Khutbah Idul Adha Bahasa Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Contoh Teks Khutbah Jumat Bahasa Sunda Singkat Padat Tentang Shilaturahmi



Hadirin Ahli Jum’ah Rohimakumulloh ! Dina ngawitan sasih Syawal atanapi dinten-dinten saatosna lebaran biasana umat Islam sok disibukkeun ku rupi-rupi kagiatan patarema atanapi pasamoan anu dipatalikeun sareng idul fitri, di urang mah katelahna acara halal bihalal, bade dina acara tepung wargi atanapi sok disebat haolan atanapi silaturahmi lembaga/organisasi.



Dina acara halal bihalal kanyataanana mah taya lian ti silaturrahmi sakumaha dianjurkeun dina agama Islam. Dina acara Halal bihalal geusan silih-lubarkeun dosa, nyuhunkeun dihampura jeung ngahampura. Silih lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku cara-cara patarema dampal panangann, ieu teh kacida mulya, asal papada jinisna atanapi sareng mahramna. Kangjeng Nabi SAW dina dawuhanana :



”Teu pati-pati dua jalma muslim anu papanggih tuluy sasalaman kajaba baris dihampura dosana samemeh duanana papisah deui“. { HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah }. Malihan dina Al-Qur’an pisan:



”Jeung anu ngahampura ka jalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean“. { QS. Ali Imron: 134 }. Margi kitu, saha jalma nu teu ngahampura kana kasalahan batur, eta teh bakal dibenduan ku Alloh SWT. Malahan kacida mulya sareng sakedahna saparantos urang puasa jeung zakat pikeun meresihan diri, urang ikhlas pikeun silih hampura. Dawuhan Gusti Alloh dina QS. Al-Maidah, ayat 13 :



”Mangka Anjeun kudu hampura maranehna jeung lubarkeun dosana, saenyana Alloh mikacinta ka jalma-jalma anu nyieun kahadean “. Pikeun saha bae, sanaos kacida beuratna hahampuraan alatan hiji masalah, tapi nyuhunkeun dihampura jeung bakal ngahampura nu jadi cukang lantaran mampu ngalawan hawa nafsu urang sorangan, ieu kacida mulyana mungguh Alloh Swt. Manusa nu jadi sabab tempatna hilap, moal aya saurang oge nu teu pernah salah atawa teu gaduh dosa perdosa. Jalmi nu sae teh sanes jalma anu tara lepat, tapi jalmi nu sae teh nyaeta jalmi anu sanggup ngomean dirina tina kasalahan-kasalahan nu pernah dilakukeun ku manehna.



Kanggo emutaneun urang sadaya, aya pidawuh Rosululloh SAW nu tiasa janten eunteung dina hirup kumbuh papada manusa. Sabab hirup di dunya moal bisa sosoranganan, pasti dina emprona mah bakal butuh ku batur. Bag-bagan nu kitu disebatna ibadah hablumminannas. Sabab pentingna ngariksa hablumminannas, dicarioskeun dina salah sahiji hadits nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, yen Rosululloh SAW kantos tumaros ka para sohabat : ” Saha sabenerna ari jalma nu bangkrut teh ? “, para Sohabat ngawaler : ” jalma nu teu gaduh artos sareng teu gaduh harta !”. Teras Rosululloh SAW negeskeun : ” Saenyana jalma anu bangkrut teh nyaeta jalma nu balik ka aherat mawa ganjaran solat anu loba, ganjaran puasa, ganjaran zakat anu lain saeutik, tapi hanjakal anu sakitu lobana beak dipake mayaran hutang lantaran keur hirupna di dunya sok nganyeurikeun hate batur, ngadoliman ka nu sejen nepi ka ganjaran anu sakitu lobana teu mahi dipake mayaran hutang, anu antukna jadi tibalik dosa batur anu didoliman dipindahkeun ka manehna, tuluy dialungkeun kana naraka “. {HR. Muslim ti Abi Hurairoh-Hadits Pembina Iman dan Akhlak, kaca 96}.



Mudah-mudahan urang sadayana, kalebet hamba-hamba Alloh nu lulus saomna, anu sanggup ngalawan nafsu pikeun silih lubarkeun dosa sareng salawasna kenging kani’matan pangampura Alloh. Amiin !.



Khutbah kedua