeun supados masarakat Sunda khususna sareng umumna masarakat luar terang atanapi wanoh kana rupa-rupa parabot dapur anu sering dianggo ku masarakat Sunda, mugia tinu ayana artikel ieu masarakat Sundana nyalira mikawanoh naon waé pakakas pawon atanapi parabot dapur sareng kumaha cara ngagunakeunana. Diantawisna nyaéta: Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



1. Aseupan parabot paranti nyeupan, dijieun tina awi nu dianyam.



2. Ayakan parabot pikeun ngala lauk atawa ngayak, dijieunna tina awi dianyam carang.



3. Baki parabot paranti ngawadahan geulas atawa kéler mun nyuguhan sémah, dijieun tina kai atawa beusi



4. Bakul paranti wadah béas atawa sangu, dijieun tina awi.



5. Baskom parabot paranti wawadahan: béas, sangu, dahareun, jsb. Dijieun tina kaléng/alumunium bisa ogé tina bahan palastik.



6. Boboko parabot paranti wadah béas, sangu, jsb. Dijieun tina awi



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



7. Céntong dijieun tina kai, paranti nyiuk sangu.



8. Cécémpéh nyiru leutik paranti napikeun béas atawa moé kadaharan. Dijieun tina awi.



10. Cewo dijieun tina taneuh beureum, paranti meuleum uyah guruntulan supaya lemes.



11. Coét jeung mutu mutu dijieun tina kai atawa batu, coét dijieun tina taneuh, kai, atawa batu, parabot paranti nyambel.



9. Centing dijieun tina taneuh, paranti wadah uyah. 12. Cukil dijieun tina kai atawa awi, paranti nyiuk sangu.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



13. Cumbung dijieun tina awi, parabot paranti wadah sangu nu kariaan.



16. Dulang jeung hihid dulang dijieun tina kai, paranti ngakeul atawa nyieun ulén; Hihid dijieun tina awi, paranti ngahihidan sangu, jsb.



14. Didingkil/jojodog dijieun tina kai, paranti diuk di hareupeun hawu.



17. Emuk jeung cangkir dijieun tina séng atawa kaléng, parabot paranti wadah cai.



15. Dingkul parabot paranti wadah sangu atawa wadah béas.



18. Gayung/siwur dijieun tina batok kalapa, paranti nyiuk cai tina buyung, tina sééng jst.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



19. Gentong/buyung dijieun tina taneuh, paranti wadah cai atawa béas.



23. Jodang/ayakan gedé dijieun tina hinis awi, paranti moé opak, ranginang, kéré, jst.



20. Halu dijieun tina kai, paranti nutu.



24. Jubleg dijieun tina kai atawa batu, paranti nipung.



21. 22. Hawu dijieun tina taneuh atawa semén, paranti mirun seuneu di dapur keur ngasakan kadaharan atawa naheur cai.



25. Jubung dijieun tina awi, parabot paranti nyimpen aseupan nu eusian.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



26. Kalo dijieun tina anyaman kawat atawa kai, paranti ngayak tipung.



27. Kameuti/Kameron dijieun tina anyaman daun gebang, paranti wawadahan mun inditinditan ka leuweung.



29. Katél dijieun tina gurang-goréng.



beusi,



paranti



30. Kélé dijieun tina ruas awi nu aya bukuan, paranti ngala cai di pasisian.



28. Kastrol dijieun tina beusi, paranti ngaliwet atawa naheur cai.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



31. Kekeb dijieun tina awi, paranti nutupan aseupan lamun nyangu atawa nyeupan kadaharan.



32. Kekeba/tingkem dijieun tina anyaman paranti mawa oléh-oléh.



awi,



33. Kempis dijieun tina awi, paranti wadah lauk lamun nguseup atawa ngecrik



34. Kendi dijieun tina taneuh, paranti wadah cai.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



35. Koja dijieun tina anyaman hoé, paranti wawadahan mun inditinditan ka leuweung.



38. Kukuran dijieun tina kai maké séng, paranti ngerok kalapa nu geus dibeulah.



39. Leukeur



36. Kolanding dijieun tina anyaman awi, paranti wawadahan lamun barang ala, saperti buah, kopi, jst.



37. Korang dijieun tina awi, paranti wadah lauk.



dijieun tina awi atawa sapu paré, paranti nunda sééng, pariuk, jst. sangkan teteg.



40. Lisung dijieun tina kai, paranti nutu.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



44. Pangarih dijieun tina kai, pranti ngarih atawa ngakeul sangu. 41. Lodong dijieun tina ruas awi gombong, paranti lahang atawa cai.



42. Lulumpang dijieun tina batu, kai atawa beusi, paranti nutuan kopi, sambara jst.



43. Nyiru dijieun tina awi, paranti napi bangsal, béas jst.



45. Parud dijieun tina kai maké kawat, paranti marud kalapa.



46. Pipiti dijieun tina anyaman awi, paranti wadah sangu jeung deungeuna bagikeuneun, biasana di nu kariaan.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



47. Piring dijieun tina beling, kaléng, atawa poslén, paranti wadah sangu atawa kadaharan. 51. Rantang dijieun tina alumunium, paranti mawa sangu atawa kaolahan.



48. Poci dijieun tina taneuh, séng atawa beling, paranti nyeduh cientéh.



52. Said (boboko gedé) dijieun tina awi, paranti wadah sangu atawa béas.



49. Rampadan dijieun tina kuningan, paranti mawa susuguh.



50. Ranggap dijieun tina awi, paranti kurung hayam.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



53. Saji dijieun tina awi, paranti wadah kadaharan.



55. Sééng dijieun tina kaléng, paranti nyangu, nyeupan atawa ngulub beubeutian jsb.



54. Salang dijieun tina tambang, awi, atawa hoé, paranti nyimpen boboko sangu atawa paranti mawa barang maké rancatan.



56. Sendok dijieun tina kaléng atawa alumunium, paranti nyéndokan dahareun.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



57. Sésérok dijieun tina séng atawa kaléng, paranti nyait gogoréngan.



59. Songsong dijieun tina ruas awi, paranti niup seuneu di hawu.



58. Sinduk dijieun tina batok kalapa jeung kai, paranti nyiu sayur, jeung dahreun séjén nu ngandung cai.



60. Talenan dijieun tina kai, paranti las kurat-keureut di dapur.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



61. Tampir (nyiru gedé) dijieun tina anyaman awi, paranti napi, moé opak, jst.



63. Téko dijieun tina kaléng, atawa alumunium, paranti wadah cai.



62. Tampolong dijieun tina kaléng atawa kuningan, paranti wadah luah nu keur nyeupah.



64. Téténong dijieun tina anyaman awi, paranti nyimpen deungeun sangu.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



65. Tolok paranti wadah dagangan siga tolombong maké soko jeung turub.



66. Tolombong dijieun tina anyaman awi, paranti wawadahan mun barang alanyar, bisa ogé jang ngawadahan budak mun bedegong.



67. Tomo jeung pariuk dijieun tina taneuh beureum, paranti ngangeun, mindang, jsb.



68. Undem dijieun tina batok, paranti naker béas/gabah.



69. Parako dijieun tina palupuh maké taneuh, tempat nyimpen hawu sangkan ulah kahuruan.



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung



70. Sair dijieun tina anyaman paranti ngala lauk.



awi,



71. Sangrayan dijieun tina taneuh, paranti nyangray suuk, kacang, jsb.



Seueur keneh parabot anu sanesna, sabab di sundamah unggal pakakas atanapi objek naon waé miboga Bahasa jeung istilah nu ruparupa. Kukituna dipiharep artikel ieu tiasa ngarojong pembaca ngarah beuki panasaran jeung haying beuki apal kana sarupaning pakakas nu aya di tatar sunda. Aamiin!



Ditulis ku Étis Ramdan Program Bahasa dan Sastra Arab UIN Sunan Gunung Djati Bandung