Kalungguhan Basa [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Basa Sunda (ᮘᮘ ᮘᮘᮘᮘᮘ) minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 27,000,000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa, atawa 13,6% ti populasi Indonésia. Basa Sunda kagolongkeun kana famili basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo KulonPolinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:     



Banten, Bogor, Parahyangan, Cirebon, jeung Brebes



Parahiangan, ngawengku sabagian badag Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti Sakola Dasar (SD) nepi ka Sakola Menengah Pertama (SMP), nu ayeuna diajarkeun ogé di SMA sanggeusna kaluar kaputusan ti Gubernur Jawa Barat. Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sabada basa Jawa. Kalungguhan basa Sunda saméméh kamerdikaan nyaéta salaku basa pribumi. Sabada puseur dayeuh Karésidénan Priangan dipindahkeun ti Cianjur ka Bandung, peranan kota Bandung téh dina ngamekarkeun budaya Sunda beuki undak. Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih undak kalungguhanana ti batan basa Sunda wewengkon séjénna. Samalah dina Lambaran Nagara (Staatsblad) No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yén "basa pribumi anu diajarkeun di sakola nyaéta basa pribumi anu dianggap pangberesihna, saperti keur di sakola-sakola di Jawa Barat kudu Basa Sunda Bandung". Nya ti harita munculna sesebutan basa sakola, nyaéta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Ti dinya sesebutan basa sakola téh robah deui jadi basa lulugu atawa basa baku. Atuh basa Sunda wewengkon Bandung ogé robah jadi basa Sunda lulugu atawa basa Sunda baku. Ari kuduna mah, istilah basa lulugu (baku) téh dipateungteungkeun jeung basa teu lulugu (baku). Ngan pédah dina kahirupan masarakat Sunda muncul istilah basa Sunda wewengkon minangka lalawan tina basa Sunda lulugu téh. Daptar eusi [sumputkeun] 



      



1Sajarah o 1.1Mangsa I (saméméh abad ka-16 M) o 1.2Mangsa II (sabada abad ka-16 M) o 1.3Mangsa III (1800-1900 M) o 1.4Mangsa IV (1900-1945 M) o 1.5Mangsa V (1945-kiwari) 2Fonologi 3Tata Basa 4Sistem Tinulis 5Tata Krama 6Gaya Basa 7Sastra 8Tumbu kaluar



Sajarah[édit | édit sumber] Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)[édit | édit sumber] Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara,Galuh,Kawali,Sunda,jeung Pajajaran Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku



basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa. Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda kunao saperti Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, jeung Guru Talapakan. Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasasti



Mangsa II (sabada abad ka-16 M)[édit | édit sumber] Mangsa III (1800-1900 M)[édit | édit sumber] Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).



Mangsa IV (1900-1945 M)[édit | édit sumber] Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).



Mangsa V (1945-kiwari)[édit | édit sumber] Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonésia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonésia).



Kamekaran Basa Sunda 1. Sajarah Basa Sunda



Basa Sunda anu nyampak ayeuna teh mangrupa hasil tina kamekaran sapanjang mangsa. Eta kamekaran teh ditangtukeun ku kahirupan budi akal urang Sunda anu kapangaruhan ku suasana tempat jeung mangsa nu kasorang dina sajarah kahirupan urang Sunda. Kamekaran basa Sunda sajalan jeung kamekaran kabudayaan Sunda umumna. Ari sababna, basa teh mibanda fungsi pikeun nyumponan sabagian tina pangabutuh anggota masarakat dina hirup kumbuhna. Basa teh cicireun bangsa. Budi parangi, carana mikir, pacabakan, angen-angen, jeung susunan masarakat hiji bangsa bisa kagambarkeun dina basana. Kamekaran kabudayaan Sunda ditangtukeun ku pamanggih-pamanggih anu aya di jero masarakat Sunda sorangan jeung rupa-rupa pangaruh tina kabudayaan deungeun. Bangsa Sunda geus ti bihari ngayakeun patali marga jeung bangsa lian. Ku kituna, tangtu bae bakal lumangsung kontak budaya antara budaya Sunda jeung budaya deungeun. Bangsa Sunda kungsi meunang pangaruh tina budaya jeung agama Hindu, budaya jeung agama Islam, pangaruh kabudayaan Jawa (Mataram), jeung pangaruh kabudayaan



kulon. Eta pangaruh teh saterusna diolah nurutkeun kapribadian urang Sunda, dipake geusan mekarkeun kabudayaan sorangan. Urang Sunda teh minangka salah sahiji seler bangsa Indonesia, sakaruhun keneh jeung urang Ace, Batak, Minangkabaow, Jawa, Bali, jeung lian ti eta. malah jeung bangsa Filipina, Cina, Vietnam oge sakaruhun keneh, anu mibanda tanah asal ti Yunan (Hindia Tukang).Parindah jeung malencarna karuhun bangsa Indonesia ti wewengkon Yunan teh rebuan taun katukang. Aya sawatara alesan parindahna teh, diantaranawae: (1) ayana bahaya kalaparan, (2) ayana bahaya kasakit, (3) ayana bahaya alam, jeung (4) ayana kamungkinan dirurug ku musuh nu datangan ti beulah kulon jeung beh kaler.Ku lantaran bangsa Indonesia anu "Bhineka Tunggal Ika"asalnamha sakaruhun, atauh moal boa basana oge sadapuran. Nurutkeun Prof. H. Kern, kokocoran tina ieu huluwotan teh ngawengku daerah anu lega pisan, nyaeta ti kaler Pulo Taiwan, ti kulon pulo Paas/Ester, ti kidul Pulo Selandia Baru, jeung ti kulon Pulo Madagaskar. Basa-basa di ieu wewengkon teh disebutna bangsa Austronesia, anu ngawengku: (1) basa-basa Hesperanesia/Nusantara (nu aya di wewengkon Indonesia, Taiwan, jeung Filipina), jeung (2) basa-basa Oseania/Nusa Lautan (Polinesia, Melanesia jeung Mikronesia) Salah sahiji bukti anu nuduhkeun yen basa-basa di Indonesia teh sasungapan keneh nyaeta loba pisan kecap-kecap anu sarua atawa meh sarua, upamana kecap lisung dina basa Sunda unina ( meh) sarua jeung basa-basa sejenna di Indonesia, saperti lisuh (Kawi), lesung (Jawa),lesong (Madura), lesung (Batak), lesung (Johor), li song (Dayak), losong (Tagalok), jeung sajaba ti eta. Dina garis badagna, galuring sajarah basa Sunda ti bihari nepi ka kiwari teh bisa diringkeskeun kieu: (1) Sajarah basa Sunda mangsa I (samemeh taun 1600 M); (2) Sajarah basa Sunda mangsa II (antara taun 1600-1800 M); (3) Sajarah basa Sunda mangsa III (antara taun 1800-19000 M); (4) Sajarah basa Sunda mangsa IV (antara taun 1900-1945 M); (5) Sajarah basa Sunda Mangsa V (ti taun 1945 nepi ka ayeuna) 1.a. Sajarah Basa Sunda Mangsa I (Samemeh taun 1600) Samemeh taun 1600 M, di urang geus ngadeg karajaan-karajaan saperti Salakanagara, Tarumanagara, Galuh, Sunda, Kawali jeung Pajajaran. Karajaan Salakanagara ngadeg (kurang leuwih taun 130-362 M) di Pandeglang ayeuna. Rajana nu mimiti Prabu Darmalokapala Dewawarman Haji Raksagapurasagra, ari nu pamungkas Prabu Darmawirya Salakabuwana anu nyakrawati jeung Prameswarina Rani Spatikarnawarmandewi. Ieu katerangan teh kapanggihna tina naskah buhun Rajya-rajya i Bhuni Nusantara, Parwa V, Sargah 1, kaca 55 naskah Nagara Kretabhumi, anu disusun ku apingan Pangeran Wangsakerta Cirebon (Atja, 1984, 14). Salakanagara rungkad disambung ku Tarumanagara (358-669). Rajana nu munggaran Jayasingawarman (minantu Dewawarman VIII), nu pamungkas Linggawarman. Dina mangsa ieu aya sawatara batu tulis nu ditulis dina basaSangsekerta, aksara Pallawa, minangka titinggal Purnawarman (raja Taruma III). Satuluyna timbul karajaan Galuh/Kendan (536-568). Rajana nu munggaranManikmaya (minantu Raja Taruma VII), ari nu pamungkas Linggabumi nu gugur di Bubat. Galuh runtag, muncul Karajaan Sunda (669-1311). Rajana nu munggaran Tarusbawa (minantu Raja Taruma XII), ari nu pamungkas Citraganda. Perkara ratu Sunda aya katerangan tina prasasti Cibadak, Sukabumi, anu unina: "ini sabdakalanda rakyan juru pangambat i kawihaji panca pasagi marsandeca barpulihkan haji Sunda" Eusina netelakeun yen Sri Jayabupati nu nyakrawati sabudeur jagat kawentar jadi raja Sunda.



Puseur dayeuh Karajaan Sunda teh pindah ka Kawali (1311-1482). Rajana nu mungkaran Linggdewata, nu pamungkas Ningrat Kancana (Dewa Niskala). Raja nu kawentar mangsa Kawali nyaeta Niskala Wastu Kancana anu ninggalkeun prasasti Astana Gede anu unina: "Nihan tapa Kawali nu sanghyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg di kuta kawali nu mahayuna kadatuan sura wisesanu marigi sakuriling dayeuh nu najur sagala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul jaya dina buana" Hartina: "Ieu nu tapa di Kawali teh nyaeta tapana nu mulya lir dewa, Gusti nu bagja, Raja Wastu, nu ngereh di kota Kawali, nu parantos mapaes karaton Sura Wisesa, nu kersa midamel kasaean sangkan punjul sajagat" (Atmamiharja, 1958:54) Sabada Sri Baduga Maharaja naek tahta, puseur dayeuh pindah ka Bogor, sarta ganti ngaran jadi Karajaan Pajajaran (1482-1579). Ari rajana nu pamungkas Ragamulya Sryakancana. Basa nu dinukaeun ti mimiti Salakanagara nepika Karajaan Pajajaran nyaeta Basa Sunda jeung aksarana aksara Sunda. Basa Sunda alam harita geus dipake dina widang kanagaraan, kaagamaan, kasenian, jeung kahirupan sapopoe. Tumali jeung kaagamaan, loba kitab suci anu ditulis dina Basa Sunda, saperti: Darmasikas, Siksakandang Karesian, Pasukpata, Kadenaan, Mahaprawita, Siksaguru, Dasasila,Pancasiksa. Gurutalapakan, Jagaturpradesa, Jadusakti, Tetebuana, Tateajayana, jeung sajabana ti eta. Urang Sunda alam harita geus kawilang maju, geus wanoh kana budaya lian, malah di masarakat Sunda geus aya juru basa (ahli basa), saperti anu ditetelakeun dina Siksakandang Karesian anu unina kieu (Atja, 1981:43): " Hayang kenal basa Cina, Keling, Parsi, Mesir, Samudra, Banggala, Makasar, Padang, Palembang, Siem, Kalaten, Bangka, Buwun, Beten, Tulang Bawang, Sela Pasai, Parayanan, Dinah, Andalas, Pego, Mulangkebo, Mekah, Palawa, Sasak, Sembawa, Balii, Jengge, Sabino, Ogan, Komoring, Simpangtiga, Gunangtung, Manubi, Bubu, Nyiri, Sapari, Patungan, Surabaya, Lampung, Jambudipa, Sereng, Gedah, Selat, Salondong Indragiri, Tanjungpura, Baluk, Jawa, tanyakeun ka juru basa Darmamurcaya" Dina widang kasusastraan, urang Sunda wanoh kana carita-carita: Kunjarakarna, Babak Catra, Ciung Wanara, Prabu Siliwangi. Carita Ratu Pakuan, Carita Parahiyangan, jeung sajabana.Geura titenan ieu cutatan tina carita Ratu Pakuan (Atja, 1970:31,35): “Ini carita ratu pakuan, ti gunung kubang, guru giri maya seda, patan pwahaci mangbang siyang, nitis ka rucita wangi, ahis tuhan jayasasi, seuweu pahtih sang utus sangi,.............hana caraka datasawala pada jayanya magabatanga, sadu pun sugan aya sastra leuwih, suda baan kurang wuwuhan, beunang diajar nulis, gunung larang sri mangata.” Conto sejenna cutatan tina Carita Parahiyangan (Atja. 1981:1) “Ndeh nihan carita parahiyangan. Sang Resi Guru mangyuda Rajaputra. Raja miseuweukeun Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida sapilanceukan.” 1.b. Sajarah Bangsa Sunda Mangsa II (1600-1800) Pajajaran runtag taun 1579, dirurug ku balad Islam ti Banten. Asupna agama Islam mah bisa jadi geus ti taun 1519 keneh, nyaeta ti saprak Palabuhan Banten kajojo ku sudagarsudagar Islam (sabada Malaka ragrag ka Portugis taun 1511). Harita daerah Pajajaran nungtut ragrag ka balad Islam, saperti, Banten Girang (1526), Sunda Kalapa jeung Cirebon (1552-1813). Saterusna muncul karajaan sejen, saperti, Mataram (1559), Ukur (1624), Cianjur jeung Cirebon (1619), katut Sumedanglarang (1620)



Basa Sunda mangsa ieu dipake dina kahirupan masarakat, tapi kandaga kecapna loba kapangaruhan ku basa Arab jeung basa Jawa. Basa Arab hirup di lingkungan pasantren, basa Jawa hirup di lingkungan sakola-sakola jeung padaleman, ari basa Sunda diparake dina kahirupan masarakat padesan. Masarakat Sunda mangsa ieu loba kapangaruhan ku Jawa nepi ka basana oge kapangaruhan, saperti asupna undak usuk basa kana Basa Sunda. Masarakat padesan terus ihtiar pikeun nyaluyukeun kana basa Jawa anu diparake di sakola-sakola padaleman, sabab lamun henteu kitu, bakal disebut “teu nyakola”. Ku kituna, teu matak aneh lamun basa Sunda mangsa ieu loba pacampur jeung basa Jawa. Pangaruh basa Jawa kana basa Sunda teh kungsi dibuktikeun ku Coolsma ku jalan ngabandingkeun 400 kecap lemes jeung kecap 400 kecap kasar eta dua basa.Coolsma manggihan 300 kecap lemes jeung kecap kasar basa Sunda anu asalna tina basa Jawa, tapi dipakena dipacorokeun. Contona, kecap-kecap abot, impen, anom, bobot, sasih, lali, pungkur, nu dina basa Sunda mah lemes, dina basa Jawa mah kaasup kasar, kecap-kecap beja, bulan, datang, pindah, suku, numpak, nu dina basa Sunda kasar, dina basa Jawa mah lemes. Hasil panaluntikan coolsma teh mangrupa hiji bukti yen undak usuk basa Sunda mangrupa pangaruh tina basa Jawa.Urang Sunda samemeh kapangaruhan ku Jawa henteu wanoheun jeung undak usuk basa. Hal ieu kapanggih dina carita Parahiyangan anu ditulis dina abad 16. Dina eta carita aya obrolan antara patih jeung rajana. Ari basa anu diparakena sarua, nyaeta “basa kasar” anu unina kieu (Atja, 1980:20-21): “Sadatang Sang Apatih ka Galunggung, carek Batara Dangiang Guru, “Na, naha beja siya Sang Apatih?”.....”Pun, kami dititah ku Rahiyangta Sanjaya menta piparentaheun, adi Rahiyang Purbasora, henteu dibikeun ku Batara Dangiang Guru” Tina cutatan di luhur ebreh yen Sunda samemeh kapangaruhan ku basa Jawa mah henteu mikawanoh undak usuk basa. Bukti sejenna bakal kapanggih dina karya sastra anu gelar mangsa harita. Karya sastra mangsa ieu loba anu ditulis ku aksara Pegon jeung aksara Sunda, ari basana campur jeung basa Jawa katut Arab. Eusi caritana sabagian gede mangrupa ajaran agama, sajarah, legenda jeung mite, contona: Carita Waruga Guru, anu ditulis kira-kira taun 1705. Ieu carita winangun dangding,ditulis dina aksara Sunda. Pangaruh Islam ebreh dina nyaritakeun sarsilah para nabi. Eusi carita sejenna mah natrat tradisi sastra samemehna. Carita-carita sejenna anu gelar mangsa ieu upamana bae, Babad Galuh (Carita wiwitan Raja-raja di Pulo Jawa), Sajarah Gunung Galuh jeung Galunggung, Carita Nyi Lokatmala. Kabudayaan Sunda mangsa ieungandung kapercayaan anu didadasaran ku kaimanan Islam, tapi pacampur jeung kapercayaan anu geus aya. Sipatna religius, magis, jeung dinamis, karya sastra lolobana dianggit winangun dangding (pupuh). 1.c. Sajarah Sunda Mangsa III ( Tahun 1800-1900) Ti taun 1800 bangsa urang ngalaman rupa-rupa pangjajah. Taun 1799-1807 diparentah ku Bataafsche Company. Ragrag deui ka Walanda taun 1816. Sapanjang gunta-ganti pamarentahan teh, nyorang gunta-ganti aturan deuih, anu hasilna mah ngan nambahan kasangsaraan bangsa urang bae. Kakara dina taun 1871 eta kakawasaan teh ngurangan sabada pararegen (bupati) diangkat jadi amtenar (pagawe nagri). Kontak antara masarakat Sunda jeung Eropa anu ngaliwatan para bupati jeung para pagawe Walanda gede pisan pangaruhna kana kamekaran basa Sunda.Malah beuki dieu beuki remen ngaliwatan sakola-sakola, anu nepi ka taun 1879 di Jawa Barat aya 64 sakola. Rarancang pangajaranana diantarana wae ngawengku, maca, nulis, paramasatra Sunda, Jawa jeung Malayu. Mangsa ieu mangrupa awal parobahan kalangan masarakat Sunda. Basa Sunda, anu ratusan taun babarengan jeung basa Jawa, mimiti dipake deui dina basa tulisan. Loba buku anu ditulis dina basa Sunda make aksara Laten. Parobahan sarupa kieu teh ngabalukarkeun robahna kahirupan masarakat Sunda, kamekaran basa Sunda, jeung



elmu pangaweruh sejenna. Ku sabab bangsa Walanda ngawajibkeun make basa Malayu, atuh masarakat Sunda oge, jaba ti make basa Sunda teh, make basa Malayu deuih minagka lingua francana (Depdikbud, 1982:22). Dina mangsa ieu basa Sunda teh mimiti meunang perhatian, pangpangna ti bangsa deungeun pikeun kaperluan studina. Upamana wae Raffles dina bukuna History of Java, geus nyieun perelean kecap-kecap Sunda. Urang Sunda oge henteu tinggaleun nyusun kamus, saperti anu dilaksanakeun, ku Dalem Pancaniti jeung Rd. Kartawinata. Sangkan ebreh kumaha kamekaran kamus Sunda, runtuyanana sacara kronologis bisa dititenan ieu di handap: Soendasch Woordenboek (Roorda, 1841) Nederduitsch Maleisch en Soendasch Woordenboek (Wilde, 1841) Lexicon een woordenboek in Manuscript (Dalem Pancaniti, 1843-1864) A dictionary of the Sunda Language (Rigg, 1862) Soendaneesch Leesboek (Grahuis, 1874) Holandsch-Soendasch Woordenboek (Blusse, 1877) Soendaneesch-Holandsch Woordenboek (Geerdink, 1875) Soendasch-Nederduitsch Woordenboek (Oosting, 1879) Supplement op het Soendasch-Nederduitsch Woordenboek (Oosting, 1882) Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (Coolsma, 1884) Formulieren in gebruik bij afsterven en het begreven in de desa Bengang, afdeeling Soemedang (Kartawinata, 1889) Bijdrage tot de kennis van het Bantensch dialect der Soendaneesche taal (Meijer, 1890) Soendasch Woordenboek (Geerdink, 1893) Woordenliste der Soendaneesche Hollandsch-Soendaneesche (Brons Middel, 1899) Soendaneesch-Hollandsch Woordenlijstje (Brons Middel, 1903) Ayana eta kamus-kamus teh netelakeun yen basa Sunda mangsa ieu diparake ku masarakat Sunda. Malah basa Sunda teh miboga dialek-dialek saperti anu diebrehkeun ku Meijer. Tumali jeung karya sastra anu gelar dina mangsa ieu, para panulis leuwih museur kana karya sastra sajarah, upamana wae, Sajarah Bogor, Babad Galuh Imbanagara, Babad Panjalu, Carios Prabu Kancana, Sajarah Cikandul jeung lian ti eta. Dina mangsa ieu muncul rupa-rupa wawacan, saperti, wawacan Samaun, Babad Cirebon, Panji Wulung, jste. Sastra anu gelar mangsa ieu teh loba kapangaruhan ku Arab jeung Jawa. Wangunna mangrupa babad, guguritan, jeung sa’ir. 1.d. Sajarah Basa Sunda Mangsa IV (Tahun 1900-1945) Dina mangsa ieu Walanda (nu ngajajah Indonesia) mimiti ngayakeun pulitik etis ngaliwatan pangajaran. Ieu teh sabenerna mangrupa tradisi samemehna anu diteruskeun. Dibuka rupa-rupa sakola saperti Sakola Dokter, Sakola Guru, Sakola Menak jeung OSVIA. Keur rahayat oge dibuka Sakola Kelas I jeung Sakola Kelas II, malah dina taun 1907 dibuka Sakola Desa anu waragadna sagemblengna ditangkes ku desa. Mangsa ieu muncul rupa-rupa gerakan nasional pikeun ngalawan penjajah. Mimitina keur ngalawan Walanda, terus ngalawan Jepang, nepika Indonesia merdika taun 1945. Basa Sunda terus digunakeun, tapi kulantaran Jepang teh musuh Walanda, urang Sunda nu marake basa Sunda campur Walanda teh diwajibkeun make basa Malayu. Karya sastra anu gelar teh kawilang loba, boh nu mangrupa terusna tradisi samemehna, boh nu mangrupa wangunan anyar. Muncul rupa-rupa novel, saperti, Baruang kanu ngarora (Ardiwinata), Agan Permas (Yuhana, 1926), Siti Rayati (Muh. Sanusi 1927), Rasih nu Goreng Patut (Yuhana, 1926), Mantri Jero (R. Memed Sastrahadipura, 1928), jste. Muncul deuih rupa-rupa sandiwara, saperti, Lutung Kasarung, Sekar Pakuan jeung lian ti eta. Tradisi samemehna oge terus gumelar, saperti wawacan jeung guguritan, sarta ahirna muncul wangunan anyar, nyaeta carita pondok.



Parapanalungtik basa Sunda beuki loba, boh urang Sunda sorangan, boh urang deungeun. Umpamana wae, aya buku Elmoening Basa Soenda (D.K. Ardiwinata, 1916), Soendaneesche Spraakkunst (Goolsma, 1904, anu ditarjamahkeun ku Husein Widjajakusunah jeung Yus Rusyana, Tata Basa Sunda, 1985), Panjoengsi Basa (Soeria di Raja), Spraakkunst en Taaleigen van het Soendasch (J. Kats, 1927, anu ditarjamahkeun Ayatrohaedi Tata Bahasa jeung Ungkapan Bahasa Sunda, 1982). Kamus-kamus oge terus muncul, saperti, Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (Coolsma, 1913), Kamus Sunda-Malayu, Kamus Sunda-Indonesia, Kamus IndonesiaSunda (Satjadibrata, 1913-1970), dina Poesaka Soenda (1926-1927) dikumpulkeun rupa-rupa dialek saperti dialek, Bogor, Bungbulang, Cilacap, Cirebon, Jatiwangi, Karawang, Kuningan, Lurugung, Menes, Sumedang, jeung lian ti eta. Nepi ka datangna Jepang (Perang Dunya II), basa Sunda terus dipake dina widang atikan jeung kabudayaan. Jadi, mangsa ieu urang Sunda geus meunang pangaruh atikan, pangajaran jeung kabudayaan Kulon. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab Jawa, Malayu jeung Walanada. Dina Mangsa ieu geus mimiti medal pustaka mangsa, kayaning, Papaes nonoman (1915), Pasoendan (1917), Padjadjaran (1918), Siliwangi (1918), Poesaka Soenda (1923), Sipatahoenan (1923), jeung Parahyangan.



1.e. Sajarah Basa Sunda Mangsa V (Taun 1945-ayeuna) Basa Sunda sabada Perang Dunya ka II dipake dina kahirupan sapopoe, dina kalawarta, rupa-rupa kasenian, kabudayaan jeung buku-buku atawa kapustakaan. Ku datangna Jepang ka wewengkon Priangan, harita masarak at Sunda dikudukeun make basa Malayu (Indonesia) nepika parentah, bewara resmi jeung lian ti eta make basa Indonesia. Mangsa ieu basa Sunda terus kontak jeung basa Indonesia. Ti taun 1950 mimiti lahir rupa-rupa kalawarta kayaning Lingga (1950), Medan Bahasa Sunda (1950), Warga (1950), Sunda (1952), Sawawa (1945), Siliwangi (1956), Kiwari (1957), Mangle (1957), Sari Wangsit (1963), Panglajang, pelet, Handjuang, Pitaloka, Gondewa, Balebat, Baranangsiang, Giwangkara, Galura, Kania, Katumbiri, Cakakak jeung lian ti eta. Di eta majalah bakal kasaksen kumaha kahirupan kabudayaan, basa jeung sastra Sunda. Dina mangsa ieu muncul rupa-rupa buku, kamus, sarta hasil panalungtikan, upamana, Pamelaran Basa (Adwidjaja jeung Sumapradja), Adegan Basa Sunda (Adiwidjaja, 1951), Kamus-kamus karya Satjadibrata, Kamus Sunda-Indonesia (1946), Kamus Basa Sunda (1948), Kamus Leutik Indonesia-Sunda jeung Sunda-Indonesia (1952), Seri Kandaga (Bacaan,Tatabasa, Tatakalimah, Bahan Pangajaran, Kasusatraan) Karya M.A. Salmun, R. Momon Wirakusumah jeung I. Buldan Djajawiguna, Tatabasa Sunda (Djajasudarma, 1980), Tatabasa Sunda (Faturohman, 1982), Panggelar Basa (Prawirasumantri spk., 1984), Pedaran Basa Sunda (Sudaryat, 1985), Gapura Basa (Suryalaga spk., 1987), Piwulang Basa (Faturohman spk.,1988), Mitra Basa (Yus Rusyana, 1985) jeung lian ti eta. 2. Kalungguhan jeung Fungsi Basa Sunda Kalunggugan basa Sunda teh nya eta status relatif bas Sunda salaku sistem lambang ajeninajen budaya anu dipatalikeun jeung kamampuh basa Sunda dumasar kana ajen-inajen masarakat Sunda. Nepi ka taun 1600 Masehi, kalungguhan basa Sunda teh mangrupa basa nagara di Karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda jeung Pajajaran. Patali jeng kalungguhan jadi basa nagara, basa Sunda alam harita mibanda fungsi jadi, (1) basa resmi nagara, (2) basa resmi dina ngalaksankeun pangwangunan jeung pamarentahan, (3) basa nu dipake



miara jeung mekarkeun budaya alam harita, jeung (4) basa panganteur (resmi) di paguron-paguron alam harita. Ti taun 1600 nepi ka taun 1800 masehi, kalungguhan basa Sunda aya dina mangsa peralihan tina basa nagara jadi daerah anu dipake di wewengkon-wewengkon anu tangtu, saperti, Priangan, Banten, Sundakalapa, Tanah Ukur, Sukupura, jste. Dina awal kamekaranana jadi basa daerah, basa Sunda loba narima pangaruh tina basa Arab, Jawa, Sansekerta, Walanda jeung Malayu. Kadieukeuna, basa Sunda loba narima pangaruh tina basa Indonesia jeung basa deungeun, pangpangna tina basa Inggris. Kiwari basa Sunda teh miboga kalungguhan jadi basa daerah. Ieu luyu jeung UUD 1945, Bab XV, Penjelasan Pasal 36 yen wewengkon-wewngkon anu mibanda keneh basa daerah, saperti Sunda, Jawa, Bali jeung Madura, anu dipiara jeung diajenan ku nagara. Ari sababna, eta basa-basa teh mangrupa salah sahiji unsur kabudayaan nasional.



NYUSUN TATA BASA SUNDA KIWARI (Tarékah Ngabukukeun jeung Ngabakukeun Basa Sunda) Yayat Sudaryat 1. Kalungguhan jeung Pancén Basa Sunda Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh nu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna ogé réa, malah di Indonésia kaasup basa daérah kadua panggedéna sabada basa Jawa. Ku lantaran kaasup basa daérah nu masih dipiara tur diparaké ku masarakatna, hirup-huripna basa Sunda ogé ditangtayungan ku nagara. Luyu jeung UUD 1945, Bab XV, Penjelasan Pasal 36, anu nétélakeun yén “Di wewengkonwewengkon anu mibanda basa sorangan, anu dipiara ku rayatna kalawan hadé- hadé (upamana basa Jawa, Sunda, Madura, jeung sajabana), éta basa-basa téh bakal diajénan jeung dipiara ogé ku nagara.” Dipiarana basa Sunda ku masarakatna ébréh tina tarékah anu dipilampah ku LBSS jeung Lembaga Swadaya Masarakat (LSM) lianna, katut penerbit dina medalkeun buku-buku sarta kalawarta Sunda. Ari dipiarana basa Sunda ku pamaréntah ébréh tina ayana pangajaran basa Sunda ti mimiti SD nepi ka SMP, ditambah ku sawatara SMU/SMK jeung paguron luhur saperti UPI, UNPAD, jeung UNPAS, sarta diadegkeunana Proyék Penelitian Bahasa dan Sastra Indonesia dan Daérah-Jawa Barat Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, Balai Bahasa Bandung, jeung Balai Pengembangan Bahasa Daérah Dinas Pendidikan Propinsi Jawa Barat. Bukti lian dipiarana basa Sunda ku pamaréntah nya éta kaluarna Perda Propinsi Jawa Barat Nomor 5 Tahun 2003 perkara Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah serta Petunjuk Pelaksanaannya. Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial-budaya anu makéna. Ku kituna, jaba ti jadi unsur budaya Sunda, basa Sunda miboga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda deuih. Jaba ti éta, basa Sunda anu mibanda kalungguhan jadi basa daérah téh sagulung-sagalang jeung basa Indonésia katut basa asing. Balukarna di antara éta basa-basa téh pasosok. Dina kalungguhanana jadi basa daérah, saperti nu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jatidiri (idéntitas) masa- rakat Sunda, (3) alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di sakola dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (ilikan Halim Ĕd., 1980:151). Perkara kalungguhan jeung fungsi basa Sunda kungsi ditandeskeun deui dina Kongrés Basa Sunda V taun 1988 di Cipayung Bogor ku Aweuhan Cipayung, anu eusina galeuhna nyoko kana tujuh hal, nya éta (1) basa Sunda miboga kalungguhan jadi basa daérah, (2) basa Sunda miboga fungsi nu tangtu, (3) basa Sunda jadi unsur budaya Sunda nu boga daya tur poténsi ngawewegkeun pribadi masarakat Jawa Barat dina ngukuhan katahanan nasional, (4) basa Sunda bisa dipaké pakakas dina ngadeudeul pangwangunan Jawa Barat, (5) basa Sunda ngeunteungkeun ajén-inajén budaya Sunda, (6) basa Sunda miboga adegan anu angger bari tetep nampa pangaruh luar, jeung (7) basa Sunda bakal leuwih mekar ku pangdeudeul rupining pihak. 2. Ragam Basa Sunda Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Dina hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda anékaragam basa. Ari ragam basa téh bisa disawang ti jihat nu makéna anu



nyoko kana wewengkon, tahap atikan, jeung sikep panyaturna; basa tina jihat makéna anu nyoko kana jejer omongan, sarana, jeung sipat pasosokna. Dipakéna basa Sunda téh keur sadirieun jeung keur ka batur. Keur sadirieun, nya éta dina waktu urang ngimpi, ngadunga, kukulutus, ngitung, jeung catetan poéan dina agénda pribadi. Keur ka batur, nya éta waktu urang palémék atawa komunikasi; nyatana pikeun alat campur gaul jeung papada urang Sunda atawa nu lain urang Sunda tapi geus bisa basa Sunda. Unggal golongan di masarakat Sunda, kayaning TNI, patani, pagawé, pajabat, pangusaha, guru, ulama, jeung murid, ngagunakeun basa Sunda dina ngabahas rupa-rupa jejer, saperti agama, pulitik, kamasarakatan, ékonomi, atikan, pangaweruh, jeung seni, sok sanajan ari lila jeung mindengna makéna basa Sunda mah béda-béda keur unggal golongan jeung unggal jejer téh. Nurutkeun daérah dipakéna, basa Sunda téh leuwih loba dipaké di luar kota ti batan di jero kota. Unggal golongan masarakat anu aya di padésan, dina ngabahas rupa-rupa jejer téh, leuwih loba maké basa Sunda ti batan nu cicing di kota. Dipatalikeun kana kanyataan lolobana balaréa anu ngancik di padésan, atuh sabagian gedé padumuk Jawa barat téh condong maké basa Sunda mun medar rupa-rupa jejer téh. Ragam basa anu dipaké di daérah atawa wewengkon téh geus lila disebut basa Sunda wewengkon. Ieu basa téh katangén tina lentong jeung kecap-kecapna. Perkara kecapkecap basa Sunda wewengkon (lokabasa, dialék lokal, dialék régional, atawa régiolék) kungsi ditalungtik ku pokalna Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, di antarana, dialék Sumedang (1977), Cianjur (1979), Ciamis (1979), Sérang (1980), Bogor (1981), Cinajur (1982), Subang (1982), Tasikmalaya (1983), jeung Purwakarta (1983). Jaba ti éta, aya dialék lokal nu ditalungtik ku pribadi saperti basa Sunda dialék Cirebon (Ayatrohaédi, 1978). Dina taun 1912 Pamaréntah Kolonial Walanda ngumumkeun yén salasahiji basa wewengkon nu aya di tatar Sunda, nya éta basa Sunda di wewengkon Bandung jeung sabudeureunana, dijadikeun basa Sunda lulugu (baku, atawa standar). Kituna téh dumasar kana tinimbangan yén basa Sunda wewengkon Bandung bisa nyumponan sarat jadi basa lulugu lamun disawang tina jihat (1) basa pamaréntahan alam harita, (2) jumlah panyatur, (3) basa anu diajarkeun di sakola- sakola, (4) réana buku anu ditulis ku basa Sunda, jeung (5) dipaké alat komunikasi nu bisa dipikaharti ku sakumna masarakat basa Sunda. Ragam basa nurutkeun atikan formal ngabédakeun ayana ragam basa nyakola jeung ragam basa teu nyakola. Ragam basa ti panyatur anu nyakola ilaharna ébréh lebah ucapan foném-foném tina basa kosta, ngukuhan kaédah basa, boh tata basana boh undak usuk basana. Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun, disebut undak usuk basa atawa tata krama basa. Undak usuk basa enas-enasna mangrupa sopan santun makéna basa. Ku kituna, undak usuk basa sok dipasingpasing jadi ragam basa lemes (hormat) jeung ragam basa kasar (loma, atawa teu hormat). Ragam basa lemes aya dua rupa, nya éta lemes keur batur jeung lemes keur sorangan, anu bisa katitén wujudna dina (a) lisan atawa kecap, (b) pasemon, (c) rengkuh jeung peta, sarta (d) lentong anu merenah. Ragam basa nurutkeun warna makéna basa disawang tina jihat jejer omongan, médium atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Disawang tina jejer omongan aya ragam basa urang réa (balaréa) anu ilahar dipaké sapopoé jeung ragam basa urang aré nu dipaké husus dina widang jurnalistik, paélmuan (ilmiah), sastra, jeung agama. Disawang tina médium makéna aya ragam basa lisan anu dipaké dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis anu dipaké dina surat, koran, majalah, jeung buku. Disawang tina jihat pasosokna, aya ragam basa nyunda jeung ragam basa nu teu nyunda. Ieu téh henteu ngandung harti masarakat Sunda ulah narima pangaruh tina basa lian. Nyerep unsur tina basa lian dimeunangkeun pisan, pangpangna dina hal pakeman-pakeman basa anyar dina basa Indonésia anu beuki loba tur popIlér sarta dina basa Sunda tacan aya sawandana. Munasabah nepi ka kitu téh lantaran média geusan mopulérkeunana kawilang réa pisan, boh média citak boh média éléktronik. Katambah deuih ku rupa-rupa kasempetan nu sipatna resmi, boh dina rapat-rapat boh dina lumangsungna prosés diajar-ngajar. Balukarna mindeng para panyatur basa Sunda minda-basa (alih kode) ku maké pakeman basa Indonésia nu tacan aya sasruanana anu pas dina basa Sunda. Sasat jadi basa nu campur aduk, anu baréto sok disebut basa Sunda kamalayon jeung ayeuna meureun disebut basa Sunda kéndonésén, tegesna basa Sunda nu kapangaruhan pisan ku basa Indonésia. Aya hal nu jadi pangdorong dipakéna basa Sunda téh, salasahijina patali jeung batur



nyarita. Lamun batur nyarita saluhureun, dorongan nyarita ku basa Sunda leuwih gedé batan ka sahandapeun. Bisa katangén, hiji anak nyarita ka kolotna ku basa Sunda, tapi ari jeung dulurna atawa babaturanana mah maké basa Indonésia atawa basa Sunda dicampur ku basa Indonésia. Ari digunakeunana basa Sunda kapangaruhan ku latar, nya éta naha di imah, di pakumbuhan, atawa di kantor. Imah jadi latar tempat panglobana dipakéna basa Sunda, ditéma ku latar pakumbuhan sapopoé, jeung pangsaeutikna nya éta di kantor. Jaba ti éta, basa Sunda téh gedé pisan kapakéna dina kajadian anu aya patalina jeung adat kabiasaan, upamana baé, dina ngalamar jeung seserahan. dalah di lingkungan nu sapopoéna geus kurang maké basa Sunda ogé, ari dina upacara-upacara kieu mah sok ngahaja ku basa Sunda. Cindekna, basa Sunda dipaké ku balaréa, ti rupa-rupa golongan masarakat, boh di kota boh di pilemburan, dina nyaritakeun rupa-rupa jejer dina kahirupanana. Naon nu jadi jejer nu dicaritakeunana, ku saha nyaritana, di mana tempatna, iraha waktuna, patali jeung adat kabiasaan atawa henteu, éta téh nagtukeun dina milih basa naon anu dipaké, naha basa Sunda atawa basa Indonésia. Hal lianna anu milu nangtukeun nya éta kamampuh jalma nu nyarita dina maké basa Sunda jeung basa Indonésia. 3. Basa Sunda anu Bener tur Merenah Pancén utama basa téh pikeun alat komunikasi. Ari komunikasi basa dina enas-enasna mah nepikeun amanat ka nu lian maké basa. Ngarah amanat téa nepina ka pamiarsa luyu jeung pamaksudan panyatur sarta teu matak pasalia paham, enggoning maké basa Sunda kudu bener tur merenah. Basa anu bener nya éta basa nu dipakéna kukuh kana aturan atawa kaédah basa. Ari basa anu merenah nya éta basa anu keuna larapna atawa luyu kana kontéks situasi makéna. Ku kituna, basa Sunda nu bener tur merenah kudu nyoko kana (1) undak-usuk basa, (2) saha nu maké basa jeung nu dicaritakeun, (3) adegan basa (galur omongan), (4) kasang tukang tempat, waktu, jeung suasana, (5) alat nu digunakeun, (6) rasa, nada, jeung ragam basa, sarta (7) amanat jeung tujuan omongan. 4. Basa Sunda Baku 4.1 Ciri Basa Sunda Baku Basa baku atawa standar nya éta basa nu mibanda sipat vitalitas jeung inteléktualitas. Hiji basa disebut miboga sipat vitalitas lamun éta basa téh mampuh tumuwuh jeung mekar kalawan anteb luyu jeung kaédah basana nu rélatif angger, tapi henteu kaku lantaran bisa barobah pikeun narima pangaruh basa lian, boh kandaga kecapna boh adeganana. Ku kituna, basa baku kudu stabilitas dinamis sipatna, anteb tur luwes kaédahna. Ari kaédah basa téh kudu mangrupa hasil tina kodifikasi basa, boh kodifikasi nu tumali jeung adegan basa boh kodifikasi nu tumali jeung bagbagan makéna basa. Sipat nu kadua tina basa baku nya éta intelétualitas. Basa baku kudu boga kamampuh ilmiah nu bisa ngébréhkeun prosés mikir anu ruwed tina rupining kagiatan paélmuan, téknologi, informatika, jeung patali marga masarakatna. Ku kituna, masarakat nu intelék mah kudu maké basa kalawan éféktif, nya éta mampuh nepikeun amanat saloba-lobana ku wangunan basa nu ringkes tur keuna nepi ka teu nimbulkeun pasalia paham. Wujudiah basana ngébréhkeun daya nalar, pikiran anu ngéntép seureuh, tur manjing akal (logis). Jaba ti éta, basa baku téh mibanda otonomi atawa wewenang pikeun tumuwuh jeung mekar di wewengkon masarakat nu makéna. Basa baku lain hijihijina ragam basa, ngan jadi calecer keur ragam basa lianna deuih. Basa baku leuwih nyoko kana ngaragemkeun jeung ngalulugukeun kaédah basa, tapi lain hartina ngakurkeun sakumna ragam basa. Basa baku bisa tumerap kana basa naon baé, kaasup kana basa Sunda. Ari basa baku mangrupa salasahiji ragam basa nu geus ditetepkeun tur dikukuhan ku masarakat pikeun jadi calecer makéna. Basa Sunda baku miboga pancén pikeun ngaraketkeun tali mimitran di antara para panyatur basa Sunda, pikeun némbongkeun jatidiri para panyatur nu bisa ngandelan rasa kapribadian kasundaan, pikeun pananda komara atawa wibawa panyaturna, jeung pikeun calecer atawa raraga acuan maké basa nu bener. Ieu ragam basa ilaharna dipaké di lingkungan masarakat nu nyakola. Ku kituna, basa Sunda baku téh kudu nyoko kana sababaraha hal, di antarana, (1) basa Sunda lulugu, lain basa Sunda wewengkon; (2) basa Sunda tulis saperti anu dipaké dina bahasan, élmu pangaweruh, jeung buku pangajaran; (3) basa Sunda nu dipaké di hareupeun balaréa, saperti dina biantara jeung ngajar; jeung (4) basa Sunda anu ngukuhan kaédah basa, boh éjahan, tata basa, boh undak usuk basana. 4.2 Tarékah Ngabakukeun Basa Sunda Basa Sunda terus tumuwuh tur mekar saluyu jeung mekarna kahirupan kabudayaan masarakatna. Mekarna basa Sunda ébréh pangpangna tina kandaga kecapna. Jaba ti kandaga kecapna, mekar jeung robahna basa Sunda ébréh tina sistem jeung adegan basana deuih. Upamana baé, adegan kalimah “Ijidna téh jaba ti ka kuring, ogé ka pamajikan”, kiwari geus



ilahar dipaké ku panyatur basa Sunda. Padahal mah dina tata basa Sunda baku (heubeul), éta adegan kalimah téh kuduna “Ijidna téh jaba ti ka kuring, ka pamajikan deuih”. Ku ayana parobahan saperti kitu, para panyatur basa Sunda téh sok jadi mangmang dina milih kalimah mana anu adeganana bener, utamana mah keu para guru nu sapopoéna icikibung dina dunya atikan. Malah teu saeutik para panyatur basa Sunda nu sok tumanya, nu mana jeung nu kumaha ari basa jeung tata basa Sunda baku téh. Kaayaan kitu téh tangtu baé lain antepeun, tapi kudu gancang-gancang diungkulan. Salasahiji tarékahna ku cara nyusun tata basa baku Sunda, anu bisa ngajawab kalawan keuna sajumlahing masalah adegan basa. Ku kituna, tata basa baku kudu disusun dumasar kana kanyataan makéna basa sangkan bisa dipaké calecer ku para panyaturna. Tarékah ngabakukeun basa Sunda geus ti béh ditu mula, malah ti mangsa kolonial Walanda kénéh, anu ayeuna dipilampah mah ngan sakadar lajuning laku tina tarékah anu geus aya saméméhna. Ku kituna, tulisan-tulisan anu geus nyampak boh nu mangrupa buku jeung artikel boh anu mangrupa hasil panalungtikan, rék dipaké babon. Basa Sunda anu dibakukeun ilaharna tumali jeung kandaga kecap, éjahan, jeung tata basa. Kandaga kecap atawa kabeungharan kecap téh disusun nurutkeun abjad dina buku anu disebut kamus. Tarékah nyusun kamus kungsi dilaksanakeun ku Roorda (1841), Wilde (1841), Dalem Pancaniti (1843), Rigg (1862), Grashuis (1874), Blusse (1877), Geerdink (1862, 1875), Oosting (1879, 1882), Coolsma (1884), Kartawinata (1889), Brons Middel (1899, 1903), jeung Satjadibrata (1944). Ari kiwari nu dibakukeun tur diparaké ku masarakat Sunda nya éta Kamus Umum Basa Sunda pedalan LBSS (1975). Tumali jeung éjahan basa Sunda, kungsi disusun rencana éjahan ku Holle & Engelmann (1873) “Palanggeran Nuliskeun Basa Sunda ku Aksara Walanda” (Balé Pustaka, 1912), Aturan Nuliskeun Basa Sunda ku Aksara Jawa (Grashuis, 1882) jeung Djajadiredja (1927). Palanggeran Ejahan Basa Sunda ku Aksara Jawa pikeun Sakola Dasar (Soeria Di Radja, 1930), Ĕjahan Basa Sunda ku Aksara Latén (LBSS, 1959). Palanggeran Nuliskeun Aksara Sunda ku Aksara Latén (Tisnawerdaya, 1972), Pedoman Umum Ějahan Basa Sunda yang Disempurnakan (Lembaga Bahasa Nasional, 1974; Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, 1977), Ejahan basa Sunda nu dibakukeun tur diparaké kiwari nya éta Palanggeran Ějahan Basa Sunda (Jurusan Bahasa Sunda FPBS IKIP Bandung, 1989). Tumali jeung tata basa Sunda, kungsi disusun buku-buku tata basa Sunda boh ku pribadi boh kelompok. Buku-buku tata basa nu kungsi medal, di antarana, karangan Coolsma (1873, 1904, 1985), Oosting (1884), Ardiwinata (1916, 1984), Kats & Soeriadiradja (1927), Lezer (1931), Adiwidjaja (1951), Nataprawira (1953), Sadkar (1955), Tisnawerdaya (1955, 1975), Wirakusumah & Djajawiguna (1969), Salmun (1969), Robins (1970, 1982), Permana (1981), Faturohman (1982), Sudaryat (1985, 1991), jeung Prawirasumantri (1990). Jaba ti éta, teu saeutik hasil panalungtikan anu ngabahas perkara tata basa anu dilaksanakeun ku pokalna Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, di antarana, hasil panalungtikan Sutawijaya (1977, 1981, 1985), Prawirasumantri (1979, 1984, 1987), Marzuki (1980), Mulyono (1981), jeung Rusyana (1985). Sabada dititénan, tétéla dina buku-buku tata basa téh loba istilah nu henteu persis sarua boh wangunna boh hartina, sanajan gejala basana mah sarua. Sok komo ari ambahan bahan jeung éntép seureuh (sistematika) katut pedaranana mah béda-béda pisan. Malah sakapeung mah aya nu tojaiah atawa patukang tonggong. Upamana waé, ngeunaan warna kecap, wangun kecap, warna kalimah, wangun kalimah, jeung rucatan kalimah. Dina kaayaan sarupa kitu, bisa jadi matak ngabingungkeun nu dialajar basa, komo bari jeung tacan sadia kamus istilah tata basa mah, matak beuki lieur baé, ka saha nya kudu nanyakeun. Padahal pan ari basa Sundana mah éta-éta kénéh. Ku kituna, munasabah pisan lamun dina Kongrés Basa Sunda VI 1993 di Bandung diputuskeun kudu nyusun tata basa baku basa Sunda. Pikeun nyumponan éta kabutuh, nya disusun ieu buku tata basa Sunda. 5. Ambahan Tata Basa Sunda Istilah tata basa miboga harti anu jembar jeung harti anu heureut. Dina harti anu jembar, tata basa téh sok disaruakeun jeung sistem basa atawa kaédah basa, nya éta aturan-aturan anu ngadumaniskeun sora jeung harti. Dina harti anu heureut, tata basa téh ngan ngawengku tata kecap jeung tata kalimah. Dina ieu buku digunakeun istilah tata basa dina harti anu jembar, nya éta minangka sistem basa anu miboga sababaraha subsistem kayaning tata sora, tata kecap, tata kalimah, jeung tata wacana Ĕta subsistem basa téh patali jeung tata harti (sémantik). Tata sora (fonologi) mangrupa ulikan cara ngawangun jeung cara nata sora basa. Ieu subsistem raket patalina



jeung tata aksara (grafémik, grafologi), anu ngulik aksara katut éjahan. Tata kecap (morfologi) ngulik adegan kecap, ari tata kalimah (sintaksis) ngulik adegan kalimah. Tata basa kaasup salasahiji hasil tina kodifikasi basa, anu eusina mangrupa raraga kaédah basa nu bakal didagingan ku pakecapan, kandaga kecap, atawa léksikon, anu diulik ku léksikologi. Pakecapan anu geus disusun kalawan alfabétis atawa nurutkeun runtuyan abjad Latén disebutna kamus, anu diulik ku tata kamus (léksikografi). Sistem, kaédah, atawa adegan basa dipatalikeun kana makéna basa, boh lisan (nyarita jeung ngaregepkeun) boh lisan (nulis jeung maca), ku kaédah husus nu disebut pragmatik. Kaédah dina pragmatik dipaké geusan nangtukeun luyu henteuna kaédah basa kana makéna basa dina hiji kontéks situasi; nangtukeun bener jeung merenah henteuna makéna basa dina waktu komunikasi. Pragmatik ngalibetkeun unsur basa pangjembarna nu disebut wacana. Ku kituna, sistem basa ogé ngawengku pragmatik atawa tata wacana. Patalina di antara subsistem basa katut makéna basa bisa dibagankeun di handap ieu. Lisan P Tata sora r a g Tata basa BASA m a Pakecapan t i Tulis k Tata aksara Ambahan tata basa Sunda dina ieu buku kakara ngawengku opat widang, nya éta (1) tata sora (fonologi), (2) tata kecap (morfologi), (3) tata kalimah (sintaksis), jeung (4) tata wacana (pragmatik). Ieu opat subsistem basa téh masingmasing dipedar dina Bab II nepi ka Bab V, saperti ébréh di handap ieu. Dina Bab II Tata Sora dipedar tujuh perkara, nya éta (1) ambahan tata sora; (2) sora basa, foném, jeung aksara; (3) alat ucap; (4) cara ngawangun jeung sebaran vokal; (5) cara ngawangun jeung sebaran konsonan; (6) runtuyan sora, engang, jeung kecap (adegan engang, runtuyan vokal, runtuyan konsonan, jeung kluster); (7) ciri supraségméntal; jeung (8) rinéka sora (sirnaan, swarabakti, bagentén, métatésis, jeung asimilasi). Dina Bab III Tata Kecap dipedar tujuh perkara, nya éta (1) ambahan tata kecap; (2) kecap (wangenan, pangwuwuh, wangunan, jeung warna); (3) kecap barang (wangenan, wanda, jeung wangun); (4) kecap pagawéan (wangenan, wanda, jeung wangun); (5) kecap sipat (wangenan, wanda, jeung wangun); (6) kecap bilangan (wangenan, wanda, jeung wangun); (7) kecap pancén (wangenan, wanda, jeung wangun). Wanda kecap pancén ngawengku kecap panambah, kecap panyambung, kecap pangantét, jeung kecap panyeluk. Unggal subwarna kecap pancén masing-masing dipedar tina jihat fungsi jeung hartina. Jaba ti éta, dina lebah kecap dipedar dua hal anu kaitung anyar, nya éta perkara (a) pangwangun kecap, anu disebut jangkar, bakal, bagal, cakal, jeung puhu kecap; sarta (b) pangwuwuh kecap, anu disebut afiks (rarangkén), proléksém (pangdeudeul), formatif (pamaseuk), jeung klitik (sénggéh). Dipatalikeun kana morfém, aya nu disebut morfém bébas (puhu kecap), morfém kauger (cakal, pangdeudeul, jeung rarangkén), sarta morfém madyabébas (paryikel, bagal kecap, jeung klitik). Dina Bab IV Tata Kalimah dipedar perkara (1) ambahan tata kalimah; (2) frasa (wangenan, wanda, jeung warna); jeung (3) kalimah (wangenan, unsur, wangun, arna, wanda, jeung eusi). Wanda frasa ngawengku frasa éndoséntris (koordinatif, apositif, atributif, objéktif, jeung konéktif) jeung frasa éksoséntirs (rélasional/diréktif, konjungsional). Wangun kalimah ngawengku (a) kalimah salancar (basajan jeung jembar); (b) kalimah rangkepan (satata jeung sumélér); (c) kalimah ringkesan (singgetan, runtuyan, sambungan, tambahan, jeung jawaban); jeung (d) kalimah singget (salam, panyeluk, panggero, judul, motto, inskripsi). Warna kalimah ngawengku kalimah pagawéan jeung kalimah tanpagawéan (barang, sipat, bilangan, jeung pangantét). Kalimah pagawéan miboga sababaraha wanda, nya éta kalimah tanlaju jeung kalimah milaju (ékalaju, madyalaju, jeung dwilaju). Kalimah milaju bisa mangrupa kalimah migawé, dipigawé, migawé manéh, silihbales, jeung kalimah kahanan. Eusi atawa fungsi kalimah dibédakeun kalimah wawaran, kalimah pananya, kalimah paréntah, jeung kalimah panyeluk. Dina Bab V Tata Wacana dipedar perkara (1) ambahan tata wacana; (2) ciri-ciri wacana; (3) wujudiah wacana (pakakas jeung unsur-unsur); (4) kontéks wacana (undak usuk/tatakrama basa; nu maké basa jeung nu dicaritakeun; galur omongan; kasang tukang (tempat, waktu, suasana); alat nu digunakeun; rasa, nada, jeung ragam basa; sarta amanat omongan); (4) adegan wacana (wangenan, kohési, kohérénsi); jeung (5) ragam wacana (wanda, wangun, jeung warna) NYUSUN TATA BASA SUNDA (Tarékah Ngabukukeun jeung Ngabakukeun Basa Sunda) MAKALAH Dipidangkeun dina Acara Paturay Tineung Pangsiunan Dosén Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI Bandung, 28 Februari 2004 ku H. Abud Prawirasumantri H. Karna Yudibrata Yayat Sudaryat JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI



UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2004 Perkara kalungguhan jeung fungsi basa Sunda kungsi ditandes-keun deui dina Kongrés Basa Sunda V taun 1988 di Cipayung Bogor ku Aweuhan Cipayung anu eusina kieu. a. Basa Sunda, anu ditetepkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta minangka basa daérah di Indonesia ditarima ku kalagawaan haté sabab luyu jeung Penjelasan Pasal 36, Bab XV, UUD 1945 jeung jiwa Sumpah Pemuda 1928 anu katilu, anu unina “bangsa Indonésia menjunjung tinggi bahasa persatuan bahasa Indonesia”. b. Basa Sunda anu fungsina geus ditetepkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 kudu diwujudkeun dina kanyataan sangkan basa Sunda bener-bener jadi (1) kareueus masarakat Sunda, (2) alat paguneman nu éféktif di masarakat Sunda, (3) basa panganteur di sakola dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indone- sia jeung pangajaran lianna, jeung (4) basa geusan mekarkeun budaya Sunda. c. Basa Sunda téh salasahiji unsur budaya nu poténsial tur boga daya keur ngawewegkeun pribadi sabagian gedé warga negara Indonésia di Jawa Barat anu bisa ngadeudeul kana ngawujudna katahanan nasional. d. Basa Sunda anu digunakeun ku sabagian gedé masarakat Jawa Barat bisa dipaké ngadeudeul pangwangunan, babakuna dina magunemkeun informasi jeung balaréa, sarta keuna dipaké panuyun kana hal-hal anu hadé sabab luyu jeung daya regepna. é. Basa Sunda téh wujud nu ngeunteungkeun ajén-inajén budaya nu posi- tif kudu dilanggengkeun sarta digunakeun jadi salasahiji bahan pikeun ngawangun kabudayaan anu panceg pribadina, boh wangun budaya daérah boh budaya nasional. f. Basa Sunda boga adegan anu rélatif stabil tur némbongkeun cicirénna anu angger, tapi ogé miboga sipat dinamis anu sanggup narima jeung nyurupkeun pangaruh ti luar kana adeganana, boh dirarancang boh boh kalawan alamiah, nepi ka basa Sunda jadi basa nu bisa ngindung ka usum ngabapa ka jaman bari dumuk kaédahna. g. Basa Sunda bakal leuwih mekar, upama aya hiji lembaga anu miboga garapan nguruskeun basa jeung sastra Sunda hususna, sarta budaya Sunda umumna, ditambah ku ayana pangdeudeul ti masarakat jeung pamaréntah anu mangrupa gagasan jeung kawijakan, program katut pakeun geusan ngalaksanakeunana.