Carita Pantun [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

CARITA PANTUN KOMPETENSI DASAR 3.6. Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan petikan carita Pantun. 4.6. Mengkreasikan carita Pantun secara lisan/tulisan ke dalam bentuk lain (seperti drama, carita pondok, puisi) dengan memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan 2. Mikawanoh Carita Pantun A. Bacaan Pek baca ieu sempalan carta Pantun ! BUJANG PANGALASAN ......... Nagara kengkerek genteng sindulan Di dasar laut Lembu tutur panji Ageung Tapi jelema Beurat beunghar keur kasorang Sugih mukti keur kapanggih Ngan sadanget ayeuna lembu tutur Panji Ageung Teu daekeun sare Teu daekeun gerah manahna



Marungkawut hate Lembu tutur Panji Ageung Lantaran teu boga balad baraya Teu boga dulur burung-burung acan Babasaanana, “aing kumaha ieu Sok leuheung lamun aing panjang umur Ieu aya nu ngarawatan Dunya barang baranahan Sakieu poharana Beungharna Sapi munding Kidang manjangan Sato hewan Gedong pon pilalagi Sabaraha welas jajar Sedeng ieu euweuh nu mulung Teu boga dulur nu burung-burung acan” nah saparantos urang Kaluar ucapna kitu sorangan Anjeunna jadi reup wengi



Sarengimpi lembu tutur Panji Ageung teh Datang hiji jalmi, Euh, maneh entong bingung Ari teu boga dulur mah Ngan supaya kudu getol Daek nyambungan Entong hayang dipulang Tah janten dulur pupulungan didinya Baraya angkat-angkatan Pek lakonan Laksanakeun Kudu daek nyambungan Getol Ka nu hajat gede Antara leutik Tapi poma ulah hayang dipulang.” Ras inget Lembu tutur Panji Ageung “aduh baruk nitah nyambungan Cenah ieuh! Sedeng di kaula



Boh sapi boh munding Boh kidang manjangan aya Loba Embe-domba Sumawonna lamun hayam Nyambungan ku nu lalaki Pijagoeun Nu awewe pibikangeun Ah, salah ieuh! Jadi dinyanyaah ieu barang maneh Ah, aing rek neangan we ayeuna mah.” sadia Lembu Tutur Panji Ageung Nyandak colongcongna dua Colongcong beusi Lain lalawora Calongcong beusi disorendang Dua Apruk-aprukan Di buana panca-tengah Babasaanana sarsilah haji batara



urang siloka caritakeun eta Lembu Tutur Panji Ageung anu mamawa calongcong beusi “Tah, ieu bangun hajat iyeuh! bangun kariaan aya cenah ayeuna mah rek nyambungan teh dewek!” Diawaskeun Didenge-denge Didangdang-dengdek “Di nagara mana ieuh? Euh, nagara anyar! Nagara Pulo Tamiang Awas urang nagara Pulo Tamiang! Kaula rek turun ka nagara Pulo Tamiang Arek nyambungan Boga hayam dua Jago hiji Bikang hiji.” Barang datang cenah Lembu Tutur Panji Ageung



Nyandak calongcong beusi Ngadeyheus ka nu kasep Bujang pangalasan “piangapunten, rayi! Kaula neda eureun sakeudeung Sindang sabengbatan Pepes kesang beuteung palay turut,” “calik!” “kaula teh rek nanyakeun Ieu teh kariaan antara hajat?” “Naha make naroskeun kariaan Naha hajat?” “Euh, kaula kieu Lamun kariaan arek nyambungan!” “ku naon nyambungan teh?” “Boga hayam dua Bikang hiji Tuh dina calongcong beusi Diburuan paseban Sing jelepeng calongcongna Tapi teu acan ditembongkeun teh



Hayamna Kaula arek nyambungan teh Entong hayang dipulang Ku anjeun! “Naon sababna? Pan biasana ge ari nyambungan mah Kudu dipulang Boh gede Boh leutik!” “Enya, ari kaula mah Entong dipulang!” “Na kumaha pamandangan? “Kieu! Hayang boga dulur pupulungan Baraya angkat-angkatan Saderek engket-engketan Ka cai jadi saleuwi Ka darat jadi salebak Palid silikojayan Titeuleuman silihanjatkeun Lamun paeh tea mah



Urang, silihuripan “Hayang boga dulur pupulungan Baraya angkat-angkatan Euh, coba ngilikan hayamna? Bangsa kumaha?” Pada ngariung saderek-saderekna Bujang pangalasan Saninten Kancana Aci palembang Aya Ngan Aalimar Kancana Teu acan dongkap teh Ti jungjang Malaka Ka dieu “Coba kaula nenjo jagona Sagede kumaha Beureum antara bodas?” ....... (Dicutat tina transkripsi carita Bujang Pangalasan, beunang Ajip Rosidi (1974, K. 22-23, 80-82)).