RPP Bahasa Sunda Kelas 9 Semester 1 [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP ) Nama Sekolah Mata Pelajaran Kelas/Semester Alokasi Waktu



: SMPN 4 Karangpawitan : Bahasa Sunda : IX / 1 : 2 x 40 Menit



A. Standar Kompetensi Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi wacana lisan jenis pidato.khotbah, lirik (rumpaka) lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pencek (carita pondok). B. Kompetensi Dasar Menyimak pidato khotbah (hutbah) C. Tujuan Pembelajaran Siswa dapat menemukan, menyimpulkan dan menanggapi hal-hal penting dalam pidoto, khotbah Indikator  Dapat menemukan hal-hal penting dalam pidoto, khotbah  Dapat menyimpulkan pesan pidato, khotbah, atau ceramah dengan kalimat sederhana  Dapat menanggapi pesan pidato khutbah atau ceramah dengan bahasa yang santun. D. Materi Pokok Hutbah/Ceramah E. Metode Pembelajaran 1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung 3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas F. Kegiatan Pembelajaran Pertemuan 1



Kegiatan Pendahuluan   



Waktu/ Pertemuan 10



Memeriksa kesiapan siswa Apersepsi Motivasi



Kegiatan Inti  Salah seorang siswa membacakan wacana hutbah /memutar kaset rekaman  Bersama-sama menyimak wacana hutbah yang dibacakan/diperdengarkan  Bertanya jawab tentang topik hutbah yang disimak  Bertanya jawab tentang isi hutbah  Dengan bimbingan guru menafsirkan kalimat-kalimat kunci dan maksud hutbah



60



Penutup  Bersama guru, siswa menyimpulkan isi wacana hutbah  Siswa ditugaskan untuk membaca wacana hutbah serta menelaah isinya



10



G. Alat/ Bahan / Sumber  Wacana hutbah  Buku pegangan  Majalah  Surat kabar



H. Penilaian Tujuan Pembelajaran Dapat menemukan hal-hal penting dalam pidoto, khotbah



Teknik Lisan/ Tulisan



Bentuk Uraian



Instrumen Sebutkeun hal-hal penting nu ku hidep kacangkem tina hutbah!



Dapat menyimpulkan pesan pidato, khotbah, atau ceramah dengan kalimat sederhana



Lisan/ Tulisan



Uraian



Sebutkeun amanat nu ku hidep kacangkem tina hutbah!



Dapat menanggapi pesan pidato khutbah atau ceramah dengan bahasa yang santun.



Lisan/ Tulisan



Uraian



Jentrekeun, kumaha pamadegan hidep kana eta eusi hutbah?



Mengetahui : Kepala Sekolah



Moch. Rochimat S, S.Pd, M.M NIP. 19670419 199702 1 002



Kunci Jawaban



Garut, Juli 2018 Guru Mata Pelajaran



Irma Sri Septiani, S.Pd



LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR Regepkeun hutbah ieu di handap! ( dibaca ku guru atawa ku salasaurang siswa ) FADILAH ELMU HUTBAH KAHIJI Hotib maca hamdalah, sholawat jeung wasiat taqwa. Parahadirin Kaum Muslimin ! Saparantos muji ka hadirat illahi robbi, solawat sareng salam mugia ginulur ka jungjunan urang sadaya nyatana Nabi Muhammad SAW. Katut kulawargana, sahabatna, paratabi-in dugi ka yaumiddin. Salajengna, hotib wasiat hususna ka diri pribadi umumna ka hadirin rohimakumulloh, sumangga urang ronjatkeun kataqwaan ka Alloh swt, margi mung ku taqwa urang tiasa ngahontal kasalametan di dunya sareng aherat. Hadirin Kaum Muslimin Rohimakumulloh. Manusa aya hargana lamun miboga élmu sanajan miskin. Kitu deui manusa jadi terhormat lantaran boga élmu. Lamun teu boga élmu, naon hargana hirup urang, sabab henteu aya bédana jeung sato. Imam Syafi’i ngadawuh : “Hirup manusa atawa hiji pamuda, nyaéta ku elmu jeung taqwa.” Lamun élmu jeung taqwa teu aya dina diri manusa, mangka hirupna moal aya hartina. Kukituna hayu urang tungtut élmu. Sing getol hadir di majlis élmu. Seueur pisan ganjaranana pikeun jalmi nu resep nungtut élmu. Sakumaha dawuhan Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Dina haditsna: “Diukna anjeun dina majlis élmu sanajan sakeudeung, sanajan teu nyabak kalam-kalam acan, sanajan teu nulis sahurup-hurup acan, maka éta geus leuwih hadé tibatan ngamedikakeun sarébu budak beulian.” Anjeunna ogé ngadawuh, hiji jalma disebut sial upama dina éta poé teu nambahan élmuna. “Lamun datang ka kaula hiji poé anu teu nambah élmu, mangka kaula nganggap éta poé-poé sial, henteu aya berekahna.” Urang sering miceunan waktu , dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha bisana urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran soson-soson néangan élmu. Saperti Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun males néangan élmu. Nabi Muhammad SAW tos wasiat ka urang sadaya anu unggelna : “Aranjeun kedah diajar élmu, sabab upama tambah élmu, maka bakal tambah sieun ku Alloh swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Jeungna deui ari tolab élmu téh kaasup ibadah.” Nyakitu deui lamun urang ngajarkeun élmu maka saolah-olah sidekah. Kauntungan séjénna pikeun jalma nu boga élmu nyaéta sakumaha dawuhan Nabi Muhammad SAW. : ”Kitu deui unggal barang anu aya di alam dunya ieu, tina barang anu garing jeung anu baseuh mangméntakeun hampura ka jalma anu boga élmu.” Dugi ka sato nu aya di darat jeung di laut ti nu panggedéna nepi ka nu pangleutikna, nu galak jeung nu lindeuk, nya kitu deui sakabéh mahluk langit mangméntakeun hampura keur jalma-jalma nu tolab élmu. Ku sabab kitu, hayu urang soson-soson diajar élmu satungtung masih kénéh aya kasempetan, aya keneh para-Ustad, para-Kiyai, para-Guru nu ikhlas ngajarkeun elmu. Mugia urang dipasihan hidayah, taufiq sareng kasumanget enggoning nyiar élmu. Amin.



HUTBAH KADUA, Hotib maca hamdalah, sholawat, wasit taqwa diteraskeun ku du’a.



Pedaran kecap Dina hutbah di luhur loba kecap nu asalna tina basa Arab. 



Hamdalah



: ngucapkeun Alhamdulillahirobbil’alamin







Sholawat



: ngucapkeun Allohummasholli’ala muhammad jst.







Wasiat



: nepikeun ajakan kana jalan kataqwaan







Taqwa



: ngalaksanakeun paréntah Alloh sarta ninggalkeun anu dilarang-Na







Salam



: kasalametan







Dunya



: marcapada tempat hirup urang ayeuna







Aherat



: alam kalanggengan sabada maot







Kaum



: bangsa, umat







Rohimakumulloh



: nu dipikaasih ku Alloh







ma’siat



: pagawéan nu dilarang ku Alloh







elmu



: kanyaho







tolab



: néangan, nyiar élmu







Ustad



: guru







Ikhlas



: nu miharep balesan



PEDARAN Hidep tangtu sering ngaregepkeun cermah atawa hutbah. Komo pikeun lalaki mah da wajib ngalaksanakeun ibadah Jumaah. Salah sahiji bagian tina ibadah Jumaah nyaéta hutbah. Hutbah téh nyaéta pidato atawa biantara anu ditepikeun ku hotib di hareupeun jamaah. Tangtuna urang kudu ngabédakeun antara hutbah jeung biantara. Hutbah mibanda ciri khusus boh ditilik tina eusina, tempatna jeung waktuna. Ditilik tina eusina, hutbah mah husus medar ngeunaan ajakan kana kasalametan dunya jeung ahérat, ngajak éling ka Alloh swt, ogé ngageuing sangkan teu ngagugu kana pangajak syétan. Sarta dipungkas ku du’a atawa paménta ka Alloh sangkan nyumponan sagala kabutuh manusa. Lamun ditilik tina waktuna, hutbah dilaksanakeun dina waktu-waktu nu tangtu, saperti Jumaah, Idul Fitri, Idul Adha, Sanggeus sholat khusuf/khusuf (gerhana), jeung sabada sholat Istisqo (ménta hujan). Husus pikeun jamaah nu ngaregepkeun hutbah, aya larangan nyarita atawa nyarék nyarita ka nu séjén. Ieu hal nu ngabedakeun antara hutbah jeung biantara. Hal séjénna nu ngabédakeunana nyaéta dina hal-hal nu kudu ditepikeun ku hotib (struktur hutbah).



(Tengetan tabél di handap ! ) HUTBAH HUTBAH KAHIJI



BIANTARA Teu dibagi 2 babak



- Ngucapkeun salam (diselang ku adzan)



- Ngucapkeun salam (teu diselang ku adzan)



- Ngucapkeun hamdalah, sholawat, wasiat taqwa,



- Ngucapkeun hamdalah, sholawat



ayat Qur’an (Basa Arab) - Medar eusi



- Medar eusi - Panutup



- Panutup hutbah (Basa Arab) HUTBAH KADUA Bari ngaregepkeun hutbah atawa ceramah, catet ku hidep hal-hal penting tina eusina, jieun kacindekanana. Hal ieu bisa nambah élmu pangaweruh pikeun pibekeleun hidep enggoning hirup di alam dunya sangkan salamet di ahérat.



Materi Pangdeudeul



KECAP SEREPAN Dina hutbah kapanggih kecap-kecap hadirat, illahi, robbi, solawat jeung sohabat. Eta kecap tehe asal muasalna tina basa Arab. Sakur kecap dina basa Sunda nu asalna tina basa deungeun disebut kecap serepan. Lantaran geus dipaké dina kahirupan sapopoé ku urang Sunda, nya urang aku baé jadi milik urang Sunda. Urang paké dina kahirupan sapopoé sarta urang mumulé minangka milik budaya bangsa tur pikeun kabeungharan kecap dina basa Sunda. Sajaba ti serepan tina basa Arab, loba kecap-kecap din basa Sunda nu asalna tina basa séjénna. Geura titénan contona! 1. Asalna tina basa Arab Contona : ahad, hakim, hukum, hayat, elmu, hak, darajat, imam, waktu, jilid 2. Asalna tina basa Cina Contona : tauco, taogé, loténg, locéng, kelenténg, capcay, mie, cengkéh, panggung 3. Asalna tina basa Walanda Contona : semir, selip, emur, baki, béngkél, kartu, kopi, bor, duit, pelesir, selop 4. Asalna tina basa Perancis Contona : presiden, stasion, stadion, halteu 5. Asalna tina basa Potugis Contona : armada, bandéra, lantéra, jandéla, kaméja, ronda, kamer 6. Asalna tina basa Inggris Contona : botol, kiper, suksés, gelas, meter, heden, aut, gul, aktif 7. Asalna tina basa Malayu Contona : korék api, karéta api, méja makan, lomari makan, rumah sakit, korsi goyang



LAMPIRAN 2 LEMBAR KERJA SISWA UJI KOMPETENSI Sabada hutbah, jawab pananya ieu di handap ! 1. Tuliskeun deui bubuka hutbah kalawan lengkep ! ---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------2. Naon kauntungan pikeun jalma nu boga élmu ? ---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------3. Sebutkeun kauntungan pikeun jalma nu diuk di majlis élmu ! ---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------4. Sebutkeun kauntungan pikeun jalma nu ngamalkeun élmu ! ---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------5. Sebutkeun bédana antara hutbah jeung biantara atawa ceramah biasa ! -----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------



-----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------6. Tuliskeun ringkesan eusi hutbah ku basa hidep sorangan ! ------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------7. Tuliskeun léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun ku hotib ti mimiti nepi ka ahir hutbah ! ----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------



UJI KOMPETENSI 1. Tuliskeun kecap-kecap basa Arab séjénna nu aya dina naskah hutbah ! ---------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------2. Jéntrékeun maksud tina éta kecap-kecap nu ku hidep ditulis dina nomer 1 ! ----------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------------



3. Jieun kalimah maké kecap-kecap ieu di handap ! a. élmu



: _____________________________________________________________



b. imam



: _____________________________________________________________



c. sholat



: _____________________________________________________________



d. ibadah



: _____________________________________________________________



e. salamet



: _____________________________________________________________



f.



wasiat



: _____________________________________________________________



g. takwa



: _____________________________________________________________



h. salam



: _____________________________________________________________



i.



dunya



: _____________________________________________________________



j.



ahérat



: _____________________________________________________________



4. Teangan harti/maksud kecap-kecap ieu di handap dina kamus! a. darajat



: _________________________________________________________



b. pelesir



: _________________________________________________________



c. kelenténg



: _________________________________________________________



d. halteu



: _________________________________________________________



e. armada



: _________________________________________________________



f.



: _________________________________________________________



korsi goyang



g. aktif



: _________________________________________________________



h. skénner



: _________________________________________________________



i.



selip



: _________________________________________________________



j.



ajaib



: _________________________________________________________



5. Jieun kalimah tina kecap-kecap ieu di handap ! a. darajat



: _________________________________________________________



b. pelesir



: _________________________________________________________



c. kelenténg



: _________________________________________________________



d. halteu



: _________________________________________________________



e. armada



: _________________________________________________________



f.



: _________________________________________________________



korsi goyang



g. aktif



: _________________________________________________________



h. selip



: _________________________________________________________



i.



: _________________________________________________________



ajaib



PANCEN Regepkeun ceramah tina radio/kasét/TV. a. Judul cermah/hutbah



:



___________________________________________________



b. Nu ceramah



:



___________________________________________________



c. Tingkesan eusi ceramah



:



__________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________



RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP ) Nama Sekolah Mata Pelajaran Kelas/Semester Alokasi Waktu



: SMPN 4 Karangpawitan : Bahasa Sunda : IX / 1 : 2 x 40 Menit



A. Standar Kompetensi Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk menulis surat, teks pidato, hasil wawancara, menulis berita dan karangan ilmiah. B. Kompetensi Dasar Menulis Surat C. Tujuan Pembelajaran Dapat menulis surat dengan bahasa yang santun. Indikator  Dapat mengidentifikasi struktur surat resmi.  Dapat menulis salam surat dengan baik.  Dapat menulis pembukaan surat dengan baik.  Dapat mengutarakan maksud dengan jelas, singkat, dan tepat.  Dapat menulis bagian penutup surat dengan baik.  Dapat menulis surat dengan bahasa yang santun.  Dapat memperbaiki atau menyempurnakan naskah surat. D. Materi Pokok Surat E. Metode Pembelajaran 1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung 3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas F. Kegiatan Pembelajaran Pertemuan 1



Waktu/ Pertemuan 10



Kegiatan Pendahuluan  Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi  Motivasi Kegiatan Inti  Secara seksama siswa meneliti contoh-contoh surat resmi  Bersama-sama menyimak penjelasan guru tentang surat resmi  Bertanya jawab tentang topik yang dipelajari  Bertanya jawab tentang teknik penulisan surat resmi  Berlatih menulis sebuah surat resmi Penutup  Bersama guru, siswa menyimpulkan materi  Postes  Siswa ditugaskan untuk melanjutkan penulisan surat resmi



60



10



G. Alat/ Bahan / Sumber  Contoh surat  Buku pegangan  Majalah  Surat kabar



H. Penilaian Tujuan Pembelajaran



Teknik



Bentuk



Instrumen



Kunci Jawaban



Dapat mengidentifikasi struktur surat resmi.



Lisan/ tulisan



Uraian



Sebutkeun babagian tina wangun eta surat!



Dapat menulis salam surat dengan baik. Dapat menulis pembukaan surat dengan baik. Dapat mengutarakan maksud dengan jelas, singkat, dan tepat. Dapat menulis bagian penutup surat dengan baik. Dapat menulis surat dengan bahasa yang santun. Dapat memperbaiki atau menyempurnakan naskah surat.



Tulisan



Unjuk Kerja Unjuk Kerja Unjuk Kerja



Tulis ku hidep bagian salam tina surat! Tulis ku hidep bagian bubuka tina surat! Tulis ku hidep bagian eusi/maksud tina surat!



Dina lampiran materi Gumantung siswa Gumantung siswa Gumantung siswa



Unjuk Kerja Unjuk Kerja



Tulis ku hidep bagian panutup tina surat! Tulis ku hidep hiji surat anu lengkep kalawan hade!



Gumantung siswa Gumantung siswa



Unjuk Kerja



Benerkeun ku hidep surat nu geus ditulis!



Gumantung siswa



Tulisan Tulisan



Tulisan Tulisan



Tulisan



Mengetahui : Kepala Sekolah



Moch. Rochimat S, S.Pd, M.M NIP. 19670419 199702 1 002



Garut, Juli 2018 Guru Mata Pelajaran



Irma Sri Septiani, S.Pd



LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR



Tengetan conto surat resmi di handap !



ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH O S I S SMP NEGERI 2 PAMEUNGPEUK Alamat: Jl Raya Pameungpeuk-Cisompet KM 3 Telp. (0262) 522132Pameungpeuk – Garut 44175 Pameungpeuk, 10 Juli 2006 Nomer Lampiran Perkawis



Hulu Surat



Titimangsa



: 025/OSIS/U/2006 :: ULEMAN GEMPUNGAN Bubuka



Kahatur Pangurus OSIS SMPN 1 Pameungpeuk Di Pameungpeuk Sinareng hormat. Mayunan taun ajaran 2006/2007 seueur pisan perkawis nu kedah dibadantenkeun ku sadaya pangurus OSIS utamina patali sareng tatahar kanggo ngalaksanakeun Masa Oriantasi Siswa (MOS). Gempungan bade dilaksanakeun : Dinten : Jumaah Kaping : 14 Juli 2006 Waktos : tabuh 08.00 dugi ka 10.00 WIB Tempat : Kampus SMP Negeri 1 Pameungpeuk Ku kituna sim kuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan eta gempungan. Kana samukawis perhatosanana sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun.



Pupuhu,



Hormatna, Sekretaris,



ERMA LASMAWATI



ANI SRIYANI Disaluyuan ku Pembina OSIS



Drs. M. YUSUF SYAEFUDIN NIP. 132 631 272v Tembusan : Kepala SMP Negeri 2 Pameungpeuk



Eusi



Panutup



PEDARAN Hidep kungsi maca surat dines? Tangtu baé kungsi, sabab dina kahirupan sapopoé boh di sakola, di RT/RW, sok ngayakeun rapat. Conto di luhur téh kaasup kana surat dines. Surat dines sok disebut oge surat resmi nyaéta surat anu eusina patali jeung masalah anu dines atawa resmi boh anu dikaluarkeun instansi pamarentah boh ku instansi sejenna. Malah surat anu ditulis ku hiji jalma bisa digolongkeun kana surat dines upama eusina ngeunaan hal anu dines. Ciri dines henteuna hiji surat teu ngan ditangtukeun ku eusina wungkul, tapi ditangtukeun oge ku wangun surat. Struktur surat dines di luhur téh dibagi jadi sababaraha bagian, nyaéta : (a) hulu surat, disebut ogé kop surat anu ngawengku lambang, ngaran organisasi, alamat, nomer telepon, nomor kotak pos, nomer faksimile (mun aya);



ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH O S I S SMP NEGERI 2 PAMEUNGPEUK Alamat: Jl Raya Pameungpeuk-Cisompet KM 3 Telp. (0262) 522132Pameungpeuk – Garut 44175 (b) bubuka, anu ngawengku nomer surat, tanggal, lampiran, hal, alamat, jeung salam bubuka; Nomer Lampiran Perkawis



: 025/OSIS/U/2006 :: ULEMAN GEMPUNGAN



Kahatur Pangurus OSIS SMPN 1 Pameungpeuk Di Pameungpeuk Sinareng hormat. (c) eusi; 1) Bubuka Mayunan taun ajaran 2006/2007 seueur pisan perkawis nu kedah dibadantenkeun ku sadaya pangurus OSIS utamina patali sareng tatahar kanggo ngalaksanakeun Masa Oriantasi Siswa (MOS).



2) Eusi Gempungan bade dilaksanakeun : Dinten : Jumaah Kaping : 14 Juli 2006 Waktos : tabuh 08.00 dugi ka 10.00 WIB Tempat : Kampus SMP Negeri 1 Pameungpeuk Ku kituna sim kuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan eta gempungan.



3) Panutup Kana samukawis perhatosanana sim kuring ngahaturkeun sewu nuhun. (d) panutup, anu ngawengku salam panutup, tanda tangan, ngaran nu nanda tangan surat, kalungguhan, tembusan, jeung inisial. Hormatna, Sekretaris,



Pupuhu, Dian Setiawan



Sri Nurbani Disaluyuan ku Pembina OSIS Asep Dian F., S.Hum NIP. 132 631 272



Tembusan : Kepala SMP Negeri 2 Pameungpeuk



LAMPIRAN 2 LEMBAR KERJA SISWA UJI KOMPETENSI 1 Sabada niténan conto-conto surat dines di luhur, prak hidep nulis hiji surat dines/resmi anu eusina mangrupa ondangan rapat Pramuka dina raraga tatahar kagiatan Perjusami. Hidep salaku ketua Déwan Kerja Penggalang (DKP). ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ........................................................................................................................................................... ...........................................................................................................................................................



RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP ) Nama Sekolah Mata Pelajaran Kelas/Semester Alokasi Waktu



: SMPN 4 Karangpawitan : Bahasa Sunda : IX / 1 : 4 x 40 Menit (2 x Pertemuan)



A.



Standar Kompetensi Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan secara tertulis dalam bentuk menulis surat, teks pidato, hasil wawancara, menulis berita dan karangan ilmiah.



B.



Kompetensi Dasar Menyimak lirik-lirik (rumpaka) lagu-lagu jenis tembang



C.



Tujuan Pembelajaran Siswa dapat memahami ciri-ciri rumpaka tembang dan dapat menganalisis serta menembangkan lirik rumpaka tembang.



Indikator  Dapat memahami ciri-ciri rumpaka tembang.  Dapat menganalisis lirik rumpaka tembang.  Dapat menembangkan lirik rumpaka tembang.  Dapat menceritakan isi rumpaka dalam parafrase.  Dapat menanggapi rumpaka lagu dari berbagai aspek. D.



Materi Pokok Tembang



E.



Metode Pembelajaran 1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung 3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas



F.



Kegiatan Pembelajaran Pertemuan 1-2



Kegiatan Pendahuluan    



Waktu/ Pertemuan 10



Memeriksa kesiapan siswa Apersepsi Motivasi Pretes



Kegiatan Inti  Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang tembang  Secara seksama siswa menyimak tembang yang dilantunkan  Bersama-sama menyimak penuturan temannya tentang tembang yang didengarnya  Dengan bimbingan guru, siswa melantunkan sebuah tembang  Dengan bimbingan guru, siswa bertanya jawab sekitar rumpaka tembang



60



Penutup  Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran  Postes  Siswa ditugaskan menghafalkan sebuah tembang untuk dilantunkan di depan temannya



10



G. Alat/ Bahan / Sumber  Buku pegangan  Tape recorder



H. Penilaian Tujuan Pembelajaran



Teknik



Bentuk



Dapat menganalisis lirik rumpaka tembang.



Lisan/ Tulis



Uraian



Ditilik tina kecap-kecapna, sebutkeun ciri rumpaka tembang!



Dapat menembangkan lirik rumpaka tembang. Dapat menceritakan isi rumpaka dalam parafrase. Dapat menanggapi rumpaka lagu dari berbagai aspek.



Lisan



Unjuk Kerja Uraian



Tembangkeun ku hidep eta rumpaka kalawan hade! Caritakeun ku hidep eusi/maksud tina eta tembang kana wangun paraphrase! 1. Naon bedana tembang jeung kawih ? 2. Saha nu mimiti ngabedakeun antara tembang jeung kawih ? 3. Aya sabaraha jumlah pupuh nu kaasup sekar ageung? Sebutkeun! 4. Pupuh naon bae nu sering dipake patokan dina nyusun rumpaka tembang ? 5. Tembangkeun salasahiji pupuh nu ku hidep kacangkem ! 6. Pupuh naon nu ditembangkeun ku hidep? 7. Jentrekeun eusi eta pupuh nu ditembangkeun ku hidep! 8. Tulis patokan nu dipake dina eta pupuh! 9. Kumaha watek eta pupuh ?



Lisan/ Tulis Lisan/ Tulis



Mengetahui : Kepala Sekolah



Moch. Rochimat S, S.Pd, M.M NIP. 19670419 199702 1 002



Uraian



Instrumen



Kunci Jawaban Dina lampiran materi Gumantung siswa Gumantung siswa Dina lampiran materi



Garut, Juli 2018 Guru Mata Pelajaran



Irma Sri Septiani, S.Pd



LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR Regepkeun /lenyepan tembang ieu di handap ! 1. “Kidung; Payo; Warna-warni; Kunasari” Maké patokan pupuh Kinanti



SINDANGKASIH Wewengkon nu subur ma’mur Nagri raharja tur mukti Nu dagang padasarenang Parapatani sarugih Pajabatna suka bungah Harepan pangeusi nagri Sepi paling hasud suwung Towong rampog taya julig Ais pangampih sarenang Rahayat henang ngahening Tiis ceuli hérang mata Tibra saré tingtrim ati Sindang Kasih dipicatur Majalengka sugih mukti Ngudag harepan kabagjan Na mangsa nu bakal dugi Sadayana pada taqwa Ka Gusti Nu Maha Héman



8–u 8–i 8–a 8–i 8–a 8–i



2. Make patokan pupuh Sinom GUNUNG CIREMAI Mun nyawang ka tebéh wétan Gunung Ciremai ku asri Ngabedega mungguh gagah Matak resep nu ningali Tanda Agungna Gusti Alloh anu Maha Luhung Murba sadaya alam Bumi langit sapangeusi Ka manten-Na kedah muji sadayana



8–a 8–i 8–a 8–i 7–i 8–u 7–a 8–i 12 – a



PEDARAN Mikawanoh Tembang Sunda Nurutkeun Haji Hasan Mustapa, istilah tembang sabenerna lain istilah asli Sunda. Istilah nu aya di Sunda mah nyaéta kawih. Ieu dumasar kana katerangan dina naskah Sunda Siksakanda ng Karesian taun 1518. Istilah tembang téh gelar taun 1962, tina ucapan pujangga Sunda nu jenengan M.A. Salmun. Dina musyawarah Tembang Sunda taun 1962, ngahaja éta istilah téh ditepikeun pikeun kapentingan parapenyiar Bandung sangkan teu nyieun ngaran sora Sunda nu sakahayang hatena dina mangsa siaran. Dina éta musyawarah oge diputuskeun, yén istilah pikeun seni mamaos nyaéta Cianjuran, sedengkeun istilah pikeun seni sora nu sarupa jeung mamaos nu asalna ti daerah sejen saperti Sumedang, Cirebon, Garut, Ciawi jeung nu séjénna disebut Tembang Sunda. Tapi dina kahirupan sapopoé, istilah tembang Sunda téh ngan dipaké pikeun Cianjuran Wungkul. Ieu hal lantaran Cianjuran leuwih produktif tur leuwih dipikawanoh ku masyarakat. Sacara umum aya ciri mandiri dina tembang nyaéta teu miboga birama/metrum/ketukan anu tangtu. Tatang Suryana nétélakeun yen kaendahan jeung irama dina tembang gumantung ka nu nembangkeunanana, boh éksprési, léotan, panjang pondokna randegan boh eur-eurna. Pon kitu mélodi disusun dina wangun improvisasi. Dina dunya tembang, boh di Jawa Tengah, boh di Bali pon kitu di Sunda, nepi ka kiwari masih tuhu kana patokan pupuh. Lamun juru mamaos nganggit teu maké patokan pupuh disebut minculak bisa ogé disebut teu nyaho kana aturan. Di Jawa tengah pupuh nu dipaké patokan lobana aya 51 pola. R. Satjadibrata ngajéntrékeun yén tembang Sunda teh nyaéta ngalagu nurutkeun aturan pupuh Dumasar kana éta wangenan bisa dicindekkeun yén ciri utama tembang nyaéta ngalagu maké rumpaka



pupuh. Opat pola pupuh nu sok digunakeun dina rumpaka tembang, nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula sok disingget KSAD atawa sering disebut istilah sekar ageung. 1. Nu maké patokan pupuh Kinanti Contona : Kidung, Payo, Kunosari, Ceurik Rahwana, jsb. 2. Nu maké patokan pupuh Sinom Contona : Liwung, Cirebonan, jsb. 3. Nu maké patokan pupuh Asmarandana Contona : Wani-wani, Papalayon, Udan Liris, jsb. 4. Nu maké patokan pupuh Dangdanggula Contona : Pancaniti, Bayubud, jsb. Pupuh lianna nu jarang digunakeun dina rumpaka tembang, nyaéta Balakbak, Juru Demung, Durma, Gambuh, Gurisa, Lambang, Maskumambang, Mijil, Ladrang, Pangkur, Pucung, Wirangrong, jeung Magatru. Pupuh nu 13 ieu disebut sekar alit. Watek pupuh nu diberendelkeun di luhur nyaéta :  Asmarandana, watekna silih asih, silih pikacinta, birahi  Balakbak, watekna humor, banyol, pikaseurieun  Dangdanggula, watekna ngagambarkeun kaéndahan, suasana nu pikaresepeun  Durma, watekna ngagmbarkeun rasa ambek, perang, pabentar  Gambuh, watekna tambuh laku, samar polah, bingung teu nyaho nu kudu dipilampah  Gurisa, watekna ngagambarkeun pikaseurieun, banyol, humor, lulucon, heuheureuyan  Juru Demung, watekna ngagambarkeun rasa kaduhung, hanjakal, ngarasa dosa  Kinanti, watekna ngagambarkeun kaayaan prihatin, nalangsa, harepan, nganti-nganti  Lambang, watekna humor ( saperti Gurisa/Balakbak)  Magatru, watekna mangrupa lulucon pikeun selingan dina suasana sedih  Maskumambang, watekna ngagambarkeun suasana sedih, prihatin, cilaka, jempling, kanyeri, sasambat, nalangsa  Mijil, watekna susah, sedih, ( saperti Maskumambang) 



Pangkur, watekna ngagambarkeun nu aya diperjalanan, napsu, siap perang







Pucung, watekna méré atikan, bewara, kagét







Sinom, watekna ngagambarkeun suasana gumbira







Wirangrong, watekna ngagambarkeun wiwirang, naas, rugi



LAMPIRAN 2 LEMBAR KERJA SISWA UJI KOMPETENSI Sabada ngaregepkeun tur nembangkeun rumpaka tembang, eusian ieu patalékan ! 1. Kumaha watek rumpaka tembang nu kahiji ? __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ 2. Eusina nétélakeun naon ? Jéntrékeun ! __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ 3. Watek rumpaka nu kadua kumaha ? __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ 4. Jéntrékeun, eusina nétélakeun ngeunaan naon ? __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ 5. Tembangkeun hiji rumpaka pupuh nu ku hidep kacangking !



RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP ) Nama Sekolah Mata Pelajaran Kelas/Semester Alokasi Waktu



: SMPN 4 Karangpawitan : Bahasa Sunda : IX / 1 : 4 x 40 Menit (2 x Pertemuan)



A. Standar Kompetensi Mampu membaca, memahami, dan menanggapi wacana tulis bentuk atau jenis cerita drama, karangan bahasan, puisi, dan artikel. B. Kompetensi Dasar Membaca puisi karangan sendiri C. Tujuan Pembelajaran Dapat membaca puisi dengan lafal, volume suara, intonasi, dan mimik yang baik serta dapat berimprovisasi dengan wajar. Indikator  Dapat membaca puisi dengan lafal, volume suara, intonasi, dan mimik yang baik.  Dapat berimprovisasi dengan wajar.  Dapat menceritakan proses kreatif penulisan puisi.  Dapat menyempurnakan pembacaan. D. Materi Pokok Puisi E. Metode Pembelajaran 1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung 3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas F. Kegiatan Pembelajaran Pertemuan 1-2



Waktu/ Pertemuan 10



Kegiatan Pendahuluan  Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi  Motivasi Kegiatan Inti  Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik membaca puisi  Dengan bimbingan guru, siswa membacakan puisi karangan sendiri dengan baik  Dengan bimbingan guru, siswa menyampaikan latar belakang ditulisnya puisi tersebut  Dengan bijak siswa menyampaikan tanggapan tentang puisi temannya Penutup  Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran  Postes  Siswa ditugaskan untuk memperbaiki puisi yang telah ditulis sesuai dengan saran dan kritik dari temannya



60



10



G. Alat/ Bahan / Sumber  Buku pegangan  Majalah  Surat kabar



H. Penilaian Tujuan Pembelajaran



Teknik



Bentuk



Instrumen



Kunci Jawaban



Dapat membaca puisi dengan lafal, volume suara, intonasi, dan mimik yang baik. Dapat berimprovisasi dengan wajar. Dapat menceritakan proses kreatif penulisan puisi.



Lisan



Unjuk Kerja



Baca ku hidep eta sajak kalawan hade!



Gumantung siswa



Lisan



Unjuk Kerja Uraian



Gumantung siswa



Dapat menyempurnakan pembacaan.



Lisan



Baca ku hidep eta sajak kalawan hade! Cing caritakeun, naon alesanana pangna hidep/panyajak nulis eta sajak? Baca ku hidep eta sajak kalawan hade!



Lisan/ Tulisan



Mengetahui : Kepala Sekolah



Moch. Rochimat S, S.Pd, M.M NIP. 19670419 199702 1 002



Unjuk Kerja



Gumantung siswa



Gumantung siswa



Garut, Juli 2018 Guru Mata Pelajaran



Irma Sri Septiani, S.Pd



LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR Ieu di handap puisi karangan babaturan hidep, geura baca ! 1.



AL-QUR’AN Qur’an firman Pangéran Dilungsurkeun sasih Ramadhan Eusina pituduh jeung pangajaran Pikeun ngajak kana kaimanan jeung kasabaran Ayat nu suci tur mulya Jadi saksi umat manusa Di saantero alam marcapada Nu ngagimbung pinuh ku dosa Bukti sareng jangji Pangéran Kaunggel dina ayat-ayat Al-Qur’an Sanés jangji nu tacan kaciri Tapi pakta anu tétéla nyata Al-Qur’an salah sahiji cara Sangkan manusa ngajauhan tina dosa Lamun yakin kana eusina Pinasti jadi ahli sawarga ( Nurhalimah, kelas VIII A SMPN 1 Pameungpeuk)



Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta hayang méré gambaran ka sakabéh umat Islam sangkan yakin kana eusi tur kaagungan Al-Qur’an. Harepan tumuwuh kareueus jeung karesep kana maca sarta ngamalkeun eusina. 2.



GURU Salira ngawulangkeun sagala hal Salira ngadidik abdi nepi ka ngarti Salira teu kantos ngarep-ngarep imbalan Salira teh pahlawan tanpa tanda jasa Abdi sadar, mindeng nyusahkeun Salira Abdi terang, Salira teh capé ngawulang Abdi ngarasa, Salira henteu putus asa Abdi yakin, Salira ngatik tanpa pamrih Mung ka Gusti abdi neneda Supados ngaganjar kana jasa-jasa Salira.



Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta ngagambarkeun rasa rumasa hiji murid nu geus diatik dididik ku guruna kalawan tanpa pamrih. 3.



BULAN Mangsa beurang diganti ku peuting Bulan mimiti nembongan datang Cahyana caang gumilang Nyingraykeun poékna peuting Duh, bulan Matak waas disawangna Sinar anjeun hurung mancur Nyaangan jagat buana Duh, bulan Anjeun éndah tanpa tanding Mapaes ngéntépna béntang



Nu baganti ting kariceup tingkaretip ( Susi Novia, kelas VIII A SMPN 1 Pameungpeuk ) Kasang tukang ditulisna éta sajak téh nyaéta ngagambarkeun pangalamanana dina mangsa peuting keur meujeuhna caang ku bulan purnama.



4.



PANASNA DUNYA Panon anteb neuteup Nangkeup dada bari nyanghareup Ka langit nu angkeub Haté pinuh ku kaceuceub Ceuceub ku nyongkabna dunya Panas ku héabna dunya Dunya nu mawa cilaka Matak poho ka baraya Dunya dipaké adigung Dunya dipaké kumalungkung Loba nu lat ka Maha Agung Tungtungna jadi kaduhung Gering nangtung ngalanglayung ‘Na sanubari nguyungkung Mikiran dunya taya tungtung Antukna kalah ka linglung ( Erma Lasmawati, kelas IX A SMPN 1 Pameungpeuk )



Nu ngarang ieu sajak hayang ngébréhkeun balukar tina dunya. Mun manusa geus kalimpudan ku hawa dunya hirupna pasti sangsara. Dunya kudu disiar, tapi hirup ulah katungkul ku dunya. PEDARAN Di kelas VII atawa VIII hidep oge kungsi diajar ngarang sajak. Geura ilikan deui éta sajak karya hidep téh. Sanggeus kapaham eusina, baca ku hidep di hareupeun babaturan. Pasti reueus geura. Maca sajak tangtu béda jeung maca karangan wangun lancaran (prosa) atawa maca karangan wangun drama. Tapi, sacara umum mah sarua, nyaéta kudu bener ngucapkeunnana, jéntré henteuna sora nu dikedalkeun, kendor tarikna sora (lentong), jeung robahna paroman. Sajaba ti éta, sangkan leuwih alus dina maca puisi bisa improvisasi (ditambah ku kréatifitas sorangan, upamana maké gaya, gerak, jeung sajabana). MATERI PANGDEUDEUL GAYA BASA Titenan deui sajak di luhur! Dina éta sajak aya kalimah: 1. Bulan mimiti némbongan deui. 2. panonpoé nyingraykeun poékna peuting. Dua conto kalimah di luhur téh kaasup kana kalimah nu ditulis ngagunakeun gaya basa Mijalma (personifikasi). Naon sababna? Pangna disebut kitu lantaran dina éta kalimah nu migawe pagawéan ( némbongan jeung nyingraykeun ) téh lain jalma, tapi bulan jeung panonpoé. Sakur barang anu pagawéanana diibaratkeun kana pagawéan jalma disebut mijalma. Conto séjénna upamana baé : daun kalapa gugupay, sora suling ngabangingik, jeung sajabana.



Dina omongan atawa obrolan sapopoé sering kapanggih nu ngagunakeun gaya basa. Di antarana baé aya nu ngagunakeun gaya basa rarahulan, rautan, ngasor, sindir, jeung réa-réa deui. 1. Gaya basa rarahulan, nyaéta gayabasa anu eusi kalimahna rahul, gedebul, kaleuleuwihi. Padahal kajadian nu sabenerna mah teu kitu-kitu teuing. Contona : a. Saantéro eusi jagat bakal surti. b. Manéhna ngajerit maratan langit basa bapana maot. 2. Gaya basa rautan, nyaéta gaya basa nu eusi kalimahna miboga tujuan sangkan nu diajak nyarita teu ngarasa nyeri haté, lantaran kecapna dina éta kalimah geus diraut. Contona : a. Hapunten, putra ibu téh kirang dina matematika téh. b. Punten, pangnungtunkeun Pun Aki, tos kirang titingalanana. 3. Gaya basa ngasor, nyaéta gaya basa anu eusina ngalaipkeun diri, handap asor, dépé-dépé. Ucapanana teu adigung asa aing uyah kidul. Cindekna teu némbongkeun yén dirina leuwih alus, leuwih beunghar, leuwih pinter, leuwih sagalana batan nu séjén. Contona : a. Ah, saung abdi mah ukur saageung pelok. b. Abdi mah ngaos téh masih diajar alip-alipan kénéh. 4. Gaya basa sindir, nyaéta gaya basa nu eusina nepikeun hiji perkara tapi malibir teu togmol. Cukup ku mangrupa sindir ogé jalma nu diajak nyarita bakal terus rasa, surti kana maksudna. Contona : a. Pantes rék dipikangéwa oge da manéh mah gedé hulu. b. Paingan loba kukupu, sihoreng di dieu téh aya malati nu sumedeng mekar..



LAMPIRAN 2 LEMBAR KERJA SISWA UJI KOMPETENSI 1 1. Tuliskeun deui ku hidep sajak nu kungsi dijieun ! __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ 2. Caritakeun, naon nu jadi kasang tukang / sababna / alesanana pangna hidep nulis éta sajak? __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ 3. Cing baca di hareup éta sajak karangan hidep téh kalawan hadé !



Teangan hartina/maksudna/sasaruaan kecapna dina kamus ! Tina Sajak 1 1. saantéro



hartina



________________________________________________________



2. marcapada



hartina



________________________________________________________



3. ngagimbung hartina



________________________________________________________



4. kaunggel



hartina



________________________________________________________



5. pinasti



hartina



________________________________________________________



6. imbalan



hartina



________________________________________________________



7. ngatik



hartina



________________________________________________________



8. pamrih



hartina



________________________________________________________



hartina



________________________________________________________



10. nyingraykeun hartina



______________________________________________________



Tina sajak 2



Tina sajak 3 9. gumilang



11. disawang



hartina



________________________________________________________



12. mapaés



hartina



________________________________________________________



Tina sajak 4 13. kumalungkung hartina 14. sanubari



_____________________________________________________



hartina



________________________________________________________



15. nguyungkung hartina



____________________________________________________



Téangan conto kalimah séjénna nu maké gaya basa ieu di handap! 1. mijalma a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ c. _______________________________________________________________________ d. _______________________________________________________________________ e. _______________________________________________________________________ 2. rarahulan a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ c. _______________________________________________________________________ d. _______________________________________________________________________ e. _______________________________________________________________________ 3. rautan a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ c. _______________________________________________________________________ d. _______________________________________________________________________ e. _______________________________________________________________________ 4. ngasor a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ c. _______________________________________________________________________ d. _______________________________________________________________________ e. _______________________________________________________________________ 5. sindir a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ c. _______________________________________________________________________ d. _______________________________________________________________________ e. _______________________________________________________________________



RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP ) Nama Sekolah Mata Pelajaran Kelas/Semester Alokasi Waktu



: SMPN 4 Karangpawitan : Bahasa Sunda : IX / 1 : 4 x 40 Menit (2 x Pertemuan)



A.



Standar Kompetensi Mampu membaca, memahami, dan menanggapi wacana tulis bentuk atau jenis cerita drama, karangan bahasan, puisi, dan artikel.



B.



Kompetensi Dasar Membaca wacana dialog cerita drama



C.



Tujuan Pembelajaran Siswa dapat membaca cerita drama dengan lafal, volume suara, dan intonasi berdialog (antartokoh) dengan baik.



Indikator  Dapat membaca cerita drama dengan lafal, volume suara, dan intonasi berdialog (antartokoh) dengan baik.  Dapat menampilkan pembacaan dengan baik.  Dapat berimprovisasi dalam pembacaan  Dapat menanggapi berbagai aspek cerita drama.  Dapat menyempurnakan pembacaan. D.



Materi Pokok Drama



E.



Metode Pembelajaran 1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung 3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas



F.



Kegiatan Pembelajaran Pertemuan 1-2



Kegiatan Pendahuluan  Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi  Motivasi Kegiatan Inti  Siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik membaca naskah drama  Tiga orang siswa membacakan penggalan naskah drama yang disediakan oleh guru  Bersama-sama menyimak penggalan drama yang dibacakan/diperdengarkan  Bertanya jawab tentang topik drama yang disimak  Bertanya jawab tentang isi dan unsur-unsur drama Penutup  Bersama guru, siswa menyimpulkan isi drama  Siswa ditugaskan untuk membuat kelompok sebanyak 4 orang, kemudian selama satu minggu menulis sebuah drama sederhana untuk dibacakan pada pertemuan selanjutnya.



G. Alat/ Bahan / Sumber  Penggalan naskah drama  Buku pegangan  Majalah



Waktu/ Pertemuan 10



60



10



H. Penilaian Tujuan Pembelajaran



Teknik



Bentuk



Dapat membaca cerita drama dengan lafal, volume suara, dan intonasi berdialog (antartokoh) dengan baik. Dapat berimprovisasi dalam pembacaan



Lisan



Unjuk Kerja



Baca ku hidep naskah drama kalawan hade!



Lisan



Unjuk Kerja



Dapat menanggapi berbagai aspek cerita drama.



Lisan/ Tulisan



Uraian



Dapat menyempurnakan pembacaan.



Lisan



Unjuk Kerja



Baca sarta ragakeun ku hidep naskah drama kalawan make improvisasi nu hade! 1. Sebutkeun ciri naskah drama ! 2. Sebutkeun unsur-unsur drama ? 3. Naskah drama dibagi tilu bagian, sebutkeun ! 4. Bacakeun hiji kalimah tina eta naskah make lentong anu merenah! Baca deui ku hidep naskah drama kalawan hade!



Mengetahui : Kepala Sekolah



Moch. Rochimat S, S.Pd, M.M NIP. 19670419 199702 1 002



Instrumen



Kunci Jawaban Gumantung siswa



Gumantung siswa Dina lampiran materi



Gumantung siswa



Garut, Juli 2018 Guru Mata Pelajaran



Irma Sri Septiani, S.Pd



LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR Baca sempalan drama komédi (bobodoran) di handap kalawan bener lentongna, luyu jeung pituduh guru !



HAJAT Isuk-isuk Juragan pameget sareng juragan istri karalang-kuriling, teu daék cicing bangun bingung. :



Juragan Istri



“ Tah… meungpeung teu acan aya tamu, meungpeung rineh, ibu hoyong



sasanggem ka Apa!” Juragan pameget



: “ Nyarita naon? Rék naon ? Aya naon, Bu? Naon ieu teh, naon ?”



Juragan Istri



: “ Ké..ké ..ké..Bapa, tenang heula..tenang! Yeuh Bapa urang téh pan nuju hajat, Cik atuh, Pa.. sing gumbira, sing cénghar! Ieu mah ditingali-tingali ku Ibu ti tatadi ngan baeu..d baé ambek-ambekan! Ku naon, Pa, cik.. ku naon? Aya naon ? Naon atuh”



Juragan pameget



: “ Tenang atuh, Bu! Rék teu ambek-ambekan kumaha, geus pugur rék hajat, der, suku kacugak ku paku. ?”



Juragan Istri



: “ Teu kedah ambek-ambekan atuh, Pa,kedahna mah Bapa téh ngaraos syukur kacugakna téh ku paku, cobi upami kacugakna ku linggis, badé kumaha ?!”



Juragan pameget



: “ Eu.. kamana wae Ibu mah nyarita téh!”



Juragan Istri



: “ Atuda lepat, Apa mah, tos terang badé hajat, der ieu mah riweuh ngoprék kandang domba! Pakuna pabalatak, pan janten kacugak!”



Juragan pameget



: “ Ngoméan kandang domba sotéh , pedah panto kandangna rék lésot! Teu



dioméan mah paur atuh, Bu, kuma lamun keur parasmanan domba laleupas! Pan riweuh, atuh! Mangkaning domba adu wungkul, kuma lamun domba diadu jeung sémah?” Juragan Istri



: “ Bapa mah upami diajak nyarios téh sok teu puguh, Ibu mah lieur!”



Juragan pameget



: “ Atuda enya, eu..keur mah suku kacugak, jol deui piambekeun séjén!”



Juragan Istri



: “ A..ya naon deui, Bapa..?”



Juragan pameget



: “ Tingal ku Ibu!… (némbongkeun surat ondangan) Tah, surat ondangan! Gara-gara si Kudin, jelema atah adol, di sadunya gé moal aya jelema ceuleupeung siga si Kudin, ka mana deui ayeuna jelemana? Udin!…Udin!.. Udin..!” (ngagorowok tarik)



Juragan Istri



:



“ Pa, teu kedah gogorowokan nyauran Si Udin mah! Lalaunan wé! Udin ! (lalaunan)”



Udin



: “ Kulan ! (tarik)



Juragan Istri



: “ Nya, saur abdi ogé!”



Udin



: “ Badé aya naon, Juragan?



Juragan pameget



:



“ Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku déwék, di mana silaing nyieun ondangan ieu ? ”



Udin



: “ Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi.”



Juragan pameget



: “ Terus nanaonan, di..na surat ondangan, ngaran déwék tukangna maké ésha (SH)? Pan silaing gé nyaho, déwék mah lain sarjana hukum! Era ..deuleu ku batur!”



Udin



: “ Emm…Ieu mah kieu, Gan, basa abdi ka Si Tek An, di ditu tos aya jalmi duaan, sami badé ngadaramel serat uleman, tah duanana ogé, anu garaduh hajatna gé



ngaranggo SH, kitu! .. Kitu, Gan!.. Tah..eu.. abdi gé nurutan wé! Jenengan Juragan dipengkerna nganggo SH, da émutan abdi mah, SH téh pasti singketan tina Sohibul Hajat! Juragan pameget



: “ Nya…! Si éta mah kitu da, dasar jelema celeupeung Si Kudin mah!”



Juragan Istri



: “ Na.. ari maneh..atuh Kudin…aya-aya..waé!”



Juragan pameget



: “ Terus nanaonan, ieu, ngaran dewek suminta, kunaon euy di hareupna teu maké R.. Raden Suminta kituh!” :



Juragan Istri



“ Lah..atuh, Pa, sawios teu nganggo R ogé, teu aya sahurup mah moal aya pangaruhna!”



Juragan pameget



:



(langsung nempas)“Is..ceuk saha? Bu, ceuk saha euweuh pangaruhna? Leungit sahurup gé béda harti atuh ! Geura wé..ucing, leungitkeun hurup G- na, jadi ucin! Jelas beda atuh! Ari ucing mah sato, ari si Ucin mah tukang cukur! Maenya aya Ucin dahar beurit? Teu kira-kira, dimana aya tukang cukur dahar beurit? ”



: “ Teras, Bandung Gan, teu aya hurup G-na, janten Bandun, Bandun kota kemban,



Udin



pan ngalaguna ge hoyong seuri, Gan!” Juragan pameget



: “ Montong ngabodor, siah! Lieur ka aingna gé!”



Juragan Istri



: “ Geura..wé, ucing, upami teu aya hurup G-na janten ucin!”



Juragan pameget



: (némpas) “Eta mah bodoran Bapa, bieu! Asa lalieur aing mah!”



II.



PANGAWERUH DRAMA



Drama dina istilah sunda sok disebut sandiwara atawa pintonan anu ngawengku adegan-adegan jeung obrolan antara pamaénna. Ulikan dina pangajaran basa jeung sastra Sunda ngeunaan drama teu ngutamakeun ngeunaan naskah wungkul, tapi ogé ngulik kumaha prakprakan mintonkeun drama luyu jeung naskah nu aya. Upama niténan naskah drama, ku hidep bakal kapanggih aya sababaraha hal nu patali jeung eta eusi naskah. 1. Aya nu disebut prolog, nyaéta gambaran ti pangarang naskah ngeunaan kaayaan atawa paripolah palaku. Tujuanana sangkan nu maca atawa nu rék merankeun éta drama bisa neuleuman maksudna. Contona: 1) Isuk-isuk Juragan pameget sareng juragan istri karalang-kuriling, teu daék cicing bangun bingung. 2)



Di tengah imah Si Sabar jeung indungna keur uplek ngobrol ngalér ngidul bari



nyanghareupan cai entéh nu masih kénéh ngebul. Lalawuhna kulub sampeu anu kakara meunang nyait tina aseupan. Si Sabar diuk bangun ajrih nyanghareupan indungna anu ngagelendut baé mapatahan ka manehna. 2. Aya nu disebut dialog, nyaéta obrolan antara hiji palaku jeung palaku séjénna. 3. Aya nu disebut epilog, nyaéta panutup catur ti pangarang. Contona:



Lantaran Si Sabar budak nu soléh tur taat kana piwuruk indung, nya ti harita manehna jeung indungna tetep renggenek di karajaan. Indungna dipercaya pikeun mingpin paraemban, atuh Si Sabar diangkat darajatna jadi minantu raja.



Maca naskah drama béda jeung maca karya sastra séjénna saperti sajak, carpon atawa dongéng. Saméméh maca drama kalawan bedas, hidep kudu maca jero haté heula. Gunana pikeun nangtukeun lentong jeung gaya dina maca. Sajaba ti éta ogé pikeun niténan bisi aya kecap anyar nu can nyaho hartina. Lentong dina maca naskah drama kacida lengkepna. Upamana baé aya lentong kalimah pananya, lentong kalimah panyeluk, jeung lentong kalimah wawaran. Dina sempalan naskah drama di luhur aya sababaraha conto kalimah wawaran, kalimah panyeluk jeung kalimah pananya. Titénan ku hidep tuluy pok baca sing bedas kalawan bener lentongna ! 1. “ Udin! Silaing dititah nyieun ondangan ku déwék, di mana silaing nyieun ondangan ieu ? ” 2. “ Di Si Ték An, Gan.. réréncangan abdi.” 3. “ Terus nanaonan, di..na surat ondangan, ngaran déwék tukangna maké ésha (SH)? Pan silaing gé nyaho, déwék mah lain sarjana hukum! Era ..deuleu ku batur!” 4. “ Na.. ari manéh..atuh Kudin…aya-aya..waé!”



LAMPIRAN 2 LEMBAR KERJA SISWA III.



UJI KOMPETENSI



Sabada niténan conto sempalan naskah drama di luhur, cing jieun ku hidep naskah drama singket. Sing ngaguluyur saperti conto naskah drama di luhur! Eusina bisa nyaritakeun kajadian di sakola. 1. ..................................................................................................................................................... 2. ..................................................................................................................................................... 3. ..................................................................................................................................................... 4. ..................................................................................................................................................... 5. ..................................................................................................................................................... 6. ..................................................................................................................................................... 7. ..................................................................................................................................................... 8. ..................................................................................................................................................... 9.



....................................................................................................................................................



10. .....................................................................................................................................................



RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP ) Nama Sekolah Mata Pelajaran Kelas/Semester Alokasi Waktu



: SMPN 4 Karangpawitan : Bahasa Sunda : IX / 1 : 4 x 40 Menit (2 x Pertemuan)



A.



Standar Kompetensi Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara lisan dalam bentuk mengemukakan kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, bercerita tentang cerita pendek, musikalisasi puisi.



B.



Kompetensi Dasar Bermain peran berdasarkan naskah drama



C.



Tujuan Pembelajaran Siswa dapat mengucapkan kalimat-kalimat dialog dengan lafal, volume suara, dan intonasi yang tepat sesuai dengan perwatakan tokoh dan situasinya.disertai peragaan gerak, mimik, dan improvisasi yang tepat.



Indikator  Dapat mengucapkan kalimat-kalimat dialog dengan lafal, volume suara, dan intonasi yang tepat sesuai dengan perwatakan tokoh dan situasinya.  Dapat mengucapkan kalimat-kalimat dialog disertai peragaan gerak, mimik, dan improvisasi yang tepat.  Dapat memperbaiki dan menyempurnakan permainan peran. D.



Materi Pokok Drama



E.



Metode Pembelajaran 1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung 3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas



F.



Kegiatan Pembelajaran Pertemuan



Kegiatan Pendahuluan  Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi  Motivasi  Pretes Kegiatan Inti  Secara bergantian siswa bermain peran berdasarkan naskah drama yang telah disusunnya secara kelompok  Bersama-sama menyimak dengan seksama drama yang sedang diperankan  Menanggapi penampilan tiap kelompok  Bertanya jawab tentang teknik bermain peran yang baik setelah memperhatikan penampilan tiap kelompok. Penutup  Bersama guru, siswa menyimpulkan materi pelajaran  Siswa ditugaskan untuk menyimak sinetron / drama pada TV, atau media elektronik serta memperhatikan teknik penjiwaan dalam bermain peran.



G. Alat/ Bahan / Sumber  Naskah drama  Buku pegangan  Media elektronik



Waktu/ Pertemuan 10



60



10



H. Penilaian Tujuan Pembelajaran Dapat mengucapkan kalimat-kalimat dialog dengan lafal, volume suara, dan intonasi yang tepat sesuai dengan perwatakan tokoh dan situasinya. Dapat mengucapkan kalimat-kalimat dialog disertai peragaan gerak, mimik, dan improvisasi yang tepat. Dapat memperbaiki dan menyempurnakan permainan peran.



Teknik



Bentuk



Lisan



Unjuk Kerja



Ucapkeun ku hidep guneman dina eta naskah drama kalawan bener!



Lisan



Unjuk Kerja



Ucapkeun ku hidep guneman dina eta naskah drama kalawan bener dibarung ku rengkak jeung paroman nu luyu!



Gumantung siswa



Lisan



Unjuk Kerja



Ucapkeun deui ku hidep guneman dina eta naskah drama kalawan bener!



Gumantung siswa



Mengetahui : Kepala Sekolah



Moch. Rochimat S, S.Pd, M.M NIP. 19670419 199702 1 002



Instrumen



Kunci Jawaban Gumantung siswa



Garut, Juli 2018 Guru Mata Pelajaran



Irma Sri Septiani, S.Pd



LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR KONGKORONG WASIAT BABAK 1 Peuting ngagayuh ka subuh. Di jero kamar, Sari keur gulinggasahan. Torojol bapana datang bari ngahudangkeun Sari. Lampu jeung sora kacapi suling pamirig bubuka mawa Sari ka alam impian. Sakabéh kajadian dina babak kahiji aya dina alam impian Sari.



Bapa



: “ Sariii... sariii.... gugah Nok, ieu Bapa datang!”



Sari



: (hudang, diuk, gigisik kana panon olohok bengong bari neuteup ka bapana) “ Bapaaa! Leres ieu téh Bapa? Apan Bapa mah tos pupus?”



Bapa



: “ Enya, Sari ieu téh Bapa! Bapa téh geus maot, tapi hayang ngalongok hidep, sabab ningali hidep siga keur nandangan tunggara. Bapa hayang ngabungahkeun haté hidep. Ku naon hidep téh, Sari?”



Sari



: “ Bapa badé ngagumbirakeun abdi? Nya tiasa kitu Bapa nyumponan sadaya kahoyong Sari ?”



Bapa



: “ Enya, Sari, Bapa bakal nyumponan sakabéh kahayang hidep.” (Bapana ngaluarkeun hiji kongkorong). Ieu kongkorong tarima ku hidep. Ieu kongkorong bisa jadi cukang lantaran pikeun nyumponan sagala kahayang hidep. Upama hidep boga kabutuh pék geura menta kana ieu kongkorong, tangtu bakal laksana sakahayang hidep. (Bapana masrahkeun kongkorong, ku Sari ditampanan kalawan hate nu pinuh ku kabungah).



Sari



: “ Hatur nuhun Bapa, Sari bingaaah pisan!”



Bapa



: “ Sari, pirengkeun papatah Bapa! Ieu kongkorong téh teu meunang ditémbongkeun ka sasaha , ogé teu meunang nyaritakeun kaajaiban ieu kongkorong!”



Sari



: “ Sumuhun, Bapa, Sari bakal ngéstokeun kana piwejang ti Bapa!”



Bapa



: “ Pék ayeuna mah geura bobo! Bapa rék mulang deui!” (Sari nyimpen kongkorong dina handapeun bantal tuluy saré. Bapana memener simbut Sari bari ngusapan buuk Sari.) “Atiati nya Sari, kadé ulah hilap kana amanat Bapa. Bapa rék miang ayeuna!” (reup Sari saré bangun nu tibra pisan. Sora kacapi suling dibarengan ku kongkorongok hayam, sada manuk récét tanda geus isuk. Sari hudang mukakeun jandéla kamarna)



Sari



: (Sari nempoan kaayaan di luar) “ Aduh geus beurang geuning, kudu buru-buru mandi sieun kabeurangan sakola! (Sari balik deui kana dipan, tuluy nilepan simbut. Haténa ujug-ujug inget kana kongkorong wasiat) Aéh tadi asa boga kongkorong paméré ti Bapa. Di mana karah, nya ?” (Sari néangan kongkorong, rumpu-rampa kana beuheung, kana saku, ras inget asa disimpen handapeun bantal) “Aééh, asana téh di handapeun bantal.” (Simbut dialungkeun kana dipan, tuluy ngagésérkeun bantal) “Taah, enya geuning ieu kongkorong téh!” (tuluy dicokot, diulak-ilik, séréngéh Sari seuri sorangan) “Saur Bapa, aing bakal boga naon baé sakur nu dipikahayang! Anéh kawas dina dongéng baé. Upami leres téh aduuuh, bagja pisan!” (Kongkorong diantelkeun kana dada) “Sugan bener, rék ménta baju aluuus ah!” (Sari turun tina dipan, tuluy andiprek di handap bari meureumkeun panonna. Leungeunna namprak kawas keur ngado’a) “Héy, kongkorong wasiat, kuring hayang ...” (Panto kamar aya nu ngagedor. Sari teu tulus rék ménta baju alus téh )



Ema Sari



: “ Sari... Sariii.., hudang nyai, geus beurang ieu téh! Moal solat subuh kitu?” : “ Saur bapa, ulah bébéja ka sasaha ngeunaan ieu kongkorong. Ah engké deui baé rék ménta baju alus téh !” (Sari nyakuan kongkorong bari api-api nilepan simbut)



Ema



: (gegedo deui...) “ Sariii...!” (Ema lebet ka kamar) “Aéh, geuning geus hudang! Ku naon bet teu némbalan digero-gero téh?” : (Api-api nilepan simbut, bari arapap-eureupeup) “ Euh... euh... aéh... emh, éta Ma, Sari nuju



Sari



eu....euh.. bébérés!” Ema



: “ Tapi naha atuh teu ngajawab, digegero téh!”



Sari



: “ Teu ku nanaon, Ma, panginten eu..euh... asa teu kapireng. Sareng ieu Sari téh nuju mendak kabingah!”



Ema



: “ Meunang kabungah! Kabungah naon téa?”



Sari



: “ Leres, Ema, Sari téh sakedap deui bakal nampi hadiah acuk saé!”



Ema



: (Beuki heraneun baé) “ Hadiiiaah! Hadiah ti mana horéng éta téh? Henteu keur ngalindur mah Sari téh?” : “ Henteu Ema, Sari mah teu ngalindur. Leres-leres tos gugah. Tuh tingali! (Sari nyiwit



Sari



leungeunna) Aduuuh nyeriii...!” Ema



: “ Lamun enya geus hudang, cing pok bébéja ka Ema! Ti mana bakal meunang baju alus téh, Sari ?”



Sari



: “ Ema wios teu percanten ka Sari! Tapi Sari mah yakin, sakedap deui ogé Sari bakal gaduh acuk anu saééé...pisan!”



........................................................................................................................................................... (Disundakeun tina Kalung Ajaib: Sudibyanto 2001)



Drama sok dipentaskeun di luhur panggung. Drama aya nu pondok aya ogé nu panjang. Nu pondok cukup dijieun sababak, sedengkeun nu panjang mah dibagi jadi sababaraha babak. Ditilik tina warnana, drama aya sababaraha rupa. 1. Drama Tragédi, galur caritana ngagambarkeun katunggaraan, kasedih, kaprihatinan palaku. 2. Drama Komédi, midangkeun lalakon pinuh ku kagumbiraan, karasa hégar, pinuh ku banyol. Upamana baé : Karnadi Bandar Bangkong, Si Kabayan, Ciung Wanara, jeung sajabana. 3. Drama Tragedi Komédi, galur caritana teu ngan wungkul pikasediheun, tapi direumbeuy ku komédi. Upamana baé: lalakon Nyai Dasimah, Lutung Kasarung, jeung sajabana. Ieu di handap aya sempalan drama “Kongkorong Wasiat”. Ayeuna hidep nyieun kelompok, lobana tiluan. Bagi pancén, masing-masing maca omongan palaku. Tuluy baca jero haté, geus paham kana eusina, bacakeun ku hidep tiluan dumasar kana pancén masing-masing.



MATERI PANGDEUDEUL Kecap Rundayan



Titenan deui naskah drama di luhur! Dina éta naskah aya kecap ngagayuh, pamirig, digegero, jeung sajabana. Kecap ngagayuh asalna tina kecap gayuh maké rarangkén hareup nga-, kecap pamiring asalna tina kecap pirig maké rarangkén hareup pa-, kecap digegero asalna tina kecap gegero maké rarangkén hareup di-. Sakur kecap nu geus nu geus dirobah ku cara ngararangkénan disebut kecap rundayan. Bisi hidep poho, dumasar kana cara ngalarapkeunana, rarangkén dibagi jadi sababarah rupa, nyaeta: 1. Rarangkén hareup



(B.Ind.: awalan/prefiks)



: di-, ka-, sa-, si-, ti-, ting-, ba-, jsbté.



2. Rarangkén tengah



(B.Ind.: sisipan/infiks)



: -um-, -ar-, -in-, -al-



3. Rarangkén tukang



(B.Ind.: akhiran/sufiks)



: -an, -eun, -keun, -na



4. Rarangkén barung



(B.Ind.: gabung/konfiks)



: di-keun, Nasal – keun, jsbté.



LAMPIRAN 2 LEMBAR KERJA SISWA



UJI KOMPETENSI Sangkan leuwih paham kana eusi naskah drama di luhur, jawab sakur pananya di handap! 1. Saha baé palaku dina naskah drama “Kongkorong wasiat”? __________________________________________________________________________ 2. Tataan latar tempat anu kacarita dina éta naskah drama? __________________________________________________________________________ 3. Wayah kumaha lumangsungna éta kajadian? __________________________________________________________________________ 4. Dibéré naon, Sari ku bapana? __________________________________________________________________________ 5. Naon hasiat éta kalung wasiat? __________________________________________________________________________



6. Naon sababna Sari percaya pisan kana hasiat éta kalung wasiat? __________________________________________________________________________ 7. Amanat naon nu ditepikeun ku bapana Sari? __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ 8. Naon amanat anu hayang ditepikeun ku pangarang naskah éta drama? __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ 9. Kumaha pamanggih hidep kana kajadian ngeunaan bapana Sari nu geus maot bisa nepungan sarta ngobrol jeung nu hirup kénéh? __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ 10. Kumaha ceuk hukum agama lamun hiji jalma barangpénta ka salian ti Alloh? __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________



Titénan sakur kecap nu aya dina naskah drama Kongkorong Wasiat! Tuluy cirian nu kaasup kana kecap rundayan. Prak ku hidep tuliskeun dina tabél ieu di handap! Dina kolom nu teu aya contona dina naskah, eusian ku hidep ku conto meunang mikir hidep!



No.



Rarangken



Kecap rundayan



Kecap Asal



1.



nga-



_____________________________ _____________________________



2.



ny-



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



di-



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



4.



ka-



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



5.



pi-



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



6.



-an



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



7.



-keun



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



di – keun



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



9.



nasal - keun



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



10.



-ar-



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



11.



-al-



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



12.



-um-



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



-in-



_____________________________ _____________________________



________________________ ________________________



3.



8.



13.



________________________ ________________________



Jieun kalimah tina kecap rundayan ieu di handap! 1. katincak __________________________________________________________________________ 2. dibawa __________________________________________________________________________ 3. sarébu __________________________________________________________________________ 4. tibalik __________________________________________________________________________



5. marandi __________________________________________________________________________ 6. lalieur __________________________________________________________________________ 7. gumantung __________________________________________________________________________ 8. pamanggih __________________________________________________________________________ 9. dialungkeun __________________________________________________________________________ 10. pangmeulikeun __________________________________________________________________________



RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP ) Nama Sekolah Mata Pelajaran Kelas/Semester Alokasi Waktu



: SMPN 4 Karangpawitan : Bahasa Sunda : IX / 1 : 4 x 40 Menit (2 x Pertemuan)



A. Standar Kompetensi Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara lisan dalam bentuk mengemukakan kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, bercerita tentang cerita pendek, musikalisasi puisi. B. Kompetensi Dasar Mengkritik berbagai karya ( seni atau produk) C. Tujuan Pembelajaran Siswa dapat mengemukakan tanggapan (respon) spontan, kelebihan-kelebihan kualitas sebuah karya seni serta dapat mengemukakan kritik dengan bahasa dan cara-cara yang santun. Indikator  Dapat mengemukakan tanggapan (respon) spontan atas karya seni.  Dapat mengemukakan kelebihan-kelebihan kualitas sebuah karya seni dengan pertimbangan.  Dapat mengemukakan kritik dengan bahasa dan cara-cara yang santun.  Dapat memperbaiki atau menyempurnakan kritik/pendapat dalam diskusi. D. Materi Pokok Kritik E. Metode Pembelajaran 1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung 3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas F. Kegiatan Pembelajaran Pertemuan 1-2



Waktu/ Pertemuan 10



Kegiatan Pendahuluan  Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi  Motivasi  Pretes Kegiatan Inti  Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang teknik dan tatakrama menyampaikan kritik  Secara seksama siswa memperhatikan sebuat karya seni  Secara bergantian siswa menyampaikan tanggapan/kritik pada karya seni dengan bahasa yang baik dan santun  Dengan bimbingan guru, siswa memperbaiki / menyempurnakan kesalahan dalam menyampaikan kritik Penutup  Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari  Siswa ditugaskan untuk berani mengemukakan berbagai hal dengan baik dan santun



60



10



Alat/ Bahan / Sumber Penilaian Tujuan Pembelajaran



Teknik



Bentuk



Dapat mengemukakan tanggapan (respon) spontan atas karya seni. Dapat mengemukakan kelebihan-kelebihan



Lisan/ Tulisan



Uraian



Kumaha pamadegan hidep dumasar pangajen kana eta karya seni?



Kunci Jawaban Gumantung siswa



Lisan/ Tulisan



Uraian



Naon kaunggulanana dumasar pangajen kana eta karya seni?



Gumantung siswa



Instrumen



kualitas sebuah karya seni dengan pertimbangan. Dapat mengemukakan kritik dengan bahasa dan cara-cara yang santun Dapat memperbaiki atau menyempurnakan kritik/pendapat dalam diskusi.



Lisan/ Tulisan



Uraian



Kumaha pipokeun hidep lamun nepikeun ajen nu kurang hade kana eta karya seni?



Gumantung siswa



Lisan/ Tulisan



Uraian



Pok tepikeun deui pamadegan hidep dumasar pangajen kana karya seni ku basa nu leuwih hade!



Gumantung siswa



Mengetahui : Kepala Sekolah



Moch. Rochimat S, S.Pd, M.M NIP. 19670419 199702 1 002



Garut, Juli 2018 Guru Mata Pelajaran



Irma Sri Septiani, S.Pd



LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR PEDARAN NGRITIK KANA KARYA SENI Sacara étimologi (asal-usul kecapna), kritik asalna tina kecap krinein (basa Yunani) anu hartina méré putusan hukum, ngabandingkeun, méré tinimbangan hadé-goréng, tinimbangan bener-salah. Kecap krinéin jadi poko asal muasal kecap krintérion anu hartina dasar tinimbangan, méré putusan. Jalma nu gawéna méré tinimbangan jeung méré putusan disebut krites anu hartina hakim. Tina kecap krites nu jadi dadasar kecap kritik nu dipaké ku urang ayeuna. Kecap kritik ku urang Sunda sok dipaké dina kahirupan sapopoé pikeun nyempad, nyawad jeung memener hiji hal nu teu merenah sangkan merenah luyu jeung kakuduanana. Geuning sok aya jalma nu nyarita kieu “Da éta silaing mah kabisana téh ngan ngritik jeung ngritik baé. Cik atuh prak sorangan kadinyah!” Dina ieu hal, kecap kritik bisa disaruakeun jeung nyawad, nyempad, meunteun, méré pangajén (criticism). Prak-prakan ngritik atawa méré pangajén kudu maké tatacara anu merenah. Hadéna mah pangajén téh ulang ngadedetkeun, tapi dumasar kana rarambu ieu di handap. 1. Kudu obyéktif, nyaéta kritik kudu didadasaran ku bukti atawa pakta-pakta anu oténtik (nyata). Teu meunang disumput salindung, ditambah atawa dikurangan. Mun beureum sebutkeun beureum, konéng sebutkeun konéng. Kitu deui pétotna menyonna hiji perkara sebutkeun kumaha kanyataanana. 2. Kudu konstruktif, nyaéta kritik kudu méré kasempetan kanu nyieun karya sangkan terus némbongkeun kamampuhna pikeun ngahasilkeun karya nu leuwih hadé. Cindekna méré jalan ka nu ngarora sangkan terus némbongkeun tur ngahasilkeun karya. 3. Kudu zaklek, nyaéta kritik nu rada peureus ulah nepi ka ngaruag atawa ngabongkar nepi ka akarakarna, tapi kudu bisa ngadegkeun deui wangunan anyar anu leuwih weweg, leuwih pantes, leuwih kewes. 4. Kudu positif, nyaéta nembrakeun hadé-goréngna, punjul-héngkérna hiji hal. Tujuanana sangkan apal kana ajén inéjen anu hakiki. Lamun hidep ningali kana hiji karya seni nu lian dina widang seni, sastra, atawa karya seni sejenna tangtu bakal méré koméntar. Lamun éta karya téh alus sebutkeun alus kalawan tepikeun alesanana, pon kitu deui upama goréng tepikeun kakuranganana bari dibarengan ku alesan. Ngan kadé, ngritik lain ngajejeléh tapi méré pamadegan anu dibarengan ku alesan, malah leuwih alus lamun bari méré jalan kaluarna sangkan éta karya bisa leuwih alus. Sangkan leuwih jéntré, tengetan conto ieu di handap! 1. ( ningali gambar pamandangan karya babaturan hidep ) “Man, gambar pamandangan téh geus alus, tapi ceuk pamanggih kuring mah bakal leuwih alus deui lamun gambar tangkal téh teu lalempeng kabéh. Beulah kénca gambar hiji tangkal anu condong, atawa dahanna ngaroyom saeutik kana sisi balong!” 2. ( ningali pintonan drama kelompok babaturan) “Ceuk pamanggih kuring aya nu kurang dina prakna minton téh. Kahiji, sora kurang tarik, alusna mah rada tarik sabab teu maké sound system; kadua, lamun keur nyarita ulah nukangan panongton, alusna nyanghareup ka tengah bari rada nyérong ka panongton; katilu blokingna ulah satempat baé tapi kudu nyebar sangkan aya pariasi.”



LAMPIRAN 2 LEMBAR KERJA SISWA UJI KOMPETENSI 1 Cing ku hidep titénan sababaraha lukisan/gambar, tuluy tepikeun pangajén hidep kalawan dibarengan ku alesan-alesan anu positif. Koméntar kana gambar 1 _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________ Koméntar kana gambar 2 _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________________________________________________________ _____________________________________



UJI KOMPETENSI 2 Téangan dua rupa gambar karya seni lukis, boh tina koran, majalah atawa tabloid. Gambarna nu maké warna ulah nu hitam putih. Gunting tuluy témpélkeun dina kolom ieu di handap! Satuluyna pék éta gambar téh béré ajén (peunteun ) sarta béré koméntar ku cara ngajawab pananya nu geus disadiakeun! GAMBAR 1



GAMBAR 2



1. Gambar naon nu ditémpélkeun ku hidep téh? a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 2. Alus atawa goréng éta gambar? a. _______________________________________________________________________



b. _______________________________________________________________________ 3. Naon alesanana pangna hidep nyebutkeun alus? a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 4. Naon alesanana pangna hidep nyebutkeun goréng? a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 5. Naon punjulna tina gambar nu ditémpélkeun téh? a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 6. Naon kurangna éta gambar nu ditémpélkeun téh? a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 7. Naon warna anu dominan tina éta gambar? a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 8. Tina wangunna, éta gambar téh mangrupa atawa henteu? a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________ 9. Bandingkeun antara gambar 1 jeung gambar 2, alus mana? Tulis koméntarna! a. _______________________________________________________________________ b. _______________________________________________________________________



RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP ) Nama Sekolah Mata Pelajaran Kelas/Semester Alokasi Waktu



: SMPN 4 Karangpawitan : Bahasa Sunda : IX / 1 : 2 x 40 Menit



A. Standar Kompetensi Mampu menyimak, memahami, dan menanggapi wacana lisan jenis pidato. khotbah, lirik (rumpaka) lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pencek (carita pondok). B. Kompetensi Dasar Menyimak pembacaan cerita pendek C. Tujuan Pembelajaran Siswan dapat memahami dan dapat menceritakan kembali isi cerita pendek dengan singkat (tingkesan) serta dapat menanggapi berbagai aspek cerita pendek/carpon Indikator  Dapat memahami isi cerita pendek  Dapat menceritakan kembali isi cerita pendek dengan singkat (tingkesan)  Dapat menanggapi berbagai aspek cerita pendek/carpon D. Materi Pokok Cerpen/Carpon E. Metode Pembelajaran 1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung 3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas F. Kegiatan Pembelajaran Pertemuan 1



Waktu/ Pertemuan 10



Kegiatan Pendahuluan  Memeriksa kesiapan siswa  Apersepsi  Motivasi Kegiatan Inti  Dengan cermat siswa menyimak carpon yang dibaca oleh guru atau salah seorang siswa  Dengan bimbingan guru siswa menanggapi tentang carpon yang telah dibaca  Secara seksama, siswa memperhatikan penjelasan guru tentang unsurunsur carpon  Secara seksama, siswa membaca dalam hati sebuah carpon  Dengan bimbingan guru, siswa menanggapi berbagai hal tentang carpon (isi, unsur) Penutup  Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari  Siswa ditugaskan untuk mencari sebuah carpon untuk dianalisis



60



10



G. Alat/ Bahan / Sumber  Buku pegangan  Buku Kumpulan carpon  Surat kabar  Contoh carpon H. Penilaian Tujuan Pembelajaran Dapat menceritakan



Teknik



Bentuk



Lisan/



Uraian



Instrumen Caritakeun/tuliskeun deui kalawan



Kunci Jawaban Gumantung



kembali isi cerita pendek dengan singkat (tingkesan) Dapat menanggapi berbagai aspek cerita pendek/carpon



Tulisan Lisan/ Tulisan



Mengetahui : Kepala Sekolah



Moch. Rochimat S, S.Pd, M.M NIP. 19670419 199702 1 002



Uraian



singget eusi carpon nu dibaca ku hidep !



siswa



1. Sebutkeun ciri-ciri carpon ! 2. Tuliskeun unsur-unsur carpon ! 3. Saha palaku utama nu dicaritakeun dina carpon “Dompet” ? 4. Saha nu manggih dompét téh ? 5. Naon sababna pangna indungna nitah mulangkeun éta dompét ? 6. Kumaha sikep hidep lamun manggih dompét nu eusina pinuh ku duit ? 7. Teangan hiji carpon, tulis judulna, saha pangarangna, kumaha ringkesanana!



Dina lampiran materi



Garut, Juli 2018 Guru Mata Pelajaran



Irma Sri Septiani, S.Pd



LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR



Regepkeun Carita Pondok di handap kalawan taliti nu dibaca ku Guru ! DOMPET Oman umurna kakara tilu welas taun. Unggal balik sakola manéhna sok dagang és, ngider ka saban tempat. Keur mah ngeunah ésna téh, murah deuih, atuh loba jalma boh kolot boh barudak padameuli és Si Oman. Atuh ésna béak-béak baé saban poéna téh. Harita ogé Oman semu rusuh balik ti sakola téh. Hayang geura nepi ka imah. Hayang geura ngiderkeun és deui. Keur jongjon leumpang, ari pék manéhna nénjo dompét ngagolér di sisi jalan. Oman ngarandeg, luak-lieuk. “Hah, dompét saha ieu ? “ ceuk Oman. “Padu baé miceun dompét téh geuning. Boa murag kétah !” Oman nyokot éta dompét bari teu weléh luak-lieuk baé bisi aya nu nempoeun. Dompét diasupkeun kana pésakna. Geus kitu Oman rurusuhan balik ka imahna. Tepi ka imah, dompét téh diasupkeun ku Oman di handapeun kasur. “Oman, aya naon siga nu tas manggih kareuwas ?” “Ah, teu...ma, teu aya nanaon !” témbal Oman. “Sok atuh geura dahar heula, lain rék ngider deui ?” “Muhun, Ma !” témbal Oman. “Ma, ieu sayur naon ?” Oman nanya ka indungna. “Eta téh sayur bayem !” témbal indungna pondok. “Ma, és teh seueur kénéh ?” “Loba, tuh dina kulkas. Aya naon kitu ?” “Teu ah, teu aya nanaon.” témbal Oman bari nuluykeun daharna. Isukna sanggeus dahar Oman dagang és deui. Béda ti sasari, poé harita mah Oman téh teu pati jongjon dagangna. Manéhna bingung tur hariwang mikiran dompét panimu. Kumaha mun aya jalma nu nyerangkeun basa manéhna nyokot éta dompét ? Kuma mun aya nu nyusulan ka imahna ? Basa mulang tas ngiderkeun és, Oman pohara ngagebegna barang nénjo indungna ngasongkeun éta dompét bari mencrong. Ceuk indungna : “ Man, ari ieu téh dompet saha bet aya téoheun kasur ?” Témbal Oman : “Du...duka, Ma !” Oman némbal kitu bari ngeleper bakat ku reuwas jeung sieun indungna nanya kitu téh. “Eta mah dompét Oman, Ma!” “Ari Oman boga dompét ti mana? Ema mah can pernah nénjo Oman sok mamawa



dompét ! Geus



ayeuna mah mending jujur baé ka Ema, ti mana éta dompét téh ?” Ahirna Oman daék ngaku ka indungna. “Aduh gagabah geuning, kumaha mun éta téh dompét anu nyulurkeun ! komo deui ieu dompét duitna loba pisan aya dua ratus rébuna ! Omat isukan mah pulangkeun, ari aya alamat nu bogana mah !” Peutingna, Oman anteng ngalamun.



Eta dompét téh kudu dipulangkeun kanu bogana. Oman ngagerentes, “Ceuk Ema mah duit nu aya dina éta dompét téh tepi ka dua ratus rébu. Beu, lamun boga duit sakitu, Kuring jeung Ema bisa meuli barang jeung bahan-bahan és sangkan leuwih loba atawa Ema bisa muka wawarungan.” “Keur naon Man, siga nu anteng kitu ngalamun téh ?” teu kanyahoan bapana nanya bari neuteup ka Oman. “Ieu Pa, saur Ema dompét téh énjing kedah dipasihkeun, abdi téh bingung kumaha engké mun tos tepang sareng nu kagunganana ?” “Ayeuna mah kieu baé atuh, isukan bareng jeung Bapa urang anteurkeun. Alamatna aya ?” “Aya, Pa dina KTP-na.” Témbal Oman. Isukna, Oman dianteur ku bapana nyusul jalma nu boga dompét luyu jeung alamat nu aya di dinya. Teu lila éta alamat téh kapanggih. Sanggeus nepi ka hareupeun panto imahna, Oman ngetrokan panto bari uluk salam. Kulutrak kadéngé aya nu ngalaan konci. Bray panto muka. “Aéh saha téa, nya? Sareng badé ka saha ?” “Abdi pun Oman sareng ieu pun Bapa. Badé nepangan ka Bapa!” “Mangga atuh lalinggih ! Ké...ké... asa rareuwas, aya pikeresaeun naon ieu téh ?” “Ieu Pa, manawi leres, dupi Bapa kantos kaicalan dompét ?” Bapana Oman mangjawabkeun. “Oh..sumuhun, na kumaha kitu ?” “Abdi kamari waktos icalan mendak ieu dompét!” ceuk Oman bari ngasongkeun dompét. “Alhamdulillahirobbil’alamin. Aduh.... hatur nuhun pisan Kasép. Leres ieu téh dompét Bapa!” ceuk nu boga imah bungaheun pisan. Geus puguh kitu mah Oman jeung bapana amitan. Nu boga dompét nganuhunkeun bari ngeupeulan duit ka Oman. Sanajan kéképéhan ogé ahirna mah ditarima da nu boga dompét téh maksa. Oman jeung bapana marulang bari haté bungah lantaran geus bisa mikeun dompét ka nu bogana. ( Dicutat tina Gapura Basa, disarungsum ku Indri Astuti, kelas VIII A SMPN 1 Pameungpeuk )



LAMPIRAN 2 LEMBAR KERJA SISWA



UJI KOMPETENSI 1 1. Saha nu manggih dompét téh ? __________________________________________________________________________ 2. Kumaha sikepna basa manéhna nyokot éta dompét ? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ 3. Naon sababna pangna indungna nitah mulangkeun éta dompét ? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________ 4. Naon nu dilamun ku Oman barang nyaho eusi dompét téh loba pisan ? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ Kumaha sikep hidep lamun manggih dompét saperti Oman ? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________ 5. Caritakeun deui ku omongan hidep, galur carita pondok di luhur ? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________



UJI KOMPETENSI 2 Téangan, baca hiji carita pondok boh tina buku kumpulan carpon, tina majalah atawa koran! 1. Tulis naon judul éta carpon; 2. Saha pangarangna; 3. Tina buku atawa majalah naon, terbitan iraha, kaca (halaman) sabaraha; 4. Saha palakuna; 5. Di mana kajadianana; 6. Kumaha watek/pasipatan éta palaku nu aya dina carpon; 7. Tulis ringkesan eusi carpon luyu jeung galur caritana.



RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP ) Nama Sekolah Mata Pelajaran Kelas/Semester Alokasi Waktu



: SMPN 4 Karangpawitan : Bahasa Sunda : IX / 1 : 2 x 40 Menit



A. Standar Kompetensi Mampu mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan secara lisan dalam bentuk mengemukakan kritik, berpidato, berdiskusi, bermain peran, bercerita tentang cerita pendek, musikalisasi puisi. B. Kompetensi Dasar Menceritakan isi novel C. Tujuan Pembelajaran Siswa dapat memahami dan dapat menceritakan kembali isi novel dengan singkat (tingkesan) serta dapat menanggapi berbagai aspek novel Indikator  Dapat memahami isi novel  Dapat menceritakan kembali isi novel dengan singkat (tingkesan)  Dapat menanggapi berbagai aspek novel D. Materi Pokok Novel E. Metode Pembelajaran 1. Pendekatan : Komunikatif, alamiah 2. Metode : Langsung 3. Teknik : Ceramah, Diskusi, Latihan, Pemberian Tugas F. Kegiatan Pembelajaran Pertemuan 1



Waktu/ Pertemuan 10



Kegiatan Pendahuluan    



Memeriksa kesiapan siswa Apersepsi Motivasi Pretes



Kegiatan Inti  Dengan cermat siswa menyimak penjelasan guru tentang novel  Secara seksama, siswa menyimak penggalan novel yang dibaca guru  Bersama-sama menaggapi / menganalisis novel yang dibaca ( isi, unsurnya )  Bertanya jawab tentang novel



60



Penutup  Bersama guru, siswa menyimpulkan materi yang telah dipelajari  Siswa ditugaskan membaca sebuah novel, kemudian menuliskan isi serta unsur-unsurnya !



10



G. Alat/ Bahan / Sumber  Buku pegangan  Novel



H. Penilaian Tujuan Pembelajaran



Teknik



Bentuk



Instrumen



Kunci Jawaban



Dapat memahami isi novel



Lisan/ Tulisan



Uraian



1. Saha baé palaku nu Pada lampiran materi disebutkeun dina sempalan éta novel “Perang Bantarjati ? 2. Lembur naon baé nu disebut-sebut dina éta sempalan novel? 3. Naon sababna éta tempat disebut Jatitujuh? 4. Naon sabna urang Jatitujuh jeung sabudeureunana ngalawan ka Sultan Cirebon? 5. Naon sababna éta karaman téh maraké baju bodas?



Dapat menceritakan kembali isi novel dengan singkat (tingkesan) Dapat menanggapi berbagai aspek novel



Lisan/ Tulisan



Uraian



Cing caritakeun deui eta eusi novel kalawan ringkes!



Tergantung jawaban siswa



1. Sebut bedana antara carpon jeung novel ! 2. Tuliskeun unsur-unsur nu aya dina eta novel ! 3. Baca hiji novel, tuluy tulis judulna, pangarangna, jieun tingkesanana !



Pada lampiran materi



Mengetahui : Kepala Sekolah



Moch. Rochimat S, S.Pd, M.M NIP. 19670419 199702 1 002



Garut, Juli 2018 Guru Mata Pelajaran



Irma Sri Septiani, S.Pd



LAMPIRAN 1 BAHAN AJAR Baca sempalan novel ieu di handap ! PERANG BANTARJATI Kira-kira sapuluh pal jauhna ti pakemitan distrik Jatiwangi, bawahan Kabupatén Majalengka, di sisi walungan Cimanuk aya hiji tempat ngaranna Jatitujuh. Nu matak disebut kitu katelah ku jati anu ngariung, lobana tujuh tangkal, ayana di tengah alun-alun. Ayeuna mah duka aya sabaraha hiji deui ngan anu jelas éta tangkal jati téh geus henteu tujuh deui jumlahna téh. Nuturkeun galuring catur, papayan carita, éta tempat diadegkeunana ku nu mimiti ngababakan di dinya, disebutna Embah Demang, malah tangkal jati anu tujuh téa ogé, pelak anjeunna. Palataranana rata, wantuning tanah handap. Panasna munggah néréptép, sabab deukeut kana rawa anu kacida legana. Sanajan kaayaan éta tempat ayeuna kacida turag-taregna, aya kaanéhanana, lantaran ku kaheubeulanana. Buktina tangkal jati anu ngariung tujuh di alun-alun téa, taya anu nyaho iraha dipelakna, malah kolot anu umurna geus leuwih ti genep puluh taun ogé, nerangkeun yén ti sainget manehna, éta tangkal jati geus aya sarta gedéna geus sagedé kitu. Sajabana ti kahot, éta tempat aya sajarahna, sabab geus leuwih ti saratus taun lilana nepi ka ayeuna, di alun-alun nu ayeuna sok diparaké barudak ulin, atawa diparaké ngangon embé, di handapeun tangkal jati anu ngariung téa, mangpuluh-puluh jalma anu ditugel sirahna, nyaéta anu teu daék milu ngaraman, ngalawan ka Sultan Cirebon, atawa ngahukum musuh anu katangkep di pangperangan. Sabab jalma jaman harita, nu nyicingan éta tempat, geus leungit ingetanana jeung bebeneranana, lantaran kacida teu sarenangeunana ku sabab hirup loba aturan anu ngajadikeun kasangsaraan ka maranéhna. Jatitujuh dina kira-kira taun 1800 M, masih kénéh loba leuweungna, babakuna haur gereng anu jadi dina ranca. Lemburna teu acan gegek cara ayeuna. Minangka pangraména, kajaba ti Jatitujuh, nyaéta lembur Bayawak, Pilangsari, jeung pangkidulna Bantarjati, sisi Cimanuk, deukeut ka wates Sumedang. Poé Jumaah kira-kira wanci pecat sawed. Jalma-jalma ngabrul nuju ka masigit, malah tara-tara ti sasari urang Bayawak jeung bantarjati ogé daratang. Rék saralat Jumaah? Nya rék naon deui atuh saréréa pada arasup ka masigit, nepi ka teu kaasupkeun, loba nu saralat di buruan. Nu munajat geus ngelak ti isuk kénéh, sorana matak ketir, sada nu sasambat ménta dibélaan tina kaprihatinan. Dur! Bedug lohor disada, ngong sora adan. Ieu ogé beuki nambahan ngerik kana haté nu ngadéngé. Jelema di jero masigit anu mangratus-ratus lobana cong sarolat, kacida husuna, sabab sajabana nedunan kawajiban agama téh, ongkoh aya nu disuhunkeun ka Nu Agung, nya éta berkah salametna dina ngajalankeun tugas anu geus lila dipiangen-angen ku maranéhna. Sabubarna salat Jumaah, sasarina sok garagancangan marulang, harita mah dariuk baé, kawas aya nu didagoan. Teu lila hiji jalma nu katelah Bagus Rangin, nangtung deukeut paimbaran tuluy nyarita, pokna, “Hé batur-batur, pamaksudan urang anu geus lila dikandung dina haté, ayeuna geus ninggang kana mangsana dilampahkeun. Bieu waktu salat, dina keur huisuna kaula ngadéngé sora tan katingal, ari pokna, Insya Alloh maksud maranéh saréréa bakal hasil!” Tuluy kaula peureum, ari bray nénjo cahaya nyorot ka ieu masigit sarta kabéh anu aya di dieu kahibaran. Ku sabab éta henteu cangcaya deui, tangtu éta téh pituduh anu nitah kana ngajalankeun maksud urang téa. Anu teu acan nyaho bener kana pakarepan urang saréréa, gancang nya ka kokolotna, lamun geus gilig tangtu kaula méré tanggara!” “Insya Alloh!” ceuk nu ngadaréngé, tuluy bubaran. Ngan nu teu arindit teh jalma limaan, nya éta Bagus Rangin, Ki Wasa (Bagus Wasa), Ki Léja, jeung Ki Daésa, urang kampung Bayawak, kitu deui Ki Kondur urang Pilangsari. Ceuk Bagus Rangin, “Ayeuna geus teu bisa mundur deui, lantaran geus ninggang kana mangsana urang kudu tutumpuran téh, sabab ti batan hirup urang kieu salawasna, pinuh ku kasangsaraan, leuwih hadé paéh baé!” “Puguh pikiran kuring ogé kitu pisan.” Ceuk Ki Bagus Wasa. “Keur naon hirup di dunya ogé ari rék dijieun cara budak beulian saumur-umur mah? Ti baréto ogé geus gilig, malah geus sadia boéh, kitu deui pakarang geus lengkep.” “Kuring mah komo,” ceuk Ki Kondur, “Ngan aya kahanjakal téh, teu aya nu boga bedil di lembur kuring mah.” “Hih, gampang nu kitu mah,” ceuk Bagus rangin, “sabab Ki Mirasa pamanggulna di Lobener, geus indit ka Cirebon nyokot pakarang, urang mah kari ngadago kiriman baé. Engké téh mimiti nu rék digempur téh dayeuh Dermayu. Lamun geus aya béjana di ditu geus prung, urang kudu ngaheulakeun ngaributkeun di Amis, di dinya nu jadi gegedugna Ki Raita. Tangtu para kapala ti Kadongdong muru ka dinya, tapi tangtuna oge kaburu kapegat manten ku urang Palimanan sarta tangtu pulisi di dinya caremna.” “Kumaha ari pulisi di dieu?” ceuk Ki Bagus Wasa. “Kasieun kuring kaburu nyahoeun!” “Ah, teu kudu risi, sabab ayeuna ogé saenyana mah geus nyarahoeun, nu matak kami wani nyarita di masigit ogé. Tapi moal bisa kumaha, sabab kabéh somahan geus samiuk baris ngaraman.” “Kumaha lamun Kumpeni mantuan?”



“Eta ogé teu matak salempang, sabab moal aya nu bisa muru ka dieu, wantuning di ditu di dieu geus pada sadia.” . . . isukna subuh-subuh, balad para bupati geus tarapti, leugeudeut meuntas walungan Cilutung, muru ka Karangsambung. Lembur-lembur nu kasorang geus saruwung, lantaran jelemana geus marubus ka bawahan Majalengka, malah aya oge anu nyingkur di bawahan Tomo. Ti kajauhan katénjo meleketektek haseup, tétéla tempatna karaman téa. Tuan Komisaris maréntah ka gulang-gulang supaya sadia, kitu deui kabéh pamatang nu marawa tumbak geus ditatakeun. Sanggeus ngaso sakeudeng, bring arindit deui nyorang tegal eurih jeung kaso. Barang kira-kira aya dua ratus tumbak deui anggangna ka tempat karaman téa, reg deui ngarandeg. Tuan Komisaris ngagorowok, maréntah supaya bedil dieusian. Sanggeus tarapti, gorowok deui maréntah nyampeuk ka hareup moro tempatna barandal téa. Barang geus deukeut, kakara bedil dibekaskeun, dur-dor teu puguh déngékeuneunana, haseup geus mulek, bau obat nyambuang ka mana-mana. Ana breg téh ti nu bala, mani kawas nyiruan dibalédog tina sayangna, karaman téh barijil tina panyumputanana, pakéanana sing sarwa bodas, nandakeun geus iklas miceun pati, narajang lir banténg bayangan, taya kasieun taya kagimir. Tuan Komisaris jeung parabupati maréntah ka tamtama-tamtama jeung pamatang, supaya muru ka musuh nu geus ngangseg. Dina rek brengna maju, kacida ributna, kuda pating alajrét, jelema pabaliut. Nu gédé wawanénna maju ti heula ka hareup, nu leutik haténa rada raga-rogo bari pupuringisan, sawaréh mah aya nu meungpeun, paur nénjo gurilapna pedang musuh nu geus diabar-abar, bari sarosoak. Ari rék mundur teu bisa, kahalangan ku batur, tur ti tukang dijaga ku kapalana, bari ngamang-ngamang gobang meunang ngalugas. Ti dinya mah ger baé perang campuh, silih kadék, silih tumbak, ramé tarungna musuh jeung lawan. Nu raheut jeung nu maraot blag-bulg pating jarungkel. Dédéngéan kacida matak ketirna, aya nu gerang-gerung baé, ngarasakeun kanyeri. Sanajan aya anu ngabarogaan bedil ogé, tapi ari diangseg kitu mah éta gagaman téh taya gunana, sabab taya témpo pikeun ngeusianana. Sabot keur neteg bedil ogé karaman geus deukeut mantén, kapaksa bedil téh dipaké paneunggeul. Bawaning ku tohtohan karaman narajangna, wadya balad mundur, ngarah aya waktu keur ngeusian bedilna. Kitu deui balad nu séjénna henteu kuat nahan panarajang karaman anu sakitu hébatna, ongkoh karaman mah leuwih ti opat kalieun lobana sarta geus pada iklas ngabuang nyawa. (Tina Novel Pangéran Kornél : R. Méméd sastrahadiprawira)



LAMPIRAN 2 LEMBAR KERJA SISWA UJI KOMPETENSI 1 Jawab sakur pananya di handap masing tétéla! 1. Saha baé palaku nu disebutkeun dina sempalan éta novel? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ 2. Lembur naon baé nu disebut-sebut dina éta sempalan novel? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ 3. Naon sababna éta tempat disebut Jatitujuh? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________ 4. Saha ari Embah Demang téh? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________ 5. Naon sabna urang Jatitujuh jeung sabudeureunana ngalawan ka Sultan Cirebon? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________ 6. Saha nu disebut musuh dina éta perang téh? __________________________________________________________________________ 7. Saha nu jadi pamanggul jurit dina éta perang? __________________________________________________________________________ 8. Naon sababna éta karaman téh maraké baju bodas? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________ 9. Di mana éta perang téh lumangsungna? __________________________________________________________________________ 10. Pihak mana anu nyorang kameunangan dina éta peperangan? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________ IV. Kabeungharan Kecap Pal = ukuran panjangna jalan antara kurang leuwih 1,5 Km Pakemitan = tempat kemit, atawa lembur Distrik = sabagian tina wewengkon kabupatén, kapalana disebut wadana Galuring = jalan carita Catur = carita, caritana, omongan Ngababakan = muka lembur anyar Palataran = karang, pakarangan, tanah datar Néréptép = panas kacida (upama ditincak) Rawa = ranca, tempat anu ledok tur jero sok caian baé Turag-tarég = lembur teu kaurus, teu pikabitaeun, narikolot UJI KOMPETENSI 2 Téangan harti kecap-kecap ieu di handap! 1. ditugel = __________________________________________________________ 2. haur gereng = __________________________________________________________ 3. pecat sawed = __________________________________________________________ 4. kanibaran = __________________________________________________________ 5. tutumpuran = __________________________________________________________ 6. karaman = __________________________________________________________ 7. nyampeuk = __________________________________________________________ 8. gagaman = __________________________________________________________ 9. tohtohan = __________________________________________________________ 10. tamtama = __________________________________________________________



Tuliskeun sakur kecap nu ku hidep teu kaharti maksudna, tuluy diskusikeun atawa téangan hartina tina kamus! 11. ______________ = __________________________________________________________ 12. ______________ = __________________________________________________________ 13. ______________ = __________________________________________________________ 14. ______________ = __________________________________________________________ 15. ______________ = __________________________________________________________ 16. ______________ = __________________________________________________________ 17. ______________ = __________________________________________________________ 18. ______________ = __________________________________________________________ 19. ______________ = __________________________________________________________ 20. ______________ = __________________________________________________________ 21. ______________ = __________________________________________________________ 22. ______________ = __________________________________________________________ 23. ______________ = __________________________________________________________ 24. ______________ = __________________________________________________________ 25. ______________ = __________________________________________________________ UJI KOMPETENSI 3 Baca ku hidep hiji novel, tuluy jawab sakur pananya ieu di handap! 1. Naon judul éta novel? __________________________________________________________________________ 2. Saha pangarangna ? __________________________________________________________________________ 3. Saha baé palaku nu disebutkeun dina éta novel? Kumaha pasipatanana? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ 4. Sebutkeun ngaran tempat nu dipaké latar dina éta novel? __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ 5. Tulis ringkesan eusi éta novel! __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________________________________ __________________________________________________________