Perpisahan [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh Embara ka balarea, Bewara kanu araya. Kanca baraya nu pada lenggah, sugri pribumi nu pada linggih Mugi janten uninga, wirehing dina dinten ieu pisan, Kamis kaping 23 Mei 2019 Ku urang sadaya bakal kasakseni prosesi upacara paturay tineung kelas 9 SMP Ibnu Sina Sim kuring saparakanca ti Sanggar Seni SMP Ibnu Sina seja ngiring aub jabung tumalapung ngiring icikibung dina widang seni sunda. Sasieureun sabeunyeureun ngiring ngaguar titinggal karuhun PROSESI UPACARA ADAT DIKAWITAN *Musik Bubuka *Tarian Payung Seorang ponggawa pembawa payung 'midang' sambil menarikan gerakan indah memainkan payung yang akan digunakan untuk memayungi perwakilan siswa yang akan dilepas. Biasanya siswa yang dipilih adalah yang berpreastai secara akademik, putera dan puteri. *Tarian Umbul-umbul Pembawa umbul-umbul terdiri dari 6 orang ponggawa yang akan mengiringi prosesi upacara adat pelepasan atau paturay tineung. kemudian datanglah mamang lengser. Lengser adalah tokoh sentral dalam upacara adat Sunda. Tokoh ini digambarkan sebagai 'figur' yang memiliki karakteristik bodor (lucu), polos, namun memiliki kecerdasan yang sulit diduga, sering digambarkan sebagai tokoh yang serba bisa. Disimbolkan sosok seorang kakek-kakek yang dituakan, mempunyai sifat sederhana, tata krama yang baik, dan selalu memberi petuah. Lengser lebih banyak menggunakan komunikasi non verbal dalam berinteraksi. Pakaian yang dikenakan Lengser biasanya terdiri dari : baju kampret, celana pangsi dilengkapi dengan sarung yang diselendangkan, serta totopong (ikat kepala). Dengan memperlihatkan giginya yang ompong dan gerakan tari lucu, kehadirannya tak pelak selalu mengundang tawa penonton/tamu undangan. Saat 'midang' atau mentas, lengser hanya 'pepeta' alias bergaya tanpa suara, sebab ucapan lengser akan disuarakan oleh panembang yang akan ngerajah diiringi kacapi suling yang 'ngagelik'. Rajah atau ngerajah ditembangkan untuk menghormati roh leluhur serta mohon kepada Yang Mahakuasa. Rajahnya seperti ini :



Sampurasun..... Amit ampun nya paralun, ka gusti nu maha suci neda pangjiad pangraksa abdi kempel Seuweu Siwi ka batara neda suka ka batari neda suci ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal ti kalerna ti kidulna, ti kulonna, ti wetanna hung ...ahung .. kula rek diajar ngidung Amit ampun nya paralun, bilih manawa manawi kemudian dilanjutkan dengan narasi. Mangga urang sasarengan, mapag nu bade amitan Prosesi memasuki pentas, Gending Catrik *Tari Merak (sapasang) *Mayang - Ngagendeng Panganten (2 orang wakil siswa kelas 9) Narasi Geura lagukeun kidung liwung nu panuhung Geura hariringkeun kawih asih tina ati Sugan teteg ieu lengkah nu rek lunta Sugan jembar ieu lengkah seja napak Mun isuk balebat nyingray ti wetan Srangenge sumirat deui di langit Ciawitali Nanging boa saukur jadi kalangkang Kalangkang dina eunteung panineungan urang Mungguh waktu, kapan jamparing anu melesat Nyiak ninggalkeun patok demi patok lalakon Raca tapakna jadi pilar-pilar kakelar



iring-iringan tiba di hadapan Bapak Kepala Sekolah yang telah duduk bersama seorang ibu guru senior, siap memberi doa restu kepada siswa kelas 9 yang akan melanjutkan sekolah. Kemudian dua orang siswa tersebut sungkem. Narasi sungkeman :



Bapa : Hidep anaking puputon jimat awaking, pek geura regepkeun ku hidep sakabeh, jiad pangdu’a ti ibu bapa guru hidep, nu dipalar hidep hirup hurip ka hareup. Pek geura patri dina acining padaringan ati sanubari. Cangreud pageuh dina galeuh-galeuh manah anu maneuh. Tungkus dina tungtung kalbu anu saestu. Geura cangcang dina tulangtulang kahayang nu bakal datang Anak : Bapa, ibu, hapunten abdi rumaos teu acan tiasa mulangkeun kadeudeuh, abdi teu acan tiasa nepakeun kanyaah, anu aya ngan geugeuleuh jeung kariweuh. Abdi neda halal ti ibu kalih ti bapa tina sagala rupina, lantaran abdi teu acan tiasa mulang tarima. Mung abdi sadaya neda panuhun kanu Maha Agung mugi-mugi guru abdi sadaya apanjangapunjung salamina. Ibu : Duh, anaking, kolot mah lautan hampura, rido jeung iklas, ibu reueus reugreug pageuh awor jeung kabungah, lamun hidep sarerea bisa ngojayan pangalaman atikan nu leuwih luhur tur lega. Tapi sawalerna ibu teu ridlo, bapa teu rela, lamun mah hidep kokoleaban na seuneu naraka alatan nyieun dosa na mangsa rumaja. MOal rela lamun hidep joledar tambelar kana tetekon ti anu Maha Linuhung, ibu humandeuar hariwang sieun karandapan. Omat geulis, kasep, sing bisa nyiar elmu pangaweruh nu leuwih luhur ajen inajenna manan ti MTs. Anak : Duh, bapa, sakitu seueurna kesang anu parantos ngucur dina enggoning ngatik ngadidik abdi sadaya, poho kacape, poho kasieun. Bade kumaha abdi mulang tarima? Nu pareng musingkeun, mungpang, ngabandel pikahariwangeun. Matak hese matak cape. Bapa, hapunten abdi. Bapa : Duh … Anaking, geulis jeung kasep, wanci ieu harepan geus narembongan, nu ngagupay ka hidep sarerea. Bral geura miang tandang udag kahayang, bapa nyerangkeun ti kaanggangan. Diandung pangestu ti ibu dijajap pangdu’a ti bapa. Bismillah tawakalna anu diseja Pileuleuyan hidep pileuleuyan … Selesai sungkem, Bapak Kepala Sekolah menyerahkan Ijazah kepada siswa. Narasi : Pileuleuyan, pileuleuyan, asal urang babarengan Nyukcruk elmu nyuprih harti, ayeuna baris paturay Nu dikantun mulus rahayu, nu miang pinanggih bagja.



Rampak sekar Narator Bral geura miang, dijajap rewu pangdu’a Dirungrum pangjurung laku, mugia mulus rahayu Mugia pinanggih bagja, bral geura miang Geura tandang makalangan



Mung sakitu anu kapihatur pidangan prosesi upacara miangkeun kelas 9. Hatur nuhun kana perhatosannana Bobor sapanon carang sapakan, neda agung cukup lumur neda jembar hapuntenna Wassalamu'alaikum wrohmatullahi wabarokatuh aduh bapa ibu guru katampi ku asta kalih kasaean ti salira dipatrina sanubari pidu’a anu dipundut pikeun pibeukeuleun abdi bade neras keun sakola nawujudken cita – cita mugi kersa weninggalih ngahapunten dosa abdi nukantos nyesahkeun pisan ngaping pinuh kasabaran