5 0 380 KB
WANGENAN CARITA PANTUN Carita pantun nya eta, carita rekaan anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) nu disebut mantun, sarta dipagelarkeun kalawan dipirig make kacapi. Carita pantun kaasup kana sastra lisan. Turun temurun jeung sumebarna sacara tatalepa kucara lisan. Jalma anu magelarkeun carita pantun disebutna tukang pantun atawa juru pantun.
CIRI-CIRI CARITA PANTUN • • • • •
Dipagelarkeun sapeuting jeput Ukuran caritana panjang Wangun caritana puisi Pamohalan Kaasup kana sastra lisan,sacara turun-tumurun • Ngabogaan pola ngalalakonkeun lalampahan raja
PETA KONSEP JALAN CARITA PANTUN
Satria ngalalana
Ngadeg raja
Ngadahup ka putri
Pola carita pantun
Kajadian anu karandapan
Satria unggul perang
BAGIAN BAGIAN CARITA PANTUN
Rajah Deskripsi Narasi Dialog Monolog Rajah pamunah (panutup)
1. RAJAH Ditembangkeun samemeh mangkat carita, eusina sanduk-sanduk ka karuhun. Conto: Bul kukus mendung ka manggung Ka manggung neda papayung Ka dewata neda suka Ka pohaci neda suci Kuring rek diajar ngidung Nya ngidung carita pantun
2. DESKRIPSI Ngagambarkeun tingkah paripolah hiji tokoh dina hiji kajadian. Conto ngagambarkeun satria dangdan Sabeulit mahi sagolek pangkek Sacangkreud pageuh Nyigihkeun calana panji Sabuk dantun tali anyar Keris buat mantalan sari Gogodogna sijulang anom
3. NARASI
Ditepikeun dina hiji mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. conto: Kacaturkeun ratu di manggung, carita dikahyangan. Guru minda khyangan,kasep taya papadana. Tuluy anjeunna ngimpi kagungan bébéne sarupa jeung ambuna ngalingling ngadeuleu maling.
4. DIALOG Paguneman antara para palaku. Conto : “adi, sia hayang hirup teu?” “teteh, teu kangkat, teu ngalangkungan pamalang. Mana hirup ku gustina,teu beunang dipake hayang jeung embung.” “Lamun sia hayang hirup, di ditu pienggoneun sia,di gunung cupu mandala ayu.”
5. MONOLOG
Nya eta nyarita sorangan atawa dina jero hate. Contona: Lutung nyarita “ karunya teuing ku aki panyumpit, gila ku ruksak,dideuleu pakuon, jleg lain enggon jalma. Rek neneda ka sunan ambu neda pituduh, ka rama neda papahat, muga tulus nya pangjurung”.
6. RAJAH PANUTUP
Pun sapun ka Maha Agung Ka gusti nu welas asih Gusti pamuntangan beurang Gusti pamantengan peuting Sajatining pati hurip Sajatining kasucian Lumanggeng di Kahyangan Ngahiji jeung Maha Suci Nya Hyang Seda Niskala Pun sapuuuuuuuuuuuuuun