BAB 4 Drama Pertemuan Ka 1 [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

BAHAN AJAR Satuan Pendidikan Mata Pelajaran Kelas / Semester Guru Mapel Pertemuan ke-



: : : : :



SMK Al Jabbar Ciledug Bahasa Sunda XII / 2 (dua) Genap Melinda Oktaviana Sutresna, S.Pd. 1-2



KompetensiDasar : 3.4 Menganalisis isi, struktur dan aspek kebahasaan teks/naskah drama 4.4 Menampilkan drama berdasarkan teks/naskah dengan memperhatikan intonasi dan ekspresi Tujuan Pembelajaran : Memperhatikan drama untuk memahami isinya Informasi Materi Ajar : Kecap drama asalna tina basa Yunani, dramoi nu hartina niru atawa niron-niron. Nurutkeun kamus LBSS, drama (bs. Walanda) nyaéta (1) carita sandiwara nu matak sedih, jeung (2) carita nu matak kukurayeun jeung matak pikasediheun. Jadi bisa dicindekkeun yén drama téh nyaéta karya sastra dina wangun paguneman (dialog) di antara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangankaterangan séjénna nu dibutuhkeun pikeun kaperluan pintonan (pagelaran). Latihan Soal Garong Jenius Di désa bojong ribut yén aya garong nu sok nga rarad sakur nu aya dihareupeuna. Hansip béak carita miskin pangakalan sangkan bisa néwak éta garong. Dina hiji peuting, hansip keur ngaronda. Manéhna ngomong sorangan “ duh kieu nya jadi hansip désa terpencil mah sugan ngaronda téh disuguhan cikopi jeung roti titatadi kalah nguyup angin kulantaran hoyong molor”. Keur kitu torojol Ujang, jelema jangkung badag nu titahan RT keur jadi kaamanan ronda peuting ayeuna sakalian ngabaturan hansip. Ujang : Assalamualaikumm Sip ! Hansip : Waalaikum salam, wah jadi silaing kadieu ? Ujang : Eh da amanah Sip. Kuring mah diutus langsung ku pa RT jeung mawa cikopi keur hansip ceunah keur ubar tunduh. Hansip : Cing atuh kadieukeun mana cikopi na??? Ujang : ké heula, diperjalanan téh kuring inget ceuk pa RT, lamun tunduh nginum cikopi, tah kaleresan simkuring téh nuju tunduh nya dileguk we ku simkuring te’h!! Hansip : Euhh ,,, manéh mah sarua wé jeung bohong atuh kitu mah. Sabot kitu datang si Juhro, tikukurusak terus nyodorkeun leungeun sasalaman. Juhro Hansip Juhro Ujang



: Sip, kumaha jadi ngurilingan kampung téh? : Jadi atuh, kan keur kasalametan warga urang kénéh supaya aman,tentrem,nistamaja utama, sejahtera,Jsb. : tapi abdi mah bingung lamung papangih jeung garong , kudu kumaha newakna? : Keun serahkeun tugas éta mah ka Ujang, urang kerekeb ! ! !



Di lain tempat 2 garong keur maling di salasahiji imah geus sukses abus. Abong garongna sagala dirarad, ka katel – katel waé di badog jeung peralatan séjénna. Caritana keur di dapur. Sanip : Buru lalaunan – lalaunan ! ! ! Ajén : Buru bantuan ! lain lalaunan – lalaunan ! Sanip : Sip atuhh,, urang téréhan asupkeun kana karungna Ajén : Bawa tuh katél jeung sosodok ! Sanip : Keur naon mane’h ? ngagarong mah sakur anu berharga wungkul ! ! ! Ajén : Ari manéh kan tadi téh ngagarong hayam, lamun dék di telih kan kudu di goréng heula. Sanip : Heugg atuh !! ! Eh, ari hayamna mana? Ajén : Geus aman diasupkeun kana kandangna, pokona mah sip lah! Sanip : ah ari kitumah anger we kudu néwak deui, belet siah ! Dijalan nu 3an keur tugas ronda Ujang : cik urang senteran, aya teu nya di belah ditu? Juhro : Sok urang marisah wéh ayeuna mah!Urang ka kulon,manéh ka gigir, Sip manéh jeung urang ! Ujang : Eh… siahh urang sorangan atuh..?? manéh mah sok teu balég ah. Kumaha lamun papangih jeung garong? Kudu kumaha kuring?? Juhro : pan tadi ceuk manéh urang kerekeb geningan? Ujang : Heuuhh maksud téh urang kerekebna ku 3an ! Hansip : Geus .. .geus . . hayu urang babarengan wéh supaya alus jeung babari néwak garongna! Di lain tempat . Sanip : Geus pamenangan mah hayu kabur ! Ajen : Alah . . .???Meunang naon ari manéh??parabot dapur wungkul??? Sanip : Cik ari manéh kudu bersukur, meureun rejekina ngan sakieu . geus tong loba omong ! Ajen : ieu jagong moal dibawa?? Sanip : Jagong na urang mah hayang nu ngora , ieu mah naon kieu tina luarna gé geus kolot Ajén : Sok pesék heula atuh ! ragap ku manéh! Sanip : Ari ieu buluan, berarti geus kolot atuh??? Ajén : Ahhh sia mah disaruakeun jeung jelema waé sagala téh! Saba’da kitu, Ajén jeung Sanip kaluar ti Imah,terus lumpat ting ngaberetek alabatan jelema nu di udag bagong, lumpat tikukurusuk ! Ujang : “Itu naon nu ngurusuk???”ucap lalaunan. Juhrooo . . .Siippp . . .kadieuu ,hayu urang tempo ! ! !. (ngagero babaturana nu papisah). Juhro : Hayu atuh urang tempo Hansi : Buru berik ku maranéh, kuring ngomando tidieu (bari tetegéh) Si Ujang jeung Juhro tuluy merik, sihoréng nu nyurigakeun téh, bener garong. Tuluy ngagorowok ka si Hansip da geus kapanggih. Ujang : Sipp . . . Buru kadieu, Garong geus beunang yeuh ! ! ! Hansip : kéheula kuring kadinya. Teu lila, Hansip geus di TKP, tuluy nanya ka Juhro jeung Ujang. Hansip : geus alus lah gawé maranéh Jang, Ro. Manéh deuih garong moal salamet gara – gara ngalanggar aturan di Désa Bojong mah ! Ajén : Naon buktosna pa yén kuring garong? pami nu di gigireun kuring mah duka teuing tah, da éta gening mawa karung?



Sanip Ajén Ujang Juhro



: Sumuhun Pa, eleuhh siahh .. .sia nuduh ka kuring??hayu urang buktikeun di méja pangadilan.(Bari sora tarik) : Ijin heula Pa, kango perkara kieu mah perkara serius, kuring jeung si éta badé nguruskeun ka méja héjo. : Ahh maenya siah aya pangadilan peuting,geus ngarampih atuh hakimna gé! : Bawa wéh ka RT, tong loba omong !



Sanggeus kitu, nu limaan éta ngingkig ka RT nu di maksud édék ngabéréskeun éta masalah. Si Ajén jeung Sanip geus rada geumpeur yén nu di datangan téh imah nu tadi di garong ku maranéhna. Hansip : Assalamualaikum Pak RT?(ting gorowok Hansip, Ujang jeung Juhro) Di jero imah, ibu RT ngahare’wos jeung noélan ka carogéna. Ibu RT : Bapa, aya tamu wengi – wengi téh,meni rebut. Pak RT : keun atuh Bu, wengi ayeuna mah lire’n heula da masih tiasa mingon payun. Bapa na carapé ayeuna mah Ibu RT : Ehh ari Bapa, dangukeun gera aya nu keketrok, nya ngajorowok deuih . si Bapa mah sok kamana waé Pak RT : Wahh . . . .enya geningan , , ,hayu atuh urang sampeurkeun, manawi téh ibu ngajakan anu. Hehe . . . Teu kungsi lila Pak RT maké sarung jeng kopeah meleteng,ngingkig muka konci panto. Pak RT : Aya naraon ieu téh? ngagaranggu kanu saré waé ? (Bari semu tunduh) Hansip : Lapoorrr Pa . .Simkuring parantos kengéng garong pa ,dua ieu téh! badé dikumahakeun pa? Pak RT : Sok kajero heula wéh jeung maranéh urang rundingkeun. . . Kela sakeudeung . . Bu. . badé aya tamu, gera di acuk heula (ngagorowok ka jero imah) Anu limaan tadi, jeung Pa RT na ka jarero imah, bari ngarundingkeun . Pa RT : Cing sok, Sip. Caritakeun kumaha mimitina ieu téh? Hansip : kieu pa, tadi simkuring sareng réréncangan ronda nguriling kampung. Aya nu kekeresekan, ku simkuring ditéang, tah ieu nu 2an nu dibawa ayeuna. Mangga wéh teu langkung Pa RT badé dikumahakeuna mah! Si garong nu 2an galaleumpeur , Pa RT nanya ka si garong nu 2an. Pa RT : Naha bener maraneh téh garong téa?? Ajén : Punten Pa, abdi mah sanés garong. Piraku garong ganteng kieu?? duka Pa anu di gigireun abdi mah da geningan nyandak karung (bari sora handap asor) Ujang : Ehhh . . Pa punten ngiring cumarios, piraku pa garong ngaku?da pasti sieuneun ngaku mah Pa. Sanip : Eleuhh eleeuhhh , , , wani – wani na éta nuduh ka kuring (bari molototan Ajén), punten Pa, abdi mah da di piwarang ku Ajén kieu gé pa. Ajén : Iraha kuring nitah ka manéh, Sanip?? Sanip : Apanan . . .(Pa RT motong caritaan) Pa RT : Ahh tong ribut didieu atuh! . . nu mana ieu téh atuh garongna? Ajén : Pa sanes kirang sopan, kumaha Pa lamun ijin heula badé ka Pengadilan supados Bapa teu ka ganggu,wengi –wengi deui. Mun tos puguh garong na, abdi 2 an kadieu deui!(Bari mawa karung) Pak RT : Tah kitu atuh , , ,jig indit heula wéh, ké geus puguh kadieu. Ajén jeung Sanip kaluar ti Imah Pa RT, diluar bari ngarobrol. Ajén : Sanip, nanaonan manéh tadi molototan kuring di jero Imah? Keuheul? Sanip : Ehhh urang mah kitu sotéh acting wungkul, pan ayeuna urang bisa kabur. Ajén : Eh heeuh nya, alus lah otak manéh!



Dua garong éta kalabur, di Imah Pa RT pada ngadagoan garong kalah nepi ka Isuk –isuk teu datang deui, sihoréng sadar yén garong téh nipu sararéa. ku sabab tunduh kénéh, nepi ka bisa ka tipu ku Garong. Pikeun nyangkem eusi naskah drama, pék jawab pananya ieu di handap! 1. Naon téma nu ditepikeun dina drama “Garong Jenius”? 2. Saha waé palakuna jeung kumaha karakterna? 3. Sebutkeun prolog jeung épilogna! 4. Aya sabaraha adegan naskah drama di luhur téh? Sebutkeun adegan naon waé! 5. Kumaha galur carita dina éta naskah drama di luhur? 6. Kumaha tatakrama basa nu digunakeun dina naskah drama di luhur? 7. Bagian mana anu ngagambarkeun yén garong jenius? 8. Amanat naon nu hayang ditepikeun ku éta naskah drama téh? Cutatan :  Informasi materi ajar catet dibuku catetan  Latihan soal dikerjakeun di buku latihan  Latihan dikumpulkeun dina pertemuan anu salajengna sarta diupload di google classroom dina tugas Basa Sunda  Saupama henteu ngumpulkeun latihan soal, siswa dianggap teu hadir (alfa) sarta teu meunang nilai tugas