Sungkeman [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Bismillahirrohmanirrohim. Kalayan nyebat Asma Pangéran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula ngawitan mituturan para siswa anu kiwari bade nagntunkeun ie sakola Mangga ka para siswa, geura lumampah nyaketan kana panggung Kasép, Geulis. bapak ibu nu saestu ieu abdi siswa siswi ibu sareng bapak seja nyanggakeun sungkem pangbaktos tawisna hormat tilawat ka ibu miwah ka bapak. mugi kersa nampi ieu abdi nu ageung karuamosan rumaos seueur kalepatan salami nampi atikan karaos kanyaah guru, dina waktos ngawulang elmu panemu ti bapa miwah ti ibu Siswa bapa,........ibu................, dinten ieu abdi sumanggem dipayuneun bapa sareng ibu mung seg manah tiasa di buka nyaksian lambey nyarios, asa sesah abdi ngantunkeun asa sesah kanggo ngalengkah abot kusono, abot kunyaahna abot ku kadeueuh, netesken,katresna, ngatik ... ngadidik,,tanwangen sanes kanten bapa, ibu,abdi sadaya ngaraos yakin kaheman bapa kalih ibu wening ku asih sareng keubeuk ku kanyaah, anu taya higgana bapa, ibu............. abdi hampura, tikawit kelas tujuh dugi ka ayeuna lulus ges pasti seueur ngarepotkenun ka bapa loba pisan ngeselkeun ka ibu mereun handeueul manah bapa, boa hanjelu manah ibu ku abdi sadayana ka tampi kiwari abdi pasrah pa, abdi rido bu abdi ikhlas diomelan ayeuna, abdi rela di cacapak poe ie kajengkel, kageuleuh, ka keuheul bapa jeng ibu heg tibakeun ka abdi nyanggakeun sadaya-daya, abdi pasrah…. hampura pa,hampura bu, hampura ka sadayana



Ibu / Bapak Guru anaking murid bapak jeung ibu katampi sungkem hormat hidep kasep, geulis tong melang tong salempang sadaya lepat hidep tos lubar cupar dihampura ku ibu miwah kubapak jung nangtung kamanggung mugia apanjang apunjung geura teuleuman elmu panemu sing kapanggih mutiara bagja ngajul bentang lain kuasiwung tapi ku elmu anu linuhung Anaking….. Kiwari nitih wanci, katitih katarik tulis Ayeuna hidep di kawas tamat na mangsana Tilu taun anu ditunggu Sawatara mangsa anu didagoan Kiwari ngajadi bukti, ngajangelek poe anu hade Hidup mungkas mangsa diajar tilu taun Pamungkas katineng hate Bral anaking, geula lempang Geura lempang makalangan, geula igelan ieu dunya Anu pinuh kucocoba. Tuh diditu, anu peuntas, anu itu Hidep geura bebenah, petik pangarti, under pangalaman Pikeun ngawujudkeun cita-cita Beber layar Tarik jangka, pacuan ulah rek poho Jimat jatining waluya Ngalengkah baca bismilah, nyatandang binarung iman Rancage migawe pancen, ditameng leber wawanen Batal wudu, batal solat….anaking ……gampang malikna Batal lampah hese ngubaranna Bral …………………anaking Manuk hiber kujangjangjna Munusa hiup kuakalna Bapak katut ibu ukur bisa ngadu’a tikaanggangan Anaking…….. Yu…..silih lubarkeun dosa anu ikhlas Kanu bageur …nyaah kubageurna Kanu bangor ... nyaah kubangorna Ari bodo jeung pinter, apan etateh banda manusa Bral anaking dianteur ku teuteup deudeuh