Pidato Sunda Melestarikan Budaya [PDF]

  • Author / Uploaded
  • mey
  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Pidato Sunda Melestarikan Budaya Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh, hurif Sunda, bangga urang sarerea, para hadirin anu parantos Aya Dina ya patempatan Sateuacana simkuring haturkan Sewu nuhun, panginten sadayana parantos ngaluangkeun waktos tangtu anda nepi Aya Dina Ieu kasempatan. Alhamdulillah simkuring bingah pisan, kumargi dengan wanoja budak ngora para bujangan Jeng parawan hadir dengan acara. Atas nateh Sanes abdi bade nyirian parawan hehheh, Eh tapi teu nanaon ketang. Jadi sahur kok kolot baheula Mah, upami teu kenalteh cenah teu nyaah, Matak sateuacan simkuring maparkeun usak usuk perkawis ngamumule budaya, simkuring Bade nepangkeun diri, wasta Ujang Yogi hehhe. Tah kumargi Tos kenalanmah, hayu Bae lah urang bahas Naha bet urangteh kudu ngamumule budaya Sunda. Alasan kahijimah, etateh ciciren kajayaan urang Sunda, inget kasasaha NU namina,budayana moal lepas Tina seni, matakan kasenian Jeung budayateh kudu ku urang di mumule, diajarkeun Jeung diterapkan Dina kahirupan sapopoe, inget ka sadayana ulah kawas sabagian budak jaman ayeuna NU agul make budaya barat, barijeung leuheung lamun hademah. Ieu ningan tali kutang kamana mendi. Pan urangmah apal etateh salah, nusalahmah ulah diturutan, tapi kop geura make Kabaya kreasikeun ku salareaa, modif kabaya. Pami keur si Jalu Tah pake pangsi meh katinggalna leuwih dewasa. Inget Oge kabudayaan urangteh lain Tina segi pakean Jeung tatakrama hungkul, tapi mumule Oge sabangsaning alat musik kawas calung, Tah calung mah pan alat musik tradisional anu Tos katelah di Dunya. Matakan ulah sok agul ku produk Batur da produk urang Oge Hade, Mun dihargaan ku urang urangmah kenehmah. Inget kasadayana, jati diri Sunda teh salah sahijina Aya Dina kasenian Jeung kebudayaan, matakan ulah nepika laas katinggalna mangsa, urang kudu langsung gerak ti ayeuna ngamumule kesenian Jeung kabudayaan urang, inget ku salarea,. Lamun lain ku urang deuk ku Saha deui?? Lamun teu ayeuna deuk iraha deui?? Di engke engkena moal baleg. Bae sok urang Ngurah jaman, tapi ingat ulah nepika mopohokeun geutih asli urang, Mun bisamah jaman teh kudu urang anu negngteukeunana, lain urang NU katengtuan ku jaman. Dupi sakitu Bae anu tiasa dipihatur ayeuna, hapunten Tina Sagala kalepatanana, Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.



MIARA JEUNG MICINTA KASENIAN TRADISIONAL SUNDA



Assalamu`alikum Warohmatullohi Wabarokatuh Sampurasun! Ibu miwah bapa dewan juri nu luhung ku elmu panimu, jembar ku karsa, karya, katut pangalaman nu ku sim kuring dipihormat. Teu hilap oge sadaya rerencangan anu sami hadir di ieu tempat, anu ku sim kuring dipiheman. Puji sinareng syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka dzat Illahi Rabbi, Allah SWT, mungguhing ku kakawasaan anjeun-Na urang sadaya tiasa diparengkeun riung mungpulung patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat . Shalawat sareng salam mugia dilelerkeun ka jungjunan urang habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sohabatna tur ka urang sadaya salaku umatna. Kadang wargi anu mulya Dina ieu kasempetan dina raraga pasanggiri pidato basa sunda tingkat kacamatan cipaku sim kuring neda widi bade diajar cumarios di payuneun wargi sadaya. Kaleresan sim kuring kapapancenan tugas ti sakola, janten wawakil sakola ngiring pasanggiri pidato. Dupi judul anu baris dibiantarakeun nyaeta” Miara jeung Micinta Kasenian Tradisional Sunda”. Sakumaha ku urang kabandungan, dina jaman globalisasi pangaruh kabudayaan luar teu tiasa disingkahan. Kaasup dina widang kasenian. Hal ieu matak ngahariwangkeun, sabab seueur murangkalih urang sunda anu leuwih mikawanoh kana kasenian anu jona ti luar batan kasenian asli titinggal ti karuhun. Minangka conto, seueur murangkalih anu leuwih maher ngamaenkeun piano ti badan nabeuh calung, degung, angklung atawa nu liana. Teu salah upama urang ngulik seni anu jolna ti luar, tapi urang oge ulah mopohokeun kana tradisi asli kasenian urang sunda saperti calung, angklung, degung, tari ketuk tilu, jeung rea-rea deui. Ku saha deui rek dimumulena budaya sunda ari lain ku urang sunda mah. Lamun urang hare-hare bae, teu nolih kana pangaboga urang, bisa-bisa nu bisauen nabeuh degung teh urang amerika, urang jepang jeung urang eropa. Naha geunig kitu ? Tangtu ku urang mindeng kabandungan, urang jepang, urang amerika atawa urang eropa, daratang ka tanah sunda hayang diajar nabeuh degung atawa ngadalang. Maranehna kacida segutna diajar, nepika sakabeh elmu ti guruna bisa kapimilik. Ibu miwah bapa dewan juri nu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya nu ku ku sinkuring dipikaheman. Miara kaasenian sunda teh teu cukup ku ngan ukur ngapalkeun ngaran rupa-rupa alat kasenian sunda. Nu leuwih alus, urang kudu diajar nabeuh alat-alat kasenian sunda sangkan urang boga pangabisa, teu eleh ku urang luar. Di sakola, biasana sok aya alat-alat kesenian sunda kayaning degung, calung, angklung, kacapi jeung rea-rea deui. Tah tia ayeuna, hayu urang mangpaatkeun sarana nu aya disakola kalayan bimbingan ti bapa jeung ibu guru. Pamungkas, mudah-mudahan ieu pedaran teh jadi panggeuing ka sim kuring hususna umumna ka sadayana urang sunda sangkan leuwih soson-soson miara jeung micinta budaya sunda. Nu dipiharep, budaya sunda teu leungit sarta terus nanjeur sapanjang jaman. Sakitu anu kapihatur, wabilahi taufik wal hidayah, wassalmu`alikum wr.wb. ********************************