Biantara Bahasa Sunda Tema Pentingna Boga [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

"Biantara Bahasa Sunda Tema Pentingna Boga (Ngagaduhan) Cita-Cita"



Assalamu’alaikum Wr. Wb.



Alhamdulillah wasyukurilah.. Sa teu acanna hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah Nu Maha Murah tur Maha Asih anu tos masihan kasehatan ka urang sadayana, sangkan urang tiasa patepung lawung patepang patingal raray tiasa riung mung pulung dina ieu tempat. Teu hilap sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina ngocor ka jungjunan urang sadayana kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna, tabiit tabiatna sareng mugimugi tepi kaurang salaku umatna anu istiqomah dijalanna. (Amin). Hadirin anu kusimabdi dipikahormat.. Hatur nuhun ka sadayana anu tos ngaluangkeun waktosna dina kasempetan ieu. Dina dangeut ieu, simabdi bade ngajak ka sadayana anu aya di ieu tempat kanggo ngingeut-nginget perkawis sakumaha pentingna urang teh ngagaduhan cita-cita atawa impian. Hadirin anu dipikahormat, Sadayana anu aya di ieu tempat pasti ngagaduhan cita-cita. Ngagaduhan cita-cita teh penting kanggo urang sadaya sangka urang sumanget dina ngajalankeun hirup urang. Cita-cita teh nyaeta tujuan hirup urang sadayana. Lamun urang teu ngagaduhan cita-cita urang engke bakal mogok di tengah jalan, urang bakal bingung sabab urang teu boga tujuan tina hirup. Janten urang teh kedah ngagantungkeun cita-cita urang sajangkung langit, sangkan urang getol diajar kanggo ngahontal cita-cita, sareng urang salaku pelajar oge pasti terang kumaha carana sangkan urang tiasa ngahontal cita-cita urang, nyaeta kucara diajar sing getol. Hadirin anu dipikahormat, Ngagapai cita-cita teh teu hese lamun urang saenya-enya diajarna disakola, sareng urang ulah kajerat ku pargaulan anu salah. Lamun saenyana ngahontal cita-cita teh hese, tapi da lamun ditedunnan mah pasti bakal ka cumponan eta cita-cita urang. Apan aya paribasa anu ngagambarkeun nyaeta “cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok” eta ngagambarkeun sakumaha hesena oge urang ngahontal cita-cita urang, tapi lamun dileukeunan saeutik saeutik ti ayena mah pasti cita-cita eta teh bakal katedunan ku urang sadayana. Hadirin anu kusimabdi dipikahormat, Di jaman anu modern ieu, urang kudu pinter-pinter ngagunakeun teknologi. Sangkan urang leuwih gampang kanggo ngahontal cita-cita urang sadaya. Sabab teknologi tiasa masihan kagampangan ka urang sadayana dina milarian elmu pangaweruh sapertos internet.



Sabab ku kitu urang ulah asa-asa kanggo ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten ka nyalira yen urang teh tiasa ngahontal eta cita-cita urang sorangan. Mung sakitu wae anu tiasa ku simabdi dipikahatur, mugi-mugi tiasa janten aya mangfaatna pikeun urang sadayana. Hapunten bilih aya kalepatan-kalepatan dina cariosan simabdi. Sabab ka sampurnaan mung milik Allah SWT.



Ahir kalam wabillahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.