Naskah MC Basa Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Naskah MC PATURAY TINEUNG KELAS XII SMAN 1 SUMEDANG Assalamualaikum wr.wb Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMAN 1 Sumedang, pupuhu Dinas Pendidikan, komite sakola, guru-guru SMAN 1 Sumedang, bagea ka siswa-siswi SMAN 1 Sumedang, ibu miwah bapak, saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung budaya sunda. Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina raraga “Paturay Tineung Kelas XII SMAN 1 Sumedang”. Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. , ka para kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin. Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas XII parantos lulus Ujian Nasional taun 2011. Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula runtuyan acarana diantawisna: 1. Bubuka 2. Mapag Pupuhu 3. Aosan Ayat Suci Al-Quran 4. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang 5. Laporan ti pupuhu panata calagara 6. Laporan ti pupuhu OSIS 7. Pidangan tarian (mangrupi tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang 8. Kedal lisan ti wawakil kelas XII 9. Pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN 1 Sumedang 10. Kedal lisan ti pupuhu sakola 11. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang 12. Kedal lisan ti komite sakola 13. Kedal lisan ti Dinas Pendidikan 14. Pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII 15. Doa



16. Pidangan kasenian gondang 17. SMANSA Award 18. Bewara siswa/siswi berprestasi 19. Pembagian STTB 20. Panutup Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim. Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna hayu urang nyakseni mangrupi pidangan prosesi mapag pupuhu SMAN 1 Sumedang miwah rengrengan. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian. Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja didugikeun ku saderk…… ka saderek……dihaturanan. Nincak kana acara nu kaopat. Urang nyakseni mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN 1 Sumedang. Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara. Ka saderek…..dihaturanan. Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka saderek……dihaturan. Nincak kana acara nu katujuh, hayu urang sami-sami nyakseni mangrupi pidangan tari merak ti wawakil siswi kelas XI SMAN 1 Sumedang. Salajengna, acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas XII. Ka saderek…dihaturanan. Lajeng, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMAN 1 Sumedang. Wilujeng nyakseni. Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti pupuhu sakola. Bapak Drs. H Masduki Heryana M.M anu ku simkuring dipihormat dihaturanan. Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMAN 1 Sumedang. Wilujeng nyakseni. Salajengna, acara nu kaduabelas kedal lisan ti komite sakola. Bapak ……… anu ku simkuring dipihormat dihaturanan. Salajengna, acara nu katilubelas kedal lisan ti pupuhu Dinas Pendidikan. Bapak ……… anu ku simkuring dipihormat dihaturanan. Ayeuna urang nincak kana acara puncak, mangrupi pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas XII. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian. Lajeng, acara nu kalimabelas nyaeta doa. Ka saderek………..dihaturan kanggo mingpin doa.



Salajengna, acara nu kagenepbelas mangrupi pidangan kasenian gondang. Hayu urang sami-sami nyakseni. Nincak kana acara nu katujuhbelas nyaeta SMANSA Award. Naon atuh SMANSA Award teh? Acara nu salajengna nyaeta beware siswa/siswi berprestasi. Lajeng, acara nu kasalapanbelas, hayu urang nyakseni kelas XII dibaragi STTB. Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos dilaksanakeun. Mugi-mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae, simkuring Hanifah Alshofa Nurul Aini sareng Deden Kurnia Syam neda dihapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirabbilalamin….Wassalamualaikum wr.wb