Carita Bahasa Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

1. GAGAK HAYANG KAPUJI Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu direret-reret acan. Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.” Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge. Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi beja yen cendrawasih tehmanuk pang hadena. Tapi ceuk anjing manehna moal eleh". Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun. Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana



hasil.



Ceuk



pikirna



deui



naon



hesena



muji-muji



keur



ngahontal



kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing,”Lamun daekeun mah haying nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!”. Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk we dengdeng tehmurag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy dihakan di nu bala. Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan tehhaying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna. Ti dinya mah geleber gagak tehhiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing.



2. WAWALES KA NU TELENGES Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya. Nu aya teh ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka beurit, sabab cenah geus lila manehna tunghal-tenghol kawas nu keur ngintip. Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit ka luar tina sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si beurit kaburu kabur. Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena. Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si beurit rek dijejewet. Ti harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si monyong. Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-alap tehteu ka luar deui. Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manehna teu biasaeun meuntas. Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok tehbangkong hejo ka hareupeun nana. Puguh we beurit tehkacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah sampean mah ngareureuwas!” . “Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu tehwayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui. Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran. Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh. Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh beurit kagugusur.



Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit. Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong tehhayangngaheureuykeun beurit. Ti dinya bangkong teh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ka bawa. Beurit gogorowokan embung di bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didenge, lep teuleun deui. Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna, paeh. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan. Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari, seot nyamber beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang. Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureun, da tara biasa ngapung. Mokaha we poe harita alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku bangkong hejo.



3. KUDA HADE BUDI Aya Maung eukeur mah geus kolot katambah gering, ngalungsar handapeun tangkal kai bari gegerungan. Sato-sato nu kungsi menang kanyeri ti manehna ngarumpul ngariung nu keur gegerungan tea. Ceuk Munding, “Ah siah make gegerungan! Rek nyambat ka saha? Moal aya nu nyaaheun ka sia mah! Sato jahat!” Munding ngomongna kitu bari ngagadil nu keur gegerungan. Nempo kalakuan Munding kitu, sakabeh sato nu harita aya di dinya sareuri akey-akeyan. Kabeh sato nu aya di dinya ngaheureuykeun Maung nu keur sakarat, kajaba sakadang Kuda. Nempo sato-sato sejen galumbira teh manehna mah ukur gogodeg. Ceuk Domba, “Kunaon sakadang Kuda kalah gogodeg kitu? Lain tejeh tah si Belang teh ku sampean! Lain baheula si Belo ditekuk?” Tembal Kuda, “Kaula mah lain teu ngewa kana kalakuan Maung teh. Ngan waktu ieu kaayaanana pan keur gering parna. Manehna teh keur sakarat, sakeudeung deui oge paeh. Kuduna mah sato nur keur sakarat teh ulah dihareureuykeun kitu. Meureun ceuk batur teh, rajeun aya kawani ka anu keur sakarat!” Sanggeus ngadenge omongan Kuda kitu, sakur sato nu aya di dinya jempe sarta patinglaleos ka leuweung deui.



4. SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA NANGKA Kacaritaheun sakadang monyet jeung sakadang kuya keur sarare disisi hutan deukeut walungan, dina tangkal kiara. Sakadang kuya mah sare dihandap disela-sela akar, ari sakadang monyet mah sare dina dahan anu panghandapna, teu pajauh. Maksud teh ngameh bisa bari ngobrol memeh sare, atawa bisa silih geuingkeun bisi aya nanaon. Dug weh duanana sare mani tibra. Teungah peuting sakadang monyet nyaring, terus ngahudangkeun sakadang kuya. "Sakadang kuya, sakadang kuya.." ceuk sakadang monyet "naon sakadang kuya" tembal sakadang monyet "kuring ngimpi manggih tangkal nangka anu buahna geus arasak, dina mimpi teh katingali deuih tempatna dimana" ceuk sakadang monyet "dimana ?" ceuk sakadang kuya. "Diteungah leuweung" ceuk monyet "keun atuh isuk wang teang, ayeunamah sare deui we da peuting keneh." tembal kuya ari geus kitu teh dug weh sakadang monyet mah langsung sare, meni dug sek. ari sakadang kuya mah hulang huleng keneh dan hese sare deui. Keur hulang huleng kitu, sakadang kuya ngadenge sakadang monyet ngalindur, pokna teh "Ah isukan mah kuurang rek dihakan eta nangka teh kusorangan, keun we da sakadang kuya mah teu bisaeun naek tangkal ieuh,, hahaha". Ngadenge kitu, sakadang kuya ngahuleung, kapikiran caritaan sakadang monyet keur ngalindur. kapikiran, sok sieun bener. sanggeus rada lila mikiran, akhirna manehna meunang akal. trus dug weh sare. Isuk-isuk sakadang monyet geus hudang tuluy ngageuingkeun sakadang kuya. "Kuya, kuya, geura hudang buru, wang teang nangka tea" ceuk sakadang monyet "Kela atuh tunduh keneh.." tembal sakadang kuya "Eeh buru, kaburu kubatur" ceuk sakadang monyet bari ngoyag ngoyag awakna ngameh hudang. "Nya hayu atuh ari kitu mah" ceuk sakadang kuya bari lulungu keneh Arindit weh maranehna teh katempat tangkal nangka nu aya dina mimpi sakadang monyet. Ari pek teh bener, tangkal nangka eta teh aya. Ceuk kuya, "Sok atuh monyet gera naek, da urang mah teu bisa naek tangkal.." "Kela, urang teu bisa ngabedakeun mana nangka nu asak jeung mana nangka nu atah keneh kuya" ceuk monyet memeh naek Bari seuri dina hate. Sakadang kuya ngajawab, "Lamun sorana plek plek plek berarti nangka eta geus asak, lamun sorana pluk pluk pluk berarti nangka eta atah keneh.."



"Oh heug atuh" ceuk sakadang monyet bari langsung nerekel naek. bari gagalantungan neangan nangka, dina jero hate na manehna ngomong, "kuurang mah rek dibere nu atah we sakadang kuya mah, keun we lamun protes naha mere nu atah, rek dititah naek tangkal we. hahaha" Terus weh ngalaan nangka si monyet teh, anu sorana plek plek plek mah diteundeun diluhur keur didahar kusorangan, ari nu sorana pluk pluk pluk mah dialung-alungkeun kahandap. Padahal mah nu asak mah lain nu sorana plek plek plek, tapi nu sorana pluk pluk pluk anu dialung-alungkeun ka si kuya. Nya puguh we pas sakadang kuya ngadahar nangka teh lainna amis, malah narapel si geutahna kana awak jeung kana biwir. "Uya, naha nanga urang mah atah euningan ? ceuk sakadang monyet bari balelol ngomongna da biwirna pinuh ku geutah. "Apan maneh anu ngalung-ngalungkeun kahandap mah, urang mah ngan saukur narima hungkul." bari keur ngadahar nangka teh, tereh beak. "Ah manehmah tega ka babaturan teh, maenya urang dibere anu atah" bari cireumbay da teu ngadahar nangka asak. Akhirna mah sakadang kuya balik bari wareug, ari sadakang monyet mah indit duka kamana da baeud tea.



5. SIREUM JEUNG JAPATI Aya sireum rek nginum disisi walungan. Keur ngarayap kahandap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay kasisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ” tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!” Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret kahandap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hibeur bari ngegel daun salambar. Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun kujapati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya. Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita tikajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna. Tapi japati kaburu geleber hibeur. Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.” Tah kitu cenah lalakon sireum jeung japati anu akur jeung silih tulungan. Abdi gaduh sisindiran yeuh.... kieu geura ...!! " Itu lain langlayangan Manuk heulang puputeran Hirup teh henteu sorangan Kudu daek silih tulung. "



6. SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG BAGONG Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna. Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.” Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji. Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun. Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun. “Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran. Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!” Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha. Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni. Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.



Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.” Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna. Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi. Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.



7. SAKADANG KUYA JEUNG MONYET NGALA CABE Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya eta Sakadang Monyet. “Sakadang Kuya!” Sakadang Monyet ngageroan. “Kuk!” Tembal Sakadang Kuya. “Sakadang Kuya!” “Kuk!” Sakadang Monyet nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. “Keur naon Sakadang Kuya?” “Ah keur kieu we, keur moyan.” “Ti batan cicing kitu mah mending ngala cabe, yu!” “Di mana?” “Di kebon Patani, mangka cabena geus bareureum.” “Embung, ah. Sakadang monyet mah sok gandeng.” “Moal, moal gandeng ayeuna mah.” “Nyaan moal gandeng?” “Moal, nyaan moal gandeng.” “Hayu atuh ari moal gandeng mah.” Bring atuh Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya teh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katembong cabe pelak patani geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon. Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyet ngaluncatan pager. Terus bae ngaralaan cabe, didalahar di dinya keneh. Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah bae ladaeun. Kitu deui sakadang monyet. Keur kitu, ana gorowok teh Sakadang Monyet ngagorowok. “Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”. “Ssst, Sakadang Monyet, ulah gandeng atuh!” Sakadang Monyet henteu ngawaro. “Seuhah lata-lata!” “Sakadang Monyet! Bisi kadengeeun ku Bapa Tani.” Tapi Sakadang Monyet api-api teu ngadenge. Gorowok deui bae. “Seuhah lata-lata!” Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyet anu tarik kadengeeun ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka kebon. Barang nepi ka kebon, katembong aya monyet jeung kuya keur ngaweswes bari seuhah ngadaharan cabe. “Beunang siah nu sok malingan cabe teh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru ka nu keur ngahakanan cabe. Ngadenge aya nu ngagebah, gajleng bae Sakadang Monyet ngejat, terekel kana tangkal kai. “Sakadang Monyet, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok menta tulung. Tapi Sakadang Monyet teu malire, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadedod bae. Kerewek bae ditewak ku Bapa Tani.



“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabe aing teh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa Tani. Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa Tani, isukan kuya rek dipeuncit. Peutingna, sakadang Monyet rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur cendekul dina jero kurung. “Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyet nanya. “Eh, geuning Sakadang Monyet, Puguh kuring teh keur ngararasakeun kabungah.” “Kabungah naon Sakadang Kuya?” “Nya eta, kuring teh rek dikawinkeun ka anak Bapa Tani.” “Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?” “Enya.” ”Nu bener Sakadang Kuya?” “Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.” “Ngadenge omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyet ngahuleng sajongjongan. “Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyet. “Tukeur tempat kumaha?” “Enya tukeur tempat. Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.” “Ah, embung.” “Kuring mah karunya we ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.” “Atuh meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani teh.” Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya teh eleh deet. “Heug bae tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya. “Naon saratna?” “Saratna mah gampang. Samemeh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di alungkeun heula ka leuwi.” “Enya, enteng atuh kitu mah.” Heunteu talangke, Sakadang Monyet ngaluarkeun Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung bae Sakadang Kuya teh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyet buru-buru balik deui ka imah Bapa Tani. Sup bae ngurungan maneh ku kurung hayam. Ngadedempes ngadago-dago beurang, hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani. Kocapkeun isukna. “Manehna, ka mana bedog teh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana. “Rek naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?” “Itu urang meuncit kuya di pipir.” Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana teh kadengeeun ku Sakadang Monyet. Manehna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing teh rek dipeuncit, lain rek dikawinkeun jeung anak Bapa Tani. Rek kabur, geus kagok. Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang bae atuh Sakadang Monyet teh papaehan, ngabugigag kawas bangke. Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan ka bapana. “Bapa! Bapa!” “Aya naon, Nyai?” “Ieu geuning nu dina kurung teh lain kuya.” “Naon Nyai?”



“Monyet, jeung siga nu geus paeh deuih!” Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat, tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya bae geuning dina kurung teh aya monyet ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyet dialak-ilik. “Naha bet jadi monyet? Jeung paeh deuih.” “Enya, eta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan. Monyet teh dicokot ku Bapa Tani, lung bae dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, korejat monyet teh hudang, berebet lumpat, kalacat bae naek kana tangkal kai.



8. ENTOG EMAS Kacaritakeun aya saurang patani nu kacida malaratna cicing di hiji saung gubuk nu geus reyot. Mang Julin patani ngaranna teh. Hirup sapopoena ngan dibaturan ku sakadang entog, hiji-hijina. Mang Julin kacida nyaaheunana ka eta sakadang entog teh, bubuhan manehna mah teu boga dulur-baraya, malih garwa mah. Hiji poe manehna indit ka sawah, isuk-isuk pisan manehna geus indit, kabeneran dititah ku juragan Lurah pikeun ngabinihan sawahna. Ari digawena mah kapake pisan ku Juragan Lurah teh, kusabab Mang Julin segut pisan kana gawe nanaon oge. Ari entogna dikencarkeun di buruan gubuk teh, tara aya hariwangan. Balik ti sawah wanci sariak layung, Mang Julin kacida laparna. Manehna ngadeuheus ka Pangeran, “Duh, Gusti... mun paparin abdi beunghar, meureun dahar nanaon oge bisa.. “ . Mang Julin teu dahar ngan karo uyah. Sanggeus wareg mah manehna tuluy ngampihan entog di juru imah. Isuk-isuk keneh Mang Julin kahudangkeun ku kingkilaban nu ayana ti juru imah. Panasaran, manehna tuluy cahya gugurilapan teh disampeurkeun. Manehna teu nyangka yen cahya nu kacida serabna teh tina kandang entog, singhoreng teh entogna endongan, endogna endog emas. Mang Julin peupeureudeuyan, nyagap endog teh. Manehna kacida bungahna, eta endog emas, emas murni. “Bisa dijual ieu mah, ...“ gerentesna. Poe kadua, kitu deui, entogna ngaluarkeun endog emas deui hiji. Kitu saban poe, sakadang entog teh endogan endog emas hiji. Nya puguh Mang Julin teh jadi beunghar. Manehna geus boga sawah sorangan, imah gedong, balong, ternak entog, jeung harta lianna nu mucekil. Entog teh nyaan mawa rejeki keur Mang Julin. Hiji poe, Mang Julin ngarasa cape mun kudu unggal poe ngadatangan kandang entog pikeun mawa endog emas pira hiji teh. Mang Julin sasadiaan bedog keur ngabeleh entog ngarah emasna kabeh kaluar, jadi manehna teu kudu mawaan unggal poe ka kandang entog. Ari geus dibeleh entog teh, teu kaciri emas-emasna acan. Malahan entog teh paeh. Mang Julin teu bisa ngabebenah hartana. Manehna jadi miskin deui sabab unggal poe hartana beak dipake kabutuhan sapopoena.



9. GAJAH ELEH KU SIREUM Hiji waktu di tegalan di Afrika, aya hiji gajah keur ngadigleu we leumpang ngageyot di tegalan. Padahal di tegalan nu rek diliwatan ku gajah teh aya sireum lobana mangjuta-juta, keur digawe nyieun sayang. Kapan di tegalan Afrika mah sireum teh nyarieun sayangna marucunghul patingrunggunuk. Tampolana ku gedena sayang sireum teh aya nu segede pasir leutik patingarenclo. Di jero eta sayang sireum nu lobana jutaan teh ngarendog, baranahan. Jeung lain siga sireum di urang. Sireum Afrika mah bentukna rek siga sireum tataman lamun di urang. Galak sabab mun geus ngaronom mangsana, bakal amburadul. Singa, zebra oge teu mangga pulia mun geus dironom ku eta sireum mah. Ari minangka alat komunikasina antarsireum teh nya eta “anteneu” opat jiga tanduk. Lamun hiji sireum Afrika manggihan kadaharan, “anteneuna” tea tingarulang mere kode jeung soara. Jauhna eta alat teh bisa rebuan meter. Nya kusabab kitu, mun hiji sireum meunang kahakanan, dina waktu sababaraha menit jutaan sireum bisa nambrong hiji sato gede, umpamana singa nu geus rerempo atawa zebra, bisa diserang ukur jamjaman kari tulang-talengna wungkul. Ngagehan ajag. Basa gajah ngaliwat ka eta tegalan teh, aya nu nangenan nya eta manuk dadali. Manehna karunyaeun bisi sayang sireum nu keur babareungan dijieun teh digele ku gajah. Nya gajah teh dibejaan. “Gajah, kade leumpang teh ulah noyod ka lebah dinya, sabab sireum keur nyarieun sayang bisi katincak karunya,” ceuk manuk dadali ngingetan. “Wah na asana teh pira sireum. Katincakan mah paling ge pejet!” gajah nembalanana teh sombong pisan, asa aing gede, asa aing kuat. Ka nu leutik teh teu ngahargaan pisan. Kitu deu kadal Afrika ge nu haat ngabejaan ka gajah sangkan ulah noyod bisi nincak sayang sireum, teu diwaro anggur terus we gajah teh ngadigleu muru jutaan sireum nu keur parulang anting ngakutan taneuh ti jero lombang. Na barang anjok kana gundukan imah sireum tea, ngan leye .. leye we sireum nu aya rewuna teh ditincakan, atuh ngan hos paraeh we da teu kaburu kabur. Ningali rayatna rebuan paraeh ditincakan ku gajah, raja sireum ambekun pisan. Gajah ditangtang perang. Gajah ditantang kitu teh lain sadar kana kasalahanana, kalah ka atoh bari sombong. Manehna seuseurian. Ari sireum nyieun siasat keur perang jeung gajah teh rewuan sireum teh nyieun lombang nu jeronan salaput gajah.



Dina waktu nu geus ditangtukeun perang dimimitian. Loba sato sejen nu ngalalajoan perang campuhna antara pasukan sireum jeung gajah teh. Gajah nyuruntul rek ngaleyek rewuan sireum nu nangtang perang ka gajah. Sireum ngahajakeun nangtang ti jajalaneun nu geus meunang ngagali tea. Atuh ditangtang kitu asa dilelewean, gajah teh beuki ambek. Sebrut nyuruntul ka hareup teu tolih tincakeun. Atuh puguh we barang nepi kana lombang tea, ngan gurawil we gajah teh asup kana lombang bari tigurawil kana lombang. Gajah ukur bisa ugal-ugil teu bisaeun hanjat. Sireum geus puguh nempo lawanna tigebrus teh teu ngengkekeun deui terus we napuk nyarocoan. Teu dibere ampun beuki lila sireum teh beuki loba, antukna gajah bobor karahayuan teu kuat ngalawan sireum nu ceuk ukuran mah sakitu leutikna, lain tandingna.



10. SAKADANG SAPI Jaman baheula di leuweung sakadang sapi keur ngahuleng, siga nu boga kasusah. Di pkir saliwat mah asa teu pantes, awak badag, tanaga rosa, tanduk seukeut, tapi naha beut nguyung siganu aral subaha. Tah, ayeuna ge, sakadang sapi hulang-huleng bae teh keur mikir, kumaha carana sangkan hakaneun teu kasoro ku batur. Pangpangna dina usum katiga, jukut jeung dangdaunan teh mani gararing. Sangges ngahuleng lila naker, serengeh sakadang sapi seuri. Manehna manggih akal nu hade kumaha carana sangkan jukut jeung dangdaunan di eta leuweung jadi boga manehna kabeh. “Kuring kudu jadi sobat maung sangkan batur sarieuneun”. Kitu ceuk sapi sajeroning hatena. Geus mikir kitu mah, gidig weh sakadang sapi teh ngagidig rek nepungan maung. Poe harita keneh, sakadang maung mapay-mapay nu rea jukutan. Kabeh sato di ancam, yen singsaha nu wani nyatuan di eta leuweung, pinasti baris pinanggih balai. Atuh puguh we, kabeh sato ge sieun ku ancaman sakadang maung mah. Kabeh nyaringkah sarta nareangan hakaneun ngalasruk ka jero leuweung nu moal kasaba ku maung. Tangtu we jadi sarakah. Tapi dalah di kumaha tibatan jadi korban mah. Seuri we sakadang sapi mah nenjo batur sangsara teh. Dirina senang malang-mulintang baranghakan euweuh nu ngarewong. Unggal poe manehna mawa batur saurang, aya embe, aya kuda, aya munding, aya domba, atawa naon we kumaha pamenta maung. Carana teh di bibita, diolo, dibawa ka tempat nu rea jukut. Puguh we atoheun dibawa ka tempat parab teh, da hese apan neangan jukut saeutik ge ayeuna mah. Teu nyahoen keur diparabkeun, gabrug weh dirontok ku maung, terus digusur dibawa ka dungusna. Mimitina mah euweuh nu nyahoeun kana akal jahat sapi teh. Sarerea teu nyarangka, yen sapi tega marab-marabkeun batur sorangan pikeun kapentingan dirina pribadi. Tapi laun-laun mah kanyahoan, yen geuning sapi teh sakitu jahat, telenges, jeung hawekna. Atuh puguh we sarerea ngarewaeun pisan ka sapi teh. Malah rea diantarana nu ngancam rek males. Mindeng sato nu sejen, pangpangna sato nu laleutik patingrariung badami neangan akal ngahukuman ka sakadang sapi.



Tapi susah da sakadang sapi salawasna di tangtayungan ku sakadang maung nu mangrupa raja eta leuweung. Saha atuh nu wani ngalawan raja ? tibatan beunang di arah mah, sakadang sapi kalah beuki sakawenang-wenang, boga rasa euweuh nu wani ngaganggu. Sapi ngarasa kawasa. Padahal sarerea ge gimir teh lain ku sapina, tapi ku maungna. Tapi da Gusti mah Maha Adil. Teu burung datang wawales kanu telenges teh. Hiji poe datang rombongan paninggaran ka eta leuweung. Patingkedepruk sapatuna, patingharaok corowokna, patingjaledor bedilna. Sasatoan paburisat lumpat nyalametkeun dirina. Tapi aya sawatara nu beunang, di antarana sakadang maung. Teu walakaya geuning sang raja teh nyanghareupan takdir Gusti mah. Sakadang maung katembak meneran jajantungna pisan. Atuh jungkel, kerejet-kerejet, hos weh paeh! Sangges nu maroro marulang, sasatoan tingrariung aya embe, kuda, gajah, jarapah, domba, munding, banteng, jeung nu lainna. “sakadang maung geus paeh, sakadang sapi ayeuna mah moal aya nu mangmeunangkeun, hayu ayeuna mah urang hukuman ku sarerea!” ceuk sakadang domba. Manehna manehna kacida ambekna ka sakadang sapi, lantaran anak-incuan beak diparabkeun ka sakadang maung. Lantaran sakanyeri, sakapeurih, bring atuh sarerea ngajorag ka imah sapi. Sapi teu walakaya, nepi ka paehna pada ngaraponan. Malah ku sakadang munding mah, imahna ge diruksak diburak-barik. Awahing ku ijid!