Bsu Kelas Xi [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA KELAS XI



Kurda Basa Sunda 2013 Révisi 2017



Disusun ku: Dingding Haerudin Dédé Kosasih Darpan Tatang Sumarsono Asep Ruhimat Ahmad Hadi Budi Rahayu Tamsyah



GEGER SUNTEN



Panganteur BAHASA SUNDA URANG Pangajaran Basa Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA Kelas XI © Dingding Haerudin



Pikeun Bacaeun Murid



Wedalan: Penerbit CV GEGER SUNTEN Jl. Dr. Setiabudi No. 228 Bandung 40143 Telp. (022) 2016922, Fax. (022) 2016923



Citakan kahiji : Méi 2017 Ilustrasi kénging Dédé Rahmat Gambar jilid kénging GAYACOM Layout kénging Muhamad Kusaéri Sumber foto tina internét HAK CIPTA DITANGTAYUNGAN KU UNDANG-UNDANG



B



asa Sunda Urang. Enya, basa Sunda urang, basa Sunda boga urang, digunakeun ku urang, jeung tangtu waé kudu dipiara ku urang deuih. Ari cara miarana, jih, apan ku diajar, éta mah naha diajarna rék di sakola, rék di lingkungan kulawarga atawa babaturan sapangulinan. Ku diajarna urang pikeun nyangkem basa Sunda, hartina kanyaho urang téh bakal ngalegaan. Teu ngan saukur dina ngagunakeun basa Sunda wungkul anu bakal ningkat téh, tapi deuih kaweruh ngeunaan budaya Sunda. Basa Sunda Urang. Ieu téh judul buku anu ayeuna keur disanghareupan ku hidep. Tuh geuning sakieu alusna. Geus tangtuna eusina gé matak resep macana. Aya rupa-rupa dongéng katut carita lalampahan katut prak-prakan kaulinan. Kitu deui pedaran ngeunaan widang paélmuan séjénna. Kabéh ogé tujuanana téh pikeun mekelan hidep anu ayeuna keur dialajar di kelas XII SMA/SMK. Maksudna mah mekelan kaweruh katut katapis atawa karancagé hidep dina ngagunakeun basa Sunda. Lian ti éta, sangkan dina diri hidep tumuwuh sikep anu hadé, di antarana waé daék ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé. Ari fungsi basa Sunda téh apan utamana mah pikeun kaperluan komunikasi papada urang. Dina ieu buku, anu dipidangkeun téh henteu ngan sawates basa jeung sastra Sunda wungkul, tapi loba anu ngait kana rupa-rupa hal dina hirup kumbuh. Upamana waé ku ngaliwatan pangajaran basa jeung sastra Sunda téh, hidep bari diajar ngeunaan tatakrama, rupa-rupa tradisi warisan karuhun anu gedé mangpaatna pikeun kahirupan, jeung mikawanoh kabudayaan anu napak dina kakiwarian—di antarana élmu pangaweruh jeung téknologi. Sakur anu bieu ditataan téh gunana pikeun ngabekelan hidep sangkan bisa nempatkeun diri dina jaman kiwari, jeung mapag jaman nu bakal



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



v



datang. Apan pangna hidep sakola téh di antarana waé pikeun ngahontal cita-cita. Hirup téh apan kudu aya dina kamajuan. Teu hésé diajar basa Sunda téh. Ana kitu, ulah ngarasa seunggah saméméh prak. Ulah tacan nanaon geus nyebut horéam. Anu penting mah dina diri urang aya kadaék. Dalahn lain keur urang Sunda pituin ogé, ari aya kadaék mah, diajar basa Sunda téh babari. Urangna wé sing saregep ngabandungan pedaran atawa katerangan ti Ibu/Bapa Guru. Kitu deui dina waktu migawé pancén jeung ngapalkeunana, ulah asal-asalan. Ulah éra tatanya deuih, mun ngarasa tacan nyaho. Tatanya ka indung-bapa, ka lanceuk, atawa ka saha waé anu sakirana bisa nerangkeunana. Tarékah pikeun nyangkem jeung ngagunakeun basa Sunda téh bakal gancang ningkatna lamun urang getol maca buku-buku atawa koran jeung majalah basa Sunda. Kitu deui lamun urang rajin ngabandungan siaran radio jeung televisi dina program basa Sunda, atawa lalajo pagelaran kasenian Sunda. Anu teu kurang penting dina jaman kiwari nyaéta ngagunakeun internét, kaasup jeung komunikasina deuih. Maksudna mah mukaan internét anu aya pedaran basa jeung sastra Sunda, atawa urang ngayakeun komunikasi jeung papada nétizén ku basa Sunda anu bener tur merenah. Cindekna mah, sakali deui rék ditandeskeun, entong ngarasa sieun atawa horéam dina nyanghareupan pangajaran basa Sunda. Kapan tadi gé geus disebutkeun, babari, jeung matak resep deuih. Geura ayeuna urang mimitian. Bismillah ....



Bandung, Méi 2017 Salam ti nu nyusun ieu buku



vi



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Panganteur



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pikeun Bacaeun Ibu/Bapa Guru



K



urikulum 2013, anu popilérna mah disebat Kurtilas, masih tetep masihan lolongkrang pikeun pangajaran basa Sunda di sakola. Dugi ka ayeuna, éta kurikulum téh tos nincak taun kaopat. Salami dina tilu taun lumangsung, numutkeun hasil gempungan anu dipokalan ku Balai Pengembangan Bahasa dan Kesenian Daerah (BPBKD) Disdik Provinsi Jawa Barat, Oktober 2016, pangajaran basa Sunda di sakola kalintang peroyogina diévaluasi deui. Anu ngadugikeun pamendak dina éta gempungan téh sajabi ti para ahli pendidikan sareng ahli basa Sunda, ditambih ku wawakil ti masarakat panyatur basa Sunda deuih, hususna anu kalebet kana kolom praktisi. Kacindekan tina éta gempungan téh nyaéta kurikulum pangajaran basa Sunda di sakola kedah dirévisi. Janten sadaya pihak anu aya kakaitanana sareng éta kurikulum kedah dadahut deui. Sawatara sasih ti harita, BPDKD parantos tiasa medalkeun kurikulum hasil révisi anu kedah dianggo padoman dina prosés diajar-ngajar basa Sunda di sakola, ti ngawitan SD dugi ka SMA/SMK. Dina émprona mah kalebet sakola nu aya di lingkungan Departemén Agama, ti ngawitan MI dugi ka MA/MAK. Disusunna ieu buku Basa Sunda Urang téh enggoning nyaosan pameredih Kurtilas hasil révisi. Sadayana aya 12 jilid, anggoeun ti kelas I dugi ka kelas XII. Disusunna ku tim pangarang, seueurna tujuh jalmi. Mémang waktosna tiasa disebat samporét, margi lolongkrang waktos anu nyampak ti kawit réngséna révisi kurikulum dugi ka nyusun naskah pibukueun téh kirang langkung mung dua sasih. Sok sanaos kitu, ari dina prosés nyusunna mah leres-leres ditarékahan supados sakur anu diperedih ku kurikulum tiasa kacumponan.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



vii



Pangajaran 1 : BIANTARA



Alhamdulillah, ieu buku Basa Sunda Urang parantos réngsé, tur ayeuna tiasa dihaturkeun ka para Ibu/Bapa Guru sareng sakumna murid di sakola. Harepan utami tim panyusun mah taya sanés pangajaran basa Sunda di sakola tiasa lumangsung sakumaha mistina, nyaéta ngabekelan sakumna murid ku kaweruh, katapis atanapi karancagéan, sareng sikep anu positif kana basa Sunda. Ku kituna, basa Sunda bakal tetep hirup-hurip di lingkungan panyaturna, anu hal éta kaunggel dina Perda Jawa Barat No. 5 Taun 2003, anu enas-enasna pikeun miara sareng mekarkeun basa, sastra, katut aksara Sunda. Bahan pangajaran basa Sunda anu dimakarkeun dina ieu buku ngurung kana opat aspék, nyaéta ngaregepkeun, maca, nyarita, sareng nulis. Murid sina diajalar ngagunakeun basa Sunda pikeun rupa-rupi kaperyogian dina hirup kumbuh, saluyu sareng tingkatan pendidikanana. Perkawis prakprakan ngajarkeunana, anu dilarapkeun téh ngagunakeun pamarekan saintifik, saluyu sareng karakteristik Kurtilas. Da kasebatna ogé damelan manusa, tangtos moal aya anu leres-leres sampurna. Kitu deui ieu buku anu ayeuna dianggo bahan pangajaran ku Ibu/Bapa Guru, ari dinja hal kakirangan mah tinangtos aya waé. Ku margi kitu, tim panyusun teu kinten ngantos-ngantos pangajén sareng koréksi, hususna ti pihak-pihak anu aya patalina sareng pangajaran basa Sunda, malah mandar eusi ieu buku tiasa teras dibebenah. Hatur nuhun.



Bandung, Méi 2017 Tim Panyusun



Eusi Buku



Pangajaran 1 BIANTARA 1 A. Bacaan 3 B. Pedaran 6 1) 2 Tatahar Biantara 6 2) 2 Struktur Biantara 8 3)2 Nepikeun Biantara 10 C. Aspék Kabasaan 11 D. Latihan 16 Pangajaran 2 Sisindiran 17 A. Bacaan 19 B. Pedaran 24 1.2 Rarakitan 24 2.2 Paparikan 26 3.2 Wawangsalan 28 C. Aspék Kabasaan 31 D. Latihan 39 Pangajaran 3 PANUMBU CATUR A. Bacaan B. Pedaran 1)2 Panumbu catur 2)2 Tugas Panumbu Catur C. Aspek Kabasaan Istilah Wanci D. Latihan



viii



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



43 45 48 48 49 52 52 57



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



ix



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 4 CARITA PONDOK A. Bacaan B. Pedaran 1) 2 Watesan jeung Unsur Carpon 2) 2 Kamekaran Carpon 3) 2 Nganalisis Carpon 4) 2 Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng C. Aspék Kabasaan Kalimah Tanya D. Latihan



61 63 69 69 76 79 82 83 83 86



Pangajaran 5 WARTA A. Bacaan B. Pedaran 1)2 Watesan Warta 2)2 Jenis Warta 3)2 Basa nu Dipaké dina Warta Sunda 4) 2 Berita Radio jeung Televisi 5) 2 Kalawarta Basa Sunda C. Aspék Kabasaan Kecap Pangantét di, ka, ti, jeung Rarangkén Hareup di-, ka-, ti- D. Latihan Nuliskeun warta hasil wawancara



89 91 94 94 94 100 101 104 105



Pangajaran 6 NOVEL A. Bacaan Sempalan Novel 1 B. Pedaran (1)2 Wangenan Novel (2)2 Papasingan Novel (3)2 Dumasar témana jeung masalah anu dicaritakeunana Sempalan Novel 2 C. Kebasaan D. Latihan



111 113 113 117 117 118 119 120 124 133



x



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 7 BIOGRAFI A. Bacaan B. Pedaran 1)2 Wangenan Biografi 2)2 Mangpaat Maca Biografi 3)2 Conto Biografi D. Latihan C. Aspék Kabasaan Kecap Panyambung



135 137 141 141 141 143 146 147 147



Pangajaran 8 wawacan A. Bacaan B. Pedaran 1) 2 Struktur Wawacan 2)2 Seni Maca Wawacan 3)2 Ngarobah Wawacan jadi Prosa jeung Téks Drama C. Aspék Kabasaan Kecap Panganteb D. Latihan



151 153 156 157 157 159 174 174 180



105 109 109



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



xi



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1



BIANTARA Kompetensi Dasar 3.1. Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks biantara. 4.1. Mendemonstrasikan biantara dengan memperhatikan kesan­ tunan dan penggunaan kaidah bahasa.



xii



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



1



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1 : BIANTARA



Biantara Laporan Ketua Panitia dina Bubuka Pasanggiri Assalamu’alaykum Warahmatullahi wabarakaatuh



H



idep tangtu mindeng nyaksian jalma anu biantara. Biasana dina hiji kagiatan, upamana kagiatan pangajian di masjid, acara miéling poé kamerdékaan di kalurahan, acara paturay tineung di sakola, jeung sajabana. Hidep ogé kudu bisa biantara dina basa Sunda, bisi dina hiji waktu aya kagiatan, hég hidep jadi panitiana, tangtu bakal meunang pancén nyarita di hareupeun jalma réa. Kamampuh biantara téh kudu dilatih, di antarana ku ngaregepkeun jalma anu keur biantara atawa maca conto téks biantara, saperti ieu di handap. Anu baris dipedar pengajaran munggaran.



A. Bacaan Baca kalawan daria Ieu téks biantara di handap!



2



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Para wargi anu sami-sami linggih, anu dipihormat. Puji sinareng sukur, mangga urang sanggakeun ka Alloh Subhanallahu wa Ta’ala, anu parantos maparinan kaséhatan ka urang sadaya dugi ka tiasa kempel di ieu rohangan kalayan aya dina kaayaan séhat wal’afiat. Solawat sinareng salam mugia salamina nganteng ka jungjunan alam Nabi Muhammad Shallalahu ‘alaihi wassalam. Hadirin anu dipihormat, sateuacan sim kuring neraskeun sasanggem, langkung ti payun seja ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo nyanggem dina ieu mimbar. Teu hilap, abdi ogé ngahaturkeun nuhun ka Bapa Kepala Sakola, Bapa sareng Ibu Guru, ogé ka réréncangan sadaya anu parantos ngabantos sareng ngarojong kana ieu kagiatan. Salajengna, sim kuring neda widi seja ngalaporkeun sawatara hal anu aya patalina sareng ieu kagiatan anu badé dilaksanakeun. Hadirin, kanggo ngareuah-reuah milangkala ieu sakola anu ku urang sadaya pada mikacinta, réngréngan pangurus OSIS badé ngayakeun kagiatan Pasanggiri Biantara dina Basa Sunda. Ngabantun ieu kagiatan téh ku margi langka, basa sunda dianggap teu modéren sareng tinggaleun jaman ku masarakat umumna. Nanging kanggo OSIS di urang mah, ti ngawitan danget ayeuna, ieu kagiatan téh kedah janten primadona sakola anu diantianti ku sakur siswa di ieu sakola. Malih taun payun mah kedah ngulem pamilon pasanggiri ti sakola sanés. Urang buktoskeun ka balaréa yén sakola urang téh sajabi ti janten sakola unggulan dina widang akademik sareng olahraga, ogé janten sakola anu teu lali ka purwadaksi, anu mikacinta sareng mikahéman basa katut budayana. Alhamdulillah, ieu kagiatan kénging pangbagéa anu kalintang saéna ti sadaya siswa. Kabuktosan, geuning unggal kelas, ti kawit kelas X dugi ka KELAS XI ngintunkeun wawakilna.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



3



Pangajaran 1 : BIANTARA



Jejer biantara anu dipasanggirikeun téh aya dua rupi, nya éta perkawis 1) “Miara Lingkungan Sabagian tina Iman sareng 2) “Tarékah Ngamumulé Basa Sunda di Sakola” Tujuan dilaksanakeunana ieu acara téh taya sanés kanggo ngaronjatkeun kacinta katut kareueus para siswa kana basa katut budaya Sunda. Sajabi ti éta, kanggo ngamalirkeun minat sareng bakat siswa SMA urang dina widang kaparigelan nyarita. Dipiharep, saréngséna ieu kagiatan lumangsung baris aya siswa di sakola urang anu parigel nyarita dina basa Sunda. Tangtos urang reueus saupami aya siswa réréncangan urang anu mahér ngagunakeun basa Sunda, sajaba ti mahér basa Indonésia, basa Inggris atanapi basa asing séjénna. Peryogi kauninga, para pamilon dina ieu pasanggiri antar kelas téh sadayana aya tilu puluh genep urang. Pamilon pameget aya dalapan belas urang, pamilon istri aya dalapan belas urang. Éta para pamilon téh utusan ti kelas X aya dua belas urang, kelas XI aya dua belas urang, sareng KELAS XI aya dua belas urang. Ku seueurna pamilon sareng ayana wawakil ti unggal kelas ieu téh cicirén yén basa Sunda dugi ka kiwari masih kénéh dimumulé ku siswa di sakola urang. Hadirin, ieu kagiatan téh baris lumangsung dua dinten. Dinten ieu kanggo kelompok pameget, dinten énjing kanggo kelompok istri. Para piunggul baris ditangtukeun ku Girang Pangajén. Kaleresan anu jadi jurina téh Ibu Bapa Guru anu ngawulang basa Sunda tur anu dipikareueus ku urang sadayana. Simkring ngahaturkeun nuhun ka Ibu Bapa Guru anu parantos sayogi janten girang pangajén ieu pasanggiri biantara. Kanggo para piunggul boh pameget boh istri, masing-masing baris dilélér hadiah tropi sareng beasiswa ti Bapa Kapala Sakola. Ku margi kitu, abdi ngahaturkeun wilujeng tandang ka para pamilon Pasanggiri Biantara Basa Sunda. Hayu urang mumulé basa sareng budaya Sunda ku urang sadayana. Rupina laporan anu tiasa didugikeun ku sim kuring salaku pupuhu panitia dicekapkeun sakieu. Tangtos waé lancarna ieu acara teu leupas tina bantosan sareng pangrojong Bapa miwah Ibu Guru, sareng réréncangan sadayana. Ku margi kitu, sakali deui sim kuring ngahaturkeun réwu-réwu nuhun, sareng mugia janten amal ibadah anu baris kenging ganjaran ku rupi-rupi kasaéan ti Alloh Subhanallahu wa Ta’ala.



4



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pamungkas, sim kuring seja nyuhunkeun dihapunten bilih salami tatahar sareng ngalaksanakeun ieu kagiatan masih kénéh katawis aya kakirangan sareng kalepatan. Ku margi kitu sim kuring miharep saran sinareng pangajarna ti Bapa atanapi Ibu Guru. Kalih ti éta, sim kuring seja agung nya paralun neda jembar pangaksami saupami salami sasanggem ngadugikeun laporan aya tata titi tindak tanduk anu kirang sapagodos, aya saur anu teu kaukur aya sabda anu teu kaungang, sareng tutus langkung képang halang mugia kersa ngahapunten. Sakitu anu kapihatur. Wassalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakaatuh.



Pangdeudeul • neda agung nya paralun, neda jembar pangaksama hartina: ménta (neda) dihampura • saur anu teu kaukur aya sabda anu teu kaungang hartina: nyarita teu merenah, matak nyentug kana haté batur. • tutus langkung, képang halang (babasan) hartina: omongan atawa caritaan anu salah pokpokanana atawa teu pati merenah.



Pancén 1



Jawab ieu pananya di handap!



1. Naon tujuanana dilaksanakeun pasanggiri biantara téh? 2. Naon jejer biantara anu dipasanggirikeun téh? 3. Naha pangurus OSIS di éta sakola bet milih kagiatan pasanggiri biantara? 4. Naon anu dipiharep ku panitia tina hasil éta kagiatan anu dilaksanakeun téh? BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



5



Pangajaran 1 : BIANTARA



5. Tétélakeun mangpaatna tina diayakeun eta pasanggiri biantara téh? 6. Tataan kauntunganana saupama urang parigel nyarita dina basa Sunda? 7. Naon sababna urang kudu ngarasa reueus kana basa jeung budaya Sunda? 8. Naha urang bet kudu ngamumulé basa katut budaya Sunda? 9. Kumaha koméntar hidep kana eusi laporan di luhur? 10. Kecap-kecap naon anu teu kaharti ku hidep dina bacaan di luhur? Tuliskeun sarta paluruh hartina dina kamus!



B. Pedaran



Sanggeus maca jeung ngaregepkeun biantara, ayeuna urang pedar ngeunaan biantara. Anu bakal dipedar téh perkara eusi biantara, tujuan biantara, basa nu dipaké dina biantara, struktur biantara, jeung jenis biantara. Tapi saméméhna urang kudu weruh heula naon anu dimaksud biantara. Biantara nya éta kagiatan nyarita di hareupeun jalma réa nu tujuanana pikeun nepikeun hiji hal (perkara). Naon waé perkarana jeung kudu kumaha prak prakanana, tengetkeun dina ieu pedaran di handap.



1) Tatahar Biantara Aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun ku urang saupama rék biantara. Geura imeutan ku hidep. (a) Sayaga méntal Sayaga mental penting pikeun jalma nu rék biantara. Tujuanana téh di antarana sangkan urang teu ngadégdég, gugup atawa aga-eugeu dina nyarita. (b) Nangtukeun tujuan biantara. Pikeun naon tujuanana urang biantara téh? Kudu jelas, naha pikeun ngabéjaan, mangaruhan, ngabimbing, ngalaporkeun, ngahibur. Sajaba ti éta urang ogé kudu ngarumuskeun kalawan jelas tujuan hususna, di antarana perkara naon anu kudu kacanghing ku nu ngaregepkeun, sarta tanggapanana sanggeus ngaregepkeun biantara.



6



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 1 : BIANTARA



(c) Milih jejer atawa poko pasualan Sakapeung jejer téh sok geus ditangtukeun ku pihak panitia, atawa diluyukeun jeung acara anu lumangsung harita. Upamana, Ngamumulé Basa Sunda, Miéling Sumpah Pamuda, Nyanghareupan Bulan Suci Romadon, jeung sajabana (d) Maluruh jalma anu bakal hadir Saméméh urang biantara, urang kudu maluruh saha pijalmaeunana anu bakal datang, naha awéwé, lalaki, kolot, budak, pelajar, mahasiswa, tukang dagang, guru, jeung sajabana. Sanggeus nyaho saha nu bakal hadir, urang bisa nataharkeun pieusieun jeung pibasaeun anu dipakéna. (e) Ngumpulkeun bahan Bahan-bahan picaritaeun téh penting, sangkan urang lancar nyarita salila biantara. Ku kituna perlu dipaluruh bahan anu luyu jeung jejer anu rék ditepikeun dina biantara, upamana dina koran, majalah, buku, internét. (f) Nuliskeun gurat badag picaritaeun Maksudna saméméhna urang nuliskeun heula gurat badag atawa poinpoin penting anu rék dicaritakeun dina biantara. (g) Ngadadarkeun eusi biantara. rangkay picaritaeun téh ditulis pedaranana, ti mimiti nuliskeun bagian bubuka, eusi, jeung bagian panutup nepi ka jadi naskah biantara anu lengkep. Upama urang rék biantara bisa milih métodena, naha éta naskah téh rék dibaca sagemblengna? Nu kitu disebut métode naskah. Beda deui lamun urang ukur nuliskeun gurat badagna sarta dibacana ukur sakali-kalieun, nu kitu make métode ékstémporan. Tapi lamun urang salila biantara teu nempo naskah lantaran ngapalkeun saméméhna, nu kitu disebut métode ngapalkeun. Sajaba ti éta, aya anu biantara henteu tatahar heula saméméhna, anu kitu maké métode impromptu atawa métode ngadadak. Tah, keur dina métode nu ahir ieu mah nu biantara téh kudu apal naon acara nu keur lumangsung. (h) Latihan Ngayakeun latihan téh gunana sangkan salila biantara henteu gugup. Latihan maca naskah gunana pikeun mikanyaho eusi nu rék ditepikeun, ngalatih randegan, kayaning titik jeung koma, luhur handap jeung bedas halonna sora, katut pasemon.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



7



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pancén 2



Pangajaran 1 : BIANTARA



Aturan anu didadarkeun di luhur téh runtuyanana bisa diilikan dina ieu bagan dihandap.



Jawab ieu pananya di handap!



1. Tuliskeun ku hidep naon waé gurat badag naskah biantara di luhur?







2. Pék baca éta naskah téh minangka latihan kalawan merhatikeun tanda baca jeung lentong anu merenah!







3. Di bagian mana dina éta naskah anu eusina netelakeun pasanggiri biantara jadi kagiatan nu maneuh tiap taunna? 4. Kumaha koméntar hidep ka babaturan anu maca éta naskah biantara? Cing pék tepikeun?



Struktur Biantara:



8



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Eusi







2) Struktur Biantara Ari struktur biantara téh diwangun ku tilu bagian, nyaéta bubuka, eusi, jeung panutup. Geura tengetan péréléanana ieu di handap. (a) Bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku salam kawilujengan. Aya ogé anu sok ditambahan ku sampurasun. Sanggeus éta, ditéma ku muji sukur ka Pangéran jeung nepikeun solawat ka Rosululloh. Da mun ngabandungan urang Barat biantara mah geuning sok sarwa singget. Ti dinya ditéma ku nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré kasempetan ka dirina pikeun nepikeun biantara. Dina téks biantara di luhur gé aya bagian bubukana. Geura titénan pok-pokanana ieu di handap. (b) Bagian eusi mah ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara. Contona, lamun biantara anu ditulis ku urang pikeun ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas IX, eusina bisa ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola, ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur, atawa bisa ogé nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah. (c) Bagian panutup biantara eusina nepikeun sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah. Tuluy ditéma ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep ngabandungan biantarana. Ti dinya nepikeun du’a jeung salam panutup.



Bubuka



Panutup



• • • • • •



Salam bubuka Muji sukur ka Alloh Solawat ka Kangjeng Nabi Ngahaturkeun nuhun ka panata acara Nepikeun panghormat nu hadir Nerangkeun identitas



Nepikeun maksud Upamana: • Tujuan acara • Jumlah pamilon • Hadiah • Tempat kagiatan, jsté • • •



Sanduk-sanduk Doa panutup







Pancén 3



Pék ku hidep tuliskeun pokpokanana téks “Biantara Laporan Ketua Panitia dina Bubuka Pasanggiri” dina tabél ieu di handap!



1. Salam bubuka 2. Eusi 3. Panutup



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



9



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1 : BIANTARA



3) Nepikeun Biantara



Biantara mah sok dipatalikeun jeung seni nyarita. Naon sababna? Sabab, dina biantara sakapeung merlukeun gaya jeung omongan nu matak narik jalma réa nu ngabandunganana. Aya sawatara paktor anu ngalantarankeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balaréa. Éta paktor téh urang sebut baé T-A-M-A-N, singgetan tina: (a) Tatag nyaritana, hartina sajeroning biantara téh urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup, jelas, sarta henteu loba ngarandeg. (b) Aktual témana: hartina matéri anu dipedar dina biantara luyu jeung kaayaan kiwari, bener-bener aya, atawa akur jeung situasi pajamanan ayeuna, lain téma-téma nu geus basi. (c) Munel eusina, hartina, biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna. (d) Alus basana, hartina basa nu dipaké ku urang dina biantara téh bener ceuk kaidah basa Sunda sarta ngandung mamanis basa, upamana kecap-kecap atawa kalimah-kalimahna pinilih, diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa ku sisindiran. Komo deui mun diselapan ku katakata mutiara nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh. (e) Ngandung wirahma, hartina dina biantara téh kudu merhatikeun lentong kalimah (intonasi), omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna.



Nulis rangkay atawa • Bagian bubuka gurat badagna: - Ngucapkeun salam; - Ngahaturkeun nuhun ka nu tos maparin waktos; - Ngawilujengkeun ka nu haladir. • Bagian eusi - Kamerdakaan hiji anugrah ti Nu Maha Kawasa; - Kamerdakaan hak unggal bangsa; - Ngahormat jasa parapahlawan; - Ngeusi kamerdakaan ku rupa-rupa kagiatan. • Bagian panutup - Nyindekkeun eusi nu ditepikeun; - Neda tawakuf atawa ménta hampura ka nu haladir, bisi aya eusi nu ditepikeun teu luyu jeung pamadeganana; jsté. - Salam panutup



C. Aspék Kabasaan



Ieu di handap aya cutatan tina naskah biantara, geura perhatikeun ku hidep.



Pancén 4



Pék tulis téks biantara. Susun heula rangkayna. Ilikan ieu conto gurat badag biantara di handap! Nangtukeun jejer:



“Miéling Proklamasi Kamerdakaan”



Maluruh bahan:



Maca tina koran, majalah, buku, ningali dina internét, observasi atawa ngawawancara, jeung sajabana.



10



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Ngalarapkeun Ragam Basa Loma jeung Hormat



Abdi ogé teu hilap, nyuhunkeun dihapunten boh bilih aya kakirangan sareng kalepatan salami ieu kagiatan lumangsung. Kecap-kecap nu ditulis déngdék dina cutatan biantara di luhur téh disusun dina ragam basa hormat. Naha bet disebut ragam hormat? Di antarana téh lantaran ungkara basa dikedalkeunana milih maké basa lemes. Kecap abdi ragam hormat tina kecap kuring, kecap nyuhunkeun ragam hormat tina kecap ménta, kecap dihapunten ragam hormat tina kecap dihampura, kecap sareng ragam hormat tina kecap jeung, kecap kalepatan ragam hormat tina kecap kasalahan, satra kecap salami ragam hormat tina kecap salila.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



11



Pangajaran 1 : BIANTARA



Saupama kecap-kecap tadi disusun deui dina wangun kalimah ragam hormat jeung ragam loma, contona kayaning ieu di handap. Conto: Basa ragam hormat: Tos lima dinten sim kuring teu tepang sareng anjeuna.



Pangajaran 1 : BIANTARA



9. Éta jalma téh mani teu ngarti kasopanan, nyarita teu jeung aturan.



10. Salila nyunyuhun hulu, kakara kuring mah diutuh-étah ku budak satepak.



Basa ragam loma: Geus lima poé kuring teu panggih jeung manéhna.



Pancén 5



...................................................................................................................



...................................................................................................................



Pancén 6



Pilih salah sahiji kecap anu ditulis déngdék anu merenah dina ieu kalimah di handap!



Robah ieu kalimah di handap kana basa ragam hormat!



1. Saha anu (mariksa, marios, maluruh) pagawéan kuring? 1. Lantaran poho, kuring balik deui ka imah.



...................................................................................................................



2. Anu perlu, manga tiasa ménta ka manéhna!



...................................................................................................................



3. Hampura, kuring kamari teu manggihan sabab gering.



...................................................................................................................



4. Alusna mah ulah nangtung di dinya bisi kahujanan.



...................................................................................................................



5. Saupama aya anu teu boga béas, nyarita waé ka kuring.



...................................................................................................................



6. Kuring mah ngan mawa baju jeung calana.



...................................................................................................................



7. Kuring rumasa loba pisan nyieun kasalahan ka manéhna.



...................................................................................................................



8. Salila tilu taun kuring narima béasiswa ti pamaréntah



...................................................................................................................



12



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



2. Manéhna mah unggal peuting tara kaliwat (ngaji, ngaos, maca) di masjid. 3. Ku margi anjeuna (poho, lali, hilap) teras naroskeun deui ka guruna! 4. Upami (pangaji, pangaos, harga) sakitu mah abdi teu wantun! 5. Sugan aya kénéh kantong nu (kayaning, sapertos, saperti) ieu, Mang? 6. Kaputan heula saéna mah karung téh (supaya, sangkan, supados) béasna teu awur-awuran! 7. Anjeuna mah (tangtu, pasti, tangtos) pinter, margi rajin pisan. 8. Pék (tanyakeun, talékan, takonan) heula, bisi manéhna gé teu sanggupeun! 9. Bapana (nyarios, nyarita, nyanggem) ka putrana, saurna ulah lali ngalaksanakeun solat nu lima waktu 10. Abdi mah yakin, anjeuna nu bakal (janten, jadi, cios) juarana téh! 11. Badé (angkat, mios, mulih) ka mana, énjing-énjing tos dangdos? 12. Ibu ramana cios (angkat, indit, wangsul) ka Jakarta disarengan ku putrana. 13. Hapunten nya, waktos kamari teu (kabéjaan, kasauran, kawartosan), abdi téh hilap pisan!



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



13



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1 : BIANTARA



14. Ari sakinten ku Sadérék moal (kadamelan, dipidamel, kapidamel) mah ulah sok nyanggeman atuh! 15. Manéhna nu ngadéngé sora bapana (nyarita, nyarios, sasauran) ka anakna mah!



Pancén 7



Ganti kecap-kecap nu ditulis déngdék ku kecap ragam hormat nu aya disagigireunana! 1. Tos lima dinten kuring babantu di bumi Bapa Lurah. 2. Upami kedah milih, bawirasa simkuring mah anu pangsaéna téh nu palih ditu! 3. Anjeunna anu lepat mah, buktina gé tos nalonggrérak pisan. 4. Mani resep pisan upami tos ngupingkeun anjeunna cacarita téh! 5. Kantun ngantos anjeuna, saurna mah nuju dangdan kénéh. 6. Sangu éta mah tos beueuy, saéna mah ganti waé ku sangu ieu! 7. Anjeuna mah saupami Ssauran téh meuni kaharti pisan, abong guru! 8. Kamana atuh ari Kang Maman, tos wengi kieu teu acan mulih waé, mani pikahawatireun pisan, hég nyalira deuih! 9. Ari ku resep mah diajar téh teu karasa waktu gé, tos badé budalan deui. 10. Unggal magrib anjeuna mah tara kalangkung maca Qur’an.



14



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



a. buktosna b. cacarios c. karaos d. babantos e. bawiraos f. maos g. dangdos h. pikahawatoseun i. gentos j. kahartos



Pancén 8



Robah kana basa ragam hormat!



1. Saterusna rapat mimiti ngabadamikeun sual kagiatan. Nepi ka dinya mah, beunang disebutkeun lancar. Saréréa satuju, tetep kudu aya kagiatan olahraga. Nu rada ramé téh, nangtukeun olahraga naon baé, nu rék diayakeun. Voli, futsal barudak, pingpong, jeung catur, kabéh satuju. Ngan lebah gapléh, teu saeutik nu nolak. Alesanana bongan sok ribut, malah kungsi nepi ka paraséa. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. 2. Bisa jadi lantaran teu kaasup olahraga resmi, gapléh mah teu boga aturan husus. Unggal tempat aturanana béda-béda. Waktuna panitia kudu nangtukeun aturan, itu-ieu pada ngasongkeun usulan. Cék saurang, poldan balak genep langsung dua kosong. Ceuk saurang deui, cukup meunang angka saratus. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. 3. Dina prakna komo. Asa can ngajaran aya peuting sepi ku nu protés. Biasana gara-gara aya salah sahiji pihak nu ngarasa dicurangan. Tungtungna panitia ripuh, sabab kudu nyanghareupan kolot paséa. Ahirna rapat mutuskeun: olah raga gapléh dileungitkeun. Diganti ku karambol. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. ..................................................................................................................



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



15



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1 : BIANTARA



4. Bérés nangtukeun cabang olahraga, disambung milih pananggungjawabna. Teu kudu voting, Ketua Rapat ngusulkeun ngaran Agus Mustofa, sarta langsung disatujuan ku saréréa. Rék néangan saha deui tuda, upama lain manéhna. Lian ti geus pangalaman, luyu jeung pendidikanana, Mahasiswa Jurusan Olahraga UPI Bandung. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. .................................................................................................................. ..................................................................................................................



D. Latihan Dina Pancén 5 di luhur hidep ditugaskeun nulis naskah biantara, pék ayeuna baca ka hareup saurang-saurang. Perhatikeun ku hidep pasemon, sora, jeung lentong salila maca éta téks biantara!



Pangajaran 2



Sisindiran Kompetensi Dasar 3.2. Menganalisis isi, struktur, dan aspék kebahasaan sisindiran. 4.2. Menyusun dan menampilkan sisindiran secara lisan/tulisan sesuai dengan konteks dan fungsi sosialnya.



16



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



17



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1 : BIANTARA



A. Bacaan Baca ieu téks sisindiran di handap! Téks Sisindiran 1 PARA PAMAÉN, AWÉWÉ JEUNG LALAKI, ARASUP KA PAKALANGAN BARI NGARIBING, DIPIRIG KU LAGU “RAYAK-RAYAK”. SANGGEUS NGURILING PAKALANGAN, TERUS NGAJAJAR NYANGHAREUP KA NU LALAJO BARI ANGGER NGIBING. NGONG SISINDIRAN, DIKAWIHKEUN:



S



isindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nya éta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh digantaran ku cangkangna. Sisindiran biasana teu ukur dikedalkeun, tapi sok dikawihkeun deuih. Ku karancagéan nu ngarangna sisindiran ogé bisa dipin­ tonkeun jadi pagelaran. Ari wangunna, bisa tempas sindir, bisa ogé sandiwara atawa longsér. Pikeun kapentingan pintonan, biasana sok disusun heula naskahna anu diwuwuhan ku paguneman (dialog). Kitu deui para palakuna, ditangtukeun sakumaha biasana naskah sandiwara. Tengetan geura contona di handap, sempalan tina naskah longsér sisindiran.



18



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Yu batur urang ka Bandung nguriling jalan Cisokan Yu batur urang ngariung miéling kamerdékaan



Nguriling jalan Cisokan henteu kudu ka tanjakan Miéling kamerdékaan henteu kudu bébéakan







Meuli suling di Cisokan bari reujeung pelesiran Miéling kamerdékaan dibarung ku sisindiran















Ka Bandung ka Panyingkiran meuli kadu di Cihapit Ngariung jeung sisindiran henteu kudu maké duit



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



19



Pangajaran 1 : BIANTARA



PARA PAMAÉN DARIUK HAREUPEUN NAYAGA, NYANGHAREUP KA NU LALAJO, IWAL MOJANG I JEUNG JAJAKA I. Jajaka I : Aya naon cenah Néng, urang téh maké kudu ngariung di dieu? Mojang I : Kapan badé sisindiran dina raraga miéling kamerdékaan. Meungpeung haratis Kang! Jajaka I : Haratis kumaha? Mojang I : Kapan cenah ceuk tadi ogé: Nguriling jalan Cisokan meuli kadu ka Cihapit Miéling kamerdékaan henteu kudu make duit Jajaka I : Ah téori, buktosna mah: Nguriling jalan Cisokan mawa kérsen ka Limbangan Miéling kamerdékaan matak bosen ku sumbangan



Atuda Néng nu nyandak proposal ngéngélék sirkulir, mani rabul teu sirikna unggal usik.



Mojang I : Sataun sakali Kang, da teu unggal waktos ieuh. Étang-étang partisipasi wé éta mah. Dangukeun geura Kang! Ka Limbangan ka Ciéla ngala soka jeung kanyéré Sumbangan gé suka réla mun teu suka ulah méré Jajaka I : Sanés teu suka, ari ay amah piraku teu nyumbang atuh. Ngan kieu Néng : Paribasa ka Ciéla mawa karung reujeung kisa Paribasa sukaréla bari dibarung ku maksa Mojang I : Saha anu maksa? Jajaka I : Ah aya wé…! Mojang I : Abdi?



20



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 1 : BIANTARA



Jajaka I : Ih sanés, ka Enéng mah teu kedah dipaksa, ieu mah oknum tertentu. Mojang I : Padahal abdi ogé teu kedah dipaksa. Jajaka I : Ah nu leres….? Mojang I : Tos kang ah bilih kateterasan. Mangga atuh, da seueur bujengeun ieu téh. Jajaka I : Bade ka mana Néng? Mojang I : Kapan bade nyuhunkeun sumbangan. Jajaka I : Kénging ngiring? Akang ogé da butuh kénéh ku sumbangan mah. Mojang I : Mangga. MOJANG I INDIT, DITUTURKEUN KU JAJAKA I. SUP MOJANG II KA PAKALANGAN. Mojang II : (ka nayaga) Barudak manggih Kang Oji henteu? Nayaga I : Kang Oji mana? Mojang II : Kang Oji urang Babakan, jangjina mah rék ngadagoan di dieu. Nayaga II : Tadi téh sareng istri Ceu, duka bade ka mana. Mojang II : Jeung awéwé? Nayaga II : Sumuhun. Mojang II : Leuh ku teungteuingeun Kang Oji mah! Kopi téh kari gegedoh ayeuna rék ninyuh deui Kakara jadi kabogoh ayeuna salingkuh deui MOJANG II ALUM. SUP JAJAKA II JEUNG JAJAKA III. Jajaka II : Aya mojang euy, urang deukeutan yu..! Jajaka III : Hayu, tapi ké lanan! Naha geuning siga nu alum ? (ka nayaga) Ku naon cenah Jang? Nayaga I : Biasa wé Kang budak ngora. Meuncit meri dina rakit boboko wadah bakatul Lain nyeri ku panyakit kabogoh direbut batur Jajaka III : Oh kitu, leungiteun ku boboko mah ubarna ku boboko deui.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



21



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1 : BIANTARA



Jajaka II : Néng! Jajaka III : Néng!



Pancén 1



MOJANG II TEU NÉMBALAN, KALAH KA NGAJANGGILEK. Jajaka II : Nu atos mah atos wé atuh, Néng, mending muka lembaran anyar jeung akang. Mawa beubeur ka Cirateun kungkang naék kana tihang Nu heubeul geura tinggalkeun akang daék ngagantian Jajaka III



:



Entong daék ka si Akang éta, Néng, nu atos-atos gé bangkar. Tongérét waas sorana eureun wancina ngarot Entong daék ka manéhna nu ti heula ogé maot



Jajaka II : Wah, isu éta mah Néng, mangkaning ayeuna téa jaman loba isu. Tong dipercanten. Mojang II : Atos, baribin! Kaliki teu baruahan loba daun jeung barolong Lalaki teu aruyahan loba catur gedé bohong Jajaka II : Saha anu gedé bohong? Mojang II : Lalaki! Jajaka II : Ulah disakompét daunkeun atuh, da henteu sakabéh lalaki kitu. Contona Akang. Mojang II : Atos ah réhé!







Pikeun maham pintonan tempas sindir di luhur jawab pananya ieu di handap!



1. Tina pintonan di luhur, kira-kira naon nu jadi téma éta pintonan témpas sindir téh? 2. Saha waé nu jadi palaku dina éta témpas sindir? 3. Amanat naon anu hayang ditepikeun ku pangarang témpas sindir? 4. Pék caritakeun deui ku hidep, naon eusi pintonan témpas sindir di luhur! 5. Pintonkeun éta naskah téh di hareupeun babaturan di kelas!



Pancén 2 • •



Pikeun ngeuyeuban jeung ngadeudeul kumaha pintonan tempas sindir, pék ku hidep unggah tina you tube: https://www.youtube.com/watch?v=ukln5ye0mrw Pék jieun jieun laporanana tina naskah pintonan nu geus dilalajoanan téh jeung babaturan sakelompok.



MOJANG II INDIT NGAJENGKAT. Jajaka II : Itu geura Si Enéng! ..................................................................



22



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



23



Pangajaran 1 : BIANTARA



B. Pedaran Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran téh bisa kabagi jadi tilu golongan, nyaéta : a) rarakitan; b) paparikan; c) wawangsalan.



1. Rarakitan Rarakitan nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit). Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna, dina unggal padalisan (laras wekas). Tapi laras wekas anu aya dina sisindiran mah nyaéta laras wekas anu kaselang heula, siga pacorok. Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya 8 (delapan) engang. Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan lengkep; satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi. Kiwari anu popular téh rarakitan anu sapadana diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusina. Perhatikeun conto rarakitan di handap ! Mun teu tulus ka paseukna, ka pancirna ogé hadé. Mun teu tulus ka lanceukna, ka adina ogé hadé. Rarakitan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang jeung dua deui eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, dimimitian ku kecap mun, sarua jeung padalisan kahiji dina eusi. Padalisan kadua dina cangkang dimimitian ku kecap ka, sarua jeung padalisan kadua dina eusi. Hartina, cangkang jeung eusi téh padapapak puhuna saperti rakit, nu matak disebut rarakitan. Bisa ogé disebutkeun, cangkang jeung eusi téh mangrupa purwakanti mindoan kawit. Ayeuna tengetan engang panungtungna. Engang panungtung padalisan kahiji dina cangkang nyaéta na murwakanti jeung engang panungtung padalisan kahiji dina eusi. Engang panungtung padalisan kadua dina cangkang nyaéta dé, murwakanti jeung engang panungtung padalisan kadua dina eusi.



24



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 1 : BIANTARA



Jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang. Geura urang rucat hiji-hiji: Mun-teu-tu-lus-ka-pa-seuk-na



(8 engang).



ka-pan-cir-na-o-gé-ha-dé



(8 engang).



Mun-teu-tu-lus-ka-lan-ceuk-na



(8 engang).



ka-a-di-na-o-gé-ha-dé



(8 engang).



Ditilik tina eusina, rarakitan téh bisa digolongkeun kana tilu golongan nyaéta rarakitan silih asih, piwuruk, jeung sésébréd. (a) Rarakitan silih asih, Rarakitan silihasih, nyaéta rarakitan anu eusina silih asih, cinta, atawa birahi. Contona: Daék sotéh ka Cikonéng, ka Cisitu mah teu purun. Daék sotéh ka Nyi Onéng, ka nu itu mah teu purun.



Mihapé sisir jeung minyak, kadé kaancloman leungeun. Mihapé pikir jeung niat, kadé kaangsonan deungeun.



Hayang teuing buah hiris, teu bisa ngasakanana. Hayang teuing ka nu geulis, teu bisa ngakalanana.



(b) Rarakitan piwuruk Rarakitan piwuruk, nyaéta rarakitan anu eusina piwuruk atawa naséhat. Contona: Lamun urang ka Cikolé, moal hésé tumpak kahar. Lamun urang boga gawé, moal hésé barang dahar.



Sing getol nginum jajamu, nu guna nguatkeun urat. Sing getol néangan élmu, nu guna dunya ahérat.



Lamun hayang nyieun pager, kudu daék mawa paku. Lamun hayang jadi pinter, kudu daék maca buku.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



25



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1 : BIANTARA



(c) Rarakitan sésébréd Rarakitan sésébréd, nyaéta rarakitan anu eusina banyol atawa lulucon. Contona:



Majar manéh cengkéh konéng, kulit peuteuy dina nyiru. Majar manéh lengkéh konéng, kulit beuteung mani nambru.



Sok hayang nyaba ka Bandung, sok hayang nyaho nanjakna. Sok hayang nanya nu pundung, sok hayang nyaho nyentakna.



Rarasaan ngala mayang, teu nyaho cangkeuteuk leuweung. Rarasaan konéng umyang, teu nyaho cakeutreuk hideung.



Cikur jangkung jahé konéng, lampuyang pamura beuteung. Rarasaan jangkung konéng, puguh mah bureuteu beuteung.



Itu gunung ieu gunung, diadukeun ting beledug. Itu pundung ieu pundung, marebutkeun mojang budug.



Meuleum manggu tengah poé, dicokélan kayu api. Malem minggu ninggang sué, diapélan aki-aki.



Tapi lamun nilik kana kanyaataan kiwari, sisindiran téh teu salawasna kudu opat jajar. Sering kapanggih sisindiran nu diwangun ku dua padalisan (jajar), jeung teu matok deuih aturan anu ngudukeun unggal barisna dalapan engang. Geura pék baca sing béntés Yuyu kangkang jero kaso hayu urang ngabaraso



2. Paparikan Kecap paparikan asalna tina kécap parék nu hartina deukeut. Nilik kana wangunna paparikan téh méh sarimbag jeung rarakitan. Bédana, paparikan mah henteu kudu papak di puhuna (mindoan kawit). Tapi ukur deukeut sorana, sarta murwakantina dina unggal padalisan (purwakanti lara swekas). Lebah jumlah padalisan dina sapadana jeung jumlah engang dina unggal padalisanana, henteu béda jeung rarakitan. Tengétan geura conto di handap!



Noga kacang dina layar boga hutang hésé mayar Nasib gunung tangkal garing Pérsib Bandung anu kuring Talam bacem pacar cina salam kangen keur manéhna



Boboko ragrag di imah, ninggang kana pileuiteun.



Meuli premén kana lambit poé Senén wegah indit



Mun bogoh montong ka sémah, ari anggang sok leungiteun. Paparikan di luhur di wangun ku opat padalisan: dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan kahiji dina eusi. Kitu deui padalisan kadua dina cangkang, padeukeut sorana jeung padalisan kadua dina eusi. Sora tungtung padalisan kahiji dina cangkang, murwakanti jeung sora tungtung padalisan kahiji dina eusi. Kitu deui sora panungtung padalisan kadua dina cangkang, murwakanti jeung sora panungtung padalisan kadua dina eusi, saperti conto ieu di handap.



26



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pancén 3 • • •



Kumaha pamanggih hidep kana gambar di luhur? Pék jieun sisindiran anu dua padalisan (jajar) saperti di luhur! Pék téangan gambar-gambar nu séjénna nu eusina sisindiran dua jajar.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



27



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 1 : BIANTARA



3. Wawangsalan Wawangsalan téh nyaéta karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Umumna eusi wawangsalan téh mangrupa siliasih, cinta, atawa birahi. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun. Kudu ditéangan heula tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salasahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Tengétan geura conto wawangsalan di handap! Teu beunang di situ lembur,



Dina omongan, tampolana wawangsalan téh ngan disebut sindirna wungkul, sabab anu dibawa nyarita dianggapna geus apal kana pieusieunana. Umumna dipaké mamanis basa dina pidato, tur anu dipakéna ogé lain harti wangsalna, tapi sakumaha anu kauni dina bagian eusina téa. Titénan geura contona, upamana baé acara di nu ngawinkeun. Biasana MC atawa wawakil pribumi sok ngomong kieu: • •



teu beunang diulah-ulah. (kulah) Dina wawangsalan anu disebut cangkang téh padalisan kahiji, ari eusina padalisan kadua. Dina conto di luhur, aya kecap situ lembur dina cangkangna. Naon ari situ lembur téh? Jawabanana kudu ditéangan dina eusina. Dina eusi aya kecap diulah-ulah. Téangan kecap anu deukeut jeung diulah-ulah nu mangrupa jawaban kana situ lembur. Tangtu baé lain balong jeung émpang, sabab duanana ogé henteu murwakanti jeung kecap diulahulah. Anu murwakanti mah nyaéta kulah. Jadi eusina wawangsalan di luhur nyaéta kulah. Conto séjénna : Inggis kapalupuh nangtung, sok sieun teu kapimilik Palupuh téh awi sagolodong dibobokan nepi ka remek terus dibeulah nepi ka jadi démprak kawas papan. Palupuh nangtung téh nyaéta bilik, lantaran dina eusina aya kecap kapimilik anu sorana deukeut jeung bilik. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan: sapadalisan sindir sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta 8 (dalapan) engang. Geura urang rucat:



28



Teu-beu-nang-di-si-tu-lem-bur,



(8 engang)



teu-beu-nang-di-u-lah-u-lah.



(8 engang)



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



• • •



“Para wargi, rombongan calon pangantén pameget, jagong tuhur beunang ngunun. Hususna ka calon pangantén pameget nu lawas diantos-antos, tutut gunung kéong reuma”. Tapi aya kalana sindir jeung eusina sok disebutkeun. Upamana baé: “Parawargi, rombongan pangantén pameget, jagong tuhur meunang ngunun, haturan wilujeng sumping. Ka pangantén pameget nu lawas diantos-antos, baéu tutut gunung kéong reuma, sumangga geura gék calik”. Sawatara wawangsalan, bagian sindirna geus robah jadi babasan (pakeman basa). Upamana baé : Tamiang meulit ka bitis anu hartina malindes (cilaka) ka diri sorangan. “Tamaha wé tamiang meulit ka bitis sakitu geus diomongan, teu nurut baé. Teu puguh monyét hideungna, anu hartina teu puguh tungtungna. “Geuning perkara téh teu puguh monyét hideungna”. Kabedil langit, tina sindir wawangsalan: Abdi mah kabedil langit, anu hartina kalinglap. ”Kuring mah kabedil langit nénjo Néng Mayang maké jilbab téh”. Conto wawangsalan séjénna katut hartina (dina jero kurung).



Abdi téh kapiring leutik,



Alun-alun paleuweungan,



kaisinan ku gamparan. (pisin)



gagal temen mun teu jadi. (tegal)



Pancén 4 Nyampurnakeun Wawangsalan Ieu wawangsalan di handap téh kakara cangkangna. Pék sampurnakeun eusina luyu jeung wangsalna nu aya dina jeroeun tanda kurung. Kahadé poho aturanana, patali jeung guru wilanganana!



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



29



Pangajaran 1 : BIANTARA



1. Balandongan ngujur jalan, geus hayang geura ________________ (elos) 2. Belut sisit saba darat,______________________________________ (oray) 3. Daun tuhur’na tangkalna, ari______________________________(kararas) 4. Gedong ngambang di sagara, ulah_________________________ (kapal) 5. Hayam tukung saba gunung,_______________________________(puyuh) 6. Kembang bodas buah bunder, __________________ nya pipikiran (jeruk) 7. Teu beunang diopak kembung, teu beunang_____________ (kolontong) 8. Teu beunang disupa-dulang, teu beunang ____________________ (kéjo) 9. Teu beunang ditiwu-leuweung, teu beunang __________________ (kaso) 10. Ulah ngajampana bugang, ulah arék _____________________ (pasaran) Téks Sisindiran 2 Ieu bacaan di handap téh disebutna sisindiran dina wangun paparikan dina raraga “Hari Pendidikan Nasional/ Hari Guru”, karya Deni Suswanto. Pék ilo heula geura, malah leuwih alus nepi 2-3 balikan! Sakoteng wadahna nyiru lobi-lobi rék diala Wilujeng ka para guru nu kiwari milangkala Kararas jeung daun jati dipaké mungkus hangasa Sing ikhlas urang babakti ngamajukeun putra bangsa Ka baros mangsa janari jam tilu rék ka Cinangka Sanaos jaman kiwari ka guru sok lepat sangka



Pangajaran 1 : BIANTARA



Nu puguh keur mapagahan disangka nyarékan budak Ka talun numpak mobil treuk ngaliwatan ka astana Komo mun budak kasintreuk guru gancang dipidana Ka leuweung moro kasintu mun beunang arék disaté Tapi sok sanajan kitu guru ulah leutik haté Dianting teu maké tindik wiwedak tara maranti Nu penting niat ngadidik méh budak boga pangarti •



Cik naon kira-kira temana éta paparikan téh?



C. Aspék Kabasaan Pék tengetan ieu kalimah! Ku Arman ditengetan pisan sagala rupa polah jeung cara cara dununganana dina ngajalankeun usaha penerbitan téh, nepi ka manéhna bisa mandiri. Kecap ditengetan hartina diapalkeun ngarah teu kaliru. Tenget tangtu aya bédana jeung inget. Tenget mah enya-enya disidikkeun atawa neleknelek hiji hal kalayan gemet, ari inget mah henteu poho.



Jam tujuh ka Pasawahan mangkatna mawa campedak



30



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



31



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pék ieu kalimah-kalimah téh eusian ku kecap inget atawa tenget! 1. Di antara dulurna téh kuring mah teu________________saurangurangna, da kabéh rék sakarupa. 2. Mimiti diajar pupuh Pucung téh keur di kelas hiji SMP, nepi ka ayeuna gé_________________ kénéh. 3. Jalan-jalan di Bandung téh ngaranna mah réa nu___________ tapi teu______________hiji-hijina, sok nyasab baé. 4. Teu papanggih jeung Nandang téh aya kana 10 taun, ari gok deui téh jadi teu____________. Tuda ayeuna mah jadi pangling. 5. Ngaranna mah poho deui ka éta budak teh, geus teu___________. Ngan ari kana beungeutna mah moal kasamaran,______________kénéh.



Pancén 5 Pék lengkepan rarakitan jeung paparikan ieu di handap!







1. Leumeung teundeut (congo) jalanna ka Rajagaluh, meungpeung deukeut (sono), isukan urang pajauh 2.



Mihapé sisir jeung minyak kadé kaancloman leungeun. Mihapé pikir jeung …. kadé kaangsonan ….



3.



Titiran di luhur gunung, dina tangkal nagasari. Pipikiran …. tara tara ti ….



4.



Kaduhung kuring ka Lémbang, ka Lémbang ka Cibiana. Kaduhung kuring …. kagémbang kieu ….



32



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 1 : BIANTARA



5.



Masing asak-asak ngéjo, bisi tutung tambagana Masing asak-asak …. bisi kaduhung….



6.



Méméh cabé jadi bonténg, samak heula ambéh rinéh. Saméméh ngupat …. ragap heula ….



7. (Leupeut) (leumeung) malar (kéjo) (Deukeut) (reujeng), malar (ténjo). 8. Hurang cai hurang cai, Sihoréng sumur ngorotan. Beurang deui …. Tétéla umur …. 9. Cukleuk leuweung cukleuk Lamping, jauh ka sintung kalapa. Lieuk deungeun …. jauh ka indung …. 10.



Bongan bangkong bongan bangkong, ka cai teu dimandikeun, Bongan bohong …. pasini teu ….



11.



Ka landeuh jalan ka dayeuh, meuli sepat jeung goréngan. Peupeujeuh lamun …. ulah ngupat ….



12.



Melak cabé jadi bonténg, teu puguh jajaranana. Asal hadé …. teu puguh …



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



33



Pangajaran 1 : BIANTARA



Mintonkeun Longsér Sisindiran anu gembleng Cutatan pintonan sisindiran di luhur téh ku hidep pék sambungkeun jeung nu di handap. Éta naskah téh bakal gembleng jadi hiji pintonan. Tah pék geura ku hidep apalkeun terus pintonkeun jeung babaturan nu témana dina raraga miéling kamerdékaan: TOROJOL MOJANG III, JAJAKA II JEUNG JAJAKA III MERHATIKEUN NU ANYAR DATANG. Jajaka III : Badé angkat ka mana, Néng? Mojang III : Apan badé ka balé désa, badé mieling kamerdékaan. Panitia abdi téh Kang! Jajaka III : Baruk Enéng téh panitia? Kénging upami Akang duaan ngiringan? Mojang III : Ih, mangga baé, Kang. Naming aya saratna! Jajaka III : Cing, cing, cing, kumaha saratna téh? Mojang III : Kieu Kang: Goréng hayam dipiringan kulub sampeu jeung bajigur Mun Akang bade ngiringan kudu guyub sareng batur



Pangajaran 1 : BIANTARA



disarengan gédég mah. Dangukeun Kang; Nguriling jalan Cisokan ulah bari dahar emping Miéling kamerdékaan ulah dibarengan triping Jajaka III : Aduh, éta Si Enéng, apal kana triping sagala. Jajaka II : Triping téh anu siga sakalor téa, Kang? Siga nu boga kasakit saraf geuning, sirahna unggut- unggutan. Pangaruh pél éktasi nya Kang? Jajaka III : Enya, Ceu Iin lah! Jajaka II : Abdi ogé kungsi nénjo anu kitu mah. Nénjo tangkal sisi lamping Tangkal cau tangkal kélor Nénjo jalma nu keur triping Kawas anu keur sakalor Mojang III : Anu jelas mah bahaya, Kang, ngaruksak kana kaséhatan. Mangga atuh, Kang, bilih wengi teuing ieu téh, diantosan ku Pa Camat. Jajaka III : Sareng wé atuh, Akang ogé bade ka ditu. MOJANG III, JAJAKA II, JEUNG JAJAKA III KALUAR TINA PAKALANGAN. DARIUK DINA URUTNA, HAREUPEUN NAYAGA. SUP JAJAKA IV, CARITANA KEUR TRIPING, DIPIRIG KU MUSIK HOUSE (KU GAMELAN JSB). NGONG SISINDIRAN, DIKAWIHKEUN GAYA RÉP (RAP):



Batur digawé, milu digawé, batur méré sumbangan, milu méré sumbangan. Jajaka II : Batur ngiridit motor, milu ngiridit motor, batur mabok milu mabok, batur ngadahar pél éktasi, milu ngadahar pél éktasi. Mojang III : Nu kitu mah sanés guyub atuh Kang, tapi kabawa ku sakabakaba. Jajaka III : Leres Néng, kabawa ku sakaba-kaba, teu saé nu kitu mah nya, Néng? Mojang III : Leres Kang. Jajaka III : Urang kudu guyub, tapi ulah dina kagoréngan. Mawa hui meunang ngulub ka kulah mawa goréngan Urang hirup kudu guyub ulah dina kagoréngan Jajaka II : Jadi guyub ogé ari dina kagoréngan mah ulah, nya? Mojang III : Ulah, margi teu saé, disebatna téh élmu sapi. Komo upami



34



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Tumpak taksi tumpak taksi ka Kopo mawa salédri Pél éktasi pél éktasi matak poho kana diri







Mawa kina loba-loba mawana ka Cipaisan Mimitina coba-coba antukna kateterusan



DIALOKAN KU PAMAÉN SÉJÉNNA, BARENG GAYA RAP: Mawa kéjo dina piring dibawana kana sédan



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



35



Pangajaran 1 : BIANTARA











Pangajaran 1 : BIANTARA



Lamun nénjo nu keur triping kawas nénjo anu édan







Daun bako daun jarak daun séréh dibeungkeutan Teu di disko teu di jalan sirahna unggut-unggutan TOROJOL MOJANG IV.



Mojang IV : Meunggeus, meunggeus! Nanaonan ieu téh? Bet saruana! (ka Jajaka IV). Manéh deui Kasju, nanaonan maké unggut-unggutan? Kawas kuda kaleuwihan hormone! Nayaga I : Triping éta téh, Ceu! Kapangaruhan Ceu Iin binti inéx alias éktasi. Mojang IV : Baruk sia téh triping, Kasju? Kikituan wé meureun nya di kota téh, lain sakola anu bener. Déngékeun ku manéh : Ka Cibubur meuli bola di Cirata melak bako Ti lembur niat sakola di kota kalah ka disko Nayaga II : Leres éta téh, Ceu. Teu sirikna unggal peuting ka diskona téh. Mojang IV : Kawas nu nyaho baé. Nayaga II : Apan sareng abdi. Mojang IV : Si kasebelan! Saruana jeung manéh lamun kitu mah! Cing atuh sing aya euih-euihna hirup téh, sing karunya ka kolot. Déngékeun Kasju! Dayeuh Kolot – Sasaksaat ditepungkeun ku jambatan Banda kolot nungtut béak ari anak balad sétan Da balad sétan sarupaning tukang mabok, emplay, jeung triping mah. Jajaka IV : Euceu mah bisa ka batur, ari Eceu kamari kunaon unggutunggutan? Mojang IV : Iraha, Kasju? Jajaka IV : Kamari subuh!



36



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Mojang IV Nayaga I Mojang IV Nayaga I Mojang IV



: Euceu mah nyeri beuheung, saré teu dibantalan. : Ari bantalna kamana, Ceu? : Dipaké ganjel. : Ganjel naon? : Ah, sok katutuluyan. (ka Jajaka IV) minggeus Kasju, balik ka dituh!



JAJAKA IV KALUAR TI PAKALANGAN BARI UNGGUT-UNGGUTAN, DIPIRIG MUSIK HOUSE. Mojang IV : Si nurustunjung! Hayu ah, Euceu rék balik, bisi peuting teuing. Nayaga II : Badé kamana atuh, Ceu? Mojang IV : Apan rék ka disko. Nayaga II : Teu puguh si Euceu mah, dangukeun, Ceu! Mojang IV : Kumaha kitu? Nayaga II : Melak cikur melak salam melak konéng dicarangan Ka batur mah bisa nyaram dilakonan ku sorangan Jalma munapék nu kitu téh, Ceu. Mojang IV : Sst…tong cékcok, Jang, bisi aya encék macok. Loba nu kitu téh, lain euceu baé. Euceu mah ngan sisindiran, da dina kanyataanana mah…. Nayaga I : Teu jauh ti kitu nya, Ceu. Mojang IV : Ari taeun téh. Geus ah, bisi peuting teuing. SUP JAJAKA V KA PAKALANGAN. Jajaka V : Euceu téh leres badé ka disco? Mojang IV : Naon kitu, Jang? Jajaka V : Dangukeun , Ceu : Geura eureun melak bako geura ganti ku saladah Geura eureunan ka disko geura ganti ku ibadah Mojang IV : Ah, tadi mah banyol wé Jang, pédah keur sisindiran. Jajaka V : Aya hiji deui, Ceu Lamun sampeu ditigasan Puring gé rék dituaran BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



37



Pangajaran 1 : BIANTARA







Lamun Euceu rék lalagasan Kuring gé daék maturan



Mojang IV : Tah, kieu bangsa urang mah, sok goréng tungtungna. Soal éta mah urang teruskeun di luar panggung wé nya? (Ka para pamaén séjén) rék caricing baé di dieu ieu téh? Moal baralik? Parapamaén: Badé, Ceu! Mojang IV : Hayu atuh urang baralik. KABÉH PARA PAMAÉN, ARASUP KA PAKALANGAN, DIPIRIG KU MUSIK (GAMELAN, JSB). SANGGEUS NGURILING, NGONG SISINDIRAN DIKAWIHKEUN, SARÉRÉA : Gunung Guntur gunung Guntur jalanna ka peupeuntasan Amit mundur amit mundur wiréh badé parantosan



Gunung Guntur gunung Guntur jalanna ka Rancamanyar Amit mundur amit mundur da bongan henteu dibayar Saninten buah saninten dibawa ka parapatan Hapunten abdi hapunten bilih aya kalepatan Gunung Guntur gunung Guntur loba sisimpanganana Amit mundur amit mundur diantos sumbanganana Saninten buah saninten ditiiran dahan sampeu Hapunten abdi hapunten sisindiran mung sakieu PARA PAMAÉN NGAHORMAT KA NU LALAJO.



38



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 1 : BIANTARA



D. Latihan Sangkan hidep maham kana sisindiran di luhur, pék jawab pertanyaan ieu di handap!



1. Ulah ngeumbing aareuyan bisi lésot ninggang jurang Ulah teuing heuheureuyan bisi kolot meunang wirang Nilik kana wangun jeung sipatna, sisindiran di luhur ka asup kana.… a. paparikan silih asih c. rarakitan silihasih b. paparikan piwuruk d. rarakitan piwuruk 2. Batur mah jalan ka Dago, abdi mah rék ka Jatayu. Batur mah mareunang jodo abdi mah teu payu-payu. Disawang tina wangun jeung sipatna, sisindiran di luhur kaasup kana.… a. rarakitan sésébréd c. rarakitan silihasih b. paparikan silihasih d. paparikan piwuruk 3. Kendang gedé pakauman dagdigdug rasaning ati Cik teguh naon wangsalna? a. kendang b. dogdog



c. bedug d. kulanter



4. Rarasaan cengkéh konéng iklit peuteuy dina nyiru Rarasaan lengkéh konéng kulit beuteung meni nambru Sisindiran di luhur kaasup kana wangun.... a. guguritan c. rarakitan b. paparikan d. wawangsalan



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



39



Pangajaran 1 : BIANTARA



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



5. Teu beunang disupa dulang teu beunang dibébénjokeun Sisindiran di luhur kaasup kana wangun.... a. pupuh c. rarakitan b. paparikan d. wawangsalan 6. Meuncit meri dina rakit ditiiran jeung dikilo Lain nyeri ku panyakit mikiran awak nu jomblo Sisindiran di luhur kaasup kana wangun.... a. tatarikan c. rarakitan b. paparikan d. wawangsalan 7. Lengkepan ieu wawangsalan di handapl ………………………………………….. mo samar ka diri abdi (wangsalna: camar) a. balandongan ngujur jalan c. bango leutik bodas bulu b. bango héjo hérang jangjang d. bangkong lodor meuntas jalan 8. Ka mana nya nyiar kulit hayang seubeuh sesewiran Ka mananya nyiar duit hayang seubeuh pelesiraan Dumasar kana wangun jeung sifatna, sisindiran di luhur kaasup kana? a. paparikan silih asih c. rarakitan silih asih b. paparikan piwuruk d. rarakitan piwuruk 9. Ngimpi ngajul kembang tanjung ari meunang cau kepok Ngimpi tepung jeung nu jangkung ari gok jeung nu betekok Dumasar kana wangun jeung sifatna, sisindiran di luhur kaasup kana? a. paparikan sésébréd c. rarakitan sésébréd b. paparikan piwuruk d. r arakitan piwuruk 10. Buah konéng kos parahu sok asa hayang ngarawu Naon wangsal tina éta wawangsalan? (…) 40



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 3



PANUMBU CATUR Kompetensi Dasar



3.3. Menganalisis isi, struktur dan aspék kebahasaan teks panumbu catur dalam kegiatan diskusi, rapat, debat, dan sejenisnya. 4.3. Mendemonstrasikan panumbu catur dalam kegiatan diskusi, rapat, debat, dan sejenisnya yang sesuai dengan konteks penggunaan bahasa.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



41



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



A. Bacaan Baca galantangkeun ieu conto téks sawala kelas di handap ku sababaraha urang sarta sing merenah lentongna. Tangtukeun saha anu jadi panumbu catur, panyatur 1, 2, jeung 3, sarta aya anu jadi pamilon! Panumbu catur



H



idep tangtu kungsi ngalaksanakeun kagiatan sawala. Kagiatan sawala atawa diskusi téh réa jenisna, kayaning kongrés, seminar, panel, debat, jeung sajabana. Dina kagiatan sawala diperlukeun nu ngatup disebut panumbu catur. Panumbu catur atawa istilah séjén sok disebut moderator miboga peran anu kawilang penting. Pancén panumbu catur nyaéta pikeun ngatur lumangsungna sawala sangkan lancar. Panumbu catur kudu bisa ‘ngahirupkeun suasana’ nepi ka sawala téh jadi hégar, henteu “ngeuyeumbeu” atawa henteu monoton. Pancén ngawanohkeun pangjejer ka pamilon, ku cara macakeun biodata pangjejer atawa nu sok disebut curriculum vitae (CV). Ari maksudna mah sangkan pangjejer téh ulah aya kesan nikukur atawa nabeuh manéh. Salian ti ngawanohkeun pangjejer ka pamilon, panumbu catur ogé boga wewenang nangtukeun lilana waktu nu diajangkeun pikeun pangjejer keur ngadadarkeun bahasanana, kaasup nangtukeun (nunjuk) saha anu baris meunang giliran pikeun nyarita atawa nanya. Tah, sabada réngsé pangjejer ngaguar pedaranana, biasana sok ditéma ku acara sawala (tanya jawab). Nya lebah dieu pisan panumbu catur téh baris diperlukeunana jeung baris diuji katapisna dina ngatur lumangsuna sawala. Contona dina wacana ieu di handap.



42



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



:



Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakaatuh Wilujeng Siang, Sampurasun, Sadérék sadayana, danget ieu simkuring kapapan­ cénan janten panumbu catur sawala kelompok anu badé dijejeran ku KelompokVII. Anu badé dipedar ku Kelompok VII ayeuna perkawis mangpaat témpé pikeun kaséhatan. Nanging sateu­ acan kelompok VII ngadugikeun matérina, simkuring badé ngawanohkeun anggota kelompok saurangsaurangna. Anu palih tengen, Sadérek Dana, anu palih tengah Sadérék Dani, sareng anu palih kiwa sadérék Dini. Anu mancén janten notulén nya éta sadérék Dina gédéngeun simkuring. Sadérék sadayana, su­ pa­dos teu nyangkolong kana waktos, mangga ka sadérék Dana, Dani, sareng Dini kanggo ngadugikeun matérina. Penyatur 1 (Dana) : Hatur nuhun ka Sadérérék Danu anu parantos maparinan waktos ka simkuring kanggo ngadugikeun matéri perkawis mangpaat témpé pikeun kaséhatan. Sadérék, simkuring badé ngawitan medar tina rupirupi olahan témpé, di antawisna aya témpé goréng, témpé beuleum, témpé bacem, oséng témpé atawa sambel goréng témpé, kiripik témpé, goréngan témpé, jeung rupa-rupa olahan séjénna. Éta anu ditataan téh ngan sabagian leutikna. Tangtuna waé réa deui olahan séjénna.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



43



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



Panumbu catur



: Tah kitu saur Sadérék Dana mah. Salajengna anu baris ngadugikeun téh ku penyaji 2. Kinten-kinten naon anu baris didugikeunana, mangga urang barandungan.



Panyatur 2 (Dani) : Simkuring baris ngadugikeun pamanggih sawatara urang ahli anu parantos nalungtik perkawis rusiah gizi jeung nutrisi nu aya dina témpé. Sakumaha anu didugikeun ku Prof. H. Unus Suriawiria, ahli kadaharan ti ITB, nétélakeun yén 1) saméméh diolah jadi témpé, kacang kadeléna ngandung protéin, lemak, karbohidrat, mineral, jeung vitamin; 2) sabada diolah jadi témpé kalawan bantuan ragi témpé, ngandung protéin, asam amino, mineral, vitamin (A, B12, jeung C), antibiotika (pangpangna anti bakteri), antivirus, zat nu ngatur awak, antioksidan, jeung lasetin. Dina lasetin aya sanyawa anu bisa nyengker atawa nyageurkeun panyakit jantung koroner (PJK). Panumbu catur



: Sadérék sadayana, nembé sadérék Dani parantos ngadugikeun perkawis rupa-rupa kandungan senyawa kimia anu aya dina témpé. Salajengna mangga urang sami-sami dangukeun penyaji anu ka3, nya éta sadérék Dini. Kinten-kinten naon anu baris didugikeunana, mangga urang barandungan.



Panyatur 3 (Dini) : Sadérék simkuring mah mung badé ngadugikeun kasauran Prof. Unus Suriawiria, saurna dina sajaba ti témpé téh seueur kénéh kadaharan séjénna anu gedé mangpaatna pikeun kaséhatan awak urang anu moal éléh ku kadaharan-kadaharan impor. Urang ulah teuing kabongbroy ku kadaharan saperti “makanan cepat saji” atawa fast food téa. Nu matak pantes lamun aya anu méré julukan, kadaharan urang Sunda mah ‘opat séhat lima sampurna’. Ngan kiwari can kapaluruh kabéh. Nu matak kadaharan urang nepi ka kiwari can réa anu ngalanglang dunya. Panumbu catur



44



: Sadérék sadayana, penyaji ka-1 nepi ka-3 tos ngadugikeun pedaranana. Tah salajengna bilih ti para



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



sadérék aya anu teu acan jelas, dipaparin waktos kanggo ngadugikeun patalékanana. Atuh ayeuna mah mangga ka para sadérék dihaturanan kanggo ngadugikeun rupa-rupa pananya atanapi saran ka kelompok VII. Pamilon



: Langkung ti payun simkuring ngahaturkeun nuhun parantos dipaparinan waktos kanggo tumaros. Anu badé ditaroskeun ka réngréngan panyatur ti kelompok VII téh nya éta naon waé kadaharan séjénna anu sarua bahanna tina sabangsaning kacang-kacangan?



Panumbu catur



: Tah kitu patarosanana téh. Kadaharan naon waé saurna anu bahanna dijieun tina kacang-kacangan? Mangga waleranana mah nyanggakeun ka Kelompok VII!



Panyatur 1(Dana) : Kadaharan anu saéjénna sajaba ti témpé téh di antarana, tahu tina kacang kadelé, susu ogé aya nu tina kacang kadelé, oncom mah tina sabangsa kacang suuk. Atuh nu sanésna deui sapertos dodol kacang beureum, dodol kacang héjo, bubur kacang héjo. Éta maksadna anu ditaroskeun ku sadérék téh? Panumbu catur



: Kumaha sadérék panaros. Waleran éta anu dimaksad ku Sadérék téh?



Pamilon



: Muhun, leres pisan. Geuning seueur nya kadaharan nu dijieun tina témpé téh! Hatur nuhun.



Panumbu catur



: Tah kitu sadérék sadayana, matéri anu dipedar ku Kelompok VII téh. Muhun…, leres pisan, témpé téh ageung pisan mangpaatna pikeun kaséhatan. Atuh salajengna mah urang pungkas baé ieu sawala téh. Simkuring salaku panumbu catur neda dihapunten bilih aya kalepatan salami mingpin ieu sawala Sateuacan dipungkas manga urang émprak, minangka pangwilujeng ka Kelompok VII anu tos ngaguar mangpaat témpé pikeun kaséhatan. Salajengna urang tutup ieu sawala kelompok téh ku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdu­ lillahirrobil’alamiin.







BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



45



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



Pancén 1 Jawab ieu pananya di handap!







1. Nilik kana éta conto wacana, naon waé tugas panumbu catur téh? 2. Naon sababna témpé alus pikeun kaséhatan awak urang? 3. Nilik kana wacana di luhur, saha waé anu midang dina éta sawala kelompok, naon waé tugasna? 4. Aya kandungan naon dina kacang kadelé saméméh jeung sanggeus diolah jadi témpé? 5. Naon sababna urang ulah kabongbroy ku kaolahan cepat saji? 6. Sajaba ti kacang kadelé diolah jadi témpé, kadaharan naon deui anu bisa diolah tina bahan kacang-kacangan téh? 7. Naon anu ditepikeun ku panumbu catur saméméh sawala lumangsung? 8. Di bagian ahir saméméh mungkas sawala, naon anu ditepikeun ku panumbu catur, sarta naha bet kitu? 9. Jelaskeun naon bédana pancén panumbu catur jeung panata acara? 10. Cing tingkeskeun ku hidep deui wacana di luhur, hususna nu di pedar ku kelompok VII!



B. Pedaran



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



panumbu catur ogé jadi salah sahiji aspek nu mangaruhan lancarna proses sawala. Ari anu disebut sawala nyaéta kagiatan pikeu madungdengkeun hiji masalah anu dianggap penting ku para pamilonna sarta ngahasilkeun hiji kacindekan.



2) Tugas Panumbu Catur Naon ari tugas panumbu catur? Tugas panumbu catur anu utama nyaéta ngatur lumangsunga sawala, ti mimiti muka nepi ka nutup. Geura tengetan deui pokpokan panumbu catur anu dina sawala ieu di handap. (a) Salam bubuka: - “Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakaatuh” - “Wilujeng siang/sonten/wengi” - “Sampurasun” (b) Ngawanohkeun diri “Sadérék sadayana, danget ieu simkuring Komar, kapapancénan janten panumbu catur sawala kelompok. Kaleresan anu badé midang téh Kelompok VII”. (c) Nyebutkeun jejer materi sawala: “Jejer anu baris dipedar ku Kelompok VII ayeuna perkawis “Mangpaat Témpé pikeun Kaséhatan.” (d) Ngawanohkeun pangjejer: “Sateuacan kelompok VII ngadugikeun materina, simkuring badé ngawanohkeun anggota kelompok saurang-saurangna. Anu palih tengen, nya éta Sadérek Dana, anu palih tengah Sadérék Dani, sareng anu palih kiwa sadérék Dini. Anu mancén janten notulén nya éta sadérék Dina gédéngeun simkuring.”



1) Panumbu catur



(e) Ngamimitian sawala: “Sadérék sadayana, supados teu nyangkolong kana waktos, mangga ka sadérék Dana, Dani, sareng Dini kanggo ngadugikeun matérina.”



Istilah panumbu catur lamun dina sawala mah hartina téh sarua jeung moderator, nyaéta jalma anu tugasna mingpin sawala. Saupama dina hiji waktu hidep dipapancénan jadi panumbu catur, dipiharep bisa ngahirupkeun suasana lumangsungna sawala. Panumbu catur kudu numuwuhkeun sumanget para pamilon ilubiung dina sawala. Sok sanajan ragotna sawala gumantung kana matéri anu dipedarna sarta cara pangjejer nepikeunana, tapi



(f) Méré waktu ka pamilon sawala pikeun nepikeun saran, usul atawa pananya: “Sadérék sadayana, penyaji ka-1 nepi ka-3 tos ngadugikeun pedaranana. Tah salajengna bilih ti para sadérék aya anu teu acan jelas, dipaparin waktos kanggo ngadugikeun patalékanana. Atuh ayeuna mah mangga



46



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



47



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



ka para sadérék dihaturanan kanggo ngadugikeun rupa-rupa pananya atanapi saran ka kelompok VII.” (g) Negeskeun deui anu ditanyakeun ka pangjejer: “Kitu tah patarosanana téh. Saurna kadaharan naon waé anu bahanna dijieun tina kacang-kacangan? Mangga waleranana mah nyanggakeun ka Kelompok VII!” (h) Konfirmasi ka pananya: “Kumaha sadérék panaros. Éta waleran anu dipimaksad ku Sadérék téh. Saupami masih kénéh panasaran… manga ka pamilon sanésna bilih aya anu badé mairan atanapi naroskeun, dihaturanan?” (i) Ngoméntaran jeung negeskeun eusi sawala “Tah kitu sadérék sadayana, matéri anu dipedar ku Kelompok VII téh. Muhun.., leres pisan, geuning témpé téh ageung pisan mangpaatna pikeun kaséhatan... Atuh salajengna mah urang pungkas baé ieu sawala téh. Simkuring salaku panumbu catur neda dihapunten bilih aya kalepatan salami mingpin ieu sawala.” (j) Ngawilujengkeun ka pangjejer “Sateuacan dipungkas manga urang émprak, minangka pangwilujeng ka Kelompok VII anu tos ngaguar mangpaat témpé pikeun kaséhatan.” (k) Mungkas sawala: “Salajengna urang tutup ieu sawala kelompok téh ku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirrobil’alamiin.”



Pancén 2



48



Benerkeun sakur kecap nu ditulis miring ku basa Sunda nu merenah!



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



Teu Merenah



Sakuduna



1. Para Sadérék sadayana, ke­ ......................................................... lom­pok VII ayeuna badé nga­ ......................................................... bahas permasalahan yang ber­ ......................................................... hubungan dengan mang­paat témpé pikeun kaséhatan. 2. Nanging sateuacan kelompok ......................................................... VII menyampaikan materina, ......................................................... simkuring badé ngenalkeun ......................................................... sa­urang-saurangna. 3. Penyaji aya tiluan, nya éta 1) ......................................................... Sadérek Dana, 2) sadérék Dani, ......................................................... 3) sadérék Dini. Anu kabagéan ......................................................... pancén janten notulén nya éta Sadérék Dina. 4. Atuh simkuring Danu bertu­ ......................................................... gas sebagai moderator. Sa­ ......................................................... dé­rék semuanya, agar teu ......................................................... nyangkolong kana waktos, mari kita perhatikan barengan. 5. Simkuring baris menyampaikan ......................................................... pendapat beberapa urang ahli ......................................................... anu parantos meneliti perkawis ......................................................... rusiah gizi jeung nutrisi nu aya dina témpé.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



49



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



C. Aspek Kabasaan Istilah Wanci



Kacep wanci hartina sarua jeung mangsa. Duanana nuduhkeun waktu. Geura tengetan sempalan wacana ieu di handap! Salam bubuka: - Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabarakaatuh - Wilujeng siang/sonten/wengi - Sampurasun



Dina sempalan salam di luhur aya ungkara wilujeng siang. Kecap siang nuduhkeun waktu atawa wanci. Geus pada apal sajaba ti siang (beurang), aya istilah wanci séjénna, kayaning isuk-isuk, sore, peuting, jeung subuh. Dina basa Sunda réa pisan istilah nu patalina jeung wanci, mangsa, atawa waktu. Sajaba ti éta deui aya istilah nu patalina jeung usum-usuman. Geura tengetan ieu di handap istilah nu patalina jeung wanci. 1. Istilah wanci nu lumansung salila sapoé sapeuting a. janari, wanci antara tengah peuting jeung subuh. b. janari gedé. kira-kira ti tabuh 3 ngagayuh ka subuh. c. janari leutik, liwat tengah peuting nepi ka tabuh 3. d. haliwawar, haliwawar, mimiti balébat, antara tabuh 03.00-03.30) e. balébat, udat-udat bodas beulah wétan dina waktu arék fajar, kirakira tabuh 05.00. f. carangcang tihang, wanci kira-kira liwat pajar, téténjoan remengremeng kénéh. g. meleték srangéngé, mimiti témbong panonpoé, kira-kira tabuh 07,00 h. haneut moyan, sedeng ngeunah dipaké moyan, isuk-isuk kira-kira tabuh 8 - 9. i. rumangsang, wanci sabada haneut moyan, kira-kira tabuh 11, panonpoé mimiti karasa panas. j. pecat sawed, wanci kira-kira pk. 11, waktu munding nu dipaké migawé dilaan sawedna (dileupaskeun tina pasangan).



50



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



k. l. m. n.



o. p. q. r. s. t.



manceran, wanci tengah poé upama panonpoé aya luhureun sirah pisan, kira-kira tabuh 12.00. lingsir ngulon, wanci panonpoé geus lingsir atawa ngésér ka kulon, geus liwat tengah poé, kira-kira tabuh 14. tunggang gunung, wanci, waktu panonpoé rék surup, kira-kira tabuh 16.00-17.00 sariak layung, waktu layung panungtungan rék reup-reupan, tabuh 17.00-18.00 érang-érang, wanci panonpoé rék surup, sariak layung, kira-kira tabuh 17.30-18.00. sareupna, waktu kakara surup panonpoé, waktu magrib, kira-kira tabuh 18.00-18.30. harieum beungeut, wanci geus méh poék, bada magrib  sareureuh gaang, répéhna gaang disada, kira-kira manjing isa, atawa tabuh 19.00. sareureuh budak, ng. wanci, kira-kira tabuh 8 peuting, waktu barudak leutik geus sararé tumorék, tengah peuting keur sepi jempling, sok asa tarorék (kirakira tabuh 12 peuting.



2) wanci Patalina jeung Poé a. poé ieu  b. isukan  c. pagéto  d. kamari  e. mangkukna  f. tilu poé ka tukang  3) Waktu anu Patalina jeung Kaayaan Alam a. usum mamaréng (maju ka usum hujan tina asalna usum halodo) b. usum ngijih (loba hujan sanggeus halodo) c. usum dangdarat (maju ka usum halodo tina asalna usum hujan) d. usum katiga (usum halodo ) e. usum barat (usum gedé angina dicampur hujan) f. usum selatan (angin ti arah wétan ka kulon) 4) Waktu anu Patalina jeung Kaayaan Masarakat a. usum pagebug (loba jalma nu gering jeung nu maot) b. usum sasalad (loba panyakit tur tépa) c. usum parepok (kawin atawa nikah)



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



51



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



d. usum paceklik (loba kakurangan dahareun) e. usum tigerat (paceklik) f. usum karam (loba pibahayaeun) 6) Waktu anu Patalina jeung Kagiatan Nyawah a. usum nyambut (usum ngagarap atawa ngawuluku) b. usum tebar (nyieun ipukan paré) c. usum tandur (melakkeun binih paré di sawah meunang nganglér) d. usum ngarambét (miceunan jujukutan nu jaradi antara tangkal paré di sawah) e. usum celetu ( cel di dieu, cel di ditu, tacan rampak) f. usum beukah (paréna ngagedéan) g. usum rampak (paré geus bareng buahan kabéh) h. usum beuneur héjo (paréna aya eusian) i. usum pibuateun (pare cukup pikeun diala/alaeun) j. usum panén (usum ngala paré/dibuat) 7) Waktu Tatanén Ngahuma a. usum nyacar (ngababad jujukutan jeung tangkal laleutik) b. usum ngahuru (ngaduruk jujukutan, ngababad régang beunang nutuhan) c. usum ngaseuk (melak binih paré) d. usum ngoréd/ngoyos (miceunan jujukutan) e. usum dibuat/ngétém (usum ngala paré/dibuat)



Pancén 3 Ngalengkepan Kalimah







Eusian ku cara milih anu merenah salah sahiji tina kecap anu aya dina jero kurung ieu kalimah di handap!



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



4. (manceran, pecat sawed, rumangsang) nyaéta wanci tengah poé upama panonpoé aya luhureun sirah pisan kira-kira tabuh 12.00. 5. Kagiatan miceunan jujukutan nu jaradi antara tangkal paré di sawah sok disebut (ngoyos, ngarambét, tandur) 6. Kaayaan tina usum hujan maju ka usum halodo sok disebut (dangdangrat, ngijih, katiga) 7. Ari keur usum (katiga, tigerat, karaman) mah mani sagala dikurangan, dahar gé karo uyah. 8. Ulah ayeuna indit téh, isuk kénéh, engké sakeudeung deui geus rada (poék, beurang, caang). 9. Paré téh geus konéng kabéh, sigana mah dua tilu poé deui ogé bakal (ditandur, dibuat, diwuluku). 10. Sabalikna tina usum dangdangrat nyaéta usum (mamaréng, ngijih, hujan).



Pancén 4



Ieu di handap téh wanci nu patalina jeung waktu ibadah pikeun umat Islam. Pék ku hidep tuliskeun kira-kira tabuh sabaraha lumangsungna!



1. Waktu pajar, kira-kira tabuh … . 2. Waktu imsak, kira-kira tabuh … . 3. Waktu subuh, kira-kira tabuh … . 4. Waktu duha, kira-kira tabuh … . 5. Waktu méméh Lohor, kira-kira tabuh … .



1. Lila garingna ari moé pare datang ka usum (ngijih, halodo, katiga) mah.



6. Waktu lohor, kira-kira tabuh … .



2. Alusna mah nancebkeun pepelakan téh lamun geus datang usum (mamareng, ngijih, katiga)



7. Waktu sanggeus Lohor, kira-kira tabuh … . 



3. Wanci sareupna atawa wanci harieum beungeut waktuna kira-kira tabuh (genep, tujuh, dalapan) peuting.



9. Waktu magrib, kira-kira tabuh … .



52



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



8. Waktu asar, kira-kira tabuh … .  10. Waktu isa, kira-kira tabuh … . 



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



53



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



D. Latihan



Pancén 5



Jodokeun istilah wanci jeung usum-usuman ieu di handap!



1. Usum gedé angina dicampur hujan



a) usum barat 



2. Usum loba jalma nu gering jeung nu b) usum pagebug  maot c) usum karaman 3. Usum loba pibahayaeun d) usum nyambut 4. Usum ngagarap atawa ngawuluku e) usum beukah 5. Usum paréna ngagedéan



6. Usum paré cukup pikeun diala/alaeun 7. Usum miceunan jujukutan



f)



usum pibuateun



g) usum ngoréd/ngoyos h) carangcang tihang



8. Wanci kira-kira liwat pajar, téténjoan i) meleték srangéngé remeng-remeng kénéh. j) sapoé deui ka hareup  9. Mimiti témbong panonpoé, kira-kira k) dua poé ka hareup  tabuh 07,00 10. isukan 



l)



11. pagéto 



m) dua poé ka tukang



12. kamari 



n) haneut moyan



13. mangkukna 



o) rumangsang



14. Wanci sedeng ngeunah dipaké moyan, isuk-isuk kira-kira tabuh 8 - 9. 15. Wanci sabada haneut moyan, kirakira tabuh 11, panonpoé mimiti karasa panas.



54



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



sapoé ka tukang



1. Nyawalakeun istilah wanci a) Buktikeun ku hidep ieu istilah wanci (a) tumorék, (b) haneut moyan, (c) manceran, (d) harieum beungeut, jeung (é) sareureuh gaang ku cara: 1) ku cara ngararasakeun di saat éta wanci datang, 2) nanyakeun ka jalma nu ku hidep dianggap apaleun, 3) maluruh dina rupa-rupa sumber kayaning buku jeung sajabana! b) Tuliskeun naon anu kapanggih tina hasil panalungtikan hidep, tuluy pék sawalakeun dina wangun sawala kelompok éta hasil panalungtikan téh jeung babaturan hidep di kelas! c) Tangtukeun saha anu jadi panumbu caturna! 2. Nyawalakeun penting henteuna ngagunakeun istilah wanci dina ka­ hirupan sapopoé mangsa kiwari a) Wangun sababara kelompok, tangtukeun saha anu jadi panumbu caturna! b) Pék sawalakeun ku kelompok hidep jeung kelompok séjénna ngeunaan penting henteuna ngamangpaatkeun istilah waktu dina mansa kiwari! 3. Molahkeun salaku Panumbu Catur a) Polahkeun ieu téks di handap ku kelompok hidep, tangtukeun saha anu jadi panumbu catur jeung anu jadi anggota dina kelompok diskusina! b) Hég bandingkeun ku hidep, mana anu leuwih sugema dina ngalaksanakeun sawalana, utamana ka nu meunang pancén salaku panumbu catur!



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



55



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



NYAWALAKEUN TATAKRAMA BASA



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



Kelompok V



:



Tadi ogé parantos didugikeun, yén pasemon atanapi mimik dina kagiatan nyarita téh ageung pisan pangaruhna ka jalma nu diajak nyarita. Sajeroning nyarita urang perlu merhatikeun pasemon anu béar marahmay. Geuning aya paribasa hadé budi hadé basa, hadé gogog hadé tagog. Jadi basa anu hadé kudu dibarengan ku paripolah anu hadé. Upama urang nyarita jeung batur ulah bari ngabalieur, tapi usahakeun kudu paadu teuteup. Geuning sok aya nu ngajak sasalaman tapi bari beungeut ngabalieur, atawa nyaritana hadé tapi paromanna baketut haseum.



Panumbu Catur :



Sadérék sadayana, tah kitu geuning pedaran ti Kelompok Lima téh. Cindekna mah tatakrama basa téh dipaké pikeun silihajénan antar jalma nu nyaritana. Nanging, bilih di antawis sadérék aya anu teu acan patos jelas atanapi badé nambihan kana pedaran ti kelompok nu midang, mangga dihaturanan. Nu badé naroskeun atanapi sasauran, dipiharep ngacungkeun panangan sareng nyebatkeun jenengan katut kelompokna.



Rika



Hatur nuhun, abdi Rika ti Kelompok Hiji. Sim kuring badé nambihan pedaran anu didugikeun ku Kelompok Lima di payun. Bawiraos, sanaos urang nganggo basa anu mérénah, nanging dina émprona mah urang ogé peryogi merhatoskeun lentong atanapi intonasi. Margi lentong ogé baris mangaruhan rasa basa anu dipakéna. Lentong ogé némbongkeun wirahma nu nyarita. Naha nu nyarita téh bungah, ambek, nyungkun, sareng sajabina.



Panumbu Catur :



Aya kénéh, nu badé naroskeun? …… Mangga ka sadérék Tomi dihaturanan!



Tomi



:



Abdi Tomi ti Kelompok Tujuh. Abdi sok ngabandungan aya jalma nu nyaritana teureugeus tapi teu matak nyentug kana haté. Modél réréncangan ieu nu sabangku (bari nunjuk ka babaturan sabangkuna) nyaritana téh mani kasar, tapi ku abdi mah dianggap, biasa wé. Tah kumaha anu kitu, mérénah henteu?



Panumbu Catur :



Tah, kitu geuning pamendak Rika ti Kelompok Hiji mah. Cing kumaha pamadegan réngréngan Kelompok Lima, katampi éta pamadegan ti Sadérék Rika téh?



Kelompok V



:



Kelompok V



Leres pisan, hatur nuhun ka Sadérék Rika nu parantos ngeuyeuban pedaran ti kelompok sim kuring saparakanca. Lentong ogé salahsawios aspék nu ngadeudeul tatakrama basa. Nanging peryogi kauninga, yén teu unggal ungkara basa ngagaduhan lentong anu sami. Lentong urang Bandung tacan karuhan sami sareng lentong urang Subang, Kuningan atanapi urang Majaléngka Ku margi kitu, lentong mah tétéla kapangaruhan pisan ku kasang tukang budaya daérah asal éta jalma nu nyarita. Hatur nuhun sakali deui ka Sadérék Rika anu parantos ngadugikeun pamendakna.



Urang tiasa nyarios sareng réréncangan atanapi sobat dalit nganggo basa loma, margi tos deuheus téa. Éta gé teu lepat, da anu penting mah pada-pada ngarti naon anu diobrolkeunana. Sanajan ngagunakeun ragam lemes ari teu kaharti mah taya mangpaatna? Kajabi, upami, urang nyarios sareng jalmi nu anyar pinanggih mah kedah dibéntenkeun, margi urang kedah ngajaga sopan santun. Kumaha upami jalmi nu diajak nyarita ku urang teu narima, hég nganggap ka urang jalma polontong, antukna bakal jadi piributeun. Tah, nyarios sareng jalmi nu anyar pinanggih atanapi saluhureun mah langkung saé nganggo basa ragam hormat baé.



Panumbu Catur :



Waktosna sakedik deui, mung cekap kanggo saurang panaros. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi dihaturanan!



Déndi



Abdi Déndi ti Kelompok Tilu. Abdi mah badé naroskeun cara ngalarapkeun kecap mulih sareng wangsul; angkat sareng mios, manawi réngréngan ti Kelompok Lima tiasa ngajelaskeun!



:



:



Panumbu Catur :



Manawi aya deui nu badé naroskeun?



Sandi



Abdi Sandi ti Kelompok Dua. Abdi mah badé naroskeun perkawis pasemon atanapi mimik dina nyarita. Cing manawi Sadérék ti Kelompok Lima tiasa ngajelaskeun!



56



:



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



:



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



57



Pangajaran 3 : PANUMBU CATUR



Kelompok V



:



Panumbu Catur :



Sakaterang abdi mah kecap mulih kanggo batur atawa jalmi nu saluhureun, wangsul kanggo urang; kitu ogé kecap angkat kanggo batur atawa jalmi nu saluhureun. Geura titénan contona: Abdi wangsul Pun adi wangsul Saur Pa Guru, “Ka mana Tomi?” “Tomi mah wangsul ti payun Pa” Ceuk Ramdan. Pun Bapa mulih Kang Yudi mulih Saur Pa Guru, “Ka mana Bu Idah?” Bu Idah mah mulih ti payun Pa.” Ceuk Tomi. Abdi mios Pun adi mios Saur Pa Guru, “Ka mana Tomi? “Tomi mah mios ti payun Pa.” Ceuk Ramdan Pun Bapa angkat Kang Yudi angkat Saur Pa Guru, “Ka mana Bu Idah?” “Bu Idah mah angkat ti payun Pa.” Ceuk Ramdan. ”Tah, kitu geuning para sadérék pedaran anu didugikeun ku Kelompok Lima téh. Mugia waé sadérék sadayana sarugema kana naon anu parantos disawalakeun nembé. Anapon kacindekanana mah moal didugikeun ku simkuring, mangga waé nyanggakeun ka sadérék sadayana. Teu hilap ngahaturkeun nuhun ka Kelompok Lima anu parantos midang geusan ngaguar jeung medar ngeunaan Tatakrama dina Nyarita. Kitu ogé ka sadérék sadayana anu parantos daria pisan ngalaksanakeun ieu sawala, simkuring nyuhunkeun dihapunten bilih salami mingpin sawala ieu aya kalepatan. Mangga urang tutup waé ieu sawala téh ku maos hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirobbilalamin.



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Pangajaran 4



CARITA PONDOK Kompetensi Dasar



3.4. Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan carita pondok. 4.4. Menulis carita pondok sederhana dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan.



58



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



59



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



C



arpon téh singgetan tina carita pondok. Pangna disebut carita pondok lantaran ukuran caritana kaitung pondok. Béda upamana jeung carita novel anu umumna paranjang. Nu disebut ukuran pondok téh kirakira opat lima kaca, atawa bisa ditamatkeun dina waktu wewelasan menit, komo lamun dibacana bari gancang.



A. Bacaan Pék baca ieu carpon di handap masing daria!



Cukul Tatang Sumarsono Horéng lain gawé énténg-énténg ngantay pasesedek téh. Jelema anu ti isuk kénéh—boa rebun-rebun kétah, sakitu ngaliudna. Teuing sabaraha ratus, bari saréréa hayang pangheulana. Cacak mun bari épés méér mah, cadu mun bisa meunang tempat rada di hareup. Nya wayahna waé kudu



60



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



narimakeun jadi pangbocétna. Katincak mah, kabadug mah, tacan deuih tingpelenghirna bau awak—boa loba nu karék sibeungeut wungkul. Kitu nu kaalaman ku Cukul, sanggeus aya kana dua jamna ngadago di hareupeun kantor pos. Bakat ku kapaksa, kajurung ku pangabutuh, pangna daék seselendep téh. Ieu mah duméh aya duit ciatah kahaat ti pamaréntah, minangka “tawis kaasih” ti Bapa Persidén pikeun rahayatna anu beuki katalangsara, sanggeus harga BBM mangprung teu beunang dierém. Nyao teuing atuh, padahal asa kurang kumaha pada ngahalang-halang mah. Tapi geuning noyod wé, teu nolih nu démonstrasi. Heueuh meureun, abong pamaréntah punya kawasa. Kitu nu aya dina pikiran Cukul. Teu kasawang mun tadi nu ka dieu téh pamajikan, pokna dina haté. Indit jeung budak téa, tangtuna gé sok sagala ditunjuk, mangkaning sajajalan loba jajaneun. Tara beunang dipondah éta mah bebenjit. Leuheung kénéh ku ngarenghik, narajang ari geus ceurik aluk-alukan, malah sakapeung mah bari gégéréléngan. Abong kangaraning budak, teu nyaho di kasusah kolot. Kamari pasosoré RT ngasrog ka sawatara imah anu saméméhna geus dicatet dina kolom kulawarga miskin. “Isuk tukeurkeun ka kantor pos kacamatan,” pokna bari ngasongkeun kartu BLT, diterangkeun deuih yén kudu bari mawa KTP. Teu kapapanjangan nanya, Cukul ngan nyebut nuhun. Mani asa disambung umur, dina mangsana keur loba pangabutuh, ari pék jol anu kikiriman, tur jinek réngkol angkana: saratus rébu rupia. Ih, nya lain lumayan deuih atuh, da sidik mahi keur bekel hirup lima poéeun mah. Malah mun bisa ngajeujeuh-jeujeuhna mah, jigana saminggueun gé cukup—asal budak tong haben bulak-balik ka warung! Enya, da geus méh nincak saminggu manéhna ngaligeuh; taya anu nitah kula-kuli. Kitu waé bangsaning gawé kasar naktak mundak. Untungna téh teu bauan (sabenerna mah kajurung ku pangabutuh). Tong waka macul, dalah sakadar ngarambét anu saenyana hancengan awéwé ogé, manéhna mah daék migawé. Geus karuhan ari aya nu nitah ngaladén atawa ngakutan keusik, da éta mah kaasup anu rada punjul buruhanana. Ka mangnutuhankeun-mangnutuhankeun tatangkalan, iraha teuing manéhna nolak, asal aya wé nu nitahna. Malah kungsi buburuh nawu cubluk gé, bélaan bebelukan dina leutak campur kokotor sagala rupa. Geus aya kana opat taunna nanasibanana kitu téh, ti saprak di-PHK ti pabrik tempat gawéna. Ngahaja indit isuk-isuk, sugan waé lowong kénéh. Ari pék méméh tabuh tujuh gé geus heurin usik. Heueuh, jelema ti sakacamatan téa, najan anu malaratna wungkul gé, lain saeutik-eutik. Pagawé anu rék ngabagikeunana mah boa di marana kénéh, da buktina panto kantor pos tacan aya nu muka.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



61



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Prungna mah tabuh dalapan leuwih. Nyaho sotéh nyebut tabuh sakitu lantaran manéhna ngarérét kana jam anu ngadaplok dina témbok. Anu ngantay mimiti ngised saeutik-saeutik; saurang-saurang kagiliran. Cukul nyelap di tengah—ti tukang kasedekkeun, anu di hareup seuseut rék maju. Najan isuk kénéh, tapi geus karasa hareudang, padahal beuteungna tacan kararaban nanaon. Najan asod-asodan, ahirna mah teu burung nepi ka hareupeun lokét. Song kartu katut KTP anu ti tadi dikeukeuweuk diasongkeun ka patugas— paromanna taya sari-sari béar; teuing keur nyeri huntu, teuing tas paséa jeung pamajikanana. Mimitina ku bapa patugas tiba dirérét, tapi saterusna mah bangun anu diteges-teges—diakurkeun antara potrét dina KTP jeung beubeungeutan anu nampeu di hareupeunana. “Ieu téh enya Emang?” pokna. Saenyana mah pantes kénéh nyebut “Akang”, da pantesna umur bapa patugas téh moal géséh jauh ti Cukul. Teuing kétah mun paroman manéhna dianggap geus kolot pisan. Kangaranan jalma sangsara téa, sok gancang pisan katénjo kolotna. “Leres, Cép,” walon Cukul. Lantaran disebut “Emang”, manéhna kontan “nga-Encép-keun”. Angkananana téh, keun waé basa mah teu meuli ieuh. Naon rugina nyebut “Encép” ka bapa patugas, atuh sugan waé beungeutna robah jadi rada béar. “Mani béda pisan, antara beungeut jeung potrét téh,” bari angger diteges-teges. “Lain ku nanaon sayah mah, bisi béda jalma, terus ieu duit dicokot ku anu lain hakna. Apan ka sayah-sayah kénéh engké téh neumbleuhna.” “Leres, Emang éta téh, Cep, tujuh taun ka pengker,” Cukul ngayakinkeun, sok sieun nu tadina rék nampa duit kalah meunang barébédan. “Euh, atuh ieu mah KTP-na ogé geus kadaluwarsa. Geus ti dua taun ka tukang, tuh, teu berlakuna ogé.” Cukul teu ngomong, da rumasaeun yén KTP-na geus lila kudu diganti. Lain teu niat, ngan rék nyieun KTP téh apan kudu maké waragad. Bari jeung manéhna rasa mokaha, duméh sapopoé ukur idek liher di lembur, jadi geus waé cukup ku KTP heubeul. Malah tara-tara acan dibabawa, gular-golér kitu waé dina palang dada. Ah, kumaha mun gagal, ceuk dina haténa. Atuh meureun kana lapur, poé ieu mah sééng moal nyéngsréng, da geus teu boga pisan sangueun. Ari rék nganjuk béas ka warung, asa éra, da hutang nu ti heula gé tacan lunas kabéh. “Kuduna mah teu bisa ieu téh, Mang,” omong bapa patugas deui.



62



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Cukul rada ngarénjag, harepanana nyay-nyayan deui. Bapa patugas ngasongkeun duit sapuluh rébuan. Teu kungsi diitung heula. Heueuh, bakat ku atoh, malah bari semu ngadégdég nampananana ogé. Katurug-turug deuih anu ngantay tukangeunana beuki nyedekkeun. “Hatur nuhun, Cép,” pokna. Boro-boro némbalan, atawa cukup ku manggut bapa patugas téh, ieu mah teu ngarérét-rérét acan. * Tabuh sawelas leuwih tujuh menit, anu ngantay ngan kari welasan jalma. Tapi, bapa patugas mah angger merengut. Cukul datang rurusuhan ka hareupeun lokét. “Punten, Cép, ngaganggu,” pokna bari rada haruhah-haréhoh. “Aya naon?” jigana mah bapa patugas apaleun kénéh. “Tadi téh aya nu lepat, Cép ....” “Ah, mustahil maké aya nu salah sagala,” bapa patugas megat kalimah. “Ieuh, Mang, sayah digawé di dieu téh, di bagian ieu, teu pindah-pindah, geus rék nincak dua puluh tahun. Mustahil atuh mun tepi ka nyieun kasalahan dina ngalaksanakeun tugas.” “Cép, artos anu tadi katampi ku Emang téh ... langkung,” omong Cukul. “Kumaha?” bapa patugas ngarénjag. “Muhun, artos ti Encép téh langkung. Anu katampi ku Emang téh sanés sapuluh, tapi sawelas lambar.” “Oh, kitu, Mang? Ah, éta mah kasalahan anu teu dihaja atuh. Biasa, bakat ku riweuh ngaladénan masarakat,” bapa patugas rada balahambéléhém. “Sok atuh ka dieukeun duit anu leuwihna!” Cukul ngasongkeun rébuan opat lambar. “Naha ngan sakieu? Apan leuwihna duit téh sapuluh rébu. Ari ieu, naha ngan mulangkeun opat rébu? Kumaha ieu téh?” bapa patugas nyereng. “Apan Emang ka dieu téh kana angkot, sajalanna tilu rébu. Janten artos anu sapuluh rébu téh kacocéng genep rébu.” “Ah, teu bisa! Sayah mah teu urusan jeung ungkas-ongkos. Emang ka dieu téh naha leumpang, tumpak angkot, atawa kana hélikopter, éta mah lain urusan sayah. Pokona duit anu kudu dipulangkeun ku Emang ka sayah téh sapuluh rébu. Apan kitu ceuk pangakuan Emang gé, lin? Sok buru, pulangkeun sapuluh rébu!” “Atuh Emang janten rugi genep rébu, Cép.” “Salah saha? Naha atuh lain tadi keur aya di dieu kénéh ngitung duitna, ngarah teu kudu ngaluarkeun ongkos! Nya lain tanggung jawab sayah lebah ongkos angkot mah. Apan anu tumpakna gé Emang, lain sayah.”



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



63



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Cukul ngahuleng. Ngadadak kagiatan ngabagikeun duit gé eureun heula. Anu keur ngantay rada ngaliud ka hareupeun lokét, ngariung Cukul. Katémbong aya anu seselendep; lalaki geus aya umuran, dikaca panon hideung, maké topi aya aksaraan “véteran”, disapatu olahraga, baju safarina gabrih—teuing lungsuran ti saha. Najan geus huis wungkul, tapi katémbongna masih kénéh bérégégéh. “Sok buru! Sayah téh keur loba gawé yeuh! Jeung kadé, éta téh lain duit sayah pribadi, tapi duit nagara anu kudu dipertanggung-jawabkeun sacara hukum. Emang daék urusan jeung hukum?” Cukul ngahuleng kénéh. Tapi ahirna mah éléh déét. Duit anu opat rébu ku manéhna dibebeskeun deui kana pésak calanana, terus nyabut lambaran sapuluh rébu tina pésak séjén. “Geus, Jang,” ceuk bapa safari gabrih. “Éh, saha ngaran urang téh?” “Cukul,” témbalna, bari hémeng kénéh ku kalakuan éta jalma anyar pinanggih. “Cukul?” bapa safari rada kerung. “Pantesna anu ngaran Cukul ulah milu ngantay duit bantuan,” pokna. “Tapi kétang, keun waé. Da geuning teu salawasna ngaran téh saluyu jeung nasib anu boga éta ngaran. Ngaranna Cukul, tapi hirupna ripuh. Sukarya buktina bet goréng gawé. Atawa, Salamet tapi katabrak mobil,” bapa safari nyarita bari pepeta. “Ampihan deui wé, Jang Cukul. Keun, mulangkeun duit ka Cép Adén ieu mah ti Bapa,” ngaluarkeun dompét, terus nyabut lambaran sapuluh rébu. “Tah yeuh tarima duit anu tadi kaleuwihan mayar ka Jang Cukul, bisi engké Cép Adén urusan jeung hukum.” Bapa patugas molohok. “Urang kudu muji sukur, dina jaman kawas ayeuna, tétéla masih kénéh aya jalma jujur kawas Jang Cukul,” omong bapa safari ka anu araya di dinya. “Jalma anu kieu yeuh, anu kudu meunang panghargaan ti pamaréntah mah. Teu cukup ukur ti walikota, dalah ti gupernur, da kuduna gé panghargaan ti persidén. Satuju henteu, para Sadérék?” Cukul aluman-alimen, duméh cikénéh dipuji. Teu kasawang, mun tina mulangkeun duit sapuluh rebu, terus manéhna meunang panghargaan. Tong ti gupernur, komo ti persidén, ti walikota wé atuh! Atawa turunkeun deui sasetrip, ti camat! Ah, mani dijajadikeun asana téh. Kitu-kitu waé! Naon istiméwana mulangkeun duit sapuluh rébu anu lain hak urang? “Jaman ayeuna mah geus hésé jalma jujur téh, komo anu kasebutna pangagung. Wakil rayat gé sami mawon. Raresep pisan gasab bin curaling kana duit nagara, tepi ka akibatna hirup urang sangsara saendeng-endeng. Kasebutna waé ieu nagara téh geus merdéka, tapi saenyana kénéh-kénéh



64



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



dijajah. Yeuh, sim kuring anu baheula milu berjuang téh,” nepak dada. “Ngusir penjajah téh meunang hésé capé. Tapi mana buktina sanggeus urang kasebutna merdéka? Rayat leutik pantar urang mah angger wé purah ripuhna. Leres kitu, para Sadérék?” Taya anu pangangguran némbalan, ukur katémbong aya anu rada unggut-unggutan. “Hayu, Jang Cukul!” Cukul dikaléng ku bapa safari, ngaléngkah ka buruan kantor pos, laju diajak nyimpang ka jongko tukang tangkoah. “Pangwadahankeun dua piring, lima rébuan!” omong bapa safari ka tukang tangkoah. Rikat diladangan, da kabeneran tukang dagangna keur nyalsé, keur ngeusian TTS. Mun dilila-lila mah kuriak waé ngabolaykeun jajan. Teu pinuh piring ayeuna mah tangkoah lima rébueun téh. Heueuh, abong hahargaan geus tingtérékél, pasusul-susul jeung sakadang BBM. “Meujeuhna kajujuran Ujang téh dipéstakeun. Saheulaanana mah urang dahar tangkoah wé. Keun, ku Bapa ditraktir.” Cukul unggut-unggutan. Manéhna angger masih kénéh ngarasa hémeng. “Lain, Jang, naon sababna duit anu leuwih téh maké dipulangkeun deui?” bapa safari nanya bari ngahénggoy tangkoah. “Da éta mah sanés artos hak abdi, Pa. Dina engké katedana ogé moal matak jadi maslahat,” témbal Cukul. Bapa safari rada calangap, duméh ngadéngé jajawaban kitu pandéna. Sidik, éta kalimah téh asa leuwih éndah batan fatwa para jumhur dina pangaosan, dina hutbah jumaah, dina mimbar agama televisi, atawa dina acara naon waé anu sakirana pantes nerangkeun amar ma’ruf nahyi munkar. “Sabaraha yuswa ayeuna?” Cukul nanya. “Geus rék tujuh puluh, Jang,” témbalna. Cukul pangangguran kutrat-kutrét dina jero sirahna. Ayeuna merdéka geus genep puluh tilu taun, ari si bapa ngakuna rék tujuh puluh. Har, naha umur sabaraha taun waktu manéhna milu berjuang? Piraku budak umur tujuh taun geus milu ancrub kana révolusi? Teu bener atuh mun kitu mah katerangan si bapa téh. Atawa boa manéhna kérok ngitung umur. Lain tujuh puluh meureun, tapi kuduna dalapan puluh. Teu, teu dikedalkeun pertanyaan anu éta mah, bisi si bapa kasigeung, mangkaning geus ngahutangkeun budi. “Nuhun, Pa, nembé abdi dipanggentosankeun artos palalangkung. Atuh ayeuna abdi ku bapa dijajanan takoah,” ukur kitu anu kedal tina biwir



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



65



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Cukul mah, sanggeus piringna kosong—mémang manéhna keur lapar, ti isuk tacan kararaban nanaon. “Ah, da lain duit Bapa anu tadi dibikeun deui ka patugas téh,” walon bapa safari, énténg. “Maksadna?” “Enya, apan ka Bapa gé sarua, patugas lokét téh kaleuwihan mayarna. Malah ka Bapa mah leuwihna téh dua puluh rébu,” angger énténg. Cukul curinghak, laju gogodeg—dina beungeutna kagambar kateupanuju. Manéhna nyabut duit sapuluh rébuan, song dibikeun ka tukang tangkoah. Laju deregdeg balik deui ka jero kantor pos.***



Riungkawung (Cibiru), 25 Mei 2008



Pancén 1



Sangkan maham eusi carpon di luhur, pék jawab pananya ieu di handap!



1. Perkara naon anu jadi jejer carita di luhur téh? 2. Kumaha pasipatan tokoh nu ngarana Cukul? 3. Kira-kira sabara taun umur Cukul? 4. Naha petugas anu didatangan bet nyebut emang ka Cukul, naon sababna? 5. Kumaha pasipatan jalma anu dibaju safari? 6. Naon sababna jalma anu dibaju safari bageur ka Cukul, daék mangmayarkeun jeung ngajak jajan takoah sagala? 7. Sanggeus nyaho kalakuan jalma anu maké baju safari, kumaha réaksi Cukul? 8. Di mana jeung iraha éta kajadian dina carita téh lumangsungna? 9. Pék ku hidep gambarkeun, kumaha pasipatan unggal tokoh dina éta carita! 10. Kesan naon anu aya dina diri hidep sanggeus maca éta carita?



66



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



B. Pedaran 1) Watesan jeung Unsur Carpon Wacana anu bieu dibaca di luhur téh disebutna carita pondok atawa carpon. Ukuranana mémang pondok, bisa dibaca ukur lima nepi ka sapuluh menit. Carita pondok kaasup kana carita rékaan (fiksi) anu nyaritakeun kahirupan masarakat atawa manusa sapopoé anu méré kesan lir enya-enya kajadian. Eusina biasana teu leupas tina ajén atikan jeung moral pikeun jadi conto atawa jadi euteung ka anu macana. Lantaran pondok, dina carpon mah kajadian téh biasana tunggal. Lumangsungna kajadian téh dina hiji waktu jeung di hiji tempat. Malah sakapeung mah ahir caritana ogé ngahaja siga ngagantung (open ending). Pon kitu deui para palaku jeung alurna. Palakuna biasana mah henteu réa, sarta konflikna basajan, henteu ngarancabang siga carita nu panjang. Unsur-unsur carpon téh ngawengku palaku atawa tokoh jeung watekna; galur (plot) nu patali jeung téhnik nyaritakeun (penceritaan); latar (setting) anu nyoko kana tempat, waktu, jeung suasana; téma; amanat atawa pesan; puseur sawangan jeung puseur carita; katut gaya basa.



2) Kamekaran Carpon Ayana carpon dina sastra Sunda téh pangaruh ti Éropa. Pangpangna pangaruh ti Walanda, nu kungsi ngajajah urang. Harita mah istilahna bisa disebut henteu pati tétéla, da masih disaruakeun jeung dongéng. Mimiti ayana kira-kira katompérnakeun abad ka-19. Di Éropa jeung di Amérika, disebutna short story. Dina buku Soendanesche Bloemlezing, susunan G.J. Grashuis nu terbit taun 1881 kamuat dua carita karangan R.H. Moehamad Moesa, anu mun ditilik eusi caritana mah geus nyumponan pikeun disebut carpon nu geus béda jeung wangun dongéng. Éta dua carita téh judulna “Hibat” jeung “Santri Gagal”. “Hibat nyaritakeun anak nu keukeuh ménta warisan ti bapana, ari “Santri Gagal” nyaritakeun kahirupan dua sadulur nu béda nasib lantaran kalakuanana séwang-séwangan. Awal abad ka-20 beuki réa nu nulis carita pondok, utamana sabada medal majalah Papaés Nonoman jeung Parahiyangan. Dina éta majalah sering kapanggih karangan nu mangrupa carpon. Dina majalah Parahiyangan



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



67



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



mah réréana dimuat dina édisi lebaran. Taun 1930, terbit buku kumpulan carita pondok anu munggaran ku alpukahna Balé Pustaka. Judulna Dogdog Pangréwong, ngamuat dalapan carita, karangan jalma anu maké inisial G.S. Sabada nagara urang merdéka, beuki réa baé nu ngarang carita pondok téh. Henteu ngalaman aya pagedrug paham deuih. Teu siga wangun sajak nu kungsi teu diaku jadi banda budaya urang Sunda. Malah dina taun 1960-an mah kamekaran wangun carpon téh kacida suburna sabada medal rupa-rupa majalah Sunda, di antarana Warga, Sunda, Manglé, Sari, Langensari, jeung sajaba ti éta. Buku kumpulan carpon ogé réa diterbitkeun. Di antarana baé Carita Biasa karangan RAF (1959), Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga (1960), Hujan Munggaran karangan Ayat Rohaédi (1960), Néangan karangan Caraka (1962), Di Luhureun Jukut Reumis karangan Yus Rusyana (1965), jeung sajaba ti éta. Kumpulan carpon anu séjénna kayaning Panggung Wayang karya Aam Amalia (1992) wedalan ku Geger Sunten, Lalakon bingbang karya Dian Hendrayana (2001) wedalan ku Komunitas Rawayan, Dina Kalangkang Panjara karya Ahmad Bakri (2001) wedalan ku Kiblat, Astrajingga Gugat karya Oom Komara (2001), Anak Jadah karya Cecep Buldansyah (2002), wedalan ku Kiblat, Dukun Lepus karya Ahmad Bakri (2002) wedalan ku Kiblat, Pantun Pangrajah karya Usman Supendi (2002), Kanagan kumpulan carpon pinilih Manglé Hadiah Uu Rukmana, taun 2003 ku pamedal Geger Sunten, Sapeuting di Cipawening karya Usep Romli H.M. (2010) wedalan ku Kiblat, Dua Wanoja karya Chyé Retty Isnéndés (taun 2014) Pamedal Kiblat, wedalan ku Kamucén, Nepi ka kiwari carpon Sunda terus mekar sarta ditulis ku pangarang nu leuwih ngarora. Kitu deui majalah jeung koran Sunda tuluy ngamuat karangan carpon. Buku kumpulan carpon ogé masih diterbitkeun saban taun. Rupa-rupa hadiah sastra



68



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



ogé dipasrahkeun ka pangarang-pangarang carpon pinunjul, di antarana baé Hadiah Sastra Rancagé nu dipasrahkeun saban taun keur buku sastra Sunda pinunjul. Ieu di handap sawatara pangarang Sunda nu kungsi dilélér hadiah sastra Rancagé keur buku kumpulan carponna. Pangarang



Judul Buku Kumpulan Carpon



Taun dilélér hadiah



Yus Rusyana



Jajatén Ninggang Papastén



1989



Iskandarwassid



Halimun Peuting



1990



Godi Suwarna



Serat Sarwasastra



1996



Caraka



Awéwé Dulang Tinandé



1998



Darpan



Nu Harayang Dihargaan



1990



Mh. Rustandi Kartakusumah



Amanat dina Napas Panungtungan



2005



Yous Hamdan



Geus Surup Bulan Purnama



2006



Rukmana Hs.



Oleh-oleh Pertempuran



2007



Usép Romli H.M.



Sanggeus Umur Tunggang Gunung



2010



Us Tiarsa



Halis Pasir



2011



Pancén 2



Cing tuliskeun ku hidep judul kumpulan carpon anu terbit ti taun 2012 nepi ka taun 2017 dina tabél ieu di handap! Judul Buku Kumpulan Carpon



Pangarang



Taun Madal 2012 2013 2014



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



69



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



2015 2016



3) Nganalisis Carpon Urang ayeuna diajar deui nganalisis carpon. Baca heula ieu carponna di handap. Saréngséna maca, pigawé paréntahna!



Kuburan (Trisna Mansur) Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dén Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan méja alit. “Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui ka dieu!” saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul kénéh. Lajeng wé dihénggoy, teu mindoan dimanggakeun. “Saban Aki ka dieu, kaleresan aya wéh tuangeun. Iraha kaleresan teu ayana, Dén?” saur Aki Uki bari ngalémétan réméh. Nu dialem akon-akon teu ngadangu. Kalah tumaros. “Aya naon, Ki? Tambihan deui?” “Tos cekap, Dén,” saur Aki Uki. “Biasa wé, Dén, Aki téh peryogi ku padamelan. Da kedah neda geuning Aki téh yeuh!” “Ki, kanggo neda nyaliraeun mah, ka dieu wé. Teu kedah barangdamel sagala.” “Sanés nampik kana pangangken, Radén. Aki mah hoyong kénging ngésang wé.” “Teu langkung Aki, upami kitu mah. Padamelan naon, nya? Euh, itu wé, Ki, kuburan téa kali deui. Teu aya nu sanés deui mah!” “Kutan?” saur Aki Uki héran. “Kieu, Ki, riwayatna téh. Kapungkur waktos Aki ngali nu ngawitan, éta téh saparantos abdi kénging katerangan ti hiji ustad yén urang téh salamina kedah émut kana maot. Di antawisna nyadiakeun kuburan. Lajeng abdi miwarang Aki ngali éta lombang.”



70



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



“Muhun, Dén. Nanging ku Adén éta lombang téh kedah disaeur deui.” “Leres, Ki. Dumasar katerangan ustad sanés deui. Saurna, kirang saé sasadiaan kuburan anggoeun nyalira. Jalaran, can tangtos tempatna pimaoteun téh. Boa di tempat nu tebih tina kuburan nu disayagikeun. Apan mubadir. Ayeuna, éta lombang téh kedah dikali deui, éta gé nurutkeun katerangan. Saur ustad nu katilu mah, teu sawios-wios urang sasadiaan lombang kanggo kuburan urang nyalira, sok sanaos engkéna teu kaanggo ku urang gé. Étang-étang midamel amal soléh wé kanggo nu sanés.” Badé ngartos, badé henteu, Aki Uki pinasti mios ka pamakaman kulawarga Dén Haji, ngabantun pacul, linggis sareng singkup. Dibekelan cai sabotol sareng tedaeun, kénging Nyi Onih, réncang pribumi. Di dinya téh tos seueur kuburan. Sadayana ditémbok, dilapisan keramik. Dina nisan handapeun samoja nu kembangna ngabarak, kaaos “Nyi Rd. Mayangsari”, “Rd. H. Mugni”, “Rd. Aom Tirtaningrat, S.H., M.B.A.”, “Rd. Ir. Suryaningbuana, M.Sc.”, Nyi Mas Soléhah”. Dupi lombang nu diancokeun kanggo kuburan Rd. H. Darmawan, sisi palih wétan gédéngeun makam ibuna. Numutkeun pangemut Aki Uki, di dieu, jaganing géto, baris aya nisan nu dinamian “Rd. H. Darmawan”. Terah ménak nu kayungyun ku béréhanana. Adatna resep nulung ka nu butuh, nalang nu susah. Nanging duka iraha pupusna. Katingalna salirana jagjag waringkas kénéh. Kiat kénéh badminton mayunan nu anom, bari arang kawon. Aki Uki ras kana dirina nyalira, jalmi cacah kuricakan. Tangtos kuburanana boro-boro nganggo nisan tina marmer kanggo nyerat namina, moal ditémbok-témbok acan. Namina paling gé diserat dina tutunggul tina papan albasiah nu gancang ame dihakan rinyuh. Cétna tina tér sésa. Barang ame prak ngulangkeun pacul, Aki Uki téh rada muringkak bulu punduk, margi kakuping sora incuing. Duka di palebah mana eunteupna. Tambih muriding, ditoél tiisna amea. Asa ditoél ramo mayit. Duka pédah salirana nuju rada panas tiris tilas sababaraha dinten ukur neda kulub hui sareng sampeu. Atanapi pédah ku perbawa kaayaan di pamakaman nu teu aya réncang, keueung. Waktos ngali nu ngawitan mah dugi ka aya samingguna. Taneuh teuas kénéh. Ayeuna mah rada béar. Pacul tiasa mebes dipancongkeun téh. Mung tanaga teu aya pisan. Nembé sakecruk dua kecruk tos ame. Namung Aki Uki gaduh tékad gilig pisan. Kedah bérés bada lohor. Badé mintonkeun ka Dén Haji, yén dirina, Si Tarjuki, nu keur ngorana bisa maratkeun macul sakotak dina sabedug téh, ayeuna bedas kénéh. Atuh ame téh teu diraos. Bes linggis, kecruk pacul. Sodok singkup. Silih genti.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



71



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Cikaringetna luut-léét maseuhan sakujur salirana lir nu dibanjur baé. Untung ngabantun bekel. Unggal lirén, unggal belewek opieun, sareng regot cai. Nanging tanaga asa teu nambihan. Taneuh nu dikeduk beuki luhur, lombang beuki jero. Tanaga kedah tambih ageung supados taneuh nu dikaluhurkeun teu urug deui ka handap. Ku dikeureuyeuh mah, panyaeuran dina lombang téh kakeduk sadayana. Orokaya tanaga teu nyésa pisan. Aki Uki ngaraos lungsé, dugi ka teu tiasa hanjat gé. Nya reureuh bari ngumpulkeun deui tanaga. Ngalungsar dina lombang. Nyarandé kana taneuh beulah kalér. Ni’mat padamelan tiasa réngsé. Di luhur angin ngahiliwir, ngoyagkeun dangdaunan. Incuing angger disada. Asa dipépéndé, reup wéh Aki Uki kulem kapulesan. Bada lohor Nyi Onih nganteuran ka kuburan. Luak-lieuk teu katingal Aki Uki. Barang nempo kana lombang, puguh wé reuwas kacida. Katingal Aki Uki ngajoprak nyangirah ngalér. Disidik-sidik tétéla teu ngarénghap. Dén Haji Darmawan teu seueur nimbang itu ieu. Layon Aki Uki dipulasara sapertos kulawargana nyalira. Malih dikurebkeunana gé dina lombang nu dicawiskeun kanggo kuburan salirana. Malih tos diniatan, sabada natusna, kuburan Aki Uki téh badé ditémbok dilapisan keramik. Nisanna tina marmer dipahat ame “Radén Tarjuki, M.Si. bin Radén Anu. Lahir ping sakitu. Wafat ping sakitu”.



Pancén 3



Saréngséna maca carpon di luhur, pék analisis unsur-unsur caritana! Dina bagan ieu di handap!



Unsur



Tokoh



Carpon Kuburan



Tataan saha pasipatanana!



waé



ngaran



tokohna



1. ...



jeung



kumaha



Latar



a) Tempat: ... b) Waktu: ... Galur



Saha palaku utamana? ...........................



72



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pilih salah sahiji galurna ieu di handap, tuluy tétélakeun jalan caritana! a) Maju: b) Mundur: c) Mobok tengah:



Tema



………………………………………………………………..



Amanat



………………………………………………………………..



4) Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng Sajaba ti carpon, karya wangun prosa séjénna anu méh sarua pondokna, nyaéta dongéng. Naon bédana jeung sasaruaanana antara carpon jeung dongéng? Ari sasaruana antara carpon jeung dongéng nyaéta pada-pada carita anu parondok. Ngan baé lamun dina dongéng sok aya babagian anu pamohalan, dina carita pondok mah umumna  euweuh, tegesna mah eusi caritana téh kaharti ku akal. Palakuna, jalan caritana, tempat jeung waktu kajadianana, diréka lir nu enya kajadian. Gelarna ogé béda, dongéng mah umumna hasil sastra béh ditu, ari carita pondok hasil sastra kaayeunakeun. Cara nyebarna dongéng mah umumna ku lisan sedengkeun carita pondok mah ku tulisan.



2. ... 3. ...



Tuliskeun dimana jeung iraha!







Pancén 4 Sangkan tétéla geura paluruh ku hidep babandinganana antara carpon jeung dongéng ku cara ngeusian tabél ieu di handap!



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



73



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Dongéng



Carpon



1. Awalna sumebarna téh lisan, ti omong ka omong. Euweuh atawa teu kapaluruh anu ngarangna. Mun aya buku dongéng, éta téh tangtu hasil nyalin jalma nu ngumpulkeunana.



....................................................... ....................................................... ....................................................... ....................................................... .......................................................



2. Caritana pamohalan, loba bohongna, atawa teu kaharti ku akal. Matak teu anéh sasatoan bisa ngomong, atawa tokohna bisa siluman atawa jin.



....................................................... ....................................................... ....................................................... ....................................................... .......................................................



3. Palakuna bisa naon baé. Bisa manusa, sato, tutuwuhan, atawa barang. Sato, tutuwuhan, atawa barang dina dongéng mah bisa nyarita jeung mikir kawas manusa.



....................................................... ....................................................... ....................................................... ....................................................... .......................................................



Dina sempalan wacana di luhur diwangun ku tilu kalimah tanya, nyaéta: 1) “Ieu budak téh, Din? 2) “Naha atuh karék ayeuna dibawa?” 3) “Éra ku naon? Ari kalimah tanya nyaéta kalimah anu pungsina pikeun nanyakeun. Kalimah tanya biasana dipungkas ku tanda tanya (?). Kalimah tanya biasana dibarengan kecap tanya. Aya ogé kalimah tanya nu teu dimimitian ku kalimah tanya, ukur dipungkas ku tanda tanya.







Pancén 5 Pék larapkeun kecap pananya ieu di handap dina kalimah pananya!



1. Keur saha



..................................................................................................................



2. Jeung saha



..................................................................................................................



3. Nu mana



C. Aspék Kabasaan







4. Ti mana



Kalimah Tanya



Baca ieu sempalan wacana di handap! “Ieu budak téh, Din? Mani geus jelug kieu ning!” ceuk Mang Wahyu bari nepakan taktak kuring. “Naha atuh karék ayeuna dibawa?” “Ah, éra mamawana gé, Kang,” témbal Bapa. Éhhh, Si Bapa mah. “Éra ku naon? Kudu ceuk Akang mah. Barudak ngora kudu mimiti deui diwanoh-wanohkeun kana seni tembang.”



74



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



.................................................................................................................. ..................................................................................................................



5. Urang mana



..................................................................................................................



6. Kana naon



..................................................................................................................



7. Mawa naon



..................................................................................................................



8. Nanaonan



..................................................................................................................



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



75



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



9. Dikumahakeun



..................................................................................................................



Kalimah Tanya



Jawaban



1. ......................................................



Indra mah incuna Aki Mahmud.



2. ......................................................



Basa mulang sakola Ating nyimpang heula ka imah akina



3. ......................................................



Nu dibawa ku manéhna mah ngan ukur baju nu dipaké harita.



4. ......................................................



Nono teu bébéja heula ka indungna téh lantaran rusuh.



5. ......................................................



Indra sakolana di Jalan Babakan Tarogong, teu jauh ti imahna.



3. Paméré (keur saha, ti saha, nu saha) éta sampeu meuni sakitu lobana?



6. ......................................................



4. Rék nganjrek (di saha, ka mana, di mana) lamun geus datang ka Bandung?



Dicangcang dina tangkal kai beulah kulon



7. ......................................................



5. Budak téh nepi ka ceurik kanyenyerian kitu, naha (nanaonan, naonana, ku naon) cenah?



Dianteurkeun ku lanceukna sotéh lantaran teu ludeungeun.



8. ......................................................



6. Angkat ka Jogja téh badé (di saha, sareng saha, nu saha) ciosna énjing téh?



Budi, Tati, jeung Lina anu jadi arindit ka Jakarta mah.



9. ......................................................



7. Boga lanceuk téh bageur pisan (dikukumaha, dikumahakeun) duit téh teu weléh mere.



ti kamari ogé kuring mah geus bérés.



10. ......................................................



Di Jalan Bojongsoang.



10. Sakumaha



..................................................................................................................



Pancén 6



Pilih salah sahiji kecap pananya nu aya dina jero kurung pikeun ngalengkepan kalimah di handap!



1. (ka saha, nu saha, jeung saha) Budi indit ka sakolana? 2. Kudu dianteurkeun (ka mana, di mana, ti mana) ieu barang!



dikumahaan,



8. Cing tanya sing bener, rék (di mana, ku mana, ti mana) matuhna éta budak téh di Bandugna. 9. Na ari manéh tara-tara ti sasari, (ti iraha, iraha, nepi ka iraha) gawé téh ngan huleng jentul kitu. 10. Barang pétna ka bapana man tara hésé, rék (sabaraha, sakumaha,nu kumaha ) baé lobana nu dipikahayang ku urang teu burung ditedunan.



Pancén 7



76



Tuliskeun pananyana nu merenah dumasar jawaban nu aya dina unggal nomer ieu di handap !



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



D. Latihan Sanggeus hidep maca tilu carpon di luhur sarta nengetan pedaranana, ayeuna urang diajar nulis carpon. Saméméhna tengetan heula ieu padika keur ngarangna di handap. a) Téma bisa erkara naon baé. Bisa téma kulawarga, sosial, réligi, cinta, kateuadilan, jeung sajabana.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



77



Pangajaran 4 : CARITA PONDOK



Pangajaran 5 : WARTA



b) Ulah dimimitian siga dongéng. Maksudna, ulah maké kalimah “jaman baheula” atawa “kacaturkeun aya….”. Urang bisa ngamimitian ngarang carpon ku ngalukiskeun suasana, medar sipat tokohna, atawa nerangkeun kajadian nu keur lumangsung. Contona, “Dangdaunan téh aralum, siga haténa harita nu keur sedih…..”, jeung saterusna. Atawa, “Teu disangka-sangka éta kajdian téh kudu kaalaman ku manéhna…,” jeung saterusna. c)



Dina carpon mah ulah sagala dicaritakeun. Poko-pokona baé, atawa nu pentingna baé. Masing inget, lahan carpon mah heureut. Kajadianana kudu tunggal sarta konflikna ogé kudu basajan. Papadaning kitu, masalahna mah bisa gedé atawa rohaka.



d) Hésé ngamimitian ngarang? Euweuh ilham? Cenah bahan karangan keur carpon urang nu pangbabarina nyaéta pangalaman pribadi. Tapi lain hartina ukur catetan poéan (diary). Carpon mah – sanajan bahanna tina nu katemmpo, kaalaman, atawa karasa ku urang – angger kudu diréka deui minangka fiksi (hayalan).



Pangajaran 5



e) Sangkan carpon urang henteu monoton, selapan ku dialog antara tokoh-tokohna. Dialogna ogé cokot baé anu perluna. f)



Judulan karangan urang masing alus tur éta judul téh bisa ngahudang kapanasaran batur pikeun maca karangan urang.



g) Aya piwuruk Barnéji, pangarang sohor ti India, cenah “seuneu téh dilahirkeun ku seuneu, mustahil urang hayang ngahurungkeun obor ku cara ngabebeskeun éta obor kana lebu anu tiis”. Hartina, mun hayang bisa ngarang carita anu hébat, urang kudu maca karya anu harébat. Ku kituna, méméh ngarang alusna mah macaan heula carpon-carpon hébat. h) Prak ku hidep pigawé dumasar padika di luhur. sanggeus réngsé, alusna mah karya hidep jeung babaturan téh dihijikeun sarta dijilid, nepi ka boga antologi atawa kumpulan karya carita pondok meunang hidep jeung babaturan sakelas.



WARTA Kompetensi Dasar



3.5. Menganalisis isi, pola penyajian, dan unsur kebahasaan teks warta dari media massa cetak atau elektronik. 4.5. Menyusun teks warta berdasarkan pengamatan atau hasil wawancara sesuai dengan struktur dan kaidah kebahasaan.



78



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



79



Pangajaran 5 : WARTA



W



arta hartina sarua jeung béja. Kecap warta (basa Sansekerta) sok dikantétkeun jeung kecap berita (basa Indonesia) warta berita. Lemesna tina éta kecap warta nya éta wartos. Anu bakal dipedar ku urang nya éta warta anu aya dina média, boh citak boh éléktronik. Warta dina media citak nya éta dina koran, tabloid, atawa majalah. Boh koran boh tabloid atawa majalah sok disebut kalawarta. Kalawarta nya éta média cetak anu medalna maneuh (saban poé, saminggu sakali, atawa sabulan sakali). Warta dina média éléktronik ayana dina radio, televisi, atawa internét.



A. Bacaan Baca ieu conto berita di handap!



Drama Basa Sunda jeung Rumaja FESTIVAL Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari jeung Balai Pengelolaan Taman Budaya Jawa Barat,



80



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 5 : WARTA



lumangsung di Gedong Kasenian (GK) Rumentang Siang, Kota Bandung, 9 April 2017 mangkukna. Salila 20 poé, mimiti 20 Maret 2017, grup téater pelajar nu aya di sakuliah Jawa Barat jeung Banten téh makalangan, dibarung ku karesep jeung kadariaan. “Para patandang FDBS XVIII Ciamis, Karawang, Kabupatén Bandung karulem di GK Rumentang Siang. Hapunten adi-adi seniman, pamaréntah tacan tiasa nyayagikeun pamondokan,” kitu nu ditulis ku R. Dadi P. Danusubrata, pupuhu Téater Sunda Kiwari , dina akun facebookna tanggal 1 April 2017. Éta status téh marengan potrét para patandang anu keur pating galempar, ting galolér bari pasesedek di hiji rohangan (rohangan luhur) anu biasa dipaké latihan. Deudeuh teuing, ceuk anu ngoméntaran. Saking bélana ka Ki Sunda, tepi ka kituna, cenah. Tibra, tibrana mah, tapi éta téh bakating ku cape, ceuk Dadi deui, dina némbalan anu ngoméntaran. Enya, loba anu mangkarunyakeun ka éta para rumaja anu keur ting galolér, sarta manghanjakalkeun ku naon pamaréntah bet apilain kana masalah mondokna para patandang. Tapi, anu “dipikarunyana” mah, geuning, teu ieuh ngarasula. “Ah, resep wé drama téh. Ti SMP kénéh abdi sok maén drama téh. Kaleresan di SMP ogé aya ékstrakulikulér téater. Neraskeun ka SMA, sami deuih, aya ékstrakulikulér téater-na” ceuk Candra, salah saurang anggota Téater X ti MAN 1 Kota Bandung. Ku lantaran katalikung ku resep téa, najan kudu nandang “peurih” gé, ngagolér di mana baé, sakapeung teu inget kana ngeusian beuteung, teu ieuh jadi bangbaluh. Kaharti mun seug Festival Drama Basa Sunda Pelajar diiliuan ku 74 kelompok téater. Kawilang luar biasa keur ukuran festival téater mah, komo ieu téater pelajar, komo ieu téater Sunda. Ceuk pupuhu Téater Sunda Kiwari, R. Dadi P. Danusubrata, Festival Drama Basa Sunda Pelajar (FDBSP) téh ngahaja diayakeun pikeun nyumponan kahayang/kabutuh



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



81



Pangajaran 5 : WARTA



Pangajaran 5 : WARTA



kaom pélajar anu teu weleh sumanget dina bertéater, utamana téater Sunda. Dadi gé remen ngimeutan, ti saprak FDBS diayakeun taun 1990, para patandang téh lolobana ti kalangan pelajar. Nu matak, FDBS nu tadina mayeng diayakeun sakali jero dua taun téh, mimiti taun 2011 mah diayakeun ogé keur tingkat pelajarna. Ari dilaksanakeun selang sekar, sakali séwang: taun ieu diancokeun pikeun tingkat pelajar, taun hareup pikeun umum. “Nilik animo pelajar kana téater, sim kuring mingkin sumanget ngayakeun ieu féstival,” ceuk Dadi. Mun Nilik kana programna, Téater Sunda Kiwari lain saukur mayeng magelaran dina drama (modérn) basa Sunda wungkul, tapi ogé nganco kana masalah pembinaan. Paling copél, aya dua hal anu dilakukeun ku Téater Sunda Kiwari téh, nya éta ngamasarakatkeun Basa Sunda jeung drama dikalangan rumaja (pelajar). Lebah dieu, naon anu disorang ku Tater Sunda Kiwari téh geus aya hasilna. Tur hasilna matak nyugemakeun. Kabuktian, Féstival Drama Basa Sunda, ti taun ka taun téh patandangna nambahan baé. Kelompok-kelompok téater rumaja/pelajar, mingkin renung di unggal sakola, boh SMP boh SMA. Atuh ngaaprésiasi atawa nu ngalalajoanana ogé, ngabaud pantaran maranéhna. (Rosyid E. Aby, Galura_11 April 2017).



Pancén 1



Jawab pananya ieu di handap!



1. Naon tujuanana Téater Sunda Kiwari ngayakeun Festival Drama Basa Sunda pikeun para pelajar?



3. Naon sababna loba nu mangkarunyakeun ka para patandang Festival Drama Basa Sunda anu datang ti unggal daérah? 4. Para patandang Festival Drama Basa Sunda téh sasat teu kaperhatikeun ku pamaréntah, naon sababna? 5. Naha geus aya tarékah pamaréntah pikeun ngamajukeun kagiatan berkesenian, kayaning festival drama basa Sunda? 6. Nilik kana warta di luhur, kumaha kaayaan Téater Sunda Kiwari ayeuna? 7. Sajaba ti ngayakeun kagiatan Festival Drama Basa Sunda, kagiatan naon deui anu jadi program Téater Sunda Kiwari? 8. Tataan ku hidep aspék-aspék anu nuduhkeun yén wacana di luhur téh ngagambarkeun hiji warta anu ngandung unsur 5w 1h? Pangdeudeul jurnalis: wartawan, tukang néangan kabar keur ngeusian koran, majalah, jsté. kalawarta, majalah atawa surat kabar anu medalna maneuh (upamana poéan, mingguan, atawa bulanan), koran: (Wal) surat-kabar nu kaluar unggal poé, ngawartaan: lemesna tina ngawartosan, ngabéjaan, surat kabar: koran, lambaran keretas nu ngamuat béja-béja, jsté., dikaluarkeun unggal poé, warti, wartos: lemesna tina warta, warta: (Skt) lemesna wartos atawa warti; béja, kabar, wartawan, purah ngumpulkeun rupa-rupa béja keur eusi surat kabar, jsté. wartos, warti. wawar, ngawawarkeun, ngémbarkeun. wawaran, émbaran.



2. Naon buktina yén pelajar anu jadi patandang dina Festival Drama Basa Sunda kacida sarumangetna?



82



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



83



Pangajaran 5 : WARTA



B. Pedaran 1) Watesan Warta Kecap warta atawa berita asalna tina basa Sansekerta viritta nu hartina béja ngeunaan hiji kajadian atawa hal nu keur kajadian. Istilah warta dina jurnalistik dipaké pikeun ngalaporkeun kajadian nu eukeur atawa anu enggeus lumangsung. Warta téh bisa dibédakeun jadi sababaraha katagori, dumasar bobot eusina, lokasi peristiwana, sipatna, jeung topikna. Warta teu ukur nepikeun béja ngeunaan peristiwa kiwari jeung nu kamari, tapi deuih sakapeung mah sok mangaruhan ka nu narimana, boh nu maca boh nu ngaregepkeun. Umumna warta diwawarkeun dina media massa, kayaning surat kabar, majalah, radio, jeung televise. Malahan mah di jaman kiwari geus bisa dipaluruh dina internet. Sababaraha unsur anu perlu ditengetan dina hiji berita nyaéta: (1) midangkeun hal anu dianggap anyar, (2) peristiwa dianggap penting, (3) miboga ma’na keur masarakat, (4) miboga pangaruh ka nu maca, (5) aya hubunganana jeung jalma réa, (6) bisa dipercaya jeung teu jijieunan, (7) ngirut atawa matak resep lamun dibaca, sarta (8) luar biasa. Nepikeun hiji warta téh dipandu ku sababaraha kecap pananya minangka kaidah nu aya dina jurnalistik, kayaning what, who, when, where, why, jeung how (5W + 1H).



2) Jenis Warta Nilik kana wandana warta téh dibagi jadi sababaraha jenis. Dina ieu pangajaran mah anu diperdar téh ngeunaan warta jenis straight news jeung depth news. (a) Straight News Straight news disebut ogé warta langsung, nyaéta warta anu dipidangkeun dumasar kajadian nu sabenerna kalawan ngagunakeun basa nu lugas ngarah babari kahartina ku nu narima. Éta warta samodél kitu téh sok disebut ogé hard news atawa spot news. Warta nu judulna “Drama Basa Sunda jeung Rumaja” di luhur ogé dipandu ku kecap-kecap pananya kayaning naon, saha, iraha, dimana, naha,



84



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 5 : WARTA



jeung kumaha sabenerna hiji kajadian lumangsung, kalawan teu ditambah atawa dikurangan. Warta nu wandana kitu téh dina kaidah jurnalistik mah sok disebut straight news report, nyaéta nepikeun laporan ngeunaan hiji kajadian persis sakumaha nu kabandungan atawa pakta anu sabenerna, sarta ditulis ku basa nu singget tur basajan. Jadi warta nu di luhur téh ditulis dumasar kajadian anu lumangsung saenyana jeung saayana, teu ditambahan jeung teu dikurangan. Sawatara hal anu kudu diperhatikeun dina warta straight news, di antarana (1) beritana teu bisa ditunda, hartina kudu buru-buru atawa langsung harita kénéh diwawarkeun ka balaréa; (2) mentingkeun aktualitas atawa warta anu keur jadi bahan obrolan masarakat; (3) disusun ngagunakeun pola piramida tibalik, nyaéta hal inti ditulis leuwih awal; (4) sok disebut ogé breaking news atawa spot news; (5) diwangun ku 100-200 kecap; (6) ngabogaan tujuan pikeun nambah bahan informasi ka balaréa (publik). Geura tengetan conto warta Straight News ieu di handap.



HÉLARAN JAMPANA KOTA TASIKMALAYA 2013 Dina raraga miéling poé jadina Kota Tasikmalaya taun 2013 ieu direuah-reuah ku Hélaran Jampana. Ruteuna ti mimiti Bunderan Tugu Adipura, tuluy ngidul sapanjang jalan KHZ Mustofa nepi ka Lapang Dadaha. Helaran Jampana nu dilaksanakeun taun ieu seja mageuhkeun tékad pamaréntah pikeun “Sauyunan Ngarojong Pangwangunan ku Gawé Nyata sangkan Rahayat Kerta Raharja” Sajaba ti midangkeun rupa-rupa kasenian tradisional Sunda, sacara simbolis dina aleutan helaran dipintonkeun ogé hasilhasil pangwangunan ti unggal dinas. Anu harita milu ngaleut dina helaran téh di antarana waé dinas kacamatan, kesatuan bangsa, komunitas sapédah gowél, unsur BUMN, BUMD, OPD Setda Kota Tasikmalaya. Sajaba ti éta, aya pamilon hélaran ti warga Tionghoa,nu rampak maraké pakéan Sunda, kayaning kabaya, pangsi, jeung iket barangbang semplak. Aleutan helaran nu munggaran dipupuhuan ku Walikota katut Wakilna, dibarengan ku Sékda sarta réngréngan DPRD, para Kepala Dinas/Badan, alim ulama, sarta unsur Muspida Kota Tasikmalaya ngajugjug panggung kahormatan nu dipernahkeun di jalan parapatan Nagarawangi.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



85



Pangajaran 5 : WARTA



Pangajaran 5 : WARTA



Panitia nyadiakeun piala jeung layang pangajén pikeun pamilon helaran. Anu jadi Pinunjul I beunang ku Unit BPPT, Pinunjul II Dinas Kacamatan Tawang, sarta Pinunjul III Dinas Kacamatan Kawalu. Sedengkeun anu jadi Pinunjul kahiji dina Lomba kandaraan hias nyaéta ku Unit Perbankan, pinunjul kadua Bina Marga, jeung pinunjul katilu ku Asia Plaza. *** Uun Juharti, tina Manglé,Sept, 2013



Pancén 2



Cing pék tuliskeun ku hidep unsur 5W jeung 1H tina conto warta kana tabél ieu di handap!



5W+1H



“Drama Basa Sunda jeung Rumaja”



“Hélaran Jampana Kota Tasikmalaya 2013”



Naon Saha Iraha Di mana Naha Kumaha



(b) Depth News Depth news nyaéta warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok ditambahan ku informasi nu mangrupa pakta séjénna, nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian. Sawatara hal anu kudu diperhatikeun dina warta depth news, di antarana (1) bisa dipublikasikeun iraha waé, teu kauger ku waktu; (2) merhatikeun human interest (ngangkat aspek kamanusaan); (3) péréléan beritana ditulis kalawan luwes, henteu kaku; (4) teu aya watesan jumlah kecap; (5) sajaba ti nepikeun informasi, ogé sipatna ngahibur.



86



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Geura ilikan conto berita dept news ieu di handap. (1)



Gunung Padang Nganti nu Miara Ku Amra Iska (Sunda News, Cianjur) Gunung Padang lain barang anyar. Kasebutna gé situs megalit, nu hartina geus umuran. Gunung nu perenahna di Désa Karyamukti, Kacamatan Campaka, Kabupatén Cianjur téh; tug nepi ka danget ayeuna tacan puguh saha nu boga hak miarana. Najan perenahna di Cianjur, tétéla Dinas Kabudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Kabupatén Cianjur mah teu boga wewenang. Paling henteu kitu numutkeun katerangan ti Kasi Usaha Pariwisata Disbudpar Kabupatén Cianjur, Nénéng Rachman, ka wartawan, Selasa (26/3). “Satemenna pamaréntah Kabupatén Cianjur nuju ngantos-ngantos kacindekan posisina enggoning miara sareng ngabebenah situs Gunung Padang,” cénah. Sakanyaho Nénéng, nu boga hak miara situs Gunung Padang téh nyaéta Balai Pelestarian Peninggalan Purbakala (BP3) Sérang, Banten. Malah, najan kamekaran provinsi Banten ti Jabar geus sakitu lilana, pamaréntah tacan nyusun Perda patali jeung rétribusi wisatawan ka Gunung Padang. “Wisatawan nu lebet ka Kabupatén Cianjur téh dugi ka 460.934 urang. Lima persén di antawisna ti bangsa deungeun. Patali sareng rétribusi, Disbudpar Kabupatén Cianjur nuju narékahan ngawujudna peraturan désa. Margi wisatawan téh ngalangkungan jalur désa, nya kedah aya wé hasilna nu tiasa karaos ku masarakat,” cék Nénéng. Anapon pentingna Perda, taya lian ti pikeun nangtayungan situs nu ngandung sajarah kalintang luhungna—malah aya anggapan leuwih heubeul batan Piramid Mesir—sangkan teu ruksak teu pupuguh. Komo deui réa nu tacan kaguar, da masih dina panalungtikan kénéh.  (Sumber: http://www.sundanews.com/aos/seratan/)



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



87



Pangajaran 5 : WARTA



Pangajaran 5 : WARTA



“Unggal dinten bakal aya cirina. Iwal ti dinten Ahad, husus kanggé istirahat,” cék Wali Kota Bandung nu loma katelah Émil ka wartawan di Balé Kota, Jumaah (6/12/2013). Udagan Émil nerapkeun aturan micinta produk Bandung téh pikeun ngarojong kamekaran sakumna pengrajin di Bandung. Sapatu Cipaduyut upama. Hanas masarakat henteu tuhu kana kahayangna, Émil teu leutik haté. Rék terus jejem dina pamadeganana. “Sadayana program teu tiasa pok torolong, sareng teu langsung hasil dina waktu anu singket. Peryogi waktos sareng tahapan-tahapan dina nyorang prosésna. Pami tos sataun, nembé tiasa kaukur naha kawijakan téh hasil atanapi henteu,” pokna deui. (Sumber: http://www.sundanews.com/aos/seratan/)



[Potret: jabar.tribunnews.com]



Situs Megalit Gunung Padang. 



Conto warta nu judulna “Gunung Padang Nganti nu Miara” jeung “Rebo Nyunda, Kemis Énglish, Jumaah Bersepédah, Saptu Cinta Produk Bandung” minangka conto depth news, nyaéta sajaba ti ngabéjakeun nu sabenerna, ogé ditambahan ku hasil obsérvasi atawa nalungtik nu nulis tina sababara sumber sangkan informasina leuwih jelas jeung leuwih lengkep nepina ka nu maca, sanajan eusina pondok.



(2)



Rebo Nyunda, Kemis Énglish, Jumaah Bersepédah, Saptu Cinta Produk Bandung







Pancén 3 Cing pék tuliskeun ku hidep bagian tina warta kahiji jeung kadua di luhur unsur 5 W jeung 1H -na!



ku Amra Iska (Sunda News, Bandung) Dina mangsa Kota Bandung dipingpin ku Dada Rosada, turun aturan nu ngawajibkeun nyarita basa Sunda unggal poé Rebo di Bandung. Ku Walikota nu ayeuna, Ridwan Kamil, éta kawijakan téh dilegaan, nyaéta Rebo Nyunda. Hartina, lain baé basa, tapi sagala rupa nu patula-patalina jeung Sunda. Lian ti Rebo Nyunda, Ridwan Kamil ngasongkeun kawijakan Kemis Énglish, Jumaah Bersepédah, jeung Saptu micinta produk Bandung deuih. Atuh pon kitu kénéh jeung poé Senén katut Salasa, bakal ditéangan ciri hasna.



5W-1H



“Gunung Padang Nganti nu Miara”



“Rebo Nyunda, Kemis Énglish, Jumaah Bersepédah, Saptu Cinta Produk Bandung”



Naon Saha Iraha Dimana Naha Kumaha



88



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



89



Pangajaran 5 : WARTA



Pangajaran 5 : WARTA



3) Basa nu Dipaké dina Warta Sunda Basa Sunda anu dipaké dina karya jurnalistik téh kudu anu komunikatif, tapi lain hartina bisa sakama-kama. Ari sababna dina basa Sunda téh aya aturan, tepi ka urang bisa nyindekkeun yén anu keur dibaca/didéngékeun téh basa Sunda, lain basa séjén. (a) Pulisi nyetop motor tanpa kaca spion, terus ngaluarkeun surat tilang. (b) Polisi menyetop motor tanpa kaca spion, terus mengeluarkan surat tilang. Tina éta conto sidik yén kalimah dina basa Sunda téh anu (a). Ari kalimah (b) mah basa Indonésia. Anu jadi ciri poko basa Sunda téh ayana dina adegan atawa struktur, boh kecap boh kalimah. Geura urang bandingkeun: (a) Pakarangan imah-imah di Cicadas heureut. (b) Pakarangan imah di Cicadas hareureut. Najan ngagunakeun kekecapan Sunda, tapi kalimah (a) téh dianggap lain struktur basa Sunda, sabab kapangaruhan ku struktur basa Indonésia. Geura urang bandingkeun jeung kalimah ieu: (c) Sawaréh deui mah nu ngajarugjug ka Curug Cipurut téh bisa ngahajakeun manéh sina diragragan cai curugna pisan nu semu bahé ninggang kana awak tina sungut curug nu luhurna ti panyurugan aya kana 20 méterna. (d) Najan geus hohopéngan jeung gegedén Éropa ogé, angger waé Osama bin Laden téh ku Amerika mah diwontidkeun. Katangen ku urang, najan kalimah (c) ngagunakeun ungkara basa Sunda, tapi ana dibaca téh karasa teu nyunda. Béda jeung kalimah (d) anu sanajan aya unsur kecap asing (hopéng tina basa Cina, jeung wontid tina basa Inggris, wanted) angger karasa nyunda, sabab ngagunakeun struktur Sunda. Ana kitu, dina nyusun karya jurnalistik Sunda téh urang ulah katalikung ku ungkara/kecap/ istilah, da anu kudu jadi cecekelan urang mah lebah ngalarapkeun strukturna. Alus pisan mun urang bisa ngasupkeun kecap/ungkara/istilah anyar tina basa séjén, sangkan basa Sunda tambah ngabeungharan, tapi ulah tepi ka nimbulkeun pabeulit harti. Geura contona: (e) Moal cukup satreuk pasir pikeun némbok ruang tukang téh, sabab luas pisan. (f) Kudu bangga jadi urang Sunda téh, tur kudu bisa ngalastrikeun warisan karuhun.



90



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pancén 4



Téangan conto warta straight news jeung depth news séjénna dina koran atawa majalah: (a) tuliskeun ngaran majalah atawa koranna, waktu medal, jeung kacana; (b) tuliskeun eusi wartana sarta nu nulisna; (c) tuliskeun unsur-unsur 5w jeung 1h nu aya dina éta warta. (d) paluruh basana, naha geus merenah atawa acan, Hég tuliskeun basa anu teu merenahna, tuluy benerkeun kumaha kuduna!



4) Berita Radio jeung Televisi Sajaba ti warta tulis anu médiana mangrupa koran (surat kabar), tabloid, atawa majalah, aya ogé warta nu ditepikeun lisan dina radio atawa televis. Warta nu ditepikeun dina radio leuwih ngutamakeun lentong, teu merlukeun réngkak jeung pasemon da moal katingali ku nu ngaregepkeun. Tapi, berita nu ditepikeun dina televisi mah, salian ti lentong, pasemon ogé kudu ditalingakeun, sajaba ti teu kudu nempo kaméra salila nepikeun éta eusi warta. Sanajan ditepikeunana ku cara lisan dina radio atawa televisi, angger kudu merhatikeun basa tulis. Dina nuliskeun eusi berita sajaba ti kekecapanana kudu merenah, ogé kudu merhatikeun kaidah-kaidah basa tulis, sabab upama salah ngalarapkeun kecap jeung aturan ngagunakeun kaidah basa tulis bakal mangaruhan kana harti atawa maksud eusi warta nu ditepikeun. Pék tengetan deui ieu di handap conto berita nu ditepikeunana dina radio jeung televisi. Conto Berita radio Wartos-wartos salajengna. Dina raraga ngamumulé budaya Sunda, Walikota Bandung geus ngaluarkeun aturan anyar nu eusina nganjurkeun ka sakumna pelajar jeung mahasiswa sangkan maraké pakéan adat Sunda unggal poé Rebo.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



91



Pangajaran 5 : WARTA



Pangajaran 5 : WARTA



Pikeun pelajar putra disaran­ keun maké pakéan sabangsa pangsi jeung iket. Pelajar putri maké kabaya. Ieu aturan téh minangka komitmen Walikota dina ngalaksa­ nakeun program ngaronjatkeun raga katineung para pelajar kana budayana sorangan. Ku cara kitu, dipiharep para pelajar ngabogaan sikep nu hadé kana budayana sorangan, anu https://www.google.co.id/siaran+radio ahir-ahir ieu ku geus kadéséh ku nerekabna budaya deungeun. Sajaba ti éta, Walikota Bandung dina Apél Bendéra poé Senén tadi negeskeun sangkan aparan pamaréntah kota ogé ajeg jeung leuwih daria dina ngalaksanakeun program ngagunakeun basa Sunda unggal poé Rebo, boh dina suasana resmi boh teu resmi.



Pikeun ngahontal éta juara, para pamaén ti dua kasawelasan geus digembléng ku masing-masing pelatihna. Pajoang Si Kulit Buleud Nasional nu geus dibekelan ku rupa-rupa téhnik dribbling jeung passing ieu nargétkeun unggul 1-0 ti lawanna, anu basa dua minggu ka tukang kungsi adu hareupan di Stadion Bung Karno, kalawan unggul 5-0. Kabandungan di layar tele­visi pamiarsa, para pamaén ti dua kasawelasan geus mimiti arasup ka lapangan pikeun ngalakukeun pamanasan kalawan dipapag ku salusurakan nu ayeuh-ayeuhan ti para suporter anu ngabobotohanana. Pamiarsa, wasit nu mingpin ieu duél maut dua kasawelasan pikeun nangtukeun juara tingkat Asean ieu téh didatangkeun ti India. Dipiharep kapamingpinan wasit dina ngajalankeun tugasna teu nogéncang.



Pancén 5



Conto berita televisi Pamiarsa di mana waé ayana, luyu sareng jadwal pertandingan, wengi Senén ayeuna, tabuh tujuh waktu Indonesia bagian kulon urang baris nyaksian kumaha tapisna Tim Nasional U-13 nu baris tandang makalangan ngalawan Tim Singapura. Ieu Tim Umur 13 nu digembléng ku Pelatih nu tiis leungeun téh dipiharep bisa ngunggulan lawanna. Parapamaén nu masih kénéh belekesenteng ieu téh dipilih ti unggal provinsi nu aya saantéro Nusantara.



92



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Téangan conto berita basa Sunda séjénna dina radio atawa télévisi, (a) tuliskeun ngaran radio jeung télévisina, waktu siarana, ngaran acarana, jeung nu maca beritana; (b) tuliskeun eusi warta katut nu macana; (c) tuliskeun unsur-unsur 5w jeung 1h n uaya dina éta warta!



5) Kalawarta Basa Sunda Upama nyaritakeun sajarah pers basa Sunda tangtu waé panjang. Kalawarta nu pangangteurna ditulis dina basa Sunda téh kacida réana. Kalawarta Sunda anu pangkolotna nyaéta Tjahya Pasoendan (1911) mangrupa majalah tengah bulanan nu alamat jeung kantor tata usahana aya di Bandung. Sajaba ti éta aya Papaes Nonoman (1914-1919), nu dipedalkeun ku paguyuban di Batavia, mangrupa majalah anu eusina ngeunaan élmu pangaweruh, basa, sajarah, jeung sajabana.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



93



Pangajaran 5 : WARTA



Pangajaran 5 : WARTA



Pancén 6



Téangan conto koran atawa majalah basa Sunda anu kiwari masih kénéh medal, tulis ku hidep judu-judul beritana anu aya dina éta koran atawa majalah!



C. Aspék Kabasaan Kungsi deuih medal majalah mingguan Mingguan Padjajaran (19151920) ku Pagu­ yuban Pajajaran nu dipingpin ku Darma­ kusuma jeung redakturna Muh. Sanoesi. Dina taun 1921-1922 medal Mingguan Siliwangi ku Paguyuban Siliwangi di Bandung, anu pingpinan redaksina Kosasih Soerakoesoemah jeung Redsaksi pelaksana E. Bratakoesoemah. Sabenerna mah masih kénéh loba koran jeung majalah basa Sunda anu medal baheula téh, ngan moal ditataan hiji-hijna. Ieu mah minangka conto waé ngarah jadi pangaweruh pikeun hidep. Kalawarta basa Sunda anu masih medal maneuh nepi ka kiwari nyaéta majalah Mangle (1956 nepi ka kiwari), mingguan tabloid Galura medal 1972 nepi ka kiwari, majalah Cupumanik, Sunda Midang, Sora, jeung Cahara Bumi Siliwangi



Kecap Pangantét Hareup di-, ka-, ti-



KELAS XI



ti,



jeung



Rarangkén



Dadi gé remen ngimeutan, ti saprak FDBS diayakeun taun 1990, para patandang téh lolobana ti kalangan pelajar. Dina cutatan di luhur, dina kecap tisaprak, kurang kecap pangantét. Dina tata basa Sunda sajaba ti (ti) aya deui (ka) jeung (di). Nurutkeun tatabasa éta téh kaasup golongan kecap pangantét. Ari pungsina pikeun nuduhkeun posisi nu patali jeung kecap sapandeurieunana. Jadi diteundeunna salawasna saheulaeun nu dituduhkeun posisina téa. Nuliskeun kecap kantétan kudu dipisahkeun tina kecap anu aya dapandeurieunana. Béda jeung rarangkén hareup, anu nulisna dihijikeun. Geura iliksan contona ieu di handap



di, ka, ti



Rarangkén di-, Hareup ka-, ti-



BAHASA SUNDA URANG



ka,



Perhatikeun cutatan ieu wacana di handap.



Kecap Pangantét



94



di,



dituturkeun ku kecap barang, tempat, atawa nu patalina jeung waktu



di Bandung, di jero, di luar, di kénca, jsté. ka langit, ka pasar, ka kulon, ka imah, jsté. ti ayeuna, ti tadi, ti kamari, ti ditu, jsté



Saupama dirundaykeun jeung kecap séjén ngawangun kecap pagawéan, kecap barang, jeung kecap sipat.



dibaju, dicepeng, ditanya, jsté. Kanyaho, karesep, kanyeri, jsté. titajong, tikusruk, tibalik, jsté. BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



95



Pangajaran 5 : WARTA



Pangajaran 5 : WARTA



Pancén 8



Pancén 7



Tengetan kecap-kecap nu ditulis déngdék, sarta benerkeun saupama nulisna teu merenah! Salah



1. 2.



3.



4. 5. 6. 7. 8. 9. 10.



96



Di pasar di jaga diunggal lawang ku pulisi jeung tentara, sabab aya jongko nu ka bongkaran dijuru dibeulah kidul. Dipéngkolan jalan kacibabat, aya mobil di adu, da ku supirna di balapkeun dijalan anu sakitu mitesna. Éta mobil nu di paké téh di angkut ku mobil dérék. Kamana budak téh nya, sok sieun ulin kajalan gedé, bisi ka tubruk béca, hég keur meujeuhna ramé ari wayah kieu mah didinya téh. Basa kamari kakebon teu kanyahoan aya cucuk salak can ka piceun, ana gejos téh ka cugak, suku téh baloboran ku getih. Timana manggung awi meuni ti beberegég kitu, kadé bisi ti solédat balas hijan tikamari teu eureun-eureun. Titatadi ngadagoan nu tigarut, melang bisi mobilna, di tilang ku pulisi lantaran suratsurat ka bawa ku kuring. Ku kuring di tanyakeun kamanéhna, naon anu di pikahayang téh. Upama balik tibandung, ulah poho nya mawa oléh-oléh. Ari di bilang deui mah, lobana hayam téh beut asa kurang hiji. Baju nu di beuli kamari dipasar Ciparay téh luntur geuning ari di seuseuh mah.



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI







Paluruh dina wacana ieu di handap, mana anu kaasup kana kecap pangantét di, ka, ti, jeung anu kaasup kana rarangkén hareup di-, ka-, ti-.



Kuduna



Anu kaasup kana Sempalan wacana



Kecap pangantét



Rarangkén hareup



1. Henteu kuat manéhna nahan kasedih anu nyelek dina dirina, lantaran ditinggakeun ku baturna. 2. Enya mimitina mah kitu. Tapi sabulan ka tukang, toko kuéhna tutup. Keur Ibu bingung aya nu nawaran babantu di bumina ibu Agnés, 3. Indungna sorangan anu nga­ dongéng. Matak peutingna Rita protés ka indungna. 4. Ti mimiti bapana Rita henteu aya di kieuna, béaya hirup sapopoé téh bener-bener saat. Tabungan titinggal bapana Rita beuki lila beuki orot, tungtungna mah henteu nyésa pisan. 5. Tapi naon anu dipikasieun téh ayeuna kajadian. 6. Asa katurug katutuh hirup téh. Hulang-huleng, asa tungkeb bumi alam nungkulan pamajikan nu geus lila geringna. Kawas nu dipupul bayu, teu bisa hudang-hudang acan. Teuing naon ari kasakitna mah, ngan nu pasti mah parna matak kitu gé.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



97



Pangajaran 5 : WARTA



7. Si Bungsu nu ti tadi ningalikeun lanceuk jeung indungna, siga aya nu ditahan. Piceurikeun. Teu karasaeun cipanonna geus nyangkrung na kongkolak panonna. Clak kana pipina. 8. Saur ustad nu katilu mah, teu sawioswios urang sasadiaan lombang kanggo kuburan urang nyalira, sok sanaos engkéna teu kaanggo ku urang gé. 9. Terah ménak nu kayungyun ku béréhanana. Adatna resep nulung ka nu butuh, nalang nu susah. Nanging duka iraha pupusna. Katingalna salirana jagjag waringkas kénéh. 10. Taneuh nu dikeduk beuki luhur, lombang beuki jero. Taneuh meunang macul dikaluhurkeun, teu urug deui ka handap da dihalangan. Ku dikeureuyeuh mah, panyaeuran dina lombang téh kakeduk sadayana.



D. Latihan Nuliskeun warta hasil wawancara Ayeuna hidep latihan nulis warta hasil wawancara. Katangtuanana ieu di handap. 1. Jieun kelompok anu anggotana ulah leuwih ti lima urang. 2. Unggal kelompok kudu ngayakeun wawancara jeung salah saurang narasumber. Topik wawancarana bébas, tapi alusna mah ngeunaan masalah anu aya disabudeureun urang baé.



Pangajaran 5 : WARTA



4. Mun geus paheut jeung narasumber, pék lakukeun wawancara. Ulah poho rékam hasilna. 5. Saméméh dituliskeun, pék édit heula hasil wawancara téh siga conto di luhur! 6. Tuliskeun éta hasil wawancara. Bisa dina wangun tanya jawab, atawa dina wangun artikel naratif. Ulah poho, gunakeun éjahan jeung tanda baca anu merenah. Ulah poho deuih judulan sing alus. Tengetan contona di handap! (1) Warta hasil wawancara nu ditulis dina wangun narasi. Warta hasil wawancara anu ditulis dina wangun artikel naratif mah ilahar nu sok kapanggih ku urang di koran atawa majalah baé. Upamana, ieu handap hasil wawancara Astri bisa dituliskeun kieu:



Ramlan Si Pinter nu Humoris Ramlan téh béntang pelajar di sakola mah. Budakna pinter, tapi henteu sombong. Malah soméah pisan ka sasaha ogé. Lian ti éta mun diajak ngobrol téh pikaresepeun, lantaran sipatna anu humoris. Unggal taun Ramlan mah juara kelas baé. Can lila Ramlan dikirim ka provinsi, miluan olimpiadeu matematika tingkat SMP. Balikkna meunang gelar juara deui baé. Kumaha cara diajar Ramlan nepi ka jadi budak pinter? Horéng diajarna mah cenah biasa baé. Sapoé rata-rata dua jam diajarna téh. peuting jeung waktu subuh. Tapi dilaksanakeun unggal poé. Naha dipapaksa ku indung bapana? “Ah henteu, sok maksakeun nyalira baé. Mamah sareng Bapa mah ukur masihan sumanget,” pokna basa diajak ngobrol di kantin sakola, anyar-anyar ieu. Prinsipna dina diajar alus pisan. Ramlan ngaku yén dirina lain budak jenius, tapi saha baé bisa jadi pinter lamun daék jeung rajin diajar. Paribasa Sunda anu unina cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, ku Ramlan mah diamalkeun pisan.



3. Pék rencanakeun kumaha pertanyaanana, iraha waktuna, jeung di mana wawancarana.



98



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



99



Pangajaran 5 : WARTA



Pangajaran 6 : NOVEL



(2) Warta hasil wawancara nu ditulis dina wangun tanya jawab (dialog) Dina wangun tanya jawab mah kari nuliskeun kumaha pertanyaanana, jeung kumaha jawaban ti narasumber. Tapi henteu kudu sakabéhna ditulis. Alus lamun ku urang diédit deui, bari dipilihan mana omongan-omongan anu dianggap penting ku urang. Upamana, dina obrolan aslina kieu: Astri



: Ok, Boss. Serius ayeuna mah nya. Ari sadinten sabaraha jam Ramlan diajar?



Ramlan : Rata-rata dua jam. Sajam sateuacan kulem sajam deui sabada gugah kulem. Astri



: Wengi sareng subuh nya?



Ramlan : Muhun. Astri : Sok dipapaksa ku Mamah atanapi Bapa upami ngapalkeun?



Pangajaran 6



Ramlan : Hé hé, dipapaksa kawas budak TK baé. Henteu atuh As, sok maksakeun nyalira baé. Rumaos abdi téh bodo, jadi kudu getol ngapalkeun. Mamah sareng Bapa mah ukur masihan sumanget.



NOVEL Kompetensi Dasar



3.6. Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan novel 4.6. Menyajikan hasil analisis novel melalui berbagai media (seperti bagan, cerita bergambar, animasi) dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan.



100



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



101



Pangajaran 6 : NOVEL



Pangajaran 6 : NOVEL



Sempalan Novel 1



Prasasti nu Ngancik dina Ati (Popon Saadah)



N



ovel kaasup salah sahiji carita rékaan (fiksi), eusi jeung jalan caritana panjang tur loba bagianana. Novel ogé diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalalakonna loba, mangsa anu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna. Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui.



A. Bacaan



Pék baca ieu sempalan novel “Prasasti Nu Ngancik dina Ati” di handap sarta imeutan saha waé palakuna, di mana waé kajadianana, iraha lumangsungna, kumaha jalan caritana, naon témana, jeung naon amanatna!



102



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun. “Éta téh buku énggal? Tanya manéhna. “Yup!” “Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!” “Pamasihan.” “Pamasihan saha?” Teu dijawab. “Ooooh.. pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?” Manéhna ku kuring ukur dirérét. “Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!” Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun. “Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.” Manéhna mencrong kénéh. “Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan,” kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna. “Mani perhatian pisan nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui. “Ya… gitu déh,” ngajawab téh asal engab. “Sering masihan bukuna?” “Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun manéhna langka masihan, badé kumaha?” Bari panon mah anteng kana bacaan. “Ati-ati. Ulah asal nampa kitu waé!” Kuring teu ngarti kana maksud éta caritaan. Naon anu dimaksud ku Pras kudu ati-ati téh? Da Fauzan ogé lain jalma saliwat atuh. Geus dua taun kuring deukeut jeung manéhna téh, najan ukur reureujeungan di kampus wungkul.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



103



Pangajaran 6 : NOVEL



Ada apa denganmu, Pras? cekéng bari neundeun novel nu keur dihanca kana méja, satengah dialungkeun. Hélok ku sipat manéhna nu poé ieu ngadak-ngadak jadi céréwéd. “Teu kedah ngiring riweuh kana urusan Rin lah!” kuring keuheul kénéh ku paripolah manéhna kamari basa panggih jeung Margarét di ondangan. Ku sok nyungkelit nya ieu hate téh. “Ada apa pula denganmu, Rin?” témbal manéhna. “Pras wajib nyaho kana sagala urusan Rin!” cenah deui bari rada molotot. “Wajib? Naha make wajib? Jeung diwajibkeun ku saha?” Kuring gé jadi hayang molotot. ”Biasana gé kitu pan? Urusan Rin jadi urusan Pras. Tugas-tugas Rin jadi pagawéan Pras!” cenah asa meunang. Pédah dina sagala hal kuring teu weléh dibantuan ku manéhna. Ka tugas-tugas kuliah dibantuan ku manéhna. Tapi kapan matak wani ngumaha gé bongan manéhna sok ngahaja nawarkeun jasa ti heula. “Éta mah kamari jeung kamarina deui. Ti mimiti ayeuna teu bisa kitu. Rin hoyong diajar mandiri!” “Mun aya nanaon ka diri Rin kumaha?” Manéhna molotot kénéh. “Nanaon naon? Tong melang tong hariwang, dan réréncangan Rin mah sadayana gé balageur, teu aya nu jahat.” “Bisa wé mimitina mah bageur!” cenah. “Bisa wé jalma nu salila ieu katingalina bageur gé, tétéla teu bageur!” bari nyindir kitu téh kuring muncereng kénéh. Ari sugan, heueuh wé rék ngajak paséa tingkah téh, boro geus ngawahan. Horéng kakara dilawan kitu gé kaburu éléh. Manéhna langsung jempé. Tuluy cicing salila-lila, kawas aya nu keur dipikiran. Ras inget kana kabélana. Sestina ieu hate kacida sieunna mun Prasasti katutuluyan ngamusuhan. Mangkaning nya jirim nu ieu pisan nu teu weléh mapaésan impian hate. Nya jirim nu ieu pisan anu mawa éndah dunya im­ plengan téh. Gap leungeun katuhuna dirawél, saterusna diteueulkeun kana tarang sorangan, siga mun salam ka guru kuring baréto baha keur di SMA. “Pras, hapunten Rin nya, Pras…” Nyarita kitu téh bari ngahaja semu ngahelas, ngarah ngaherukna teu katutuluyan. Manéhna nyarita kalawan logat nu karasa asing ceuk ceuli kuring, “Satikosna ahu sangat sonang tu ha ito malobihi apapun. Boasa ito dang héa mengerti hatakon?” Nyél haté téh keuheul. Kuring asa keur digeuhgeuykeun diheureuykeun make basa nu teu weléh matak teu pikahartieun.



104



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 6 : NOVEL



Pok deui deui manéhna nyarita ditompokeun kana ceuli, “Rinéga, boasa ito dang héa mengerti hatakon? Boasa Rin? kalawan logat ledok Batak Toba. “Naon hartina?” tanya kuring. Keur keuheul gé teu burung panasaran kana ma’na kalimah nu diucapkeun ku manéhna cikénéh téh. Atuda katempo nyarita kituna téh bangun nu bari dirarasakeun. “Kedah ngartos atuh, Rin…,” cenah. Leuleuy ayeuna mah, sarta logat nyaritana balik deui kana lentong Sunda. “Sing émut, Pras, Rin sanés margarét!” cekéng, bari sedih. Saha jelemana nu rido disaruakeun jeung nu séjén bari éta nu séjén téh hiji awéwé nu meleng-meleng dianggap sainganana. “Naha bet nyabit-nyabit waé Margarét? Pras mah geus teu aya hubungan nanaon deui jeung manéhna téh. Rin kedah terang, Margarét mah carita lawas nu geus laas!” Najan nyaritana tandes, kuring teu gancang percaya kitu waé. Sabab, hate jelema mah kapan jero alah batan sagara nu pangjerona. “Jelas, Rin? Tanya manéhna, sabada nempo kuring ngahuleng salilalila. “Teu acan.” “Naonna nu teu acan téh?” “Ari basa Batak nu nembé diucapkeun ku Pras naon hartosna? “Ooh éta…” Manéhna bari jeung gagaro sirah heula. “Naon, Rin teu sabar. “Mmm … hartosna… Iraha-iraha urang ka uleman deui,” cenah bari seuri. “Bohong ah!” Kuring teu percaya, maenya hartina ukur kitu? Padahal dina ngucapkeunana tadi manéhna kacirina daria pisan. “Engké ogé ngartos lah,” cenah. Jung cengkat, tuluy ngaléos ka luar, ngadon asup deui ka imahna. Sigana ngahaja ngajauhan sangkan kuring teu tatanya papanjangan. Sajongjongan kuring ngahuleng sosoranganan. Lain gé Prasasti atuh lamun eusi hate katut sikepna ka kuring salila ieu gampang ditarjamahkeun mah. Atawa… kuringna waé anu belet, nepi ka can bisa kénéh nyieun kacindekan ngeunaan hal éta. Jadi ras inget kana Prasasti Kawali. Basa sawatara taun ka tukang jarah ka Kabuyutan Kawali Ciamis, kuring kacida katajina ku éta batu patilasan, tapi sama sakali teu ngarti naon ma’na di balik aksana katut basa Sunda kunona. Tah Prasasti nu ieu gé keur kuring mah teu béda ti prasasti Astana Gedé téa, pinuh ku teka-teki. Naha kuring bakal mampuh nafsirkeun sikep anjeun, sakumaha arkéolog mampuh nyurahan tulisan nu kaunggel dina Prasasti Kawali, Pras?



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



105



Pangajaran 6 : NOVEL







Pancén 1 Dina sempalan novel nu judulna “Prasasti nu Ngancik dina Ati” di luhur diwangun ku unsur-unsur palaku, latar, jalan carita, téma, jeung amanat. Pancén hidep ayeuna maluruh nu aya dina éta unsur ku cara ngajawab pananya ieu di handap! Saméméh maluruh unsur-unsur dina éta sempalan, pék téangan Kecap-kecap naon waé anu teu kaharti dina éta novel. Pék tuliskeun ku hidep sarta téangan hartina dina kamus!



1. Nurutkeun hidep, saha waé nu jadi palaku dina éta novel? 2. Saha anu jadi palaku utamana? Naha? Naon nu jadi tinimbangan hidep? 3. Ceuk hidep, kumaha watek unggal palaku dina éta novel? 4. Kumaha hubungan antara palaku dina éta novel? 5. Di mana waé kajadian dina éta carita téh lumangsungna? 6. Iraha kajadianana? 7. Kumaha suasana? 8. Ngagunakeun alur naon pangarang dina nyaritakeun éta novel? 9. Naon téma nu dicaritakeun dina éta novel? 10. Amanat naon anu hayang ditepikeun ku éta pangarang novel?



B. Pedaran (1) Wangenan Novel Novel téh nyaéta carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna téh.



106



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 6 : NOVEL



Upama hidep maca novel bakal manggihan nu disebut téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa. Nu kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsik nu aya novel. Téma nyaéta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji carita. Téma mah loba rupana, tapi téma biasana moal jauh tina kahirupan nyata. Ku kituna sangkan nyaho téma naon nu aya dina carita, urang kudu paham heula kana eusi, tokoh, watek, situasi, jeung galur caritana. Teu kabéh pangarang nembrakkeun téma sacara langsung dina karyana. Galur kaasup unsur anu penting dina hiji carita. Lantaran dina galur aya runtuyan kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta nu némbongkeun sabab-akibat kajadian dina carita. Dina galur atawa alur téh aya nu disebut Konflik, nyaéta interaksi antara dua karakter atawa leuwih, atawa interaksi hiji karakter jeung lingkungan sabudeurna. Upama éta konflik geus nepi kana puncakna disebutna téh Klimaks. Palaku nyaéta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita. Nilik Jenisna mah aya nu disebut palaku utama jeung palaku tambahan. Dina guluyuran carita sok ditémbongkeun ogé watek atawa pasipatan palaku. Aya palaku nu watekna angger, aya ogé nu robah-robah tina alus jadi goréng atawa sabalikna. Latar nyaéta lingkungan sabudeureun kajadian nu lumangsung dina hiji carita. Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat ngagambarkeun di mana kajadian dina carita lumangsung, sedengkeun latar waktu mangrupa waktu iraha kajadian dina carita lumangsung. Puseur sawangan atawa point of view ngandung harti (ku saha) dicaritakeunana éta karangan atawa titik caturan. Aya dua cara nu biasa digunakeun dina fiksi saperti novel, nyaéta (1) caturan jalma katilu, nyaéta pangarang aya di luareun carita, para palaku disebut ngaranna, atawa ngagunakeun kecap sulur “manéhna”, “maranéhna”; (2) caturan jalma kahiji nyaéta juru catur aya di jero carita, sok jadi palaku carita, ngagunakeun kecap sulur “kuring”. Gaya basa nyaéta cara ngungkapkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa nu has anu némbongkeun pribadi pangarang. Pangarang mindeng maké gaya basa dina karyana sangkan karasa leuwih éndah. Asupna novel kana sastra Sunda téh pangaruh sastra barat, utamana Walanda. Novel munggaran dina sastra Sunda nyaéta Baruang ka nu Ngarora karangan Daéng Kanduruan Ardiwinata (D.K. Ardiwinata), terbit taun 1914. Upama dibandingkeun jeung novel munggaran dina sastra Indonesia, Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar, anu terbit 1920, leuwih ti heula genep



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



107



Pangajaran 6 : NOVEL



taun. Jadi kurang mérénah upama novel dina sastra Sunda téh mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia.



(2) Papasingan Novel Novel Barudak Novel barudak nyaéta novel anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak. Masalah anu dicaritakeunana, masalah anu raket patalina jeung kahirupan barudak. Kitu deui dina cara nyanghareupan jeung ngaréngsékeun éta masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa barudak. Palaku utamana ogé barudak deuih. Umumna novel barudak dina sastra Sunda, ngan palaku utama jeung masalahna anu “barudak” téh. Tapi dina lebah cara mikir jeung cara ngaréngsékeun masalahna, sacara kajiwaan, henteu cara umumna barudak. Lebah dinyana mah ibarat jalma déwasa maké awak budak. Novel barudak jeung pangarangna dina sastra Sunda, di antarana: • Samsudi: Budak Teuneung, Budak Minggat. • Tatang Sumarsono: Miang jeung Kaludeung, Si Paser. • Hidayat Soesanto: Guha Karang Legok Sari, Bima Rengkung, jeung seri carita wayang tina Mahabarata, jrrd. • Dian Hendrayana: Béntang Hariring Novel Rumaja Novel rumaja nyaéta novel anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja. Kitu deui palaku utamana ogé pararumaja. Di urang novel rumaja téh henteu loba. Sawatara conto novel rumaja nyaéta Cinta Pabaliut karangan Éddy D. Iskandar, Rini karangan Yoséph Iskandar, jeung Lalangsé karangan Aam Amilia. Novel Déwasa Novel déwasa tangtu baé diajangkeun pikeun bacaeun anu geus déwasa (sawawa). Eusina nyaritakeun masalah-masalah jalma anu geus déwasa. Kitu deui jeung palaku utama. Dina sawatara novel aya bagianbagian anu kurang mérénah upama dibaca ku barudak. Upama baé bagian anu nyaritakeun peuting munggaran Karnadi jeung Eulis Awang dina novel



108



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 6 : NOVEL



Rusiah nu Goréng Patut beunang Yuhana jeung Sukria; adegan oconna Néng Éha jeung Kosim di jalan sepi dina novel Lain Éta karangan Moh. Ambri.



(3) Dumasar témana jeung masalah anu dicaritakeunana Novel Sunda bisa dipasing-pasing jadi: (a) Novel Cinta Novel cinta nyaéta novel anu eusina nyaritakeun cinta silih asih (asmara) palaku utamana. Contona: Lain Éta karangan Moh. Ambri, Cinta Pabaliut karangan Éddy D. Iskandar, Lalangsé karangan Aam Amilia, Mikung karangan Abdullah Mustappa, jeung Manéhna karangan Syarif Amin. (b) Novel Psikologi Novel jiwa nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utamana. Contona: Arca beunang Ningrum Julaéha. (c) Novel Misteri Novel misteri nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuki dina ahir éta novel. Upamana baé nyaritakeun néangan palaku rajapati atawa palaku kajahatan séjénna. Contona: Laleur Bodas karangan Samsu (Sambas jeung Susangka), Si Bedog Panjang karangan Ki Umbara, Rajapati di Pananjung, jeung Bedog Si Rajapati karangan Ahmad Bakri, Rusiah Geulang Rantay beunang Margasulaksana, jeung Kalajéngking karangan Anna Mustikaati (sandiasmana Aam Amilia), jrrd. (d) Novel Sajarah Novel sajarah nyaéta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah. Boh palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah. Contona: Pangéran Kornél jeung Mantri Jero karangan R. Méméd Sastrahadiprawira, Perang Bubat, Tanjeur di Juritan Jaya di Buana, jeung Putri Subanglarang beunang Yoséph Iskandar.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



109



Pangajaran 6 : NOVEL



Pangajaran 6 : NOVEL



(e) Novel Sosial



Novel social nyaéta noval anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa. Si palaku bisa jadi mangrupa subyék, korban, atawa saksi éta kaayaan. Contona: Lembur Singkur karangan Abdullah Mustappa.



Pancén 2 • •



Cik pék baca salah sahiji novel (nu gembleng), lain sempalan atawa cutatan. Judul novelna mah bébas. Pék jieun laporan atawa tingkesan tina éta novel.



Sempalan Novel 2 Sempalan novel ka hiji di luhur, nu judulna “Prasasti Nu Ngancik dina Ati” minangka conto novel rumaja. Éta hal téh katitén tina kekecapan (dialogdialogna) nu digunakeunana loba nu mindeng kabandungan kiwari. Tah ayeuna urang bandingkeun jeung sempalan novel dewasa anu settingna nyaritakeun jaman revolusi. Geura pék baca ieu sempalan novel di handap! Imeutan saha waé palakuna, di mana waé kajadianana, iraha lumangsungna, kumaha jalan caritana, naon témana, jeung naon amanatna!



Kakarén Révolusi (Tatang Sumarsono) Pamolah urang gunung beuki ngagalaksak waé. Daratangna ka lembur mingkin kerep, abrul-abrulan samagrang ku pakarang, laju barangpénta ka rahayat bari maksa. Teu kaharti, ceuk pamikir Erom, ongkoh manéhna téh cenah bajuang make dadasar agama, tapi naha bet kitu peta. Keun ari ngaduruk balé désa, éta mah rada kaharti, da meureun wawangunan milik pamaréntah. Tapi ari masjid jeung pasantrén mah apan murni pikeun kapentingan agama. Kitu deui ku ayana ajengan atawa kiyai anu dipaténi, éstu matak jadi baluweng. Mun urang gunung ngabedil komandan tangsi, éta mah bisa kaharti, dan apan aya dina posisi musuh.



110



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Untungna téh lembur Erom mah tacan kungsi dinanaon. Salamet tina panggunasika jeung pangranjah gorombolan. Puguh wé dianggap anéh. Komo sanggeus désa nu nampeu ka kacamatan, bari di dinya aya tangsi tentara diserang mah – ari lembur Erom mah diliwat kitu waé. Rasa héran lain waé nyangkaruk dina haté penduduk anu lemburna natangga, tapi deuih pikeun tentara gé jadi tanda tanya, naha aya naon? “kenapa, Pak Lurah, kampung ini tidak diserang gerombolan DI?” kitu pertanyaan anu kedal ti Kaptén Saragih ka bapana Erom. “Ya tidak tahu atuh, Pa Kaptén. Jawab bapana Erom. “Mungkin kampung saya ini dilindungi sama karuhun. Jadi urang gunung tidak ada yang berani datang ke sinih. Da ti jaman dulu ogé kampung ini mah tidak ada yang berani mengganggu. Kaptén Saragih unggut-unggutan, terus pok, “Oh, jadi ada karuhun yang menjadikekuatan di kampung ini? Hébat bener.” Bapana Erom unggut-unggutan. “Atau mungkin karena warga di sini ada yang kerja sama dengan gorombolan, Pak Lurah,” omong Kaptén Saragih. “Mingkin betul begitu, Komandan, orang sini ada yang berpihak kepada musuh kita.” Létnan Kandi nyambung omongan atasanana. “Ah, tidak ada. Penduduk sinih mah tidak ada yang menyokong urang gunung dari dulu juga,” bapana Erom gancang némpas. “Tapi mustahil, Pa Lurah, mun urang lembur ieu taya nu boga hubungan jeung DI mah. Mustahil. Sabab, geus pasti bakal anu kaasup pangheulana diserang,” omong Létnan Kandi. “Teu aya, Pa Létnan. Mangga waé parios ku nyalira. Sok, ayeuna pangeusi ieu lembur ku abdi urang kumpulkeun. Pék taros hiji-hiji, pami Pa Létnan panasaran mah,” Bapana Erom keukeuh kana pamadeganana. Kaptén Saragih unggut-unggutan. “Ini mesti jadi catatan kita, Létnan. Coba kamu selidiki, siapa di antara penduduk sini yang mencurigakan.”



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



111



Pangajaran 6 : NOVEL



“Tidak ada, Pa Kaptén, sing percaya sama sayah,” omong Bapana Erom, keukeuh ngabantah kacuriga tentara. “Iya, ya. Menurut Bapak mémamg tidak ada. Tapi kami tidak bisa percaya begitu saja. Mungkin saja Bapak tidak tahu bahwa di antara penduduk di sini ada yang suka hubungan dengan DI.” “Itu bisa berbahaya. Siapa tahu gorombolan mendapat info tentang kita dari orang yang bermuka dua,” ceuk Létnan Kandi. “Tepat. Itu yang ingin kita katakana. Makanya harus kamu selidiki.” “Siap, Dan.” Sajeroning bapana cacarita jeung tentara, Erom mah ukur ngabandungan. Bet timbul pikiran goréng, kumaha lamun dirina anu engké dituding biluk ka urang gunung? Ras deui inget kana kajadian basa ngomékeun dawuan. Enya, apan manéhna harita tepung jeung Jamhur anu geus jelas jadi pamingpin gorombolan. Ceuk dina itungan Erom, henteu mustahil lembur manéhna diliwat ku gorombolan téh sabab aya paréntah ti Jumhur – yén sama sakali ulah aya anu wani ganggu. Apan kitu anu harita ditandeskeun ku Jamhur ka anak buahna téh. Kumaha balukarna lamun tentara ahirna apaleun kana perkara éta? Beu, matak jadi barabé, sabab aing bisa dituding biluk ka urang gung. Naha mending nyarita satarabasna waé, kitu, yén aing wawuh ka pamingpin gorombolan? Tapi, mun tepi ka kitu, naha bakal alus balukarna? Erom banget ngarasa bingung. Ras deui inget yén Jamhur sobatna, atawa sakurang-kurangna kungsi jadi sobat – lain waé dina mangsa perang révolusi, tapi deuih ti jaman keur budak kénéh.naha aing téga hianat ka manéhna? Erom tumanya ka dirina sorangan. Teu, teu manggih jawaban anu sakirana alus ka ditu, ngeunah ka dieu. Kumaha deuih lamun hiji waktu tentara mariksa aing? Naha aing rék angger waé bungkem? Atawa kumaha mun anu giliran dipariksa téh Mang Suminta jeung Kang Udin, naha maranéhna bakal bisaeun ngemu rusiah anu salila ieu kacida disumput-sumputna? Pertanyaan kawas kitu merul minuhan sirahna. Erom ngan bati bingung, sieun kitu salah kieu lain, anu antukna mawa cilaka ka diri sorangan. Keun lamun ukur semet tumiba ka dirina, tapi kumaha lamun aya pihak séjén anu dianggap kabaud – copélna bapana sorangan? Geus pasti tentara moal cicingeun. Mana komo mun geus arapaleun yén aing kunsi jadi tentara mah. Aing tangtu dianggap sarwa nyaho kana kaayaan di sabudeureun ieu lembur. Teu mustahil deuih aing anu bakal pangmindengna diguliksek.



112



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 6 : NOVEL



Dina ahirna, Erom milih indit ti lembur, pikeun nyingkahan rurubed – anu saenyana mah manéhna ngarasa teu mais teu meuleum. Kitu ceuk pertimbangan anu pangleitikna mawa résiko. Moal pihadéeun mun terus mangkuk di lembur, malah teu mustahil bakal matak cilaka ka saréréa. Mun ingkah ti lembur mah meureun moal katudingan biluk ka urang gunung. Sawatara poé saentas pamajikanana ngalahirkeun, Erom amitan ka kolotna – yén rék nyoba-nyoba hirup deui di Bandung. Henteu diterangkeun ari alesan anu saenyana mah, anu salila ieu ngabangbaluhan pikiranana. Cukup ku nyebutkeun: di kota hayang néngan pakasaban anu kaitung merenah. Indungna teu mampuh terus-terusan ngahulag, dan mémang alesan anu dikahareupkeun ku Erom pikahartieun. Geus kasawang deuih ku kolotna gé, mun Erom haben mangkuk baé di lembur tangtu bakal seuseut maju. Heueuh, da ngan ukur sakitu-kituna lahan gawé nu nyampak di lembur mah; ukur jejeblogan guyang leutak, bari hasilna tiba mahi, malah sakapeung mah kudu nombok.



Pancén 3



Pikeun maham carita di luhur, pék jawab panaya ieu di handap!



1. Téma naon nu dicaritakeun dina éta novel? Amanat naon anu hayang ditepikeun ku éta pangarang novel? 2. Saha waé nu jadi palaku dina éta novel? Kumaha watek unggal palaku dina éta novel? Kumaha hubungan antara palaku dina éta novel? 3. Dimana éta kajadian lumangsungna? Iraha kajadianana? Kumaha suasanana? 4. Alur naon nu dipaké ku pangarang dina nyaritakeun éta novel? 5. Kecap-kecap naon waé anu teu kaharti dina éta novel. Pék tuliskeun ku hidep sarta paluruh hartina dina kamus. 6. Cik kumaha nurutkeun hidep sabada ngabandingan sempalan novel “Prasasti nu ngancik dina ati” jeung “Kakarén Révolusi”?



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



113



Pangajaran 6 : NOVEL



Pangajaran 6 : NOVEL



C. Kebasaan Nulis Tingkesan jeung Resensi Novel a. Nulis Tingkesan Novel Novel nu judulna Prasasti nu Ngancik dina Ati jeung Kakarén Révolusi dicaritakeun ku cara dicutat bagian carita nu dianggap penting sarta jadi kapanasaran nu maca. Hasil pagawéan ku cara nu kitu téh disebut sempalan atawa cutatan. Novel nu judulna Mantri Jero mah dicaritakeun deui ku cara diringkes, nyaéta nyaritakeun deui eusi éta novel ku basa sorangan kalawan singget tur padet. Upama hidep rék nulis tingkesan kudu merhatikeun sababaraha aspék. Saméméh prak, hidep kudu nuliskeun rarancang carita nu geus dibaca. Éta rarancang téh ngawengku judul, tokoh jeung pawatekanana, latar atawa kasang tukang, masalah atawa konflik, jeung runtuyan peristiwa nu aya dina carita nu geus dibaca téa. Léngkah-léngkah nyusunna nyaéta : (1) maca novel kalawan gemet/ imeut, (2) nyangkem eusi novel, (3) nangtukeun rarancang novel, (4) nataan sakur peristiwa nu penting, (5) susun runtuyan peristiwa atawa kajadian dina éta novel ku basa sorangan. Tingkesan nu ditulis ku hidep ulah nepi ka ngarobah eusi carita, tokoh, latar, atawa téma. Sinopsis bisa ditulis singget jeung bisa ditulis nepi ka ahir (ending) kalawan detil. Nu ieu di handap mah disebutna tingkesan novel. Pék geura baca sing gemet ku hidep!



Mantri Jero (R. Méméd Sastrahadiprawira) 1. Radén Yogaswara dididik ku bapana sangkan jadi jalma anu luhur élmu pangaweruh. Sajaba ti éta, Radén Yogaswara dididik ogé sangkan jadi jalma anu suhud kana gawé. Ku bapana Radén Yogaswara diwanohkeun kana carita Aji Saka, nu nétélakeun ngeunaan asal-usul



114



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



aksara Jawa. Dina éta carita diébréhkeun kautamanaan tingkah laku Ki Sembada jeung katalédoran Raja. Éta carita dijadikeun pikeun ajaran kayakinan diri. 2. Dina hiji waktu Radén Yogaswara nyaksian kakawasaan Kapala Cutak nu datang ka daérahna. Jorojoy dina haténa boga karep hayang jadi ménak anu boga kakawasaan. Komo deui sanggeus meunang béja ti bapana, yén dirina téh turunan ménak. Kitu ogé bapana anu sapopoéna jadi buruh tani di éta lembur sihoréng anak Dalem (Bupati) Suniawenang. Nu lunta lantaran dipitenah rék ngarebut kakawasaan. Geus aya 20 taunna bapana Radén Yogaswara ngadon nyumput di Nagri Tengah, tatanggana Nagri Suniawenang. 3. Ngabandungan budakna anu boga cita-cita hayang jadi ménak, bapana ngajurungkeun sangkan Radén Yogaswara miang ka Nagri Tengah pikeun ngabdi ka Kangjeng Dalem. Ngan saméméhna Radén Yogaswara kudu neuleuman heula bag-bagan Agama Islam di Pasantén Janggala. Radén Yogaswara ditarima jadi santri di éta pasantrén nu dipingpin ku Kiai Abdul Mugni. Sajeroning masantrén, Radén Yogaswara hahadéan jeung anakna Kiai Abdul Mugni anu ngaranna Nyi Halimah. Basa Radén Yogaswara miang ti éta pasantrén rék ngajugjug ka Dayeuh Nagri Tengah, pasini jangji heula jeung Nyi Halimah. Sanajan papisah, hubunganana moal pegat, tapi nepi ka laki rabi. 4. Miangna ti éta pasantrén téh Raden Yogaswara teu nyorangan, tapi dibarengan ku sobatna nu ngaranna Ki Bulus. Di Dayeuh Nagara Tengah Radén Yogaswara meunang gawé jadi tukang ngurus kuda, sedengkeun Ki Bulus mah meunang gawéna téh jadi tukang meresihan kandang kuda. Gawéna Radén Yogaswara alun pisan.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



115



Pangajaran 6 : NOVEL



Lantaran kapaké, nya Radén Yogaswara tugasna dipindahkeun ka bagian upacara, purah jadi tukang mawa roko Dalem. Di ieu tempat gawé nu anyar téh, Radén Yogaswara mindeng pisan nyaksian sawala nu dilaksanakeun di Baléirung. Hiji waktu aya babadamian ngeunaan kumaha sikep pamaréntahan Nagri Tengah ka Mataram, nu harita ngangkat Sutawijaya. Hasil babadamian téh mutuskeun yén Nagri Tengah teu ngabogaan hubungan nanaon jeung Mataram. 5. Kapinteran Radén Yogaswara anu ku bapana kungsi dididik maca jeung nulis téh, kanyahoan ku Kangjeng Dalem. Atuh Kanjeng Dalem téh ngangkat Radén Yogaswaran jadi Mantri Jero. Jaman harita mah langka pisan jalma anu bisa maca jeung nulis téh. Aya anu ngarasa teu panuju diangkatna Radén Yogaswara jadi Mantri Jero téh, nyaéta Anggataruna, jalma anu kungsi ngangkat Radén Yugaswara jadi tukang ngurus kuda. 6. Dina hiji waktu, aya kajadian alam nu matak tugenah ka unggal jalma di éta dayeuh. Di langit katémbong aya béntang kukus. Éta téh totondén moal lila deui bakal aya peperangan, hujan angin nu nandakeun bakal datang bahala, jeung caringin rungkad nu nandakeun pangawasa bakal kaleungitan wibawana. Mareng jeung ayana éta totondén, Sutawijaya ti Mataram keur ngalakukeun peperangan pikeun meruhkeun nagaranagara nu aya di sabudeureunana. Ngadéngé béja balatentara Mataram geus datang ka daérah Kawasén nu padeukeut jeung Nagara Tengah. 7. Nya harita Mantri Jero dipercaya ku Dalem mingpin 200 urang balatentara miang pikeun makalangan di pangperangan. Dina éta pangperangan Mantri Jero tatu parna, sedengkeun balatentarana loga nu tiwas. Sanggeu éta kajadian, Dalem ngungsi ka leuweung geledegan. Sajeroning ngungsi ka leuweung téh teu mulus, loba pisan halangan harunganana. Basa keur meuntas walungan anu caina sakitu gedéna, éta rombongan ditulungan ku sabangsa lauk lobang raksasa nu nyatang jadi jambatan. Atuh éta rombongan bisa meuntas téh saréatna mah ditulungan ku éta lobang. 8. Nagara Tengah kiwari aya dina kakawasaan Mataram. Dalem mulih deui ka Nagara Tengah, tapi teu boga kakawasaan. Sakur paréntah Dalem ka rahayatna dikomando ku Sultan Mataram. Dalem mercayakeun ka Mantri jero pikeun ngurus sakabéh eusi karatuan. Atuh Anggataruna nu apaleun Mantri Jero meunang kapercayaan ti Dalem sarupa kitu téh, beuki keuheul waé.



116



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 6 : NOVEL



9. Dalem téh ngabogaan saurang selir nu ngaranna Ratnawulan, asalna ti Suriawenang. Kacaturkeun dina hiji paguneman Radén Yogaswara balaka ka Ratnawulan, yén dirina téh anakna Radén Wirautama, lanceukna Dalem Suniawengang anu keur nyepeng kakawassan ayeuna. Sanggeus pancakaki, kanyahoan yén Ratnawulan téh geuning masih kénéh bibina Radén Yogaswara. Bakat ku atoh, Ratnawulan ngarangkul ka Radén Yogaswara. Éta dua jalma teu sadar yén aya nu nyaksian. Atuh jadi ear sanagara ibur salelembur, yén Mantri Jero geus milampah pagawéan teu uni ka Ratnawulan. Éta béja nepi ka Dalem Suniawenang. 10. Anggataruna mah asa mobok manggih gorowong ngadéngé béja kitu téh. Nya teu mikir panjang deui, manéhna ngirim surat ka Kangjeng Dalem nu eusina ngabéjakeun éta peristiwa. 11. Kangjeng Dalem ka Nagri Tengah, tuluy anjeunna maluruh éta kajadian. Kangjeng Dalem teu percaya kitu waé kana eusi surat. Anjeunna nalungtik bisi éta béja téh jijieunan Anggataruna wungkul. Sajeroning kitu, Radén Yogaswara mah ditugaskeun pikeun maluruh uncal piaraan Dalem nu aya di jero leuweung. Inditna téh dibarengan ku dua urang gulang-gulang. Éta dua gulang-gulang téh narima tuga rahasiah ti Anggataruna, nyaéta pikeun maténi Radén Yogaswara. Dina hiji peuting Radén Yogaswara ngadongéngkeun ngeunaan ajaran Budha ka éta dua gulang-gulang yén kahirupan di dunya nu ukur sakeudeung atawa teu langgeng. Éta kadua gulang-gulang téh kacida kapangaruhanana ku caritaan Radé Yogaswara, nepi ka éta gulang-gulang téh balaka yén maranéhna téh ditugaskeun ku Anggataruna pikeun ngarogahala Radén Yogaswara. Radén Yogaswara sadar, yén dirina téh keur aya dina pasualan. Nya antukna dirina sadrah, kumaha béhna waé, rék tumarima kana naon-naon anu bakal tumiba ka dirina. Dina jero haténa Radén Yogaswara geus buleud moal rék ngabocorkeun rusian ka saha waé ogé ngeunaan dirina anu sabenerna. Salila di leuweung Radén Yogaswara ogé apaleun kana kacurangan Anggataruna nu sok nyumputkeun doma jeung munding, sarta nitah ngala uncal nu salila ieu teu kauninga ku Dalem. 12. Hasil panalungtikan Dalem nu dibarengan ku Patih, Jaksa, Kaliwon, Jurusimpen, jeung Panghulu téh teu bisa ngabuktikeun yén Radén Yogaswara téh geus milampah salah. Tapi sanajan kitu, prosés hukum mah angger dilaksanakeun, pikeun ngayakinkeun yén Radén



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



117



Pangajaran 6 : NOVEL



Yogaswara téh teu boga salah. Wangun hukumanana téh sakumaha adat kabiasaan di Nagara Tengah, nyaéta kudu teuleum di Leuwi Panereban. 13. Jalma nu teu boga dosa tangtu bakal kuat teuleum na. Kitu ogé Radén Yogaswara kuat pisan nahan napas basa teuleum di éta leuwi saméméh batok kohok ngererelep. Cirina jalma nu salah mah nyaéta teu kuateun teuleum sabab geus mecenghul saméméh batok kohok ngerelep. Lantaran teu boga salah, atuh ahirna mah Radén Yogaswara dibébaskeun tina tuduhan. 14. Jalma nu teu boga dosa tangtu bakal kuat teuleumna. Kitu ogé Radén Yogaswara kuat pisan nahan napas basa teuleum di éta leuwi saméméh batok kohok ngererelep. Cirina jalma nu salah mah nyaéta teu kuateun teuleum sabab geus mecenghul saméméh batok kohok ngerelep. Lantaran teu boga salah, atuh ahirna mah Radén Yogaswara dibébaskeun tina tuduhan.



118



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 6 : NOVEL



Pancén 4 1) Pék hidep baca hiji novel, bebas waé novelna mah. Alusna éta novel téh dibaca dua-tilu balikan sangkan nyangkem eusina. Pék ku hidep jieun tingkesanana. 2) Bacakeun hasil tingkesan téh di hareupeun babatyran sakelas! b. Nulis Resénsi Novel Ari resénsi téh nyaéta tulisan atawa pedaran ngeunaan hadé goréngna ajén hiji karya atawa buku. Demi tujuan resénsi téh pangpangna nepikeun ka nu maca, naha éta karya atawa buku téh payus meunang pangbagéa ti masarakat atawa henteu. Pikeun méré tinimbangan atawa ajén sacara objéktif kana hiji karya atawa buku, nu nulis resénsi diperedih kudu merhatikeun dua aspék. Kahiji; nu nulis resénsi kudu weruh kalayan gembleng maksud jeung tujuan pangarang aslina; kadua, nu nulis resénsi kudu sadar jeung apal maksud nyieun éta resénsi. Singgetna mah, nu nulis resénsi anu alus mah kudu bener-bener nohonan kawajiban ka nu maca jeung ngajén kana éta buku. Mun urang nulis resénsi novel, bisa dimimitian ku cara ngébréhkeun heula téma karangan (novel), terus ébréhkeun naon nu hayang ditepikeun ku pangarang ngaliwatan éta novel. Téma éta novel téh bakal leuwih karasa jeung leuwih nonggérak mun dilengkepan ku deskripsi ngeunaan eusi novel katut unsur-unsur intrinsikna (galur, latar, penokohan) sagemblengna. Geura ieu di handap kapidangkeun conto cara-cara nulis resénsi novel. Pék geura titénan sing gemet! Ku urang ogé jol karasa, nu nulis resénsi téh geus ngawanohkeun saha pangarangna: ngaranna, katokohanana dina widang naon, karya-karya nu geus dihasilkeunana atawa naon sababna pangarang téh bet nulis éta novel jsté. Jadi cindekna mah sagala unak-anik nu patali jeung kasang tukang éta novel téh nu maca kudu nyaho. Kaasup kana golongan naon ieu novel téh kakolomkeunana? Naha téndénsius atawa kasajarahan jsté. Urang ogé baris meunang kesan sabada ku nu nulis resénsi ditembrakkeun boh kaunggulan atawa onjoyna boh kahéngkéran éta novel. Pék geura baca ieu conto tulisan resénsi téh!



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



119



Pangajaran 6 : NOVEL



Kabandang ku Kuda Lumping: Teu Siga Mapatahan Kategori: Novel Sunda Barudak JANG Udin nutur-nutur kuda lumping tepi ka poho balik. Duit titipan keur indungna leungit di panglalajoan. Ukur bisa ngahinghing ceurik. Rék balik sieun dicarékan. Komo apan cék bapana, budak bangor mah rék dikirim ka Tangerang, dikerem di jero bui. Bakating baluweng, basa aya jalma ngajak indit, milu waéh. Teu apal ka mana nu rék dijugjug. Tungtungna kadungsang-dungsang di lembur batur. Kitu ku kira-kira mah ringkesan buku Kabandang ku Kuda Lumping (KKL) beunang Ahmad Bakri téh. Bisi pondok teuing, nya urang caritakeun wé saeutik mah kahirupan Jang Udin anu kabandang ku kuda lumping téh. Cenah, cék nu ngarangna, Jang Udin téh budak bangor. Lamun ulin sok kamalinaan, tara inget ka waktuna balik. Atuh ku Jurutulis, bapana, mindeng pisan diseukseukan. Malah hiji mangsa mah disingsieunan: upama bangor waé, rék dikirim ka Tangerang. Dasar budak atuh. Papagah kolot téh ukur sakeudeung napelna. Basa hiji mangsa ku indungna dititah nyokot duit ka Mang Mita, kalah élodan. Pareng aya raraméan, kuda lumping téa. Terus baé lalajo. Tah, ari kadungsang-dungsang di lembur baturna mah henteu lila, ukur sababaraha poé baé. Sigana mah pangarangna gé karunyaeun ka Jang Udin, anu ngadon gering di imah deungeundeungeun. Jol Mang Emod, batur salembur Jang Udin. Atuh salamet Jang Udin téh, bisa balik deui ka lemburna. Basajan pisan KKL téh. Komo apan, anu dicari­ takeunana gé kahirupan barudak di pilemburan. Katémbong pangarangna imeut pisan lebah nyaritakeun kahirupan barudak lembur mah. Sakumaha dina karangan séjénna, Ahmad Bakri bisa pisan ngahirupkeun carita ku ngolah basa anu spontan. Asli bogana urang lembur. Henteu dirautan ku kecap-kecap nu puitis, sumawonna



120



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 6 : NOVEL



diémbohan ku nu liris ngagalindeng mah. Éstuning saujratna, saayana, luyu kana réalitasna. Malah sakapeung mah, blég baé wangkongan urang lembur anu direkam, terus dipindahkeun kana tulisan. Parandéné kitu, lain hartina Ahmad Bakri samakbruk dina merenahkeun kekecapan. Keukeuh wé ari palanggeran basa Sunda mah dicekel pageuh. Angot aya kasebutna, Ahmad Bakri téh tapis pisan dina ngulinkeun basa Sunda mah, sahanteuna atuh da guru basa Sunda. Asana teu salah-salah teuing mun aya nu nyarita, “Upama hayang mulangkeun panineungan ka pilemburan, baca atuh karangan Ahmad Bakri!” Terus ayeuna mah diémbohan deui, “Mun hayang nginget-nginget deui mangsa budak (pangpangna palebah bangorna), baca atuh Kabandang ku Kuda Lumping!” Ahmad Bakri téh pangarang populér. Réréana mah nulis carita pondok jeung novél. Ari KKL mah carita anu dihususkeun keur barudak (ngan cék nu medalkeunana, “keur kolot gé hadé”). Duka tah, naha aya deui buku bacaeun barudak karangan Ahmad Bakri nu séjénna, sajaba ti KKL, da kuring mah henteu kungsi manggihan. Balik deui kana kuda lumping. Ceuk Hawé Setiawan, KKL téh bagian tina panineungan mangsa budak anu hésé dipopohokeunana. Ngan palebah Kang Hawé ngaharib-harib kana tokoh Jang Udin mah, kuring teu apal. Nu écés, KKL mangrupa gambaran kabangoran barudak lembur. Ari nu bangor téa, apan sok aya mamalana. Cara Jang Udin. Teu nurut ka kolot, béhna kadungsang-dungsang. Ngajugjugan KKL ditilik tina élmuning sastra nu leuwih jembar, komo mun diajén maké téori-téori sastra kontemporér, asana kamalinaan teuing. Atuh dina ieu tulisan, kuring teu boga niat ngajén KKL maké élmuning sastra (da tuna kénéh élmuna ogé). Ampun paralun, sieun terus sasab kawas Jang Udin. Nya urang padungdengan papada urang baé. Ongkoh apan Ahmad Bakrina ku anjeun, ceuk Abdullah Mustappa basa ngariung di Panglawungan Girimukti sawatara waktu ka tukang, teu kersaeun upami karya-karyana disebut sastra. Cék pangrasa, ieu buku anu ditulis taun 1967 téh henteu laas pikaresepeunana. Éta wé, sajeroning maca téh, bet asa ngabandungan nu keur ngawangkong. Basa kuring maca éta buku di tengah imah, naha da rarasaan téh aya Aki Uda keur ngadongéng di dapur. Éta sigana mah kaunggulan Ahmad Bakri téh, bisa mincut nu maca sangkan ulah eureun maca bukuna. Ahmad Bakri henteu mentingkeun



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



121



Pangajaran 6 : NOVEL



teuing leunjeuran carita, ngan kumaha carana sangkan carita téh bisa hirup jeung komunikatif. Da lamun ditulisna dina basa Indonésia mah can tangtu aya “sarian” karya-karya Ahmad Bakri téh. Sajaba ti ngandung “peupeujeuh” ka barudak, sangkan ulah bangor kawas Jang Udin, KKL ogé méré gambaran kahirupan barudak mangsa harita. Boa ayeuna mah kari waasna ngala piit di sampalan teh. Boa ayeuna mah piitna oge geus areuweuh. Karakter Jang Udin anu dicaritakeun dina KKL apan ukur injeuman pangarang, da dina enas-enasna mah mapagahan barudak sangkan ulah bangor. Ahmad Bakri pinter pisan ngatur komposisi carita, nepi ka nu maca téh henteu ngarasa keur dipapagahan. Umumna, dina buku-buku bacaeun barudak béh ditunakeun, aya kalana urang sok kerung. Remen pahili antara buku nu ngandung leunjeureun carita jeung buku panungtun budi pekerti. Unggal nu maca, bisa jadi béda-béda pamanggihna sanggeusna maca buku téh. Ngan keur kuring sakuringeun, aya nu matak gereget dina KKL téh. Éta, Jang Udin diwarahna ku pangarang mani sakeudeung pisan, ukur méakeun sababaraha kaca. Mun Jang Udin téh ulah waka aya nu nulungan. Da éta wé, basa Jang Udin keur leumpang di nu poék bari diguyur hujan, hég aya mobil ngarandeg, maké jeung rada hanjelu. Aéh, kétang, da apan anu rék macana ogé barudak, tangtu karunyaeun maca Jang Udin “disangsarakeun” ku pangarang téh. Ngan cék kitu cék kieu ogé, kuring milu muji kana katapisan Ahmad Bakri. (Dadan Sutisna)



Pancén 5 1) Novel nu geus dibaca (waktu ningkes) di luhur téh pék ku hidep jieun resensi saperti nu geus dicontoan di luhur! 2) Pék ku hidep bacakeun hasil resensina téh di hareupeun kelas!



D. Latihan



Pangajaran 6 : NOVEL



1. Baruang ka nu Ngarora, Gogoda ka nu Ngarora, Rusiah nu Goréng patut kaasup kana wanda.... a. carpon c. novel b. puisi d. dongéng 2. Novel munggaran di tatar Sunda nyaéta.... a. Gogoda ka nu Ngarora c. Handeuleum Na Haté Beureum b. Baruang ka nu Ngarora d. Rusiah nu Goréng Patut 3. Novel Baruang ka nu Ngarora minangka novel munggaran di tanah Sunda ogé cikal bakal novel di Indonesia. Novel Baruang ka nu Ngarora ngamimitian dicitak dina taun..... a. 1912 c. 1915 b. 1914 d. 1916 4. Kecap buhun wadi dina novel Baruang ka nu Ngarora miboga harti.... a. tutup warung nu bisa dibuka sabagian beulah luhurna b. halangan nurutkeun hukum agama c. tapak cileungcang dina taneuh biasana ngagalur d. emok atawa sila nalika ngariung jeung batur 5. Novel nu juduhia Lain Éta, Numbuk di Sué, jeung Urang Désa novel beunang.... a. Moh. Ambri c. Yus Rusamsi b. M.A Salmun d. Akhmad Bakhri 6. Novel nu judulna Demung Janggala novel beunang .... a. Margasukalaksana c. Tatang Sumarsono b. Yoseph Iskandar d. Yus Rusamsi 7. Ku ayana kajadian Perang Bubat, cita-cita Hayam Wuruk migarwa Déwi Citraresmi teu kalaksanakeun, lantaran .... a. Ayana kasombongan Patih Gajah Mada b. Putri Sri Baduga kawon dina peperangan c. Putri Déwi Citraresmi tiwas nelasan dirina d. Prabu Hayam Wuruk teu damang parna



Sangkan hidep maham kana bag-bagan novel, pék jawab ieu soal di handap!



122



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



123



Pangajaran 6 : NOVEL



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



8. Novel nu judulna “Pangeran Kornel” novel beunang.. a. M.A Salmun c. Karna Yudibrata b. Yus Rusamsi d. R. Memed Sastrahadlprawira 9. Novel nu judulna “Perang Bubat” dikarang ku.... a. Moh. Ambri c. Yoseph Iskandar b. Abdullah Mustafa d. Eddy D. Iskandar 10. Novel nu judulna “Béntang Hariring” dikarang ku.... a. Dian Hendrayana c. Hidayat Soesanto b. Samsudi d. Godi Suwarna



Pangajaran 7



BIOGRAFI Kompetensi Dasar



3.7. Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan teks biografi. 4.7. Menulis teks biografi sederhana dengan memperhatikan struktur dan penggunaan kaidah bahasa



124



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



125



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



A. Bacaan Baca wacana ieu di handap!



Ali Sadikin Biografi Singget



B



iografi téh sok disebut ogé riwayat hirup (bio, hirup; grafi, catetan atawa tulisan). Eusina ngadadarkeun riwayat hirup hiji jalma, boh nu masih jumeneng atawa nu geus maot. Ti mimiti iraha brolna ka alam dunya, kumaha keur leutikna, kumaha sakolana, karierna, préstasina, karyana, jeung sajabana. Téks-téks biografi téh sok diperlukeun keur rupa-rupa kaperluan. Di antarana baé keur ngalamar pagawéan, pangélingngéling kana jasa hiji jalma, atawa keur jadi dokumentasi sajarah. Réa buku-buku biografi anu tuluy kasohor lantaran eusina ngukabkeun gagasan, lalampahan, jeung ketak hiji inohong atawa jalma nu dianggap penting. Upamana baé biografi Mahatma Gandhi, biografi Ane Frank, biografi Ir. Sukarno, Biografi Présdién Suharto, jeung sajabana. Dina ieu pangajaran urang bakal mikawanoh wanda téks biografi, ngaanalisis unsur-unsur biografi, neuleuman mangpaat biografi, jeung nyusun biografi.



Buntut kajadian Gerakan 30 September PKI, kaayaan di puseur nagara Jakarta harénghéng. Nyawa manusa ampir teu aya hargana. Rayat balangsak, barang-barang kaperluan lus-les teuing ka mana. Unggal poé kudu baé manggihan mayit, ngambang dina walungan. Ku sabab euweuh duit, pangwangunan macét. Jalan-jalan rarenjul, sakola barutut, sajaba ti kurang téh. Nyaksian kaayaan kitu, Presiden Seokarno ngangkir Letkol Marinir Ali Sadikin ka Istana Merdéka. Diangkir ka istana ku Presiden, Ali Sadikin reuwas. Aya naon? Boa-boa aing rék dihukum, cenah. Da apan harita téh loba jelema ditéwakan.



Ali Sadikin, Gubernur DKI Jakarta, hormat



“Ali, nyaho naon sababna anjeun dipanggil?” cenah, saur Bung Karno, barang Ali Sadikin sumping ka Istana Merdéka.



126



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



127



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



Nu ditaros pungak-pinguk, lantaran teu terang téa. Kajadian saterusna, Ali Sadikin diangkat janten Gupernur DKI Jakarta. Bung Karno ngahaja milih anjeunna, lantaran Jakarta butuh pamingpin nu gedé kawani. Ahirna Ali Sadikin resmi diistrénan jadi Gupernur DKI Jakarta April 1966. Réa nu teu satuju, pangpangna para mahaiswa. Sabab dianggap antékanték orde lama, da apan diangkatna ku Bung Karno. Teu kantos lami Bung Karno lungsur tina kalungguhanana, terus diganti ku Soeharto. Salami dipingpin Ali Sadikin, pangwangunan Kota Jakarta kacida majuna. Jalan-jalan aralus deui, lian ti loba nu anyar téh. Gedong sakola terus nambahan. Wewengkon nu tadina kotor, loba nu salin jinis jadi séhat. Geura ulin ka daerah Pluit ayeuna. Saha nu nyangka urut rawa. Nya kitu deui Cengkaréng, Pulo Gadung, Ancol, atawa Kemayoran. Hasil usaha Ali Sadikin, jadi daérah pikabitaeun. Malah Ancol mah jadi tempat wisata kacida mashurna. Ti mana-mana daratang ngadon pariknik. Hidep gé pasti kungsi ulin ka Ancol. Éta kabéh jasana anjeunna. Dina ngawangun Jakarta, anjeunna henteu ukur nyieunan gedong jeung jalan. Bisa jadi éta bédana Ali Sadikin jeung gupernur-gupernur séjén téh. Sigana ngan anjeunna, pamingpin nu enya-enya merhatikeun kana kagiatan budaya. Nya Ali Sadikin pisan, nu mokalan nyieun dewan kasenian daérah téh. Nyaéta Déwan Kasenian Jakarta (DKJ). Lengkep jeung tempat para seniman némbongkeun karya-karyana: Taman Ismail Marzuki téa. Geus kitu mah ampir di unggal daérah, aya lembaga sarua. Narurutan nyarieun gedong budaya. Contona di Bandung, Taman Budaya di Jalan Dago. Ngan lantaran tuturut mumunding, henteu maju saperti Taman Ismail Marzuki. Teu kurang gedéna perhatian anjeunna, kana kagiatan olahraga. Naon rupa kaperluan olahraga disadiakeun. Nasib para atlit diperhatikeun. Jaman Ali Sadikin mimiti aya olahragawan meunang gajih atawa digawékeun téh. Ieu ogé tuluy diturutan ku pajabat daérah séjénna. Urang Jakarta kacida reueusna, boga gupernur siga Ali Sadikin. Geusan némbongkeun kareueusna, sareng istrina Almarhumah Drg. Nani Sadikin, dipaparin sebutan Bang jeung Mpok. Tug nepi ka ayeuna, rék kolot, rék budak, ti mimiti rayat, nepi ka présidén, nyarebutna teh Bang Ali. Sabenerna kabéh gupernur Jakarta, mareunang landian sarua: Bang. Kaasup Gupernur Sutiyoso ayeuna. Tapi, taya nu napel siga anjeunna. Nepi ka urang Jakarta ka poho, Ali Sadikin téh urang Sunda. Lain asli urang Batawi. Letjen Marini (purn.) Ali Sadikin, lahir di Cangkudu Sumedang, 7 Juli 1926. Ramana Radén Sadikin, Kepala Jawatan Pertanian Kabupatén



128



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



Sumedang. Almarhum Radén Sadikin kagungan putra genep, sadayana pameget. Ari Bang Ali pangais bungsu. Salah saurang sadérékna, nya Dr. Hasan Sadikin, lantaran jasa-jasana, jenenganana didamel nami rumah sakit. Rumah sakit Hasan Sadikin Bandung. Upami dijujut ka luluhurna, tétéla anjeunna kagungan getih ménak. Ku margi turunan ménak, satamatna Sakola Rakyat, tiasa neraskeun ka MULO (SMP). Lulus taun 1940, neraskeun deui ka AMS (SMA). Kantos ngalih ka Sakola Téhnik, ngan teu kantos tamat, kabujeng datang tentara Jepang. Sakola deui di Sekolah Pelayaran Tinggi (SPT). Tamat taun 1943. Ti dinya ngiring pendidikan KKO Angkatan Kahiji (1952), saméméh dikirim ka Amerika, tolab élmu di Korp Marinir (USMC School). Saréngséna dikirim deui ka Walanda. Pirang-pirang jabatan kantos dipercantenkeun nagara, ka ieu ménak terah Sumedang téh. Tapi, sohorna mah angger, waktos mimgpin urang Batawi. Kaleresan waktos Ali Sadikin mingpin Jakarta, Solihin GP (Mang Ihin) kapeto jadi gubernur Jawa Barat.



Solihin GP, Gubernur Jabar hormat



Nu hiji ménak Sumedang, nu hiji deui ménakTasik. Duanana jendral, duaana kasép, turug-turug nyobat dalit. Atuh dina mingpin daérahna masingmasing téh, sering paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Sakapeung ramé paséa. Maséakeun kapentingan rayatna. Terang Gupernur Jakarta réa duitna, sakali mangsa Mang Ihin ngaluarkeun ‘ancaman’: Jakarta moal dibéré cai, upama teu méré waragad



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



129



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



jang nyieun sakola. Duka kumaha pok-pokanana, ngan nu tangtu ‘ancaman’ Mang Ihin téh aya hasilna. Teu kungsi lila, torojol bantuan ti Pemda DKI Jaya, keur nyieun sakola di Jawa Barat. Ku sabab dianggap pamingpin sukses, réa nu ngarep-ngarep Ali Sadikin jadi presiden. Taun 1977 Bang Ali réngsé tina jabatan gupernurna. (ku Hidayat Susanto, tina sababara sumber)



Pancén 1



Caritakeun deui eusi téks biografi di luhur ku cara ngajawab sakur pananya ieu di handap!



1. Naon sababna basa diangkir ka Istana Merdéka, Ali Sadikin kungsi ngarasa reuwas? 2. Naon sababna Bung Karno, milih Ali Sadikin sina mingpin Jakarta? 3. Kumaha hasilna Ali Sadikin salila mingpin Jakarta? Naon ukuranana? 4. Naon alesanana urang Jakarta, méré gelar Bang ka Ali Sadikin? Mun di urang sebutan Bang téh kira-kira sarua jeung naon? 5. Urang mana aslina jeung iraha lahirna Ali Sadikin téh? 6. Salah saurang sadérékna, jenenganana dianggo nami rumah sakit. Saha téa? Naon timbanganana? 7. Waktu duanana jadi gupernur, kabéjakeun Bang Ali jeung Mang Ihin mindeng paséa. Maséakeun naon cenah? Naha aranjeunna mumusuhan? 8. Ku naon cenah, pangna Bang Ali teu pupuguh dilirenkeun tina jabatan gupernur? Cing sugan aya nu terang, waktu éta saha nu jadi Menteri Dalam Negeri?



B. Pedaran 1) Wangenan Biografi Sanggeus maca téks biografi di luhur, urang pedar naon anu disebut biografi. Ari nu disebut biografi nya éta riwayat hirup nu kaalaman ku hiji jalma. Anu dipedarna téh biasana mah ngeunaan ngaran lengkep hiji jalma nu diangap hiji tokoh, di mana tempat jeung iraha lahirna, di mana waé kungsi sakolana, jeung naon waé pagawéanana. Anu penting aya dina biografi nya éta ngeunaan kaunggulan éta jalma nu dianggap tokoh téa jeung préstasi nu kungsi kahontalna. Di sagigireun éta, sok dipedar deuih pangalaman istiméwa anu dianggap penting dipikanyaho ku nu maca sarta jadi conto anu hadé atawa tuladeun nu aya mangpaatna keur jalma réa. Réa buku-buku biografi anu tuluy kasohor lantaran eusina ngukabkeun gagasan, lalampahan, jeung ketak hiji inohong atawa jalma nu dianggap penting. Upamana baé biografi Mahatma Gandhi, biografi Ane Frank, biografi Ir. Sukarno, Biografi Présdién Suharto, Oto Iskandar di Nata, Rd. Déwi Sartika, Dodi Tisna Amijaya, jeung réa-réa deui. Dina karangan biografi biasana didadarkeun lalakon hiji jalma ti lahir nepi ka kolotna. Malah réa biografi anu ditulis sanggeus jalmana maot. Unsur-unsur anu sok diterangkeun dina biografi téh, di antarana: 1. Ngaran, lalandian, atawa jujulukna. 2. Kalahiran jeung asal-usul kulawargana. 3. Bentuk fisik jeung pasipatanana. 4. Riwayat pendidikan jeung pagawéanana. 5. Pikiran atawa gagasanana. 6. Karya atawa hasil gawé. 7. Préstasi jeung pangajén (penghargaan) nu kungsi katarima.



2) Mangpaat Maca Biografi



9. Anak saha jeung nomer sabaraha tina genep sadulur? Loba mana genep sadulur jeung dulurna genep?



Macaan téks biografi téh loba mangpaatna, di antarana baé kayaning ieu di handap.



10. Kota Jakarta harénghéng, nyawa manusa euweuh hargaan. Harti harénghéng teh sarua henteu jeung teu aman?



a. Nulad kana pangalaman hirup hiji inohong. Hirup hiji jalma nepi ka jadi inohong téh merlukeun hiji prosés. Malah perjuangan hirupna ogé sakapeung lain bantrak-bantrakeun, lantaran



130



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



131



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



kudu nyanghareupan halangan harungan. Ku hal éta, ku maca biografi hiji inohong, urang bisa diajar atawa ngeunteung kana lalampahan hirupna, yén pikeun suksés atawa bisa ngahontal naon anu dicita-citakeun téh butuh perjuangan, sumanget, jeung gawé anu tohtohan. Atawa, urang bisa ngeunteung kumaha cara anjeunna bisa ngaréngsékeun jeung ngungkulan rupa-rupa masalah kahirrupan. Aya kalana, nu kararitu téh bisa jadi sumanget keur urang dina ngalakonan kahirupan. b. Bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh. Sakapeung, inohong anu ditulis biografina téh nyaéta jalma anu gagasan jeung pikiranana istiméwa. Éta gagasan téh aya kalana diwujudkeun dina karya gawé anu rancagé, atawa ngahasilkeun hiji ciciptaan anu saméméhna teu kagarap ku batur. Biografi inohong-inohong anu kungsi nimukeun ruparupa barang jeung karancagéan – upamana Thomas Edison, Christopher Columbus, Mahatma Gandhi, B.J. Habibie, conto biografi jalma anu gagasan, karancagéan, jeung pikiranana kacida majuna. c. Biografi hiji tokoh bagian tina dokumen sajarah. Hiji inohong kadang-kadang boga peran penting dina sajarah. Ku kituna biografina téh bisa dianggap dokumén sajarah anu penting. Conto biografi modél kieu téh diantarana baé biografi Présidén, biorgafi tokoh politik, atawa biografi jalma anu kabeneran jadi saksi penting hiji babak sajarah. Contona baé biografi Anne Frank nu kapanggih tina catetan poéanana nu dijudulan The Diary of Young Girl (terbit taun 1952). Anjeunna téh mojang Yahudi ti Jerman anu jadi salah saurang korban kabengisan tentara Naél di Walanda dina Perang Dunya II. d. Maham hiji kajadian/peristiwa tina sawangan anu béda-béda. Hiji kajadian sajarah kalan-kalan disawang béda-béda ku jalma-jalma nu kalibet atawa ngalaman éta kajadian. Bédaan sawangan téh timbul lantaran aya kapentingan-kapentingan pribadi atawa bébédaan sawangan (persépsi). Upamana baé, peristiwa politik taun 1998 nu kawentar ku sebutan jaman Reformasi disawang béda-béda ku tilu tokoh sajarah anu kalibet langsung dina éta kajadian. Éta tilu tokoh téh nyaéta Présidén B.J. Habibie, Jéndral Wiranto, jeung Létjén Prabowo Subianto. Tiluanana ngahaja nyusun biografi séwang-séwangan tur boga sawangan jeung pamadegan nu béda-béda kana perstiwa nu sarua. Malah dina sawatara bagianana, éta tilu inohong téh pabéntar paham dina nyaritakeun hiji peristiwa.



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



3) Conto Biografi Sangkan leuwih paham kana wanda téks biografi, titénan contona ieu di handap. Conto ka-1:



Ti Kebon kana Carpon Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar. Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh masih sakola di SMA. Kungsi digawé di perkebunan téh Patuha, meunang opat taun. Salila digawé di perkebunan, Cécép tetep nulis carpon. Sakapeung-kapeungeun turun gunung ka Bandung, ruang-riung jeung papada pangarang Sunda. Taun 1987, Cécép digawé di majalah Manglé. Meunang sapuluh taun. Undur ti dinya, anjeunna kungsi jadi wartawan di sababaraha surat kabar. Di antarana di majalah Tiras jeung tabloid Detak di Jakarta. Ayeuna Cécép jadi Wakil Pingpinan Rédaksi Koran Tribun Jabar. Carita pondokna anu dijudulan “Bilatung” dilélér Hadiah Sastra Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) taun 1990. Carpon séjénna anu kungsi dilélér hadiah LBSS nyaéta “Tilu Potrét Jalma dina Albeum Kuring”, “Nu Luncat tina Beus Maleman Taun Baru”, jeung “Sangkakala”. (Dicutat jeung diropéa tina buku Anak Jadah, Penerbit Kiblat Buku Utama Bandung, 2002)



132



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



133



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



Conto ka-2



Hirup di Pangungsian Pangeusi Kota Bandung geus réa nu ngungsi. Tapi henteu meruhkeun sumanget gawé, angger baé ari pancén mah dilaksanakeun sakumaha mistina. Ari paripolah NICA, éstuning beuki samemena baé. Rahayat kota nu beuki saeutik téh, hantem-hanteman disingsieunan, diprovokasi, diganggu ku rupa-rupa cara. Pasukan Gurka beuki remen patroli ka wewengkon Républik. Alesanana teu béda jeung nu enggeus-enggeus, nyaéta pikeun ngabuburak pasukan Républik anu remen ngagerilya ka wewengkon Bandung Kalér. Enya anu diudagna mah pasukan Républik, tapi nyatana mah rahayat-rahayat kénéh anu jadi korban téh. Sabudeureun kota asa beuki harénghéng, saréréa pada-pada dikukuntit ku kakeueung. Katurug-katutuhna téh, rahayat beuki riweuhna basa datang bancang pakéwuh alatan musibah alam: walungan Cikapundung nu limpas, imah di sapanjang éta walungan kakeueum. Éta musibah, bisa jadi lantaran hujan badag teu eureun-eureun. Tapi deuih, mungkin baé aya nu codéka. da aya béjana, datangna banjir téh lantaran bendungan di Dago luhur aya nu ngaruksak. kajadian kitu téh terus baé dipatalikeun jeung niat sawatara jalma pikeun sabotaseu, sangkan rahayat nu dumuk kénéh di wewengkon Républik beuki teu betah. Réa pisan nu jadi korban ku éta kajadian téh, pangpangna mah rahayat nu teu tuah teu dosa. Sigana moal kurang ti saratus urang. Maranéhna henteu kaburu nyalametkeun diri lantaran cai badag datangna dadak-dadakan, tengah peuting deuih, basa maranéhna keur ngaranjang ka alam ngimpi. Dina kaayaan anu sarwa teu puguh, kapamingpinan pamaréntahan di Jawa Barat robah. Datuk Djamin anu saméméhna jadi gupernur, diganti ku Séwaka. Pon kitu deui



134



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



walikota Bandung, saterusna mah dipasrahkeun ka Mr. Syamsuriéal, Pupuhu Landraad manten. Salila mancén di Bandung, aya kana opat kalina ngalongok pamajikan di pangungsian téh. Pulang anting Bandung-Leuwigoong tumpak karéta mesin – nu maké ban buta téa. Di leuwigoong ukur mondok sapeuting, isukna balik deui ka Bandung. Basa pamajikan ngalahirkeun, henteu bisa nungkulan da puguh keur di Bandung. Lalaki budak téh, brolna ka alam dunya 1 Maret 1946. Terus baé dingaranan Eddy Djuhdi. (Dicutat tina buku Buméla ka Bangsa, biografi R.S. Hardjapamekas, penerbit Kiblat Buku Utama, tanpa taun, kaca 38)



Pancén 2



Sangkan leuwih paham, pek eusian tabel ieu di handap ku jawaban anu merenah. Diskusikeun jeung babaturan!



Aspék Biografi



Biografi ka-1



Biografi ka-2



Saha anu nyarita dina éta biografi téh? Naha nu nulisna atawa batur?



........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................



........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................



Informasi naon baé anu kapanggih dina éta biografi téh? Upamana soal ngaran, tempat jeung tanggal kalahiran, jeung sajabana.



........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................



........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



135



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



Sabada maca éta téks biografi, naon anu bisa dipaké eunteung atawa tuladeun ku urang?



........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................ ........................................



D. Latihan



C. Aspék Kabasaan Kecap Panyambung Ayeuna urang diajar ngalapkeun kecap panyambung dina wangun kalimah. Ngan saméméhna hidep kudu apal naon ari kecap panyambung. Kecap panyambung nyaéta kecap pancén anu gunana pikeun nyambungkeun unsur-unsur basa, kayaning kecap, frasa, klausa, jeung kalimah jadi wangun anu leuwih jembar. Geura ilikan conto cutatan wacana di handap. 1. Salila aya di barisan tim pasukan biru, nu ngaranna Jajang Nurjaman gedé pisan sumbangsihna kana préstasi jeung préstise Persib harita.



Réngsékeun sakur pasualan ieu di handap! 1. Naon mangpaatna sanggeus hidep maca éta téks otobiografi di luhur? 2. Ayeuna giliran hidep nulis wacana biografi. Saha kira-kirana tokoh nu rék dicaritakeun ku hidep? Sakarep hidep waé, upamana • tokoh kasenian, • olahragawan, • artis film, • budayawan, • politikus, • guru hidep, • babaturan hidep • bapa/indung/lanceuk/dulur hidep • atawa nu séjénna! 3. Nu perlu diperhatikeun ku hidep salila nulis biografi nyaéta éjahan jeung tanda baca, kitu ogé tulisan poma kudu rapih!



2. Terang Gupernur Jakarta réa duitna, sakali mangsa Mang Ihin ngaluarkeun ‘ancaman’: Jakarta moal dibéré cai, upama teu méré waragad jang nyieun sakola. Kecap jeung katut kecap upama dina cutatan wacana di luhur kaasup kana kecap panyambung. Sajaba ti éta kecap, aya kecap panyambung séjénna di antarana sangkan, sanajan, tuluy, jeung sajabana. Ilikan deui conto larapna kecap panyambung ieu di handap. Nyambungkeun dua kecap: 1. Indung jeung bapa 2. Adi jeung lanceuk 3. Nu hideung katut nu bodas 4. Nu saé sareng nu awon 5. Ibu sinareng ramana 6. Sangu reujeung deungeunna 1. 2. 3. 4. 5.



136



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Béda jeung conto di luhur, ilikan deui conto séjénna ieu di handap. Murid-murid dikumpulkeun, tuluy guru nerangkeun maksud latihan. Anu héjo leuwih aluh batan nu beureum. Kajeun cape diajar batan teu naék sakola mah. Batu nu sagedé kitu ti batan kaangkat kalah rancatatanana potong. Tanyakeun ka manéhna, sugan adine geus balik!



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



137



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



6. Lamun terus terang mah dipénta, piraku teu dibikeun. 7. Batan kapok kalah gawok Nilik kana sipatna kecap panyambung aya anu dipaké pikeun ngaheueuhkeun (afirmatip) jeung anu dipaké pikeun mungkir (negatip). Geura ilikan contona ieu di handap. 1. Sanajan diburuhan sajuta ogé urang mah moal daék. 2. Sangkilang ngomongna nepi ka melas melis éta budak teu dipaliré ku kolotna. 3. Keur ngeunah-ngeunah migawé PR téh dumadakan listrik pareum. 4. Dibetot téh batan nurut mah kalah lésot talina éta munding. 5. Naha kuring ditagih deui, kapan kamari geus dilunasan. Geura ilikan deui conto kecap panyambung séjénna dina wangun kalimah ieu dihandap. 1. Kalah ka hoakna baé tarik, haténa mah leutik. 2. Kantongna mah lapat lépét, kalah ka gidigna baé cara bos. 3. Jelema téh pinter, beunghar, tapi jahat. 4. Tangtu daékeun, asal duburuhan. 5. Piraku budak leutik kabawaeun béas sakinta.



7. Na ka kolot téh jolédar-jolédar teuing, … nyukup i. peupeujeuh nyenangkeun atuh aya-aya kikirimna salebaran j. wondening sakali mah. 8. Aduh édas, kapaksa kudu meuting nyah, … teu mawa salin-salin acan. 9. Kaharti rék bisaeun ngarang ogé, … loba macana jeung kolotna ogé sok ngarang deuih. 10. … bisa ngasupkeun sotéh, tina sépakan penalti.



Pancén 5



1. Bubuhan dileukeunan, … . 2. Kawantu daék tatanya, … . 3. Mati-mati disangka, … 4. Papadaning méméh saré, … . 5. Keur capé téh dumadakan, … . 6. Basa lapar harita téh, kabeneran. 7. Asongan waé duit, piraku … . 8. Papatahan atuh ku urang, sageuy …. 9. Batan kapok kalah … . 10. Jelema téh beunghar, ….



Pancén 4



Lengkepen ieu kalimah ku kecap panyambung anu aya di gigireunana!



1. Hayu urang lalajo, … henteu kudu mayar. 2. Beunangna mah beunang kuda leupas téh, … ngudagna. 3. … ka Mekah acan jung, atuh boga-boga lukisanana. 4. … lamun ka pasar, pangmeulikeun buah simanalagi. 5. Asal manéh daék baé milu, … ongkos jang pesawat mah ku kuring dipangmayarkeun. 6. Manéh téh ti leuleutik dirawatan ku kami, disakolakeun, dijeujeuhkeun, … kitu werat ngagogoréng di tukangeun mah.



138



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Lengkepan ku ungkara nu aya di gigireunana!



a. parandéné b. kilangbara c. mangkaning



Pancén 6



d. bubuhan e. kadongdora







f. meungpeung g. orokaya h. peupeuriheun



a. disuguhan dahar ku manéhna. b. dirina teu daékkeun. c. teu manéhna teu nurut. d. gawok e. tapi korét. f. lila-lila mah hasil ogé manéhna téh g. nu matak manéhna mah pinter ogé. h. kuring mah rék ngalawan heula da teu rumasa. i. kuring rék solat Isa heula. j. babaturan ngajak numpak motor.



Larapkeun kecap panyambung ieu di handap kana wangun kalimah!



1. asal



..................................................................................................................



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



139



Pangajaran 7 : BIOGRAFI



Pangajaran 8 : WAWACAN



2. batan … kalah …



..................................................................................................................



3. dumadakan



..................................................................................................................



4. jeung



..................................................................................................................



5. kajeun … batan ….



..................................................................................................................



6. kalah ka



..................................................................................................................



7. kapan



..................................................................................................................



Pangajaran 8



8. piraku



..................................................................................................................



9. reujeung



..................................................................................................................



10. sanajan



..................................................................................................................



11. sangkilang



..................................................................................................................



12. sareng



..................................................................................................................



wawacan



13. sugan



Kompetensi Dasar







3.8. Menganalisis isi, struktur, serta aspek kebahasaan cerita wawacan. Mentransformasikan cerita wawacan ke dalam prosa atau meng



..................................................................................................................



14. tapi



..................................................................................................................



15. tuluy



140



..................................................................................................................



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



4.8. Kreasikan ke dalam bentuk pertunjukan (seperti beluk, jemblungan, dramatisasi).



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



141



Pangajaran 8 : WAWACAN



Pangajaran 8 : WAWACAN



A. Bacaan Baca sempalan wawacan ieu di handap!



Asmarandana



H



idep kungsi apal naon anu disebut wawacan? Wawacan téh nyaéta carita anu ditulis dina wangun pupuh. Nurutkeun para ahli mah wawacan téh lain karya sastra asli urang Sunda, tapi gelarna téh lantaran pangaruh tina sastra Jawa. Asupna kana sastra Sunda kira-kira dina abad ka-17, basa harita Tatar Sunda dieréh ku Mataram. Wawacan kaasup kana karangan panjang anu ngawangun carita. Eusina nepikeun hiji lalakon anu ngandung hiji téma, jalan caritana, palaku, jeung kasang tukang (latar) tempat jeung waktu. Pupuh anu dipakéna ogé henteu hiji baé, tapi gunta-ganti tur loba, sarta henteu ukur pupuh sekar ageung, tapi diselang ku pupuh sekar alit.



142



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Meureun hidep gé geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongéng anu ramé, carita pantun asalna, asli dongéng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna. Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di kahiangan, bujangga karempel kabéh, para pohaci harémpak, sareng hiji satria, kasép putra Sunan Ambu, anu jenengan Guru Minda. Guru Minda hiji wengi, ngimpén tepang sareng mojang, geulis teu aya nu néndéng, ayana di alam dunya, nagara Pasir Batang, anjeunna keukeuh rék lungsur, milari ka Pasir Batang. Ibuna maparin widi, nanging kedah salin rupa, Guru Minda anu kasép, gentos rupa jadi héwan, hideung lestreng buntutan, disebat Lutung Kasarung, nembé lungsur ka dunya.



Kinanti Ayeuna anu kacatur, aya nagara nu mukti, nyéta Pasir Batang téa, kamashur ka mana-mendi, rajana geus palay tapa, milari saha keur ganti. Putrana téh aya tujuh, sadaya istri gareulis, anu cikal Purbararang, Kancana jeung Purba Manik, Déwata jeung Purba Éndah, Purbaleuwih, Purbasari. Ti antara putri tujuh, Purbasari nu kapilih, saé kalakuanana, lemes basa luhur budi, atuh rakana nu cikal, Purbararang bendu galih. Anu sanés ogé kitu, mikangéwa Purbasari, kajaba aya saurang, nyéta putri Purbaleuwih, ka Purbasari mihéman, tara ngiring nganyenyeri. Méméh angkat raja sepuh, palay pisan tuang daging, ka Lengsér lajeng miwarang,



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



143



Pangajaran 8 : WAWACAN



Pangajaran 8 : WAWACAN



supados Aki Panyumpit, gancang moro sato héwan, naon waé nu kapanggih. Ari seug mung manggih lutung, tapi waktu rék disumpit, lutung téh bisa nyarita, “éh Aki ulah rék meuncit, kuring téh mending dibawa, sanggakeun ka Kangjeng Gusti,” Lutung téh teras diingu, gawé ngintip para pura, ka Purbararang mah ngéwa, ka nu sanés ogé sami, kajaba ka nu duaan, Purbaleuwih Purbasari. Purbararang nuju ninun, kantéhna diburak-barik, atuh putri bendu pisan, Si Lutung terus dibui, tara pisan diparaban, nu getén mung Purbasari. Enggeus angkat raja sepuh, digentos ku Purbasari, tapi direbut rakana, Purbasani mah diusir, Si Lutung anu marengan, ditundung ka leuweung rumpil. Di leuweung kadua lutung, saungna ku daun eurih, Purbasari téh nalangsa, sok sering sumegruk nangis, ku lutung téh diupahan, ngigel ngalelejar putri.



Pancén 1



Jawab pananya ieu di handap!



1. Naha para bujangga jeung para pohaci karumpul di kahiangan? 2. Ari anu kaimpikeun ku Guru Minda téh perkara naon? 3. Saha anu maréntah Guru Minda salin rupa jadi Lutung Kasarung? 4. Naon sababna Raja Pasir Batang boga maksud néangan pigantieun nu neruskeun karajaan? 5. Saha waé ari anakna Raja Pasir Batang téh? 6. Saha di antara anak Raja Pasir Batang anu hadé budi parangin 7. Naon sababna Purbararang ngéwa ka Purbasari?



jeung dulur nu séjénna ambek jeung



8. Aya saurang anu béla ka Purbasari, cing saha ngaranna? 9. Saha anu dijurung ku Raja Pasir Batang moro ka leuweung? 10. Naon sababna Purbasari diusir ku Purbararang?



144



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangdeudeul Asmarandana, ngaran salah sahiji pupuh kelompok sekar ageung. Anu kaasup kana pupuh sekar ageung séjénna nyaéta dangdanggula, kinanti, jeung sinom. Unggal pupuh miboga watek, guru lagu jeung guru wilangan. Asmarandana nyaéta pupuh anu watekna ngagambarkeun rasa katrésna, asmara, deudeuh, asih, atawa nyaah. Guru wilangan jeung guru laguna: 8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a. Dangdanggula, watekna ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan. Guru wilangan jeung guru laguna: 10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a. Kinanti, watekna ngagambarkeun nu keur kesel nganti-nganti, deudeupeun, atawa kanyaah. Guru wilangan jeung guru laguna: 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Sinom, watekna ngagambarkeun kagumbiraan atawa mikadeudeuh. Guru wilangan jeung guru laguna: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a Sajaba ti pupuh sekar ageung, aya anu kaasup kana pupuh sekar alit, nyaéta balakbak, durma, gambuh, gurisa, jurudemung, ladrang, lambang, magatru, maskumambang,mijil, pucung, wirangrong. Balakbak, watekna Ngagambarkeun lulucon, heureuy atawa banyol. Guru Wilangan sarta Guru Laguna: 15-é, 15é, 15-é. Durma, watekna ngagambarkeun rasa ambek, badag haté (gedé haté), atawa sumanget. Guru wilangan sarta guru laguna: 12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-I. Gambuh, watekna ngagambarkeun rasa hanjelu, kasedih, hésé, kasusah, atawa nyeri haté. Guru wilangan sarta guru laguna: 7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o. Gurisa, watekna ngagambarkeun jelema anu keur ngalamun atawa malaweung. Guru wilangan sarta guru laguna: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a. Jurudemung, watekna ngagambarkeun rasa bingung, teu puguh anu kudu dipigawé (pilakueun). Guru wilangan sarta guru laguna: 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Ladrang, watekna ngagambarkeun lulucon, banyol, jeung nyindiran. Guru wilangan sarta guru laguna: 10-i, 4-a (2x), 8-i, 12-a. Lambang, watekna ngagambarkeun lulucon (banyol) tapi ngandung hal anu kudu disarahan. Guru wilangan sarta guru laguna: 8-a, 8-a, 8-a, 8-a. Magatru, watekna ngagambarkeun rasa hanjelu, hanjakal (handeueul) ku laku-lampah sorangan, atawa mapatahan. Guru wilangan sarta guru laguna: 12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o. Maskumambang, watekna ngagambarkeun rasa kahanjelu (nalangsa), nyeri haté. Guru wilangan sarta guru laguna: 12-i, 6-a, 8-i, 8a. Mijil, watekna ngagambarkeun rasa sedih (nalangsa) tapi dibarengan ku pinuh harepan. Guru wilangan sarta guru laguna: 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u. Pangkur, watekna ngagambarkeun rasa ambek lantaran nyanghareupan pancén anu beurat.Guru wilangan sarta guru laguna: 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12u, 8-a, 8-i. Pucung, watekna ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan,



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



145



Pangajaran 8 : WAWACAN



alatan henteu sapuk haté. Guru wilangan sarta guru laguna: 12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a. Wirangrong, watekna ngagambarkeun rasa éra (kawiwirangan), éra ku laku-lampah sorangan. Guru wilangan sarta guru laguna: 8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a



Pancén 2 1. Cing tuliskeun naon waé watek pupuh asmarandana jeung pupuh sinom téh? 2. Tuliskeun guru lagu jeung guru wilangan pupuh mijil jeung pupuh wirangrong? 3. Tuliskeun deui sapada pupuh kinanti nu aya dina sempalan wawacan “Lutung Kasarung”! 4. Naon eusina éta sempalan wawacan “Lutung Kasarung” anu ditulis ku hidep téh? 5. Pupuh naon waé anu jumlah engangna dalapan?



Pangajaran 8 : WAWACAN



1) Struktur Wawacan Upama urang maca karya naskah wawacan ti awal nepi ka ahir tangtu bakal manggihan strukturna kalawan gembleng. Ari struktur wawacan diwangun ku: (1) manggalasastra nu sok disebut ogé alofon, nyaéta nu eusina neda widi katut muji sukur ti anu nulis wawacan ka Nu Maha Kawasa katut solawat ka Kangjeng Rosul; (2) eusi, nyaéta guluyurna carita ti mimiti nepi ka tamat; (3) bagian panutup nu sok disebut ogé kolofon, eusina titimangsa ditulisna éta wawcan. Conto manggalasastra jeung kolofon, kayaning ieu di handa Alofon: Kasmaran kaula muji, ka Gusti Ajawajala, nu murah ka mahluk kabéh, jeung muji utusanana, Kangjeng Nabi Muhammad, nya éta Nabi panutup, miwah muji sahabatna (tina Wawacan Rengganis)



B. Pedaran Di bagian awal geus disabit yén wawacan téh carita anu lalakonna panjang sarta ditulis maké patokan pupuh. Unggal ganti episodeu biasana dina wawacan mah sok dibarengan ku gunta-ganti pupuh. Pupuh anu méh salawasna digunakeun dina wawacan nyaéta asmarandana, dangdanggula, kinanti, sinom. Maca wawacan biasana dihariringkeun atawa ditembangkeun saluyu jeung lagu jenis pupuhna. Upama caritana dianggit ku patokan pupuh asmarandana, nya kudu bari ngahariringkeun pupuh asmarandana, kitu saterusna. Upama teu bari ngahariring mah bakal hésé kahartina, lantaran kekecapanana ngudag kana guru lagu jeung guru wilangan. Karya sastra wangun wawacan pangaruh tina sastra Jawa, anu asupna ka urang waktu tatar Sunda dieréh ku Mataram, kira-kira abad ka-17.



146



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Kolofon: Tamatna kaula ngarang pukul tujuh malem Kemis di tanggal tujuh welasna, kaleresan bulan April, taun Kangjeng Maséhi, saréwu dalapan ratus, jeung genep puluh dua, marengan hijrahna Nabi, saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan (tina Wawacan Panji Wulung)



2) Seni Maca Wawacan (a) Beluk Seni maca wawacan sok disebut ogé beluk atawa ngabeluk. Beluk disebut ogé tembang buhun anu leuwih ngutamakeun tarikna jeung lambatna sora. Kiwari geus mah langka anu magelarkeun seni beluk téh. Baheula mah Seni Beluk téh sok dipagelarkeun dina acara salametan orok, nyunatan, kawinan, gusaran, jeung salametan sabada panén. Upama di Majalengka mah seni maca wawacan téh sok disebut Seni Gaok. Bisa jadi dipakéna éta dua istilah téh diluyukeun jeung karakteristik éta seni. Kecap gaok tina gagaokan (ngagorowok). Sorana dina seni beluk mah nepi ka ngalaeu (nya panjang nya tarik). Beluk tina kecap elak-eluk – lantaran ngagorowok bari beuheungna elak-eluk.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



147



Pangajaran 8 : WAWACAN



Upama hidep hayang jéntré contona aya dina youtube. Geura ilikan pintonan seni beluk ti Sumedang, nu alamatna https://www.youtube.seni beluk.



Pangajaran 8 : WAWACAN



3) Ngarobah Drama



Wawacan



jadi



Prosa



jeung



Téks



Kagiatan ngarobah hiji wangun karya sastra jadi wangun karya sastra séjénna disebut transformasi. Upamana, karya wangun puisi dirobah jadi wangun prosa atawa sabalikna, kalawan teu ngarohan eusina. Jadi anu robah téh ukur wangunna. Anu bakal kabandungan ku hidep dina ieu pangajaran nyaéta parobahan tina wangun wawacan (puisi) jadi karangan wangun prosa jeung drama. (a) Ngarobah Wawacan jadi Prosa Geura ilikan contona ieu di handap sempalan carita Wawacan “Panji Wulung” nu ditulis dina patokan pupuh dirobah jadi téks wangun prosa (b) Jemblungan Jemblungan asal kecapna tina jemblung nyaéta hiji wangun seni tradisional di tatar Sunda, utamana di wewengkon Kabupatén Ciamis nu ngawates ka wewengkon Kabupatén Banyumas di Jawa Tengah. Tatabeuhanana dijieun tina awi nu sorana niron kana sora gamelan, malah ngaran waditrana ogé sarua jeung ngaran waditra gamelan. Anu jadi ciri mandiri seni jemblungan nyaéta ayana unsur dalang, minangka nu ngajejeran runtuyan carita kaasup méré katerangan ngeunaan suasana jeung tempat kajadianana. Cara magelarkeun seni jemblungan teu béda ti nu maca wawacan (beluk), bisa dibiskalan (aya nu ngilona), tapi bisa ogé guneman langsung baé. Ku lantaran carana bari dariuk teu béda ti anu maca wawacan, atuh pikeun némbongkeun watek palaku téh cukup ku gerakna awak jeung ku pasemon waé, henteu kudu bari nangtung atawa leuleumpangan.



Pancén 3 1. Jelaskeun naon bédana beluk jeung jemblungan? 2. Naon anu jadi ciri utama carita wawacan téh? 3. Tétélakeun naon bébaha alofon jeung kolofon dina naskah wawacan?



148



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



1. Wangun Pupuh (Sempalan “Wawacan Panji Wulung”)



Asmarandana Sambatna Nyi Tunjungsari, ku raja henteu dimanah, enggeus dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu nampik dosa. Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paédah, caturkeun geus nepi baé, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah, tina watirna kalangkung, ka éta Nyi Tunjung téa. Ku Ki Patih geus kajudi, yén dijerum ku maruna, sanajan ajar gé bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang dongdonan, nu matak ajar sakitu, diupah ku Praméswara. Tanjungsari jeung Panolih, dibawa ka pilemburan, didakukeun geus dipotong, ki patih susah manahna, pibuktieun ka raja, hulanghuleng juntal-jentul, tungtungna los ka panjara. Dumadakan manggih mayit, sakitan keuna sasalad, ceulian dikeureut baé, disanggakeun ka sang raja, sang prabu suka manah, teu aya pisan timburu, yén éta ceuli nu lian. Lain ceuli Tunjungsari, ka Patih langkung percaya, pawarang téh liwat atoh, saréh maruna geus hilang, caturkeun patih téa, lampahna sumput salindung, nyumputkeun nyi Tunjung téa.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



149



Pangajaran 8 : WAWACAN



Pangajaran 8 : WAWACAN



Sarta dibekelan duit, pibekeleunana nyaba, nyingkiran napsu raja téh, kacaturkeun geus mangsana, nyi Tunjungsari babar, putrana pameget mulus, kasép ngala ka ramana. Pada nimang siligenti, ki patih reujeung garwana, kawas ka putrana waé, hanteu asa hanteu jiga, tuluy dijenenganan, Radén Panji Wulung, kacarita lawas-lawas. Ki patih kalangkung asih, sarta hanteu kurang-kurang, ngawuruk murangkalih téh, kajayaan kabedasan, sarta kapaliasan, élmu-élmu teu kalarung, basa-basa jeung karasa.



Pangkur Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan kori, henteu puguh nu dijugjug, balik Paman sadayana, nu ti mana tiluan semu rarusuh, lurah bégal ngawangsulan, aing ngaran Jayapati. Cikénéh mentas dibégal, tujuh jalma modar taya nu ngari, bangkéna tujuh patumpuk, balik manéh ayeuna, lamun masih kénéh manéh hayang hirup, kadieukeun banda sia, ku aing moal dipeuncit. Rahadén Panji ngandika, bari mésem Paman takabur teuing, pati batur diganggu, mangké caralik heula, ieu catang nu malang sumangga panggul, lamun kapanggul ku paman, kaula sumeja ngiring. Jeung nyanggakeun babadaan, tapi lamun ku paman teu kaindit, ku kula meureun dipanggul, éta minangka tanda, jadi éléh saha nu teu kuat manggul, melengék ki lurah bégal, pikirna geus rada risi. Neuleu catang nu malang, gedé pisan tangtu moal kaindit, maksakeun manéh pék nangtung, catang tuluy dipundak, teu kabawa késangna datang ka ngucur, henteu obah-obah acan, mésem leleb Radén Panji. Ki Jayapati nyentak, manéh ogé moal enya kaindit, lamun ku manéh kajungjung, kami seja kumawula, rék nuturkeun ka mana anu dijugjug, ngadeg Radén Panji dangdan, catang dipanggul kaindit. Wantuning tina geus tuman, pangajaran manggul timah jeung beusi, catang dijugjug dipanggul, bégal anu tiluan, pada nyembah sujud kana dampal suku, bari pada totobatan, pihaturna seja ngiring.



150



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Ki Janggala Ki Janggali, gugulingan bawaning suka ati, nabeuh kélék ceprat-ceprut, barina sesenggakan, geura lawan juragan aing nu weduk, putra patih sokadana, salti manggulang-manggaling. Nyaur radén Panji Putra, ulah kitu manéh suwaban teuing, teu hade jalma nu agul, matak meunang cocoba, Ki Janggala Ki Janggali nyembang ngawangsul, kumaha da atoh pisan, ngéléhkeun Ki Jayapati. Lamunna éléh ajengan, tangtuna kuring milu kaboyong deui, los dijual ka Malayu, tangtu jadi dagangan, Radén Panji nyaur bangun semu imut, hé Jayapati ayeuna, paman geus taluk ka kami. Kuma pikarepeun paman, Jayapati ngawalon semu ajrih, nyanggakeun bada sakujur, seja ngalebut tapa, seja ngiring ka mana nu dijugjug, nyaur radén Panji Putra, sukur paman seja ngiring.



Kinanti Laju lampah Panji Wulung, diiring ku Jayapati, Ki Janggali Ki Janggala, jeung baturna Jayapati, ngaran Ki Kebo Manggala, kalima Kebo Rarangin. Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk anggang datang, sumping damping ka basisir. Raden ngantosan parahu, calikna dina kikisik, disasarap dangdaunan, daun bakung jeung badori, tamba kesel sasauran, nyaritakeun Ajar tadi. Raden Panji Wulung nyaur, kula inget omong tadi, baréto paman bébéja, lampahna ajar nu tadi, basana dihaturanan, ka Sokadana ku Gusti. Keur norah seliran ratu, nu dituding pajar julig, selir téh saha ngaranna, jeung saha lawanna julig, Jayapati ngawalonan, sumuhun kanyaho kuring. Eukeur caturing pitutur, ngaranna Nyi Tunjungsari, asal urang Balangbangan, lalakina pun Panolih, cariosna dipaéhan, malah katut pun Panolih. Anu ku hidep dibaca di luhur téh carita dina wangun pupuh, sarta ukur sempalanana. Ieu di handap mah ringkesanana. Kagiatan ngaringkes carita bisa dilaksanakeun saupama urang geus tamat maca hiji carita



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



151



Pangajaran 8 : WAWACAN



sagemblengna. Ngaringkes téks wawacan teu kudu ditulis dina wangun pupuh deui, tapi cukup ku wangun lancaran waé. Anu kudu diéstokeun sajeroning nulis ringkesan nyaéta ngaran tokoh, kasang tukang tempat jeung waktu, jeung guluyuran caritana. Jaba ti éta, anu ditulis dina ringkesan biasana hal-hal anu dianggap pentingna waé. Geura tengetan ieu conto tingkesanana di handap. 2. Wangun Prosa (Tingkesan “Wawacan Panji Wulung”) Kacaturkeun Nagara Sokadana, anu kaceluk réa ketan réa keton, sugih dunya taya kakurang, sarta rajana sabar adil palamarta. Ngaran rajana Déwakéswari. Anjeunna kacida miasihna ka Tunjungsari nu keur kakandungan, selir nu asalna ti Balangbangan. Praméswari teu suka éta selir aya di karaton. Tunjungsari dipitnah geus ngalampahkeun jinah jeung salah saurang pangiringna nu ngaranna Panolih. Raja téh bendu sarta maréntahkeun sangkan Tunjungsari katut Panolih dihukum pati. Lantaran Patih teu tégaeun, Tunjungsari teu dihukum pati, tapi disingkurkeun ka hiji lembur sarta nitah Panolih sangkan indit jauh kaluar ti wewengkon Sokadana. Pikeun bukti ka raja, Patih mulang deui ka nagara bari mawa potongan ceuli nu dicokot ku manéhna tina mayit tahanan di penjara. Tunjungsari ngalahirkeun budak lalaki anu dingaranan Panji Wulung. Raja mah teu apaleun, tapi Patih kacida nyaaheunana ka éta putra raja. Umur 14 taun, Panji Wulung dititah ngumbara dibarengan ku dua pangiringna anu ngaran Janggala jeung Janggali. sajeroning lalampahanana Panji Wulung bisa ngéléhkeun sato galak jeung bégal. Panji Wulung jeung pangiringna tuluy ka laut rék néangan kapal pikeun ngumbara. Di perjalanan Janggala jeung Janggali nepikeun rusiah saha saenyana Panji Wulung. Panjiwulung manggihan kapal ti Patani nu rék balayar ka Keling. Dina éta kapal manéhna tepung jeung Daéng Bramani ti Bugis nepi ka nyobatna, malah kungsi sataun babarengan di Patani. Ti dinya Panjiwulung, Bramani, Janggala, jeung Janggali balayar ka Cempa sarta mukim bari tatanén di tempat anu nyingkur. Panji Wulung nyalametkeun putri ti Nagara Cempa, jenenganana Andayaningrat anu diculik ku Mantri Panglima, nyaéta tukang miara gajah ramana. Patani nu di lembur nepikeun béja yén raja geus ngémbarkeun sahasaha anu bisa manggihan putrina sarta dipulangkeun ka karaton bakal nampa hadiah satengah tina wewengkon Nagara Campa.



152



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 8 : WAWACAN



Ari Panji Wulung tetep can teteg haté pikeun mulangkeun putri ka karaton. Manéhna nulis surat ka raja Cempa anu dijajapkeun ku Bramani, nerangkeun yén putri geus salamet. Raja puguh baé bungah. Anjeunna sasayagian pikeun mapagkeun Panji Wulung jeung putrina. Ari Andakasura tuluy dibui lantaran kapanggih bohongna. Panji Wulung ngajajapkeun putri Andayaningrat ka karajaan. Putri tepang deui jeung sepuhna. Panji Wulung dijenengkeun pangéran sarta dibéré jujuluk Déwa Kusumah. Raja Cempa ngutus Panji Wulung pikeun nyanghareupan Gilingwesi jeung pasukanana anu boga karep ngawin putri Andayaningrat nu kasohor geulis kawanti-wanti. Dina éta pangperangan, salah saurang prajurit Gilingwesi nepikeun niatna hayang males pati ka raja Gilingwesi anu geus maténi pamanna. Perang ahirna lekasan kalawan kaunggulan ti pihak Panji Wulung. Sésa pasukan Gilingwesi digiring ka karaton Cempa. Panji Wulung unjukan ka raja Cempa, yén aya di antara prajurit Gilingwesi anu baruntak ka rajana, sarta ngusulkeun sangkan Sudarma dijenengkeun raja Gilingwesi. Tapi raja nyaur yén hadéna Sudarma téh dijenengkeun Patih Cempa baé, sarta ngajenengkeun Bramani jadi raja di Gilingwesi. Nagara Campa leuwih maju. Patani jeung istrina anu kungsi dicicingan ku Panji Wulung diondang ka karaton. Panji Wulung ogé teu weléh inget ka bapa kukutna, Patih Sokadana. Panji Wulung ngutus Janggala jeung Janggali nepikeun surat ka Patih Sokadana nu eusina ngabéjakeun yén dirina geus jadi putra mahkota di Cempa. Panji Wulung ogé ngulem Patih Sokadana sangkan nganjang ka Cempa. Surat katampa ku Patih Sokadana. Patih Sokadana ogé nulis surat ka Panji Wulung. Dina suratna patih nyaritakeun sakabéh rusiah kahirupan Panji Wulung sarta méré piwulang sangkan Panji Wulung ulah sombong, nyaah ka pamajikan, jeung bisa nahan hawa napsu. Dicaritakeun ogé perkara putra patih anu jenenganana Panji Pamékas nu kacida dipikanyaahna jeung dijenengkeun putra mahkota ku Raja Sokadana lantaran raja kaparengkeun teu boga rundayan. Barang surat dibaca ku Panji Wulung, kacida ngangres jeung kagagasna éta putra mahkota Cempa téh. Panji Wulung nyaluyuan Panji Pamékas jadi putra mahkota di Sokadana keur mulang tarima kana kahadéan Patih Sokadana. Teu lila ti harita Raja Cempa gering parna. Raja nepikeun wasiat yén Panji Wulung nu kudu ngaganti dirina jadi raja jeung sakabéh pangiringna kudu tumut. Sabada masrahkeun cingcin karajaan, raja tilar dunya, sarta sakabéh pangeusi Cempa ngarasa sungkawa.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



153



Pangajaran 8 : WAWACAN



Pangajaran 8 : WAWACAN



Panji Wulung ngirim surat ka Patih Sokadana, ngabéjaan pupusna raja Cempa sarta manéhna anu dijenengkeun jadi raja. Patih Sokadana kacida bungahna barang nampa éta béja téh. Kacaturkeun di Sokadana, raja nepikeun niatna hayang masrahkeun karajaan Sokadana ka Pamekas. Raja ogé ngajenengkeun Nyi Tunjungsari jadi pawarang ngaganti ratu nu ti heula, sarta dibéré jujuluk Sekarkencana. Ahirna Raja Déwakéswari jeung Sekarkancana hirup rukun sauyunan tur meunang kabagjaan. Tapi raja jeung pawarang téh teu weléh inget ka putrana: Panji Wulung. Raja tuluy ngutus Patih Sokadana jeung istrina pikeun manggihan sarta nepikeun surat ti raja anu boga niat hayang ngondang Panji Wulung ka Sokadana. Éta pangulem téh diséstokeun pisan ku Panji Wulung. Kacaturkeun Panji Wulung nepi ka Sokadana tepung jeung indung bapana anu kacida ngarep-ngarep. Salila di Sokadana Panji Wulung nyaksian dipasrahkeunana karajaan Sokadana ka Pamékas nu ngaganti raja sepuh. Panji Wulung ngabingbing Pamekas anu meunang jujuluk Déwabrata ngeunaan soal-soal kanagaraan. Sokadana beuki ma’mur. Kacaturkeun di Cempa. Andakasura ngagoda Patih Cempa sangkan baruntak ka Panji Wulung anu keur euweuh indit ka Sokadana. Hasutan Andakasura hasil sabab dibantuan ku pamajikan patih. Ngan Martadiguna baé, ponggawa anu satia, jeung putrana, Katibaya, nu henteu biluk téh. Duanana diasupkeun ka panjara ku Andakasura. Ahirna mah Patih Cempa ngajungjung lungguh dirina jadi Raja Cempa, jujulukna Déwasaksi. Ari patihna, Sudirapati. Sedengkeun Andakasura jadi pingpinan panglima perang. Teu lila jol surat anu ngiberan yén Panji Wulung bakal mulang. Sanggeus nepi ka basisir, rombongan kapal Panji Wulung diserang ku témbakan mariem ku Pasukan Raja Campa gadungan. Rombongan kacida kagétna sarta baralik deui ka tengah laut. Teu lila datang Jayaperbangsa, ngalolos ti Cempa sarta bébéja ka Panji Wulung yén Patih geus baruntak. Harita datang balabantuan ti Raja Gilingwesi. Ahirna pasukan Panji Wulung nu dibantuan ku pasukan ti Gilingwesi hasil numpes babaruntakan di Cempa. Tapi patih nu baruntak jeung Andakasura ngalolos.



Rombongan raja Panji Wulung mulang deui ka karaton, tapi kaayaan geus paburantak. Raja Gilingwesi teu dihaturan mulang deui. Sabada sabulan, Raja Gilingwesi nu ayeuna dijungjung lungguh jadi Patih di Cempa amitan. Kacaritakeun Patih Cempa nu baruntak jeung Andakasura katéwak ku urang lembur sarta dijagragkeun ka karaton. Raja jeung ratu maréntahkeun sangkan patih nu baruntak jeung Andakasura dibawa ka pangadilan. Patih mah dibéré tobat, tapi Andakasura ditibanan hukuman pati. Andakasura beungeutna ditutupan ku kaén bodas, tuluy digantung. Ti harita Nagri Cempa beuki ma’mur loh jinawi.



Pancén 4



Jawab sakur pananya ieu di handap!



1. Paluruh ku hidep harti atawa sasaruan kecapna nu ditulis kandel dina sempalan wawacan di handap! 1) Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah, enggeus dimeureunkeun baé, tangtu nampik kana dosa, jeung lumbrah manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu nampik dosa. 2) Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh cunduk anggang datang, sumping damping ka basisir. 3) Neuleu catang nu malang, gedé pisan tangtu moal kaindit, maksakeun manéh pék nangtung, catang tuluy dipundak, teu kabawa késangna datang ka ngucur, henteu obah-obah acan, mésem leleb Radén Panji. 4) Ki Jayapati nyentak, manéh ogé moal enya kaindit, lamun ku manéh kajungjung, kami seja kumawula, rék nuturkeun ka mana anu dijugjug, ngadeg Radén Panji dangdan, catang dipanggul kaindit. 2. Naon Ki Jayapati maké nyentak ka Panjiwulung? 3. Naon sababna raja bet ngantep sasambatna Nyi Tunjung Sari? 4. Naon sumpah Ki Jayapati ka Radén Panji dina sempalan? 5. Kumaha kesan hidep sanggeus maca tingkesan éta carita? 6. Sanggeus maca éta carita dina dua wangun karya, mana anu leuwih kaharti, naon sababna?



Peta Lalampahan Panji Wulung



154



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



155



Pangajaran 8 : WAWACAN



Pangajaran 8 : WAWACAN



(b) Ngarobah Wawacan jadi Naskah Drama Geura ilikan contona ieu di handap sempalan carita “Wawacan Sulanjana” nu ditulis dina patokan pupuh dirobah jadi téks wangun drama. 1. Wangun Pupuh (“Wawacan Sulanjana”)



Sinom Ganti anu dicarita, Sang Prebu Siliwangi, manahna héran kacida, ku panganggo Nyi Nawangsih, ana nya ku héran teuing, paré saranggeuy geus tangtu, paréntah teu daék béak, taya sudana saeutik, unggal taun leuit kudu baé tambah. Nu kumaha kapiatina, ayeuna meungpeung keur sepi, hayang nyaho rék ditéang, panganggona Nyi Nawangsih, Sang Prebu tuluy indit, seug lajeng asup ka dapur, tatapina éta raja, hanteu jongjon rada risih, hanteu kaur balas nyoréang ka tukang. Ti dinya tuluy dibuka, sadayana ditingali, Raja hookeun kacida, ngahuleng barina dzikir, na kumaha héran teuing, nyaur dina jero kolbu, langkung pinter Nawang Wulan, panganggona langkung leuwih, ngan saranggeuy berkatna kabina-bina. Ti dinya Raja téh ngejat, sabab éling kana jangii, enggalna tuluy kaluar, lajeng linggih kana korsi, ka carita Nyi Nawangsih, tina jamban anggeus wangsul, tuluy marek ka rakana, bari naros Nyi Nawangsih, Sabot kuring kajaban raka teu angkat. Sang Prebu seug ngawalonan, ti dinya engkang teu indit, ti dinya Nyi Nawang Wulan, tuluy ka dapur geus ngepi, Nyai Mas Dewi Nawangsih, tuluy baé muka sangu, bareng tuluy pek ditingal, weuteuh baé paré tadi, hanteu jadi sangu nu cara ka tukang. Ayeuna geus kalampahan, sim kuring haturan deui, rakana di paparéntah, ka ponggawa para manteri, ngadamel dulang pangarih, nyiru, halu reujeung lisung, sababna éta ayeuna Nyi Puhaci Sangiang Sri, rék disangu kudu seug ditutu heula. Sareng nganggo ditapian, Nyi Pohaci Sangiang Sri, Sabab anggeus kacampuran, mata heulang Tali Mendir, sakitu piunjuk kuring, ayeuna ka Raka Perebu, ayeuna kuring rék mulang, ka imah kuring sawargi, Sang Prebu ti dinya tuluy ngandika. Raka téh neda hampura, Nyai poma ulah mulih, Raka téh



156



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



kaluluputan, nyuhunkeun hampura Nyai, ti dinya téh Nyi Nawangsih, nganggo-nganggo nu aralus, hanteu beunang dipegatan, Nyi Mas Dewi Nawangsih, diraksukan demang antakusumah. Anting-anting tambah jajar, sapanganggo Nyi Nawangsih, geus leupas ka awang-awang, ngajugjug sawarga deui, hanteu kocap Nyi Nawangsih, kacarita Sang Parébu, liwat langkung kaédanan, ku Nyai Déwi Nawangsih, lajeng nangis asup kana pagulingan. Geus dongkap kapagulingan, Sang Parebu Siliwangi, liwat langkung nya nalangsa, nangkuban kana guguling, Sang Parébu Siliwangi, lajeng nangis segrak-segruk, anggeus cipruk ku cisoca, Raja geus taya kaéling, Kaélingna ngan ka Déwi Nawang Wulan. Aduh Nyai Nawang Wulan, karaton ayeuna sepi, ihlas temen ka Kang Raka, aduh Nyi Déwi Nawangsih, bet hanteu melang ka bumi, ayeuna karaton suwung, moal aya nu ngeusian, kumaha ayeuna Nyai, Nawang Wulan ihlasna kabina-bina. Jukut situ jampang sawah, kapalang béla téh Nyai, kajang gedé buleud siki, raka téh bati melenguk, daun kabur kaanginan, kumalayang engkang Nyai, béas ngeprul kalangkung hayang nepungan. Kawas anu kaédanan, tujuh poé tujuh peuting, hanteu saré hanteu dahar, ngan éling baé ka Nyai, ti dinya téh anggeus éling, pék marek ka Déwa Guru, geus kitu tuluy unjukan, nyarioskeun anu tadi, ti wiwitan dongkap ka wekas pisan. Déwa pék nimbalan, ka Perebu Siliwangi, jalma téa geus adatna, narajang cocoba diri, kok meunang beubeudur deui, ulah dipake nguluwut, ayeuna kudu wayahna, manéh geura balik deui, pék lakonan saparéntah Nawang Wulan. Énggalna ti dinya mangkat, mulang Perebu Siliwangi, dongkap ka Nagri Pakuan, paparéntah anggeus jadi, nyieun dulang jeung pangarih nyiru halu reujeung lisung, parantos rupa sadaya, taya nu hanteu ngajadi, anumawi dongkap ka ayeuna pisan. Di nagara geus teu kakocap, kacaturkeun Yang Permaésti, némbalan ka Déwa Anta, Anta manéh kudu mimiti, Nyi Pohaci Sangiang Sri, ku manéh kudu diasuh. geus puguh anu di sawah, nu di leuit kitu deui, lampuna gamberang ku manéh kudu eusian. Jeung deui manéh ayeuna, ngaran téh kudu diganti, kudu ngaran Déwa Naga, pék ngaraksa Nyi Puhaci, Naga Anta tuluy malik, ngawalon ka Déwa Guru, kuring seja ngalampahan, Satimbalan Yang Permaésti, Naga Anta ti dinya anggeus kaluar.



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



157



Pangajaran 8 : WAWACAN



Numatak paré ayeuna, lamun kasorang geus pasti, alusna kabina-bina paré téh leuwih ti misti, kitu deui nu di leuit, ana kacicingan tangtu, berkahna kabina-bina, sabab Naga Anta misti, lamun aya di leuit reujeung di sawah. Éta téh geus tangtu pisan, berkahna leuwih ti misti, poma poma ka sadaya, lamun rék ngeursakeun tani, di sawah di huma deui, lamun manggih anu kitu, di huma reujeung di sawah, éta Naga anggeus pasti, rupana téh jeug saperti paré pisan. Tapi mungguh Naga Anta, rupana téh éta pasti, gedé pondok sisit hérang, éta ulah salah deui, seug baé kudu pusti, sarta poma ulah geuruh, karana éta watekna, teu beunang dibawa kikir, mun di sawah atawa éta di huma. Sanajan di leuit pisan, Mun urang dipikaasih, cicing dina pare urang, dirawatan kudu misti, ari ngahumaan deui, urang ka Naga Geus tangtu, minyak seungit reujeung menyan, seug maké boéh sakali, sarta urang kudu beberesih pisan. Lamun geus tetep cicingna, di sawah mun dina leuit, éta urang kudu pisan, dina Jumaah sakali. mawa menyan minyak seungit, geus puguh boéh nu baku, éta hanteu meunang tinggal, sartana urang tarapti, enya éta ngaluis sartana midang. 2. Wangun Drama (“Wawacan Sulanjana”) Sanggeus téks sempalan wangun wawacan di luhur dirobah jadi téks wangun drama, contona kawas ieu di handap. HIJI POÉ, RAJA SILIWANGI PANANASARAN KANA TUTUP ASEUPAN NU DIOMATOMATAN KU NYI NAWANG WULAN ULAH DIBUKA. KAPANASARANANA TEU BISA DITAHAN DEUI, KU KITUNA RAJA KA DAPUR RÉK MUKA TUTUP ASEUPAN MEUNGPEUNG NYI NAWANG WULAN KEUR DI CAI.



Raja Siliwangi : “Paré nu diasakan ku Si Nyai téh bisa nyumponan kabutuhan sakabéh rahayat Pakuan. Tapi naha paré téh can béak, boh nu di sawah boh nu di leuit? Jeung deuih asa can kungsi manggih Si Nyai ngasakan paré, ngan ukur diasupkeun kana aseupan tuluy ngajadi. Nu jadi kapanasaran mah, kunaon éta aseupan salila ngasakan paré teu meunang dibuka ku saha waé, kaasup kuring?“ (nyarita dina jéro haté bari leumpang ka dapur)



158



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 8 : WAWACAN



Raja Siliwangi : (muka tutup aseupan) “Euleuh geuning eusina ngan ukur saranggeuy? Naha bisa mahi sa-Pakuan? Aduh Nyai, na kumaha anjeun ngasakan saranggeuy paré ku ditutup dina aseupan wungkul? (reuwas kacida) RAS INGET KANA JANGJINA KA NYI NAWANG WULAN Raja Siliwangi : “Aéh Nyai, apanan kuring téh geus jangji moal wani-wani ngabuka tutup aseupan waktu keur ngasakan paré. Mun seug kuring jalir jangji, hartina kuring nalak anjeun. Hampura Nyai! (nutupan deui tutup aseupan) RAJA SILIWANGI KALUAR TI DAPUR, GÉK DIUK DINA KORSI NU TEU JAUH TI LAWANG DAPUR. HATÉNA GEGEBEGAN SABAB GEUS JALIR JANGJI KA NYI NAWANG WULAN. TEU LILA JOL NYI NAWANG WULAN KALUAR TI CAI, NYAMPEURKEUN RAJA. Nawang Wulan : “Kakang Prebu, nalika kuring di cai, Kakang teu ka mana-mana?” (milu diuk di gigireun Raja) Raja Silwangi : “Henteu Nyai, akang mah ti tadi gé diuk di dieu. (neuteup ka hareup” Nawang Wulan : “Henteu ka dapur? Pan nyai nuju nyangu.” Raja Siliwangi : “Henteu nyai, puguh teu ka mana-mana gé apal nyai keur nyangu.” Nawang Wulan : “Leres Kang?” Raja Siliwangi : “Muhun Geulis”. (angger neuteup ka hareup) NYI NAWANG WULAN NGARASA TEU GEUNAH HATÉ, LANTARAN BASA NANYA KA RAJA, ANJEUNNA TEU NEUTEUP KA MANÉHNA. SIGA AYA NU DISUMPUTKEUN, SABAB RAJA SEMU NU REUWAS. NYI NAWANG WULAN NANGTUNG TINA KORSI, TULUY LEUMPANG KA DAPUR NÉANG SANGU. BARANG DIBUKA, NYI NAWANG WULAN REUWAS SABAB SANGU TEU NGAJADI. Nawang Wulan : “Duh Kakang Prebu, geuning anjeun téh jalir kana jangji. Paré téh teu jadi sangu kawas sasarina.” (reuwas tuluy nginghak ceurik)



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



159



Pangajaran 8 : WAWACAN



TI TUKANG RAJA SILIWANGI NYAMPEURKEUN. Raja Siliwangi : “Hampura Nyai, hampura akang geus jalir jangji. Kapanasaran teu bisa ditahan deui. Akang ngarasa kaduhung Nyai, hampura!” (nangkeup Nyi Nawang Wulan) Nawang Wulan : “Kakang Prebu, sabab akang jalir jangji, kuring teu bisa kukumaha. Kuring kudu ka Kahiyangan deui, sabab Kakang tos nalak kuring.” (ngaleupaskeun tina tangkeupan raja) Raja Siliwangi : “Hampura Nyai, hampura! Akang teu maksud rék jalir jangji, jeung akang teu wasa lamun kudu nalak nyai! Hampura akang, geulis!” (Nginghak ceurik) Nawang Wulan : “Hampura nyai ogé, kang! Tapi dalah dikumaha, waktu teu bisa dibalikan deui. Ayeuna akang kudu narimakeun. Saacan kuring ngahiyang, aya sababaraha pancén nu kudu dipigawé pikeun kama’muran hirup rahayat satuluyna.” Raja Siliwangi : “Mangga nyai.” (nyusutan cimata) Nawang Wulan : “Sabab kuring bakal ka kahiyangan, paré téh kudu ditutuan ku halu dina lisung. Réngsé ditutu, kudu ditapian nganggo nyiru. Meunang napian téh ditangogkeun sina gigih bari dikoréh ku pangarih. Gigihna asupkeun kana aseupan nepi ka jadi sangu. Sangu nu geus asak akeul dina dulang. Sakitu piunjuk kuring. Amit mundur amit mungkur. Hatur nuhun Kakang Prebu.” (ngahiyang ka kahiyangan). Raja Siliwangi : “Hampura akang, nyai! Hampura! Kaduhung akang kaduhung! Moal rék jalir deui! Nyai, tong mulang ka kahiyangan! Hampura akang, nyai!” (ceurik balilihan, neuteup Nyi Nawang Wulan nu ngahiyang dibarengan ku cahya bodas) SANGGEUS NYI NAWANG WULAN NGAHIYANG, RAJA SILIWANGI MARÉNTAH PARA PONGGAWA JEUNG PARA MATERI PIKEUN MIGAWÉ PANCÉN TI NYI NAWANG WULAN PIKEUN NYANGU. Raja Siliwangi : “Para manteri jeung para ponggawa! Kuring rék nitah maranéh nyieun halu jeung lisung pikeun nutu paré,



160



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 8 : WAWACAN



nyiru pikeun napian béas, pangarih pikeun ngoréhngoréh gigih, jeung dulang pikeun ngakeul sangu! Éta pancén ti Nyi Nawang Wulan nu geus mulang ka kahiyangan. Lamun sakabéh pakakas tadi teu ngajadi, sangu ogé moal ngajadi. Balukarna Pakuan bakal ditarajang kalaparan!” Para Manteri : “Sumangga Raja Prebu Siliwangi.” (ngahormat ka raja) Para Ponggawa : “Sumangga Raja Prebu Siliwangi. Ku kami bakal dilaksanakeun.” (ngahormat ka raja) TI SAPRAK NYI NAWANG WULAN NGAHIYANG, RAJA SILIWANGI KAÉDANAN TUJUH POÉ TUJUH PEUTING. HENTEU DAHAR, HENTEU NGINUM, HENTEU SARÉ,. NGAN CEURIK SAGRAK-SEGRUK DI KAMARNA, INGET WAÉ KA NYI NAWANG WULAN. Raja Siliwangi : “Duh nyai, hampura akang! Akang rumasa salah geus jalir kana jangji. Akang kaduhung nyai, kaduhung ngagugu napsu kapanasaran. Naha nyai téga teuing ninggalkeun akang, ninggalkeun karajaan, ninggalkeun rahayat Pakuan. Nyai, geura balik deui nyai! Akang teu wasa lamun kudu ngalakonan hirup ari lain jeung nyai. Hampura akang, nyai!” (ceurik balilihan) SANGGEUS ÉLING, RAJA SILIWANGI INDIT KA PADJADJARAN RÉK NEPUNGAN BATARA GURU. MAKSUDNA MAH RÉK MÉNTA TULUNG SANGKAN NYI NAWANG WULAN BISA BALIK DEUI KA BUMI. Batara Guru



: “Manawi aya nu kedah dibantos, Prebu? Hawatos salira téh asa ngaalitan. Sapertos teu jagjag.” (ngasongkeun cai) Raja Siliwangi : “Numawi Déwa Guru, kuring téh ngarasa kaduhung. Kuring téh jalir jangji ka Nyi Nawang Wulan. Kapanasaran nu ngawanikeun kuring muka tutup aseupan nu geus diomat-omatan ku Si Nyai. Sabab jalir jangji, hartina kuring nalak manéhna. Ku kituna, Si Nyai téh ngahiyang ka kahiyangan. Kuring jadi teu puguh laku teu puguh lampah ari teu dibarengan ku Si Nyai.” Batara Guru : “Sing bisa narimakeun Prebu! Kaduhung mah panungtung. Moal pati ninggalkeun Nyi Nawang Wulan



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



161



Pangajaran 8 : WAWACAN



téh ari lain kuduna. Ké,ké, mun Nyi Nawang Wulan ka kahiyangan, kumaha ngasakan pare? (bingung) Raja Siliwangi : “Numawi Déwa Guru, saacan ngahiyang téh Si Nyai talatah heula ka kuring. Cenah kudu nutuan pare ku halu jeung lisung, seug ditapian ku nyiru, diarih ku pangarih, jeung diakeul dina dulang. Antukna, kuring nitah para mantri jeung ponggawa pikeun nyieun pakakas nyangu nu ditalatahkeun Si Nyai.” Batara Guru :“Sukur ari geus dibéré piunjuk ti Nyi Nawang Wulan mah. Ayeuna mah sing bisa ihlas jeung sabar. Da jalma mah boga adat hayang mikanyaho naon nu teu dipikanyaho bari jeung teu dipikiran naon balukarna. Wayahna, ayeuna mah geura téang ka Pakuan, sugan geus ngajadi pakakas téh!” (ngusapan taktak raja) Raja Siliwangi : “Mamanawian aya jalan pikeun Si Nyai balik deui ka Pakuan, Déwa Guru?” (pinuh ku harepan) Batara Guru : “Lain teu hayang, ngan teu wasa. Sing bisa narimakeun!” RAJA SILIWANGI AHIRNA BALIK DEUI KA PAKUAN SANGGEUS DIPAPATAHAN KU BATARA GURU. ANJEUNNA NGAIHLASKEUN NYI NAWANG WULAN, SABAB KAJADIAN IEU TÉH ALATAN KASALAHANANA. NEPI DI PAKUAN, GEUNING PAKAKAS NYANGU TÉH GEUS NGAJADI. Para Manteri



: “Wilujeng sumping Raja Prebu Siliwangi! (ngahormat ka raja) Pakakas nyangu anu diparéntahkeun ku Raja Prebu Siliwangi parantos réngsé. Ieu halu reujeung lisung pikeun nutu paré. Ieu nyiru pikeun napian béasna. Ieu pangarih pikeun ngarih gigihna. Sareng ieu dulang pikeun ngakeul sanguna.” (nunjukan pakakas nu dibawa ku para ponggawa) Raja Siliwangi : “Sukur ari geus ngajadi mah. Pék ayeuna geura téangan saha-saha nu bisa nutu, napian, ngarih jeung ngakeul! Lamun geus kapanggih, jadikeun maranéhanana tukang nyangu di karajaan. Heug bagikeun paré anu di leuit ka sakabéh rahayat Pakuan sina disangu! Saacana, contoan heula kumaha nyieun pakakas jeung prakprakan nyangu na! Ku kitu ku kieu rahayat Pakuan moal kalaparan. Pakuan nagri nu ma’mur.”



162



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Pangajaran 8 : WAWACAN



Para Manteri : “Sumangga Raja Prebu Siliwangi. Kami siap ngalaksanakeun éta paréntah.” (ngahormat ka raja) DI NAGARA ANTAH DI KAHIYANGAN, YANG PRAMAÉSTI NITAH DÉWA ANTA PIKEUN NGAJAGAAN PARÉ DI BUMI, BOH NU DI SAWAH BOH NU DI LEUIT. KU KITUNA, PARÉ DI BUMI TÉH BAKAL SUBUR JEUNG ALUS NALIKA PANÉN. Yang Pramaésti : “Anta, kuring rék méré pancén.” (diuk hareupeun Déwa Anta) Déwa Anta : “Sumangga Yang Pramaésti, sim kuring siap ngalaksankeun.” (ngahormat ka Yang Pramésti) Yang Pramaésti : “Ayeuna manéh kudu turun ka bumi! Geura jagaan paré, boh nu di sawah boh nu di leuit! Kadé, nu di Pakuan ogé kudu diraksa! Sabab Nyi Nawang Wulan geus balik ka kahiyangan.” Déwa Anta : “Sumangga Yang Pramaésti, kuring siap ngalaksankeun!” Yang Pramaésti : “ Hiji deui Anta, ti ayeuna ngaran manéh ganti jadi Déwa Naga. Déwa Naga pangraksa Nyi Pohaci di bumi.” (nangtung tuluy ngusap sirah Déwa Naga) Déwa Naga : “Sumangga Yang Pramaésti, kuring siap ngalaksankeun! Kuring amitan Yang Pramésti.” (ngahormat ka Yang Pramaésti, tuluy turun ka bumi). TI HARITA, NAGRI PAKUAN LAIN KASOHOR KU SUBUR PARÉNA WUNGKUL. TAPI RAHAYATNA OGÉ BISA NGOLAH ÉTA PARÉ JADI SANGU PIKEUN KAHIRUPAN SAPOPOÉNA. HASIL PANÉN, PARÉNA TÉH LOBA JEUNG ARALUS, SABAB DIJAGA KU DÉWA NAGA. NAGRI PAKUAN JADI NAGRI NU SUBUR MA’MUR.



Pancén 5 1. Pék baca sapada séwang ku hidep jeung babaturan sempalan wawacan Sulanjana di luhur, lamun hidep bisa mah leuwih alus upama bari ditembangkeun! 2. Pék polahkeun téks drama hasil transformasi tina wawacan di luhur ku hidep jeung babaturan sakelompok



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



163



Pangajaran 8 : WAWACAN



Pangajaran 8 : WAWACAN



C. Aspék Kabasaan



Pancén 6



Kecap Panganteb



Perhatikeun ieu sempalan wawacan di handap.



Susun dina wangun kalimah ieu kecap panambah di handap!



1. téa



...................................................................................................................



2. téh Anu sanés ogé kitu, mikangéwa Purbasari, kajaba aya saurang, nyéta putri Purbaleuwih, ka Purbasari mihéman, tara ngiring nganyenyeri. Méméh angkat raja sepuh, palay pisan tuang daging, ka Lengsér lajeng miwarang, supados Aki Panyumpit, gancang moro sato héwan, naon waé nu kapanggih. Ari seug mung manggih lutung, tapi waktu rék disumpit, lutung téh bisa nyarita, “éh Aki ulah rék meuncit, kuring téh mending dibawa, sanggakeun ka Kangjeng Gusti,” Lutung téh teras diingu, gawé ngintip para pura, ka Purbararang mah ngéwa, ka nu sanés ogé sami, kajaba ka nu duaan, Purbaleuwih Purbasari. Kecap-kecap nu ditulis kandel kayaning ogé, waé, mung, téh, mah dina sempalan wawacan di luhur kaasup kana kecap panambah. Ari kecap panambah nyaéta kecap pancén anu pungsina pikeun ngantebkeun hiji hal anu dimaksud dina omongan. Sajaba ti kecap-kecap anu ditataan éta, aya deui kecap panambah séjénnna kayaning ieu di handap. 1) Kecap panambah anu pungsina pikeun ngantebkeun hiji hal anu dimaksud, sok disebut kecap panganteb, contona: mah, téa, ogé, téh, deui, deuih, atuh, kénéh, jsté. Conto kalimahna: (a) Basa kamari ogé manéhna meunang béasiswa ti sakolana. (b) Manéhna mah kaasup jalma anu panglobana pangalaman. (c) Keur mah pinter, katurug-turug manéhna mah bageur deuih.!



164



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI







...................................................................................................................



3. deui



...................................................................................................................



4. atuh



...................................................................................................................



5. kénéh



...................................................................................................................



2) Kecap panambah anu pungsina pikeun nganteurkeun pagawéan, contona: gantawang, cikikik, eureuleu, réngkénék, am, belewer, geleser, gedig, jrut, rot, barakatak, dor, jegur, pletok, brot, pré, jsté. Conto kalimahna: (a) Lantaran seubeuh teuing daharna, eureuleu deui teurab. (b) Anjing nu ngagogogan waé téh,  belewer waé ku manéhna dibalédog. (c) Teu kaop salah saeutik, gantawang dununganana nyarékan karyawanna.







Pancén 7 Susun dina wangun kalimah ieu kecap panambah di handap!



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



165



Pangajaran 8 : WAWACAN



Pangajaran 8 : WAWACAN



1. Cikikik



.................................................................................................................



2. Réngkénék



.................................................................................................................



3. geleser



.................................................................................................................



4. gedig



.................................................................................................................



5. jrut



.................................................................................................................



6. rot



.................................................................................................................



7. jegur



.................................................................................................................



8. pletok



.................................................................................................................



9. brot



.................................................................................................................



10. pré



.................................................................................................................



3) kecap panambah anu pungsina pikeun panahap atawa nuduhkeun tahapan hiji hal, contona: rada, semu, kacida, naker, teuing, paling, sedeng, mani, ngan, jsté Conto kalimahna:   (a) Panas naker poé ieu mah, teu cara poé kamari. (b) Sanguna tong loba teuing bisi teu seep. (c) Rambutan ngora mah rasana semu haseum.







Pancén 8 Susun dina wangun kalimah ieu kecap panambah di handap!



1. rada …………………………………………………………………………………. 2. kacida …………………………………………………………………………………. 3. paling …………………………………………………………………………………. 4. mani …………………………………………………………………………………. 5. ngan …………………………………………………………………………………. 4) Kecap  panambah anu pungsina pikeun panangtu atawa nuduhkeun hal anu geus pasti, contona: sagala, unggal, saban, sawatara, sababaraha, tiap, sagala, sarupaning, jsté. Conto kalimahna: (a) Di pasar mah sagala rupa dagangan ogé aya. (b) Sangkan salamet, ulah poho tiap  waktu neneda ka Nu Maha Kawasa. (c) Unggal peuting manéhna mah tara kaliwat ngaji.







Pancén 9 Susun dina wangun kalimah ieu kecap panambah di handap!



1. saban ………………………………………………………………………………….



166



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



167



Pangajaran 8 : WAWACAN



2. sawatara …………………………………………………………………………………. 3. sababaraha …………………………………………………………………………………. 4. sagala ………………………………………………………………………………….



Pangajaran 8 : WAWACAN



6) Kecap panambah anu pungsina pikeun nuduhkeun sikep pamadegan anu nyarita kana hiji hal atawa modalitas, contoh: boa boa, sugan, muga-muga, moal, ulah, kudu, tara, teu kenging, remen, hayang, lain, sadia, tangtu, langka, seja, mugia. jsté. Conto kalimahna: 1)  Ulah soré teuing balik, bisi kaburu hujan! 2)  Mugia Allah maparin kasalametan ka urang sadayana! 3)  Kudu suhud ari diajar téh, ngarah hasilna nyugemakeun!!



5. sarupaning



Pancén 11



…………………………………………………………………………………. 5) Kecap panambah anu pungsina pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian disebut ogé panambah aspék, contoh : can, keur, rék, geus, kakara, masih, mantén, kaburu, jsté. Conto kalimahna:   (a) Geus tilu poé, kakara barang nu leungit téh kapanggih deui. (b) Kakara ogé rék jung indit, hujan geus cur mantén. (c) Manéhna mah tanginas, isuk-isuk kénéh pisan geus indit ka sakola.



Pancén 10



Susun dina wangun kalimah ieu kecap panambah di handap!



1. can …………………………………………………………………………………. 2. keur …………………………………………………………………………………. 3. kaburu …………………………………………………………………………………. 4. masih …………………………………………………………………………………. 5. mantén







Susun dina wangun kalimah ieu kecap panambah di handap!



1. boa boa …………………………………………………………………………………. 2. sugan …………………………………………………………………………………. 3. muga-muga …………………………………………………………………………………. 4. remen …………………………………………………………………………………. 5. hayang …………………………………………………………………………………. 6. tangtu …………………………………………………………………………………. 7. langka …………………………………………………………………………………. 8. seja ………………………………………………………………………………….



………………………………………………………………………………….



168



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



169



Pangajaran 8 : WAWACAN



9. mugia ………………………………………………………………………………….



Pangajaran 8 : WAWACAN



Daftar Pustaka



10. pasti ………………………………………………………………………………….



D. Latihan 1. Pék susun ku hidep jeung batur sakelompok wawacan “Panji Wulung” di luhur dina wangun paguneman. 2. Polahkeun éta téks paguneman (drama) hasil gawé kelompok téh di hareupeun babaturan sakelas.



Iskandarwassid. (2003). Pangajaran Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten. Lembaga Basa Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Bahasa Sunda. Bandung: Tarate. Majalah Mangle. Mingguan Galura Ruhaliah. (2012). Sejarah Sastra Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI. Salmun, Mas Atje. (1958). Kandaga Kasusastraan. Bandung: CV. Ganaco. Sudaryat, spk. (2008). Makaya Basa jeung Sastra Sunda. Bandung: UPI Press Bandung Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian. (2014) Pamekar Diajar Bahasa Sunda X. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian. (2014) Pamekar Diajar Bahasa Sunda XI. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian. (2014) Pamekar Diajar Bahasa Sunda XII. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Tamsyah, spk. (2010). Galuring Basa Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia. Wibisana, W. (2007). Lima Abad Sastra Sunda. Bandung; Geger Sunten. Yudibrata, Karna, dkk. (1990). Bagbagan Makéna Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang. Rusyana. (1982). Metode Pengajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang. Stanton, R. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.



170



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



171



Daftar Pustaka



Sudaryat, Y. (2015). Wawasan Kesundaan. Bandung: JPBD FPBS UPI. Suryalaga, H. (2003). Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Wahana Raksa Sunda.



Riwayat Hirup Pangarang



Riwayat Hirup Pengarang



Tamsyah, B. R., spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia. Teeuw, A. (2003). Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Pustaka Jaya. Wahyuni, S. & Ibrahim S. (2013). Perencanaan Pembelajaran Bahasa Berkarakter. Bandung: PT. Refika Aditama. Wellek, R. & Warren, A. (2014). Teori Kesusastraan. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama. Wibowo, A. (2012). Pendidikan Karakter: Strategi Membangun Karakter Bangsa Berperadaban. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.



Dr. Dingding Haérudin, M.Pd. Lahir di Bandung 22 Agustus 1964. Kungsi sakola di SD Negeri Durman III Bandung, lulus 1976; SMP Pasundan I Bandung, lulus 1980; SMA Negeri 6 Bandung, lulus 1983. Satamatna SMA neruskeun ka IKIP Bandung Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, Program Sarjana (S1), lulus 1988; Neruskeun deui ka Jurusan Pendidikan Bahasa Indonésia, Sakola Pascasarjana S2 IKIP Bandung, lulus 1998; taun 2010 lulus Sakola Pascasarjana UPI Program S3 Jurusan Bahasa Indonesia. Pancén gawé di Departemén Pendidikan Bahasa Daerah UPI ti taun 1998 nepi ka ayeuna. Kungsi ngajar di SMP Pasundan I (1989-1995); SMP BPK Penabur (1989-1997). Karya tulis nu patalina jeung pangajaran di antarana Buku Pangajaan Basa Sunda (2006), Gentra Basa Sunda (2007), Peperenian Urang Sunda (2010), Kamus Bergambar Tiga Bahasa Sunda, Indonesia, Inggris (2010).



Alamat email: [email protected].



172



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



173



Riwayat Hirup Pengarang



Riwayat Hirup Pengarang



Darpan, S.Pd., M.Pd.



Dédé Kosasih, M.Si.



Lahir di wewengkon Cibuaya, Karawang, 4 Méi 1970. Sabada namatkeun sakola di SPG Negeri Karawang taun 1989, nuluykeun kuliah ka Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah IKIP Bandung, lulus taun 1993. Taun 1991 karanganana mimiti aya nu dipublikasikeun dina koran jeung majalah Sunda. Taun 1993, bukuna anu munggaran medal, dijudulan Goong Siluman. Eusina carita barudak di lingkungan pilemburan. Taun 1999, carpon-carponna nu bacacar dina koran jeung majalah dibukukeun sarta dijudulan Nu Harayang Dihargaan. Taun 2000, éta buku dileler hadiah Sastra Rancagé. Taun 2007 medal deui buku kumpulan carponna anu kadua, dijudulan Rusiah Kaopatwelas. Buku pangajaran karanganana di antarana Basa Sunda Urang, Puspa Basa, Babasa, jeung Wirahma Basa. Buku Puspa Basa taun 2002 kungsi dileler hadiah LBSS minangka buku pangajaran pinunjul keur jenjang SD. Dua kali dileler hadiah Samsudi keur buku bacaan barudak Syéh Kuro jeung Dongéng Karawang Lianna (2002) sarta Nala (2017). Taun 2005 diangkat jadi guru PNS di wewengkon Pakénjéng, Garut Kidul. Taun 2008 pindah gawé ka SMAN 1 Garut. Taun 2009 dileler hadiah Hardjapamekas keur guru SMA. Taun 2012, ngaréngsékeun studina di Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda sekolah pascasarjana UPI Bandung. Taun 2013, kapilih jadi pinujul ka-2 guru berpréstasi tingkat Provinsi Jawa Barat, sarta taun hareupna diiangkeun ka Adelaide, Ustrali Kidul, pikeun diilukeun dina program Continuous Professional Development (CPD) Training Management for Teacher and Headmaster. Lian ti jadi guru, ti taun 2015 ngokolakeun majalah barudak Jaleuleu anu medal di Garut. Alamat email: [email protected]



Lahir di Bandung, 26 Juli 1963. Mimiti asup kuliah taun 1983 di Jurusan bahasa Jerman FPBS IKIP Bandung meunang 2 taun, tuluy pindah ka Jurusan Basa Sunda. Keur jadi mahasiswa kénéh kungsi ngalanglang ka Jérman, Belgia, Perancis jeung Inggris bari ngéngélék Angklung (KABUMI) dina taun 1986 jeung taun 1988. Tamat kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS IKIP (1989). Ti harita langsung mancén gawé jadi Staf Pengajar di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah nepi ka ayeuna. Ngaréngsékeun Magister (S2) dina widang Ilmu Sosial BKU Sosiologi-Antropologi UNPAD (2003). Ayeuna keur ngahangkeutkeun studi S3 di Prodi Pendidikan Karakter (PU) PPs UPI Bandung. Buku nu geus ditulisna, di antarana Santika Basa Sunda (2007), Pamekar Diajar Basa Sunda (2014), Pangjembar Basa jeung Sastra Sunda, pikeun mahasiswa jeung umum. Tulisannana mangrupa artikel budaya sumebar dina Cupumanik, Manglé jeung Pikiran Rakyat. Karya-karya ilmiahna minangka hasil panalungtikan dimuat dina jurnal Mimbar FPBS UPI jeung jurnal Sundalana seri Pustaka Sunda. Kungsi dilélér Pinunjul ka-1 dina widang ésséy Hadiah LBSS taun 2006, jeung Anugrah Rektor UPI Harapan 1 Kategori Artikel Populer tingkat Dosen 2009. Ari tulisan éséyna dina majalah Manglé kungsi dilélér Artikel Pinilih hadiah Setia Permana Award. Alamat email: [email protected]



Drs. Ahmad Hadi, M.Pd. Pituin urang Pandéglang, Banten. Lahir tanggal 16 Méi 1965. Lulus ti Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda IKIP Bandung taun 1990, sarta lulus ti Pascasarjana UPI taun 2013. Nulis dina basa Sunda ti taun 1980-an tug nepi ka ayeuna, maké sandiasma Hadi AKS. Karya-karyana dina wangun sajak, carita pondok, jeung éséy, dimuat dina Pikiran Rakyat, Manglé, Galura, jeung Cupumanik. Kungsi sababaraha kali meunang Hadiah Sastra LBSS jeung Hadiah Sastra DK Ardiwinata.



174



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



175



Riwayat Hirup Pengarang



Buku-bukuna anu geus medal, di antarana Peperenian (1991), Oknum (kumpulan carpon, 1998), Ombak Halimun (kumpulan sajak, 2002), Jawara Sebelas Wajah (kumpulan cerita rakyat Banten, 2003), Panggelar Sastra, Saripati Basa Sunda, Tatarucingan, Euy! (2004), kumpulan carpon Kalapati, novel Saéni (2013), jeung kumpulan fiksimini Hompimpah (2016). Nyusun sawatara buku pangajaran basa Sunda, di antarana Gapura Basa, Mida Dami, Puspa Basa, SaBasa, Mahér Basa, jeung Lancar Basa Sunda. Salian ti ngajar basa Sunda di SMP Negeri 3 Lembang Bandung, sakalian bari ngokolakeun Saung Sastra Lémbang (S2L), komunitas barudak rumaja anu resep kana basa jeung sastra. S2L geus nyangking rupa-rupa panghargaan dina kajuaraan tingkat regional jeung nasional, utamana dina widang drama, maca puisi, jeung musikalisasi puisi. Ti taun 2011 aktip nulis sarta ngipuk para pangarang anu dialajar nulis fiksimini dina Facebook. Hadi gé kapeto jadi réngréngan pangurus Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS) dina kapangurusan nu anyar taun 2016-2021. Alamat email: [email protected]



Drs. Tatang Sumarsono Lahir di Tasikmalaya, 25 Januari 1956. Lulus ti Juruan Pendidikan Bahasa Daerah, FKSS IKIP Bandung, taun 1982. Kungsi dilélér Hadiah Jurnalistik Adinegoro ti PWI, pikeun widang fotografi, taun 1983. Tatang nulis dina basa Sunda jeung basa Indonésia. Karanganana anu geus medal jadi buku aya 57 judul. Ari nyusun buku pangajaran basa Sunda mah ti mimiti taun 1983. Di antara karya fiksina anu geus medal jadi buku aya anu dilélér Hadiah Samsudi (Si Paser, bacaan barudak, taun 1993), Hadiah Sastra Rancagé (Demung Janggala, taun 1994; jeung Galuring Gending, taun 2002). Ti taun 2010, Tatang jadi Staf Khusus Bidang Budaya Rektor Unpas, sarta ngajar di FISIP jeung di Fakultas Hukum Unpas. Ti taun 2015 balik deui



176



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



Riwayat Hirup Pengarang



ka dunya kawartawanan, jadi pamingpin rédaksi Manglé. Dina widang organisasi, Tatang kungsi jadi pangurus Persatuan Pencak Silat Indonesia (PPSI) Jawa Barat, Dewan Pendidikan Jawa Barat, Badan Pengelola Gedong YPK, jeung Persatuan Olahraga Berkuda Seluruh Indonésia (Pordasi) Jawa Barat, di sagigireun jadi anggota PWI. Alamat e-mail: [email protected]



Drs. Asep Ruhimat Lahir di Kampung Selaawi, Tasikmalaya, 3 Méi 1959. Tamat ti SMA Pasundan Tasikmalaya taun 1979. Taun 1980 neruskeun kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah IKIP Bandung, lulus 1984. Mindeng nulis dina koran jeung majalah, ngalaman jadi koréktor koran Galura, wartawan surat kabar Kujang, jeung redaktur harian koran Sunda, di sagigireun jadi guru Basa Sunda. Kungsi dilélér anugrah R. Soeria Diradja 2003/2004, Anugrah Gubernur Jawa Barat 2008. Tulisan éséyna dina majalah Manglé kungsi dilélér Setia Permana Award, jeung Ganjar Kurnia Award. Ari karya nu mangrupa buku pangajaran basa Sunda, di antarana Pangjejer Basa, Binekas, Racikan Perceka, PR Basa Sunda, Miharti Basa, Pangajaran Basa Sunda Tsanawiyah, Pamekar Diajar Basa Sunda, Buku Tuturus Guru, jeung Tatakrama. Sambel Jaér jeung Heureuy Cawokah mah buku kumpulan guguyonna. Salian ti ngajar jeung nulis, kungsi aktif di sawatara organisasi saperti jadi pangurus Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS), Sekretaris Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) sarta mindeng ngajurian rupaning kagiatan lomba nu diayakeun ku Dinas Pendidikan Jawa Barat. Alamat email: [email protected]



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



177



Riwayat Hirup Pengarang



Riwayat Hirup Pengarang



Drs. Dédé Rahmat, S.ST., M.Ds. Lahir di Bandung, 11 Pebruari 1967, lulus ti Jurusan Kriya Fakultas Seni Rupa dan Desain (FSRD) Institut Seni Indonesia Yogyakarta taun 1993, sarta diajar animasi di Fakultas Seni Rupa dan Desain ITB lulus taun 2007. Neruskeun ka Pasca Sarjana bidang Game jeung Teknologi di Fakultas Seni Rupa dan Desain ITB, lulus taun 2009. Taun 2005 nulis buku Kertakes jeung Pendidikan Seni. Aktif ngilu pameran jeung kagiatan seni instalasi di Bandung. Kungsi jadi pinunjul dina raraga lomba ilustrasi carita daérah jeung lomba komik di Jakarta jeung Bandung. Jadi ilustrator buku pangajaran basa Sunda di Penerbit CV Geger Sunten ti taun 1996 nepi ka ayeuna. Ti taun 1995 ngajar di Sekolah Menengah Kejuruan (SMK) Negeri 14 Bandung nepi ka ayeuna. Alamat email: [email protected]



178



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI



BAHASA SUNDA URANG



KELAS XI



179



Riwayat Hirup Pengarang



180



BAHASA SUNDA URANG KELAS XI