Kawih Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

TANAH SUNDA



Tanah Sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah) nu ngumbara suka betah Urang Sunda (Sawawa) sing Towéksa (percéka) nyagga darma anu nyata Seuweu Pajajaran muga tong kas'maran sing tulatén jeung rumaksa miara pakaya mémang sawajibna getén titén rumawat Tanah Pusaka Titén kana (pakaya), harta banda (pusaka) mo' kaduhung waktu jaga Anu lian (mo'wasa) moal bisa (rumaksa) ngatur ngolah jeung ngariksa Gembleng sauyunan singkil babarengan ngangkat darajat Ki Sunda Sunda kukuh kuat diraksa dirumat pasti jembar wibawa Indonésia



Karatagan Pahlawan Teu honcewang sumoreang Tekadna pahlawan bangsa Cadu mundur pantrang mulang Mun maksud tacan laksana Berjuang keur lemah cai Lali rabi tur tegang pati Taya basa menta pamulang tarima Iklas rido keur korban merdeka Sinatria danalaga Bela bangsa jeung nagara Dibarengan tekad suci Berjuang keur lemah cai Teu ngingetkeun ka dirina Asal nagri bangsa waluya Kadar jembar raharja mukti wibawa Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa



CINTA NUSA



Indonesia gemah ripah loh jinawi Alam endah hejo ngemblok sugih mukti Subur tutuwuhan Beunghar pepelakan Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai Kakayon tumuwuh Subur pajangkung-jangkung Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung Piraku rek rela Piraku rek tega Alam anu ngemploh hejo pinareng Ngarangrangan teu kariksa Tutuwuhan nutup alas bandawasa Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma Peryoga dijaga Diraksa diriksa Kakayon mangfaat sumber kahirupan bangsa Mamala tangah ngeblak nuntun gimir ketir Bahaya gunung urug padataran banjir Rampah pada dokoh Samakta sosoroh Ngagarap tanah ngeblak dipelakan Tatangkalan hejo ngemploh



Pahlawan Toha Laras: Pelog atawa Degung Gerakan: Sedeng Rumpaka: A. Pemana Getih suci nyiram bumi Tulang setra mulang lemah Babakti nyumkem pertiwi Cikal bugang putra bangsa Nyatana Pahlawan Toha Pahlawan Bandung Selatan Patriot ti Dayeuh kolot Tugu ngawangun ngajadi ciri Tarate mangkak ligar di taman Jadi bukti gugurna Pahlawan Toha



Mojang Priangan Angkat ngagandeuang Bangun taya karingrang Nganggo sinjang dilamban Mojang priangan Mun di erok denok Mun disanggul ayu Mun disinjang lenjang Mojang priangan Diraksukan kabaya Nambihan cahayana Dangdosan sederhana Mojang priangan Umat-imut lucu Sura-seuri nyari Larak-lirik keupat Mojang Priangan Mojang ti Priangan Lucu sae atikan Sae basa sopan Mojang Priangan



Es Lilin Es lilin mah didorong-dorong dibantun mah dibantun ka Sukajadi abdi isin dunungan samar kaduga sok inggis mah aduh henteu ngajadi Es lilin mah ceuceu buatan Bandung dicandak mah geuning ka Cipaganti abdi isin jungjunan duh bararingung sok inggis mah aduh henteu ngajadi Itu saha dunungan nu nungtun munding digantelan geuning ku saputangan itu saha dunungan ku ginding teuing sing horeng mah aduh geuning jungjunan Es lilin mah ceuceu dikalapaan raosna mah geuningan kabina-bina abdi alim dunungan paduduaan sok sieun mah dibantun kamana-mana Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir ka kaler mah ka kaler katojo bulan kamana mah dunungan ngaitkeun pikir moal paler geuningan da ku sabulan



MOBIL BUTUT Penyanyi : Bungsu Bandung Mobil butut kaluaran baheula Sajaman jeung bedil sundut harita Ayeunamah mobil butut geus carang Nambangan ge di kota ge geus di larang Dut durut dut dut Mobil maju na ngidul mogok di jalan radiatorna ngebul Kenekna turun nyiuk cai di solokan Mobilna nginum jiga kebo di mandian



TALAK TILU Penyanyi : Bungsu Bandung Mana nyeri nyeri nyeri teuing Ceurik ati di tambelakan Henteu benang ku disabaran Aduh alah ieung Tega teh teuing Indit sore tulunyungna subuh Abdi tunduh mukakeun tulak Batin nyeuri ceurik sorangan Aduh alah ieung Tega teh teuing Nyeri-nyeri moal benang di ubaran Kajen tutumpuran paeh ge teu panasaran Mempeng ngora keneh Mempeng urang can batian Pek geura serahkeun Talak tilu sakalian Henteu butuh lalaki curaling Boga rasa asa ieu aing Henteu robah teu eling-eling Aduh alah ieung tega teh teuing



MAWAR BODAS Penyanyi : Yayan J Mapay jalan satapak Ngajugjug ka hiji lembur Henteu karasa capena Sabab aya nu diteang Hujan angin dor dar gelap Hunteu aya keur ngiuhan Sanajan awak rancucut Teu paduli kajeun teuing Nu penting mah asal nepi Ka tempat anu di tuju Rek ngalongok mawar bodas Nu moal lila ka ala



Sugan tea moal gagal Kembang geus aya nu boga Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang Teu kasawang ti anggalna Teu kapikir ti tadina Lamun bakal nyeri hate Hoream teu sudi teuing Mikiran pipanyakiteun Mikiran pipanyakiteun Diposting oleh Ibing Berg di 2