Sungkem Ke Ibu Mertua [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Sungkem Ke Ibu Mertua (Sungkem Ka Mertua Istri) : Ema ... Ampun paralun isin dikedalkeunana, berat diucapkeunana. Tangtos kauninga, diri abdi anu kieu buktosna, rupi jauh nandingan arjuna jeung srikandina. Sumping teu ieuh cacandakan, aku kosong eusianen, lambut kosong eusianen. Kawawuh lieuk euweuh ragap teu aya, nyanggakeun sadaya-daya. Namung sok sanaos kitu, abdi hoyong diangken janten putra ema, wireh katali kapatri ku putra ema, pikeun ngaheuyeuh dayeuh ngolah rumah tangga. Ema ... Ieu abdi putra anu enggal, neda piwulang sareng piwuruk ti ema, sangkan abdi tiasa sasarengan sareng pun bojo, sareng pun lancek, kalayan aya dina mawadah, warohmah. Setelah kita sungkem ke Ibu mertua kita yang berasal dari Sunda, biasanya beliau memberikan Papatah, berikut papatah yang biasanya Ibu mertua ucapkan : Anaking .. Hidep diangkeun pisan ku ema, moal disaha-saha, sarua wae anak ema. Ema bakal mikanyaah ka hidep, ema moal ngawilah-wilah, mihape salaki anjeun, mihape pamajikan anjeun, kudu babarengan dina katakwaan ka pangeran. Anaking .. Ku ema di du’akeun. Hidep sing panggih jeung kasinugrahan, tentrem lahir bathin, aya dina rido Alloh. Ngan kahade, ulah poho kanu jadi indung bapa. Sabab indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat. Bral geura menta du’a ka bapa anjeun. [perlu dilihat, Cara Pasang dan Setting peta GPS rute perjalanan untuk Android]



Sungkem ke Ayah Mertua (Mertua Pameget) : Bapa .. Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genteng belokeun, abdi nyanggakeun sadaya-daya, abdi tos wantun rurumpaheun dipangkonan bapa. Maksadna mah hoyong diangkeun janten putra bapa. Wireh katali iket tikah ku tuang putra. Sanaos teu aya anu disanggakeun, kajaba awak sakujur sareng reregedna, hapunten anu kasuhun. Salajeungna abdi neda pidu’a, sangkan hirup abdi salamina aya dina rido pangeran.



Setelah kita sungkem ke Ayah mertua kita yang berasal dari Sunda, biasanya beliau memberikan Papatah, berikut papatah yang biasanya Ayah mertua ucapkan : Tos Ujang /(Nyai) … Teu pantes hidep sasauran kitu. Insya Allah sakamampuan bapa, bapa rek ngabingbing ka hidep. Bapa nyaah ka hidep, lantaran hidep nu rek nuluykeun lalakon ka hareup. Ayeuna mah sing sobar narima kana kanyataan. Ieu kabeh estuning khudrot jeung irodhat pangeran, anu tiba ka anjeun duaan. Sing deket ka pangeran, sabab manehna anu parantos dipenta pitulungna, mantena anu parantos ngurus, ngajaring ka urang sadaya. Poma laksanakeun parentahna, tinggalkeun laranganana. Bral geura cengkat, geura tandang makalangan, sanghareupan sagala nu bakal datang. Read more: http://qizz234.blogspot.com/2014/07/contoh-kata-kata-sungkem-dalambahasa-sunda.html#ixzz4hauFc0jl