Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET



Dini hiji poe sakadang kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da manehna teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka sakadang monyet, menta tulung. Omongna “sakadang monyet uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naek, cing tlungan pangalakeun, engke paparon “ “ Hade “ tembal sakadang monyet. “ Di mana? “ tuluy maranehna arindt babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang monyet, tuluy naek, metikan cau hiji – hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang kuya mah teu dibere sapotong – potong acan, atuh bari cumeplak we neureuyan ciduh. “ sakadang monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon “ceuk Sakadang kuya ngagorowok. Tapi Sakadang monyet teu malira, jongjon bari metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku cangkangna. Sakadang kuya ohara nyerieunana, ngunek – ngunek hayang males. Dina hiji poe Sakadang kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana bareureum. Ngala genep nu garede, ketembongna bangun aramis piasan. Manehna indit nepungan Sakadang monyet. Biwirna di pulas ku daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak ceplak, cara nu geus barang dahar ngeunah. Ditanya ku Sadang monyet, “ Sakadang kuya, maneh teh keur ngadahar naon? Cik uing menta! “. “ ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Dewata. Kakara uing barang dahar ni’mat kieu.” Tembal Sakadang kuya. “Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan.” Sakadang monyetlumah lameh menta ngarah dipikarunya. “Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka kami, padahal eta teh milik kami?” “Hampura atuh nu eunggeus eunggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Dewata!” omongna deui lengas lengis.“Nya ari maksa maksa teuing mah sok bae, tuh cokot deukeuttangkal caringan itu!” tapi ulah dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami sapora.” Sakadang monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea. Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun. Kabeh dibawa lumpat, di tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak ......Adug lajer, jejeritan awahig lada jeung panas. Sakadang kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena bareto.