Dongeng Mite Singkat Nyi Roro Kidul Ti Wewengkon Tasikmalaya [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Dongeng Mite Singkat Nyi Roro Kidul ti Wewengkon Tasikmalaya Kacaturkeun jaman baheula aya hiji awewe, anu kacida geulisna tur kasaktiannana ge taya nu nandingan. Ngan hanjakalna, eta awewe teh sarakah, ngabogaan 99 salaki, tapi kebeannana maraot dina peutingan pangantenan. Cenah mah, dipaehan ku sabangsa oray nu kaluar tina larangan Nyi Putri. Kasaktian jeung kageulisan Nyi Putri nepi ka hiji lalaki nu apaleun kana rusiah Putri. Tuluy bae ngalamar jadi salaki Nyi Putri anu ka saratusna. Pikeun ngelehkeun Nyi Putri, salakina puasa tur tapa geni. Dina hiji peuting, salakina kawenehan nangkeup oray nu kaluar tina larangan pamajikannana. Tapi Nyi Putri kaburu hudang bari ngamuk, nepi ka garelut. Tarung salaki jeung pamajikan teh regot kacida. Nu antukna keris Nagasastra, nu ngawujud oray teh bisa karebut ku salakina. Ceuk sakaol, keris Nagasastra teh mibanda sifat jahat. Sing saha bae nu ngabogaan eta keris, eta jalma ngagem elmu sasar, nu teu luyu jeung papagon agama. Sanggeus eta keris di cekel ku salakina, Nyi Putri lumpat sataker kebek. Ku salakina diudag nepi ka sisi basisir Laut Kidul. Tapi teu beunang sabab Nyi Putri kaburu ngajebur ka laut. Sanajan Nyi Putri geus eleh, tapi manehna embung sadar tur teu narima eleh, kalah kabur ka tengah laut miboga niat hayang naklukeun sarta ngawasa alam dunya. Sabada tilem ka jero laut Nyi Putri katelah Nyi Roo Kidul. Nepi ka kiwari, upamana aya jalma nu sombong tur adigung-adiguna sarta goreng adatna tur kalindih, ceuk sakaol mah Nyi Roro Kidul sok wera, sabab ngarasa kasaing tur kalindih. Cek sakaol oge, cunah upama pareng rek ngalanto ka Laut Kidul teu menang make baju rupana beureum, sabab ceunah sok aya ombak anu kacida gedena. Lian ti eta, nu datang ka Laut Kidul ulah mawa peso nu tungtung gagangna aya tandukan, boh nu leutik boh nu gede, sabab ku cara kitu ge, Nyi Putri ngarasa kalindih tur ngarasa aya saingana. Sabab ngarasa dirina nu pang heulana boga eta peso sarta nganggap dirina Ratu Alam Dunya nu pang punjulna sa jagat raya. Hatur Nuhun.



Dongeng mite nyi roro kidul Jaman baheula di Pulo Jawa aya hiji raja, kakasihna Sang Prabu Munding Wangi. Ti prameswari kagungan putra istri, jenenganana Dewi Kadita, anu kageulisanana pilih tanding, kaceluk ka awunawun, kawentar ka janapria, malah nepi ka nelah Dewi Srangenge, lantaran cahayana moncorong lir srangenge. Dewi Srangenge kacida pisan dienodna, dipikanyaah ku ibu sareng ramana, lir nanggeuy endog beubeureumna. Sanaos kitu, Sang Prabu teu weleh neneda, neneda ka Hyang Dewata katut batarabatari, sangkan anjeunna kagungan putra pemeget. Nanging anu diantos-antos teh, ti prameswari Raja teu kagungan putra deui. Teu kantos lami ti harita, Kangjeng Raja kagungan deui putra. Sanes ti prameswari, nanging ti selir, anu jenenganana Dewi Mutiara. Putrana pameget luyu sareng kapalayna. Kangjeng Raja kalintang pisan bingahna. Sami sareng ka Dewi Srangenge, ka putra ti Dewi Mutiara oge, kalangkung-langkung nyaahna. Sanaos Dewi Mutiara tos nyenangkeun Raja, ku jalan kagungan putra pameget tea, nanging ku margi Dewi Mutiara teh selir, linggihna angger bae di gedengeun karaton, henteu di lebet karaton sapertos prameswari. Manah Dewi Mutiara ngageremet teu sugema, timbul bae rasa ceuceub ka prameswari, dibarung ku rasa sirik ka Dewi Srangenge. Malah aya leuwihna ti kitu, manehna boga kahayang, sangkan anakna jadi raja. Lamun seug anakna jadi raja teh, tangtu kahirupanana bakal robah. Moal ngarasa disapirakeun cara ayeuna. Sahenteuna atuh jadi indungna raja, disarebutna oge tangtu Ibu Suri. Dewi Mutiara terus mikiran. Sanajan anakna lalaki, salila di karaton masih aya keneh Dewi Srangenge jeung prameswari, pamohalan anakna bisa jadi raja. Ku kituna euweuh deui jalan, lian ti duaanana kudu disingkirkeun sina ingkah ti karajaan. Ngan kudu kumaha carana? Kabeneran aya nu ngabejaan, di tutugan Gunung Parahu, aya hiji awewe tukang tenung sakti, an ngaranna katelah Nini Jahil. Ngadenge eta beja, Dewi Mutiara kacida pisan bungahna. Tuluy nitah emban kapercayaanana, nyusulan Nini Jahil ka Gunung Parahu. Barang tepung jeung Nini Jahil, pok Dewi Mutiara nyaritakeun niatna, nya eta hayang nyingkirkeun Dewi Srangenge katut prameswari. “Kumaha sanggup?” cek Dewi Mutiara. “Tai ceuli atuh nu kitu mah,” jawab Nini Jahil. “Tapi entong dipaehan,” cenah deuih. “Ulah hariwang,” Nini Jahil siga nu yakin. Maksud maneh Dewi Mutiara teh, prameswari jeung Dewi Srangenge, rek ditenung supaya beungeutna ruksak.



Ingetanana, ari beungeutna ruksak mah, pasti ku Kangjeng Raja diusir, atawa disingkurkeun ka leuweung, lantaran dianggap wiwirang keur karajaan. Kacaritakeun dina hiji peuting, waktuna pangeusi karaton sarare tibra, Nini Jahil asup ka jero karaton. Dasar tukang tenung sakti, euweuh saurang oge anu nyahoeun. Para-ponggawa nu ngajaraga kabeh sararena kawas bangke, gara-gara elmu sirep Nini Jahil. Sup manehna rerencepan, asup ka pangkuleman prameswari. Terus ngaluarkeun elmu tenungna. Ku matih-matihna elmu tenung Nini Jahil, harita keneh pameunteu prameswati pinuh ku bisul sagedegede suuk. Teu kaop katoel meueusan, langsung kaluar getih campur nanah, bauna kaambeu hanyir. Beres prameswari ditenung, giliran Dewi Srangenge. Ieu oge sami sakedet netra pisan, pameunteu anu sakitu geulisna, robah jadi goreng patut. Pinuh ku koreng, borok, jeung bisul. Sarua deuih teu kaop katoel saeutik, barijil nanah campur getih, bauna semu hangru. Nini Jahil kaluar ti karaton, tuluy nyampeurkeun ka Dewi Mutiara. Nini Jahil nyaritakeun pagaweanana, geus nenung prameswari jeung anakna. “Moal teu buruk geura tah beungeutna!” ceuk Nini Jahil bari seuri nyikikik. Dewi Mutiara kacida pisan bungahna. Sanggeus narima buruhan, Nini Jahil buru-buru balik. Teu kungsi lila ti harita, Dewi Srangenge gugah, margi ngambeu babauan. Anjeunna ungas-ingus, tetela asalna tina pameunteu anjeunna. Dewi Srangenge ngeunteung. Ari breh ningal pemeunteuna, Dewi Srangenge ampir-ampiran ngajerit, bakating ku reuwas jeung sedih. Ras Dewi Srangenge emut ka ibuna, enggal lebet ka kamar ibuna, teras diguyah-guyah digugahkeun. Naha atuh ari breh teh, geuning sanasib jeung anjeunna. Pameunteuna sami-sami ruksak, pinuh ku borok jeung bisul nanahan, sarta ngaluarkeun babauan teu pararuguh. Indung jeung anak, antukna ceurik paungku-ungku. Duanana rerencepan kaluar ti kaluar. Terus kaluar ti karaton. Pangemut anu duaan, meh sami, jang nanahaon aya di karaton oge, lantaran boga beungeut beda ti batur. Ti batan diusir ku Kangjeng Raja, mending miheulaan kabur ti nagara. Isukna ibur sapangeusi karaton, prameswari jeung Dewi Srangenge, wengi-wengi ngalolos ti karaton. Taya anu nyahoeun saurang oge, ka mana leosna eta dua putri teh. Sabalikna jeung Dewi Mutiara, ngadenge eta beja teh seuri bungah, lantaran maksudna geus laksana. Nyingkirkeun prameswari kadua anakna. Prameswari jeung Dewi Srangenge, duaan leumpang sakaparan-paran, lumampah nuturkeun indung suku. apruk-aprukan teu puguh nu dijugjug. Mubus ka leuweung geledegan, leuweung ganggong simagonggong, leuweung si sumenem jati. Hatena nalangsa kabina-bina.



Sakali mangsa jog ka hiji patapan. Patepang jeung hiji pandita. Bubuhan pandita sakti, mibanda elmu linuhung, weruh sadurung winarah, pribumi langsung uninga, istri anu sarumping teh taya sanes, prameswari kadua putrana, sanaos pameunteuna kacida ruksakna. Henteu papanjangan carita, prameswari jeung Dewi Srangenge, diangken langkung ti misti, malah dianggap putra jeung putu. “Nyai jeung incu Eyang, ayeuna teh keur meunang cocoba. Cocoba anu sakitu beuratna. Ayeuna mah ngarereb bae di dieu,” ceuk Ki Pandita ka prameswari. Prameswari kadua Dewi Srangenge, ahirna ngarereb di patapan. Ki Pandita usaha satekah polah, ngalandongan panyawatna. Tapi ku matih-matihna tenung Nini Jahil, Ki Pandita teu tiasa ngalandongan. Aya ari pituduh mah eta oge, pituduh ngeunaan jalma anu juligna. Eta dua istri kacida ngarumasna, tuman hirup di karaton sagala nyampak, ari ayeuna di patapan sagala euweuh. Euweuh nu ngaladenan-ngaladenan acan. Eta anu salawasna jadi emutan prameswari, utamana mah nasib putrana ka payunna. Ku tina seueur teuing emutan tea, brek bae prameswari teh teu damang, tug dugi ka pupusna di patapan. Ki Pandita kacida pisan ngangresna, mireungeuh kaayaan prameswari kitu. Nyel bae aya karep males kanyeri, ka nu geus boga laku julig. Ki Pandita uninga ka nu boga dosana. Lajeng bae ngutus maung kembar, sina ngahukuman Nini Jahil. Duanana teu meunang waka balik, salila tukang tenung jahat hirup keneh. Maung kembar indit ti patapan, rek ngajugjug ka Gunung Parahu. Sarta teu kungsi lila ti harita, di tutugan Gunung Parahu guyur, Nini Jahil geus kapanggih jadi bangke, Beungeut jeung awakna ruksak, kawas tapak ngareweg maung. Dikantun pupus ku ibuna, Dewi Srangenge kacida pisan sedihna, raosna teu aya deui batur pakumaha. Aya oge Ki Pandita anu haat nyaaheun, da teu sarua jeung indung kanyaahna. Dewi Srangenge sering emut ka ibuna, ahirna teu kiat lami-lami aya di patapan. Wengi-wangi anjeunna rerencepan kabur. Saleresna Ki Pandita sanes teu uninga, putu angkatna kabur ngantunkeun patapan. Tapi ku Ki Pandita henteu dihalang-halang. Tibatan manah Dewi Srangenge teras sedih, emut bae ka nu tos ngantunkeun, mending antep sina milari pangalaman. Saha anu terang Dewi Srangenge teh bakal pinanggih jeung kabagjaan. Caturkeun Dewi Srangenge, saparantosna ngalolos ti patapan, angkat henteu puguh nu dijugjug. Angkat sakaparan-paran kitu bae. Bari henteu ngingetkeun kasalametan dirina. Saban ngalangkungan leuweung, anjeunna ngarep-ngarep ajal datang, dipacok oray atawa dihakan sato galak. Tapi, sakitu mindeng pasarandog, boro-boro aya nu daek ngahakan, sakur sasatoan di eta leuweung, kalah paheula-heula nyalingkir. Teu daek deukeut-deukeut acan. Duka pedah henteu tegaeun, nempo waruga nu sakitu ruksakna, duka henteu kuat ngambeu bauna. Lami-lami Dewi Srangenge teh jog anjog ka sisi basisir kidul. Lalampahanana kandeg di dinya, kapegat laut upluk-aplak satungtung deuleu.



Ku margi ngaraos kacida bingungna, ka mana nya kedah neraskeun laku, anjeunna liren handapeun tangkal kalapa, sakantenan niat ngareureuhkeun kacape. Dewi Srangenge nanghunjar dina kikisik, bari nyarande kana tangkal kalapa. Neuteup anteng ka tengah laut. Sakedapan lali kana kasedih manahna. Angin laut lir nu ngusapan salirana, lami-lami ngaraos tunduh anu kacida. Reup bae kulem di dinya tibra naker. Sabot Dewi Srangenge kulem, anjeunna ngimpen anu luar biasa, impenan sapertos anu enya-enya kajadian. Dina eta impenanana, anjeunna ditepangan ku hiji aki-aki. Eta aki-aki nganggo anggoan sing sarwa bodas. Ari kana rupina, asa henteu asing deui. Asa kungsi panggih, ngan duka di mana. Eta aki-aki pok sasauran, kieu cenah, “Deudeuh teuing incu Aki, nu geulis kedah ngalaman hirup sangsara. Ayeuna mah geura gugah, heg geura siram dina cai laut. Engke sagala rupana baris balik deui, balik ka sabihara-sabihari. Rengse siram ulah ka mana-mana, margi bakal aya satria nu ngajak nikah.” Tamat aki-aki sasauran, Dewi Srangenge gugah. Luak-lieuk teu aya sasaha. Iwal aya laut nu kacida legana. Ombakna siga nu ngagupayan, sangkan anjeunna enggal-enggal siram. “Anu bieu teh impian ilapat atawa riwan?” gerentes manah Dewi Srangenge. Tapi ahirna mah Dewi Srangenge henteu seueur deui anu diemutan, ku tina parantos pasrah tea kana kadarna. Gebrus bae ka laut, ibak kokojayan. Cai laut asin teh karaosna asa seger. Anehna unggal anjeunna ngusap raray, urut borok reujeung bisul, harita keneh langsung beresih. Kasauran aki-aki henteu lepat, pameunteu nu geulis beresih deui. Sinarna moncorong deui sabihari kawas panonpoe kakara medal. Kantenan Dewi Srangenge pohara bingahna. Anjeunna ampir-ampiran teu percanten, kana kajadian nu sakitu matak anehna. Wareg siram kokojayan, lajeng ngeunteung kana beungeut cai, katingal rarayna ngagenclang herang. Malih raraosanana mah langkung geulis, langkung cahayaan ti nu parantos-parantos. Teu karaos tina socana bijil cisoca, mapay kana damisna anu limit, cisoca anu meDONGdal tina kabungah taya hinggana. Nurut kana kasauran aki-aki dina impenan, anjeunna henteu ka mana-mana deui. Damelna ngantos kasumpingan satria, anu bade ngajak nikah tea. Dewi Srangenge percanten kana kasauranana, ku margi apan parantos aya buktosna. Pameunteuna anu tadina ruksak, ayeuna balik deui sapertos sabihara-sabihari. Ngan naha atuh nu diantos-antos teh henteu daek sumping bae. Anjeunna meh unggal dinten ngalangeu di sisi basisir bari neuteup ka tengah laut. Sangkaan anjeunna, moal henteu, satria teh sumpingna ti tengah laut. Lamun kana kapal laut, geuning taya celak-celakna acan. Atawa bisa jadi bijil ti jero laut. Sadinten, dua dinten nepi ka saminggu, Dewi Srangenge masih tiasa nahan kasabaran. Saminggu, dua minggu, dugi ka sasasihna, sasasih, dua sasih, dugi ka sataunna, Dewi Srangenge seep kasabaranana.



Lami-lami timbul bendu ngagugudug, margi asa dibohongan ku aki-aki, anu patepang dina impenan tea. Dewi Srangenge penggas pangharepan, bendu dibarung kun genes ngangres. Tungtungna jleng bae luncat ka laut, maksadna bade luluasan, milih neuleumkeun maneh ka laut, nyebakeun salirana ka pengeusi laut, sukur-sukur mun dihakan ku lauk hiu, atawa diteureuy buleud ku lauk paus. Tapi cai laut kalah nyalingray, kawas nu mere jalan ka Sang Dewi. Kitu deui sakabeuh pangeusina, ruparupa lauk nu gede nu leutik, daratang ngabageakeun. Tungtungna Dewi Srangenge teh diangkat jadi ratu di sagara kidul, katelah Nyai Ratu Roro Kidul. Tapi anjeunna tetep panasaran, palay tepang sareng satria anu dijangjikeun dina impenan. Cai laut teras-terasan diubek, niatna milarian satria tea. Eta sababna pangna laut kidul kasohor galede ombakna. Lantaran hayoh wae diubek-ubek ku Nyi Roro Kidul.



Dongeng Mite Basa Sunda "Dewi Sri" Dina hiji zaman, kasebut aya hiji taman anu endah sinareng damai, nu namina “Ytaman Sorga Loka”. Dina tempat eta aya cicing hiji jalma nu ngarana “Sunan Ibu” nu keur nungguan kadatangan “Dewi Sri Pohaci Long Kancana”. Dewi Sri ngalaporkeun yen dihiji tempat dibumi nu ngarana “Buana Panca Tengah” teu acan aya “Cihaya” nu mangrupakeun hiji kabutuhan hirup. Minareng hal eta, Sunan Ibu miwarang sangkan Dewi Sri angkat ka Buana Panca Tengah. Dewi Sri hente nolak mangkat ka Buana Panca Tengah, asalkeun mangkatna dibaturan ku ‘’Eyang Prabu Guruminda‘’. Permohonan Dewi Sri dikabulkeun ku Sunan Ibu. Sateuacan angkat ninggalkeun Sorga Loka, Eyang Prabu Guruminda calik semedi nuhunkeun petunjuk ka "Hiang Dewanata". Saentos angges semedi sarta menang petunjuk, sareng ku kasaktianna dina waktos sakejap, rupa Dewi Sri ngabentuk jadi sahiji endog. Saengges kabeh persiapanna angges, terus mangkat Eyang Guruminda ngagiring Dewi Sri sareng tujuan Negara Buana Panca Tengah. Dewi Sri anu wujudna jadi endog, disimpeun dina kotak nu ngarana “Cupu Gilang Kencana”. Prabu Guruminda sangges sababaraha lamina ngapung ka onggal panjuru kaler–kidul, ngulonngetan anu akhirna, dina hiji mangsa endog anu disimpeun dina kotak eta murag. Ges jadi kahayangna anu maha kawasa, endog teh murag di hiji tempat anu mana eta tempat nu dicicingan ku ‘’DEWA ANTA’’. Dewa Anta anu terangen di tempat cicingna aya endog, mangkana eta endog teh di ingu. Sangges sabaraha waktos lamina, eta si endog teh netes, teras lahir hiji wanoja anu gelis kacida anu te aya babandingannana anu teu aya lain nyaeta "DEWI SRI". Dina rupana anu gelis pisan, loba raja-raja anu ngalamar sang putri pikeun di jadikeun pemaisuri. Didinya keneh kasebar barita ka sakabeh nagara pedah kageulisannana DEWI SRI. Nanging, DEWI Sri hente ngarasa bungah, pedah lamun manehna narima pinangan berarti manehna geus ngingkar tugas kanu dimandetkeun kamanehna. Dewi sri ngajelaskeun ka unggal raja, maksad kalahiranana teh sanes pikeun neangan calon salaki, tapi pikeun ngalaksanakeun tugas ti "Sunan Ibu" di Taman Sorga Loka nyaeta kanggo nganugrahkeun “Cihaya” ka nagara gelar Buana Panca Tengah. Tapi, lamaran terus wae daratangan, sarta akhirna Dewi Sri menang tekanan batin. Beuki lila, panyakit nu karaos Dewi Sri beuki parah, dugi ka dongkap waktos Sang Putri nyampekeun mandate terakhir “lamun dongkap waktos abdi maot jeung lamun abdi parantos dikurebkeun,



erek aya kaanehan-kaanehan dina pusara abdi”. Jeung akhirna ku kahoyong nu Maha Kuasa, Dewi Sri oge maot. Bener wae naon anu diamanatkeun ku Sang Putri akhirna jadi kanyataan. Dicaritakeun dina hiji poe, aya aki-aki jeung nini-nini nu keur milarian suluh jeung milarian dadaunan kanggo bekel hirupna duaan. Sawaktos aki-aki jeung nini-nini kenging menang pepelakan anu can pernah dipanggihan jeung ditempo Saumur hirupna. Dina bagian hulu jadi tangkal kalapa, dina bagean leungen jadi tangkal bubuahan, dina bagian suku jadi tangkal boled, sedengkeun dina awakna jadi tangkal aren. Akhiirna aya niatan ti aki-aki jeung nini-nini kanggo miara eta tangkal aneh teh, jeung dibersihkeunna pusara sakuliring tangkal eta. Ku kasabaran sarta katekunan, teu karaos waktos parantos bulan ka 5 tangkal eta teh dipiara, buah nu tadi hejo teh ngeusi pinuh, jadi buah nu sadahan eta tungkul saking ku beuratna. Sabenerna eta teh tangkal aneh naon? Pikir aki-aki sareng nini teh. Saentos sababaraha lami bede asup ka bulan ka 6 ditingali deui tangkal eta teh, jeung siki-siki buah tadi teh jadi koneng, alus pisan katempona. Saentos kaduana ngahuleng akhirna aya niat rek metik eta buah. Saencan di ala eta buah teh diasaan hela, prak teh eusina bodas jeung amis rasana. Aki jeung nini nyiapkeun dupa kanggo meuleum menyan kanggo menta idin ka “Hiang Widi”. Saentos meuleun menyan, dipotong eta tangkal teh, aki jeung nini rewaseun bari ngejat pedah dina dahan anu dipotong tadi teh ngaluarkeun cai herang jeung seungit kacida. Gaduh niatan kanggo aki-aki eta teh melak tangkal eta deui, jeug siki-siki buah tadi dipelak deui disakuliring pusara "Dewi Sri". Kaajaibanna oge kajadian deui, kusabab ku sakerejep ge siki-siki tadi hirup jeung buahan koneng oge. Aki jeung nini langsung nuar jeung sakerejep oge dipelak deui siki siki koneng eta sampe ka terus kaulang ulang sampe kakumpulkeun beungkeutan siki-siki buah koneng nu loba pisan. Ku kajadian eta, aki jeung nini jadi lieur. Kusabab, meunang hasil loba pisan dina waktos nu tereh dina buah saadahan. Nanging maranehna can nyaho naon ngarana eta buah teh? Akhirna, kusabab aki jeung nini lalaieureun malah teu acan kenging kaputusan kanggo masihan ngaranna. Ujug-ujug nini ngusulkeun ngaran "Pare" kusabab maranehna bingung kanggo milih ngaranana, pare anu dina basa sunda mah disebutna “paparelean”, akhirna buah eta teh tepi ayena disebut ngaran “Pare” (padi).