Contoh Babasan, Paribasa, Rarakitan, Paparikan Jeung Wawangsalan [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Nama : Zaneth Mahardhani NIM



: C1886206010



Prodi PGSD Tingkat 2 Tugas Pendidikan dan Pembelajaran Bahasa Daerah 25 CONTOH BABASAN Indit Sirib = Indit sakulawarga. Kawas Gaang Katincak = jempe, teu ngomong. Kawas beueuk beunang mabuk = jempe/ ngeheruk teu ngomong. Kawas Anjing tutung buntut = Teu daek cicing. Kembang Buruan = Budak keur meujeuhna resep ulin diburuan. Kokolot Begog = Niron-niron omongan atawa kalakuan kolot. Kurung Batok = Tara liar ti imah, tepika teu nyaho nanaon. Laer Gado = Resep barang penta. Lesang Kuras = Geus teu boga nanaon. Leuleus Awak = Resep barang gawe. Leumpeuh Yuni = Teu kuat nenjo nu pikasieuneun/ pikareuwaseun. Leutik Burih = Kurang kawani, sieunan, borangan. Lungguh Tutut = Katenjona lungguh/ cicingeun padahal saenyana henteu. Miyuni Kembang = Loba nu mikaresep. Murag Bulu Bitis = Resep indit-inditan. Ngabuntut Bangkong = Teu puguh tungtungna, teu tep ka rengse. Ngegel Curuk = Teu menang hasil. Ngeplek Jawer = Teu boga kawani, sieunan, elehan. Ngijig Sila = Henteu satia. Nyoo Gado = Ngunghak, ngalunjak. Panjang Lengkah = Loba pangalaman. Pindah Pileumpangan = Robah kalakuan. Saur Manuk = Ngomong rampak/ bareng. Tuturut Munding = Nurutan batur bari teu nyaho maksudna. Era Paradah = Era ku kalakuan batur.



25 CONTOH PARIBASA Adat kakurung ku iga = Adat atawa kalakuan goreng sok hese dirobahna. Adean ku kuda beureum = Agul/ ginding ku pakean meunang nginjeum. Agul ku payung butut = Agul ku turunan atawa kulawarga sorangan. Asa mabok manggih gorowong = Boga kahayang ari pek aya nu nyumponan atawa aya nu mere jalan bari teu disangka-sangka. Aya cukang komo meuntas = Aya jalan tepi ka laksana anu dipikahayang. Banda tatalang raga = Harta teh pikeun nulungan raga (awak). Batok bulu eusi madu = Katenjo luarna (awakna) siga nu goreng padahal jerona (hatena) alus. Bengkung bekas nyalahan = Robah tingkah laku, keur budak alus ari geus kolot goreng. Bentik curuk balas nunjuk = Resep nitah ka batur. Buruk-buruk papan jati = Najan gede dosana ari dulur mah sok hayang nulungan. Caina herang laukna beunang = Ngarengsekeun perkara ku cara anu hade teu matak tugenah. Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok = Lamun tuluy dipigawe tangtu bakal karasa hasilna. Clik putih clak herang, caang bulan opat belas = beresih hate, ikhlas, teu aya rasa keheul atawa tugenah. Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawean anu baku. Gindi pikir belang bayah = Goreng sangka atawa goreng hate ka batur. Goong nabeuh maneh = Ngagulkeun diri sorangan. Hade gogog hade tagog = hade omongan jeung tingkah laku. Hade tata hade basa = Hade tingkah laku jeung hade omongan. Halodo sataun lantis ku hujan sapoe = Kahadean anu loba leungit ku kagorengan anu saeutik. Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat = Indung jeung bapa teh sumber kasenangan. Jati kasilih ku junti = Anu hade kasilih ku nu goreng. Ka cai jadi saleuwi ka darajat jadi salebak = Babarengan, akur sauyunan. Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa ku batur anu nyieun kasalahan. Kalapa bijil ti cungap = Rusiah dicaritakeun ku nu ngalakukeunnana. Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa ngatur rezeki najan saeutik tapi mahi.



Contoh Paparikan Paparikan nu ngandung unsur percintaan:



1. ka Cibogo mawa keris cenah mah rek dijualan kanggo wanoja anu maranis hayu atuh urang kenalan 2. Koran tilas dibeungkeutan Saurna bade diberesan, Bongan siang ngabaeudan Dongkap weungi katirisan Paparikan nu ngandung unsur ngadidik : 1. Meuli hayam ti cigugur Sakalian jeung bumbu dapur, Lamun hayang loba batur Kudu bisa hirup akur 2. Keretek antik buatan walanda Dilelang poe salasa, Ulah rek aral subaha Pasrahkeun kanu kawasa Paparikan nu ngandung unsur lelucon: 1. Nyiuen bantal jeurona bulu Ceunahmah keur oleh-oleh, Ciri jalma nu geude hulu Lamun ngomong sok embung eleh 2. Saratus opat salawe Kalong geude kalong wewe Rek kumaha meunang gawe Pagadagan ngan sare wae



Contoh Rarakitan : Rarakitan Silih Asih Rincik rincang rincik rincang Aya roda na tanjakan Sidik pisan sidik pisan Nyai teh bogoh ka akang Tangkal hiris dibeungkeutan Dibawa ka pasir alit Nu geulis ngadeukeutan Hayangeun dibere duit



Daun hiris daun sembung Dibeungkeutan keur ka bandung Omat geulis ulah pundung Mun akang kapaksa nyandung Kaso pondok kaso panjang Kaso ngaroyong ka akang Sono mondok sono nganjang Sono mondok jeung nyi mojang Rarakitan Piwuruk Ulah ngeumbing areuyan, bisi lepot ninggang jurang. Ulah teuing heuheureuyan, bisi kolot meunang wiring. Jauh-jauh ngala awi, Nyiar-nyiar pimerangeun, Jauh-jauh ngala kami, Nyier-nyiar pimelangeun. Lamun urang ka Cikole, Moal hese tumpak kahar. Lamun urang boga gawe, Moal hese barangdahar. Lamun urang ninun kanteh, Ulah resep make poleng. Lamun urang leutik keneh, Ulah resep ngomong goreng. Meugeus diangir ku jeungjing, Geura ganti ku kihiang. Meugeus pelesir tipeuting, Geura ganti ku sambeang. Sing getol nginum jajamu, Nu guna nguatkeun urat. Sing getol neangan elmu, Nu guna dunya aherat. Rarakitan Sesebred Ngimpi ngajul kembang tanjung, ari meunang cau kepok. Ngimpi tepung jeung nu jangkung, ari gok jeung nu betekok. Itu wayang ieu wayang, Teu kawas wayang arjuna, Itu hayang ieu hayang, Teu kawas hayang ka dinya.



Nini-nini mawa cai cai bodas ti susukan nini-nini lari pagi langsung pingsan na tanjakan hayu urang nginum kopi kopina pait ngabalakbak atuh buka eta topi pas dibuka huluna botak aya bata aya genteng jalma mabok jalma gelo puguh maneh budak ganteng tapi ngan matana belo



Contoh Wawangsalan Wawangsalan Sunda Sabait Aringgis sok nyatang bolang, kapongpongan siang wengi = lompong Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udara Asal hiji jadi dua, temah matak sesah ati = walimah Awi ngora téh jaradi, temah matak jadi liwung = iwung Aya nu dianjang cai, aya nu dihéroan = séro Aya mesin bisa ngapung, kapidara diri abdi kapal = udara Ayeuna gé sérah tegal, engkang mah sok matak peurih = eurih Baku sok ngalebu badag, reueus keur sareng jeung istri = areng Balandongan ngujur jalan, sok hayang geura los indit = elos Balé diréka masjid, nya pikir bati rumajug = tajug Bangkong lodor meuntas jalan, titis tulis bagja awak = bayawak Bango héjo hérang jangjang, piraku engkang ka abdi = merak Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka Carita = kareta Béntang baranang di imah, samar bisa tepung deui = darma Bedug wedalan Eropa, abdi teu asa dipuji = tanji Beulit cinggir simpay réma, ulah lali ka sim abdi = ali



Beunying leutik sisi cai, ari ras sok cimataan = amismata