Gusti Urang Sarerea [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Rundayan Rasul 1.



Gusti urang sarerea , kangjeng nabi anu mulya Muhammad jenengannana, arab quraisy nya bangsana



2.



Ramana sayyid Abdullah, ibuna Siti Aminah Dibabarkeuna di Mekkah, wengi senen tahun gajah



3.



Rabi’ul awwal bulanna, tanggal kadua belasna April bulan masehi na, tanggal kadua puluhna



4.



Ari bilangan tahunna, lima ratus cariosna Tujuh puluh panambahna, sareng sahiji punjulna



5.



Siti Aminah misaur, waktos babarna kacatur Ninggal cahya mani ngempur, dibumina hurung mancur



6.



Babar taya kokotoran, orok lir kenging nyepitan Soca lir kenging nyipatan, serta harum seseungitan



7.



Barang lahir Rasulullah, anjeunna sujud ka Allah Bari ngucapkeun kalimah, pujian ka gusti Allah



8.



Allahu Akbar Kabiro, walhamdulillah katsiro Wasubhanallah bukrota, waàshilan karomata



9.



Lajeng anjeuna beresin, maca tahmid jelas pisan Ku sadaya malaikat, dijawab tahmid na cepat



10. Lajeung Rasulullah tanggah, ka langit teu sagawayah Ciri luhur darajatna, batan Rasul nu lianna 11. Medal Nabi akhir zaman, pirang – pirang kaanehan Sesembahan bangsa syetan, kabeh pada karuksakan 12. Nabi yuswa lima bulan, tos bisa angkat – angkatan Yuswana salapan bulan, tos capetang sasawuran



13. Yuswana sapuluh bulan, bisa ameng papanahan Ngelehkeun budak nu lian, tapi tara kumagungan 14. Perangina kangjeng nabi, jatnika pinuh kapuji Pinter tur gede kawani, sobar nyaah ka sasami 15. Keur opat taun yuswana, diberesihan manahna Nabi dibeulah dadana, malaikat nu meulahna 16. Jibril kadua rencangna, mikail jenengan nana Ngesikeun kana manahna, ilmu hikmah sapinuhna 17. Tuluy dada kangjeng nabi, gancang dirapetkeun deui Serta teu ngaraos nyeri, dicap ku khotamin nabi 18. Harita nabbi ayana, di lembur ibu aningna Halimah jenengannana, sa’diyyah ngaran lemburna 19. Rama nabi kacaturkeun, pupusna kacarioskeun Waktu nabi dibobotkeun, dua sasih kaunggulkeun 20. Barang ka opat tahunna, Rosul dicandak ibu na Zarah ka makam ‘Abdullah, di ibu negri madinah 21. Saparantosna ziarah, teu lami lajengna mulih Nuju dina perjalanan, raden Aminah nyecepan 22. Parantos tiris karaos, bari nangis jeung nyarios Urang reureuh heula bae, sebab umi atos cape 23. Tina onta lajeng turun, dina lebah gunung hujun Lajeung anjeunana nyuksruk, Rasul di siraheun calik 24. Cumalmia cisocana, sedih ninggali umi na Saur na raden Aminah, hey anak umi nu deudeuh



Rundayan Rasul 25. Umi teu kuat ku sedih, lamun ninggalkeun anjeun teh Bari anjeuna ngusapan, ka Rosul dina siraheun 26. Rosul nangis diciuman, heula bari diwurukan Hey anak umi parantos, ngandung jeung lahir jeung ngurus 27. Tamplok keun kabeh kanyaah, ka anjeun nu dipika seudih Anjeun buah hati umi, anjeun kembang soca umi 28. Anjeun hidep sing tawakal, nalika umi tos wangsul Lain uni henteu beurat, ka anjeun tetep nyaropat 29. Ngaran umi moal pegat, nepi ka poe kiamat Salajengna Rosululloh, ka umi anjeunna nyuuh



33. Enggalna Ieu Lalakon, Rasululloh Di Rawatan Ku majasiah teu kinten, bingah na taya bandingan 34. Teu lami Rosul dicandak, ku majasiah nu mendak Di sanggakeun ka eyang na, anu teu kinten deudeuhna 35. Welas asihna eyang na, nu langkung ti ka rama na Abdul muthallib ngadawuh, di payuneun majasiah 36. Anak mama sabenerna, agung luhur darajatna Bagya jeung kasalametan, pikeun jalma nu ngagungkeun 37. Jeung nu bakal nyafa’atan, tina saban kasusahan Di dunya jeung di akherat, jeung dina poe kiyamat



30. Saurna raden Aminah, umi ka maut tos tereh Lajeng ngaluarkeun nafas, Rosululloh segruk nangis Innaa lillaai wa innaa ilaihi rooji’uun 31. Raden Aminah tos ngintun, di luhureun gunung hujun Gunung anu palih kulon, ka mu’alah kantun mudun 32. Teu lami aya nu datang, awewe ka eta gunung Ngaranna teh majasiah, lembur na deukeut mu’alah



Alloohumma sholli wasallim wa baarik ‘alaiih