Borangan Kuliner Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

BORANGAN SDN 3 CIAWI Jalan-jalan ka musium Assalamu’alaikum . . . Upami natamu teh ulah dusun Sampurasun . . . Nepangkeun wasta sim kuring Nurina Zubir, aeh naha geuning ilat teh bet ti soledat, hapuntenna pamiarsa sadaya maksad teh Nurina Alfarini, kawit ti SD tilu Ciawi. Pami dititenan mah, geuning Nurina sareng Nirina teh da teu benten tebih atuh sanes kantenna ge. Diantawisna, hiji dina jangkung nya, itu mah jangkung sim kuring mah rada jangkung. Teras kaduana upami itu mah geulis, sim kuring mah rada geulis. Teras anu pamungkas, itu mah tos kantenan artis multi talent, sim kuring ge sami artis mung artisna ge cekap artis talenan arageung bitis bati jalanjalan. Bade teu resep jalan-jalan kumaha, da di bumi wae mah kesel nya, pak, bu. Ti kawit beberes, ngepel, gegeroh, teu acan deui setrikaeun meuni sagunung. Teu dipidamel ku urang nya bade ku saha deui da teu tiasa disulap sim salabim adakadabra sugan janten beres sadaya. Moal. Numawi kedah enjoy we ngalakonanna. Ningal setrikauen sagunung enggal pidamel, pados teu nundutan nyetel TV atuh nyetel gosip, artisartis nu nuju naek daun. Sanes bd ngiring ngagosip da teu aya rencang kur ningali we tambi tiiseun. Kirining Hampong (eh handphone) disada, hallo, astagfirullohaladim geuning ieu ngaheab kieu horeng ieu mah setrikaan, aya-aya wae gusti. Hallo bestie, aya naon? Kumaha kumaha? (bari mawa remot) wang healing? Kamana? Kuliner deui? Hayu hayu atuh siap, otw.



Kumargi tos aya telepon ti bestie ngajak kuliner, sim kuring mah bingah nu aya we da pados ieu bitis teh janten lenjang. Hayu atuh sim kuring bade ngajak pamiarsa sadaya kuliner jajanan khas sunda. Cobi naon wae nya anu lebet kana 3 Kuliner Sunda anu kakoncara. Nu kahiji, sangu dioncoman Pados bapa kalih ibu teu lali ka sim kuring, sim kuring gaduh lagu, sapertos kieu laguna teh. Nuri Nurina Na Nuri Nurina Nuri Nurina Na Nuri Nurina