Biantara Nampi Calon Panganten Pameget 2 [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

BIANTARA NAMPI CALON PANGANTEN PAMEGET 2 Bismillah nu Jadi sekar pangiring catur, sangkan jadi panggugah rasa, nu jadi sarining kalbu, tarate hate malati ati, sangkan jadi pangemat aworna kedal ucap jeung amal. Diwuwuh ku alhamdu, nu jadi panundung rambu takabur, nu pajeujeut dina angen, sangkan jadi panuras rasa, nyeuseuh geugeuleuh galeuh, nyapukeun ria sum’ah nu pasolengkrah dina manah, sangkan ulah aya gumede nu sumare dina jero hate, nu sok jadi panghalang jorelatna teja al-quran kana manah, nu ngarempekan tembusna cahaya kudus kana kalbu. Dipirig kalimah kalih sahadat dua lir sumpah, jangji hamo lanca linci luncat mulang udar tina tali gadang, cidra tina subaya, mo



rek ngijing sila bengkok sinembah ka gusti Allah, seja khusu’ nuturkeun galur ti Rasul. Bapa kalih ibu, para wargi sadaya hormateun simkuring! Kumargi waktos bade lebet kana tabuh 8, jadwal nikah saurna kirang langkung tabuh 8, simkuring salaku wawakil ti ibu rama calon panganten istri kersana bapa Ade Suherman kalih ibu Ijah Hadijah rupina moal ngajul anu luhur ngadongkang anu anggang, urang ngoet anu deet neunggeul anu deukeut, ceuk istilah simkuring TD (Teunggeul Deukeut Tereh Dahar), da biasana rombongan teh sok haharewosan “Ka Wado jalan Sumedang, meuli eunteung ditalian, nu pidato ulah panjang, ieu beuteung kukurubukan”. Langkung tipayun seja ngahaturkeun nuhun ka saderek panata acara (Master of Ceremony) anu parantos maparin



kasempetan ka simkuring kanggo cumarios dina ieu pasamoan. Salajengna simkuring ngahaturkeun wilujeng sumping ka bapa kalih ibu rombongan ti calon panganten pameget anu parantos rawuh di ieu lembur, dongkap di ieu tempat. Simkuring sapiri umpi asa kagunturan madu kaurugan menyan putih bingah tan wangenan ku ningal aleutan anu ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang, mugia bae, kasumpingan para wargi sadaya sing ngajantenkeun wasilah lungsurna rahmat tur barokah ti Allah Subhanahu wa Ta’ala. Kawuwuh nembe, sakumaha kasauran sepuhna calon panganten pameget, deuh, balungbang timur caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan, kitu ibaratna eusi dada simkuring sakulawarga ayeuna, sugri anu disaurkeun nembe, sakitu beres roesna, atuh nu dipasrahkeunana, sakitu gindingna, sakitu



tegepna, dedeg sampe rupa hade, anu lajeng dipasrahkeunana pisan, atuh kantenan, ditampi ku asta kalih, kasuhun kalingga murda, binarungan bingah amarwata suta, bingah anu teu aya hinggana. Cenah eta cacandakan sagala rupi meni angkaribung haturnuhun ditampi, sanaos yaktos da sanes barang jingjing nu dipamrih, eta mah sakadar adat kabiasaan tatali paranti bihari, nu penting mah nyandak ati anu wening jembar manah ti sadayana. Sawangsulna, mugia ageung sih hapuntena, tina sagala rupi kakirangan, dina leresan panampian utamina, bilih kirang tata titina, kirang duduga peryogana, mugi ulah kirang-kirang ngahapunten. Sateuacan dipungkas mangga urang samisami du’akeun ieu calon panganten anu bade ngambah sagara rumah tangga teh sing dijantenkeun rumah tangga anu sakinah mawaddah warahmah, mung ulah kajantenan sapertos di Majalaya simkuring nguping wartos aya panganten anyar dina wengi



ngawitan panganten istrina pingsan, masyarakat dugika ribut, tetela nu nyababkeun pingsan teh kumargi panganten pameget kagungan kabiasaan nganggo kolor tilas karung tarigu, waktos dibuka aya seratan berat bersih 30 kg, atuh lenggerek we pingsan. Di Rajapolah simkuring nguping wartos aya pangantern anyar dina peuting munggaran panganten pamegetna anu pingsan teh, saba’da ditalungktik tetela nu nyababkeun panganten pameget pingsan kumargi panganten istri kagungan kabiasaan nganggo kolor tilas spanduk kolam renang, barang dibuka aya tulisan kedalaman 1,5 m. Tapi yakin Neng Uji sareng Kang Adoel mah bakal bungah margi engke bakal nganggo kolor tilas karung semen tiga roda, begitu dibuka aya seratan kokoh dan terpercaya. Kukituna selamat bertempur diatas kasur berjuang diatas ranjang, selamat bergadang sampai siang jangan lupa sembayang.



Aeh hapunten kalah ngalantur, loba catur tanpa bukur, hariwang........ panganten kawak kabita. Pamungkas pisanggem bobo sapanon carang sapakan tutus langkung kepang halang hapunten anu kasuhun jembar hampura anu diteda.