Conto Teks Biantara Seserahan Calon Panganten Pameget [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Conto Teks Biantara Seserahan Calon Panganten Pameget



Assalamu alaikum Wr., Wb. Wiwitan puji syukur ka Yang Widi, Allah Subhanahu Wata’ala, wirehna dina danget ieu urang sadaya, Ibu-Ibu, Bapak-Bapak, sareng kadang wargi anu sugri hadir, diparengkeun tepang kalawan ginulur karahayuan. Salawat sareng salam kanggo Nabiyil Mustafa, Muhammad S.A.W, panutan urang sadaya. Salajengna, kalayan asmana pun ….(lanceuk/adi/alo) Bapak ….oge Ibu….., sareng sakumna kulawargi anu nyarenganana, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka kersana sohibul bait Kulawargi Bapa ………, sareng Ibu …………, kanggo pangangken anu sakieu utamina. Estu matak reueus nu natamu, matak betah anu nyemah. Dupi maksad pun …..(lanceuk/adi/alo) dongkapna kadieu, tangtos parantos kamaphum. Numutkeun kasaluyuan, dina waktos nu kapengker, dinten ieu teh, parantos ditetepkeun kanggo ngalaksanakeun



akad



nikahna,



ti



pihak



pun



….(lanceuk/adi/alo),



ingkang



putra



……………………… ka tuang putra……………………………... Numawi ayeuna kasaksen ku hadirin sadayana, ieu pun Nandangteh, kalawan diaping ku Ibu Ramana, teu kantun kadang wargi anu nyarenganana. Mung bae dongkapna teh paripaos estuning ngaligincing, henteu seueur cacandakan sapertos ilaharna anu bade pangantenan. Dalah dikumaha da sakieu buktosna. Dina ayana oge kagegelan saeutik anu tiasa kasanggakeun, teu aya hartosna numutkeun ukuran kadunyaan mah. Sanaos kitu pamugi tiasa katampi, da kairing ku ati anu wening, tawis asih, simpay katresnan. Oge peryogi kauninga, leres pun anak teh tos akil balig, Namung perkawis luang pangalaman dina hirup kumbuh tangtos seueur kakirang, kantenan dina hal laki-rabi mah, estuning bolostrong keneh. Kukituna peryogi pangrojong sareng pangjurung ti para sepuh, malar tumut kana papagon hirup anu didadasaran agama sareng darigama. Kulawargi Bapa ……………sinareng hadirin anu mulya, sim kuring moal bade ngulurngulur waktu manjangkeun carita. Mugi-mugi pamaksadan pun ……, sareng tuang putra …….. diijabah ku Nu Murbeng Alam, Allah Subhanahu wata’ala, sarta sing saterasna kairing berkah, taufiq, hidayah, sareng inayahNa, malar hirup hurip, waluya lahir batin sapapaosna. amin.



AEP SAEPULLAH, S.pdi



Page 1



Pamungkas sih haksami tawakup anu kasuhun, hapunten anu diteda, ka sakumna hadirin anu mulya, kanggo sagala rupi kakirangan sareng kalepatan, boh dina tata basa, boh dina undak usuk bema krama, anu tangtos tebih tina basa utami, anggang tina kasampurnaan. Wa akhirul kalam, Assalamu alaikum wr, wb.



BIANTARA DINA ACARA SESERAHAN Conto Biantara Dina Acara Seserahan Salah sahiji conto biantara dina acara seserahan panganten ti pihak lalaki ka pihak awewe, biasana sok diwakilan ku salah saurang (loba teuing mah bisi reang) wakil ti calon panganten



lalaki.



Ieu



mah



salah



sahiji



conto



wae,



dina



adat



Sunda.



Assalamu alaikum warohmatullohi wabarakatuh. Ti payun sim kuring neda pangapunten nyuhunkeun widi tina galih anu wening neda jembar tina manah anu setra, rehing ieu bade aya anu kapiunjuk. Mung nya kitu, mugi agung cukup lumur, neda jembar hapuntena, sarehnya sasanggem sebelong bentor, tina-tuna suba-sita, hawatos sanes anu ahlina teu sapertos atikan para pujangga. Disim kuring kawakilan ku kulawargi calon pameget, miwah para kanca sadaya anu sami-sami dongkap kadieu, nyanggakeun sewu nuhun, laksaketi kabingahan, sarehnya bapa miwah ibuna (calon panganten awewe) sareng para wargi di dieu parantos sami luntur kalbu, nampi ieu rombongan. Anu teu kinten disimkuring sakulawargi estu abot nyuhun abot narimakeunana, wireh sim kuring saparakanca dongkap teh wungkul matak sesah bae, matak ngaheurinan bae, taya pisan nyugemakeunana. Dupi pangna dongkap kantenan aya nu dipimaksad kapankon bapa oge ibuna (calon panganten awewe) teh, nyaeta seja nyambung saur nu kapungkur mapay subaya nu ti heula nyungsi jangji pasini binari. Manawi sapertos anu kauninga ku sadaya pun anak anu wastana (calon panganten pameget), sawatara waktos kapengker parantos ngadugikeun panglamarna katuang putra jenengan (calon panganten awewe) kalayan eta panglamar teh ditampi ku jinisna tur dirujukan ku sepuhnya.



AEP SAEPULLAH, S.pdi



Page 2



Nya dina danget ieu pisan, sim kuring kalayan asmana calon panganten pameget seja masrahkeun pun anak (calon panganten pameget) ka ibu ramana (calon panganten awewe) bari diwuwuh ku panuhun enggal-enggal hoyong ditikahkeun ka tuang putra tea anu jenengan (calon panganten awewe). Eta panginten maksad anu utami. Iwal ti eta sok sanaos kalintang isin ajrihna, wireh tebi ti utami tamba leumpang keupat eundang, tama isin ngadeuheusan gaduh babantunan tawis hatur lumayan bae, duka encit sacewir duka jarum sapotong, pecah-belah lalab-rumbah sadongkapeun. Ieu mah mung tawis kabungah sareng



kaweningan



galih



ti



sadayana



kulawargi



calon



panganten



pameget.



Mung bilih (calon panganten awewe) hoyong terang perkawis mahar atanapi mas kawina ku sim kuring bade diuningakeun nyaeta mung saperangkat alat sholat ditambih mas kawin anu bobotna mung (....) gram. Manawi kauninga ku sadayana khususnya ku (calon panganten awewe). Urang singkatkeun bae kanggo salajengna sim kuring neda ka Gusti Nu Maha Suci mugimugi ibu miwah bapa di dieu lungsur-langsar beres roes teu aya kitu sinareung kieu ti kawit ayeuna ka payun, atuh anu ditikahkeun mugi-mugi lambat-lambat runtut-raut lulus-bangslus panjang-punjung, luhur kuta gede dunya jatnika sapapaosna. Pamungkas pisanggem ti sim kuring henteu aya sanes bilih bobo sapanon carang sapakan tutus langkung kepang halang mugi kersa ngahapunten. Hatur Nuhun. Wassalamu'alaikum Warohmatullahi wabarakatuh. Tah eta salah sahiji biantara dina acara seserahan ti kulawarga calon panganten pameget ka kulawarga calon panganten awewe. Mudah-mudahan aya manfaatnya.



JAJAP PANGANTEN Assalamu’alaikum Wr.Wb. ‫َا شٍدان محمداع ثدي‬



‫رب ان عان م يه َت ً و س ت ع يه ع هى امُران دو ياَان دي ه ا شٍدان الان ً االهللا‬



‫عه ك م ان صحات ح ر سُل َر سُن ً ان هٍـم صم ع هى س يدو ا محم‬



‫ان حمد هلل‬



‫د َع هى ال س يدو ا محمد َ س هم َر ضي هللا‬



‫اما ت عد ف مال هللا ت عان ى ف ى ان مران ان كري م ٌَُا صدق ان مائ ه يه اعُذت اهلل مه ان ش يطان‬. ‫اجم ع يه‬ ‫ َل ال ان ى ثي ص هى‬. ‫ان خ‬.....‫ َمه آي تً ان خ هك ن كم مه او ف س كم ازَاجا‬: ‫ان رحمه ان ح يم‬



AEP SAEPULLAH, S.pdi



‫هللا‬



‫ان رج يم ت سم هللا‬



Page 3



‫ع ه يً َ س هم ا‬



‫ي ٍاان ش ثاب مه ا س تطاع م ى كم ان ثاءج ف ان ي تسَج ف اءو ً اح صه ن ه فرج َات غض هللا‬



‫ ان حدي ث‬.............. ‫ن ه ث صر َل ال اي ضا ان ى كاح س ى تى َمه رغة عه س ى تي ف ه يس م ىى‬



Langkung ti payun puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Allah Swt.; kalawan karidoan Na urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok.



Shalawat sinareng salam, mugia katampi ku Rasulullah Muhammad SAW.anu parantos ngaping ngajaring ka urang sadaya ku ajaran Islam. Salajengna pribados kalawan asmana Bapa…… ( Keluarga Calon Panganten Pamegeut,disingkat KCPP) seja ngahaturkeun rewu nuhun laksa keti kabingahan ku panampian ti keluarga Bapa .......( Keluarga Calon Panganten Istri,disingkat KCPI) Dipapag ku payung agung, disampak raray marahmay, dongkap langsung dilinggihkeun, tos kitu teras ditakon. Ari anu janten pamaksadan pangna jauh dijugjug anggang diteang, leueur-leueur kindang iteuk teh teu aya sanes :



Anu kahiji, hoyong nyanggakeun tatali silaturahmi ti kulawarga bapa ...... ka kulawarga bapa ...... (KCPP) Mugia ku silaturahmi ieu, tiasa manjangkeun duduluran, manjangkeun umur oge manjangkeun kasinugrahan. Rasulullah Saw. Ngandika anu unggelna sepertos kieu : ‫ص هى هللا ع ه يً َ س هم مه احة ان ي ث سط ن ً ف ى رزل ً َان ي ى سأ ن ً ف ى اث ري ف ه ي صم‬



‫ل ال ر سُل هللا‬



‫ ان حدي ث‬......ً‫رحم‬ Kalayan pihartosen nana sepertos kieu : Saha ari jalma anu miharep di seeurkeun rizkina tur dipanjangkeun yuswana, mangka tepungkeun tali silaturrahmi.



Anu kadua, seja nohonan jangji; rehna diantawis kulawarga Bapa ....... (KCPP) sareng bapa ........ (KCPI) kantos pasini jangji – pasang subaya; rehna mun dugi kana waktosna seja ngadahupkeun pun anak wastana ................... ka ingkang putra wastana.................... anu saur ki dalang mah pun anak teh keur sedih kingkin. Mun peuting teu weleh nyaring; ti beurang ngan sumoreang. Cai asa tuak bari, kejo asa catang bobo. Ari anu diimpleng iwal ti malati asri nu ligar di pakarangan Bapak/Ibu ............................ AEP SAEPULLAH, S.pdi



Page 4



Ayeuna cunduk waktuna ninggang mangsana ,sok sanaos dibuni-buni da ebreh, teu benten ti meungpeukan beungeut ku saweuy, meungpeun carang ku ayakan , ku kituna seja dikembang boledkeun -- dibejer beaskeun. Pangna jauh dijugjug anggang diteang, hujan gede papayungan, leueur-leueur kundang iteuk, gorek-gorek tuweuw ge ludeung , dijajap ku ibu rama, diiring ku kadang warga, teu aya sanes Bapa ...................... sakulawarga seja nyanggakeun jisim jinisna den ........................................ luhurna sausap rambut, handapna sausap dampal, rambutna salambar, getihna satetes, renghapanana sadami mugia tiasa ditampi kangge ditikahkeun ka ingkang putra, neng ........................ kanggo janteun prameswari batur hirupna Mung hanjakal nyanggakeun budak teh estu ukur nyanggakeun, teu jeungjing teu sandawa – henteu ngajingjing teu barangbawa atanapi estuning bulucun pisan. Eta oge ketang aya sakedikkedikeun mah, tambih henteu wae. Ari kahoyong mah langkung ti kitu, namun sakitu kanyataanana, maksud hati memeluk gunung apadaya tangan tak sampai, ieu mah tandaning rasa nyaah cacandakan sakedik teh , ukur sabrang salayang – dongkap kacabe mah henteu, nyanggakeun hatur lumayan – da ari sae mah henteu atuh tandaning tatali asih . mugia tiasa katampi.



Sakitu nu kapihatur, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahe carek neda agung cukup lumur neda jembar singhaksami.



Billahi taufiq wal hidayah, Wassalamu ‘alaikum Wr.Wb.



AEP SAEPULLAH, S.pdi



Page 5



MASRAHKEUN CALON PANGANTEN PAMEGET ku Alimudin S.Pd.I Bismillaahirrahmaanirrahiim, Assalamu'alaikum Wr.Wb. Alhamdulillahi rabbil 'alamiin, washalatu wasalamu ala asrofil anbiyai walmursalin wa'ala alihi washohbihi ajmain. Robbisrohli sodri, wayasirli amri wahlul ukdatamillisaani yafqohu qouli. Para wargi anu sami dimulyakeun ku Alloh, sumangga urang sami-sami nagdo'a ka nu kagungan ieu alam katut sapangeusina, urang neda jiad ijabahna mugia ieu pamaksadan ginanjar karahayuan. Dulur-dulur anu sami kumpul, sanak baraya nu pada aya, sepuh anom jaler istri, kalayan asmana sepuh miwah kulawargina cep..........Tipayun mugi sih panghaksami, reh sim kuring saabringan, cunduk rusuh datang geura, tanding walik muru pasir, tanding julang muru rangrang, tanding jogjog moro mondok, moro panonobanana. Dupi anu dimaksad, ieu nganteur nu teu ludeung, nu hoream datang nyorangan, pun anak wasta................ Inyana, mun peuting teu genah cicing, mun beurang teu puguh lampah, suda dahar suda polah, henteu puguh rarasaan. Singhoreng sabada dititenan, cenah katiir jamparing asih, karuncang panah asmara, bareuh asa nyanyautan. Langkung ti kitu cenah, parantos titp asih nunda subaya, nyumponan jangji pasini, sadusikum ka bale nyungcung. Kantos nyobi-nyobi diheureuyan, nguji pamadegannana.disisilihan wanoja lian. Singhoreng gilig pikir buleud tekad, teu kalis ku nu gareulis, teu sadrah ku dibeberah, majarkeun teh, mun abdi pareng jadi jeung anjeuna, bangun moal pegat son, ari margi, duriat mandean gunung, cinta mandean sagara, kembang cinta terus mangkak, leleb moal manggih ganti, geus saati geus sapikir. Kumargi sakitu atuh mangga ieu nyanggakeun pun anak, mugi kebesan keresa nampi. Geus puguh galurna catur, negmbat papayan sajarah puguh gigirangannana. Mun kitu titis tulis ti ajali, jodo rusiah pangeranteu aya nu mustahil. Mung hatur uninga, pun anak teh badag soteh warugana, elmuna mah hejo tur bangbangan keneh, masih didikeun atikeun kalayan kasobaran. Percanten



ka



ki



besan



nu



landung



kandungan



laer



aisan,



leuleus



jeujeur



liat



tali.



Kalih ti eta deuiah, cundukna ieu si utun datangna ieu si ujang, estu lugag-legog bari lengoh datang bari keupatnampah, teu aya jingjing bawana. Sakadar ugal egol nyoren pestol, mamanggul talutug nahun, aseuk maneuh pancir waris, nini aki. Bahanna ti paku jajar, waja perak beusi akas, disipuh ku kayu garui dipancaran ku samida, matih beunang nganaatan. Hatur lumayan, keur ngaseukeun bibinihan, binih asih tangkal duriat, di huma leuweung larangan nu aheng kabina-bina tacxan kagadabah jalama. Kibesan! Dalah dikumaha atuh, sakieu geuning buktina, dibeber-beber kalah soeh, dikenyang-kenyang karah bedah, lieuk euweuh ragap taya> mung tekad ngakar maneuh jero manah meleuleuheungkeun tuang putera, rek dipetik dipimilik, dipajang dina jambangan, didamel jimat paripih. Mung tamba pamali teuing, nyanggakeun saaya-aya, batok kohok, piring semplek, beas sasiki, gula sapasi, paris ipis tamba tiris, sendal capit keur ka cai. Sanes teu nyaah sanes teu hormat ka si Ujang ka si nyai, sakieu geuning buktosna, tumamprak sadaya-daya.Mungguh sepuh sakadar sumambung du’a, dahupna ieu barudak aya dina akajanglaran, sial dangkalna, sue naasna, geus ditalangan ku apana ku emana, barudak mah mugia



AEP SAEPULLAH, S.pdi



Page 6



laki rabina dipareng panjang punjung panjang yuswana ginuluran karahayuan, negrak di hanjuang siang. Sakali deui nyanggakeun ieu pun anak, mugi ditampi sapamakasadannana, paripaos getihna satetes, ambekananana nu sakesotan, indit peuting miang beurang, labuh di curug, rag-rag di jungkrang, dengdek mahekun



condong



namp[lokekeun



nyanggakeun



ka



ki



besan



nu



wijaksana.



Pungkas asur, beurat hate hese kacap, teuleum teu werat ka dasar, ka leuwi tangeh rek nepi, nyanggakaun sadaya-daya, cag dugi kadinya. Wassalamu’alaikum Wr.Wb. Panampian Calon Panganten Pameget Asalamu’alaikum Wr. Wb. Bismillah, alhamdulillah, lahaula wala quwwata illa billaah, Sabada simkuring ngahaturkeun salam ka sugri nu hadir, rohmat sareng salam urang haturkeun ka jungjunagan alam Rosulullah SAW, ka kulawargina miwah para sohabatna. Purwa pamaksadannana, sim kuring seja sasanggem, kedal lisan panampian, ngawakilan mutlak keresana Bapa... miwah ibu. Ka para sesepuh hormateun sim kuring, ka nu weruh di tempatna, ka nu reugreug dipageuhna, utamina ka kersana besan sarombongan. Tinangtu anu bakal kapihatur, estu tebih ti utami, anggang ti kasampurnaan ari margi, sim kuring sanes ahlina dina widang ieu, mung piraku ari kedah medal sila onaman. Kukituna mugia sih hampurana ti sadayana. Pangersa besan jaler istri , tamu-tamu nu sami dimulyakeun ku Allah. Tadi sami-sami nyakseni, pamaksadan ki tamu nu didugikeun ku wawakilna, nganggo runtuyan miwah ungkara basa nu ngabujangga, leubeut ku rekaan basa nu merenah, beuneur eusina jembar pedarannana, atra anu dipimaksadna. Paingan aya kila-kila, si jalak ngelak, si kate beger, kukupu ngier ngiberan titingalan sing rarikang. Sihoreng baris cunduk tamu nu ditunggu-tunggu tikapungkur, undur taun datang bulan, ayeuna ugana datang. Alhamdulillah, kabingah sesah bangsana, suka ati pilih tanding, ringkesna mah ditampi sapamaksadan. Ki Besan, naha anduk-anduk teh bet kalalanjoan, di dieu ge sami-sami, sakieu geuning buktina, sanes teu nyaah, sanes teu hormat ka si ujang ka ki besan, dalah dikumaha atuh sami nyanggakeun sadaya-daya. Ka si Kasep, deudeuh teuing hidup anaking, cunduk dituyun ibu, datang dijajap ku rama, kalih diabring ku kadang wargi. Ieu hiji tawsi , maksad hidep kenging pang rujuk ti sepuh, pidu’a ti kadang warga. Apa sareng ema di dieu, teu ngahero jonghok rebo ku gembolan, ringkid kerid ku jingjingan, kulit awi sesebitan, nu diantio jinis jisimna sawiji, jasad tunggalna nu saurang, ujamng wasta cep...... jajaka nu titih surti ngaji rasa, nu duduga tur peryoga, teu renjagan teu gembangan, estu teguh pamadegannana. Ditampi kasep, mola rek disaha-saha, diangken anak pituin, heg geura pelakan tuh gunung nu masih gundul, pasir nu masih bulistir, sawah anu lawas ngahgar, ku madu ka asih, muga-muga hejo lembok, lir ibarat bibit tumuwuh di tanah subur. Mung eta nu ulah kakantun teh, parabot nu boga pamor, senjata nunggal talutug nahun tea, seukeut teu karana diasah, keur mencug batu nugar cadas, di dieu geus sayagi pihumauen asukaneun.



AEP SAEPULLAH, S.pdi



Page 7



Ki Besan! Mangga urang sami-sami ngadu’a, dahupna ieu barudak muga manjing wanci ninggang uga, diparengkeun camperenik buncir eusi, ngarandah mamanggaran, renung sirungna, mayakpak cangkokannana. Amin ya Robbal ‘alamiin.



NASKAH SUNGKEMAN Ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateuacan ngiring jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wiréh sim kuring sanés pujangga anu ahli ngaréka basa, sanés sastrawananu ahli dina ngaraéh caritaan. Kumargi kita paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.Ka para ahli ngukir sya’ir, pujangga ahli sastra mugia ulah haru ulah ganggu, sawios sim kuring neda widi paralun maklum sakedapan hoyong dikoréksi, diropéa, ogé dioméan manawi tiasa nyampurnakeun kana curat-corét sim kuring.



Ngawitan Bismillahirrohmanirrohim. Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula ngawitan mituturan dua pasang manusa anu kiwari parantos ngahiji kalayan widi Gusti Nu Mahasuci ngalangkungan jalan jatukrami. Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan urang samudayana anu sami kersa sumping, kalayan ridlo lillahi ta’ala ngagebregkeun jiad pangdu’a ka dua mempelai. Ngalangkungan du’ana Rasululloh SAW. Mangga urang ‘aos sasarengan : Bismillah …. Baarokallohu laka wabaroka ‘alaika wa jama’a bainakuma fi khoiir (Mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan Alloh tumetep euntreup, nyanding mipir ngabanding, lamokot geugeut ka hidep duaan, sareng pamudah-mudahan hidep duaan dikumpulkeunana ku Alloh téh sinanding jeung kasaéan, amin). Mangga ka pasang panganten, geura lumampah nyaketan kana pangkonan ibu rama A’udzubillahi minasy syaithonirrojim Wawashshoinal insaana biwaalidaihi hamalathu ummuhu wahnan ‘ala wahniw wafishooluhuu fii ‘aamaini anisykurlii waliwaalidaika ilayyal mashiir (Luqman : 14) “Jeung Kami geus marentahkeun ka manusa (pikeun ngabakti) ka indung bapana; indungna geus ngakandung manéhna dina kaayaan lemah anu kalangkung-langkung lemahna, jeung indungna ngasuh manéhna salila dua taun. Kudu syukuran ka Kami jeung ka indung bapa manéh, ngan ka Kami wungkul manéh mulang ka asal. (Luqman : 14) Kasép, Geulis. Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu rama. Teuteup kalawan geugeut pameunteu marantenna. Sawang ku hidep duaan ka alam ka tukang anu jauh narawangan. Pék patepungkeun paneuteup ajeun jeung paneutep indung bapa. Bayangkeun kua hidep yén dina satétés getih anu ngalémpéréh, sahégak nafas anu ngadami dina angen. Pék rarasakeun ku hidep ratugna jajantung, rénghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina



AEP SAEPULLAH, S.pdi



Page 8



sirah, seuseup ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-alon, kalayan rarasakeun yén hidep téh keur nyeuseup kanyaah jeung kahémanna indung bapa. Prak, mangga ujang-nyai. Kasép – Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung. Saméméh hidep duaan barang pénta kanu jadi indung, pék haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa ka anjeuna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janten ibu, kieu unina : “Mamah, dina danget ieu kalayan syaré’atna disakséni ku kadang wargi anu hadir di dieu, hakékatna disakséni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaéan anu parantos dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku Mamah, ti kawit abdi di kandung anu ilaharna salami salapan sasih, tangtos kapayahan anu langkung-langkung. Siang kalayan wengi Mamah teu weléh sumujud ka Rabbul ‘Izzati, tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna salamet, waluya sapuratina. Kasawang ku abdi kasusah Mamah, nalika bureuyeungan, seunggah gulang gasahan. Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit dina parindikan, jeletot dina bobokong, reyang-reying teu betah cicing. Harita basa tengah peuting Mamah humarurung nyalira. Sakawitna moal ngageumpeurkeun balaréa. Sugan jeung sugan kanyeri dina patuangan bakal ngurangan. Nanging sanés ngurangan nyeri anu aya, malihan tambih-tambih nyeri. Harita, Mamah ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat. Ménta tulung, ménta nyalindung. Mamah parantos béak déngkak nahan kanyeri jeung kapeurih. Luut léét kesang badag, késang leutik burayoan maseuhan sakujur salira. Guyang darah, mandi getih, sakapeung dibarung ku kasusah, sakapeung haté tugenah. Harita Mamah parantos ngaboreuhkeun jiwa raga, nyawa pingaraneunana. Anu namina ngajuru, luyu sareng istilahna. Hartina nyawa Mamah téh aya dina sajuruna deui. Dina waktu Mamah ngalahirkeun abdi, Mamah bajuang dina tungtung hirup. Tanaga Mamah, engapan Mamah, kesang Mamah, cai soca Mamah, getih Mamah nyurugcug maseuhan bumi pikeun mélaan anu jadi anak. Nalika gubrag si jabangbayi gumelar ka alam dunya, denghékna sora orok ceurik sataker kebek, ceurik munggaran anu minuhan wewengkon alam. Nya harita pisan basa ninggang kana wanci subuh abdi lahir ka alam dunya. Ti harita Mamah teu bisa kulem anu tibra, teu bisa léha-léha. Ngupahan tur ngabélaan nu jadi anak. Budak gering milu gering, budak rungsing henteu pusing. Mamah milampah sadaya kabutuh nu jadi anak dumasar kana kaikhlasan jeung ngagedurna rasa kanyaah anu taya wates wangenna. Mamah, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngésto tina lelembutan abdi anu pangjero-jerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tida samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten putra moal kaétang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, Mamah lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi. Deudeuh teuing kasép, geulis anak Mamah saleresna kasedih Mamah dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukangtukang ku Mamah dihampura. Naning anu ngalantarankeun Mamah sedih danget ieu téh nyaéta kabeurat haté indung kanu jadi anak. Asa kamari hidep ku Mamah disééh, diakod-akod waktu orok, diméménan waktu budak. Harita basa hidep gégag-gégag diajar leumpang, bari sakapeung titotorojol ti kajauhan hidep tékah-tékah bari tuluy ngagabrug kana lahunan Mamah. Bungah amar wata suta haté anu jadi indung, nalika nu jadi anak tumuwuh mekar kalayan sampurna. Kiwari, ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasép anu dihancleung-hacleung ku Mamah, si Geulis anu ditimbang-timbang ku Mamah teu sangka geuning geus sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah Rasul, mapay lacak papagon agama. Samémangna parantos titis tulis ti ajalina, gurat qodar nu Mahakawasa. Hidep kiwari seja ngamimitian ngabaladah sagara rumah tangga. Geura bral miang, bébér layar tarik jangkar ku Mamah didu’akeun mugia sing tinemu jeung kabagjaan dunya katut ahérat.



AEP SAEPULLAH, S.pdi



Page 9



Mangga kasép, geulis geura ingkah tina lahunan Mamah ngalih kana panggonan Bapa Prak tumamprak, rep sidakep, sir budi cita rasa. Sagulung-sagalang sukma nu paanggang kiwari ngahiji dina seuseukeut kaasih kolot kanu jadi anak. Ujang, nyai – kasép, geulis. Sok puseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu jadi Bapa ka nujadi anak dina salila ngipayahan, nyumponan kabutuh hirup nu jadi anak. Sakapeung mah Bapa téh mindeng baringung, ditambah bangluh kasusah nalika teu bisa nyumponan kahayang nu jadi anak. Bapak rajeun ngalamun, mikiran tur narékahan kumaha carana sangkan kahayang nu jadi anak bisa kacumponan sapuratina. Lamun indung disebutna tunggul rahayu, sedengkeun Bapa disebutna tangkal darajat. Kanyaah indung jeung bapa ka nu jadi anak layeut ngahiji ngawujud, ngajéngélék dina rupa anak. Nu matak dina jirim anak bakal pacampur tétésan-titisan indung bapana. Nya kitu deui dina akhlak jeung pamolahna bakal ceplés téés kanu jadi anak. Bapa, rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa. Dina danget kiwari clik putih jatining bersih, clak hérang jatining padang, ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal, getih satétéh ambekan sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi Bapa. Baeu kasép, geulis. Malati lingsir na ati, angsana ligar ku mangsa. Hamo lingsir dina wanci, moal ligar dina mangsa. Kiwari wanci tur mangsana Bapa dumareuda wakca balaka ka hidep duaan. Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagara kanyah Bapa kahidep téh mémang langka kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Naning sanajan kitu, ngahunyudna kanyaah Bapa ka hidep téh tinangtos langkung-langkung kanyaah. Sabab, sagala rupa anu diusahakeun ku Bapa bélaan ngadua-duakeun huap, ti sruk-sruk tidungdung bélaan poho ka temah wadi, teu aya lian nyaéta mélaan nu jadi anak. Melak kai, ngingu sapi tur sagala cacawisan hirup taya lian nyaéta ngakirangan nu jadi anak. Keun cuang teundeun kakeuheul anu geus harareubeul, cag cuang tunda kangéwa anu geus tiheula. Cuang ganti ku budi anu sajati, ku wajah anu marahmay. Sok ku Bapa kiwari hidep dihampura, sagala rereged, kaijid, kangéwa, tur kageuleuh Bapa kiwari balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan. Cag, anaking geura tandang miang makalangan, geura milampah babarengan kalayan diwuwuh ku du’a nu janten sepuh. Dijiad ku panghiap nu jadi Bapa. Montong melang, tong salempang léngkahkeun sampéan bari ngucapkeun niat seja milampah tugasna Pangéran. Tuh geuning, sagara tanpa tutugan. Sagara tanpa basisir geus ngagupayan ménta dikojayan. Geura bral undur tina pangkonan, geura hontal kasinugrahan. Hayu urang hirup babarengan, Bapa geus nyiapkeun kandaraan juang pikeun ngajugjug lembur pangharepan. Sok didu’akeun ku Bapa lahir katut batin, mugia hidep duaan tinemu jeung kabagjaan



AEP SAEPULLAH, S.pdi



Page 10