Teks Sungkeman [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

SUNGKEM Ngawitan bismillahirrahmanirrahim. Kalayan nyebat asma pangeran , dzat anu maha welas tur maha asih. Seja kaula ngawitan mituturan dua pasang manusa anu kiwari parantos ngahiji kalayan widi gusti nu maha suci ngalangkungan jalan jatukrami. Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan – pisan urang samudayana anu sami kersa sumping, kalayan ridho lillahi ta’ala. Ngagebregkeun ji’ad pidu’aka kedua mempelai ngalangkungan du’ana rasulullah saw. Mangga urang aos sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim Barakallahu laka wabaraka alaika wajama’a bainakuma fi khair. (mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan allah tumeteup enteup, nyanding mipir ngabanding, lamokot geugeut kahideup duaan, sareng pamudah – mudahan hideup duaan dikumpulkeunana ku allah teh sinanding jeung kasaean. amiin) (salajeungna panganten nyuuh kana pangkonana ibuna sewang-sewangan)



Kunasari: Duh Ibu hapunten abdiTina sugri kalepatan Rumaos abdi rumaosAbdi sering ngaraheutan Ibu kantos kaheseanNgurus abdi ti kapungkur Ngamongmong ngadama-dama (2X) Anaking mangka emut “Ridollohi firidowalidain. Wasuhtullohi fiisuhtilwalidain…” Karidoan Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng rama. Sawangsulna, bebendu Alloh gumantung kana benduna ibu sinareng rama. Du’a mamah nyarengan hideup pikeun lunta.



(salajeungna panganten nyuuh kana pangkonana ramana sewang-sewangan) Duh Apa sungkemeun abdi Apa Nu ngayuga ngarasananNgabayuan hese cape Bela tur nyaah ka nu janteun putra Apa parantos ngatik ngadidik abdi ti leuleutik Apa parantos ngaraksa abdi ti bubudak Hirup abdi helas teu aya paedahna saupami abdi inkar tina dua sareng panghampunteun ti apa.Apa hapunteun abdi, duakeun abdi Dua apa di dama dama ku Abdi. ( Salajeungna waleur ku ramana cepengan mastaka tuan putra sarengan ku manah nu ikhlas manteng kanu maha suci ). Ujang nyai anaking anak Apa. Bral anaking dua jeung panghampura apa marengan hideup lunta ngambah sagara rumah tangga. Anaking Ridollohi firidowalidain. Wasuhtullohi fiisuhtil walidain” Karidoan Alloh gumantung kana ridona ibu sinareng rama. Sawangsulna, bebendu Alloh gumantung kana benduna ibu sinareng rama. allah moal ngahampura kana dosa eta jalma saumpamaindung bapana teu acan ngahampura kana dosana eta jalma. ujang nyai anaking anak apa, allah ngadauh dina alqur’an. Wallahu ahrajakum min buthuni ummahatikum la ta’lamuna syaian. Allah ges ngaluarkeun aranjeun tina patuangan indung2 aranjeun bari dina kaayaan henteu nyaho naon naon ku pangatik pangdidik sepuh hideup nepika dewasa Bral anaking gera ambah sagara rumah tangga bari mawa iman jeung takwa layeut geugeut pinuh ku kadeudeuh silih asah silih asih doa apa mareungan hideup duaan.



(salajeungna panganten nyuuh ka ibu mertuana sewang sewangan ) Ibu Nyanggakeun sungkem pangbakti Ka salira nu mihemanMageuhan tali kasono Widi ibu kalih apaAbdi tiasa laksana Pidu’a anu kasuhunEnggoning ngalakirabi (2X) ( Mangga walon ku ibu mertuanacepengan mastaka tuan putra sarengan ku manah nu ikhlas manteng kanu maha suci) Nyaah teuing anaking mamah jeung apa yakin tamah umat tamah nikmat anjeun anak mamah anak apa lahir batin. Du’a mamah nyarengan lumampahna hidep. Mugia anjeun janteun kulawargi anu sakinah mawadah warahmah. (salajeungna panganten nyuuh ka pangkonan apa mertuana sewang sewangan) Apa anu mikaasih Abdi neda pidu’anaOge mugi Apa rido Seja miheman ka nu janten putra Sapapait samamanisSasarengan silih tuyun Ngahontal kana rido pangeran (2X) (Du’a anak sholeh) Nun Gusti mugi Gusti ngahapunten kalepatan diri abdi, kitu kalepatan sepuh abdi. Sareng gusti mikanyaah mikaasih ka aranjeunna sapertos aranjenna mikanyaah ka abdi waktos alit. Salajeungna urang sami sami pangkas ieu sungkeuman kalayan doa rabbana hablana min ajwajina wadurriyyatina qurrata ayuni waj’alna lilmuttaqina imama.