SOAL USBN Bahasa Sunda Kelas 12 [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

1. “Ayahku pergi ke Bandung kemarin sore.” Tarjamahan anu paling merenah luyu jeung tatakrama basa nyaéta.... A. Bapa abdi angkat ka Bandung sonten kamari B. Pun Bapa angkat ka Bandung sonten kamari C. Bapa abdi mios ka Bandung sonten kamari D. Pun Bapa mios ka Bandung sonten kamari E. Bapa abdi indit ka Bandung sonten kamari 2. Saking ku bangga jadi urang Sunda, Ajip Rosidi nepika ngadegkeun pabukon anu eusina buku basa Sunda wungkul. Kecap bangga dina kalimah di luhur téh teu merenah. Kecap anu paling merenah pikeun ngaganti kecap bangga di luhur nya éta... A. Reueus B. Hayang C. Lila D. Bosen E. Kungsi 3. “Meeting poé ayeuna bakal lumangsung di hotél Bidakara.” Kecap meeting leuwih merenah lamun maké kecap.... A. Rapat B. Sawala C. Sidang D. Lawungan E. Pertemuan 4. Si Kabayan ka Puskesmas Éta mah si Kabayan meuni unggal poé Kemis ka Puskesmas téh, teu aya pikir kadua, sagede carangka da buktina, geus puguh rieut ka Dokter, nyeuri beuteung ka Dokter, digegel sireum ogé ka Doktér, rorombeheun ogé disuntik. Pokona mah sagala ka dokter. Ayeuna duka deuk naon geus andeprok deui waé. Dokter : “Aya naon deui manéh Kabayan?” Kabayan: “Sumuhun bade nyungkeun landong” Ceuk si Kabayan bari palaya-peleye. “Ieu aya anak beurit di jero beuteung” Dokter: “Duh karunya teuing, di dieu mah teu sadia ubarna Kabayan. Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hirup, sangkan éta anak beurit anu dijero beuteung téh ditewak” Kalimah di handap ieu anu kaasup kana kalimah parintah anu diluhur nya éta.... A. Aya naon deui manéh Kabayan? B. Ieu aya anak beurit di jero beuteung C. Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hirup D. Si Kabayan bari palaya-peleye. E. sangkan éta anak beurit anu dijero beuteung téh ditewak



5. Si Kabayan Ngala Lauk Geus sababaraha peuting, Si Kabayan ngadéngé béja, yén tatangga-tatanggana lalintarna aruntung baé. Manéhna pohara kabitaeunana tapi teu boga pakakas. Sanggeus mikir sakeudeung, manéhna manggih akal tuluy nyarita ka pamajikanana. “Jem, engke peuting Akang rék ngala lauk ka walungan, kabita ku batur aruntung baé.” “Majar rék ngala lauk? Na, rek kunaon ngalana? Teu boga heurap teu boga useup! Tembal pamajikanana haseum. “Tong réa omong, manéh engké peuting dahar jeung beuleum lauk wéh. Kadieukeun wedang paméré mitoha” “Ku sorangan atuh, gancang buru cokot kaditu!” Ceuk pamajikan si Kabayan Kalimah di handap ieu anu kaasup kana kalimah pangjurung anu diluhur nya éta.... A. Majar rék ngala lauk B. Tong réa omon C. Manéh engké peuting dahar jeung beuleum lauk wéh D. Engke peuting Akang rék ngala lauk E. Gancang buru cokot kaditu 6. Kawih I



Kawih II



Boga kabogo jauh



Ekek paeh dina awi



Mentas laut leuweung gunung



nyangsang dina kibangbayang



Tapi apel teu bingung



eta ari bangkena teh



Cukup hallo na telepon



dikubur handapeun pala



Kuring di pulau jawa



Kapinis nu ngagarimbung



Manehna pulau sumatera



Walet anu maracokan



Lamun malam mingguan



Rigincing badan sorangan



Mojok via SMS-an Dua kawih di luhur kaasup kana jenis kawih ... A. Pop sunda – kawih klasik B. Kawih klasik – tembang C. Pop sunda – tembang D. Sunda klasih – pop sunda E. Kawih – kakawihan 7. Regepkeun ku hidep kutipan kawih di handap. Situ Ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ningali ngeplak caina Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana Inti kawih di luhur nyaeta .... A. Hiji jalma nempo situ nu ngeplak caina



B. Mikaresep jalma nu alus pisan sorot socana tur matak nyeredetkeun hate. C. Jalma nu mikaresep nu sok ngalangkung D. Nu sok ngalangkung unggal enjing sorot socana matak nyeredetkeun hate E. Nanyakeun saha nu sok ngalangkung unggal enjing 8. Perhatikeun kutipan kawih ieu di handap. Bubuy bulan Bubuy bulan sangray bentang Panon poe Panon poe disasate Unggal bulan, unggal bulan Unggal bulan abdi teang Unggal poe, unggal poe Unggal poe oge hade Kawih di luhur kaasup jenis kawih .... A. Rumpaka B. Sunda klasik C. Kakawihan D. Tembang E. Pop Sunda 9. Alo: Eksklusif nya Mang, kasebutna dokter baheula mah. Amang: Bener, Lo. Status sosialna mah leuwih ti balaréa. Dihormat, dianggap manusa istiméwa anu bisa narékahan hirup-huripna jalma. Alo: Ari ayeuna dokter téh teu dipikaajrih teuing cara baheula, nya Mang. Maranéhna aub jeung balaréa. Éta paguneman nyaritakeun.... A. bédana dokter baheula jeung dokter ayeuna B. kahadéan-kahadéan dokter ayeuna C. rupa-rupa pagawéan dokter D. cara jadi dokter nu hade E. pakasaban dokter 10. Emang: Enya Lo. Dodoja siga nu bébéakan. Nya masing salabar baé, pasrah nandangan cocoba. Alo: Ti mimiti lini di Lombok, tsunami jeung likuifaksi di Palu, dituturkeun ku tsunami di Banten jeung Lampung. Ahir-ahir ieu loba daérah anu keuna ku caah. Éta paguneman nyaritakeun.... A. kajadian di Indonésia B. musibah ka manusa



C. perluna sipat sabar D. rupa-rupa cocoba E. tsunami di Acéh 11. CM : Nepangkeun, abdi Ari Ardiansyah ti majalan cupumanik. DKS : Deden manga linggih ! aya anu tiasa dibantos ? CM : Seja wawancara perkawis peranan dalang kana atikan. Ket : CM : Cupumanik DKS : Dede Kosasih Wawancara di luhur miboga tujuan… A. Muka wawancara B. Wawanohan C. Nyandak informasi D. Mungkas wawancara E. salam pamungkas 12. (Karya Apip Mustopa) .... Angin Pangusikeun sapangeusi buana Yén aya sinatria nu perlaya Di wewengkon langit sunda Bulan Baturan éta nyawa nu ditundung Di tempat baktina taya nu daék ngajungjung .... Ungkara anu nuduhkeun gaya basa mijalma teh nya eta ... A. Di wewengkon langit sunda B. Pangusikeun sapangeusi buana C. Yén aya sinatria nu perlaya D. Bulan Baturan éta nyawa nu ditundung E. Di tempat baktina taya nu daék ngajungjung 13. Tukeuran Ieu Sajak Karya Yus Rusyana Tukeuran ieu sajak Ku salambar simbut atawa samak saheulay Heug rungkupkeun ka budak anu teu kaburu heuay Pating golepak dina trotoar Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak



Heug sidkahkeun kanu haropak Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak Tukeuran ieu sajak Ku sababraha siki pelor Heug tembakkeun kana genggerongan koruptor manipulator Sina eunya kalojor Tukeuran ieu sajak Ku beubeutian tina kalbu anu rido Keur nyembor anu balangsak (Lamun teu kitu saaak) Eusi sajak di luhur ngagambarkeun .... A. Kasedih B. Kabungah C. Kuciwa D. Kakeuheul E. Gumbira 14. Tukeuran Ieu Sajak Karya Yus Rusyana ... Tukeuran ieu sajak Ku sababraha siki pélor Heug tembakkeun kana genggerongan koruptor manipulator Sina eunya kalojor ... Kecap pélor dina sempalan sajak diluhur ngagambarkeun ... A. Kasedih B. Kabungah C. Kuciwa D. Kakeuheul E. Gumbira 15. "Hadirin nu sami lenggah, para pangajén nu ku simkuring dipihormat. Kantenan seueur kénéh nu hoyong didugikeun. Namung, lian ti kawatesanan ku waktos, inggis tambih lami, inggis tambih ngacapruk teu puguh. Ku margi kitu, minangka panutup catur, bobo sapanon, carang sapakan, tawakup anu kasuhun, sareng mugi-mugi aya mangpaatna. Amin!" Ungkara di luhur téh mangrupa téks biantara bagian....



A. Salam bubuka B. Bubuka C. Eusi D. Salam panutup E. Panutup 16. "Puja, puji, sareng rasa sukur, kasanggakeun ka Gusti Alloh Nu Maha Suci, margi mung Anjeunna nu maparin pirang-pirang kani’matan ka urang sadaya. Diantawisna ni’mat iman, ni’mat Islam sareng ni’mat séhat dugi ka urang tetep aya dina jalan nu dipikarido ku Mantenna." Ungkara di luhur téh mangrupa téks biantara bagian .... A. Salam bubuka B. Bubuka C. Eusi D. Salam panutup E. Panutup 17. Puji sinareng syukur teu kendat urang galindengkeun ka Alloh SWT, réhna ku panangtayungan Mantenna, urang tiasa miéling “Poé Basa Indung Internasional” tanggal 21 Pebruari 2019, kalayan téma “Basa Indung Alat Pangwaris Budaya’." Ungkara di luhur téh mangrupa téks biantara bagian.... A. Salam bubuka B. Bubuka C. Eusi D. Salam panutup E. Panutup 1. Meuli kupat jeung gorengan 2. Peupeujeuh ari geus eweuh 3. Peupeujeuh ari ka dayeuh 4. Ulah ngupat kagorengan 18. Runtuyan sisindiran anu merenah dumasar kana pola cangkang jeung eusi nyaéta…. A. 1,2,3 jeung 4 B. 2,1,3 jeung 4 C. 2,4,3 jeung 1 D. 3,1,2 jeung 4 E. 4,1,2 jeung 3 1. Aya istri jangkung alit 2. Caangna kabina-bina



3. Karangan dina pipina 4. Aya lampu di masigit. 19. Runtuyan sisindiran anu merenah dumasar kana pola cangkang jeung eusi nyaéta…. A. 1,4,2 jeung 3 B. 2,3,4 jeung 1 C. 4,2,1 jeung 3 D. 4,3,1 jeung 2 E. 3,2, 4 jeung 1 Cau naon cau naon Cau kulutuk di juru Bau naon bau naon Bau hitut nu dijuru 20. Ditilik tina wangun jeung sipatna, sisindiran di luhur téh kaasup kana sisindiran … A. Paparikan silih asih B. Paparikan silih asuh C. Paparikan sesebred D. Rarakitan piwuruk E. Rarakitan banyol. 21. Lembur téh kapisah ku Cibuyut - susukan leutik nu mun halodo caina ayeuna mah sok saat, pahareup-hareup jeung Masjid Kaum (disebut kitu, pedah eta masjid teh di lembur mah panggedena), aya hiji makam. Leutik makamna mah. Teuing makam naon ngaranna. Ngan nu jelas eta makam teh pikeun lembur kuring mah dipusti-pusti. Unsur intrinsik anu nyampak dina sempalan carita di luhur téh nyaeta …. A. tokoh B. watek tokoh C. latar D. galur E. amanat 22. Panon ngulincer deui. Teuteup panonna aya luareun karéta, buuk haréupna tingkulisik katebak angin leutik. Sedih haté téh. Tembang sotéh keur manéhna lain keur sasaha. Kari-kari nu ditujuna bangun nu haré-haré naker. Tungkul, ngeluk. Karasa cipanon ngeyembeng rék budal. Buru-buru ngabalieur kaluar. Teu karasa cipanon nyurulung siga kongkorong muté pegat tiiran. Eusi tina sempalan carpon di luhur téh ngeunaan …. A. kaayaan di jero kareta api B. kahariwang hiji jalma kana kaayaan dirina



C. nyawang kaendahan alam D. jalma nu keur sono ka lembur E. kasedih hiji jalma kusabab cintana teu dibales 23. Cinta mah teu ngukur kana kaalusan kujur, jeung deui kuring mah teu sing geulis, teu gorénggoréng acan. Geuning Ita gé kurang kumaha kasépna Ahmad nu hayangeun ka Ita, kalah hayang ka Janjan. Manéhna teu lémék deui, da panon dipuseurkeun kana jalan nu mimiti haréurin ku jelema. Teu karasa bari ngobrol mah geus nepi ka setasion. Eusi tina sempalan carpon di luhur téh ngeunaan …. A. cinta mah ningali kana kaayaan pisik B. cinta bakal timbul lamun sering tepang C. cinta mah kudu make logika D. cinta mah teu ngukur kana kaayaan pisik E. kasedih hiji jalma kusabab cintana teu dibales 24. Ku Taya Pisan Cukang, Barudak Sakola Kudu Meuntas Walungan Ku : Amra Iska (SundaNews, Garut) Puguh gé kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiah (MTs) AlMannar kudu miluan ujian nasional (UN) bari pakéan jalibrug. Éta sakola téh perenahna di Désa Mekarwangi, Kecamatan Cibolang, Kabupatén Garut. Anu nepi ka jalibreg, lantaran sangkan tepi ka sakola téh kudu turun meuntasan Walungan Cibulak heula. Kawantu taya pisan cukang, jeung cai walungan keur meneran léb-léban. Ti jam 06.30 mula, barudak téh geus kumpul di Kampung Sakambang, Désa Mekarwangi. Sanggeus taya nu tinggaleun, bring waéh mapay galengan jeung gawir, muru ka sisi Walungan Cibaluk. Méméh meuntas téh maruka heula sapatu jeung calana. Atuh salila di walungan, leumpangna arati-ati pisan. Ngahaja meuntas kalayan babarengan téh, malar salamet saréréa. Mun téa mah salah saurang aya nu labuh, nu lian buru-buru nulungan. (Dicutat tina situs online : http://www,sundanews.com) Dumasar kana téks di luhur, jejer carita dina palagrap ka hiji nyaéta…. A. Cukang jeung cai walungan keur meneran léb-léban nyababkeun puluhan murid MTs Al-Mannar kudu milu UN bari pakéan jibrug B. Walungan Cibulak keur caah nyababkeun puluhan murid MTs Al-Mannar kudu milu UN bari pakéan jibrug C. Sangkan nepi ka sakola kudu turun meuntasan Walungan Cibulak nyababkeun puluhan murid MTs Al-Mannar kudu milu UN bari pakéan jibrug D. Puluhan murid MTs Al-Mannar kudu milu UN bari pakéan jibrug E. Kawantu teu aya pisan cukang puluhan murid MTs Al-Mannar kudu milu UN bari pakéan jibrug 25. Ku Taya Pisan Cukang, Barudak Sakola Kudu Meuntas Walungan Ku : Amra Iska



(SundaNews, Garut) Puguh gé kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiah (MTs) AlMannar kudu miluan ujian nasional (UN) bari pakéan jalibrug. Éta sakola téh perenahna di Désa Mekarwangi, Kecamatan Cibolang, Kabupatén Garut. Anu nepi ka jalibreg, lantaran sangkan tepi ka sakola téh kudu turun meuntasan Walungan Cibulak heula. Kawantu taya pisan cukang, jeung cai walungan keur meneran léb-léban. Ti jam 06.30 mula, barudak téh geus kumpul di Kampung Sakambang, Désa Mekarwangi. Sanggeus taya nu tinggaleun, bring waéh mapay galengan jeung gawir, muru ka sisi Walungan Cibaluk. Méméh meuntas téh maruka heula sapatu jeung calana. Atuh salila di walungan, leumpangna arati-ati pisan. Ngahaja meuntas kalayan babarengan téh, malar salamet saréréa. Mun téa mah salah saurang aya nu labuh, nu lian buru-buru nulungan. (Dicutat tina situs online : http://www,sundanews.com) Dumasar kana téks di luhur, jejer carita dina palagrap ka dua nyaéta…. A. Ti jam 06.30 barudak geus kumpul di Kampung Sakambang, Désa Mekarwangi B. Ti jam 06.30 barudak geus ngabring mapay galengan jeung gawir C. Ti jam 06.30 barudak ngaleut meuntas Walungan Cibulak D. Ti jam, 06.30 barudak geus kumpul di Kampung Sakambang, Désa Mekarwangi pikeun babarengan meuntas Walungan Cibulak E. Ti jam 06.30 barudak muka sapatu jeung calana pikeun meuntas Walungan Cibulak 26. Ku Taya Pisan Cukang, Barudak Sakola Kudu Meuntas Walungan (1) Ku : Amra Iska (2) (3)



(SundaNews, Garut) Puguh gé kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiah (MTs) Al-



Mannar kudu miluan ujian nasional (UN) bari pakéan jalibrug. Éta sakola téh perenahna di Désa Mekarwangi, Kecamatan Cibolang, Kabupatén Garut. Anu nepi ka jalibreg, lantaran sangkan tepi ka sakola téh kudu turun meuntasan Walungan Cibulak heula. Kawantu taya pisan cukang, jeung cai walungan keur meneran léb-léban. (4) Ti jam 06.30 mula, barudak téh geus kumpul di Kampung Sakambang, Désa Mekarwangi. Sanggeus taya nu tinggaleun, bring waéh mapay galengan jeung gawir, muru ka sisi Walungan Cibaluk. Méméh meuntas téh maruka heula sapatu jeung calana. Atuh salila di walungan, leumpangna arati-ati pisan. Ngahaja meuntas kalayan babarengan téh, malar salamet saréréa. Mun téa mah salah saurang aya nu labuh, nu lian buru-buru nulungan. (Dicutat tina situs online : http://www,sundanews.com) Dumasar kana téks warta di luhur, nu dituduhkeun ku angka 1 kaasup kana warta bagian…. A. Headline, lantaran mangrupa titel atawa judul nu midangkeun topic pikeun ngahudang kapanasaran pamaca B. Lead, lantaran mangrupa alinéa awal nu eusina pikeun ngirut pamaca bakal terus kataji haying maca nepi bérés C. Significance, lantaran mangrupa hal nu aya patalina jeung kahirupan balaréa D. Event, lantaran mangrupa waruga (eusi) warta nu ilaharna ngamuat jawaban tina 5w + 1H E. End, lantaran mangrupa alinéa ahir minangka omongan langsung pikeun mungkas warta



27. Carita rèkaan anu ukurana paranjang, gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mèrè kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi disebutna... A. Dongèng B. Wawacan C. Hikayat D. Carita wayang E. Carita pantun 28. Tokoh-tokoh nu dilakonkeun dina carita pantun tèh umumna, nyaèta... A. Satria atawa putri ti karajaan Galuh jeung Pajajaran B. Rayat biasa ti Tatar Sunda C. Raja-raja ti Tatar Sunda D. Raja-raja ti luar Tatar Sunda E. Sing saha waè nu aya hubunganna jeung Tatar Sunda 29. Ramadhan KH, jenengan lengkepna Ramadhan Kartahadimadja, dipiwanoh ku saréréa minangka sastrawan nu kaasup produktif. Salah saurang putrana, pasti hidep arapal, nya éta pamaén musik (drum) Gilang Ramadhan. Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana waé kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957), ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional (BMKN). Eusina ngagambarkeun éndahna tanah Pasundan mangsa harita, antara taun 50 nepika 60-an. Nepi ka ayeuna, sajak-sajakna jadi bahan pamujian. Malah unggal nyebut Ramadhan KH, umumna jelema sok langsung ngaitkeun kana buku kumpulan sajak karyana, nyaéta Priangan Si Jelita téa. Dina wangun roman, Royal Revolusi (1970) dilélér hadiahku Unesco-Ikapi, novel Kemelut Hidup (1976) ti Déwan Kasenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun ku Asrul Sani. Tokoh Biografi di luhur, nyaeta... A. Gilang Ramadhan B. Asrul Sani C. Ramadhan Kartahadimadja D. Ramadhan Sastrawijaya E. Gilang Kartahaadimadja 30. Ngaran lengkepna Cécép Burdansyah. Nénéhna mah Cécép. Anjeunna lahir di Ciwidéy, tanggal 23 Séptémber 1963. Mimiti ngarang ti keur SMPkénéh. Karya-karyana anu mimiti dimuat dina mingguan Giwangkara jeung Mingguan Pelajar. Tuluyna mah Cécép leuwih loba ngarang dina basa Sunda. Carponna anu mimiti dijudulan “Kaleleban’, dimuat dina majalah Manglé. Harita Cécép téh sakolana di SMA kénéh. Tokoh Biografi di luhur, nya eta... A. Cécép Burhanudin B. Cécép Burdansyah. C. Cécép Bastaman



D. Cécép Budiana E. Cécép Budiman 31. Sinom manjangkeun carita, dikait dijieun dangding, medar simpalan sajarah, rék mangun tali paranti, paranti anu gaib, gaib Sunda ti karuhun, pangajén tatakrama, tilawat kanu geus gaib, enya éta amir reujeungna pertobat. Sempalan wawacan di luhur asup kana struktur wawacan bagian.... A. Manggalasastra B. Eusi C. Kolofon D. Ujian E. Pupuh 32. Tamatna kaula ngarang, pukul tujuh malem kemis, di tanggal tujuh welasna, kaleresan bulan April, taun kangjeng Maséhi, sarewu dalapan ratus, jeung genep puluh dua, marengan hijrahna Nabi, saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan. Sempalan wawacan di luhur asup kana struktur wawacan bagian.... A. Manggalasastra B. Eusi C. Kolofon D. Ujian E. Pupuh 33. Ieu carita keur sisip, Geus euweuh tuluyna atuh, Renggan Pulung enggeus cicing, Mangku di nagara Puri, Barjah enggeus ngeuneung-ngeuneung, Mangku di Nagara Pura. Sempalan wawacan di luhur asup kana struktur wawacan bagian.... A. Manggalasastra B. Eusi C. Kolofon D. Ujian E. Pupuh 34. Titénan sempalan carita ieu di handap ! Kocapkeun di nagara Hastina Pura, Raja Duryudana linggih dina Korsi Gading Ginggilang Kancana. Di payun ogé lenggah Patih Dursasana kalih Sang Resi Bisma, Teu kakantun ogé



sakumna parasinatria Kurawa nu sanésna. Maksadna seja madungdengkeun perkara Perang Baratayudha nu baris lumangsung dina itungan minggu Paragraf di luhur téh mangrupa conto nyandra janturan. Téks nu dicondongkeun téh nyaritakeun ngeunaan.... A. Suasana karajaan Hastina nu riweuh katatamuan ku Dursasana jeung Resi Bisma. B. Raja Duryudana ngondang sakumna pejabat karajaan pikeun madungdengkeun Perang Barataydha. C. Raja Duryudana keur diuk dina korsi karajaanana, disanghareupan ku Dursasana jeung Resi Bisma. D. Raja Duryudana ngabéwarakeun Perang Baratayudha E. Raja Duryudana madungdengkeun kaayaan rahayat Astina nu keur riweuh ku sagala kasakit 35. Titénan sempalan carita ieu di handap ! Kocapkeun di nagara Hastina Pura, Raja Duryudana linggih dina Korsi Gading Ginggilang Kancana. Di payun ogé lenggah Patih Dursasana kalih Sang Resi Bisma, Teu kakantun ogé sakumna parasinatria Kurawa nu sanésna. Maksadna seja madungdengkeun perkara Perang Baratayudha nu baris lumangsung dina itungan minggu. Paragraf di luhur téh mangrupa conto nyandra janturan. Téks nu dicondongkeun téh nyaritakeun ngeunaan.... A. Suasana karajaan Hastina nu riweuh katatamuan ku Dursasana jeung Resi Bisma. B. Raja Duryudana ngondang sakumna pejabat karajaan pikeun madungdengkeun Perang Barataydha. C. Raja Duryudana keur diuk dina korsi karajaanana, disanghareupan ku Dursasana jeung Resi Bisma. D. Raja Duryudana ngabéwarakeun Perang Baratayudha E. Raja Duryudana madungdengkeun kaayaan rahayat Astina nu keur riweuh ku sagala kasakit 36. Tengetan sempalan puisi ieu di handap ! Dan muga lumundur Mimiti milayeng rhana Mimiti manguning laga Nireng rhana chinaya gelar ketemu bala Nalariwa Pandawa Parta sheba Di luhur hidep maca conto Murwa dina dina struktur carita wayang. Harti sejen tina teks anu dicondongkeun nya eta …. A. Jeung muga abdi bade mundur ngawitan milari raja. B. Muga abdi diwidian kanggo milari Raja C. Abdi seja ngawitan ngarintis perjuangan margi niten pamingpin cidra dugi ka timbul pasualan. D. Gusti Pamuga ngarestuan abdi seja milari pipamingpineun



E. Abdi seja mungkas ngarintis perjuangan 37. Tengetan sempalan wacana ieu di handap ! Hastinapura teh paeh nuju anom keneh, kusabab anjeunna lali ngalanggar supata Bagawan Kindama. Para putrana teh teu acan aya nu kersa pikeun ngaganti Pandu Dewanata jadi pupuhu nagara. Kecap paeh dina teks diluhur kedahna.... A. Pupus B. Maot C. Mati D. Ngantunkeun E. Ningalkeun 38. Tengetan sempalan wacana ieu di handap ! Saha anu henteu mikawanoh Raditya Dika, Nunulis sakaligus comika sarta sutradara ieu atos kaluron saloba 6 buku. Sadayana bergenre sami, dikemas sacara apik dina balutan komedi.  Kecap nunulis dina teks diluhur kedahna.... A. Nulis B. Nu nulis C. Nu-nulis D. Nu-Nulis E. NuNulis 39. Tengetan runtuyan sistematika cara nulis artikel ieu di handap ! 1. Bubuka 2. Panutup 3. Nangtukeun judul 4. Iderntitas panulis 5. Eusi 6. Kecap inti 7. Daftar pabukon Susunan sistematika cara nulis teks artikel anu bener nya eta …. A. 1,5,2,3,4,6,7 B. 3,4,6,1,5,2,7 C. 1,3,5,4,6,7,2 D. 3,1,4,5,6,7,2 E. 4,3,1,5,6,2,7 40. Sistematika cara nulis teks artikel anu bener nya eta ….



A. Bubuka, eusi, panutup, nangtukeun judul, kecap inti, identitas nu nulis, daftar pabukon. B. Bubuka, nangtukeun judul, eusi, kecap inti, identitas nu nulis, daftar pabukon, kecap inti, panutup. C. Nangtukeun judul, identitas nu nulis, kecap inti, bubuka, eusi, panutup, daftar pabukon D. Nangtukeun judul, identitas nu nulis, bubuka, eusi, kecap inti, panutup, daftar pabukon E. Identitas nu nulis, nangtukeun judul, bubuka, eusi, kecap inti, daftar pabukon, panutup