Modul Pembelajaran Basa Sunda 9 PDF [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

MODUL BASA SUNDA & (LKPD)



Disusun ku: Elah, S.Pd.,M.Pd. NIP 197210121995122002 SMPN 1 MARGAHAYU 2020/2021



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



1



Pituduh Diajar Make Modul



Pék baca ku hidep léngkah-léngkah di handap ieu, saacan ngaréngsékeun pancén dina modul ieu: 1. Prak hidep ngadoa heula saacan ngamimitian diajar. 2. Siapkeun handphone, laptop, atawa catetan sarta alat tulis séjénna. 3. Prak buka link youtube biantara ieu: (Ctrl + click link na) https://www.youtube.com/watch?v=lsOmRlTJw-c&t=23s 4. Pek titenan sing saregep materi anu aya dina youtube kasebut 5. Siapkeun akun google classroomna, jeung WhatsApp, atawa aplikasi sejen. 6. Modul ieu dibagi jadi 4 bagéan: (1) Kompetensi dasar, (2) Tujuan Pangajaran, (3) Matéri (4) Latihan soal 7. Modul ieu aya 4 bagéan pikeun 4 kali pertemuan, unggal pertemuan tangtu béda-béda pancénna. 8. Réngsékeun modul ieu sorangan teu meunang silih copy paste naskah, pék tanyakeun ka guru saupama aya hal anu dianggap hésé. 9. Saupama aya kekecapan anu teu kaharti bisa maké Kamus Basa Sunda . bisa oge hidep diskusi jeung babaturan atawa indung/bapa hidep 10. Ulah kaliwat eusian latihan sarta LKPD (Lembar Kerja Penilaian Dirina) 11. Wilujeng ngaréngsékeun pancén ya…



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



2



Prak buka link youtube biantara ieu: (Ctrl + click link na) https://www.youtube.com/watch?v=lsOmRlTJw-c&t=23s



Kuring micinta Basa Sunda ulah nepi ka Jati kasilih ku junti Kuring siap nyukcruk elmu , nyuprih pangarti Mun teu ayeuna iraha deui, mun teu ku urang ku saha deui , hurip Sunda!!!



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



3



PEMETAAN MODUL



Wangenan



Biantara



Bagéan-bagéan



Padika



Téknik biantara



Métode biantara



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



4



PANGAJARAN 1: Materi: Biantara Kelas/Semester: 9/1



KOMPETENSI DASAR: 3.1 Memahami dan mengidentifikasi teks biantara dengan memperhatikan fungsi sosial, struktur teks, dan aspek kebahasaan yang benar dan sesuai konteks 4.1 menyajikan teks biantara dengan memperhatikan fungsi sosial, struktur teks, dan unsur kebahasaan yang benar sesuai konteks



TUJUAN PEMBELAJARAN: Setelah selesai mempelajari materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat memahami kaidahkaidah teks biantara (pidato) serta dapat menyajikannya secara sederhana, menggunakan bahasa dan tatakrama yang sesuai dengan tingkat kemampuan mereka



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



5



MATÉRI PANGAJARAN A. Mikawanoh Biantara Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa. Upama ditilik tina eusi jeung adeganana biantara té diwangun kutilu bagéan nya éta: 1. Bubuka biantara Bagéan bubuka eusina ngucapkeun salam jeung sanduksanduk ka nu hadir. Conto tina biantara di luhur: Bissmillahirrohmanirrohim Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarakatuh, Sadayana puji sinareng sukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu Murbéng Alam, Anu Maha Welas tur Maha Asih, henteu aya pilih kasih ka sugri anu kumelip di ieu bumi, Rohmat sinareng salam mugia didugikeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Ka parasohabatna, kulawargana, sareng ka jalmi-jalmi anu tumut ka mantenna. Langkung ti payun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun upami dina ieu biantara pamapag téh aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakramana.



Materi pikeun Pertemuan 1, 2 jeung 3



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



6



2. Eusi Biantara: bagian ieu biasana ngébrehkeun pamaksudan biantara. Conto eusi: jejer “Miéling Dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika” Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunna Ibu Radén Déwi Sartika. Nembé ogéku sadérék Pupuhu Panata Calagara parantos didadarkeun, naon margina di sakola urang diayakeun ieu acara. Rupina ku sim kuring teu kedah dipedar deui perkawis éta mah, margi katerangan anu kakuping mung badé ngadugikeun pamapag kana lumangsungna ieu acara, minangka wawakil ti sakumna siswa. … Diayakeunana ieu acara teh minangka tawis panghormat sareng pangajen ka Ibu Dewi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina mah dina widang atikan. Jalaran kitu, sim kuring umajak ka sadayana, sumangga ieu kagiatan teh urang mangpaatkeun kanggo ngarojong cita-cita sareng udagan urang sadayana.



3. Panutup biantara: Ieu bagéan téh biasana eusina sanduk-sanduk deui, sarta dipungkas ku salam. Conto panutup biantara Sakitu anu kapihatur. Boh bilih langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu diteda. Wassalamu’alaikum warahmatullohi wabarokatuh. B. Padika Biantara Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun upama urang biantara. Dianatarana baé: 1. Sora Sorana kudu bedas sangkan kadengé ku balaréa anu aya di dinya sarta béntés deuih dina ngedalkeun kekecapanana. 2. Lentong Lentongna kudu merenah sakumaha ilaharna lentong basa Sunda. Ulah nepikeun ka kajadian, biantara basa Sunda, ari lentongna basa Indonesia. 3. Wirahma Wirahma téh patalina jéung anca gancangna sarta Tarik halonna sora dina nyarita. Ulah anca teuing nepi ka ngayayay sarta ulah gancang teuing saperti nu rusuh. Sorana kudu diatur, lebah mana kudu tarik jeung lebah mana deuih kudu halon 4. Nada Nada aya patalina jeung eusi unggal bagian biantara. Upama eusina pikasediheun tangtu baé dikedalkeun dibarung ku rasa sedih.



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



7



5. Paroman Paroman atawa pasemon dina biantara ogé kudu diluyukeun jeung eusi biantara anu dikedalkeun. 6. pasang peta Pasang peta dina biantara mah teu perlu kaleuleuwihi. Biasana ngan gerak leungeun nuturkeun wirahma jeung nada biantara anu dikedalkeunana, Cukup ku géstur.



C. Téknik Biantara Téknik biantara anu kudu dipikanyaho, di antarana: 1. Teknik maca, nya éta téknik biantara anu ngagunakeun téks (naskah). Biantara téh maca sakur anu aya dina naskah. 2. Téknik nyatetkeun inti biantara, nya éta téknik biantara anu nyatetkeun piomongeun atawa hal-hal anu penting anu rék ditepikeun. 3. Téknik nalar, nya éta téknik biantara anu henteu ngagunakeun téks (naskah). Biantara téh ditalar satimu-timu harita. D. Metodeu Biantara 1. Impromtu: biantara teu naskah nu dilakukaeun sacara spontan tanpa persiapan 2. Mémoritér: biantara ku cara ngapalkeun naskah leuwih ti heula 3. Naskah: biantara ku cara maca naskah 4. Ekstemporan: biantara anu leuwih ti heula nyiapkeun konsép gurat badag anu rék ditepikeun



Ayeuna siap-siap latihan ya, rengsekeun pancenna masingmasing poma ulah silih copy paste



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



8



LEMBAR KERJA PENILAIAN DIRI (LKPD) Pertemuan 2 Pancen 1 Pikeun maham eusi pedaran di luhur, pek jawab pananya di handap! 1. Naon anu disebut biantara téh? 2. Naon anu disebut biantara pamapag téh? 3. Naon waé hal-hal anu biasa dikedalkeun dina bubuka biantara? 4. Naon baé anu ditepikeun dina eusi biantara? Jéntrékeun! 5. Naon anu biasa dikedalkeun dina bagian panutup biantara!



Pancen 2 Pikeun maham eusi naskah biantara di luhur, pék ku hidep tuliskeun eusi naskah biantara téh ngagunakeun basa sorangan!Omat ulah silih tiron! Jejer biantara : “Waspada Covid-19” Eusina biantara ngawengku: 1. Wangenan copid-19 2. Cara sumebarna virus copid-19 3. Protokol kasehatan 4. Hikmah tina ayana pandemic



Wilujeng Midamel Pancen yaaa….



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



9



JAWABAN PANCEN LKPD PERTEMUAN 2 NULIS BIANTARA Wasta: Kelas: Pancen 1 1. 2. 3. 4. 5. 6.



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



10



Pancen 2 (Nyusun Naskah Biantara) Wasta: Kelas: Naskah Biantara Basa Sunda “Waspada Covid-19”



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



11



Lembar Pengamatan Sikap Spiritual dan Sosial



No Nama siswa



Aspek sikap yang diamati Syukur Peduli Tanggungjawab Disiplin



Saling Sopan Kerjasama Menghormati



Skor akhir



Kriteria: 4 = sangat baik 3 = baik 2 = cukup 1 = kurang Perhitungan skor akhir menggunakan rumus Jumlah Skor 7



= skor akhir



Keterangan: Mohon diisi oleh orang tua siswa selama proses pembelajaran berlangsung Nama Orangtua siswa: Komentar: __________



Modul Pangajaran Basa Sunda Kelas 9



12