Materi Biografi Pertemuan 3 [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

PEMERINTAH DAERAH PROVINSI JAWA BARAT DINAS PENDIDIKAN CABANG DINAS PENDIDIKAN WILAYAH XII



SMA NEGERI 2 TASIKMALAYA Jalan R.E. Martadinata No.261 Telp/Fax (0265) 331331 Kode Pos 46411 Website: www.smandatas.sch.id E-mail: [email protected]



Mata Pelajaran Kelas/Semester Materi Alokasi Waktu



: Bahasa Sunda : XI/Genap : Biografi : 40 menit Kegiatan Pembelajaran 3 Aspék Kabasaan



Kecap Panyambung Kecap Panyambung nyaéta kecap anu gunana pikeun nyambungkeun unsur-unsur basa, kayaning kecap, frasa, klausa jeung kalimah jadi wangun anu leuwih jembar. Geura ilikan conto cutatan wacana di handap. Salila aya di barisan tim pasukan biru, nu ngaranna Jajang Nurjaman gedé pisan sumbangsihna kana préstasi jeung préstise Persib harita. Sajaba ti kecap jeung nu aya dina conto di luhur, aya keca panyambung séjénna di antarana sangkan, sanajan, tuluy, jeung sajabana. Contona: 1. Indung jeung bapa 2. Nu hideung katut nu bodas 3. Anu héjo leuwih alus batan nu beureum 4. Murid-murid dikumpulkeun, tuluy guru nerangkeun maksud latihan. 5. Batu nu sagedé kitu ti batan kaangkat kalah rancatatanana potong. Upama nilik kana sipatna, kecap panyambung aya nu dipaké pikeun ngaheueuhkeun (afirmatif) jeung anu dipaké pikeun mungkir (negatif). Contona: 1. Sanajan diburuhan sajuta ogé urang mah moal daék. 2. Sangkilang ngomongna nepi ka melas melis éta budak teu dipaliré ku kolotna. 3. Naha kuring ditagih deui, kapan kamari geus dilunasan. 4. Kantongna mah lapat lépét, kalah ka gidigna baé car abos. 5. Jelema téh pinter, tapi jahat.



Pancén 3 Lengkepan ieu kalimah ku kecap panyambung anu aya di gigireunana!



1. 2. 3. 4. 5. 6. 7. 8. 9. 10.



Hayu urang lalajo, … henteu kudu mayar. Beunangna mah beunang uda leupas téh, … ngudagna … ka Mekah acan jung, atuh boga-boga lukisanana. … lamun ka pasar, pangmeulikeun buah simanalagi. Asal manéh daék baé milu, … ongkos jang pesawat mah ku kuring dipangmayarkeun. Manéh téh ti leuleutik dirawatan ku kami, disakolakeun, dijeujeuhkeun, … kitu werat ngagogoréng di tukangeun mah. Nya ka kolot téh jolédar-jolédar teuing, … nyukup nyenangkeun atuh aya-aya kikirimna salebran sakali mah. Aduh édas, kapaksa kudu meuting nyah, … teu mawa salinsalin acan. Kaharti rék bisaeun ngarang ogé, … loba macana jeung kolotna ogé sok ngarang deuih. … bisa ngasupkeun sotéh, tina sépakan pinalti.



a. b. c. d. e.



Parandéné Kilangbara Mangkaning Bubuhan Kadongdora



f.



Meungpeung



g. Orokaya h. Peupeuriheun i.



Peupeujeuh



j.



Wondening



Pancén 4 Jieun kalimah anu ngandung kecap panyambung ieu di handap! 1. Sanajan = ……………………………………………………………… 2. Batan … kalah …= ……………………………………………………. 3. Sangkilang = ………………………………………………………….. 4. Jeung = ………………………………………………………………… 5. Kajeun … batan …= .............................................................................. 6. Kalah ka = ……………………………………………………………... 7. Kapan = ……………………………………………………………….. 8. Piraku = ……………………………………………………………….. 9. Tapi = …………………………………………………………………. 10. Tuluy = …………………………………………………………………