Si Otong Manggih Dompet [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

*Si Otong Manggih Dompet* Balik sakola, si Otong manggih dompet nu ngagoler di sisi jalan. Eusina duit 100 rebu salambar jeung surat-surat penting ka'asup KTP jeung SIM nu bogana. Najan si Otong ka'asup budak bangor, tapi da ari hatena mah bersih tara cukat-cokot kanu lain hakna. Lain pedah didikan kolotna Udin jeung Icih nu nyebabkeun si Otong alus budi teh, teu lian lantaran kapangaruhan ku didikan. Saenggeus maca alamat nu aya dina KTP, gidig si Otong indit seja mulangkeun dompet ka alamat nu kabeneran teu jauh di kampungna. "assalamualaikum" ceuk si Otong saenggeus anjog kanu di tuju. "walaikumsalam, bade milarian saha jang?" walon saurang bapa-bapa bari mukakeun panto "punten pa, dupi bumina pa haji Abdul leres didieu??" tanya si Otong asa-asa "muhun, aya naon kitu??" pokna malik nanya "abdi bade mulangkeun ieu, tadi mendak di jalan" bari ngasongkeun dompet ka eta bapa-bapa "aeh pantesan atuh ku bapa diteangan tatadi teu kapanggih, singhoreng ragrag di jalan nyah??" kituna teh bari nampanan eta dompet "mangga parios bilih aya nu ical pa" ceuk si Otong ngingetan "ari barang mah eweh nu leungit jang, duit oge angger 100 rebu. ngan, tadina mah salambar, naha ayeuna jadi 10 lambar 10 rebuan??" tanyana bari kerung "tadi di jalan ku abdi ditukeuran heula pa, soalna kantos kapungkur oge ngauihkeun dompet pamendak, saur nu gaduhna teh nuhun nya cep, punten teu aya receh' cenah pa".... "owh kitu,,yeuh atuh keur ujang..nuhun nya?" pokna bari mikeun duit 20 rebu ka si Otong



CONTOH CERITA PENDEK (CERPEN) B. SUNDA ATAU CARITA PONDOK (CARPON) 3:10 PM 41 Comments Artikel



Kajadian Teu Disangka-sangka



Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka sakola. Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan. Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada. Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh. Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. “Wilujeng enjing Pa!”



“Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki. “Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes. Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress campu jadi hiji. “Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari, nuhun gusti” gerentes hate Rudi. Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora bel disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan dikempelkeun. Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah, wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”.