Khutbah Iedul Fitri 1442 H [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

KHUTBAH IEDUL FITRI 1442 H *BISA NGANCURKEUN AMAL HADE* (KH. Asep M. Tohir SH.)



× 9   ْ‫هللَا ُ اَ ْكبَر‬ َ ‫هللَا ُ اَ ْكبَرْ َكبِ ْيرًا َو ْال َح ْم ُد هللِ َكثِ ْيرًا َو ُس ْب َح‬ ُ‫ اَل اِلَ هَ اِالَّهللا‬. ‫ص ْياًل‬ ِ َ‫ان هللاِ بُ ْك َرةً َّوا‬ . ‫اب َوحْ َد ْه‬ َ ‫ص َد‬ َ ‫ َوأَ َع َّز ُج ْن َدهُ َوهَ َز َم ْاالَحْ َز‬،‫ص َر َع ْب َد ْه‬ َ َ‫ َون‬،‫ق َو ْع َد ْه‬ َ ،‫َوحْ َد ْه‬ ْ ‫صي َْن لَهُ ال ِّدي ُْن َولَ ْو َك ِرهَ ْال َك افِر‬ َ‫ اَل اِلَ ه‬.‫ُون‬ ِ ِ‫ ُم ْخل‬،ُ‫اَل اِلَهَ اِالّهللاُ َواَل نَ ْعبُ ُد اِاَل ّ اِيَّاه‬ َّ ‫ اَ ْل َح ْم ُد هللِ الَّ ِذىْ اَ ْن َز َل‬.‫اِالَّهللاُ َوهللاُ اَ ْكبَ رْ هللَا ُ اَ ْكبَ رْ َوهللِ ْال َح ْم ُد‬ ‫الس ِك ْينَةَ فِى‬ ‫ اَ ْش هَ ُد اَ ْن‬.‫ت َّو ِحي ٍْن‬ ٍ ‫ت فِى ُك ِّل َو ْق‬ ِ ‫ب ْال ُم ْؤ ِمنِي َْن َواَ َم َرنَ ا ِبفِ ْع ِل ْال َم أْ ُم ْو َرا‬ ِ ‫قُلُ ْو‬ ُّ ‫ك ْال َح‬ ُ ِ‫الَّاِلَهَ اِالَّهللاُ ْال َمل‬ .‫ش ْال َم ِكي ِْن‬ ِ ‫ق ْال ُمبِي ُْن اَ ْلبَ رُّ التَّ َّوابُ ال ر‬ ِ ْ‫ ُذو ْال َع ر‬،‫َّح ْي ُم‬ ْ ‫ق ْال َو ْع ِد ْاالَ ِم‬ ُ ‫َواَ ْشهَ ُد اَ َّن مح ّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َرس ُْولُهُ الصَّا ِد‬ ‫ص ِّل َو َس لِّ ْم‬ َ َ‫ اَللَّهُ َّم ف‬.‫ين‬ ْ ‫ب ال َّشفَا َع ِة يَ ْو َم ال ِّد‬ ْ ‫ث َرحْ َمةً لِّ ْل َعالَ ِم‬ .‫ين‬ َ .‫ين‬ ِ ‫اح‬ ِ ‫ص‬ ِ ‫َعلَى َسيِّ ِدنَا مح ّم ٍد اِل َم ْبع ُْو‬ ‫ فَيَ ا اَيُّهَ ا‬ .‫ اَ َّما بَ ْع ُد‬.‫َو َعل َى آلِ ِه َواَصْ َحابِ ِه ُم َّدةَ ِذ ْك ِر ال َّذا ِك ِري َْن َو َسه ِْو ْال َغافِلِي َْن‬ ْ ‫ُون َعلَ ْي ُك ْم بِتَقَ َوى هللاِ َوطَا َعتِ ِه َو ُك ْونُ ْوا ِم َن ْالفَائِ ِز‬ ْ ‫اضر‬ َّ َ‫ ا‬.‫ين‬ ‫لس الِ ِمي َْن ِم ْن‬ ِ ‫ْال َح‬ ْ ‫َع َذابِ ِه ْال ُم ِه‬ ‫ َو َذ َك َر‬. ‫ قَ ْد اَ ْفلَ َح َم ْن تَ َز ّكى‬.‫َّجي ْم‬ ِ ‫ان الر‬ ِ َ‫ اَ ُع ْو ُذ بِاهللِ ِم َن ال َّش ْيط‬.‫ين‬ .‫االخ َرةُ َخ ْي ٌر َّواَ ْبقَى‬ َ َ‫ا ْس َم َربِّ ِه ف‬ ِ ‫ بَلْ تُ ْؤثِر ُْو َن ْال َحيَاةَ ال ُّد ْنيَا َو‬. ‫صلَّى‬ Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Laa Ilaaha illalloohu walloohu Akbar, Alloohu Akbar Walillaahil Hamdu. Alloh Maha Agung, Alloh Maha Agung, Alloh Maha Agung. kaagungannana moal luntur ku usum, moal laas ku mangsa, agung lain kusabab dipunjung-punjung, mulya lain pedah dipuja-puja, Tapi nu gaduh kaagungan sajati, nu gaduh kamulyaan sajati, teu ngadago kana di agungkeun ku manusa, teu butuh dimulyakeun ku balarea. manusa sok rajeun jadi pangagung, tapi kaagungannana tara lana, kaagungannana keur sabot jeung keur pedah, sabab teu saeutik jalma anu jadi pangagung kalayan diangungagung, tapi eta kaagungan teu matak nimbulkeun katenangan, teu jadi katentreman atawa kabagjaan dina dirina, sabab hirupna pinuh ku kasieun jeung karempan. Alloohu Akbar Walillaahil Hamdu. Hadirin Rohimakumulloh. Nalika Panonpoe akhir Romadon surup di belah kulon, tuluy datang malem hiji syawal, maka ngadak-ngadak perasaan urang barobah sadaya, nu keur duka digentos ku suka, nu keur sedih sirna digentos ku kabungah, nu layu jadi berag.  Teu karaos secara spontan, lambe urang ngumandangkeun kabungah ku kalimah Takbir Tahmid sareng tahlil. Patarema ti lambe ka lambe, ti bumi ka bumi, ti masjid ka masjid bahkan ti hiji kampung ka kampung anu sejena, Sadayana nembongkeun rasa syukur ka Alloh Robbun Ghofur.  Dina salami Romadhon sasasih campleng urang ngalaksanakeun hiji perjuangan anu teu kinten abotna, langkung abot tinimbang ngangkat senjata merangan musuh anu nyata, sabab berjuang merangan hawa nafsu, nyangharepan musuh anu teu nampak dina panon dohir, nyanghareupan musuh nu ngukuntit tiap saat, mangrupa nafsu jeung syetan, nu tuluy-tuluy ngagoda beurang peuting, upami teu aya pitulung ti Alloh hamo urang bisa salamet.  Saba’da sabulan campleng, urang ngalatih diri, ngabina Taqwa, sareng ngaharepken Ridho Alloh. Urang kibarkeun panji sareng bendera kemenangan ngalangkungan kalimah Takbir, Tahmid sareng Tahlil. Alloohu Akbar, Alloohu Akbar, Laa Ilaaha illalloohu walloohu Akbar, Alloohu Akbar Walillaahil Hamdu. Tapi, urang kedah jujur mengakui, ternyata masih aya diantara urang sadaya, anu ukur ngamiliki kulit luar wungkul tina peranyaan idul fitri ieu, seueur diantara urang anu ngukur idul fitri ku anggean anu serba baru jeung tuangeun anu serba enak, padahal kabungah anu hakeki tina perayaan idul fitri nyaeta kabingah kabersihan diri, nu tos di cuci bersih



dina Romadlon, nu tos di tambah Voltase ibadah siang wengi, ayeuna kabingah urang sadaya ku lulusna, ku lekasanana, mugi pendak sareng rohmat miwah rido Alloh SWT.. Hadirin Rohimakumulloh. Dina bulan Romadhon diangge kasempatan pikeun nambih amal kahadean, sebagai salahsahiji proses pembinaan kepribadian urang, anu aya patalina jeung sadaya aspek kahirupan urang di dunya, sahingga urang diharepkeun mampu nerapkeun nilai-nilai amal kahadean dina kahirupan sadidinten, sanes ngan ukur dilakukeun sabot bulan romadon wungkul, rengse romadhon rengse sagala kagiatan amal ibadah. Amal hade nu dilaksanakeun dina bulan romadon kedah dipertahankeun bahkan ditingkatkeun, sebagai bukti kelulusan urang tina pembelajaran anu diajarkan dina bulan romadon. Komo ulah dugikeun ka kabiasaan sae dina Romadon dibatalkeun, dihancurkeun ku ngalaksankeun masiat saba’dana. Sabab Saur Kangjeng Rosul, upama amal hade tapi dibarengan ku perkara nu ngancurkeun kana amal, maka amalna moal dugi ka langit, amalna moal disetor ka payuneun Alloh, amalna bakal ditolak, malah lebur teu aya tapakna. Pidawuh Kangjeng Nabi Muhammad aya 6 rupi anu matak ngaruksak kana amal diantawisna;



ُّ‫ب َوحُب‬ ِ ‫ق َوقَ ْس َوةُ ْالقَ ْل‬ ِ ‫ اَاْل ِ ْش تِ َغا ُل بِ ُعيُ ْو‬:‫ِستَّةُ أَ ْشيَا َء تُحْ بِطُ اأْل َ ْع َما َل‬ ِ ‫ب ْال َخ ْل‬ ‫ال ُّد ْنيَا َوقِلَّةُ ْال َحيَا ِء َوطُ ْو ُل اأْل َ َم ِل َوظَالِ ٌم اَل يَ ْنتَ ِه ْي‬ 1. Sibuk nguruskeun ka aeban jeung kasalaha batur, ngagosip jeung nyieun status nu nyudutkeun jalma sejen, padahal kasalahan sorangan leuwih loba bari teu karasa. Lebaran ayeuna mangrupikeun momen anu tepat pikeun muhasabah, mawas diri, introspeksi kana kalepatan diri.  



‫ب‬ ِ ‫قَ ْس َوةُ ْالقَ ْل‬



2.   Teuas hate. Tara narima nasehat ti batur, teu resep kana papatah, embung ngadenge tausiah tinu sejen, sabab hatena geus pinuh ku asa, jauh tina rumasa. Asa pang benerna, asa pang pinterna, asa pang beungharna, asa pangkolotna, asa pang-pangna.  Aya opat rupi diantawis ciri anu teuas hate : 1). Tara nalangsa ku teu bisa amal, teu dipasihan taufik pitulung pikeun laku amal. 2). Hate teu ngarasa terpanggil lamun aya panggero sholat atawa adzan. 3). Hate teu ngarasa kabita mun batur ngabring ka masjid pikeun sholat jeung nyuprih elmu. 4). Hate teu pernah kasengsrem mun nguping aya anu nerangkeun kautamaan2 ibadah. Anggapana: ukur dongeng, ngarerema, ngabibita, ajaran agama selalu ngambang dina hatena, teu aya kayinan ngabenerkeun janji-janji Alloh. 5). Teu nalangsa tisoledat kana ma’siat. Bahkan mun dina sadarna oge langsung di rerema, bahwa perbuatan dosana mangrupakeun ciri kamanusaan anu sok keuna kasaha bae. 3. katilu, anu matak ngancurkeun amal manusa nyaeta; Hubbudunya, ngumpul-ngumpul dunya, dibarengan ku koret mereket jahe, bari ngayakinkeun yen nu mawa kabagjaan hirupna ukur kadunyaan. Te emut kana kawajiban ti Alloh, kudu infak kudu zakat, teu emut yen harta ukur titipan, harta sakadar tatalang raga, anu baris mayun ka Alloh wungkul diri pribadi nu ngaligincing.



‫قِلّةُ ْال َحيَا ِء‬   



4. Saeutik kaera. Boro-boro isin ku Alloh, ku papada manusa geus  teu aya kaera. Cirina wani ngalakukeun ma’siat dihareupeun umum, Na’udzubillah. 5. Thulul Amal, asa rek hirup panjang umur, asa lila keneh kana maot, asa can pantes umur urang ayeuna make maot, asa batur wae nu rek maot teh. Hingga teu aya saeutik oge persiapan pikeun ka akherat, nga-engke-engke kana tobat, ngakhirkeun sholat, teu mangpang-meungpeung keur jagjag jeung keur sehat. 6



.  ‫وظَالِ ٌم اَل يَ ْنتَ ِه ْي‬  َ



 Zholimun la yantahi, teu eureun-eureun laku dolim, maksiat ngeureuyeuh, dosa di tatabeuh, nipu jeung nipu dina hirupna, teu sadar yen dirina ngadolim batur, betah dina kadudukan jeung jabatan, bari teu paduli kana kahirupan baraya jeung tatangga, malah wani nincak jeung ngahinakeun, ngareken kekesed jeung tatapakan kanu sejen. Padahal dibelakang eta aya Du’a orang-orang terdolimi, aya du’a jalmi do’if, aya kasabaran fakir miskin anu matak ngahalang kana meunangna rohmat jalma kaya jeung kawasa. Alloh Ta’ala berfirman :



‫ﻚ ﻟَﻬُ ْﻢ َﻋ َﺬابٌ ُﻣ ِﻬﻴ ٌْﻦ‬ َ ِ‫ اُوﻟَﺌ‬.‫َو اِ َذا َﻋﻠِ َﻢ ِﻣ ْﻦ آﻳَﺎﺗِﻨَﺎ َﺷ ْﻴﺌًﺎ ِن اﺗَّ َﺨ َﺬﻫَﺎ ﻫُ ُﺰ ًوا‬



Hartosna: “Lamun manehna ngan nyaho saeutik tina ayat kami, maka eta ayat sok dijadikeun guguyon, antukna maranehna nu bakal meunang siksa nu hina pisan”



‫ َم ْن أَ ْس بَ َغ‬: ِ ‫قَ ا َل قَ ا َل َر ُس و ُل هَّللا‬:‫ب‬ ٍ ِ‫َو بِهَ َذا اإْل ِ ْس نَا ِد َع ْن َعلِ ِّي ب ِْن أَبِي طَ ال‬ َّ ‫صاَل تَهُ َو أَ َّدى َز َكاةَ َمالِ ِه َو َك‬ ُ‫ضبَهُ َو َس َج َن لِ َس انَه‬ َ ‫ف َغ‬ َ ‫ُوضُو َءهُ َو أَحْ َس َن‬ ْ ‫ص ي َحةَ أِل َ ْه ِل بَ ْيتِي فَقَ ِد‬ ‫اس تَ ْك َم َل‬ ِ َّ‫َو بَ َذ َل َم ْعرُوفَهُ َو ا ْستَ ْغفَ َر ِل َذ ْنبِ ِه َو أَ َّدى الن‬ ٌ‫ان َو أَ ْب َوابُ ْال َجنَّ ِة لَهُ ُمفَتَّ َحة‬ َ ِ‫َحقَائ‬ ِ ‫ق اإْل ِ ي َم‬ “Kasauran Sayidini Aly ti Kangjeng Rosulillallah saw: “Saha jalma nu nyampurnakeun wuduna, ngaluskeun sholatna, mayar zakat hartana, nahan ambek, ngajaga letah, daek mere hade ka batur, tobat tina dosa-dosana jeung ngahormat ka keluarga Kangjeng Rosul, maka eta jalma geus sampurna imanna tur sakabeh lawang surga dibuka pikeun manehna”. Hadirin Rohimakumulloh, Mudah-mudahan urang sadaya dipaparin hidayah sareng taufik ku Alloh, dijagi tina hal-hal anu matak ngaruksak kana amal. Sahingga lebaran ieu urang tiasa leres-leres Iedil Fitri, mendak kabungah  tur tiasa nyucikeun diri dohir batin tina sagala bentuk dosa hingga kembali sepertos murangkalih anu nembe dilahirkeun. Copid19 jeung sakabeh panyakit nu diturunkeun ku Alloh ulah matak ngahesekeun ibadah, politik jeung kabjikanana ulah nepika ngahalangan kana ibadah. Oge mudah-mudahan sagala rupi amal ibadah urang ditampi sebagai amal soleh, tur dibales kunu langkung sae ku Alloh nu Maha Rohman Maha Rohim. Amin Ya Robbal Alamin.



‫َّح ْي ُم‬ َ ‫بَا َر‬ ِ ‫ت اِنَّهُ هُ َو ْال َغفُ ْو ُر الر‬ ِ ‫ك هللاُ لِ ْي َولَ ُك ْم َولِ َج ِمي ِْع ْال ُم ْسلِ ِمي َْن َو ْال ُم ْسلِ َما‬



KHUTBAH KA DUA



.‫× اَل اِلَهَ اِالَّهللاُ َوهللاُ اَ ْكبَرْ هللَا ُ اَ ْكبَرْ َوهللِ ْال َح ْم ُد‬7‫هللا اكبر‬ َ َ‫اَ ْل َح ْم ُد هللِ الَّ ِذى َخل‬ ُ‫ اَ ْش هَ ُد اَ ْن الَّاِلَ هَ اِالَّهللاُ َوحْ َده‬.‫ق ُك َّل َش ْي ٍء فَقَ َّد َرهُ تَ ْق ِد ْيرًا‬ ‫ اَلَّ ِذى َج َع َل اللَّ ْي َل َوالنَّهَ ا َر ِخ ْلفَ ةً لِّ َم ْن اَ َرا َد اَ ْن يَّ َّذ َّك َر اَ ْو اَ َرا َد‬،ْ‫ك لَ ه‬ َ ‫اَل َش ِر ْي‬ ‫ان‬ َ ‫ َواَ ْشهَ ُد اَ َّن مح ّم ًدا َع ْب ُدهُ َو َرس ُْولُهُ الَّ ِذى لَهُ اُ ْس َوةٌ َح َس نَةٌ لِّ َم ْن َك‬   .‫ُش ُك ْورًا‬ ‫ص لِّ َو َس لِّ ْم َعلَى َس يِّ ِدنَا‬ َ ‫ اَللَّهُ َّم‬.‫آلخ َر َو َذ َك َر هللاَ َكثِ ْي رًا‬ ِ ‫يَرْ ُج و هللاَ َو ْاليَ ْو َم ْا‬ ْ ‫اض ر‬ ْ َ‫مح ّم ٍد َو َعل َى آلِ ِه َوا‬ ،‫ُون‬ ِ ‫ فَيَ ا اَيُّهَ ا ْال َح‬.‫ اَ َّما بَ ْع ُد‬.‫ص َحابِ ِه لَ ْياًل َّونَهَ ارًا‬ .‫اِتَّقُوا هللاَ َو ْاذ ُكر ُْوهُ ِذ ْكرًا َكثِ ْيرًا‬ ‫ت االحْ يَ ا ِء ِم ْنهُ ْم‬ ِ َ ‫ت َو ْال ُم ْس لِ ِمي َْن َو ْال ُم ْس لِما‬ ِ ‫اَللَّهُ َّم ا ْغفِ رْ لِ ْل ُم ْؤ ِمنِي َْن َو ْال ُم ْؤ ِمنَ ا‬ ،‫ َوقِيَا َمنَ ا َوقِ َرائَتَنَ ا‬،‫ص يَا َمنَا‬ َ ‫ اَللَّهُ َّم َربَّنَ ا تَقَبَّلْ ِمنَّا‬.‫ت‬ ِ ‫ص اَل تَنَا ِو‬ ِ ‫َواال ْم َوا‬ ‫ض رُّ َعنَا َو ُخ ُش ْو َعنَا‬ َ َ‫ َوت‬،‫ َوقُع ُْو َدنَ ا َوتَ ْس بِ ْي َحنَا َوتَ ْهلِ ْيلَنَ ا‬،‫َو ُر ْك َو َعنَا َو ُسج ُْو َدنَا‬



‫اص ِري َْن‪ ،‬‬ ‫َوتَ َخ ُّش َعنَا‪َ ،‬واَل تَضْ ِربْ بِهَا ُوج ُْوهَناَ‪ ،‬يَا اِلَهَ ْال َعالَ ِمي َْن‪َ ،‬ويَا َخ ْي َر النَّ ِ‬ ‫اَللَّهُ َّم أَصْ لِحْ لَنَا ِد ْينَنَا الَّ ِذيْ هُ َو ِعصْ َمةُ أَ ْم ِرنَا‪َ ،‬وأَصْ لِحْ لَنَ ا ُد ْنيَانَ ا الَّتِ ْي فِ ْيهَ ا‬ ‫آخ َرتَنَا الَّتِ ْي إِلَ ْيهَا َم َعا ُدنَا‪َ ،‬واجْ َع ِل ْال َحيَاةَ ِزيَا َدةً لَّنَ ا فِ ْي‬ ‫َم َعا ُشنَا‪َ ،‬وأَصْ لِحْ لَنَا ِ‬ ‫ُك لِّ َخ ْي ٍر‪َ ،‬واجْ َع ِل ْال َم ْو َ‬ ‫ك يَ ااَرْ َح َم‬ ‫ت َرا َح ةً لَنَ ا ِم ْن ُك ِّل َش رٍّ ‪ِ .‬ب َرحْ َمتِ َ‬ ‫ان‬ ‫صحْ بِ ِه َو َسلَّ َم‪ُ .‬س ْب َح َ‬ ‫صلَّى هللاُ َعلَى َسيِّ ِدنَا مح ّم ٍد َّو َعلَى آ ِل ِه َو َ‬ ‫َّاح ِميْن‪َ ،‬و َ‬ ‫الر ِ‬ ‫ص فُ ْ‬ ‫ون‪َ ،‬و َس اَل ٌم َعلَى ْال ُمرْ َس لِي َْن‪َ ،‬و ْال َح ْم ُد هللِ َربِّ‬ ‫َربِّ َ‬ ‫ك َربِّ ْال ِع َّز ِة َع َّما يَ ِ‬ ‫ْال َعالَ ِم ْ‬ ‫ين‪.‬‬