Rangkuman Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1 [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

RANGKUMAN BAHASA SUNDA KELAS VI



Pangajaran 1 Nangtayungan Sasatoan Sub Tema 1 A. Wacana Anak Si Rénggé Pun bapa seneng pisan miara ingon – ingon (sasatoan). Di bumina téh aya kelenci, marmut, japati, sareng hayam. Hayamna rupi – rupi, sajabi ti hayam kampung aya ogé hayam pelung, bangkok, sareng hayam katé ogé aya. Di pengkereun bumina, bapa ogé ngadamel balong anu dipelakan rupi - rupi lauk saperti lauk emas, lauk mujaér, lauk guramé, jeung lélé. Balongna téh teu patos jero, margi saur bapa melang bilih aya anu titeuleum. Hiji waktos Si Rudi nyarios ka bapana hoyong miara meri. Ku bapana disatujuan, tapi moal mésér anakna badé megarkeun nyalira. “Urang megarkeun waé, endogna urang mésér ka Mang Toha,” saur bapana. Ti harita bapa sareng putrana teras bébérés, kaleresan aya hayam anu badé nyileungleum nyaéta Si Rénggé. Endog Si Rénggé ditukeuran ku bapana ku endog meri ti Mang Toha téa. Megarkeun meri saur bapana kedah ku hayam anu nuju nyileungleum. Margi ari ku indung merina mah tara megar. Leres waé dina waktosna, anak Si Rénggé téh megar sadayana mani lalucu pisan. Tos umur saminggu anak Si Rénggé ku bapa diturunkeun kana balong, ditutur – tutur ku Si Rudi bisi tilelep. Si Rudi mani resepeun pisan ningali anakna Si Rénggé ngarojay di jero balong, mani resep katingalina téh. I. Jawab pananya di handap ieu! 1. Saha anu resep miara ingon – ingon téh? 2. Sato naon waé anu diinguna téh? 3. Di mana perenahna bapa ngadamel éta balongna téh? 4. Dipelakkan lauk naon waé éta balongna téh? 5. Geus umur saminggu anakna Si Rénggé ku bapana sok dikumahakeun?



B.SUNDA/ Kls VI



Page 1



II.



Harti Kecap



1. Pun bapa resep miara ingon – ingon.  Ingon – ingon = sato anu sok diingu 2. Bapa nuju ngadamel kulah.  Kulah = balong atawa émpang (kolam). 3. Saur bapa ngadamel balongna tong jero teuing, melang sing aya nu tigejebur.  Melang = hariwang ( hawatir). 4. Tuh Si Rénggéna rék nyileungleum (mengerami).  Nyileungleum = ngadekeman endog sangkan megar (menetas).  Rénggé = warna bulu hayam  Megar = endog megar, beulah cangkangna, tuluy kaluar anakna. 5. Mimiti mah Si Rénggé téh cicing waé, tapi mireungeuh anakna dipapangku ari garapak téh ngabintih ka Si Rudi, tuluy cilingcingcat ka ditu ka dieu.  Mireungeuh = ningali, nempo  Ngabintih = ngeunakeun bagian awak nu matak nyeri ka batur.  Cilingcingcat = teu daék cicing, turun naék 6. Si Rudi malah ngahajakeun seuseurian ningali anakna Si Rénggé tikoséwad.  Ngahajakeun = ngahalnakeun, milampah hal anu dilarang, minangka protés.  Tikoséwad = labuh. 7. Buuk Kang Wawan mah rintin jiga akina.  Rintit = keriting, kribo 8. Hayam pelung kagungan bapa mah warnana borontok.  Borontok = warna bulu hayam beureum totol - totol bodas. III.



Ngaran anak sato



1. Begog = anak monyét 2. Belo = anak kuda 3. Bilatung = anak ucing 4. Bocokok = anak buhaya 5. Buncit = anak beurit 6. Burayak = anak lauk 7. Buruy = anak bangkong 8. Cémé = anak embé ( kambing ) 9. Ciak = anak hayam 10. Enéng = anak munding 11. Hileud = anak kukupu 12. Kicik / kirik = anak anjing 13. Ménél = anak gajah B.SUNDA/ Kls VI



Page 2



14. Pedēt = anak sapi 15. Piyik = anak japati 16. Utek – utek = anak reungit



Sub Tema 2



IV.



Ngaran tempat nu aya di Kabupaten Bandung.



 Di Kabupaten Bandung aya 31 Kecamatan diantarana waé aya: 1. Kecamatan Margaasih



= Kelurahan Margaasih, Cigondéwah Hilir, Lagadar, Nanjung, Rahayu, Mekarahayu.



2. Kecamatan Margahayu



= Kelurahan Margahayu Tengah, Margahayu Selatan, Sukaménak, Sayati, Sulaéman.



3. Kecamatan Cileunyi



= Kelurahan Cileunyi Kulon, Cileunyi Wétan, Cibiru Wétan, Cibiru Hilir, Cinunuk, jst



4. Kecamatan Balééndah



= Kelurahan Andir, Malakasari, Maggahang, Balééndah, Rancamanyar, jst



5. Kecamatan Banjaran



= Kelurahan Banjaran Kulon, Banjaran Wétan, Mekarjaya, Néglasari, Pasirmulya, jst



6. Kecamatan Soréang



= Kelurahan Soréang, Sukajadi, Sukanagara, Pamekaran, Sekarwangi, jst



V.



Kecap serepan tina basa asing.



1.



Kecap serepan anu asalna tina basa Walanda contona:  émbér, baskom, dasi, anduk, saku, kosmetik, parfum



2.



Kecap serepan anu asalna tina basa Arab contona:  kopéah, masjid, musola, kitab, madrasah



3.



Kecap serepan anu asalna tina basa Cina contona:  loténg, tahu, soun, bapaw, tauco



4.



Kecap serepan anu asalna tina basa Sangsekerta contona:  bumi, angkasa, nagara, kota, sagara



Sub Tema 3



B.SUNDA/ Kls VI



Page 3



VI.



Ngaran Patukangan



1. Anjun = tukang nyieun barang tina taneuh 2. Baramaén = tukang ngamén atawa tukang baramaén. 3. Bengkong = tukang nyunatan 4. Dalang = tukang ngalalakonkeun carita wayang 5. Kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas atawa perak 6. Kuncén = tukang ngajaga kuburan 7. Modin = tukang adan 8. Palédang = tukang nyieun parabot tina kaléng atawa tambaga. 9. Pamatang = tukang moro sato ngagunakeun tumbak 10. Palika = tukang teulem 11. Pamayang = tukang ngala lauk 12. Nayaga = tukang nabeuh gameulan 13. Panday = tukang nyieun parabot tina beusi 14. Sarati = tukang meruhkeun sato galak 15. Sindén = juru kawih atawa tukang ngawih dina wayang golék



Pangajaran 2 Hirup Rukun Sauyunan



Sub Tema 1



A. Wacana Penca Silat Penca silat atawa penca téh seni béla diri tradisional nu asalna ti Indonésia. Di Indonésia, ieu penca téh hirup di suku bangsana, di antarana baé di Minang, Sunda, Jawa, jeung Bali. Salian di Indonésia ieu seni béla diri téh nyampak jeung hirup ogé di Malaysia, Brunéy, Singapura, Filipina Selatan, Jeung Thailand. Malah di Vietnam ogé ayeuna mah aya penca ogé, sabab diwanohkeun ku jawara – jawara penca ti Indonésia. Penca ngandung opat aspék, nyaéta: méntal spiritual, seni budaya , olahraga, jeung béla diri. Jéntréna mah kieu. Nu diajar penca, ku guruna sok diajarkeun kumaha carana ngadalian émosi, ngalatih kasabaran jeung tahapan – tahapan séjénna. Nu diajar penca ogé, utamana ditatar Sunda diajar kaéndahan gerakan nu disebut “ Kembang.” Urang B.SUNDA/ Kls VI



Page 4



Sunda atawa suku bangsa séjénna upama mintonkeun penca sok dibarengan ku wirahma lagu. Di tatar Sunda mah matak sok disebut “kendang penca” da dipirig ku kendang jeung tarompétna. Nu diajar penca ngalakukeun olah raga, lantaran dina penca aya gerakan nu puguh éntép seureuhna nepi ka nu menca perlu tanaga jeung ngaluarkeun karinget. Nu pamungkas, nu diajar penca tangtuna boga maksud pikeun mertahankeun dirina tina sagala tina sagala bahaya. Penca jadi alat dina ngabeungkeut rasa duduluran sangkan guyub di Nusantara. Diajar penca lain pikeun néangan satru kabuyutan tapi pikeun népakan kanyaah ka sasama. Salian ti éta, nya pikeun kaséhatan, kaéndahan, jeung pertahanan diri. B. Harti Kecap 1. Wanoh = wawuh, kenal. 2. Jawara = juara, jalma jago. 3. Jéntré = écés, jelas. 4. Kembang = penca igel, penca ibing, seni penca. 5. Ngadalian, kadali = nahan. 6. Mintonkeun, pinton = témbong, némbongkeun. 7. Wirahma = aturan lagu nu ngeunah kadéngéna, irama. 8. Pamungkas, pungkas = panungtung, tungtung, ahirna. 9. Ngabeungkeut = ngahijikeun. 10. Guyub = akur, rukun, babarengan. 11. Satru kabuyut = musuh, lawan.



Sub Tema 2



C. Kecap Rajékan  Kecap rajekan nyaéta kecap anu disebut dua kali boh engangna boh wangun dasarna, aya ogé anu sok ditambah rarangkén deui, boh rarangkén hareup, atawa rarangkén tukang. 



Kecap Rajékan diantarana:



1. Kecap Rajekan Dwipurwa asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" anu hartina "dua" jeung "purwa" anu hartina "mimiti atawa awal". contona: Mobil jadi momobilan, motor jadi momotoran, tajong jadi tatajong, sépak jadi sésépak, teunggeul jadi teuteunggeul.



B.SUNDA/ Kls VI



Page 5



2. Kecap rajékan dwimadya asalna tina dua kecap nyaéta "dwi" anu hartina "dua" jeung "madya" anu hartina "tengah,” jadi kecap rajékan dwimadya nyaéta kecap anu dirajék engang tengahna. Contona: sapeuting jadi sapeupeuting, sapoe jadi sapopoé. 3. Kecap rajékan dwilingga atawa dwimurni nyaéta kecap anu dirajék wangun dasarna bari teu ngarobah sorana. Conto kecap rajékan dwimurni: mobil-mobil, motor-motor, jalma-jalma, buku - buku 4. Kecap rajékan dwiréka nyaéta kecap anu diréka – réka. Conto kecap rajékan dwiréka: pulang-pelong, luak-lieuk, tual-toél, bulak - balik 5. Kecap rajékan trilingga nyaéta kecap anu dirajék atawa disebut tilu kali wangun dasarna. Contona: tang-ting-tung, dat-dit-dut, trang-tréng-trong, bla – blig – blug, dar – dér – dor D. Kecap Sabalikna nyaéta kecap anu miboga harti sabalikna / lawan kecap Conto kecap sabalikna : 1. Gedé sabalikna leutik / alit 2. Alus sabalikna goréng / butut 3. Ditolak sabalikna ditarima 4. Sepi sabalikna ramé 5. Bersih sabalikna kotor 6. Lila sabalikna sakeudeung ( sebentar ) 7. Jangkung sabalikna pendék 8. Panjang sabalikna pondok 9. Loba sabalikna saeutik 10. Mahal sabalikna murah 11. Béda sabalikna sarua 12. Kolot sabalikna budak 13. Jauh sabalikna deukeut E. Kecap Sasaruaan nyaéta kecap anu miboga harti sarua Conto : 1. Gedé = badag = ageung ( besar ) 2. Leutik = alit 3. Alus – saé 4. Ayeuna = kiwari 5. Gampang = babari = gampil 6. Hésé = susah B.SUNDA/ Kls VI



Page 6



7. Baréto = baheula ( dahulu ) 8. Sepi = jempling



Sub Tema 3



F. Bituna warna 1. Bajuna hideung mani lestreng. 2. Warna sapatuna konéng mani enay. 3. Daun tangkal sampeu héjo mani ngagedod. 4. Caina herang mani ngagenclang. 5. Kang Toni maké baju warnana bodas mani nyacas. 6. Éta topi téh warnana beureum mani euceuy. G. Babasan 1. Hampang leungeun = sok tunggal teunggeul ka batur 2. Hampang birit = sok daék ditutah titah 3. Beurat birit = hésé ditutah titah. 4. Atah anjang = langka nganjang, jarang nganjang 5. Lésang kuras = nu teu bisa nyekel duit 6. Peujit korēseun = babari lapar 7. Laér gado = sok kabitaan ku dahareun batur 8. Epés méér = babari ceurik 9. Hējo tihang = sok pundah pindah pagawéan 10. Gurat batu = mawa karep sorangan. 11. Kandel kulit beungeut hartina teu boga kaéra 12. Kurung batok hartina resep cicing di imah 13. Murag bulu bitis hartina resep indit – inditan / teu betah cicing di imah



Pangajaran 3 Tokoh Sunda



sub Tema 1 



Taufik Hidayat jeung Susi Susanti téh atlit badminton anu kasohor.



B.SUNDA/ Kls VI



Page 7



Dina kalimah di luhur aya kecap badminton. Éta téh ngaran salah sahiji jenis olah raga. Dina unggal olah raga aya rupa - rupa istilah.  Anu kaasup istilah dina badminton nyaéta: 1.



Kok = alat keur maén badminton anu dijieun tina bulu hayam.



2.



Nét = jaring anu dipasang di tengah lapang keur maén badminton.



3.



Rakét = alat keur nakol kok



4.



Lépri = juri



5.



Lésmén = juri kenca (kiri) , katuhu (kanan) atawa hakim garis



6.



Sérpén = nakol kok rék ngamimitian pertandingan



7.



Lob = kok ngalambung ka luhur



8.



Sémés = nakol kok tarik pisan ka arah lawan.



9.



Néting (nétting) = nakol kok kena kana nét.



10.



Jus (deuce) = jumlah scor sami



11.



Békhén = nakol kok ti gigir beulah kenca di operk ka beulah katuhu



12.



Dropsot = nakol kok jiga nu tarik padahal lalaunan ragrag di deukeut net lawan.



 Istilah di handap ieu aya dina olah raga sepak bola nyaéta: 1. Hén (handsball ) = bal keuna kana leungeun sbol 2. Prikik (Free kick) = tendangan bebas 3. Kornal (corner kick) = tendangan juru ( sudut ) 4. Kiper (goal keeper) = tukang ngajaga gawang 5.Bek (back) = pamain tukang 6.Pasing (passing) = tehnik ngoper bal ti pamaén nu hiji kanu séjénna.



Sub Tema 2  Kecap Panganteur. 1. am dahar



béréwék soéh



belewer malédog



2. berebet lumpat



beretek lumpat



blug labuh



3. hing ceurik



sup asup



bray muka, bray beunta, caang



4. trét nulis



breg hujan



léos indit



B.SUNDA/ Kls VI



Page 8



5. brus mandi



gék diuk



cakakak seuri



6. gantawang nyarékan



jol datang



jep jempé, jep jempling



7. leguk nginum



jung nangtung



segruk ceurik



8. torojol datang



cong nyembah



prak digawé



9. dug saré



reg eureun



réngkénék ngigel



10. geleser maju



térékél naék



pes pareum



11. jrut turun



pok ngomong



orolo Utah (muntah)



A. Pola kalimah ( S – P – O) = ( J- C- O ) 1. Subjek dina basa sunda disebutna jejer. 2. Predikat dina basa sunda disebutna caritaan. 3. Obyek dina basa sunda disebutna obyék. 4. Keterangan dina basa sunda disebutna katerangan.  Katerangan aya dua nyaéta:  Katerangan waktu  Katerangan tempat  Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan ( J – C ) 1. Andi keur lulumpatan. 2. Budi keur dibaju. 3. Nani keur mandi.  Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan, obyek ( J- C – O ) 1. Rina mésér tahu. 2. Andi nendang bal. 3. Ibu nyeuseuh baju.



 Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan, obyék, katerangan J-C-O- Kt)



(



1. Bibi nuju ngagoréng témpé di dapur. 2. Aki nuju melak cau di kebon. 3. Bapa nuju ngala lauk di balong.  Conto kalimah anu ngandung pola kalimah jejer, caritaan, obyék, katerangan J-C-O- Kw)



(



1. Santi mésér mobil poé Salasa. 2. Karin ngirim surat ka akina poé Kemis. C. Kalimah aktif jeung pasif. 1. Conto kalimah aktif:  Budi nendang bal di lapangan. B.SUNDA/ Kls VI



Page 9



 Ibu keur ngagoréng tahu.  Wawan keur ngala lauk di balong. 2. Conto kalimah pasif:  Bal ditendang ku Budi di lapangan.  Sangu keur digoréng ku ibu.  Lauk diala kuWawan di balong. D Kecap Kantétan  Kecap kantétan nyaéta dua kecap anu dihijikeun ngawangun kecap anyar sarta ngabogaan harti anu béda tina haryti kecap asalna.  Conto kecap kantétan: 1. 2. 3. 4. 5. 6. 7. 8. 9. 10.



Panon poé Kupinggajah kumis ucing kaca piring beureum sisit raja pati sapatu kulit kompor gas endog hayam sapi perah



11. jam tangan 12. suku kuda 13. ruang tamu 14. buku tulis 15. péso raut 16. calana pangsi 17. jakét kulit 18. batu bata 19. minyak kalapa 20. Kaos kaki



Pangajaran 4 Globalisasi



Sub Tema 1 A. Pupuh Mijil Aduh Gusti anu maha suci Sim abdi rumaos Pangna abdi dumugi ka késrék Rék ka sepuh parantos ngusir Takabur sareng dir, téga nundung sepuh Aduh gusti nu kawasa Jisim abdi ageung dosa Pangna abdi gering nangtung B.SUNDA/ Kls VI



Page 10



Rék ka sepuh wantun nundung B. Pupuh Mijil Mesat ngapung putra sang arimbi Jeung méga geus awor Beuki lila beuki luhur baé Larak – lirik ningali ka bumi Milari sang rai Pangéran Bimanyu  Watek Pupuh Mijil ngagambarkeun rasa sedih/kasedih, tapi masih kēnēh aya harepan  Guru lagu jeung guru wilang dina Pupuh Mijil nyaēta : 1. Baris kahiji 10 –i 2. Baris kadua = 6 –o 3. Baris katilu = 10 – e 4. Baris kaopat = 10 – i 5. Baris kalima = 6 – i 6. Baris kagenep = 6 – u



C. Harti Kecap 1. Sibanyo hartina ngumbah leungeun 2. Sibeungeut hartina ngumbah beungeut 3. Siduru hartina ngahaneutan awak di hareupeun hawu / tungku 4. Sidakep hartina ngalipet panangan di hareupeun dada 5. Sidéngdang hartina diuk dina bangku bari ngayunkeun suku



Sub Tema 2 D. NgaranKekembangan. 1. Aléwoh kembang waluh ( labu ) 2. Jantung kembang cau 3. Mérékényényén kembang jéngkol 4. Olohok kembang kadu 5. Ringsang kembang pare ( padi ) 6. Suligar kembang kalapa 7. Bosongot kembang bako B.SUNDA/ Kls VI



Page 11



8. Dingdet kembang sampeu 9. Ulated kembang bawang. 10. Sari kembang salak. 11. Pendul kembang peuteuy E. Sora Sasatoan. 1. Sora anjing= ngagogog 2. Sora hayam bikang = kokotak 3. Sora hayam jago = kongkorongok 4. Sora embé = ngabérélé 5. Sora maung = ngagaur 6. Sora kuda = ngahiem 7. Sora reungit = ngahieung 8. Sora bangbara (lebah ) = ngahiung 9. Sora meri /éntog = ngawékwék 10. Sora manuk = récét



B.SUNDA/ Kls VI



Page 12